Anda di halaman 1dari 1

PAPATET

Daweung .... menak Pajajaran.

Pajajaran kari ngaran


Pangrango geus narik kolot
Mandalawangi ngaleungit
Nya dayeuh ngajadi leuweun
Nagara geus lawas pindah
Saburakna Pajajaran
Di gunung gumuruh suwung
Geus tileum jeung nagarana.

Kamana jalan ka tespong


Ka Bandung da puguh jauh
Ka cai alim da tiris
Tiris sieun kahujanan
kamana abdi nya nepong
Ka indung da puguh jauh
Ka Gusti abdi aringgis
Inggis sieun kaedanan

Hujan leutik ngaririncik


Hujan poyan silantangan
Angin puyuh luluwukan
Heulang ngalayang ti beurang
Gagak ngelak di suhunan
Ti luhur ngahayu hayu
Hayu soteh hayu mulang
Pulangkeun ka Pajajaran.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Pelog
Disusun ku Sobirin.

Anda mungkin juga menyukai