Anda di halaman 1dari 5

“OTOBIOGRAFI”

Dijieun ku : Adilla Soraya Prameswari

Gambar 1
Poto Kulawarga ( Katuhu ka kenca : Teh Dita, Teh Dinda, Papah, A Fajar, Abdi, Mamah)

Gambar 2
Gambar 3
Waktos TK (pink)
Waktos SD (Hejo; Kenca)
Gambar 4
Gambar 5
Waktos SMP
Waktos SMA (Ayeuna)

Sampurasun, nepangkeun wasta pun Adilla


Soraya Prameswari biasana disaur ‘Dilla’ atanapi ‘Ala’. Mung, pami di kulawargi mah
seseringna disaur ku nami ‘Dilla’. Abdi teh dibabarkeun di Cianjur, kaping 29 April 2004
dinten Kemis tabuh 10.00 WIB di Dokter Irfan anu kapungkurna mah aya di Selakopi. Ku
kitu, yuswa abdi teh ayeuna 17 taun. Dumasar ti sepuh simkuring, nami ‘Adilla’ teh dicandak
tina nami ‘Fadillah’ anu hartosna ‘Kautamaan’ mung ku sabab pun biang hoyong sadaya
putrana miboga nami ti abjad ‘A’ janten ‘Fadillah’ teh digentos janten ‘Adilla’. Pami
‘Soraya’ mah miboga harti ‘Bintang’ sareng ‘Prameswari’ tina ‘Permaisuri’. Dina kaalusan
harti tina nami simkuring teh, pun bapa sareng pun biang ngaharapkeun tiasa janten du’a anu
sae kanggo simkuring.

Abdi teh putra anu katilu ti tilu bersaudara atanapi janten anak bungsu di kulawarga
abdi. Simkuring sareng kulawarga linggih di Jalan Delima No.34, Gunteng, Kecamatan
Karangtengah. Abdi dilahirkeun ti sepuh anu kacida hebatna nyaeta Bapa Dedi Nurahmat
sareng Ibu Neni Amaliyyah. Pun bapa teh lahir kaping 22 Februari 1966, ku kituna ayeuna
teh yuswana 55 taun. Kapungkur, pun bapa teh sakola SMAna di SMAN 1 Cianjur, teras
dilajengkeun S-1 Institut Pertanian Bogor jurusan Ilmu Tanah, sareng dilajeungkeun deui S-2
di Universitas Padjadjaran jurusan Ilmu Ekonomi Pertanian. Ayeuna, pun bapa damel di
Inspektorat Daerah Kabupaten Cianjur. Ari pun biang mah lahirna kaping 30 Januari 1967,
ku kituna ayeuna teh yuswana 54 taun. Pun biang sareng pun bapa teh sakola SMP, SMA,
sareng kuliahna sami, nyaeta SMPN 1 Cianjur, SMAN 1 Cianjur, sareng kuliahna di Institut
Pertanian Bogor. Ngan ari pun biang mah waktos kuliahna nyandak jurusan Perikanan. Pun
biang oge neraskeun sakola S-2 ka Universitas Winayamukti jurusan Manajemen Agribisnis.
Ayeuna, pun biang teh damel di Dinas Pertanian Provinsi Jawa Barat janten Widyaiswara.
Salian ti eta, abdi oge gaduh 2 (dua) lanceuk anu gareulis pisan, namina teh Amelia Noor
Zahraditta sareng Adinda Gita Rahmaliaputeri. Lanceuk abdi anu kahiji nyaeta Amelia Noor
Zahraditta anu sok di saur ‘Teteh’, ayeuna damel di BPJS Ketenagakerjaan Bandung.
Kapungkurna, pun lanceuk sakola di SMAN 1 Cianjur teras ngalajengkeun ka S-1 di Institut
Pertanian Bogor jurusan Ekonomi Sumberdaya Lingkungan. Pami, teteh anu kadua nyaeta
Adinda Gita Rahmaliaputeri oge sakola SMAna di SMAN 1 Cianjur teras kuliahna di
Universitas Pendidikan Indonesia jurusan Tata Boga, da Teh Dinda mah resep pisan kana
masak. Ayeuna, Teh Dinda teh damel di SMK Pacet janten guru Tata Boga. Ku kituna,
kulawargi abdi mah nyaeta kulawarga lulusan SMAN 1 Cianjur. Salian ti eta, abdi oge gaduh
lanceuk ipar ti Teh Ditta anu namina A Fajar. Sami sareng kulawarga, simkuring oge ayeuna
janten siswa di SMAN 1 Cianjur kelas XI-IPA8.

