Anda di halaman 1dari 15

DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA

1
SANGAT RAHASIA

PILIHAN GANDA

1. Tengetan ieu kalimah di handap!


Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumat (8/2) malam, menjadi
ajang saling bongkar kesalahan calon gubernur. (Dicutat tina Koran PR, 09/02/18).

Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina  kalimah di luhur!


A. Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, jumaah (8/2) peuting, jadi
ajang silihbongkar kasalahan calon gubernur.
B. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV dina malem jumaah
(8/2), mangrupa ajang pikeun silihgebruskeun antara calon gubernur.
C. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem
jumaah  (8/2), jadi kasempetan pikeun silihbolékérkeun kasalahan calon gubernur.
D. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem
jumaah  (8/2), jadi jalan pikeun silihtembrakeun kasalahan calon gubernur.
E. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina jumaah
(8/2) peuting,  jadi kasempetan pikeun silihampura kasalahan calon gubernur.

2. Baca teks di handap kalawan saregep!


Aku mencintaimu lebih dari yang kau tahu
Meski kau tak kan pernah tahu
Baru kusadari cintaku bertepuk sebelah tangan
kau buat remuk seluruh hatiku,
seluruh hatiku.

Paribasa  bertepuk sebelah tangan dina wacana di luhur hartina ….


A. keprok sorangan                  
B. keprok sabeulah
C. seuri sorangan
D. ambon sorangan
E. imut sorangan

3. Baca paguneman di handap kalawan saregep!


Nana : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya   kapaksa kuring teh rada
mamalayuan.”
Agus : “Na kumaha kitu?”
Nana : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda,
atuda bingung.”
Nana : “Cik kumaha kalimahna?”            
Agus : “Nya ku kuring teh jadi kieu we, silahkan makannya yang dapat.”
Nana : “Oh ceuk basa Sundana mah ....

  Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta…


A. mangga sing kenging dituang
B. mangga, sing dituang kenging
C. mangga, sing dicobian kenging
D. mangga sing kekengingan taruangna
E. mangga sing diraraosan  kengingna

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
2
SANGAT RAHASIA

4. Titénan ieu pernyataan di handap!


(1)   Sumebar sacara tinulis
(2)   Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3)   Caritana basajan
(4)   Caritana jembar  
(5)   Ngandung ajén atikan
(6)   Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7)   Ngandung unsur seni
(8)   Sumebar sacara lisan
(9)   Ngandung hal-hal nu teu pamohalan

Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng di antarana ....


A. 1, 2, 3, 4
B. 2, 3, 5, 8
C. 2, 4, 6, 8
D. 5, 7, 8, 9
E. 1, 6, 8, 9

5. Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!


(1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti
biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
(2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung
Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik
Mayang Sunda anu nuju bobot.
(3) Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma
sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang
Bagus Pangéling.
(4) Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan.
Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-
awur payuneun ramana.
(5) Kacaritakeun sakadang monyét  ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di
kebon  patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah
bisaeun  kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.

Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun fabél nya éta….


A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5

6. Baca sempalan dongéng di handap!


Déwa Anta pok unjukan bari ngalimba, “Nun Batara, anu mawi abdi sedih, rumasa moal
lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”. “Na, ku naon?” ceuk Batara Narada.
Déwa Anta ngawalon, “Pan tadi saur Batara, sing saha anu teu tiasa nyumponan éta
pamundut, baris diteukteuk beuheung. Ari abdi téa taya petana tiasa nyumponan, margi
kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku”. Batara Narada ngaheneng, socana
mencrong ka nu keur sedih. Clak, clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu
keclak. Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi ... endog tilu siki.
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
3
SANGAT RAHASIA

Dicutat tina buku Waruga Basa

Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
A. “... rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”
B. “... sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung. ...”
C. “... margi kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku”.
D. Clak, clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu keclak.
E. Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi ... endog tilu siki.

7. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok


Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nya éta...

8. Ieu pernyataan di handap mangrupa hal-hal nu aya dina laporan kegiatan.


(1). Kasang Tukang
(2). Wengkuan Kagiatan
(3). Maksud jeung Tujuan
(4). Dasar Hukum

Susunan bubuka laporan kegiatan anu bener nya éta ….


