Anda di halaman 1dari 2

B.

Contoh Biografi sareng Otobiografi


 Di kelas kuring ngagaduhan rerencangan nu namina Anissa wulandari. Tiasa
dipanggil anisa atawa wulan. Anjeunna dibabarkeun di bogor,dina kaping 11 januari
1999. Padamukan anjeunna di jln. Pemda, pasir jambu kota bogor utara. Anjeunna
putri hiji-hijina. Warsih 2006 anjeunna lebet sakola dasar di SDN
KEDUNGHALANG II, anjeunna neruskeun atikanana di SMPN 9 Bogor. Wanci
diSMP anjeunna rajin ngiring ekskul PMR nanging dugi kelas 2 wungkul, margi
anjeunna sakola di SMAN PGRI 3 sekelas sareng kuring. Anjeunna oge jalmina
bageur pisan, tara sok barang ambek sarta sabaran. Ditingali tina pangawakana mah
alit serta henteu luhur teuing, nangging anjeunna sae pisan dina soal papakean. Kuring
dedeuh pisan boga babaturan sapertos anjeunna, mugi-mugi anjeunna teras damang
serta di tangtayunagn ku allah swt.
Abdi gaduh rerencangan namina Fina safitri, nu mangrupakeun salah sahiji nu
berprestasi di SMA Negeri 1 Bogor. Anjeunna lahir di bogor kaping 12 desember,
warsih 2000.
Fina safitri mangrupakeun putri ka dua ti dua saderek. Rakana namina pangesttu
nashiruddin nu ayeuna keur kuliah di Institut Pertanian Bogor. Alamat fina safitri teh
nyaeta di Jln. Pemda pangkalan RT. 01 RW 03 Desa/kecamatan kedunghalang.
Kabupaten bogor utara, kode posna 16710.
Awal atikan fina saitri lebet ka TK Islam Bangsa, dina taun 2005 nepikeun taun
2006. Sanggeus TK, anjeuna neruskeun atikan ka SD Negeri Tunggilis 1 ti tau 2006
nepikeun taun 2012. Lulus ti SD, fina safitri neruskeun atikannana ka SMP Negeri 9
Bogor ti taun 2012 nepikeun taun 2015. Ayeuna anjeunna keur di ajar di SMA PGRI 3
Bogor sakelas sareng abdi, anjeuna nyandak jurusan MULTIMEDIA di kelas X. Aya
sababaraha prestasi nu tos dimenangkeun ku fina safitri, diantarana nyaeta juara 1
Lomba matematika di tingkat Kecamatan dina warsih 2011, sareng juara 1 lomba nga-
gambar dina warsih 2012.
Fina saitri aktif dina sababaraha organisasi, diantawisna anjeuna aktif di pramuka
SMA PGRI 3 Bogor. Hobi nu dipikaresep ku fina safitri teh nyaeta maos buku. Buku
nu dipikarese ku anjeunna nyaeta buku “SAINS” fina safitri ngabogaan cita-cita hoyng
jadi psikolog sareng penulis. Fina safitri hoyong jadi psikologi lantaran anjeunna sok
hoyong terang ngeunaan kapribadiaan batur. Ari hoyong jadi penulis lantaran anjeunna
resep kana nulis sareng maos. Fina safitri mipiboga motivasi keur hirup, nyaeta “Urang
Hirup Lain Keur Ngimpi, tapi Mimpi eta nu Nyieun jadi Ngarasa Hirup.”
 Wasta abdi Yuyu Siti Habibah, abdi lahr di cianjur dinten rebo kaping 10 novembe
1999 anak ka hiji ti 3 sadulur ti keluarga Bapa Aceng Umr sareng ibu totik suryani,
Abdi gaduh ra’i 2, anu ka 2 kelas 2 SD namina Yuliani Roziyanti, anu ka 3 mah teu
acan sakola yuswa nage nembe 3 bulan namina Muhammad Hafiz Mahardika.
Pangalaman nyuprih elmu pendidikan di kawitan ti taun 2005, abdi lebet ka tk
Hibidayatusibian anu aya di lembur sim kuring, teras abdi neraskeun sakola ka SDN
Caneingin ti taun 2006 dugi ka taun 2012, teras abdi lebet ka SMP Negeri 4 Cianjur ti
taaun 2012 dugi ka taun 2015, abdi lebet ka SMK taun 2015 dugi ayeuna abdi masih
di ajar di Yayasan Perguruan SMK Al-Madina Cianjur leresna di kelas XII jurusan
AP (Administrasi Perkantoran). Pangalaman abdi salami di SD ngirirngan
ekstrakulikuler bola volli anu alhamdullilah juara ka 1 wae sa-kabupaten Cianjur nu
diperlombakeun antara pelajaran SD. Salianti ngiringan volli abdi oge ngiringan
ekstrakulikuler pramuka da nu diwajibkeun ku sakola. Di SMP abdi ngiringan
ekstrakulikuler volli sareng ekstrakulikuler Palang Merah Remaja (PMR).
teras di SMK abdi diwajibkeun ngiringan pembaretan anu ayeuna dikenal jadi
PPK (Pendidikan Penguatan Karakter) jeung alhamdullilah angkatan abdi sadayana
lulus. Di SMK abdi ngiringan ekstrakulikuler volli sareng sobat-sobat abdi nu sejen.
Abdi oge lingih di kampung Caringin RT.04 RW.08 Desa Mmekarsari Kec. Cianjur
Kab.Cianjur Provinsi Jawa Barat. Sakitu otobiografi ti sim kuring, haputen kasadayana
kalepatan ti diri abdi a mung sakitu anu tiasa didugukeun, sakali deui hapunteun nu
kasuhun, hatur nuhun.

Anda mungkin juga menyukai