Taun 2010 abdi teh lulus ti TK RA Al-Muhajirin anu tempat sakolana di Perumahan
Pepabri Gunteng atanapi BTN Gunteng. Salami di TK, simkuring teh pernah ngiringan
Lomba Cerdas Cermat sareng Lomba Mengarsir. Alhamdulillah, simkuring kenging Juara
Harapan 1 Lomba Mengarsir tingkat Kecamatan Karangtengah. Saanggeus lulus TK, abdi
neraskeun sakola ka SDN Ibu Jenab 1 Cianjur. Basa SD, simkuring miboga prestasi janten
Juara 1 Aksara Sunda tingkat Kecamatan Cianjur. Salami SD, abdi teh osok lebet kana
peringkat 3 (tilu). Salian ti eta, abdi oge aktif ngiringan kagiatan sakola nyaeta kagiatan
pramuka sareng ekstrakulikuler marching band. Taun 2016, abdi lulus ti SD. Saatos eta, abdi
neraskeun lebet ka SMPN 1 Cianjur ngaliwatan jalur prestasi. Di SMP, abdi aktif dina
organisasi, ekstrakulikuler, sareng dina akademik. Di organisasi, simkuring pernah janten
salah sahiji anggota Sekbid 3 (tilu) di OSIS. Lamun di organisasi kelas mah, simkuring
pernah janten KM (Ketua Murid) waktos kelas 7 (tujuh) SMP. Di ekstrakulikuler, abdi
pernah ngiringan ekskul Gita Widya Pratiwi atawa Marching Band sareng di kelas 8
(dalapan) simkuring pernah janten Ketua KIR IPS. Di SMP oge, abdi pernah ngiringan OSK
IPS janten Juara 3 Kabupaten Cianjur sareng Juara 1 Olimpiade IPS nu diayakeun ku MAN 1
Cianjur. Sanaos simkuring aktif dina sagala rupi kagiatan nu di luhur, simkuring teu pernah
hilap kana tugas pokok simkuring nyaeta diajar anu giat. Abdi teh sok rajin diajar dina sagala
mata pelajaran. Ku sabab abdi tiasa ngatur waktu kagiatan di luar sakola sareng tetep
mertahankeun rajin diajar, abdi tiasa janten Peringkat 1 kelas salami 3 (tilu) taun berturut-
turut. Malah, abdi oge janten peraih USBN Tertinggi sa-sakola. Abdi lulus ti SMP taun 2019
teras lebet ka SMAN 1 Cianjur. Sanajan di SMP abdi pernah ngaraih juara IPS, mung di
SMA abdi milih jurusan IPA dibandingkeun jurusan IPS. Ku sabab, simkuring teh ngarasa
yen kemampuan sareng minat bakat abdi lolobana kana IPA. Da ari lomba di SMP mah
janten panambi pangalaman bae.

