Anda di halaman 1dari 3

AUTOBIOGRAFI

Autobiografi ini dibuat untuk memenuhi tugas mata pelajaran Bahasa Sunda
Muhammad Hikhal Fadhilah (14)
XI IPA 10

MUHAMMAD HIKHAL FADHILAH


Wasta abdi Muhammad Hikhal Fadhilah tiasa dipanggil Hikhal ,lahir mah di
Bekasi ,Cikarang ,rumah sakit Annisa ,poe senen ,6 januari 2003.Mangrupakeun anak kahiji
dina tilu bersaudara.Orang tua abdi ,pun ibu wastana Neneng Endah ,Pun Bapak wastana
Rubi Ajijudin Fabanyo.lahir di Bekasi ge kuring teh keneh urang sunda kusabab pun bapa
sareng pun ibu mah asli sunda ,tepatna mah ti garut sareng ti Bandung.
Tilu welas taun tina kuring lahir ,kuring seepkeun waktu kuring tinggal di Kota
Bekasi.Di Bekasi teh simkuring tos sababaraha kali pindah rorompok.imah kahiji aya di
rorompokan BJI saatos eta simkuring pindah deui ka rorompok pun ninik ,nu tarakhir
simkuring pindah ka rorompokan metland ,tambun.Diditu teh loba pisan kenangan anu teu
bisa dilupakeun.Eta teh kusabab masa TK nepi ka SMP sim kuring seepkeun diditu ,jadi weh
kenangan sareng babaturan ,kenangan ngajalankeun susah na hirup sareng kaluarga bener-
bener kainget inget.
Masa leutik Simkuring deket pisan ka aki ti pun ibu ,lamun bade nanaon pasti
dipangmeulikeun.orang tua simkuring teh kadang nganggep kuring teh dimanja teuing ku
aki ,tapi kumaha deui mereun eta teh tanda kasih sayang ti pun aki.Pun Aki pupus waktos
usia kuring leutik keneh ,kirang langkungna hiji satengah tahunnan ,walaupun teu
ngarasakeun atawa tara nempo aki dina waktos abdi tos rada dewasaan ngaliwat carita carita
ti indung jeung bapak teh tos tiasa ngagambarkeun sakumaha kasih sayang aki ka simkuring
teh.
Nincak yuswa lima taun kuring diasupkeun ka TK anu cakeut ti bumi pun
ninik.Diditu teh kuring dikenalkeun pisan sareng pandidikan kaagamaan.Hal ieu kusabab
rorompok pun ninik teh caket pisan sareng masjid.Jadi pun ninik teh lumayan aktip dina
aktipitas kaagamaan ,nah lamun ninik sok aya pangajian atawa nanaon kagiatan kaagamaan
biasana simkuring dicandak ,cenah mah supados kenal sareng caket kana kagiatan
kaagamaan.Saatos eta teh sim kuring diasupkeun kana TPA atawa taman Pendidikan Al-
Quran nu aya di Masjid eta ,Masjid eta teh ngaranna Masjid Annur.Nincak yuswa genep taun
abdi sareng kaluarga pindah ti rorompok ninik ka rorompokan metland.TK kuring oge pindah
ka TK Taman Mentari.Nah kusabab bentuk Rorompokannana the komplek hal eta the
ngaruhan oge ka pergaulan kuring.Di Metland kuring jadi leuwih loba baturan ,nya eta
baturan komplek atawa oge baturan ti TK.Teu beda ti rorompok ninik didieu oge kuring
diasupkeun kana taman Pendidikan Al-Quran.
Saatos TK akhirna simkuring asup ka SD.Tadi na mah bade diasupkeun ka SDIT nu
basis Pendidikan Islam.Tapi akhirna teu jadi ,Akhirna simkuring asup ka SD Setiadharma 01
di Tambun belah kidul.Di dieu abdi teh leuwih loba deui kenanganna.Di dieu abdi diajar
kumaha bersosialisasi sacara mandiri hal ieu kusabab pun bapak sareng pun ibu teh dua
duana mangrupakeun karyawan swasta.Jadi kuring kudu bisa mandiri dina ngurus masalah
simkuring di sakolah ,sahenteuna ngurangan beban ka orang tua.Didieu oge simkuring diajar
supados tiasa bersaing sareng jalma rea ,kusabab di Bekasi the jalmina loba pisan ragamna
jeung loba oge macem kamampuannana ,jadi lamun simkuring bade bersaing didieu sim
kuring kedah nentukeun simkuring the bade bersaing di bagian naon sareng kudu Disiplin
sareng sungguh-sungguh dina ngejarna oge.Tapi didieu lain sasaingan hungkul pagaweanna
teh.Walaupun bersaing urang sararea teh tetep ngajaga silaturahim antara babaturan.Kuring
bersaing sehat supados tiasa ngagapai cita cita na masing masing.Nya walaupun ngomong na
kitu tetep weh simkuring teh karek meunang ranking hiji dina kelas teh di kelas opat.Eta ge
turun ranking deui dina kelas lima.Walaupun kitu kuring tetep usaha sangkan bisa ngagapai
cita cita kuring.Semangat keur ngagapai cita cita the mulai aya din akelas opat.Diditu kadang
