Anda di halaman 1dari 15

I.

PILIHAN GANDA

1. Tengetan ieu kalimah!


Harta kekayaan kesepuluh orang yang ikut dalam pemilihan Gubernur Jawa Barat
belum bisa diketahui masyarakat. (dicutat tina PR Februari 2018).
Tuduhkeun mana tarjamahan nu pangbenerna!
A. Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa
Barat can bisa dipikanyaho ku masrakat.
B. Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur
Jawa Barat can bisa kanyahoan ku masrakat.
C. Harta kakayaan sapuluh urang patandang nu baris makalangan dina milih Gubernur
Jawa Barat can bisa dipikanyaho ku masrakat.
D. Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pamilihan Gubernur
Jawa Barat can bisa dipikanyahokeun ku masrakat.
E. Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa
Barat can bisa dipikanyahoan ku masrakat.

2. Baca teks di handap kalawan saregep!


Dia itu anak yang keras kepala, sulit untuk menerima nasihat orang lain.
Kecap nu dikandelan sarua hartina jeung...
A. heuras sirah
B. gurat batu
C. heuras mastaka
D. heuras hulu
E. gurat sirah

3. Baca paguneman di handap kalawan saregep!


Dodi : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya kapaksa kuring téh rada
mamalayuan.”
Enci : “Na kumaha kitu?”
Dodi : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda,
atuda bingung.”
Enci : “Cik kumaha kalimahna?”
Dodi : “Nya ku kuring téh jadi kieu wé, ”aduh maaf ya, makannya tidak dengannya.”
Enci : “Oh ceuk basa Sundana mah ……

Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta…


A. Aduh, punten nya, tuangna teu sareng anjeunna
B. Aduh, hapunten nya, tuang téh teu sareng liana
C. Aduh hapunten baé tuang téh teu sareng réréncanganna
D. Aduh hapunten pisan, tuang téh teu sareng réncangna
E. Aduh hapunten nya, wios emamna teu sareng waé

4. (1) Caritana jembar


(2) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(3) Ngandung unsur seni
(4) Sumebar sacara tinulis
(5) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(6) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
(7) Caritana basajan
(8) Ngandung ajén atikan
(9) Sumebar sacara lisan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ....
A. 1, 2, 3, 4
B. 2, 4, 6, 8
C. 5, 7, 8, 9
D. 2, 3, 5, 8
E. 1, 6, 8, 9

5. Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!


(1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti
biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
(2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung
Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik
Mayang Sunda anu nuju bobot.
(3) Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma
sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang
Bagus Pangéling.
(4) Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan.
Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-
awur payuneun ramana.
(5) Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di
kebon patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah
bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.

Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun parabel nyaéta….


A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5

6. Baca sempalan dongéng di handap!

Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék
ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta
réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi
manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli.
Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani
kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Dicutat tina http://kelassunda.blogspot.com

Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah


A. Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar
B. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da
kudu dijual heula
C. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa
D. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli
E. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli.
7. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat
Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta…

8. Dihandap ieu mangrupa hal-hal nu aya dina laporan kegiatan


(1) Hasil Kagiatan
(2) Jejer Kagiatan
(3) Waktu jeung Tempat
(4) Pamilon jeung Calagara

Susunan eusi laporan kegiatan anu bener nya éta ….


A. (2), (4), (3), (1)
B. (3), (1), (2), (4)
C. (1), (3), (4), (2)
D. (2), (3), (4), (1)
E. (2), (1), (3), (4)

9. Dina nulis laporan, urang kudu nulis kalayan gemet.


Harti kecap gemet dina éta kalimah miboga harti ….
A. kudu saluyu jeung kaayaan
B. kudu maké basa anu lemes
C. kudu panjang tur ngayayay
D. kudu bener tur taliti
E. kudu ditulis maké basa lulugu

10. Baca sing gemet téks wawancara di handap!


Akmal : “ Assalamualaikum, pak, damang? ”
Pak Hasan : “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah”
Akmal : “ Nepangkeun pak, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?”
Pak Hasan : “ Mangga, abdi sareng Pak Hasan”
Akmal : “ …………………..”
Pak Hasan : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara
motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah
taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd.
Akmal : “Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
Pak Hasan : “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor kena tilang teras henteu
gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa
denda pangseueuerna sajuta rupiah”.
……..