A. (1), (3), (4), (2)
B. (2), (4), (3), (1)
C. (1), (4), (3), (2)
D. (4), (2), (1), (3)
E. (3), (1), (2), (4)

9. Dina nulis laporan, urang diperendih (dituntut) sangkan nyieun laporan anu faktual.
Harti kecap faktual dina éta kalimah miboga harti ….
A. Kudu saluyu (sesuai) antara data jeung fakta
B. Kudu saluyu jeung kaayaan hate penulis
C. Kudu saluyu jeung paménta pimpinan
D. Kudu dibarenganku unsur-unsur pamohalan
E. Kudu ditulis ku ahlina

10. Baca sing gemet téks wawancara di handap!


Akmal : “ Assalamualaikum, Pa, damang? ”
Pa Hasan : “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah”
Akmal : “ Nepangkeun pa, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?”
Pa Hasan : “ Mangga, abdi sareng Pa Hasan”
Akmal : “ Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Conto
aturan lalu lintas téh naon waé?
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
4
SANGAT RAHASIA

Pa Hasan : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara
motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah
taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd.
Akmal : “……………………….”
Pa Hasan : “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor di jalan raya kena tilang,
teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4
bulan atawa denda pangseueuerna sajuta rupiah”.

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ….


A. “Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
B. “ Teras saé atanapi henteu upami éta aturan teu aya?”
C. “ Kumaha carana urang taat kana aturan lalu lintas?”
D. “ Kumaha kamandang bapak ngeunaan aturan lalu lintas?”
E. “Naon fungsina aturan lalu lintas téh?”

11. Baca sing gemet téks wawancara di handap!


Euis : “ Sampurasun, punten Ibu ngawagel”
Bu Encas : “Rampés, mangga néng hoyong naon?”
Euis : “Ieu bu abi badé tumaros, harga céngék ayeuna sabaraha?
Bu Encas : “ Mahal puguh néng, kamari mah sakilo 20 rébu, ayeuna mah naék jadi 35
rébu sakilona téh”
Eusi : “ Kumaha harga-harga anu sanésna?
Bu Encas : “ Kantena geulis”
Euis : “ Hatur nuhun ibu kanggo informasina”
Bu Encas :“ Sawangsulna”

Eusi téks wawancara di luhur téh nya éta ….


A. harga sembako
B. harga céngék
C. harga sayur
D. naékna harga
E. néng euis ngajak wawanohan ka tukang sayur

12. Baca téks wawancara di handap!


Nu nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalama hususna generasi
ngora teu kalibet nggunakeun narkoba?”
Narasumber :”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga.
Barudak salaku generasi ngora kudu di didik, diatik ku ajaran agama,
sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang
haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak
méntal jeung runtuhna nagara”.

Ragam basa nu digunakeun ku narasumber dina wawancara di luhur nya éta ....
A. lemes keur sorangan
B. lemes keur ka batur
C. loma
D. kasar
E. cohag

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
5
SANGAT RAHASIA

13. Baca téks sajak di handap!


Priangan

Mojang lenjang nu hideung santen


Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Kecap kurebkeun dina sajak di luhur saharti jeung ....
A. kuburkeun
B. écagkeun
C. pelakkeun
D. asupkeun
E. diukkeun

14. Baca téks sajak di handap!


Priangan

Mojang lenjang nu hideung santen


Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Unsur  rasa nu nyangkaruk dina sajak di luhur nya éta….
A. sedih
B. bungah
C. reueus
D. keuheul
E. éra

15. Baca téks sajak di handap!


Priangan

Mojang lenjang nu hideung santen


Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Parafrase sajak di luhur nya éta….
A. nyaritakeun hiji mojang anu hideung santen
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
6
SANGAT RAHASIA

B. nyaritakeun hiji mojang anu diaping ku srangenge


C. nyaritakeun tempat anu caang mabra
D. nyaritakeun kaayaan tempat nu endah matak reureus nu miboga nyatana tanah
priangan
E. nyaritakeun jalma nu haying dikurebkeun di tanah priangan

16. Baca ieu téks biantara di handap!


Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a)          Assalamu’alaikum
b)         Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng   Alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c)          Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen
urang Sunda”
d)          Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina
kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai,
katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka,
Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-
pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa
ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e)         Hadirin anu sami rawuh,
   Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé
tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
f)             Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g)          Wassalamu’alaikum.