simkuring mikir lamun tos gede kuring teh bade jadi naon.Lamun urg bade jadi sapertos kitu
kuring berarti asup ka sakolahan anu alus oge supados tiasa ngadukung kuring keur ngagapai
cita cita eta.Tiditu sim kuring mulai diajar leuwih giat supados engke tiasa asup ka SMP anu
terbaik ,minimal mah terbaik sabekasi.
Saatos ngalewatan masa SD nu pinuh ku rupi rupi kajadian ,akhirna sim kuring asup
ka SMP.Tadi na mah simkuring bade asup ka SMPN 1 Tambun Selatan ,tapi kusabab NEM
simkuring the teu cukup keur asup kaditu akhirna kuring asup ka SMPN 2 Tambun
Selatan.Kata Orang tua simkuring mah teu paduli kumaha sakolahna lamun anjeun tiasa
ngamenej atawa ngatur hirup anjeun sangkan tiasa ngagapai cita cita eta pasti eta cita cita
tiasa ka gapai.Eta pepeling ti orang tua kuring keur nyemangat keun simkuring waktu
eta.Akhirna kuring ngajalankeun waktos kelas 7 sim kuring di SMPN 2 Tambun Selatan.Teu
nyangka diditu the sim kuring malahan leuwih nyaman keur diajar kusabab sababaraha
babaturan SD aya oge anu asup kaditu ,malahan kahitungna loba.Diditu kuring mulai aktif
dina organisasi Ekstrakurikuler.Waktos eta abdi teh aktif dina organisasi PMR.Deui didieu
teh kuring ngadapatkeun loba pisan hal baru sareng palajaran anu tiasa dicandak.Salain
eta ,didieu oge kuring nambahan elmu nu teu diajarkeun dina bangku sakolah formal.Jiga
cara koordinasi ,kapemimpinan ,solidaritas ,Integritas ,Tanggungjawab jeung loba deui nu
sejenna.Ngadeket kana kanaikan kelas bade aya pemilihan ketua PMR dina waktu eta
simkuring masuk kana calonna ,tapi sababaraha waktos tiba tiba orang tua kuring teh
ngabaran ,urang sakaluarga bade pindah ka Bandung.Hal eta teh ngagetkeun
kuring .walaupun sedih ninggalkeun babaturan ,tapi tetep weh kudu pindah ka Bandung.
Akhirna kuring pindah ka Bandung.Didieu awalna anu pindah ngansaukur pun bapak
sareng kuring hungkul ibu sareng adi mah keneh dibekasi .Ibu sareng adi kuring baru pindah
ka Bandung Waktos kuring Kelas sawelas.Kuring sareng bapak awalna tinggal heula di
rorompok Saudara anu aya diditu.Simkuring diasupkeun ka SMPN 15 Bandung.Didieu
simkuring ngarasaan kahirupan anu saeutik beda ti Bekasi.Jigana mah kusabab aya beda
kabudayaan oge.Didieu oge akhirna kuring ngagunakeun basa sunda leuwih loba ti basa
Indonesia ,nya kusabab babaturan oge papada pake basa sunda.Tapi hal eta teu ngajieun
simkuring sesah dina ngadapetkeun babaturan.Didieu abdi tetep bersaing oge kusabab alesan
nu sama jiga alasan di awal “keur ngagapai cita cita“.Tapi didieu simkuring sempet
dikelilingi oge ku babaturan anu ngadeketkeun kuring ka agama.Jadi jiga balik deui ka awal
didieu kuring mulai nginget deui ,bahwa Pandidikan agama the bener bener kudu jadi
prioritas.Tapi tetep kuring kudu boga peran serta keur ngabangun bangsa ieu jeung ngarawat
atawa ngajaga dunia ieu.Loba pisan palajaran anu bisa di ambil tina masa SMP nu
ngenalkeun rupi rupi palajaran anyar ngenaan hirup ka simkuring.
Saanggeus eta asuplah kuring ka masa SMA.Masa ieu mangrupakeun waktos anu loba
pamohalan dina hirup kuring anu kudu kuring hadepkeun.Jigana ieu masa the aya keur nguji
kuring keur nerapkeun elmu sareng palajaran hirup anu tos kuring capai disamping eta kuring
kudu tetep diajar oge supados aya parubahan.Didieu oge kadang kuring ngarasa kuring loba
ngalakukeun kasalahan dina hirup kuring ,walaupun loba kasalahan dina kasalahan eta teh
kuring tiasa ngadapatkeun loba pelajaran deui anu tiasa dipetik.Dina waktos ieu oge kuring
diajar supados mandiri teu ngagantung wae ka orang tua.Didieu kuring nyoba keur
ngagariskeun karir kuring jeung hurip kuring kudu kumaha kadepanna.Didieu kuring diajar
supados tiasa ngamenej hurip leuwih hade deui ,supados kuring bener bener ngagapai cita
cita kuring walaupun kuring tos terang kumaha aslina dunia ieu teh ,jeung seutik lika likuna.

Anda mungkin juga menyukai