Hiji waktu ditegalan di afrika,aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang
ngageyot ditegalan. Padahal ditegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta,keur di gawe nyieun sayang. Kapan ditegalan afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo. Dijero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana,bakal amburadul. Singa,zebra, oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah. Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” teu tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan,dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede,umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag. Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh,aya nu nangenan nya eta manuk dadali.manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan djieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan. “Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisa katincak karunya,” ceuk manuk dadali nuegingetan. “Wa na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalalana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan. Kita deu kadal afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang. Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye...leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur. Ningali rakyatnya rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditangtang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah kah atoh bari sombong. Manehma seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieum lombang nu jeronan salaput gajah. Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba satu sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh. Gajah nyeruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditantang kitu asa dilelewean, gajah teu beuki ambek. Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat. Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun, deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila seuram teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.