Anda di halaman 1dari 4

Khutbah Sholat Gerhana (Basa Sunda)

KHUTBAH KA 1

‫ َأْش َه ُد َأْن اَل ِاَلَه ِإاَّل هللا َو ْح َد ُه ال َش ِر يك َله شهادة‬. ‫َاْلَح ْمُد هلل اَّلِذْي َس ـَّخ َر َلُك ُم ٱلَّش ْم َس َو ٱْلَقَمَر َد اِئَب ْي ِن َو َس ـَّخ َر َلُك ُم ٱَّلْي َل َو ٱلَّن َه اَر‬
‫ الّلُهَّم َص ِّل و َس ِّلْم َو باِر ْك‬،‫ َو َأْش َه ُد َأّن َس ِّيَد َن ا َو َن ِبَّي َن ا ُم َح َّم ًد ا َع ْبُد ُه َو َر سوُلُه صاحب الكرامة والنور‬، ‫تنجينا من عذاب النار‬
،‫ َفَي اُّيَه ا ْاِإلْخ َو ان الكرام‬: ‫ َأَّما َب ْع ُد‬،‫َع َلى َس ِّيِدنا ُم َح ّمٍد حبيب المختار َو َع َلى َاِلِه وأْص حاِبِه َو الَّت اِبعيَن ِبإْح ساٍن إَلى دار البوار‬
‫ ِبْس ِم ِهللا‬، ‫ َأُعْو ُذ ِباِهلل ِمَن الَّش ْي َط اِن الَّر ِجْي ِم‬: ‫ َقاَل ُهللا َت عَاَلى ِفي ْالُقْر آِن ْالَك ِر ْي ِم‬، ‫ُأْو ِص ْي ُك ْم َو َن ْف ِس ْي ِبَت ْق َو ى ِهللا َو َط اَعِتِه َلَع َّلُك ْم ُتْف ِلُحْو َن‬
‫ اَل َت ْس ُج ُد و۟ا ِللَّش ْم ِس َو اَل ِلْلَقَم ِر َو ٱْس ُج ُد و۟ا ِهَّلِل ٱَّلِذى َخ َلَقُهَّن ِإْن ُك نُت ْم‬،‫ َو ِمْن َء اَٰي ِتِه ٱَّلْيُل َو ٱلَّن َه اُر َو ٱلَّش ْم ُس َو ٱْلَقَم ُر‬: ‫الَّر ْح َم اِن الَّر ِحْي ِم‬
‫ِإَّياُه َت ْع ُبُد وَن‬.

Hadirin, Kaum Muslimin nu dimulyakeun ku Alloh SWT.


Samagaha atawa Gerhana, ieu kajadian biasa, unggal taun sok aya, dina 5 taun
sakali Gerhana Total, hartina ieu kajadian teu aneh, lantaran Bumi, Bulan, Panonpoe
maluter, laleumpang, maka Samagaha Bulan nyaeta; Buleudan Bulan kahalangan
ku Bumi waktu peuting, hingga cacaang Bulan kahalangan, poek sakeudeung, sabot
leumpangna Bumi, Ari samagaha Panonpoe nyaeta; Cahaya Panonpoe kahalangan
ku Bulan waktu beurang, maka Bumi poek sakeudeung salila leumpangna Bulan.
Uatamana pikeun urang sadaya, ieu kajadian samagaha janten sarana ibadah,
nambihan amal kahadean, ku berjamaah Sholat sareng Khutbah. Tiasa Silaturahmi
ngumpul bari dzikir, ngumpul bari munajat ka Alloh SWT. sasarengan babacaan,
wiridan, nambihan pepelakan kanggo alaeun jaga di Surga.
Sajabi ti eta, kajadian samagaha sing janten pepeling, peringatan, yen Bumi, Bulan,
Panonpoe, jeung sadaya planet katut bintang2 teu aya nu cicing, kabeh maluter,
sadayana bergerak, laleumpang dina garis edarna, ieu mangrupi tanda kebesaran
Alloh, tanda kakawasaan Alloh, tanda yen Alloh Maha Besar, Allohu Akbar, teu aya
batasna.
Nandakeun urang teh leutik, manusa aya di dunya mang juta-juta, malah aya 7
milyar jumlah manusa ayeuna dina Buleudan Bumi nu ieu, sadayana dina aturan
Alloh, sadayana ditungtung takdir Alloh, teu aya nu milu ngatur, teu aya nu interfensi
kana aturan Alloh.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu.
Alloh ngadawuhdina surat Ali Imron ayat 190-191:

‫ِإَّن ِفي َخ ْلِق الَّسَم اَو اِت َو اَأْلْر ِض َو اْخ ِتاَل ِف الَّلْي ِل َو الَّن َه اِر آَل َي اٍت ُأِلوِلي اَأْلْلَب اِب() اَّلِذيَن َي ْذ ُك ُروَن َهَّللا ِقَي اًما َو ُقُعوًد ا َو َع َلٰى‬
‫َأْل‬
‫ُج ُن وِبِه ْم َو َي َتَفَّك ُروَن ِفي َخ ْلِق الَّسَم اَو اِت َو ا ْر ِض َر َّب َن ا َم ا َخ َلْق َت َٰه َذ ا َباِط اًل ُسْب َح اَن َك َف ِقَن ا َع َذ اَب الَّن اِر‬.

Hartosna; “Saestuna diciptakeun langit jeung Bumi, oge gunta gantina beurang
jeung peuting eta jadi tanda kana kakawasaan Alloh pikeun jalma-jalma nu boga
akal. Nyaeta jalma nu areling ka Alloh, bari nangtung, bari diuk, bari ngagoler,
tafakkur mikiran diciptakeunanana langit jg bumi, Nun Ya Robbana; Gusti Pangeran
abdi sadaya, Gusti ngadamel ieu sanes heuheureuyan, maha suci Gusti, mugi abdi
sadaya diraksa tina siksa naraka”
Ieu dawuh Alloh jelas pisan kanggo urang sadaya, yen Langit Bumi di damel ku
Alloh, aya beurang aya peuting, kudu jadi pikiran, kudu di tafakuran, kudu dikaji
secara ilmiyah, da Alloh ngadamelna sanes heureuy, Alloh ngadamelna pikeun
kahirupan manusa, manusa dibere akal, maka kudu digunakeun pikeun mikir ieu
ciptaan Alloh.
Supaya sadar, yen manusa dijieun pikeun ibadah, manusa diciptakeun pikeun bakti
kanu Maha Suci, ieu langit bumi katut eusina siap ngawulaan manusa, siap jadi
fasilitas jeung sarana pikeun manusa nu ibadah, manusa nu nyembah ka Alloh.
Tafakkur sanes ngalamun, Tafakkur mah, saperti ningali Laut, kumaha legana laut?,
timana caina?, kumaha manfaatna pikeun manusa?, nepika diri sadar, eling, yen
Laut teh ciptaan Alloh nu loba manfaatna pikeun manusa, sadar jeung eling yen
urang teh diparaban ku Laut, di fasilitasi pikeun transportasi, pikeun rekreasi, tuluy
sadar yen ieu fasilitas ti Alloh lain guguyon, tapi karunia nu wajib di syukuran, urang
wajib ngahaturkeun nuhun ka Alloh ku ayana laut, bersyukur ku jalan ibadah ka
Anjeuna.
Lamun ningali laut kalahka ngalamun, lamun urang bisa ngojay, lamun bisa teuleum,
lamun bisa newakan lauk tijero laut, meureun untung gede, tah eta mah ngalamun,
sanes tafakkur.

‫} َو ِإَلى اَأْلْر ِض‬19{ ‫} َو ِإَلى اْلِجَب اِل َك ْي َف ُن ِص َب ْت‬18{ ‫} َو ِإَلى الَّسَم اء َك ْي َف ُر ِفَع ْت‬17{ ‫َأَفاَل َي نُظ ُروَن ِإَلى اِإْلِبِل َك ْي َف ُخ ِلَقْت‬
‫} َفَذ ِّك ْر ِإَّن َم ا َأنَت ُم َذ ِّك ٌر‬20{ ‫َك ْي َف ُسِط َح ْت‬

