Anda di halaman 1dari 1

Dicabut Nyawa Lamun Mah Datang Siksaan Tina Sirah

Di Jaga Ku Qur'an Moal Bisa Nyerah


Dina Hadist Nalika Jalma Mangsana
Hadir Ajal Seep Umur Jeung Rizkina
Tina Lebah Suku Leungeun Jiwa Raga
Terus Turun Malaikat Opat Pisan Solat Reujeung Sedekahna Nu Ngajaga
Nyabut Nyawa Tina Dua Suku Leungeun
Tukang Jinah Parji Gede Matak Isin
Dina Beuteung Asa Aya Regang Cucuk Bari Ngucur Nanah Reujeung Getih Tajin
Ditatarik Kunu Gagah Jeung Di Tusuk
Siksa Dinaraka Anu Pang Entengna
Eta Maot Karasana Huru Hara Jalma Make Dua Tarumpah Sukuna
Kabeh Badan Pada Sakarat Pohara
Ari Tina Sirah Polona Ngagolak
Barang Nyawa Nepi Kana Tikorona Adug Lajer Kokosodan Teu Katolak
Pegat Titinggalan Dunya Jeung Ahlina
Terus Di Ganden Ku Gada Meni Hurung
Enggeus Tutup Lawang Tobat Ting Seuneu Dikuburan Mayit Humarurung
Gulandang
Fitnah Dina Agama Iblis Harudang

Nyarupakeun Indung Bapa Reujeung Sobat


Anu Maot Tiheula Pating Kolebat

Ahli Mayit Ting Rariung Mulasara


Ngamandian Mungkus Jasad Nu Kakara

Sanggeus Di Solatkeun Terus Digarotong


Mayit Jejeritan Aduh Aduh Abong

Mana Anak Pamajikan Mana Gedong


Kuring Diusir Dibuang Kana Sedong

Sa Enggeus Beres Eta Mayit Di Kubur


Eta Kubur Ngagencetna Matak Paur

Sampai Daging Tulang Iga Pasengsolan


Langka Nu Salamet Ti Eta Gencetan

Terus Datang Malaikat Munkar Nakir


Rupa Hideung Reujeung Keueung Matak
Ketir

Sora Sakumaha Guludug Jeung Gelap


Panon Herang Kawas Kilat Ting Gurilap

Terus Nanya Bari Nyekel Gada Beusi


Man Robbuka Man Dinuka Banget Risi

Waman Nabiyyuka Anu Bisa Jawab


Senang Pisan Di Akherat Heunteu Ruab

Kubur Dilegakeun Satungtung Paninggal


Di Bukakeun Lawang Kasurga Nu Jalal

Amal Amal Nu Saroleh Di Rupikeun


Jalma Kasep Ngareujeungan Ngamulyakeun

Anda mungkin juga menyukai