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ….


A. “Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Naon nu
dimaksud lalu lintas téh?”
B. “Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu
lintas téh naon waé?”
C. “Naon fungsina aturan lalu lintas?”
D. “Sabaraha denda upami aturan lalu lintas di rempak?”
E. “Sabaraha lami bapak janten pulisi?”

11. Baca sing gemet téks wawancara di handap!


Jamal : “Sampurasun, punten Ibu ngawagel”
Bu Aam : “Rampés, mangga Jang hoyong naon?”
Jamal : “Ieu bu abi badé tumaros, harga sapatu Nike sareng Convers sabaraha?
Bu Aam : “Mangga upami Nike mah 300 rébu anu Convers 500 rébu”
Jamal : “Kumaha harga-harga mérek saptu anu sanésna?
Bu Aam : “ Gumantung merékna kasép”
Jamal : “ Hatur nuhun ibu, abi ninggalan heula nu sanesna deui”
Bu Aam :“ Muhun mangga”

Eusi téks wawancara di luhur téh nya éta ….


A. Jamal wawanohan jeung Bu Aam
B. Jamal hoyong jualan sapatu
C. Jamal badé ngaborong sapatu
D. harga sapatu Nike jeung Convers
E. Bu Aam tukang dagang

12. Baca teks wawancara di handap!


Siswa : “Upami dina magelarkeun wayang, aya sabaraha tahapan?”
Narasumber : “Dina magelarkeun wayang téh teu bisa sagawayah wae, tapi kudu
ngaruntuy pakem kana aturan, nu kahiji nya éta kakawén, kadua murwa,
katilu nyandra, ka opat anta-wacana, jeung tutup lawing sigotaka”.

Ragam basa nu digunakeun ku siswa dina wawancara di luhur nyaéta ....


A. lemes keur sorangan
B. lemes keur ka batur
C. loma
D. kasar
E. cohag

13. Baca teks sajak di handap!


Bulan

Teuteup ka langit bulan keur imut


Bentang baranang di langit lenglang
Ngiceupan semu nu anteng
Nyieuhkeun rasa ka melang
Di langit bulan keur imut
Cahayana herang ngempray
Kalangkang nembongan ngelemeng hideung
Duh bulan….
Ieu abdi nuju bingung
(dicutat tina Waruga Basa)
Kecap ngempray dina sajak di luhur saharti jeung kecap ....
A. silo
B. sérab
C. caang
D. gurilap
E. burinyay

14. Baca téks sajak di handap!


Bulan

Teuteup ka langit bulan keur imut


Bentang baranang di langit lenglang
Ngiceupan semu nu anteng
Nyieuhkeun rasa ka melang

Di langit bulan keur imut


Cahayana herang ngempray
Kalangkang nembongan ngelemeng hideung
Duh bulan….
Ieu abdi nuju bingung
(dicutat tina Waruga Basa)
Unsur rasa nu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaeta….
A. sedih
B. bungah
C. reueus
D. keuheul
E. era

15. Baca téks sajak di handap!


Bulan

Teuteup ka langit bulan keur imut


Bentang baranang di langit lenglang
Ngiceupan semu nu anteng
Nyieuhkeun rasa ka melang

Di langit bulan keur imut


Cahayana herang ngempray
Kalangkang nembongan ngelemeng hideung
Duh bulan….
Ieu abdi nuju bingung
(dicutat tina Waruga Basa)
Parafrase sajak di luhur nyaéta….
A. nyaritakeun waktu caang bulan
B. nyaritakeun bentang anu baranang
C. nyaritakeun kaayaan jalma nu keur bungah
D. nyaritakeun jalma nu keur bingung
E. nyaritakeun jalma nu keur sedih

16. Baca ieu teks biantara di handap!


Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum
b) Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-
angen urang Sunda”
d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina
kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai,
katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka,
Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku
penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur
tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa
kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka
darat jadi salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.

Ungkara anu teu luyu jeung eusi biantara di luhur nyaéta.....


A. Nganggap yén cai téh kabutuhan anu utama.
B. Jalma nu ngatur cai téh disebutna kulu-kulu.
C. Cai kudu diatur keur kahirupan jeung tatanén.
D. Hirup urang sunda gumantung kana cai.
E. Ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai

17. Baca ieu teks biantara di handap!


Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum
b) Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-
angen urang Sunda”
d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina
kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai,
katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka,
Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku
penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur
tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa
kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka
darat jadi salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.

