Anda di halaman 1dari 2

Ajhie Kurnia Wiratama

Pangalaman hirup nu tinggal kenangan

Tepangkeun wasta abdi Ajhie Kurnia Wiratama. Abdi


dilahirkeun di Jakarta kaping 28 Januari 2002. Abdi budak
kadua ti tilu sadulur, abdi oge ayeuna kelas 11 atawa dua
SMA di SMAN 24 Bandung. Lanceuk abdi ayeuna nuju
kuliah S1 di universitas Telkom fakultas manajemen bisnis
lamun adik abdi ayeuna kelas 5 SD di SDN 172 Andir Kidul.
Abdi sakaluarga sadayana nganut kana agama Islam.

Abdi kantun sareng nini sarta indung abdi di bandung,


mun bapa abdi masih didamel di Jakarta. Abdi teh di Bandung teu acan lila sabab abdi nembe ngalih ka
Bandung awal januari 2019. Samemehna abdi teh dikantun di Bekasi. Abdi ti masih budak keneh nepi
gede di Bekasi. Bekasi teh kota nu loba kenangannana pikeun abdi jeung di Bekasi oge abdi loba
babaturan nu akrab pisan, tapi kumaha deui da atos emang takdir abdina kieu ti Allah. Abdi sareng
sakaluarga teh ngalih ka Bandung lantaran bapa abdi teh didamelna rek ngalih ka Bandung janten abdi,
rai abdi, sareng indung abdi ngalih ti heula ka Bandung lantaran kedah nyesuaikeun oge sareng semester
dina sakolah.

Kapungkur waktos abdi umur 5 taun abdi teh asup TK Bina Insani nu tempat na teh caket pisan
sareng imah abdi nu di Bekasi. Dina TK eta teh abdi teh atos diajar rupa – rupa Bahasa nu sejen ti Bahasa
inggris nepi Bahasa mandarin, ngan ayeuna teh abdi loba nu poho hususna Bahasa mandarin nu rada hese.
Parantos abdi lulus tina TK Bina Insani eta the abdi neruskeun sakolah ka jenjang SD, abdi asup SD dina
umur 7 tahun di SDIT Teratai Putih Global. Eta SD teh loba pisan kenangannana sabab abdi teh boga loba
babaturan nu akrab pisan di SD. Dina SD teh abdi dapat loba pisan elmu. Abdi teh belajar kumaha carana
bersosialisasi sareng babaturan teh awalna tina SD. Baheula abdi teh resep pisan kana sepak bola ti mimiti
SD nepi abdi teh ngiluan ekskul futsal di sakola. Abdi oge sakali – kali kantos ngiluan turnamen futsal
waktos SD.

Abdi teh lulus SD tahun 2014, teras abdi ngalanjutkeun sakolah deui ka jenjang SMP. Abdi asup
ka SMPN 2 Bekasi ngaliwatan jalur nem. Di SMP teh abdi oge dapat loba pisan elmu nu bisa kapake
engke pikeun masa depan abdi, nyaeta elmu berorganisasi. Di SMP teh abdi ngiluan ekskul Paskibra
sabab SMP abdi teh kaasup sakola nu Paskibrana teh kasohor di Bekasi. Abdi oge di SMP ngiluan OSIS,
saatos diseleksi alhamdulillah abdi kapilih jadi anggota OSIS tapi ukur nepi kelas 8. Lantaran aya
beberapa sebab salasahijina ekskul Paskibra teh jiga teu salaras sareng OSIS na sabab barudak nu
Paskibra teh ningali OSIS na teh lamun kerja osok teu jelas. Waktos kelas 8 ahirna abdi leuwih milih
Paskibra tibatan OSIS, janten abdi kaluar ti OSIS. Alhamdulillah na oge abdi di paskibra SMP teh loba
kenging prestasi.

Ahirna abdi lulus SMP teh tahun 2017. Saatos lulus SMP teh abdi neruskeun deui sakola ka
jenjang SMA. Abdi neruskeun sakolah ka SMAN 1 Tambun Selatan dina kabupaten Bekasi. Waktos di
SMA teh abdi ngiluan organisasi rohis, salain sabab abdi atos kagungan niat bade asup rohis oge di
SMAN 1 Tambun Selatan teh jadi kawajiban tiap siswa nu kedah boga hiji organisasi nu dipiluan. Di
SMA eta teh abdi dapat loba pisan elmu agama malahan abdi sareng babaturan sering bertukar pikiran
ngenaan elmu agama. Di kelas oge abdi sareng babaturan teh nepi nyieun kumpulan nu teu meunang
bobogahan jeung kudu ngajaga hubungan sareng budak awewe. Ahirna waktos kelas 11 ieu nyatana abdi
kedah ngalih ka Bandung ngiring ka kolot. Abdi ayeuna tos ngalih sakola ka SMAN 24 Bandung. Sanaos
abdi kudu nyesuaian deui jeung lingkungan nu anyar tapi nyatana babaturan abdi di dieu teh oge ramah
jeung luas oge elmuna. Abdi oge ayeuna atos kagungan loba babaturan nu akrab di sakola tapi abdi oge
teu ical komunikasi sareng silaturahmi ka babaturan akrab abdi nu aya di Bekasi. Sakitu wae otobiografi
abdi, hampura lamun loba pisan kalepatan kata – kata dina panulisan otobiografi ieu.

Anda mungkin juga menyukai