Anda di halaman 1dari 3

SASAKALA

GUNUNG GEULIS

Gunung geulis perenahna di Desa Rahong, Kampung Mekarsari, Kecamatan Cilaku miboga dongeng
anu tos kasohor ku balarea ngenaan Putri geulis anu dikutuk ku Rama na janteun Batu. Kieu carita
nu kapernahkeunna.

Jaman kapungkur aya hiji putri anu kacida geulisna diasuh pinuh katresna tur asih ku Aki jeung Nini
nu kacida sepuhna. Nu linggih di hiji pasir atawa gunung. Kapungkur nungawitan muka atanapi
ngabalakan pihumaeun oge tempat cicing Nini jeung Aki. Nini kasab ngebon sareng ngahuma,Aki
kasab ngeurad sareng panyumpit. Putri nu ngagadunah kakasih Sekar Kinanti teh saleresna sanes
murahkalih leres Aki sareng Nini, mung ku kitu Aki Nini tos leres-leres ngajantenkeun Sekar Kinanti
teh murangkalih soranganna.

Banget ku nyaah na Aki Nini ka eta Sekar Kinanti nepika diogo kalelewihan, nu gajanteunkeun putri
geulis eta ngagaduhan panganggo nu kirang sae. Saupama Sekar Kinanti gaduh kahoyong kedah
pisan dicumponan,saupami teu kacumponan anjeunna gewat indit kakaburan ka pasir luhur. Saba
diteang tur kengeng hese cape dilelemu ku Aki Panyumpit, nembe weh Sekar Kinanti kersaeun deui
wangsul ka bumi.

Hiji dinten Sekar Kinanti nuju dongkap panganggona. Anjeunna hoyong tuang sareng daging uncal
mung, Aki Panyumpit teu tiasa nyomponan lantaran socana tos teu awas oge tanagina tos teu
kiateun .”deudeuh nyai, kaasih Apa, Apa teh sanes alim ngalaksanakeun pamudut hidep. Nanging
kiwari mah apa teh tos teu jagjag deui, soca ge tos kirang awas, tos teu kaduga moro sato
leuleuwengan. Pami palay mah urang mencit ingon-ingon bae...” olo Aki Panyumpit.

Na da eta mah Sekar Kinanti saharitaeun gewat ngajengkat maksad kakaburan deui.

“Nyai mah keukeuh hayang uncal!!!”

Jebred, Sekar Kinanti ngajebredkeun panto

“Nyai...Nyai...ulah luluasan geulis.Nyai...!!!” Nini Pangebon sasambat, “Aki atuh aki gewat susl si
Nyai, Nini mah melang saking, waktos tos manjing sareupna!” sora Nini Pagebon dareuda.

“Eumm...Nini, sanes Aki alim sareng teu melang,nanging Aki mah bingung kapuhung. Soca tos kirang
awas,ngangge obor namibahn serab...”

“Teras kumaha atuh Ki,Nini mah melang...”

“Urang ngadu’a we ka Allah, denget ieu taya lian upaya nu tiasa ditarekah ku Aki kajaba ngadu’a.
Mugia Si Nyai dipaparian rasa ka keueung sangkan Nyai wangsul deui nyalira, atanapi Gusti Nu Maha
Suci maparin jalan nu langkung sae kangge sadayana...”saur Aki Panyumpit bari geuwat ngadegkeun
solat sunah dua rokaat. Dina tungtung socana, katawis Aki Panyumpit ngaragragkeun cisocana.
Di luar bumi Sekar Kinanti asruk-asrukan teu puguh tempat nu dijugjug di leuleuwengan. Sabada
amarah sirna anjeunna karek sadar yen alam sabundeureunna poek mongkleng. Seak rasa ringrang
pagawilot ngalangkung raga.Geuwat Sekar Kinanti nyingkurkeun diri ka rungkun tangkal.

Keur dina kaayaan kitu Sekar Kinanti ngadangu aya nu sasauran ka anjeuna,ngan teu katawis
wujudna.

“Nyai..Nyai..anaking...kadieu...kadieu,ieu Ama Nyai”

Sekar Kinanti ngalieuk ka pengker kalayan rewas aya jalmi jangkung ageung, kasep beresih kalayan
gagah jiga Raja.

