Anda di halaman 1dari 29

1.

Atah anjang = langka silih anjangan


2. Adigung adiguna = takabur, sombong
3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
6. Alak paul = jauh pisan
7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
9. Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
10. Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
11. Amis budi = hade paroman
12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
15. Amis daging = babari katerap panyakit
16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyarieun batur
17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi
ari kahayang siga budak ngora
18. Agul ku payung butut = agul ku turunan
19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
21. Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
22. Birit aseupan = teu daek cicing
23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
25. Beurat birit = hese dititah
26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
31. Badak cihea = degig
32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
33. Babalik pikir = insap
34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
35. Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
36. Buntut kasiran = medit
37. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
39. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
40. Bancang pakewuh = pikasusaheun
41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
42. Bulu kapaut = kabawa ku batur
43. Balabar kawat = beja nu sumebar
44. Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
47. Cueut ka hareup = tereh maot
48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
50. Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
51. dogdog pangrewong = acara panambah
52. Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
57. Gantung denge = masih dedengeeun
58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
59. Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
60. Garo mengmengan = taya kasabaran
61. Galegeh gado = sagala dicaritakeun
62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
63. Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
66. Getas harupateun = gancang napsu
67. Gindi pikir belang bayah = goreng hate
68. Hampang birit = daekan kana gawe
69. Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
70. Heuras genggerong = omonganana sugal
71. Hade gogog hade tagog = jalma sopan
72. Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
74. Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
75. Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
76. Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
77. Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
78. Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku
kagorengan sakali
80. Heureut pakeun = kurang kaboga
81. Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
82. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
85. Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
87. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
88. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
89. Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu
nyarita
90. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
91. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
92. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
93. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
95. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
99. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
101. Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
102. Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
103. Kawas gaang katincak = jempe
104. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
105. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
109. Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
114. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
115. Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
116. Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
117. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
118. Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
119. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
120. Kawas merak = beuki kana cengek
121. Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kulimis
122. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
123. Leuleus awak = daekan
124. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
125. Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
126. Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
127. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
128. Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
130. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
132. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
133. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
134. Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
135. Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
136. Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
137. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus
nyahoeun
139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
140. Miyuni tai = loba nu mikangewa
141. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
142. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
143. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
144. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
145. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
146. Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
147. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
148. Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
149. Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
150. Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
151. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
152. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
153. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
154. Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
155. Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu
dipirosea
156. Ngeplek jawer = taya wawanen
157. Ngadaun ngora = jadi rame
158. Nyoo gado = ngunghak
159. Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
160. Ngadu geulis = paalus-alus
161. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
162. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
163. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
164. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
165. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
166. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
167. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
168. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
169. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan
pribadi
170. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
171. Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
172. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
173. Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
174. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
175. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
176. Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
177. Panjang leungeun = daek puak-paok
178. Panjang lengkah = jauh panyabaanana ; loba pangalamanana
179. Pindah pileumpangan = robah adat
180. Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
181. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
182. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
183. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
184. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
185. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
186. Rea ketan rea keton = taya kakurang
187. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
188. Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
189. Sisit kadal = goreng milik
190. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
191. Saur manuk = ngajawab bareng
192. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
193. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
194. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
195. Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
196. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
197. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
198. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
199. Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
200. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

Mari kita perhatikan ragam basa di bawah ini,

RAGAM BASA : BASA LOMA JEUNG BASA LEMES

BASA LEMES (KEUR BASA LEMES (KEUR KA

BASA LOMA KA SORANGAN) BATUR)

