Anda di halaman 1dari 3

KABEUNGHARAN PAKEMAN BASA

A. PAKEMAN BASA

Pakeman basa dina basa Indonesia disebutna ungkapan kata atau idiom. Kecap “pakeman” (basa
Walanda : Vakum hartina matok atawa angger). Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa nu
angger atawa geus matok. Ilaharna pakeman basa mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu
geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah unina atawa
ejahanana,boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun. Harti nu dikandungna mangrupa harti
injeuman atawa siloka lakuning hirup manusa, anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun
harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna.

Dumasar kana watesan di luhur, pakeman basa teh ngabogaan sababaraha ciri, di antarana wae :
a. Ungkara basa anu husus tur mandiri (has)
b. Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok
c. Sususnan kecap-kecapna teu bisa dirobah
d. Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun
e. Harti nu dikandungna mangrupa harti injeuman
f. Harti nu dikandungna mangrupa babandingan siloka lakuning hirup manusa
g. Harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti
nu dikandung ku unsur-unsurna.

Pakeman basa aya rupa-rupa, nyaeta : babasan, paribasa, kekecapan, rakitan lantif,
cacandran.

BABASAN nyaeta kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injeuman atawa kiasan.
Contona :
1) Hampang birit = babari dititah
2) Gede hulu = sombong
3) Buntut kasiran = koret, medit

PARIBASA nyaeta ungkara basa winangun kalimah anu ngandung harti babandingan minangka
siloka lakuning hirup manusa. Eusi paribasa bisa mangrupa wawaran luang, pangjurung laku alus,
jeung panyaram lampah salah. Contona :
1) Adat kakurung ku iga = tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
2) Anjing ngagonggong kalong = mikahayang nu pamohalan bisa laksana
3) Gindi piker belang baying = goring hate, resep nyilakakeun batur

KEKECAPAN atawa KECAP KIASAN, nyaeta kecap-kecap atawa gundukan kecap anu geus
jadi omong-omongan atawa kailaharan, satengah babasan, umumna ngandung harti injeuman.
Contona:
1) Dinangna-nengne = dipiara atawa dipikanyaah pisan

Bahasa Sunda kelas 9 “Kabeungharan Pakeman Basa “ 1


2) Teu eleh geleng = teu eleh kekuatan
3) Paeh piker = teu aya kahayang
4) Ngeupeul = koret atawa medit
5) Awal ahir = engke ka hareup

RAKITAN LANTIP nyaeta susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu
sacerewelena, tapi ku kabiasaan make dadasar kalantipan, contona :
1) Nyai, panggedeankeun kompor (anu digedean teh komporna, tapi seuneuna)
2) Jang, pangmegatkeun sado kosong. ( Sado kosong teh nyaeta sado nu euweuh panumpangan,
tapi aya kudaan jeung aya kusiran).

CACANDRAAN, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ku


karuhun urang jauh samemeh kajadian. Contona :
1) Bandung heurin ku tangtung (Bandung gegek pamudukna).
2) Sumedang ngarangrangan. (Sumedang kungsi dipingpin ku lain turunan Sumedang)

B. MIWANOH KALIMAH PARENTAH

Kalimah parentah nyaeta kalimah anu nitah pamiarsa milampah pagawean nu diparentahkeun. Aya
rupa-rupa kalimah parentah. Diantarana :
1) Kalimah panitah
2) Kalimah pangajak
3) Kalimah pangharepan
4) Kalimah panyarek
5) Kalimah pangwawadi
6) Kalimah pangjurug
7) Kalimah panggeuri

KALIMAH PANITAH nyaeta kalimah anu dipake pikeun maksa jalma lain migawe pagawean,
biasana sok make kecap cing, cik jeung punten. Contona :
- Cing pangmeulikeun bako !

KALIMAH PANGAJAK nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajak jalma lian ngarah digawe
babarengan, biasana make kecap (ha)yu, urang, manga, jeung hayu urang. Contona :
- Hayu urang indit ayeuna !

KALIMAH PANGHAREPAN nyaeta kalimah anu eusina ngebrejkeun harepan limangsungna


peristiwa, biasana make kecap mugia, muga-muga, pamugi,, hayang teh, jeung mudah-mudahan.
Contona:
- Muga-muga bae kahoyong hidep tinekana !

Bahasa Sunda kelas 9 “Kabeungharan Pakeman Basa “ 2


KALIMAH PANYAREK nyaeta kalimah anu eusina pikeun nyarek atawa nyaram jalma lian migawe
pagawean, biasana make kecap ulah, (en) tong, jeung teu meunang. Contona :
- Ulah ulin di dinya barudak !

KALIMAH PANGJURUNG nyaeta kalimah anu eusina ngajurungkeun jaalma lian pikeun migawe
pagawean, biasana make kecap geura, gancang, buru (keun) jeung enggal. Contona :
- Geura jung atuh ari rek ka pasar mah !

KALIMAH PANGWAWADI nyaeta kalimah anu eusina nganjurkeun atawa ngawawadian jalma lian
sangkan migawe pagawean, biasana make kecap mun, hadean, alusna, jeung sawadina. Contona :
- Sawadina mah anjeun lapor heula ka pupuhu !

KALIMAH PENGGEURI nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun pamenta nu lumengis ngarah
jalma lian mikarunya, biasana make kecap emh, hih, jeung cing atuh. Contona :
- Hih atuh, kasep wayahna bae sing daek prihatin !

Bahasa Sunda kelas 9 “Kabeungharan Pakeman Basa “ 3

Anda mungkin juga menyukai