Nu kaasup bagian panutup dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya
dina bagian...
A. (a)
B. (b)
C. (c)
D. (d)
E. (e)

18. Titénan ungkara di handap!


Dina hiji lawungan Deni kapeto pikeun nepikeun biantara. Basa maju ka podium Deni
teu mawa téks. Dina émprona mah sanggeus nepikeun bubuka biantara, manéhna
katingali ngaluarkeun kerts salembar anu eusina gurat badag nu rék ditepikeun.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu paké ku Deni OSIS nya éta ....
A. Bubuka
B. Panghormatan
C. Muqoddimah
D. Panutup
E. Eusi

19. Hadirin anu sami rawuh,


Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.

Maksud paribasa “saur nu teu kaukur basa nu teu karéka” tina paribasa di luhur
nyaéta...
A. caritaan alus bisa diukur sarta bisa diréka
B. caritaan anu kurang merenah
C. paripolah nu bisa diukur sarta bisa diréka
D. paripolah anu kurang merehah
E. paripolah nu di luar kabiasaan

20. Titénan ieu pancén panata calagara.


(1) Nyatetkeun pamilon anu nanyakeun
(2) Muka jeung mungkas acara
(3) Nangtukeun waktu swala

Dumasar kana pedaran di luhur, eta pancén téh mangrupa pancen pikeun….
A. pangjejer
B. pamilon
C. panumbu catur
D. girang serat
E. girang pangajén

21. Taun ieu OSIS ngayakeun pensi. Nu bakal biantara dina acara bubuka pensi nya éta
pupuhu Dinas Pendidikan, pupuhu sakola, jeung pupuhu OSIS. Urutan nu nepikeun
pamapag/ pangbagéa nu merenah nyaéta ....
A. pupuhu Dinas Pendidikan, pupuhu sakola, jeung pupuhu OSIS
B. pupuhu sakola, pupuhu Dinas Pendidikan, jeung pupuhu OSIS
C. pupuhu sakola, pupuhu OSIS, jeung pupuhu Dinas Pendidikan
D. pupuhu OSIS, pupuhu sakola, jeung pupuhu Dinas Pendidikan
E. pupuhu OSIS, pupuhu Dins Pendidikan, jeung pupuhu sakola

22. “Hadirin anu sami hadir, sawala ieu téh upami disimpulkeun mah, kieu unina urang
salaku urang Sunda kedah tiasa ngamumulé basa sareng budaya Sunda ...
Wacana di luhur mangrupa . . .
A. salam pamuka sawala
B. salam panutup sawala
C. bubuka sawala
D. eusi sawala
E. panutup sawala

23. “Penyaji aya tiluan nyaéta 1) sadérék Dana, 2) sadérék Dani, sadérék. Anu kabagéan
pancén janten notulén Sadérék Dina.
Kecap anu digurat handap sakuduna . . .
A. pangjejer, girang serat.
B. pemateri, girang pangajén
C. pemateri, girang serat
D. panyatur, girang pangajén
E. pamilon, girang serat

24. Pék baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu di
handap!
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan
ka si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-
oléh husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan
bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa
jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka
Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung
baraya baéUrang Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora
kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang
jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang. Sabulan atawa dua bulan sakali,
sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering
dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng,
sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh
tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-
putrana maraju. Diantarana waé anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi
sagala, cenah, anjeunna téh.
Dumasar kana sempalan carita pondok di luhur, mana anu kaasup kana ajén moral anu
bisa dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
A. ulah ngajén jalma tina tagogna
B. upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang
C. kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian ku urang
D. salawasna silih hargaan jeung papada jalma.
E. jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung

25. Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!\


“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina
pangcalikanana anu biasa, batu démprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang
kasakuriling bungking”
Dumasar kana sempalan téks carpon di luhur, unsur insttinsik anu kapanggih dina éta
carita nya éta…
A. puseur implengan
B. jejer
C. galur
D. judul
E. latar