Abus/Asup Lebet Lebet


Acan/Tacan/Encan Teu acan Teu acan

Adi Adi Rai/Rayi

Ajang/Keur/Pikeun Kanggo Haturan

Ajar Ajar Wulang/Wuruk

Aji/Ngaji Ngajim Ngaos

Akang Akang Engkang

Aki Pun aki Tuang Eyang

Aku, ngaku Aku, ngaku Angken/Ngangken

Alo Pun alo Kapiputra

Alus Sae Sae

Ambeh/Supaya/Sangkan Supados Supados

Ambek Ambek Bendu

Ambeu/Ngambeu Ngambeu Ngambung

Amit/Amitan Permios Permios

Anggel Bantal Bantal/Kajang mastaka

Anggeus/Enggeus Rengse Parantos

Anjang/Nganjang Ngadeuheus Natamu

Anteur/Nganteur Jajap/Ngajajapkeun Nyarengan

Anti/Dago/Ngadagoan Ngantosan Ngantosan


Arek Bade/Seja Bade/Seja

Ari Dupi Dupi

Asa/Rarasaan Raraosan Raraosan

Asal Kawit Kawit

Aso/Ngaso Ngaso Leleson

Atawa Atanapi Atanapi

Atoh/Bungah Bingah Bingah

Awak Awak Salira

Awewe Awewe Istri

Babari/Gampang Gampil Gampil

Baca Aos Aos

Badami Badanten Badanten

Bae/Keun bae Sawios/Teu sawios Sawios/Teu sawios

Bagea Bagea Haturan

Baheula Kapungkur Kapungkur

Baju Baju Raksukan/Anggoan

Bakti Baktos Baktos

Balik/Mulang Wangsul Mulih

Balur Balur Lulur


Bangga Sesah Sesah

Bapa Pun Bapa Tuang Rama

Bareng/Reujeung Sareng Sareng

Bareto Kapungkur Kapungkur

Batuk Batuk Gohgoy

Batur Babaturan Rerencangan

Bawa Bantun Candak

Beak Seep Seep

Beda Benten Benten

Beja Wawartos Wawartos

Bener/Enya Leres Leres

Bengek/Mengi Asma Ampeg

Bere/Mere Maparin/Masihan Ngahaturaan/Ngaleler

Berekah Pangesto/Pangestu Damang/Wilujeng

Beuki Seneng Sedep

Beulah Palih Palih

Beuli/Meuli Meser Ngagaleuh

Beunang Kenging Kenging

Beungeut Beungeut Pameunteu/Raray


Beurang Siang Siang

Beurat Abot Abot

Beuteung Padaharan Patuangan/Lambut

Bibi Pun bibi Tuang bibi

Bikeun/Mikeun Maparinkeun Ngahaturkeun/Nyanggakeun

Bilang/Milang Ngetang Ngetang

Birit/Bujur Birit/Bujur Imbit

Bisa Tiasa Tiasa

Bisi Bilih Bilih

Biwir Biwir Lambey

Boa Tiasa jadi Tiasa jadi

Boga Gaduh Kagungan

Buang/Ngising Miceun Kabeuratan

Budak Budak Murangkalih

Bujal Bujal/Puser Udel

Buka puasa Buka Bobor

Bukti Buktos Buktos

Bulan Sasih Sasih

Bungah/Gumbira Bingah Bingah


Burit Sonten Sonten

Buru Bujeng Bujeng

Butuh Perlu Peryogi

Cabak/Nyabak Nyabak Cepeng

Cageur Pangesto/Pangestu Damang

Calana Calana Lancingan

Cangkeng Cangkeng Angkeng

Caram/Carek/Nyarek Nyarek Ngawagel

Carang/Langka Awis Awis

Carekan/Nyarekan Nyarekan Nyeuseulan

Carita/Nyarita/Ngomong Nyanggem Nyarios

Cenah Cenah Saurna

Cekel/Nyekel Nyekel Nyepeng

Celuk/Nyeluk/Gero/
Ngageroan Nyauran Ngagentraan

Ceuli Ceuli Cepil

Ceurik Ceurik Nangis

Cicing Matuh Calik/Linggih

Ciduh Ciduh Ludah

Cik/Cing Cobi Cobi


Cikal Cikal Putra pangageungna

Ciling/Pacilingan Kakus Jamban

Ciri Tanda Tawis

Cium/Nyieum Nyieum Ngambung

Cokot/Nyokot Ngabantun Nyandak

Cukup/Mahi Cekap Cekap

Cukur/Dicukur Dicukur Diparas

Cunduk/Datang Dongkap Sumping/Rawuh

Daek Daek/Purun Kersa

Dagang Dagang Icalan

Dahar Neda Tuang

Dangdan Dangdan Dangdos

Dapur Dapur Pawon