Ungkara anu luyu jeung eusi biantara di luhur nya éta.....


A. Patempatan di tatar Sunda asalna lain tina cai
B. Kahirupan manusa tara dipatalikeun jeung alam
C. Kahirupan moal lumangsung lamun taya cai.
D. Cai téh dianggap kabutuhan nu teu pati penting.
E. Kahirupan urang Sunda dipatalikeun jeung cai

17. Baca ieu téks biantara di handap!


Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a)          Assalamu’alaikum
b)         Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng   Alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c)          Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen
urang Sunda”
d)          Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina
kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai,
katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka,
Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-
pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa
ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e)         Hadirin anu sami rawuh,
   Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé
tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
7
SANGAT RAHASIA

f)             Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g)          Wassalamu’alaikum.

Nu kaasup bagian bubuka dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya dina
bagian...
A. (a)
B. (b)
C. (c)
D. (d)
E. (e)

18. Titénan ungkara di handap!


Bapa Kapala Sakola kudu biantara méré pamapag dina acara pentas seni. Tapi dina
waktu acara rék dimimitian ngadadak Bapa Kapala Sakola aya kaperluan nu teu bisa
ditinggalkeun. Ahirna ditunjuk sacara ngadadak Pembina OSIS pikeun nepikeun biantara
pamapag ngawakilan Kapala Sakola.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu dipaké ku pembina OSIS nya éta ....
A. biantara ku cara ngapalkeun
B. biantara ku cara maca naskah
C. biantara ékstémporan
D. biantara kontémporer
E. biantara impromtu

19. Hadirin anu sami rawuh,


Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé
tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.

Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di luhur ngandung harti....
A. kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
B. kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku ci.
C. kudu sauyunan, sapapait-samamanis.      
D. mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
E. kudu ngutamakeun miara cai.

20. Titénan ieu pancén panata calagara.


(1) Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rék disawalakeun
(2) Ngatur saha anu kudu nyarita
(3) Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes

Dumasar kana pedaran di luhur, éta pancén  téh mangrupa pancén pikeun….
A. pangjejer
B. pamilon
C. panumbu catur
D. girang serat
E. girang pangajén

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
8
SANGAT RAHASIA

21. Dina hiji acara di sakola haladir kolot (indung bapa)/ wali murid, guru, jeung pupuhu
sakola. Lamun sakabéh kudu méré pamapag/ pangbagéa, urutan nu nepikeun pamapag/
pangbagéa nu merenah nya éta ....
A. pupuhu sakola, guru, jeung wali murid
B. guru, pupuhu sakola, jeung wali murid
C. guru, wali murid, jeung pupuhu sakola
D. wali murid, guru, jeung pupuhu sakola
E. wali murid, pupuhu sakola, jeung guru

22. “Wilujeng siang/sonten/wengi”.


Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa . . . dina acara sawala.
A. salam bubuka
B. ngawanohkeun diri
C. ngamimitian sawala
D. ngawilujengkeun ka pangjejer
E. mungkas sawala

23. Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan materina, sim kuring badé ngenalkeun
saurang-saurangna.
Kecap anu digurat handap sakuduna . . .
A. ngadugikeun, ngawanohkeun.
B. nepikeun, ngenalkeun
C. nyampékeun, ngenalkeun
D. méré nyaho, ngawanohkeun
E. ngadugikeun, ngawanohkeun

24. Baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu
di handap!
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan
ka si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-
oléh husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan
bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa
jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka
Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung
baraya baéUrang Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora
kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang
jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang. Sabulan atawa dua bulan sakali,
sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering
dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng,
sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh
tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-
putrana maraju. Diantarana waé anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi
sagala, cenah, anjeunna téh.