26. Pék titénan ieu tabél di handap!


No Ciri-Ciri Karya Sastra
1 Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu lir enya-enya kajadian
2 Midangkeun hiji carita sacara bébas
3 Jumlah kajadian caritana henteu réa
4 Museur kana hiji kajadian
5 Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama
6 Palakuna ukur dua atawa tilu urang
7 Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari
8 Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail
9 Ilaharna panjangna sakitar 7.500 kecap
10 Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi
11 Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks
12 Museurkeun paniténna (perhatian) dina hiji kajadian
13 Miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur
ngawengku jangka waktu anu singget.
14 Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku
15 Biasana palaku utama teu nepi ka maot

Dumasar kana data di luhur, mana anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita pondok…
A. 1, 3, 6, 7, 9, 10
B. 2, 5, 8, 11, 14, 15
No Unsur Biografi
C. 1, 3, 4, 6, 11, 14
1 Ngaran, jujuluk, lalandian
D. 2, 5, 8, 11, 12, 13
2 Gumelar jeung asal usul kulawarga
E. 1, 3, 6, 7, 10, 13
3 Alamat Imahna
27. 4 Pakasabana Titénan ieu tabél di handap!
5 Riwayat Atikan jeung padamelan
6 Kapercayaanna
7 Kalungguhanna
8 Karya-karya nu kungsi di jieun
9 Préstasi jeung Pangajén nu kungsi
katarima
10 Pikiran atawa gagasanana
Dumasar tabél di luhur, kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....
A. 1-2-3-4-5-6-8-9
B. 1-2-3-5-6-7-8-9
C. 1-2-3-4-5-7-8-9
D. 1-2-4-5-7-8-9-10
E. 1-3-4-6-7-8-9-10

28. Baca téks biografi di handap!


Mohammad Toha
Toha diwedalkeun di Jalan Banceuy,Desa Suniaraja,
Bandung dina warsih 1927. Bapana namina Suganda sarta
indungna anu asalna ti Kedunghalang,Bogor Kaler,Bogor,namina
Nariah. Toha barobah kaayaan anak pahatu sabot dina warsih
1929 bapana maot. Indung Nariah saterusna nikah balik kalawan
Sugandi,adi bapa Toha. Nanging henteu lami saterusna,duanana pirak sarta Muhammad
Toha dicokot ku aki sarta nini na ti pihak bapa yaktos Bapa Jahiri sarta Indung Oneng.
Toha mimiti lebet Volk School (Sakola Rahayat) dina umur 7 warsih dugi kelas 4.
Sakolana kaeureunkeun sabot Perang Dunya II peupeus.
Wanci mangsa pendudukan Jepang,Toha mimiti mikawanoh dunya militer
kalawan ngasupan Seinendan. Sapoe-dinten Toha oge ngabantuan akina di Biro
Sunda,saterusna didamel di bengkel motor di Cikudapateuh. Selanjutnya ,Toha diajar
barobah kaayaan montir mobil sarta didamel di bengkel tumpakan militer Jepang ku
kituna manehna oge sanggem nyarios dina nalika Jepang.
Sanggeus Indonesia merdika,Toha kairut kanggo gabung ka awak perjuangan
Jajaran Rakjat Indonesia (BRI),anu dipingpin ku Ben Alamsyah,mamang Toha
sorangan. BRI setuluyna dibeungkeutkeun kalawan Jajaran Pelopor anu dipingpin ku
Anwar Sutan Pamuncak barobah kaayaan Jajaran Banteng Republik Indonesia (BBRI).
Dina laskar ieu manehna diuk minangka Komandan Seksi I Haturan Penggempur.
Nurutkeun katerangan Ben Alamsyah,mamang Toha,sarta Rachmat Sulaeman,tatangga
Toha sarta oge Komandanna di BBRI,nonoman Toha nyaeta saurang nonoman anu
calakan,tumut ka sepuh,ngabogaan disiplin anu kiat sarta dipikaresep ku
babaturannana. Dina warsih 1945 eta,Toha digambarkeun minangka nonoman gede
wananen kalawan kalawan pancaran panon anu seukeut.
Sanggeus penandatanganan jangji-pasini kapitulasi Jepang,sakumna
persenjataan Soldadu Kekaisaran Jepang dibikeun tanpa sarat ka Soldadu Sekutu anu
bade mulangkeun kakawasaan Belanda di Hindia-Belanda. Nanging persenjataan
Soldadu Kekaisaran Jepang seueur direbut ku pajoang kamerdikaan Republik Indonesia.
Dina ping 21 Nopember 1945
Sumber: indraabaikkers.blogspot.com
Dumasar sempalan téks biografi di luhur, Naon nu ngabalukarkeun Toha bisa wanoh ka
dunia militer....
A. lantaran pendudukan jepang
B. sabada lebet kana sainendan
C. mamangna gé pingpinan bri
D. sabab dibéré jabatan komandan
E. damel di béngkél tumpakan jepang