Tina kajadian samagaha ayeuna, ditafakuran, kumaha akbarna Alloh? Kumaha


Gagahna Alloh, majukeun Bulan jeung Panonpoe jeung kabeh bentang2 teu
tabrakan, angger dina Burujna masing-masing. Maha di atas Maha, Kawasa di atas
kawasa, hingga yakin dina hate yen wungkul Alloh nu Maha Perkasa nu wajib di
sembah, wungkul Alloh nyalira nu sakti Maha Digjaya, Maha ngersakeun, sagala
rupa aya dina katangtuan Alloh.
Najan manusa pinter, bisa mikir, gede tanaga, kawasa di hiji daerah, di hiji nagara,
tapi di bere pilek, batuk, asup angin, nyeri awak, tetep neangan dokter, tetep teu
walakaya, taya tangan pangawasa, ngajoprak, ngajengjehe, ngagoler dina
pangsarean bari menta tulung ka kulawarga ka dulur jeung tatangga.
Mun geus ngarasa gering, ngarasa loba kasakit, ngarasa loba katugenah, ngarasa
loba papait, kakara eling ka Alloh, kakara sadar yen diri teh boga Pangeran nu kudu
dipuntangan.
Geuwat geura mangpang meungpeung..

‫اغتنْم خمًسا قبل خمٍس شباَب ك قبل هرمَك وصحَت ك قبل َس قِمَك وغناَك قبل فقِر ك وفراَغ ك قبل شغِلك وحياَت َك قبل موِتَك‬

meungpeung sehat memeh gering, meungpeung hirup memeh maot, meungpeung


beunghar memeh fakir, meungpeung ngora memeh rarempo, meungpeung kuat
memeh namru teu walakaya.
Maot ngadodoho, ajal teu aya nu terang, dihin pinasti anyar pinanggih, titis tulis
bagja diri, hirup manusa aya dina kulak canggeum nu kawasa.
Samagaha ayeuna sing janten emutan, sing janten jalan tafakur, jalan dzikir, bisi
datang kajadian nu leuwih tikieu, da ayeuna mah kakara aya gempa saeutik ge,
meni rariweuh, loba nu panik, loba nu cilaka ku polahna sorangan, eta lantaran loba
teuing dedengean tina berita, tina Hoak, yen aya Sunami, aya angin Topan Elnino,
maka jadi panik, poho kana dzikir, poho kana babacaan, kalaluar ti imah bari sagala
diringkid, sieun paur, ku lini, ku gempa.
Ari kitu mun jagat ieu digonjlang ganjling, lini sapuluh menit teu eureun-eureun rek
lumpat ka mana? Rek nyumput kamana?, kumaha lamun taneuh nu ditincakna
Beulah, gununung rugrug? Aya pang lumpatan?, nya komo mun Qiyamah,
Panonpoe, Bulan, Bentang talabrakan,

3( ‫) َو َق اَل اِإْلْن َس اُن َم ا َلَه ا‬2( ‫) َو َأْخ َر َج ِت اَأْلْر ُض َأْث َقاَلَه ا‬1( ‫ِإَذ ا ُز ْلِز َلِت اَأْلْر ُض ِز ْلَز اَلَه ا‬

Zulzilatil Ardu Zilzalaha, Na’udzu Billah, mugi urang sadaya diraksa ku Alloh SWT.
Mugi-mugi urang sadaya dipasihan jiwa nu salawasna eling ka Mantena, dipasihan
Taufik sareng Hidayah, tiasa ngalaksanakeun sagala parentahna, tiasa nebihan
sagala nu dilarang ku Anjeuna, tiasa ngelehkeun nafsu nu ngaberung, tiasa
mengkek kahayang, tiasa ngajaga awak tina dosa, tiasa ngajaga soca tina maksiat,
tiasa ngajaga biiwir tina ngupat, tiasa ngajaga farji tina zina, tiasa ngajaga sadaya
anggota tubuh tina laku nu dilarang ku Alloh.
Ya Alloh, mugi solehkeun abdi sadaya, turunan abdi sadaya, teu aya nu di rindukeun
ku abdi sadaya kajabi rohmat sareng maghfiroh Gusti, pasihkeun pangampura Gusti,
pasihkeun kanyaah Gusti ka badi sadaya, hingga abdi sadaya tiasa istiqomah di
deuheus ka Gusti, tiasa istiqomah dina ibadah, tiasa istiqomah nyepeng agama
dugika Husnul Khotimah, Amin Ya Robbal Alamin.

