Bujangga Manik
Bujangga Manik
Sadiri aing ti inya, / Datang ka alas Eronan. / Nepi aing ka Cinangsi, / Meuntas
aing di Ci-Tarum. / Ku ngaing geus kaleumpangan, / Meuntas di Ci-Punagara, /
Lurah Medang Kahiangan, / Ngalalar ka Tompo Omas, / Meuntas aing di Ci-
manuk, / Ngalalar ka Pada Beunghar, / Ngalalar aing ka Conam, / Ka tukang
bukit Cremay. / Saucunduk ka Luhur Agung, / Meuntasing di Ci-Sanggarung. /
Sadatang ka tuntung Sunda, / Meuntasing di Ci-Pamali, / Datang ka alas Jawa.
Mumul nyorang urut aing; / Itu Parahu Malaka. / Turun aing di Pamalang, /
Tulunying numpang balayar. / Bijil aing ti Muhara, / Masang wedil tujuh kali, /
Ing na goong brang na ngangsa, / Bantar kali buar pelang, / Surung-sarang saur
gading, / Manyura di tendas unycal, / Mibabahan awi gombong, / Mitihang awi
nyowana. / Kamudi-kamudi Keling; / Apus dangdan hoe muka, / Paselang deung
hoe omas / Pabaur hoe walatung; / Tihang layer kayu laka, / Hurung beunangna
1
ngahinggul, / Siang beunang ngajrinang; / Beuteu bogoh ku sakitu, / Bogoh
kunu mawa inya; / Nu badayun urang Tanyjung, / Nunimba urang Kalapa, / Nu
babose urang Angke, / Bose rampas bose laying, / Deungeun bose susulandung /
Balayar satengah bukan / Banyat aing di Kalapa. / Ngaraning Ameng
Lalayaran, / Undur aing ti parahu.
2
ambuing sakini: / Anakin nu mucang onam! / Saurna ameng Layaran: / Ambu,
aing sadu mucang. / Ingkeun mangka ongko mucang.
3
kasang, / Kasang tujuh kali nyingkab, / Kasang seni tambi lungsir, / Kasang
pahang tambi laka, / Bedong ditambih bayambon, / Baling ditambi
kacambang. / Saunggah ka manggung ranyjang, / Gapay ka karas larangan, /
Dicokot na pasileman pasibonteng, / Digapay seureuh haseunan. / Tohaan tuluy
nu nektek / Nu nektek meunang salawe, / Nu muuc meunang sapuluh, /
Ngagatul meunang dalapan, / Ditalian rambu tapih, / Ditelengan leteng karang,
/ Leteng karang ti Karawang, / Leteng susuh ti Malayu, / Pamuat aki pahuwang,
/ Dipinangan pinang tiwi, / Pinang tiwi ngubu cai, / Pinang adding sari kuning, /
Keur meujeuhna patemu angen,. / Dipasi ka kalatatri, / Pasi leupas jadi dua, /
Pasi gantung jadi teulu, / Pasi remek jadi genep, / Dihancang di pasileman, /
Rampes na beunang ngahanceng / Dituruban saratangan, / Anten leuwih ti
sakitu: / Di dulur ku pupur kapur, / Candana ruum sacupu, / Bunga resa dina
juha, / Dedes deungeun majakane, / Jaksi deungeun kamisadi, / Jaksi pandan
deung kamenyan, / Dua buah cangci lenga, / Di teuyeuh kua aer mawar, /
Narawastu agur-agur, / Bubura peuntas sagala, / Aya liwat ti sakitu: / Digapay
na ebal ageng / Di cokot na boeh timur, / Dicokot na sabuk wayang, / Kiris
malela sapucuk, / Awja ya sareana / Pahi deungeun buah rembey / Saur taan
Ajung Larang: / Jompong, sia pulang deui! / Ini bawa pangiriming, / Bawa ma
katuang ambu, / Ci kua rang na picarekeun: Seupaheun pananta tineung / tin
a taan Ajung Larang / sakean Kilat Banycana. / Lamun puguh katanggapan,
Tohaan majar kaluar, / Majar nu datang ku manten.