Anda di halaman 1dari 14

SUMBER BELAJAR PENUNJANG PLPG 2017

MATA PELAJARAN/PAKET KEAHLIAN


BAHASA SUNDA

BAB V
KANDAGA KECAP BASA SUNDA

KEMENTERIAN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


DIREKTORAT JENDERAL GURU DAN TENAGA KEPENDIDIKAN
2017
BAB V
KANDAGA KECAP BASA SUNDA

A. TUJUAN PEMBELAJARAN
Peserta pelatihan memiliki pemahaman tentang kandaga kecap basa Sunda.
Indikator yang harus dicapai setelah proses pelatihan berakhir adalah peserta mampu:
1) menjelaskan wanda kabeungharan kecap basa Sunda
2) Menjelaskan kecap umum dan kecap khusus dalam basa Sunda
3) Menjelaskan kecap populér dan istilah
4) Menjelaskan babasan basa Sunda
5) Menjelaskan paribasa Sunda

B. URAIAN MATERI
Materi anu bakal dipedar dina bagian ieu mangrupa konsep-konsep anu aya
patalina jeung kandaga kecap basa Sunda, nya eta: (1) wanda kandaga kecap: kecap
sampakan jeung kecap serepan, kecap jembar jeung kecap husus, jeung kecap populér
jeung istilah; (2) babasan dina basa sunda; jeung (3) paribasa sunda.

1. Wanda Kandaga Kecap


a. Kecap Sampakan jeung Kecap Serepan
Sakumaha tumuwuhna basa-basa nu aya di alam dunya, teu bisa nutup diri tina
pangaruh basa sejenna. Pikeun mekarkeun basa, utamana mekerkeun kandaga kecap,
hiji basa sok nyerep kecap ti basa sejen. Kecap nu kieu sok disebut kecap serepan.
Salian ti eta, dina hiji basa oge aya kecap anu asli nu sok disebut kecap sampakan.
Sudaryat (2009: 52-53) ngebrehkeun sawatara conto kecap nu kagolong kecap
sampakan jeung kecap serepan. Kecap sampakan dina hiji basa ilaharna mangrupa
kandaga kecap dasar. Ari nu dimaksud ku kandaga kecap dasar nya éta sajumlahing
kecap anu asli dina hiji basa tur saeutik pisan kamungkinanana diserep tina basa kosta,
biasana relatif angger. Anu kagolong kana kandaga kecap dasar, di antarana baé, ebreh
di handap ieu.
1) Istilah pancakaki: ema, bapa, aki, uyut, bao, janggawareng, udeg-udeg, gantung
siwur, karuhun, jsté.
2) Ngaran babagian awak: sirah, rambut, panon, cepil, jsté.
3) Kecap pagawéan dasar: dahar, saré, hudang, mandi, jsté.
4) Kecap sipat dasar: resep, gering, gumbira, jsté.

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 1


5) Kecap Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, jsté.
6) Barang universal kayaning:
- ngaran waktu: pajar, balébat, haneut moyan, jsté.
- Ngaran poé: Senén, Selasa, Rebo, Kemis, jsté.
- Ngaran bulan: Januari, Pebruari, Maret, jsté.
- Ngaran kekembangan: gélényé, ingwang, dingdet;
- Ngaran anak-anakan: belo,begog, rarong, énéng;
- Ngaran undagi (arsitektur): cempéd, hontob, darurung, émpér, sosompang.
- Ngaran patukangan: anjun, legig, maranggi, panday;
- Ngaran pakakas tani: pacul, koréd, étém, garpuh;
- Ngaran usum: mamaréng, halodo, ngijih, jsté.

