Anda di halaman 1dari 6

Naskah Khutbah Idul Fitri1442 H / 2021

Disusun Oleh : H. ANWAR MUNAWAR, S.Ag.,MM.

Hikmah dibalik Musibah Wabah Pandemi Covid -19

ِ ‫ال َّسالَ ُم َعلَ ْي ُك ْم َو َرحْ َم ُة‬


‫هللا َو َب َر َكا ُت ُه‬

ِ ‫ هللا أكبر هللا َأ ْكبَر َكبِ ْيرًا َو ْال َح ْم ُد هّلِل‬،‫ هللا أكبر‬،‫هللا أكبر‬،‫ هللا أكبر‬،‫ هللا أكبر‬،‫ هللا أكبر‬،‫ هللا أكبر‬،‫ هللا أكبر‬،‫هللا أكبر‬
‫ اَل ِإلَهَ ِإاّل‬.‫ص ْينَ لَهُ ال ِّديْن َولَوْ َك ِرهَ ْال ُم ْش ِر ُكوْ ن‬ ِ ‫َكثِ ْيرًا َو ُس ْب َحانَ هللاِ بُ ْك َرةً َوَأ‬
ِ ِ‫ اَل ِإلَهَ ِإاّل هللاُ َواَل نَ ْعبُ ُد ِإاّل ِإيّاهُ ُم ْخل‬. ‫ص ْياًل‬
ِ ‫ اَل ِإلَهَ ِإاّل هللاُ َوهللاُ َأ ْكبَ ُر هللاُ َأ ْكبَ ُر َوهّلِل‬،ُ‫اب َوحْ َده‬
َ ‫ر َع ْب َدهُ َوَأ َع ّز ُج ْن َدهُ َوهَ َز َم اَأْلحْ َز‬aَ ‫َص‬
َ ‫ق َو ْع َدهُ َون‬ َ ُ‫هللاُ َوحْ َده‬
َ ‫ص َد‬
‫ميع المسلمين‬ ِ ‫ على ِعباده المؤمنين َو َج َعلَهَا ُر ْكنا ً ِمن َأرْ َكان اإلسْالم لِ َج‬a‫ْال َح ْمد الحمد هلل الذي فرض الصيام‬
‫ أشهد أن ال اله اال هللا الملك الحق المببن وأشهد أن سيدنا محمدا عبده‬.‫وأمرنا بالمحافظة عليها في كتابه المبين‬
‫الو ْع ِد األمين وصلى هللا على سيّ ِدنا محمد وعلى اله وأصحابه والتابعين إلى يوم الدين اما‬
َ ‫ق‬ ُ ‫ورسوله الصا ِد‬
‫بعد فيا عباد هللا أوصيكم واياي بتقوى هللا لعلكم ترحمون قال تعالى في كتابه الكريم أعوذ باهلل من الشيطان‬
‫ق تُقاتِه وال تموتُ َّن إاّل وأنتم ُم ْسلِ ُمون‬
َّ ‫الرجيم بسم هللا الرحمن الرحيم يا ايها الذين امنوا اتقوا هللا ح‬

Allahu Akbar 3x
Sagala puji kagungan gusti anu maha suci shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka
kangjeng Nabi Muhammad SAW katut kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu
mutaba'ah ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah. Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu
nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban nyaeta ibadah
puasa sareng zakat fitrah.

ِ َ‫لِلصَّاِئ ِم فَرْ حتَا ِن فَرْ َحةٌ ِعن َد إ ْفط‬


‫ار ِه َوفَرْ َحةٌ ِع ْن َد لِقا َ ِء ربّ ِه‬

Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng
naliku tepung jeung Allah jaga di akherat”. Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang
tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang jeng sagala ibadahna
ditarima ku Allah SWT.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar


Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima
kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim. Saha
wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar
tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna

1
puasa maka dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui,
lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

‫اس َأجْ َم ِعينَ خَالِ ِدينَ فِيهَا ۖ اَل يُ َخفَّفُ َع ْنهُ ُم‬ َ ‫ َوهُ ْم ُكفَّا ٌر ُأو ٰلَِئ‬a‫ِإ َّن الَّ ِذينَ َكفَرُوا َو َماتُوا‬
ِ َّ‫ك َعلَ ْي ِه ْم لَ ْعنَةُ هَّللا ِ َو ْال َماَل ِئ َك ِة َوالن‬
َ‫ْال َع َذابُ َواَل هُ ْم يُ ْنظَرُون‬

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh
bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur
moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)
Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa,
kalawan ancamannana naraka salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur
bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna
jeung ngodoan dina bulan sejenna.

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana
rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun
dina waktu beurangna. Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa
ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas. Puasa
mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur
jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di
bulan sejenna.