Dumasar kana sempalan carita pondok di luhur, mana anu teu kaasup ajén atikan anu
bisa dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
A. ulah ngajén jalma tina tagogna
B. upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang
C. kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian
D. Si Aki urang Panjalu. Ari urang Panjalu osok marerih.
E. jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
9
SANGAT RAHASIA

25. Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!


“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina
pangcalikanana anu biasa, batu démprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang
kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku
anjeunna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna
Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing geus teteg, suku aing geus panceg,
ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawayiban, sabab
lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan.(CPPJ:47)”

Dumasar kana sempalan téks carpon di luhur, latar kaayaan anu kapanggih dina éta carita
nya éta…
A. Panceg Kayakinan
B. Baluweng Pikir
C. Bagja
D. Ketir Pikir
E. Hémeng

26. Titénan ieu tabél di handap!

No Ciri-Ciri Karya Sastra


1 Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana relatif basajan
2 Midangkeun hiji carita sacara bébas
3 Jumlah kajadian caritana henteu réa
4 Museur kana hiji kajadian
5 Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama
6 Palakuna ukur dua atawa tilu urang
7 Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari
8 Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail
9 Ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap
10 Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi
11 Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks
12 Museurkeun paniténna (perhatian) dina hiji kajadian
13 Miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur
ngawengku jangka waktu anu singget.
14 Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku
15 Biasana palaku utama teu nepi ka maot

Dumasar kana data di luhur, mana anu kaasup kana ciri-ciri carita pondok…
A. 3, 4, 5, 6, 8, 9, 10, 12, 13
B. 2, 3, 4, 6, 7, 8, 10, 14, 15
C. 1, 3, 4, 6, 7, 9, 10, 12, 13
D. 1, 3, 4, 6, 7, 9, 11, 12, 13
E. 4, 5, 9, 10, 12, 13, 14,
No Unsur Biografi 15
1 Ngaran, jujuluk, lalandian
27. T 2 Gumelar
i tjeung asal
é usulnkulawarga
a n i e u
3 Alamat Imahna
4 Bentuk pisik jeung pasipatan
5 Riwayat Atikan jeung padamelan
6 Agamana
©
USBN 2018/2019
7 Pikiran atawa gagasanana Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
8 Karya-karya nu kungsi di jieun
9 Préstasi jeung Pangajén nu kungsi katarima
10 Kalungguhan
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
10
SANGAT RAHASIA

Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....


A. 1-2-3-4-5-6-8-9
B. 1-2-3-5-6-7-8-9
C. 1-2-3-4-5-7-8-9
D. 1-2-4-5-7-8-9-10
E. 1-3-4-6-7-8-9-10

28. Baca teks biografi di handap!

Biografi Ridwan Kamil

Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh


ku jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4
Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti
pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju
Sukaesih. Emil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan
nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung
ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola
di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan
Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur,Emil salila kuliah
kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Emill gé sumanget pisan
dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna
nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Emil damel di Amerika Serikat,
ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil
gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna
milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten.
Anjeuna kenging beasiswa di University of California, Berkeley.Salami nyandak kuliah
S2 Emil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna,
ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina)
badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad
kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat
pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten ajén-ajén pribadi nu
ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.
Sabada ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur
ngadegkeun Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan,
arsitektur ogé desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal PT.
Urbane Indonesia anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur ITB. Salian
dina widang éta ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang politik, ti ngawitan
janten Wali Kota Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur Jawa Barat.
Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil
nu aya di www.biografiku.com

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
11
SANGAT RAHASIA

Dumasar sempalan téks biografi di luhur, Tarékah naon nu ku Kang Emil dilakonan
nalika kuliah sangkan bisa nambahan biaya pikeun kuliahna di Indonesia....
A. gerak dina widang usaha desain
B. gawé di departemen perencanaan
C. nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén
D. nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama
E. muka usaha dina widang arsitektur ogé desain

