Anda di halaman 1dari 15

BABASAN

JEUNG
PARIBAS
A
BABASAN
Nyaeta:
• Pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus matok.
• Ungkarana parondok,
• Umumna ngan diwangun ku dua kecap sarta ngandung
harti siloka (kiasan).
• Babasan lolobana ngagambarkeun pasipatan jalma.
CONTO BABASAN
1. Amis budi = hade budi, teu weléh seuri ka batur.
2. Amis daging = babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah anjang = langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum tengtrem = senang haté, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik pikir = sadar tina kasalahan.
6. Béak éengkak = geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Béngkok tikoro = teu kabagéan dahareun lantaran telat datang.
8. Beurat birit = kedul, hese dititah.
9. Bodo aléwoh = bodo tapi daék tatanya.
10. Buntut kasiran = pedit, korét, hésé méré ka batur.
11. Cueut ka hareup = jelema nu geus kolot.
CONTO BABASAN
12. Dogdog pangrewong = saukur omongan panambah. (ngagosip)
13. Élmu ajug = mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Épés méér = babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung déngé = teu anggeus anu didéngékeun.
16. Gantung teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gedé hulu = sombong, adigung.
18. Getas harupateun = babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat batu = mawa karep sorangan.
20. Hampang birit = babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = babari neunggeul.
22. Handap lanyap = ngomongna hadé padahal maksudna ngahina.
CONTO BABASAN
23. Haréwos bojong = ngaharewos tapi kadéngé ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara biwir = bébéja ka batur saméméh dipigawé.
26. Héjo tihang = resep pipindahan.
27. Heuras genggerong = ngomongna kasar.
28. Heureut pakeun = saeutik pangaboga.
29. Indit sirib = indit sakulawarga.
30. Kawas gaang katincak = jempé, teu ngomong.
31. Kawas beueuk beunang mabuk = jempé/ ngeheruk teu ngomong.
32. Kawas anjing tutung buntut = teu daék cicing.
33. Kembang buruan = budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
CONTO BABASAN
34. Kokolot begog = niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung batok = tara liar ti imah, tepi ka teu nyaho nanaon.
36. Laér gado = resep barang pénta.
37. Lésang kuras = geus teu boga nanaon.
38. Leuleus awak = resep barang gawé.
39. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik burih = kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh tutut = katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni kembang = loba nu mikaresep.
43. Murag bulu bitis = resep indit-inditan.
44. Ngabuntut bangkong = teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.
CONTO BABASAN
45. Ngegél curuk = teu menang hasil.
46. Ngeplek jawer = teu boga kawani, sieunan, elehan.
47. Ngijig sila = henteu satia.
48. Nyoo gado = ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang lengkah = loba pangalaman.
50. Pindah pileumpangan = robah kalakuan.
51. Saur manuk = ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut munding = nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Éra paradah = éra ku kalakuan batur.
54. Geulis gunung = katingali ti jauhan alus tapi béh dekeut goreng.
PARIBASA
Nyaeta
Pakeman basa sunda anu ungkarana leuwih panjang tibatan
babasan. Paribasa umumna ngandung harti anu leuwih jero,
aya anu eusina pangjurung laku jeung aya oge anu mangrupa
pieunteungeun.
CONTO PARIBASA
1. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goréng sok hésé dirobahna.
2. Adéan ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakéan meunang nginjeum.
3. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
4. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pék aya nu nyumponan atawa aya nu
méré jalan bari teu disangka-sangka.
5. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
6. Banda tatalang raga = Harta téh pikeun nulungan raga (awak).
7. Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goréng padahal jerona (haténa)
alus.
8. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
9. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.
10. Buruk-buruk papan jati = Najan gédé dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
CONTO PARIBASA
11. Caina hérang laukna beunang = Ngaréngsekeun perkara ku cara anu hadé teu matak tugenah.
12. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawé tangtu bakal karasa
hasilna.
13. Clik putih clak hérang, caang bulan opat belas = beresih haté, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa
tugenah.
14. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawéan anu baku.
15. Gindi pikir belang bayah = Goréng sangka atawa goréng haté ka batur.
16. Goong nabeuh manéh = Ngagulkeun diri sorangan.
17. Hadé gogog hadé tagog = hadé omongan jeung tingkah laku.
18. Hadé tata hadé basa = Hadé tingkah laku jeung hadé omongan.
19. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = Kahadéan anu loba leungit ku kagoréngan anu saeutik.
20. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa téh sumber kasenangan.
CONTO PARIBASA
21. Jati kasilih ku junti = Anu hadé kasilih ku nu goréng.
22. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.
23. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.
24. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.
25. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.
26. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawé enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
27. Bandung kandungan laér aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan
pasualan.
28. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
29. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.
30. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong elmuna saeutik.
CONTO PARIBASA
31. Marebutkeun paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.
32. Mindingan beungeut ku saweuy = Ngewa ka hiji jelema, tapi api-api resep.
33. Mipit kudu amit ngala kudu ménta = Lamun rék barangcokot atawa barangala kudu bébeja
heula kanu bogana.
34. Moro julang ngaleupaskeun peusing = Pagawéan anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can
puguh diudag-udag.
35. Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawé moal dahar.
36. Nété tarajé nincak hambalan = Migawé satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus
sakaligus.
37. Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.
CONTO PARIBASA
38. Ngadék sacekna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa
ngaleuleuwihkeun.
39. Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabéja-béja/ nyebarkeun kagoréngan batur.
40. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.
41. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun manéh jeung kaayaan jaman.
42.Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamapuh atawa kaayaan diri sorangan.
43. Nyieun pucuk ti girang = Nyieun kasalahan ti heula.
44. Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gedé/ beunghar.
45. Pagiri-giri caik pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur
sauyunan.
CONTO PARIBASA
46. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Boga kahayang anu pamohalan kasorangan.
47. Pupulur méméh mantun = Barang dahar saméméh digawé.
48. Silih jenggut jeung nu dugul = Ménta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.
49. Téng manuk téng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu
sok nurun ka anakna.
50. Tiis ceuli herang mata = Tengtrem, teu aya gangguan.
51. Tinggul dirurud catang dirumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan
hasil nu di maksud.
52. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.
53. Uyah tara téés ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.
54. Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur.
Cing rajin
nya
Mashaa!!!

Muhun kang
kabayan!!!

Anda mungkin juga menyukai