Anda di halaman 1dari 2

SASAKALA SITU SANGHIANG

Nutur catur parasesepuh, mapay carita wong atua., baheula di wewengkon Talaga
ngadeg hiji karajaan anu subur makmur loh jinawi. Nu janten narpati nyata Prabu Darmasuci
II ngagentos ramana kalayan knging jujuluk Sunan Talagamanggung. Kanjeng Sunan
kagungan dua putra sajodo. Pameget jenengan Rd. Panglurah, nu istri jenengan Ratu Putri
Dewi Simbarkancana.
Radn Panglurah saparantos sawawa angkat tatapa, ngisat salira di Gunung Bitung
Dsa Wangkelang patilasan ingkang uyut Sunan Ponggang Syang Romahiyang.
Sajengkarna Radn Panglurah, ka nagara sumping hiji jajaka ginding dedeg samp rupa had
tur perlnt, dedeg pangadeg sembada, kewes pantes, jangkung ageung kalayan ngangken
tedak mnak Sriwijaya ti Palmbang. Pamaksadan dongkap ka nagara seja bakti diri ka
narpati sba raga kumawula ka kanjeng raja. Kawuwuh ku lungguh timpuh, had tata had
basa prlnt cumaritana, narpati janten kataji. Manah lah tumarima nampi ta jajaka anyar
pinanggih pikeun didamel di nagara.
Enggoning babakti ka nagara jajaka terah Palmbang kalintang suhudna. Tuhu kana
parntah ratu teu baha kana parentah raja. Satincak saparipolah mungguh matak
pikayungyuneun. Pangagung padakataji, abdi-abdi padamuji kana kaperckaanana. Ku had
lampah jeung polah ahirna ta jajaka dipercanten ku narpati janten mantri jero karaton.
Ku kaperckaanana sadaya padamel karaton beuki katarik ati. Paraponggawa lalah
manah seueur nu kapangaruhan ku kapinteran cumaritana. Lami-lami ta jajaka dipercanten
janten papatih nagara kalayan kenging jujuluk Adipati Palmbanggunung saterasna dipulung
mantu ku narpati ditikahkeun ka ingkang putra Ratu Putri Dwi Simbarkancana.
Salajengna Narpati ngadamel karaton di wewengkon Walangsuji nu anggangna kirang
langkung dalapan kilomter ti nagara. Maksadna sangkan jongjon ngurus nagara og tiasa
laluasa enggoning mujas mdi ka Dwa Gung kanggo kasalametan ingkangputra anu nuju
tatapa.
Ku ngaraos parantos sepuh, sateuacan Radn Panglurah mulih ti patapaan ahirna
kanggo ngurus nagara samentawis dipasrahkeun ka mantuna. Salebet ngurus nagara Adipati
Palembanggunung kacida luhur wibawa da puguh percka pinter nyarita. Paraponggawa taya
nu baha, parademang kumawula, parabopati tuhu babakti.
Ku ngaraos parantos kiat pangaruhna ka paraponggawa, jorojoy dina mutan
Palmbanggunung timbul hat dengki, bet hoyong ngapimilik nagara seja ngadeg narpati di
Talaga. Pikeun ngahontal ta niat teu aya deui jalan iwal ti kedah nelasan Narpati Prabu
Darmasuci II.
Saterasna Palmbanggunung ngadamel rka perdaya ka para Demang, Bopati, sareng
ponggawa karaton ku jangji-jangji, ngawurkeun persnan. Ahirna aya salasaurang nu
kapangaruhan th nyata Citrasinga salaku Mantri Jero. Pajarkeun th pangna bisa jadi mantri
jero lantaran diusulkeun ku anjeunna. Malah diimplik-implik lamun Palmbanggunung bisa
jadi narpati, Citrasinga bakal diangkat jadi papatih nagara.
Ku kapinteran Palmbanggunung enggoning ngolo-ngolo, antukna rasiah patina narpati
ditepikeun ku Citrasinga. Yn Narpati Prabu Darmasuci II moal teurak ku gagaman naon ba
iwal ku pakarang tuturunan mangrupa Cis / tumbak pondok sapertos badi. Salasahiji ciri
narpati teu mempan ku pakarang teh nyata salirana teu udelan sapertos nu lian.
Nu terang kana ta rasiah th ngan Centangbarang panakawan kakasih narpati nu
dirorok ti leuleutik margi tos pahatu lalis, teu indung teu bapa, teu dulur teu baraya stu
nunggul pinang.
Ngadangu eta katerangan, Palmbanggunung sering mendakan Centangbarang, ngolo-
ngolo bari bro-broan barangbr, malah dijangjian lamun Centangbarang bisa mr nginjeum
Cis sakeudeung ba, engk upama Palembanggunung jadi narpati di Talaga, Centangbarang
bakal dijenengkeun mantri jero.
Dasar jalmi bodo tur kirang jeujeuhan, lami-lami Centangbarang kaolo, kapangaruhan
dugi ka ngajangjian sans ba nambutkeun ta gagaman nanging sanggup nelasan Narpati.
Hiji waktos Narpati lungsur ti pajuaranana seja jalan-jalan ka patamanan, diiring ku
para ponggawa karaton sareng paraemban. Centangbarang og ngiring ribut bari nyenyekel
Cis kaluar ti karaton sarta nyumput dina satukangeun Lawang Kori. Sanaos aya nu terangeun
og teu gurah-geureuh da kitu biasana kalakuan Centangbarang th. Dihin pinasti, nitih wanci
dugi ka apesna Narpati Prabu Darmasuci II. Dinten harita, nalika Narpati bad kaluar pisan
tina lawang kori teu kanyahoan jol gejos-gejos ditikeman ku Centangbarang ngangg
gagaman pusaka tuturunan Cis. Sanaos Narpati tiasa nyingcet nanging pingping kiwana
kagors dugi ka bard. Ku matih-matihna ta pakarang Narpati ngarumpuyuk leuleus lir
kapuk kaibunan.
Guyur sa-Karaton ku tingjareritna paraistri sareng patinggorowokna paraemban
kalih paraponggawa. Ari
Centangbarang ningali kaayaan kitu ngan belecet lumpat kabur ninggalkeun karaton.
Barang bad disusul ku gulang-gulang, Narpati ngalahir, Hh Ki Sanak, keun tong mak
hayang nangkep Ki centangbarang, da engk og bakal nampa hukuman ti Hyang Widi.
Dwa Gung bakal ngahukuman manhna. Teu sangka Ki Centangbarang, dipiasih ti
leuleutik dipikanyaah ku kaula ti sabrol dijurukeun bet ahirna rk nelasan ka Kaula. Mangga
Syang Hiyang Widhi nyanggakeun. Salajengna Narpati dicandak ka pajuaranana di lebet
karaton.
Ku ayana ta kajantenan nya dijurungkeun utusan kanggo ngadeuheus ka Ratu Dwi
Simbarkancana di Karaton Walangsuji. Salajengna narpati Prabu Darmasuci II nu diriung ku
paraponggawa di pajuaranana, teras menekung ka Dwa Gung. Naha atuh teu sakara-kara,
jasad saeusining karaton ilang tanpa karana ngahiyang goibsalin rupa janten situ anu caina
hrang ngagenyas tapi matak geueumam nu ningali. Eta situ katelah Situ Sanghiang ayana
di tutugan Gunung Ciremai Dsa sanghiang Kecamatan Talaga Kabupatn Majalengka.

Anda mungkin juga menyukai