29. Karangan/tulisan nu mangrupa hiji bahasan, ilaharna sok makè wangun tulisan….
A. argumèntasi
B. dèskripsi
C. narasi
D. komposisi
E. èksposisi

30. Dina ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nulis karangan nu
dipaké di antarana …
A. téhnik idéntifikasi, klasifikasi, définisi,
B. téhnik idéntifikasi, prosédural, prosés
C. téhnik prosés, définisi, prosédural
D. téhnik définisi, isian, prosédural
E. téhnik définisi, idéntifikasi, prosédural

31. Dina ngawangun imah teu meunang maké bata, jeung semén, rahabna kudu ngagunakeun
kai jeung awi (1). Ogé teu meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi atawa baja
(2). Kitu deui hateup imah kudu maké kiray atawa injuk kawung (3). Ku kituna sangkan
bahan keur piimaheun tetep nyampak, unggal marga mun ngabogaan anak, sapoé
sanggeusna éta orok gubrag ka dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai
jeung kiray (4).
Susunkeun rarancang  nu merenah kalimah di luhur ....
A. 1, 2, 3, 4
B. 1, 3, 2, 4
C. 2, 3, 1, 4
D. 2, 1, 3, 4
E. 3, 4, 2, 1

32. Upama ditilik tina strukturna tulisan résénsi téh ilaharna ngawengku....
A. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung analisis karya
B. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung kritik karya
C. pedaran ngeunaan riwayat  penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung
analisis karya.
D. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung publikasi karya
E. pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung publikasi karya

33. Drama Mungdinglaya Dikusumah mangrupa drama anu cara nepikeunana di


haleuangkeun. Ieu drama kaasup kana wanda drama ...
A. gending karesmen
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
12
SANGAT RAHASIA

B. drama moderen
C. sandiwara
D. longser
E. monolog

34. Titénan teks drama di handap!

JURAGAN HAJAT
...
Nyi Inot        : Assalamualaikum.........!
Ceu Uneh   : Wa alaikumsalam......... Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi?
Nyi Inot        : Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
Ceu Uneh   : Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
...
(Dicutat tina naskah drama “Juragan Hajat” karya Kang Ibing)
Dina sempalan drama di luhur aya sabaraha kalimah pananya?
A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5

35. Titénan teks drama di handap!


ISAH    : (semu nyungkun) Ari Ujang ti mana baé atuh, wayah kieu nembé mulih. pan
biasa ogé, bubar sakola mah jam hiji, lin?
UDIN    : (ngajawabna henteu saregep) Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
ISAH    : Moal enya diskusi mani saban poé. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi
doraka!
UDIN    : Kajeun ari teu percaya mah.
ISAH    : Tuh, da mawa karep sorangan baé manéh mah.
UDIN    : Isukan Udin butuh duit, Ma!
ISAH    : Nya, kana duit deui lumpatna téh. Meunggeus ah, bosen ngadéngéna ogé,
saban usik ménta duit. Ilikan atuh kaayaan kolot, sakieu teu bisa usaha téh.
Bapa manéh apan kalah ka beuki maceuh, ayeuna ogé teuing ka mana.
UDIN    : Kudu aya isuk, Ma. Keur mayar buku. Mun henteu mawa, Udin bakal
dicarékan ku guru!
ISAH    : Keun baé dicarékan ogé. Ari euweuh, nya kudu kumaha deui. Guru ogé
ngamalum meureun. Atuda bongan sorangan, boga duit téh sok dihambur-
hambur. Anggur ditabungkeun, ngarah aya sampeur-sampeureun upama
pareng euweuh.

Watek Udin dina sempalan drama di luhur nya éta ...