Asupna kecap serepan dina basa Sunda bisa tina rupa-rupa sumber, boh basa
dulur (basa daerah sejen di Indonesia) boh basa kosta (basa asing). Di handap ieu
diberendelkeun sawatara conto sumber kandaga kecap basa Sunda. Geura urang tataan
hiji-hijina.
a. Basa Jawa
Conto:
- Adus bisa
- Carik dusun
- Kulem lali
- Lebaran ngimpen
- Rega sasih

b. Basa Arab
Conto:
- Ajaib dunya
- Gaib hakim
- Hak iman
- Jilid kekal
- Paham waktu

c. Basa Cina
Conto:
- Cengkéh loncéng
- Loténg mie

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 2


- Panggung tauco
- Tahu Siomay
- bapau
d. Basa Inggris
Conto:
- Aktip badminton
- Cék gul
- Kaptén méter
- suksés

e. Basa Portugis
Conto:
- Armada bandéra
- Kamer biola
- Jandéla kaméja
- Ronda roda

f. Basa Parsi
Conto:
- Bandar gandrung
- Jam kawin
- pasar tahta
- laskar

g. Basa Sansekerta
- Agama bumi
- Cahaya cakra
- Istana rusiah
- Nista widadari

h. Basa Tamil
Conto:
- Cuka martil
- Pinggan tilam

i. BasaWalanda

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 3


Conto:
- Baki bengkel
- Bor élo
- Duit kartu
- Kopi lampu
- pelesir

b. Kecap Jembar jeung Kecap Husus


Kecap jembar (umum) maksudna kecap nu ambahanana lega atawa ngawengku
sawatara hal, contona mawa, ngumbah, kandang, tukang, kembang, ngala, jeung anak.
Kecap husus nya eta kecap anu ambahanana heureut atawa husus, contona ngelek,
sibeungeut, istal, jeung kamasan (Sudaryat, 2009: 54). Sangkan leuwih ecas, bisa
ditingali conto-conto kecap jembar jeung kecap umum.
a. Tina harti jembar mawa:
nanggung nyuhun
ngelek ngagandong
ngajingjing ngagembol
nogencang ngagotong
ngakut manggul

b. Tina harti jembar kecap ngala:


mipit ngundeur
metik dibuat
mupu naruk
nekrok ngajul

c. Tina harti jembar kecap ngumbah


sibeungeut ngisikan
nyeuseuh sibanyo
mandi

c. Kecap Populér jeung Istilah


Kecap kajian atawa istilah biasana dipatukangtonggongkeun jeung kecap populer.
Kecap kajian nya eta kecap anu dipake dina hiji widang paelmuan atawa lingkungan nu
tangtu. Ari kecap populer nya eta kecap anu sipatna umum anu dipake ku masarakat
panyaturna dina kahirupan sapopoe (Sudaryat, 2009: 53-55).

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 4


Sakumna kandaga kecap basa Sunda bisa dipaké bahan ngawangun istilah asal
nyumponan pasarakat kieu.
a) Mun aya dua kecap atawa leuwih anu hartina sarua mirip, keur istilah dipilih nu
pangmerenahkeun tur nu teu ngahudang rupa-rupa tapsiran, contona: ngurus, miara,
ngamumule, ngariksa, ngaraksa, mulasara, jsté.
b) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua maksudna, pikeun istilah dipilih kecap
nu pangpondokna, contona: nu miluan— pamilon; tukang tani—patani, jsté.
c) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua hartina tapi béda ajénna (konotasina),
pikeun istilah dipilih istilah anu konotasina hadé tur ngeunah kadéngéna, contona:
ungkluk—tunasusila; awéwé—wanita, jsté.

2. Babasan dina Basa Sunda


Babasan jeung paribasa teh kagolong kana salah sahiji wanda pakeman basa. Ari
anu disebut pakeman basa nya eta kalimah atawa gundukan kecap anu anu geus
dipatok, geus ditaker diwatesanan teu meunang dirobah, boh robah unina atawa
ejahanana boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun. Ceuk Satjadibrata (2005: 61),
babasan nya eta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi
biasana geus kamaphum ku saréréa. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa
bibilangan, nya eta kekecapan anu hartina henteu sajalantrahna, susunan basana
ringkes, saeutik patri, jeung teu bisa atawa ulah dihartikeun sacéréwéléna.
Dumasar kana wangun kekecapanna, Sudaryat (2003: 118) ngajelaskeun yen
babasan bisa dipasing-pasing jadi sawatara jinis, nya eta (1) babasan wangun rundayan,
(2) babasan wangun kantétan, jeung (3) babasan wangun frasa. Salian ti eta, Sudaryat
(2003: 20) oge geus ngawincik babasan dumasar kana sumber babandinganana, nya eta
babasan ngaran awak sakujur, sasatoan, tutuwuhan, kaayaan alam, jeung ngaran
barang.
Conto:
- Aku-aku bangga, hartina ngaku-ngaku atawa miboga barang batur
- bobor karahayuan, hartina katarajang apes, cilaka,atawa meunang kasusah
- cacag nangkaeun, hartina teu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda tuluy
dihanca deui/diteruskeun deui
- dibeuweung diutahkeun, hartina dipikir dibula-balik
- elmu sapi, hartina guyub kana hal nu kurang hade
- gancang pincang, hartina pagawean gancang tapi hasilna teu hade
- handap lanyap, hartina hormat tapi matak nyentug kana hate
- ipis biwir, hartina babari ceurik