Denge/Ngadenge Nguping/Mireng Ngadangu

Deukeut Caket Caket

Didik/Ngadidik Ngatik Miwuruk/Mitutur/Miwejang

Diri Diri Salira

Diuk Diuk Calik/Linggih

Duga/Kaduga Kaduga Kiat


Duit Artos Artos

Dumeh/Lantaran Jalaran Kumargi

Eling/Inget Emut Emut

Emboh/Tambah Tambih Tambih

Era Isin Lingsem

Embung Alim Teu kersa

Enggon Pamondokan Pangkuleman

Eukeur/Keur Nuju Nuju

Eusi/Ngeusian Ngalebetan Ngalebetan

Euweuh Teu aya Teu aya

Gancang Enggal Enggal

Ganti Ganti Gentos

Gardeng/Reregan Gardeng Lalangse

Gawe Gawe Damel

Gede Gede Ageung

Gelung Gelung Sanggul

Genah/Ngeunah Raos Raos

Gering Udur Teu damang

Getol Getol Kersaan


Geulang Geulang Pinggel

Geura/Pek/Heg Geura/Mangga Mangga

Geuwat Enggal Enggal

Gigir/Gigireun Gigireun Gedengeun

Gimir Gimir Rentag manah

Gogoda/Cocoba Cocoba Cocobi

Goreng Goreng Awon

Gugu/Ngagugu Nurut Tumut

Haben Haben Teras-terasan

Hadir/Ngahadiran Nungkulan Ngaluuhan

Hal/Perkara Perkawis Perkawis

Halis Halis Kening

Hampura/Maap Hapunten Hapunten/Haksama

Hareup Payun Payun

Harga Harga Pangaos

Harti Hartos Hartos

Hate Hate Manah

Hawatir/Watir/Karunya Watir Hawatos

Hayang Hoyong Palay


Helok Heran Hemeng

Hese/Susah/Pelik Sesah Sesah

Heuay Heuay Angob

Heubeul/Lawas Heubeul Lami

Heug/Seug Mangga Mangga

Hili/Tukeur Liron Gentos

Hirup Hirup Jumeneng

Hudang Hudang Gugah

Huntu Huntu Waos

Hutang Hutang Sambetan

Iber/Beja/Warta Wartos Wartos

Idin Widi Widi

Igel Igel Ibing

Iket Totopong Udeng

Ilik/Ngilikan Ningalan Ningalan

Ilu/Ngilu Ngiring Ngiring

Imah Rorompok Bumi

Impi/Ngimpi Impen/Ngimpen Impen/Ngimpen

Imut Imut Mesem


Incu Pun incu Tuang putu

Indit/Miang Mios Angkat/Jengkar

Indung Pun biang Tuang ibu

Inggis/Risi Inggis/Risi Rempan

Injeum/Nginjeum Nambut Nambut

Inum/Nginum Leueut/Ngaleueut Leueut/Ngaleueut

Irung Irung Pangambung

Isuk/Isukan Enjing Enjing

Itung Itung Etang

Iwal/Kajaba Kajaba Kajabi

Jaga Jaga Jagi

Jalma/Jelema Jalmi Jalmi

Jauh Tebih Tebih

Jawab Walon Waler

Jero Lebet Lebet

Jeung Sareng Sareng

Jiga Jiga Sapertos/Sakarupi

Jual Ical Ical

Jugjug Bujeng Bujeng


Juru/Ngajuru Ngalahirkeun Babar

Kabeh/Kabehanana Sadayana Sadayana

Kabur/Minggat Minggat Lolos

Kacida/Naker Kalintang Kalintang/Teu kinten

Kajeun/Keun bae Sawios Sawios

Kakara/Karek Nembe Nembe

Karembong Kekemben Kekemben

Kari/Tinggal Kantun Kantun

Kasakit/Nyeri Kasakit/Kanyeri Kasawat

Katara/Kaciri Katawis Katawis

Kapalang/Kagok Kapambeng Kapambeng

Kawas Sapertos Sapertos

Kawin Nikah/Jatukrami Jatukrami/Rendengan

Kede Kenca Kiwa

Kejo/Sangu Sangu Sangu

Kelek Kelek Ingkab

Kesang Karinget Karinget

Keur/Pikeun Kanggo Kanggo/Haturan

Kiih Kahampangan Kahampangan


Kolot Kolot Sepuh

Kongkorong Kangkalung Kangkalung

Kop/Pek Mangga Mangga

Kuat Kiat Kiat

Kudu Kedah Kedah

Kumbah Kumbah Wasuh

Kumis Kumis Rumbah

Kumpul Kempel Kempel

Kungsi Kantos Kantos

Kurang Kirang Kirang

Kuring/Simkuring Abdi/Sim abdi Sim abdi

