Anda di halaman 1dari 4

PARIBASA SUNDA

WASTA : RIZKI DWI PRIMADANI KELAS :V

PARIBASA SUNDA

Adat kakurung kuiga

Tabeat nu geus hese dirobahna. (Tabiat yang sulit dirubah)

Adean ku kuda beureum

Ginding ku barang batur atawa ku barang meunang nginjeum. (Menyombongkan barang pinjaman atau barang orang lain)

Agul ku payung butut

Jalma taya ka boga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak. (orang miskin tapi sering menceritakan bahwa ia keturunan bangsawan jaman dulu)

Alak-alak cumampaka

Niru-niru atawa mapadani saluhureun boh dina kalungguhan, kakayaan atawa pendidikanana. (Selalu meniru-niru orang yang lebih darinya baik kekayaan atau pendidikan)

Anjing ngagogogan kalong

Mikahayang hiji hal nu pamohalan. (Menginginkan sesuatu yang tidak mungkin)

Anjing nyampeurkeun paneunggeul

Nyameurkeun nu rek nganyenyeri atawa nu rek ngarogahala. (Mendekati bahaya)

Ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed

Ari umur geus kolot, kahayang caran nu ngora. (Umur sudah tua tapi keinginan seperti anak muda)

Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang

Nuduhkeun kaayaan nu henteu sawajarna, upama bae anu di hukum teh anu teu pira kasalahannana ari anu gede kasalahannana mah bebas. (Menceritakan keadaan yang tidak sejawarnya, yang salah sedikit dihukum yang salahnya besar tidak dihukum)

Ayakan mah tara meunang kancra

Usaha nu modalna leutik, hasilna ge moal gede. (usaha yang modalnya keci hasilnyapun tak akan besar)

Aya jalan komo meuntas

Manggihan jalan atawa cara pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan. (Ada cara untuk cepat-cepat melaksanakan keinginan.

Balung kulit kotok meuting

Kanyenyerian atawa kanyeri heubeul teu leungit-leungit. (Masih ada rasa dendam)

Batok bulu eusi madu

Goreng rupana atawa tagogna, tapi pinter atawa hade kalakuannana. (Orang yang jelek tapi pintar atau kelakukannya baik)

Batu turun keusik naek

Turunan menak henteu jeneng, ari somah (cacah) jareneng. (Keturunan orang kaya, tidak kaya sedangkan keturunan orang biasa kaya)

Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai

Lubak-libuk harta benda, tapi teu bisa make lantaran lain hakna. (Segala sesuatu tersedia tapi tidak bisa menggunakannya karena bukan miliknya)

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok

Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu atawa indung-bapa. ( biar hidup susah asal selalu bersama-sama)

Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang

Kabisa ngan marentah (nitah) wungkul, tara prak digawe ku sorangan. (Hanya bisa memerintah saja, mengerjakan sendiri tidak bisa)

Beunghar memeh boga

Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. 9Banyak keinginan yang tidak sesuai dengan dirinya)

Bisa ka bula ka bale

Bisa cmapur jeng jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes. (Bisa bergaul dengan saiapa saja dan bekerja apa saja)

Bonten gngalawan kadu

Nu lemah ngalawan nu kuat. (Yang lemah melawan yang kuat)

Bubu ngawaregan cocok

Mere nasehat atawa nyien aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan. (Memberikan ansehat atau aturan yang menguntungkan diri sendiri)

Buruk-buruk papan jati

Sanajan ngewa (ambek) ka dulur sorangan nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu waleh hayang nulungan atawa ngahampura kasalahannana. (Biarpun benci kepada saudara tapi selalau ingin menolong bila ia dalam kesusahan)

Anda mungkin juga menyukai