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 5


- jauh ka bedug anggang ka dulang, hartina dusun, kampungan/eraan
- kapiring leutik, hartina kaeraan

3. Paribasa Sunda
Paribasa nya eta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara
winangun kalimah anu geus puguh entep seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh
tempatna atwa dilemeskeun anu ngandung harti babandingan ataa silokaning hirup
manusa. Ceuk Sudaryat (2009: 65), Paribasa nya éta ungkara winangun kalimah atawa
klausa anu kekecapan katut susunanana geus matok, maksudna geus puguh, biasana
nganudung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
Conto:
- Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed, hartina: ‘Ari umur geus kolot,
tapi kalakuan kawas budak ngora keneh’.
- Mun diarah supana, kudu dipiara catangna, hartina: ‘Jelema anu diarah tanagana,
kudu dipikanyaah jeung diburuhan’.
- Adat kakurung ku iga, hatina tabeat nu geus hese dirobahna
- Beungeut nyanghareup ati mungkir, hartina teu sarua jeung hate
- Batok bulu eusi madu, hartina goreng rupa tapi pinter jeung bageur atawa siga bodo
tapi pinter
- Cecendet mande kiara cileungcang mande sagara, hartina nu miskin atawa jalma
leutik hayang nyaruaan jalma beunghar atawa jalma gede
- Ipiamis buah gintung, hartina disangka hade hate atawa bageur adek teh sabalikna
- Goong nabeuh maneh, hartina muji atawa ngagulkeun sorangan
- Hulu gundul dihihidan, hartina nu keur untung tambah untung
- Jati kasilih ku junti, hartina menak kaelehkeun ku somah atawa pribumi kaelehkeun ku
semah
- Kaciwit kulit kabawa daging, hartina kabawa goreng ku kalakuan baraya nu salah
atawa ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur
- Mangkok emas eusi madu, hartina jelema nu hade terus omonganana hade, gekna
hade, lampahna bageur, omonganana jeung lampahna terus hade ka hate-hatena.

C. RANGKUMAN
Umumna, wanda kandaga kecap sok dibahas dina tilu basan ieu, nya eta kecap
sampakan jeung kecap serepan, kecap jembar jeung kecap husus; tur kecap populér
jeung istilah. Kecap sampakan dina hiji basa ilaharna mangrupa kandaga kecap dasar. Ari

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 6


nu dimaksud ku kandaga kecap dasar nya éta sajumlahing kecap anu asli dina hiji basa
tur saeutik pisan kamungkinanana diserep tina basa kosta, biasana relatif angger.
Kecap jembar (umum) maksudna kecap nu ambahanana lega atawa ngawengku
sawatara hal, contona mawa, ngumbah, kandang, tukang, kembang, ngala, jeung anak.
Kecap husus nya eta kecap anu ambahanana heureut atawa husus, contona ngelek,
sibeungeut, istal, jeung kamasan. Kecap kajian atawa istilah biasana
dipatukangtonggongkeun jeung kecap populer. Kecap kajian nya eta kecap anu dipake
dina hiji widang paelmuan atawa lingkungan nu tangtu. Ari kecap populer nya eta kecap
anu sipatna umum anu dipake ku masarakat panyaturna dina kahirupan sapopoe.
Babasan jeung paribasa teh kagolong kana salah sahiji wanda pakeman basa. Ari
anu disebut pakeman basa nya eta kalimah atawa gundukan kecap anu anu geus
dipatok, geus ditaker diwatesanan teu meunang dirobah, boh robah unina atawa
ejahanana boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun. Babasan nya eta sawatara
susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum
ku saréréa. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya eta
kekecapan anu hartina henteu sajalantrahna, susunan basana ringkes, saeutik patri,
jeung teu bisa atawa ulah dihartikeun sacéréwéléna.
Paribasa nya eta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara
winangun kalimah anu geus puguh entep seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh
tempatna atwa dilemeskeun anu ngandung harti babandingan ataa silokaning hirup
manusa.