Labuh Labuh Geubis

Lahun/Ngalahun Ngalahun Mangkon

Lain Sanes Sanes

Laju Lajeng Lajeng

Lalaki Lalaki Pameget

Laku/Payu/Laris Pajeng Pajeng

Lalajo Nongton Nongton

Lamun/Upama Upami Upami


Lanceuk Pun lanceuk Tuang raka

Lantaran/Sabab Jalaran/Sabab Margi

Leho Leho Umbel

Letah Letah Ilat

Leungeun Leungeun Panangan

Leungit Leunit Ical

Leutik Alit Alit

Leuwih Langkung Langkung

Lila Lami Lami

Mahal Awis Awis

Maksud Maksad Maksad

Malarat/Miskin Jalmi teu gaduh Teu kagungan nanaon

Malem Wengi Wengi

Malik Malik Mayun

Mamayu Mamayu Mamajeng

Mangka/Sing/Muga Mugi Mugi

Pupus/Ngantunkeun/Tilar
Maot Maot dunya

Marhum Marhum/Jenatna Marhum/Suargi

Memeh/Samemehna Sateuacanna Sateuacanna


Mending/Leuwih hade Langkung sae Langkung sae

Meujeuhna Meujeuhna Cekap

Meueun Panginten Panginten

Mimimti/Mimitina Kawitna Kawitna

Minangka Etang-etang Etang-etang

Mindeng/Remen Sering Sering

Minyak Lisah Lisah

Muga Mugi Mugia

Mupakat/Rempug Mupakat/Rempug Rempug

Murah Mirah Mirah

Najan/Sanajan Sanaos Sanaos

Ngan Mung Mung

Ngaran Wasta/Nami Jenengan/Kakasih

Ngeunah Ngeunah Raos

Ngora Ngora Anom

Nini Pun nini Tuang eyang

Nyaho Terang Uninga

Nyaring Nyaring Teu acan kulem

Nyolowedor Nyolowedor Midua hate


Obat/Ubar Obat/Ubar Landong

Ogan/Ondang Ondang Ulem

Ome/Ngomean/Menerkeun Ngalereskeun Ngalereskeun

Paham Paham,ngartso Ngartos

Paju/Maju Majeng Majeng

Pake/Make Nganggo Nganggo

Palangsiang/Bisa jadi Tiasa jadi Tiasa jadi

Palire/Malire Malire Merhatoskeun

Pamajikan Pun bojo Tuang rayi

Pancuran/Kamar mandi Jamban Jamban

Pandeuri Ti pengker Ti pengker

Pang/Pangna/Nu matak Nu mawi Nu mawi

Panggih/Manggih/Nimu Mendak Mendak

Pangkat/Kadudukan Kadudukan Kalungguhan

Pangku/Mangku Mangku Mangkon

Panon Panon Soca

Pantar/Sapantar Sapantar Sayuswa

Paribasa Paripaos Paripaos

Pariksa/Mariksa Mariksa Marios


Parna Repot Wales

Paro/Saparo Sapalih Sapalih

Pasti/Tangtu Tangtos Tangtos

Pati/Teu pati Teu patos Teu patos

Patuh/Matuh Matuh Linggih

Payung Payung Pajeng

Pedah Kumargi/Jalaran Rehing

Penta/Menta Neda/Nyuhunkeun Mundut

Pecak/Mecak/Nyoba Nyobi Nyobi

Pencet/Mencetan Meuseulan Meuseulan

Percaya Percanten Percanten

Perlu Perlu Peryogi

Permisi Permios Permios

Peuting Wengi Wengi

Pihape/Mihape Wiat Ngaweweratan

Piker Piker Manah

Piligenti Piligentos Piligentos

Pindah Pindah Ngalih

Pingping Pingping Paha


Pipi Pipi Damis

Poe Dinten Dinten

Poho Hilap Lali

Popotongan Patilasan Patilasan

Puasa Puasa Saum

Puguh/Tangtu Tangtos Tangtos/Kantenan

Purun Purun Kersa

Rarabi Rarabi Garwaan

Raksa/Pangraksa Pangraksa Panangtayungan

Ramo Ramo Rema

Rampes Mangga Mangga

Rasa/Rumasa Rumaos Rumaos

Rea/Loba Seueur Seueur

Receh Receh Artos alit

Reujeung Bareng Sareng

Reuneuh Kakandungan Bobot/Ngandeg

Reureuh Reureuh Ngaso

Rieut Rieut Puyeng

Ripuh Ripuh Repot


Robah Robah Robih

Roko/Ududeun Rokok Sesepeun

