Anda di halaman 1dari 2

Pancen 1

No Sisindiran Wangunna Eusina


1 Cau Ambon dikorangan,
Kanyere kapipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awewe teu mikir-mikir.
2 Majar maneh nganyam samak,
Neukteukan bari motongan.
Majar maneh neang anak,
Ngadeukeutan popotongan.
3 Majar maneh cengkeh koneng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
Kulit beuteung mani nambru.
4 Poe saptu poe kemis,
Salasa heuleut-heuleutan.
Saha itu muril kumis,
Leumpangna eundeuk-eundeukan.
5 Sabuk beubeur geura piceun,
Gantian ku sutra bae.
Anu heubeul geura piceun,
Gentian ku abdi bae.
6 Ciung lain kerak lain,
Japati belang jangjangna.
Sieun lain era lain,
Era soteh ku bapana.
7 Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli kupat jeung gorengan.
Peupeujeuh lamun geus euweuh,
Ulah ngupat kagorengan.
8 Dagang seureuh papatungan,
Cangkaleng laku sasiki.
Euleuh itu popotongan,
Dikaleng ku aki-aki.
9 Samangka melak di tonggoh,
Melak pala di nu bala.
Tong waka boga kabogoh,
Sakola tamatkeun heula.
10 Cet tembok meuli di toko,
Seeng nyengsreng kasaatan.
Ulah sok beuki ngaroko,
Goreng kana kasehatan.
No Wawangsalan Jawabana
1 Gedong ngambang di sagara,
Ulah kapalang nya bela.
2 Panumpang tumpak di hareup
Entong leumpang bari maca
3 Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
4 Kendang gede pakauman,
Dag-dig-dug rasaning ati.
5 Dipakena dina sirah
Urang ngobrol bari ngopi
6 Namina bilatung dulang
Ulah api teu kadangu
7 Lomari gede jeung tiis
Hidep sing sabar tur ikhlas
8 Tempat urang nulis elmu
Kudu pinter ngeusi saku
9 Alat urang pikeun ngobrol
Entong nganyerikeun hate
10 Alat ngitung dipencetan
Rupa kasep tapi kotor

Catatan :

Wanguna kalian isi dengan (Rarakitan / Paparikan / Wawangsalan)

Eusina kalian isi dengan (Silih Asih / Piwuruk / Sesebred)

Untuk mengetahui Jawaban Wawangsalan silahkan kalian buka/cari di internet untuk


mengetahui jawabannya.

Anda mungkin juga menyukai