Anda di halaman 1dari 3

Para hadirin sadaya,

Gusti Allah ngadamel sugrining mahluk-Na teh sajodo-sajodo. aya lalaki, aya
awewe, aya beurang aya peuting, aya hirup aya maot, aya alam dunya pasti
bakal aya alam aherat Ayeuna urang aya di alam dunya, sakeudeung deui
bakal nyorang alam aherat. Samemeh nyorang aherat, urang bakal nyorang
maot asup ka alam kubur. Ari maot teh nya eta papisahna jasad sareng roh.
Maot teh panyeepan kanyeri, margi kumpul sadaya kanyeri, kanyeri tina
panyakit, kanyeri bakal papisah jeung kulawarga, papisah jeung harta,
papisah jeung dunya. Henteu aya anu dibantun ka alam kubur salian ti boeh
sareng amal urang anu pangwalesanana bakal ngawitan karaos, ni'mat atawa
siksaanana. 
Ngaraoskeun eta pangwalesan sanes sapoe, sanes sataun, sanes sapuluh taun,
tapi salalawasna kenging kani'matan pikeun anu beramal soleh, oge
salawasna kenging siksaan pikeun kapir atawa anu tukang masiat mah. Ku
ayana kitu mangga kantun milih bae, hayang kanana urang engke?

Para hadirin sadaya,


Sarat mutlak geusan ngengingkeun kani'matan aherat nya eta maot ngabantun
iman, nya eta nalika urang bade ngaleupaskeun nyawa teh ditungtungan ku
maca Laa ilaaha illallah.
Dawuhan Kanjeng Nabi saw:

َ‫ َم ْن َكانَ اَ ِخرُا َكاالَ ِم ِه الَاِلَهَ اِالَّهللاُ َد َخ َل ْالجنَّة‬. 

Hartosna: "Saha jalma anu ahir ucapanana maca: Laa ilaaha illallah, tangtu
bakal asup ka surga."

Para hadirin sadaya,


Pikeun maot ngabantun iman sarta panungtungan ucapanku La ilaaha illallah
eta teh sanes padamelan enteng, namung padamelan abot, margi dina waktu
sakarat maot teh urang bakal digoda ku setan sangkan urang maot bari henteu
iman. - Na'udru billahi min dzalik. 
Ku margi kitu sangkan urang maot ngabantun iman, teu aya deui jalan anu
pangutamana sajaba ti kedah sering eling (dikir) ka Gusti Allah ti ayeuna
keneh, tegesna kedah dibiasakeun dina nalika bungah sangkan urang sukuran
ka Gusti Allah, komo nalika aya dina musibat/kasusah mah kedah sering
muntang tulung ka Mantenna ulah ka sasaha, sangkan Gusti Allah masihan
taupik sarta ngaijabah kana doa urang.

Pidawuh Allah:

ِ‫ِر َجلٌل الَّتُ ْل ِه ْي ِه ْم تِ َجا َرةٌ َّوالَبَ ْي ٌع ع َْن ِذ ْك ِرهللا‬

Hartosna: "Ari jalma anu diangken hamba Allah teh) nya eta jalma-jalma anu
tara katungkulkeun ku usaha jeung jual-meuli dina dikirna ka Allah teh.”

Pendeknamah sanajan bari usaha. digawe naon bae oge tetep bari inget ka
Gusti Allah.
Para hadirin sadaya,
Saparantos maot urang sadaya bakal nyorang alam kubur atawa alam
barzakh. Di alam barzakh urang sadaya bakal kenging patarosan ti Malaikat
Munkar jeung Nakir, dua Malaikat anu rupina pikasieuneun pisan. Sakur
jalma anu tiasa ngajawab kana patarosanana, cirina bakal bagja di aheratna
sarta terus bakal narima kani'matan kubur. Sawangsulna upamana henteu
tiasa ngajawab, cirina bakal cilaka di aheratna sarta terus narima siksa kubur.
Perlu diemutkeun yen tiasa atawa henteuna ngajawab patarosan Malaikat teh
gumantung kana sae/awonna amal urang salami di dunya.
Upami sae amalna tinangtu tiasa ngawaler, upami tukang masiat tinangtu
moal tiasa ngawaler. Moal tiasa diapalkeun jawabanana ti ayeuna, ari kana
ibadahna ngedul mah. 