Rua/Sarua Sarupi/Sami Sarupi/Sami

Rusuh/Rurusuhan Enggal-enggalan Enggal-enggalan

Saba/Nyaba Nyanyabaan Angkat-angkatan

Sabot Keur waktu Waktos

Sabuk/Beubeur Beubeur Beulitan

Sadia Sayagi Sayagi

Sakeudeung Sakedap Sakedap

Salah Lepat Lepat

Salahsaurang Salahsawios Salahsawios

Salaki Pun lanceuk Caroge/Tuang raka

Salamet Salamet Wilujeng

Salat/Solat Sambeang Netepan

Salesma Salesma Pileg

Salempang/Hariwang Salempang Salempang/Rajeg manah

Salin/Disalin Disalin Gentos

Samak Amparan Amparan

Sampak/Nyampak Nyampak Nyondong/Kasondong


Samping Sinjang Sinjang

Sanding/Kasanding Kasanding Kasumpingan

Sanggeus Saparantos Saparantos

Sanggup Sanggem Sanggem

Sare Mondok Kulem

Sarerea Sadayana Sadayana

Sarta/Jeungna deui Sareng Sareng

Sarua Sami Sami

Sasarap Sasarap/Neda Tuang

Sawah Sawah Serang

Sejen Sejen Sanes

Seleh/Nyelehkeun Masrahkeun Nyanggakeun/Ngahaturkeun

Selewer/Nyelewer Midua hate Midua manah

Semah Tamu Tamu

Sesa/Kari Kantun Kantun

Sebut Sebat Sebat

Serah/Nyerahkeun Mirak Mirak/Ngeser

Seubeuh Sesek Wareg

Seuri Seuri Gumujeng


Siar/Nyiar Milari Milari

Sibanyo Sibanyo Wawasuh

Sirah Sirah Mastaka

Sirit Larangan Larangan

Sisir Pameres Pameres

Soara, sora Sora Soanten

Sorangan Sorangan Nyalira

Sore Sonten Sonten

Sugan/Manawi Manawi Manawi

Suku Suku Sampean

Sunat/Nyunatan Ngabersihan Nyepitan

Sungut Cangkem Baham

Supaya Supados Supados

Surat Serat Serat/Tetesan

Suweng Suweng Kurabu/Gwang

Tabeat Adat Panganggo

Tadina Kawitna Kawitna

Tai Kokotor Kokotor

Taksir/Ngira Nginten-nginten Nginten-nginten


Taktak Taktak Taraju

Talatah Wiat saur Wiat saur

Tambah Tambih Wuwuh

Tampa Tampi Tampi

Tanda/Ciri Tawis Tawis

Tangen/Katangen Kanyahoan Kauninga

Tangtung/Nangtung Nangtung Ngadeg

Tanya Taros Pariksa

Tapi Nanging Nanging

Tarang Tarang Taar

Tarima Tampi Tampi

Tawar/Nawar Nawis Mundut

Tayoh-tayohna Rupina Rupina

Teang/Neangan Milari Milari

Tenjo/Nenjo/Nempo Ningal Ningali

Tepi Dugi Dugi

Tere Tere Kawalon

Tereh Enggal Enggal

Teleg/Teureuy Teleg Telen


Tembang/Nembang Nembang Mamaos

Tepi/Nepi Dugi Dugi

Tepung Tepang Tepang

Terus Teras Teras

Teundeun Simpen Simpen

Tincak Tincak Dampal

Titah/Nitah/Jurung Ngajurungan Miwarangan

Tonggong Tonggong Pungkur

Topi/Dudukuy Topi/Dudukuy Tudung/Langgukan

Tulis Tulis Serat

Tulung/Pitulung Pitulung Pitandang

Tulus Cios Cios

Tuluy Teras/Lajeng Teras/Lajeng

Tumpak Tumpak Tunggang

Tunggu Antos Antos

Turun Turun Lungsur

Ucap Ucap Kedal/Lisan

Ulah Teu kenging Teu kenging

Ulin Ulin Ameng


Umur Umur Yuswa

Urus/Nguruskeun Ngalereskeun Ngalereskeun

Urut Tilas Tilas

Utama Utami Utami

Waktu Waktos Waktos

Wani Wantun Wantun

Waras Cageur Damang

Wareh/Sawareh Sapalih Sapalih

Warga/Dulur Wargi Wargi

Watara/Sawatara Sawatawis Sawatawis

Wawuh Wanoh/Kenal Kenal

Wedak Pupur Pupur

Wedal Wedal Weton

Wilang/Kawilang Kaetang Kaetang

Wudu Wulu/Wudu Abdas

Anda mungkin juga menyukai