D. LATIHAN

1. Naon nu masuk kecap jembar jeung kecap husus teh? Bere conto!
2. Naon nu dimaksud kecap kajian jeung kecap istilah teh? Bere conto!
3. Jelaskeun bedana babasan jeung paribasa! Bere conto!
4. Kira-kira naon hartina babasan di handap ieu:
a. Aku-aku bangga
b. bobor karahayuan
c. cacag nangkaeun
d. dibeuweung diutahkeun
5. Kira-kira naon hartina paribasa di handap ieu:
a. Cecendet mande kiara cileungcang mande sagara
b. Ipiamis buah gintung
c. Goong nabeuh maneh

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 7


d. Hulu gundul dihihidan

BAB VI
GAYA BASA SUNDA

A. TUJUAN PEMBELAJARAN
Peserta pelatihan memiliki pemahaman tentang kandaga kecap basa Sunda.
Indikator yang harus dicapai setelah proses pelatihan berakhir adalah peserta mampu:
1) Menjelaskan berbagai jenis gaya basa dalam basa Sunda
2) Memberi contoh gaya basa dalam basa Sunda
3) Menggunakan gaya basa dalam kalimat

B. URAIAN MATERI

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 8


Materi anu bakal dipedar dina bagian ieu mangrupa konsep-konsep anu aya
patalina jeung gaya basa Sunda. Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké
sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu
ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa,
ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik, nya éta upama dipaké nyarita atawa
dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa
basana. (Wikipédia)
Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara
kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna
gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa
nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Papasingan gaya basa dina
basa Sunda aya sababara rupa, saperti nu dipaparkeun di handap ieu.
Dina basa sunda, gaya basa Sunda sok dibahsa dina saputereun sawelas
gaya basa nu aya dina basa Sunda, nya eta (1) ngupamkeun, (2) lalandian, (3)
mijlama, (4) rautan, (5) ngasor, (6) rarahulan, (7) kadalon, (8) silib/sindir, (9) ocon,
(10) raguman, jeung (11) mindoan (Tamsyah, 1997: 265-276).

1. Ngupamkeun
Dumasar wandana, gaya basa ngumpakeun (simile) aya dua rupa, nya eta:
a) Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)
Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh
deui teu make kecap babandingan
Conto:
nu make kecap babandingan:
- Angkat cara macan teu nangan
- Jiga bueuk meunang mabuk
- Kawas kapuk kaibunan
- Siga careuh bulan
- Asa dina pangimpian

Nu geus teu make kecap babandingan


- Pipina kadu sapasi
- Ambekna sakulit bawang
- Nyaliksik ka bubuk leutik

b) Babandingan Jaman Ayeuna

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 9


Conto:
- Gancangna kawas pesawat jét
- Kawas Roméo jeung Juliét
- Babadamian téh manggih jalan buntu
- Waktu téh sarua jeung duit
- Angin subuh ngeharéwos

2. Lalandian
Gaya basa lalandian (metapora) nya eta gaya basa nu nganganti sesebutan. Gaya
basa ieu aya dua rupa, nya eta::
a) Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu)
Conto:
- Srikandi (awéwé nu wanian)
- Arjuna (lalaki nu kasép)
- Si Gégép (kiper nu hésé kaasupan gulna)
b) Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan).
Conto:
- Ujang Gembru (budak nu gendut)
- Wayang Pangsisina (gédé, tapi taya gawé)
- Bujangga Mikung (nu kakara diajar ngarang)

