Anda di halaman 1dari 2

Conto MC

PROTOKOL AGUSTUSAN
Assalamualaikum warohmatullohi wa barokatuh.
Minangka bubuka catur, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos kersa ngaluuhan
kana ieu acara. Katingalna mah mani rempeg, boh para bapa katut para ibu ti staf desa, boh kanca-kanca para
pamuda. Wilujeng sumping ka ieu tempat acara.
Mangga urang buka bae ieu acara ku sami-sami maca basmalah: Bismillahirrohmanirrohim.
Parantos janten kabiasaan, saban kaping 17 Agustus urang sadaya sok mieling Proklamasi Kamerdekaan
Republik Indonesia. Dina wengi ieu oge urang sadayana nuju ngayakeun eta acara. Maksadna mah minangka
sukuran ka Alloh SWT yen nagara urang parantos leupas tina penjajahan, sakantenan ngebrehkeun pangajen ka
para pahlawan anu parantos bajoang ngorbankeun jiwa jeung ragana enggoning ngahontal kamerdekaan bangsa
sareng nagar.
Henteu karaos gening tos nincak 69 taun nagara urang merdeka teh, tos langkung ti satengah abad. Kanggo
langkung jembarna mah tangtos engke oge baris dipedar ku Saderek Pupuhu Panata Calagara.
Dupi runtuyan acara wengi ieu teh nya eta:
1. Bubuka
2. Galindeng ayat suci Al-Qur’an
3. Lagu “Indonesia Raya”
4. Biantara ti Pupuhu Panata Calagara
5. Pangbagea ti Bapa Kapala Desa Babakan
6. Pangbagea ti Bapa Camat Wanayasa
7. Hiburan bari sakantenan ngabagikeun hadiah rupi-rupi lomba sareng pasanggiri
8. Do’a
9. Panutup

Supados henteu nyangkalong teuing kana waktos, mangga ayeuna urang lajengken kana acara anu
kadua nya eta galindengna ayat suci Al-Qur’an, anu bade didugikeun ku Saderek Aska Dalila. Ka Saderek
Salami sareng Saderek Aska, mangga dihaturanan!

(RENGSE MACA AL-QUR’AN JEUNG SARITILAWAHNA)

Parantos kakuping ku urang sadayana galindengna ayat suci Al-Qur’an sareg saratilawahna. Mugi-
mugi urang sadayana aya dina panangtayungan manehna. Amin. Sumangga ayeuna urang lajengkeun kana acara
katilu nya eta urang sami-sami ngahaleuangkeun lagu wajib “Indonesia Raya”, anu bade dipingpin ku saderek
Putri Endah. Ka Saderek Putri, dihaturanan ka payun!

(RENGSE NGALAGU “INDONESIA RAYA”)

Urang sadayana nembe parantos sami-sami ngahaleuangkeun lagu wajib “Indonesia Raya”, anu
dipingpin ku Saderek Putri. Hatur nuhun Saderek Putri! Mugi-mugi bae janten pangjurung laku kanggo urang
sadayana enggoning ngeusian kamerdekaan ku karya-karya nyata sareng langkung numuwuhkeun rasa cinta
katut rasa nyaah anu langkung teleb ku lemah cai urang. Mangga urang nindak kana acara salajengna nya eta
Biantara ti Pupuhu Panata Calagra, anu bade didugikeun ku Saderek Julian Wildan. Ka Saderek Julian,
sumangga dihaturanan ka payun!

(RENGSE BIANTARA JEUNG PANGBAGE)

Parawargi sadayana, cara demi acara parantos kalakon, ayeuna dongkap kana acara anu henteu kirang
pentingna, nya eta hiburan sareng ngabagikeun hadiah pasanggiri. Eta acara bade dijejeran ku Saderek Adi
Sukardi sareng Saderek Ekayanti. Ka Kang Adi sareng Teh Yanti, mangga nyaggakeun!

(RENGSE SAKABEH ACARA, DITUTUP KU DOA)


Parawargi sadaya, alhamdulillah, sadaya runtuyan acara parantos kahaturkeun kalawan lulus bunglus.
Upami tea mah seeur kakiranganana sareng kirang nyugemakeun, kalawan asmana panata calagara simkuring
neda sih hapuntenna.
Hatur nuhun ka sadaya pihak anu ngarojong kana ieu acara. Pak Kades miwah ibu, hatur nuhun! Pak
Camat, hatur nuhun Pa Camat! Kitu deui ka sadaya warga Desa Babakan, hatur nuhun. Utamina mah ka
rerencangan, paranonoman, anu parantos sasarengan bajoang kanggo ngawujudkeun ieu acara, hatur nuhun ka
sadayana! Mudah-mudahan ka payun mah urang tiasa ngadamel acara anu langkung ti kieu. Urang tepang taun
payun deui dina acara nu sami. Urang pangkas ieu acaraku sami-sami ngucapkeun hamdalah: alhamdulillahi
robbil’alamin. Wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamu’alaikum warrohmatullahi wa barokatuh!

Anda mungkin juga menyukai