‫بارك هللا لى ولكم بالقرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من اآليات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تالوته انه هو السميع‬
‫العليم وقل رب اغفر وارحم وأنت أرحم الراحمين‬

KHUTBAH KA 2

‫ ومن‬،‫ َم ْن َي ْهِده هللا َفال ُمِض َّل َلُه‬،‫ ونعوُذ به ِمن ُشُروِر أنُفِس َن ا َو ِمْن سيئاِت أْع َم اِلنا‬،‫ َن ْح َم ُد ه ونستعيُن ه ونستغفُرُه‬،‫َأْلَح ْمُد ِهلل‬
‫ َالَّلُهَّم َص ِّلى َع َلى ُم َح َّمٍد َو‬،‫ وأشهُد أَّن ُم َح َّم ًد ا عْبُد ه وَر ُسوُله‬،‫ َأْش َه ُد أْن ال إَلَه إال ُهللا َو ْح َد ُه ال َش ِر يَك َلُه‬،‫ُيْض ِلْل َفال َه اِدي َلُه‬
. ‫ أَّما َب ْع ُد‬.‫َع َلى َاِلِه َو َأْص َح اِبِه َو َم ْن َت ِبَع الُهَد ى الى يوم القيامة‬
،‫ َو اْع َلُمْو ا َأَّن َهللا َأَمَر ُك ْم ِبَأْم ٍر َب َد َأ ِفْيِه ِبَن ْف ِس ِه َو َث ـَن ى ِبَمِآل َك ِتِه ِبُقْد ِس ِه‬.‫ َو اْن َت ُهْو ا َع َّما َن َه اكم وزجر‬، ‫َفيَا َاُّيَه ا الَّن اُس ِاَّتُقواَهللا ِفْي َم ا َأَمَر‬
‫ ُقْل‬. ‫ ُقْل َأَر َأْي ُتْم ِإْن َج َع َل ُهَّللا َع َلْي ُك ُم الَّلْي َل َس ْر َم دًا ِإَلى َي ْو ِم اْلِقَياَمِة َم ْن ِإَلٌه َغ ْيُر ِهَّللا َي ْأِتيُك ْم ِبِض َياٍء َأَفال َت ْس َم ُعوَن‬: ‫وقال تعالى‬
‫ َو ِمْن‬. ‫َأَر َأْي ُت ْم ِإْن َج َع َل ُهَّللا َع َلْي ُك ُم الَّن َه اَر َس ْر َم دًا ِإَلى َي ْو ِم اْلِقَياَمِة َم ْن ِإَلٌه َغ ْيُر ِهَّللا َي ْأِتيُك ْم ِبَلْي ٍل َت ْس ُكُنوَن ِفيِه َأَفال ُتْبِص ُروَن‬
. ‫َر ْح َمِتِه َج َع َل َلُك ُم الَّلْي َل َو الَّن َه اَر ِلَت ْس ُكُن وا ِفيِه َو ِلَت ْب َتُغ وا ِمْن َفْض ِلِه َو َلَع َّلُك ْم َت ْشُك ُروَن‬
‫ اللُهَّم َص ِّل َع َلى َسِّيِد َن ا ُم َح َّمٍد‬.‫َو َقاَل َت عَاَلى ِإَّن َهللا َو َمآلِئَكَت ُه ُي َص ُّلْو َن َع لَى الَّن ِبى يآ َاُّيَه ا اَّلِذْي َن آَم ُن ْو ا َص ُّلْو ا َع َلْيِه َو َس ِّلُمْو ا َت ْس ِلْيًما‬
‫َو َع َلى آِل َس ِّيِدنَا ُم َح َّمٍد َو َع َلى َاْن ِبيآِئَك َو ُرُس ِلَك َو َمآلِئَك ِة ْالُم َقَّر ِبْي َن َو اْر َض الّلُهَّم َع ِن ْالُخَلَفاِء الَّر اِش ِدْي َن َأِبى َب ْك ٍر َو ُع َم ر َو ُع ْث َم ان‬
‫ َو َع ْن َب ِقَّيِة الَّصَح اَبِة َو الَّت اِبِعْي َن َو َت اِبِعي الَّت اِبِعْي َن َلُهْم ِبِاْح َس اٍن ِاَلى َي ْو ِم الِّدْي ِن َو اْر َض َع َّن ا َمَع ُهْم ِبَر ْح َمِتَك َي ا َأْر َح َم‬،‫َو َع ِلى‬