Para hadirin sadaya,


Perlu diemutkeun deui, yen siksaan di naraka teh siksaan anu sagala
kaayaanana tina seuneu, siksaan anu maha hebat. Nya kitu deui kani'matan di
surga teh kani'matan anu henteu aya hinggana raosna tur abadi.
Dawuhan Allah:

َ ‫لَي‬.‫ ٍة‬Sَ‫قَى ِم ْن َعي ٍْن اَنِي‬S‫تُ ْس‬.ً‫ة‬Sَ‫َاصبَةٌتَصْ ل َى نَارًا َحا ِمي‬


‫ا ٌم‬SS‫ْس لَهُ ْم طَ َع‬ ِ ‫عَا ِملَةٌن‬.ٌ‫َاش ْي َعة‬ ِ ‫ْث ْالغ‬
ِ ‫ ُوجُوْ هٌ يَوْ َمئِ ٍذخ‬.‫َاشيَ ِة‬ ُ ‫ك َح ِدي‬
َ ‫هَلْ اَتَا‬
ً‫الَتَ ْس َم ُع فِ ْيهَاالَ ِغيَة‬.‫فِى َجنَّ ٍةعَالِيَ ٍة‬.ٌ‫اضيَة‬
ِ ‫لِ َس ْعيِهَا َر‬.ٌ‫ ُوجٌوْ هٌ يَوْ َمئِ ٍذنَا ِع َمة‬.‫ع‬ َ ‫اِالَّ ِم ْن‬
ٍ ْ‫الَيُ ْس ِمنُ َوالَيُ ْغنِى ِم ْن جُو‬.‫ض ِري ٍْع‬

Hartosna: "Naha geus datang ka andika beja kajadian anu hebat? Dina poe
eta pirang-pirang beungeut anu tarungkul (harina). Anu digarawe cape
(nararik rante beusi bari dibelenggu). Maranehna arasup kana seuneu naraka
anu pohara panasa. Dibere nginumna tina sirah cai anu pohara panasna
Maranehna henteu meunang kadaharan salian ti tangkal dore anu carucukan.
Anu teu matak lintuh, teu ngaleungitkeun lapar. Aya deui mangpirang-pirang
beungeut jalma anu sukan-sukan dina poe eta teh. Ngarasa bungah ku amalna
waktu di dunya Arayana di jero sawarga anu luhur. Di jerona andika moal
ngadenge omongan anu teu aye gunana. DI jerona aya sirah cai anu ngocor,
ranjang anu diluhurkeun jeung disadiakeun pirang-pirang gelas, bantal
sarandean anu disusun, arempuk Jeung alketip unu diamparkeun "(S. Al-
Gosyiyah).

Para hadiri saya,


Urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang.
sae atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga
urang ayeuna. Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah,
tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

‫م ُذ ِّريَّتَهُ ْم بِا ِ ْي َما ٍن اَ ْل َح ْقنَابِ ِه ْم‬Sْ ُ‫َوالَّ ِذ ْينَ اَ َمنُوْ ا َواتَّبَ َع ْته‬

"Ari jalma-jalma anu mu'min anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina


kaimanan (katakwaan). tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana
sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik oge. (Tegesna
bakal diadarajarkeun). (S.Thur: 21)

Upama jalma antepan ka kulawarga tara ngadidik/ngatik kana ibadah,


engkena bakal silih dakwa, bakal silih jauhan sabab sieun didakwa tea.
Dawuhan Allah:

َ ‫ َو‬.‫ َواُ ِّم ِه َواَبِ ْي ِه‬.‫يَوْ َم يَفِرُّ ْال َمرْ ُء ِم ْن اَ ِخ ْي ِه‬.


‫صا ِحبَتِ ِه َوبَنِ ْي ِه‬

Hartosna: “(poe kiamah teh) poean jelema jelema ngajauhan ti dulurna, ti


indung bapana, ti sobatna jeung anak- anakna."

Para hadirin sadaya,

Mangga pek perhatoskeun kaayaan ayeuna oge di dunya, upami rumah


tangga jalmi anu takwa mah sok tengtrem, silih pikanyaah, silih pikadeudeuh,
silih belaan sareng sasama kulawargi teh. 

Sawangsulna rumah tangga jalmi anu henteu takwa sok kucrut, sok silih
carekan, silih bongohan, malah aya anak anu silih wantun nyiksa ka sepuhna.

Mangga kantun ngemut, hoyong ka mana di aherat teh? Upama palay ka


surga, getolan ibadahna kantunkeun masiatna.

Anda mungkin juga menyukai