“Saha anjeun?naon make nyebat kaula anak anjeun. Kaula mah anak Aki Panyumpit oge Nini
Pangebon”.

Dumasar izin ti Gusti Maha Suci Raja bisa ningalikeun oge nepikeun carita nu sabenerna. Rehna
Sekar Kinanti teh Putri ti Karajaan nu anjeunna ngagaduhan nami leres nyaeta Ratna Inten Sekar
Caruban digenti nami na janten Sekar Kinanti sabab ameh musuh karaton teu aya nu manggihan
Nyai,Nyai janten salamet dugi ka ayena kusabab Aki Panyumpit jeung Nini Pangebon ngaganti
ngaran Nyai. Anjeun diurus ku Sepuh nu kacida hade hate na teu serab ku harta oge ka dunyaan.
Buktina sagala harta banda nu bawa ti karajaan teu aya nu dicandak oge dianggo ku Aki Nini. Malih
dikuburkeun dicaket layon-layon Ama oge tantara Ama.

“Ah...kaula teu resep diurus ku Aki Nini kaula jadi katalangsara,kuduna kaula hirup bungah di karaton
lain hirup susah kieu”.

“Hei...anaking teu menang ngucap kitu, hidep kudu menta hampura ka nu jadi sepuh nu tos ngasuh
hidep nu pinuh ku kanyaah”

“Teu Ama,teu kudu menta panghampura da lain kolot kaula sorangan eta mah. Kaula moal daek
mulang kajenteuing kapungkur kaula dihakan maung jeung Ama, batan hirup katalangsara kieu”.

“HEH MAHLUK DORAKA, AMA ERA BOGA TURUNAN JIG ANJEUN!!!”

Jleger! Sora nu tan wujud tadi kadangu ngageleger kana cepil Sekar Kinanti. Anjeunna ngadadak
ngaraos keeung tan hinggana.

“Ama...Ama...hapunten abdi.Abdi rumaos lepat”.

“Lain ka kaula menta dihampura na,tapi ka dua sepuh mulya nu kacatur tadi!” sada sora gelap
sayuta, “Kulantaran hate anjeun teas nataku lir batu, mangka anjeun disupata ku Ama, raga badg
anjeun baris ngawujud batu di alam dunya. Sedeng raga lemes anjeun tilem moksha di alam bunian.

“Ampun...Ama...ampun”. Sekar Kinanti ngalengis mundut panganpura ramana.

“Upama anjeun hayang tilar sampurna, mangka di alam ditu anjeun kudu manekung tobat miharep
dua pangampura. Pangampura ti Pangeran nu kadua pangampura ti sepuh mulya. Upama tos
kacumponan pamugi Allah maparinan rohmat ka anjeun,dumugi urang tiasa ngahariji di alam
kalanggengan, antawis hidep,Ama-Ibu, jeung Aki-Nini sepuh mulya. Pileuleuyan anaking, mugia
pareng patepang deui”.
Dadak saharitaeun, raga sekar lalaunan barobah janten batu nu wujudna panjang. Raga lemesna
tilem ka alam bunian seja ngalaksanakeun pancen pikeun ngaberesihan sukmana.

Saur ujaring carita, jalaran ridho Gusti teh aya dina ridho sepuh, Sekar Kinanti dipaparinan pituduh
kangge ngabakti ka dua sepuh Aki-Nini dina raraga bakti ka Allah Ta’ala. Raga lemes Sekar Kinanti
unggal janari sok nepangan Aki jeung Nini. Salian ti panyacap sosno oge osok nyumponan
kaperyogian Aki-Nini.

Kiwari eta du sepuh tos teu aya di kieuna, makam na ge duka teuing lebah mana. Terasna teu nutup
kamungkinan Sekar Kinanti parantos tilar sampurna. Nanging hanakalna,eta batu kiwari aya di
Gunung Gulis teh sok aya nu make pikeun hal-hal nu ngandung syirik kamusyrikan. Kayaning narik
pusaka, harta, pamujaan jeung sajabana.

Anda mungkin juga menyukai