29. Numutkeun sistematika nulis bahasan, aya lèngkah-lèngkah nu dumasar kana unsur-
unsurna, nyaèta …
A. nèangan ilham, nangtukeun jejer, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun,
nangtukeun judul
B. nangtukeun judul, nangtukeun tèma, nèangan idè, patokan basa
C. nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun jejer, nangtukeun judul,
D. nèangan idè, nangtukeun tèma, nyusun rangka, nangtukeun judul, patokan basa
E. nèangan idè, nangtukeun tèma, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun

30. Hiji perkara anu ngajéntérékeun ku cara néangan jeung méré gambaran nyieunna éta
barang, nyaéta ….
A. tehnik idéntifikasi
B. tehnik proses
C. tehnik definisi
D. tehnik prosedural
E. tehnik ilustrasi

31. Nu ahéng nyaéta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di éta lembur,
sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruhan (1). Nu dibayar téh
nganukur tukang (2). Ngan tangtu baé nu boga imah kudu nyayagikeun kadaharan (3).
Naon pangna kunaon teu meunang maké semén jeung bata, cenah baheula, karuhunna
waktu munggaran ngabaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunan
maké bahan tina bata jeung semén (4).
Susunkeun rarancang nu merenah kalimah di luhur ....
A. 1, 3, 2, 4
B. 1, 2, 3, 4
C. 2, 4, 3, 1
D. 3, 4, 1, 2
E. 1, 3, 2, 4

32. Titénan pedaran di handap!


(1) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung analisis karya
(2) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung kritik karya
(3) Pedaran ngeunaan riwayat penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung
analisis karya.
(4) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung publikasi karya
(5) Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita,
jeung publikasi karya
Pedaran diluhur nu mangrupakeun wengkuan struktur résénsi nya éta....
A. (5)
B. (4)
C. (3)
D. (2)
E. (1)

33. Drama tradisi anu magelarkeunna teu merlukeun panggung sarta dina tiap ganti babak
sok dipirig ku waditra mangrupa ciri tina ....
A. monolog
B. longser
C. sandiwara
D. drama moderen
E. gending karesmen

34. Titénan teks drama di handap!


JURAGAN HAJAT
...
Nyi Inot : Assalamualaikum....!
Ceu Uneh : Wa alaikumsalam.... Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi? Wanci haneut
moyan geus kadieu?
Nyi Inot : Ah, ngahaja wae ka dieu. Ari Kang Uje aya, Ceu?
Ceu Uneh : Can balik. Biasa we, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
.......
(Dicutat tina naskah drama “Juragan Hajat” karya Kang Ibing)
Dina sempalan carita drama di luhur aya sabaraha hiji kalimah panyeluk/interjeksi ....
A. sakecap
B. dua kecap
C. tilu kecap
D. opat kecap
E. lima kecap

35. Titénan teks drama di handap!


ISAH : (semu nyungkun) Ari Ujang ti mana bae atuh, wayah kieu nembe mulih. pan
biasa oge, bubar sakola mah jam hiji, lin?
UDIN : (ngajawabna henteu saregep) Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
ISAH : Moal enya diskusi mani saban poe. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi
doraka!
UDIN : Kajeun ari teu percaya mah.
ISAH : Tuh, da mawa karep sorangan bae maneh mah.

Watek Isah dina sempalan drama di luhur nya eta ...


A. antepan ka anak
B. taliten
C. tamelar
D. babari ngambek
E. teu sabaran
36. Titénan teks drama di handap!
TUKANG ASAHAN

Nu maranggung :
Mahasiswa
Tukang Asahan
Sudagar
Nyonya Sudagar
Badega Sudagar
...
(Disempal tina ”Naskah Drama Tukang Asahan” dina Lir Cahaya Nyorot Eunteung)

Bagian di luhur ka asup kana struktur drama ...