A. loba ngabohong
B. loba kahayang
C. pinter tapi judes
D. babari ngambek
E. getol diajar

36. Titénan téks drama di handap!


©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
13
SANGAT RAHASIA

Demonstran

(Buruan Kantor Kacamatan. Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu


tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakeanana teu maratut (sangeunahna).
Aya nu ukur make kaos oblong, pakean ka sawah, aya oge nu ngan dicalana sontog bari
nyorendang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)
(Diraeh deui tina Carpon “Ada Main”, karangan Darpan Ariawinangun, nu dimuat dina
buku Nu Harayang Dihargaan, penerbit Rahmat Cijulang Bandung, 1999)
Sempalan di luhur kaasup kana bagian ... dina drama.
A. épilog
B. prolog
C. candraan
D. monolog
E. édegan

37. Titénan gambar  silsilah kulawarga ieu di handap!

Dumasar  gambar di luhur Abiyasa ka Sunanda perenahna …


A. nini
B. aki
C. incu
D. bapa
E. uyut

38. Titénan ieu pernyataan di handap!


(1) Aya ngaran nu nulisna
(2) Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial
(3) Sipat tulisanana  kudu naratif jeung subjéktif’
(4) Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(5) Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual

Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda ciri-ciri, di antarana


dituduhkeun ku nomer …..
A. 1 - 2 - 3
B. 2 - 3 - 4
C. 3 - 4 - 5
D. 1 - 2 - 4
E. 1 - 3 - 5

39. Titénan ieu cutatan artikel!


… Dina naskah Kuna ieu téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi
pamingpin di masarakat jaman harita (1). Aksarana ngagunakeun aksara Sunda  Buhun
nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita taun 1985 (2).
©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
14
SANGAT RAHASIA

Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah,


Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti  taun 1484-1521
M(3). Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kanda’Ng Karesian (4).
Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518  M (5). Sanajan kitu éta
palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin
Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna  Parigeuing (6) ….

Ngarancang urutan kalimah-kalimah di luhur sangkan  jadi hiji wangun téks artikel nu
ngéntép seureuh téh ….
A. 1 – 2 – 3 – 4 – 5 - 6
B. 2 – 3 – 4 – 5 – 6 - 1
C. 3 – 4 – 5 – 6 – 1 - 2
D. 4 – 5 - 2 –  3 – 1 - 6
E. 4 – 5 - 2 –  1 – 3 - 6

40. Titénan wacana ieu di handap.


Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak
déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di
paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh. Tuluy ngimpi kagungan
bébéné, sarupa jeung Sunan Ambu; ngalingling ngadeuleu maling.  Enggeus nganggo
raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarungku sadulur, kasimpang ku
barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan
keur ngawula

Dumasar kana Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian.…


A. rajah
B. narasi
C. deskripsi
D. dialog
E. monolog

I. URAIAN

1. Prak tarjamahkeun kalimah di handap kalawan nitenan kana undak-usuk basana!


Ibu pergi ke pasar di pagi hari ketika adik sedang tertidur.
2. Biantara nu alus tur merenah téh sakurang-kurangna kudu nyumponan lima sarat nu
biasa disingget T –A - M –A – N.  Cing jéntrékeun nu dimaksud Tatag nyaritana jeung
alus basana!
3. Mojang : “Duh akang, abdi téh sok kapiring leutik upami nyarios ku basa Sunda  téh.
                 Rumaos sok sabulang  béntor. Isin ku para inohong sareng  para sepuh.”
Dina conto guneman témpas sindir di luhur mana waé nu kaasup kana wangun
wawangsalan tulis singlengkep?
4. Masarakat modérn loba anu ninggalkeun tradisi/adat istiadat warisan ti karuhunna. Pék
tétélakeun sakurang-kurangna dua alesan anu ngajelaskeun ku naon loba masarakat
modérn anu ninggalkeun tradisi?
5. Titenan sempalan carita ieu di handap!
Prabu Pandu Dewanata teh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur
anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Dewi Kunti jeung
Dewi Madrim. Eta Pandawa Lima ti nu panggedena nepi ka pangleutikna teh nya eta;

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat
DOKUMEN NEGARA BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA IPA
15
SANGAT RAHASIA

Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa. Dua ngaran nu panungtung dilahirkeun
ti ibu Dewi Madrim.

Tina sempalan carita di luhur prak susun silsilah kulawarga dina wangun diagram!
No. Soal Kunci No. Soal Kunci

KUNCI JAWABAN PILIHAN


GANDA

©
USBN 2018/2019 Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat

Anda mungkin juga menyukai