3. Mijlama
Gaya basa mijlama (personifikasi) mangrupakeun gaya basa nerapkeun sipat-
sipat jalma kana barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan
Conto:
- Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah
- Sang Surya lumungsur ti marcapada
- Bulan ngintip tina sela-sela mega
- Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin

4. Rautan
Gaya basa rautan (eufeumisme) nya eta gaya basa nu sok digunakan pikeun
ngungkapkeun iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag
upama diucapkeun sahinasna.
Conto:
- Badé ka pengker heula/badé ka cai heula. (hayang kiih/ kahampangan)

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 10


- Asep Irama teu awas socana. (lolong)
- Saéna dilereskeun deui. (lepat)
- Sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu.
(torék)

5. Ngasor
Sabalikna tina rarahulan, gaya basa ngasor (litotes) mah sagala dileutikkeun,
dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor).
Conto:
- Tuangna gé karo uyah, teu aya naon-naon.
- Calik heula ka saung butut.
- Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun.
- Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku menteri nepi ka teu apal harga-harga di
pasar.

6. Rarahulan
Dina gaya basa rarahulan (hiperbola), nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana
(sagala digedékeun).
Conto:
- Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku.
- Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk.
- Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia
kujang.
- Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang.
- Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja.
- Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap

7. Kadalon
Gaya basa kadalon (pleonasme) asalna tina kecap dalu ‘leuwih’. Jadi, kadalon
ngandung harti leuwih makéna kecap. Saenyana cukup sakali/sakecap, tapi hususnya
dina karya sastra sok make kecap-kecap anu dileuwihan, pikeun nambahan sari/ jadi
mamanis basa..
Conto:
- Ngupat ngawada
- naék ka luhur
- turun ka handap

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 11


- teuleum ka jero cai
- ngomong ngawangkong
- ningali ku panon
- déngé ku ceuli
.
8. Silib/Sindir
Gaya basa silib/sindir (alegori) nya eta gaya basa mangrupa omongan anu teu
togmol, dibalibirkeun (teu poksang).
Conto:
- Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh.
- Ah, da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé
damai.

9. Ocon
Gaya basa ocon (mitonimia) mangrupa gaya basa anu aya patalina jeung merek
barang dagang anu nunjukkeun ngarang barang (sarupaning mobil atau alat-alat
elektronik) atawa ngaran jalma anu nunjukkeun jinis pegaweanna.
Conto:
- Sanajan can aya ledeng, tapi di imahna geus make sanyo, jadi moal hese cai.
(sanyo = mesin pikeun neydot cai)
- Gaya euy, manehna mah geus boga kijang. (kijang = kandaraan mobil)
- Basa manehna dating teh , kuring keur lalajo susi susanti. (Susi Susanti =
badminton)

10. Raguman
Gaya basa raguman (sinokdoke) nya eta gaya basa nu sok pikeun obyek nu loba
ku dianggap hiji (hurunan/totem pro parte) atawa sabalikna (tungalan/pars pro toto).
Conto:
Hurunan (totem pro parte)
- cau téh geus arasak dina tangkalna
- mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding
- Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand

Tunggalan (pars pro toto)


- Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna
- Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 12


- Alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!

11. Mindoan
Gaya basa mindoan (repetisi) marupakeun gaya basa nu ngandung kecap nu
diulang-ulang, nu tujuanna pikeun ngantebkeun maksudna.
Conto:
- Ngajak ulin Neng Desi maha matak olot duit, ningali tukang es, hayang es, ningali
tukang bajigur, hanyang bajigur, ningali tukang cndol, haying cendol.

C. RANGKUMAN
Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun
pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan
ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén,
mangrupa plastis-stilistik, nya éta upama dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah,
éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. Aya sawatara jinis
gaya basa dina basa Sunda, nya eta: eta (1) ngupamkeun, (2) lalandian, (3) mijlama, (4)
rautan, (5) ngasor, (6) rarahulan, (7) kadalon, (8) silib/sindir, (9) ocon, (10) raguman,
jeung (11) mindoan.

Modul Pendidikan dan Latihan Profesi Guru Basa Sunda 2017 13

Anda mungkin juga menyukai