JODO PAKOKOLOT
DISUSUN KU :
AJENG NUR APRILIA
FAIZ AKBAR ILYAS
M. REZA NURFAUZAN
SALMA AULIA ZAHRA
SANIYYAH NAZIRAH FASHA
SITI GHAIDA ULIDA RAHMAH
YUMNA MAHARDIKA
Enden Ratna : “akang, kumaha atuh si bapak teh naroskeun wae, iraha rek kawin teh
ceunah??”
Raden Suria : “Euhh da atuda kumaha deui neng, akang na oge can menang pagawean”
Enden Ratna : “Hmm, muhun atuh ari kitu mah”
(Raden Suria asup ka istana bari susurumputan. Pas nepi di hareupeun pintu kamarna Enden,
manehna ningali Enden jeung salakina keur bermesraan. Tuurna langsung laleuleus, hatena
geus teu paruguh, sirahna geus lalieur kabina-bina ningali Enden jeung lalaki lain. Tapi Raden
langsung sumanget deui da tujuanna oge meh manehna bisa babarengan deui jeung Enden)
Raden Suria : “Gustii ieu teh cobaan naon deui meni laleuleus kieu ningali si Enden jeung
lalaki lain tehh”
(Teu lila, Enden jeung salaki na rek indit. Ku lantaran kitu, ieu mangrupa waktu anu pas jang
Raden nyokot eta konde)
Raden Suria : “Ahh gusti atuh abdi teh teu jadi deui wae menangkeun si Enden!!”
(Tiba saatna Raden Suria dibebaskeun ti bui. Ayeuna manehna geus bebas ti na hukuman,
tapi pas manehna balik ka istana karajaanna, manehna geus teu ditarima deui sabab geus
ngangengera karajaan manehna. Ayeuna Raden Suria milih indit ngasingkeun diri ka desa anu
jauh pisan.
Raden suria geus mangtaun taun cicing di eta desa nepika kolotna raden teu kawin kawin.
Ayeuna manehna ganti ngaran jadi bapa sura.
Hiji waktu, salakina enden ratna maot, manehna ninggalkeun enden ratna jeung hiji budak
awewe. Kubakat sedih, enden ratna jeung budak na milih hirup di desa nu bisa nenangkeun
hatena)
Enden Ratna : “Gustiii, hirup teh meni kieu kieu teuing. Ditinggalkeun ku salaki, nya budak
teh panyakitan. Kudu kumaha deui urang teh gustiii nu agung”
(torojol budakna bari ekspresina nu bungah pisan)
Budakna enden : “Mak, tadi neng ulin di bumina aki-aki, si aki teh bageur pisan sagala
diberekeun ka neng. Tapi ari neng nyungkeun manukna nu alus teu dipasihan,
meni neng teh hayang pisan manuk eta.”
Enden ratna : “Kumaha atuh nya, cing urang usahakeun ku emak.”
(Enden Ratna hayang jadi indung nu bisa ngabungahkeun budakna, itung itung ngagantikeun
rasa sono budak ka bapakna)
Enden ratna : “Kumaha atuhnya nyungkeunna, ah langsung weh ka imahna, coba coba we
Meunang milik”
Bapa Suria : “Aduh kumaha nya, urang teh nyaah pisan ka manuk eta, ke we kadieu
saminggu deui, piker piker heula”
Enden Ratna : “Muhun atuh, punteun kumawantun”
Bapa Sura : “Mangga we candak ieu manuk titiran teh, abdimah ihlas”
Budak Enden : “Yeee nuhun nya akii”
Enden Ratna : “Hatur nuhun pisan pak, kersa masikeun ieu manuk”
Bapak Sura : “Enden, ai maneh teu ngenal ieu wajah??”
Enden Ratna : “Henteu, punteun panginten bapak teh sahanyaa? Wauh sareng abdi?”
Bapak Sura : “Ieu abdi, Raden Suria. Anu baheula ditinggal kawin tea”
Enden ratna : “Hahhh?!?! asli ieu a Suria? Masyaallah, meni kalinglap kieu teu nyangkii
ayeuna ditepangkeun deui jeung aa”
Bapa Sura : “Muhun, abdi mah terang timimiti Enden kadieu, ngan Enden teu wauh ka abdi,
meni sedih, abdi mah can kawin Enden mah geus boga budak sanajan ditinggal
maot ku salaki ge”
(singkat carita, Enden jeung Suria siling ngahampura Enden jeung Raden suria teh kawin da
maranehna ngarasa geus mangmeunangkeun jodona)
Bapa Sura : “Enden geningan urang teu jadi kawin baheula teh, ari geus jodo mah bakal
ngahiji, sanajan urang teh jodo pakokolot”
(Alhamdulillah. Enden ratna, budakna ,jeung raden suria hirup bagja salawasna)