A. prolog
B. monolog
C. pertelaan palaku
D. dialog
E. epilog

37. Titenan gambar silsilah kulawarga ieu di handap!

Dumasar gambar di luhur Ambalika ka Prativa perenahna …


A. alo
B. emang
C. nini
D. aki ti gigir
E. suan

38. Titenan ieu tabel di handap!


N PERNYATAAN
O
1 Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual
2 Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif
3 Singget jeung tuntas
4 Ngawasa pamikiran nu nyangkaruk di nu maca
5 Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda ciri-ciri nya éta …..
A. 1 - 2 - 3
B. 2 - 3 - 4
C. 3 - 4 - 5
D. 1 - 3 - 4
E. 1 - 2 - 4

39. Titénan ieu cutatan artikel!


… Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing téh padikana kudu bisa ngalaksanakeun heula
Dasa Pasanta hartina Sapuluh Panengtrem (1) Parigeuing téh bisa nitah bisa
miwarang, “ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang.” (2)
Maksudna kumaha carana pikeun nengtremkeun haté jelema nu diparéntah supaya dina
digawéna téh iklas tur sumangetna ngagedur (3). Dina basa Sunda jaman abad ka 15/16
M, aya nu disebut parigeuing. (4) Upama ku basa Sunda jaman abad ka-20 mah: "Nu
disebut Parigeuing téh nya éta bisa maréntah bisa miwarang ku caritaan nu pikagenaheun
tepi ka teu matak jéngkél nu diparéntahna" (5) ...

Ngarancang urutan kalimah-kalimah di luhur sangkan jadi hiji wangun téks artikel nu
ngéntép seureuh téh ….
A. 1 – 2 – 3 – 4 – 5
B. 2 – 3 – 4 – 5 – 1
C. 3 – 1 – 5 - 4 – 2
D. 4 – 5 - 2 – 3 - 1
E. 4 – 5 - 2 – 1 – 3

40. Titenan, wacana ieu dihandap!

Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”


Témbalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”
“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér
boa tos noong heula?”
“Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah
ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
“ Nya sukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi
lamun tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari
uar-uar mah kajeun”

Dumasar kana Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian.…


A. rajah
B. narasi
C. deskripsi
D. dialog
E. monolog

II. URAIAN

1. Prak tarjamahkeun kalimah di handap kalawan nitenan kana undak-usuk basana!


Saya melihat Bu Yani pulang dari sekolah ketika saya makan di kantin.
2. Ciri-ciri biantara nu alus ntandung sababaraha pasaratan, éta pasaratan di antarana bisa
disingget jadi kecap T – A- M – A – N. Jéntrekeun maksudna! Mundel eusina jeung
ngandung wirahmana!
3. Jajaka : “Tuh nya, si enéng mah sok kitu, sok nguar-nguar rusiah perusahaan!
Teu beunang dihurang sawah teu benang dipikamemeut ah….”
Dina conto guneman témpas sindir di luhur mana waé nu kaasup kana wangun
wawangsalan tulis singlengkep?
4. Jaman kiwari mah lobaurang Sunda nu ninggalkeun tatali paranti warisan karuhunna nu
mangrupa tradisi, Tétélakeun nu ngalantarankeun tradisi budaya Sunda pada
naringgalkeun sakurang-kurangna dua alesan!

5. Titenan sempalan carita ieu di handap!


Raja Karajaan Singasari nu katelah teh nya eta Ken Arok. Anjeunna nikah jeung Ken
Dedes. Waktu Ken Dedes dikawin ku Ken Arok, manehanana keur ngandeg 3 bulan hasil
ti hubungan jeung Tunggul Ametung. Sanggeus 6 bulan katukang Ken Dedes
ngalahirkeun. Eta budak dibere ngaran Anusapati. Ari ti Ken Arok, Ken Dedes boga
budak anu dibere ngaran Mahisa Wong Ateleng. Ken Arok ge nikah deui jeung Ken
Umang tur boga budak Tohjaya. Dina Lalakon hirupna Tohjaya kungsi ngadeg jadi raja
tapi teu lila sabab dipaehan ku anakna Anusapati nu ngaranna Ranggawuni.

Tina sempalan carita di luhur prak susun silsilah kulawarga dina wangun diagram!

Anda mungkin juga menyukai