Anda di halaman 1dari 3

Babasan Bahasa Sunda

1. Atah = Langka silih anjangan


2. Adigung Adiguna = takabur, sombong
3. Alas Paul = jauh pisan
4. Ayem Tentrem = tenang teu aya kasieun
5. Asa teu beungeutan = awahing ku era
6. Amis Budi = hade paroman
7. Amis Daging = babari katerap kupanyakit
8. Awak Sampayan = make baju naun ge pantes
9. Beurat Birit = hese dititah
10. Birit aseupan = teu daek cicing

Kata Mutiara Sunda


1. Anjeun miang kaalam kalanggengan
taya pangyuga jeung pangdoa
honcewang...............

2. Anjeun indit..........
taya beja jeung carita
anu can tangtu panggih
da anjeun geus dipiboga
cangcaya................

3. Kuring sorangan
taya panutan jeung kacintaan
taya pangdeudeuh jeung pamuntangan
bongan aranjeun mariang ninggalkeun
duh diri...............

4. Sakapeung hirup teh hayang siga kitu siga kieu kabita ku perkara nu aya di diri batur, padahal
hirup nu sabenernamah hirup nu ayeuna ekeur di jalanan jeung kahirupan nu bakal di
sanghareupan.

5. Sakur sakurr manusa nyaeta sato tapi sato anu berakal.

6. Babaturan anu boga akhlak goreng, lewih bahaya tinimbang oray anu beracun.

7. Kabungah dina hirup teh hak pikeun sakabeh jalma tapi teu sakeb jalma bisa meunangkeun
kabungah anu saenyana.

8. Sakapeungmah ari cileuh anu aya dina mata sorangan teu katempo, sedengkeun cileuh anu aya
dina panon batur kuat ka di kekeak nepikeun ka batur anu di kekeak ngarasa kaeraan.

9. Ulah hariwang dina perkara rizki anu can ka sorang, sabab rizki ti pangeran bakal pegat
lamunmah nyawa anu ngancik dina badan ninggalkeun jasadna

10. Mulih Kajati mulang Kaasal


Peribasa Sunda

1. Abong kena biwir teu diwengku :


(Ngomong sangeunahna, ngomong sadaekna ; ngomong se enaknya sendiri).

2. Abong letah teu tulangan :


(Nyarita sangeunahna teu dipikirkeun heula akibatna ; Berbicara seenaknya tanpa memikirkan
akibatnya).

3. Adat kakurung ku iga :


(Adat lamun geus goreng sok hese dirobahna ; Adat atau tabiat seseorang yang sukar untuk
dirubah).

4. Adean ku kuda beureum :


(Katembong ginding, ku barang meunang nginjeum ; Bergaya atau sombong dengan barang
pinjaman dari orang lain).

5. Adigung adiguna :
(Boga rasa leuwih ti batur : Sombong)

6. Adu regeng :
(Sataker tanaga ; sedikit tenaga atau kurang tenaga).

7. Adu telu ampar tiga :


(Kudu papaitan ; perkara yang sedang diselesaikan).

8. Agul ku payung butut :


(Tumerep ka jalma nu taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak
baheula ; Membanggakan keturunannya sendiri).

9. Ajak jawa :
(Ngajak bari ukur tamba lain ngajak sernyana dapon ngeunaheun batur ; mengajak atau
menawarkan sesuatu dengan tidak sepenuh hati atau tidak ikhlas).

10. Ajrihing gawe :


(Ulah ngalampahkeun gawe goreng bisi ahirna kabendon ; pemalas atau orang yang tidak mau
bekerja).

Sisindiran Basa Sunda


1. Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang

2. Hayam jago boga dua


dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti
3. Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua

4. Ulah sok liar ti peuting


osok loba gogodana
Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambh rinh
sammh nyalahkeun batur
tilik heula awak manh

5. Ngala lauk meunang selar


bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti

6. Sereh ti Gunung Koromong


dipelak di kolong sasak
Samemeh anjeun pok ngomong
pikir heula masing asak

7. Papan kiara ditatah


iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri

8. Nimbang pare deukeut pager


tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar

9. Nanggap wayang diheulakeun


bodorna Cepot jeung Gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

10. Kanikir siki kanikir


cangkudu meunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

Anda mungkin juga menyukai