Basa lebet ka SMAN 1 Cianjur, abdi teh miboga kainginan anu luhur pikeun hoyong
tiasa berprestasi deui siga di SMP. Kanggo ngarealisasikeunana, simkuring teh sok nambih
waktos diajar tiap poena, pikeun simkuring teh tiasa leuwih ngartos kana materi diajar. Di
mimiti kelas 10 SMA, simkuring teh janten resep pisan kana mata pelajaran Biologi sangkan
simkuring teh sok diajar leuwih jauh dina mata pelajaran ieu. Alhamdulillah, di kelas 10
simkuring tiasa janten wawakil SMANSA dina Lomba Biologi BFUB di UPI sareng 2 (dua)
urang teteh-teteh ti kelas 11. Abdi sareng tim abdi lolos seleksi 1, diteraskeun ka seleksi
Nasional mung nepi kak babak penyisihan Nasional. Salian ti eta, abdi oge ngiringan seleksi
Olimpiade Biolgi kanggo KSN di sakola, mung lolos nepi ka 10 (sapuluh) besar. Mung ku
kitu, abdi teu pernah ngarasa putus asa. Da abdi sok diajarkeun ku pun bapa sareng pun biang
yen ulah janten jelema anu gampang putus asa sarta kudu jadi jelema anu ulet.

Dina kagiatan non-akademik di SMA, simkuring teh ngiringan ekstrakulikuler


JURNAL62. Alhamdulillah, simkuring oge kapilih janten Ketua JURNAL62 taun 2020-2021.
Jabatan anu dipiboga ku simkuring ayeuna teh, mangrupa hal anu paling dibanggakeun
salami SMA. Pami di struktur organisasi kelas, simkuring salami 3 (tilu) taun diandelkeun
janten Bendahara Kelas. Ku sabab, rerencangan kelas percaya yen simkuring teh jujur sareng
dina arsip atanapi dokumen tertulisna sok lengkap. Saatos lulus ti SMA, simkuring bade
neraskeun sakolah ka perguruan tinggi dina jurusan anu aya latar belakang kasehatanana.

Simkuring teh resep pisan kana sagala hal anu anyar, boh kagiatan atanapi informasi-
informasi anu sae. Salasahijina, simkuring pernah ngiringan SANLAT sa-Jawa Barat di
Bandung padahal teu aya hiji urang pun nu simkuring apal ngan ku motivasi hoyong nambih
rerencangan ungkul. Lamun dina sasatoan, simkuring teh resep pisan kana ucing. Ari hobi
simkuring mah nyaeta masak sareng maca.

Kamampuan sejen anu dipiboga ku simkuring teh nyaeta miboga rasa disiplin sareng
tanggung jawab anu alus. Ti leutik, simkuring tos dibiasakeun lamun sagala hal teh kedah
dilakukeun tepat waktos sareng pami simkuring dipasihan tanggung jawab, simkuring kedah
ngajagi atanapi ngalakukeun sakumaha anu janten tanggung jawabna. Salian ti eta, simkuring
oge atos terbiasa yen naon bae anu dipikahoyong kedah aya usaha anu gede heula, teu tiasa
ujug-ujug aya. Kabiasaan ieu te simkuring terapkeun boh dina hal nu leutik nepika hal nu
gede. Lamun aya masalah, simkuring oge miboga tipikal anu ‘bijak’ dina ngajieun solusi.
Simkuring oge miboga kamampuan janten ‘Pendengar yang Baik’. Kamampuan nu sejenna
nyaeta kamampuan mimpin. Kapungkur ti SD, simkuring sok dipilih ku guru pikeun ka
Ketua Kelompok, kabiasaan ieu teh kacandak nepi ka ayeuna. Boh di SMP atanapi SMA,
simkuring sok dipercaya jadi pamingpin sanajan dina hal nu leutik oge. Kamampuan public
speaking simkuring oge kaasup anu kalatih, da ti TK oge simkuring sok janten wawakil anu
pidato. Sareng da di kulawarga simkuring mah sok dibiasakeun wanter komo dina
kamampuan basa. Pamikiran inovatif oge janten salasahiji anu sok dilatih ku simkuring dina
kahirupan sapopoe. Tangtuna jujur, anu atos janten kawajiban sadaya manusa.

Prinsip hirup simkuring yen hirup dinten ieu teh kedah leuwih alus ti poe kamari oge
dinten ieu teh kedah leuwih produktif ti dinten kamari.

Anda mungkin juga menyukai