Anda di halaman 1dari 1

Contoh Otobiografi bahasa Sunda

Wasta abdi Yayu Siti Habibah, abdi lahir di Cianjur dinten rebo kaping 10 Nopember 1999 anak ka hiji ti 3
sadulur ti keluarga Bapa Aceng Umar sareng Ibu Titik suryani. Abdi gaduh ra'i 2, anu ka 2 kelas 2 SD
namina Yuliani Roziyanti, anu ka 3 mah te acan sakola yuswa nage nembe 3 bulan namina Muhammad
Hafiz Mahardika.

Pangalaman nyuprih elmu pendidikan di kawitan ti taun 2005, abdi lebet ka TK Hibidayatusibian anu aya
dilembur sim kuring, teras abdi neraskeun sakola ka SDN Caringin ti taun 2006 dugi ka taun 2012, teras
abdi lebet ka SMP Negeri 4 Cianjur ti taun 2012 dugi ka taun 2015, abdi lebet ka SMK taun 2015 dugi ka
ayeuna abdi masih di ajar di Yayasan Perguruan SMK Al-Madina Cianjur leresna di kelas XII jurusan
AP (Administrasi Perkantoran).

Pangalaman abdi salami di SD ngiringan ekstrakulikuler bola voli nu alhamdulillah juara ka 1 wae sa-
Kabupaten Cianjur nu diperlombakeun antara pelajar SD. Salianti ngiringan voli abdi oge ngiringan
ekstrakulikuler Pramuka da nu diwajibkeun ku sakola. Di SMP abdi ngiringan ekstrakulikuler voli sareng
ekstrakulikuler Palang Merah Remaja (PMR).

Teras di SMK abdi diwajibkeun ngiringan pembaretan anu ayeuna dikenal jadi PPK (Pendidikan
Penguatan Karakter) jeung alhamdulillah angkatan abdi sadayana lulus. Di SMK abdi ngiringan
ekstrakulikuler voli sareng sobat-sobat abdi nu sejen. Abdi oge linggih di di kampung Caringin RT.04
RW.08 Desa Mekarsari Kec. Cianjur Kab. Cianjur Provinsi Jawa Barat.

Sakitu otobiografi ti sim kuring, hapunten sadaya kalepatan ti diri abdi da mung sakitu anu tiasa
didugikeun, sakali deui hapunten nu kasuhun, hatur nuhu

Anda mungkin juga menyukai