. ‫الَّر اِحِمْي َن‬
‫َاللُهَّم اْغ ِفْر ِلْلُمْؤ ِم ِنْي َن َو ْالُمْؤ ِم َن اِت َو ْالُمْس ِلِمْي َن َو ْالُمْس ِلَماِت َاَالْح يآُء ِم ْن ُهْم َو ْاَالْم َو اِت اللُهَّم َأِع َّز ْاِإلْس َالَم َو ْالُمْس ِلِمْي َن َو َأِذَّل الِّش ْر َك‬
‫َو ْالُم ْش ِر ِكْي َن َو اْن ُصْر ِع َب اَد َك ْالُم َو ِّح ِدَّي َة َو اْن ُصْر َم ْن َن َص َر الِّدْي َن َو اْخ ُذ ْل َم ْن َخ َذ َل ْالُمْس ِلِمْي َن َو َد ِّمْر َأْع َد اَء الِّدْي ِن َو اْع ِل َك ِلَم اِتَك‬
‫ِإَلى َي ْو َم الِّدْي ِن ‪َ .‬ر َّب َن ا ِإَّن َن ا َس ِمْع َن ا ُم َن اِديًا ُّي َن اِدى ِلِإْل ْي َم اِن َأْن آِم ُنْو ا ِبَر ِّب ُك ْم َف آَم َّن ا‪َ .‬ر َّب َن ا َفْغ ِفْر َلَن ا ُذ ُن ْو َب َن ا َو َك ِّفْر َع َّن ا َش ِّي َئ اِتَن ا َو َت َو َّفَن ا َمَع‬
‫اَأْلْب َر اِر ‪َ .‬ر َّب َن ا اَل ُت ِز ْغ ُقُلْو َب َن ا َب ْع َد ِإْذ َه َد ْي َتَن ا َو َه ْب َلنَا ِمْن َّلُد ْن َك َر ْح َم ًة ِإَّن َك َأْن َت اْلَو َّهاُب ‪َ .‬ر َّبنَا ِإَّن َك َج اِمُع الَّن اِس ِلُيْو ٍم اَّل َر ْي َب ِفْيِه‬
‫ِإَّن َك اَل ُتْخ ِلُف اْلِمْي َع اد‪َ .‬ر َّب َن ا اَل ُتَؤ اِخْذ َن ا ِاْن َّن ِس ْي َن ا َأْو َأْخ َط أَن ا‪َ .‬ر َّب َن اَو اَل َت ْح ِمْل َع َلْي َن ا ِاْص ًر ا َك َم ا َح َم ْلَت ُه َع َلى اَّلِذْي َن ِمْن َقْب ِلَن ا‪.‬‬
‫َر َّب َن اَو اَل ُت َح ِّم ْلَن ا َم ااَل َط اَقَة َلنَا ِبِه‪َ .‬و اْع ُف َع َّن ا َو اْغ ِفْر َلنَا َو اْر َح ْم َن ا َأْن َت َم ْو اَل َن ا َفاْن ُصْر َن ا َع َلى اْلَقْو ِم اْلَك اِفِر ْي َن ‪َ .‬ر َّب َن ا آِتنَا ِفى الُّد ْن َي ا‬
‫َح َس َن ًة َو ِفى ْاآلِخَر ِة َح َس َن ًة َو ِقَن ا َع َذ اَب الَّن اِر ‪َ .‬ر َّب َن ا َظ َلْم َن ا َاْنُفَس َن ا َو اإْن َلْم َتْغ ِفْر َلَن ا َو َت ْر َح ْم َن ا َلَن ُك ْو َن َّن ِمَن ْالَخ اِس ِر ْي َن ‪.‬‬
‫ِع َب اَد ِهللا ! ِإَّن َهللا َي ْأُمُر َن ا ِبْالَع ْد ِل َو ْاِإلْح َس اِن َو ِإْيتآِء ِذي ْالُقْر بَى َو َي ْن َه ى َع ِن ْالَفْح شآِء َو ْالُم ْن َك ِر َو ْالَب ْغ ي َيِع ُظ ُك ْم َلَع َّلُك ْم َت َذ َّك ُرْو َن‬
‫َو اْذ ُك ُروا َهللا ْالَع ِظ ْي َم َي ْذ ُك ْر ُك ْم َو اْشُك ُرْو ُه َع لَى ِنَعِمِه َي ِز ْد ُك ْم َو َلِذ ْك ُر ِهللا َأْك َب ْر‬

Anda mungkin juga menyukai