َ ‫ت فَ َمن َكانَ ِمن ُكم َّم ِريضا ً َأوْ َعلَى َسفَ ٍر فَ ِع َّدةٌ ِّم ْن َأي ٍَّام ُأ‬
‫خَر َو َعلَى الَّ ِذينَ ي ُِطيقُونَهُ فِ ْديَةٌ طَ َعا ُم ِم ْس ِكي ٍن‬ aٍ ‫َأيَّاما ً َّم ْعدُودَا‬
ْ ‫" فَ َمن تَطَ َّو َع َخيْراً فَهُ َو َخ ْي ٌر لَّهُ َوَأن تَصُو ُم‬
َ‫وا خَ ْي ٌر لَّ ُك ْم ِإن ُكنتُ ْم تَ ْعلَ ُمون‬

Hartosna, puasa dina pirang pirang poe anu ditangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran gering
atawa musafir maka qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab
uzur maka kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana samud sapoena,
jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta leuwih utama, jeung
lamun puasa eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu ge lamun aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-
Baqarah, 184)

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika
pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan
ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada- pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa
etikana kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di
mana wae. Masalah puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh
2
kudu boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku jelema
lamun teu era ku gusti Allah. Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina
henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan keneh jalma non
muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere
nasehat atawa ngawurukan sangkan urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa. Sabab
penting kacida urang ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah
dianggap ku batur yen urang tara puasa tara shalat tara ibadah, kajaba mun urang geus bener-
bener henteu ngaku kana agama Islam. Dina agama Islam aya wacana mun berbuat maksiat bari
nyumput eta masih aya kahadean keneh. tapi lamun nyieun kagorengan bari terang terangan
nandakeun geus ruksak imanna. Saur Kangjeng Nabi yen era teh bagian tina iman

ِ ‫ال َحيَا ُء ِمنَ ْاِإل ْي َم‬


‫ان‬

Hartina lamun jalma teu biga kaera dina waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang
imanna.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

‫َم ْن َرآى ِم ْن ُكم ُم ْن َكرا فليغيره بيده فإن لم يستطع فبلسانه وإن لم ييستطع فبقلبه وذلك أضعف اإليمان‬

Hartosna, "saha jalma anu ningali pamungkaran di antara anjeun maka kudu ngarobah ku
leungeunna, mun henteu mampu ku leungeun kudu ngarobah ku letahna, jeung lamun henteu
mampu ku letah kudu ngarobah ku hatena, jeung eta teh panglemahna iman" kitu numutkeun
pitutur Rasulullah SAW. Dumasar kana hadits diluhur ngandung harti yen mun aya pamungkaran
ulah diantep tapi kudu di da'wahan sesuai kamampuan masing-masing.

Allahu Akbar 3x

Kaopatna, ari puasa ditingali tina segi falsafah nyaeta terwujudna perobahah sikap mental, moral,
spiritual, emosional jeng sosial.

Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan,
kudu sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa
minder.

3
َ‫ َوَأنتُ ُم اَأْل ْعلَوْ نَ ِإن ُكنتُم ُّمْؤ ِمنِين‬a‫َواَل تَ ِهنُوا َواَل تَحْ زَ نُوا‬

Hartosna, poma anjeun ulah ngarasa hina ulah ngarasa nalangsa, sedengkeun anjeun teh jalma
anu luhung lamun anjeun tetep jadi jalma anu beriman. (Qs Ali Imran 139)

Pidawuh Rasulullah SAW

‫ َواَل‬,ِ ‫ك َوا ْست َِع ْن بِاَهَّلل‬


َ ‫يف َوفِي ُكلٍّ َخ ْي ٌر احْ ِرصْ َعلَى َما يَ ْنفَ ُع‬ َّ ‫ْال ُمْؤ ِمنُ ْالقَ ِويُّ َخ ْي ٌر َوَأ َحبُّ ِإلَى هَّللا ِ ِم ْن ْال ُمْؤ ِم ِن ال‬
ِ ‫ض ِع‬
‫تَ ْع َج ْز‬

Hartosna, ari jalma mumin anu kuat eta leuwih alus jeung leuwih dipikacinta ku Allah dari pada
mukmin anu lemah, kulantaran eta kudu sumanget neangan nu mere manfaat ka anjeun sarta
anjeun ulah ngarasa lemah. (al-Hadits)

Moral jalma anu puasa kudu leuwih hade, diantarana kudu mampu ngajaga letahna tina nyarita
bohong sumpah palsu, gibah, nyarekan batur jeung sajabana. Sabab ceuk kanjeng Nabi, Allah
henteu butuh kana puasana hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan
bohongna, hartina jalma anu puasa akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu leuwih
trentrem oge barudakna kudu leuwih soleh. Secara spiritual jalma anu puasa kudu leuwih peka
hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-isyarat Allah nu aya dina damelanana, boh damelan nu
aya di langit, di bumi, nu aya dina awak atawa anu aya dina Al-quran.

aَ ُ‫ت َعلَ ْي ِه ْم آيَاتُهُ زَا َد ْتهُ ْم ِإي َمانًا َو َعلَى َربِّ ِه ْم يَت ََو َّكل‬
‫ون‬ ْ َ‫ِإنَّ َما ْال ُمْؤ ِمنُونَ الَّ ِذينَ ِإ َذا ُذ ِك َر هَّللا ُ َو ِجل‬
ْ َ‫م َوِإ َذا تُلِي‬aُْ‫ت قُلُوبُه‬

Hartosna, saestuna ari jalma anu iman dimana disebut jenengan Allah bakal sieun hatena, jeung
dimana dibacakeun ayat-ayat Allah bakal tambah imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna (Qs,
Al-Anfaal 2 ).

Sacara emosi jalma anu puasa kudu mampu nyengker tina sagala kaambek, Kangjeng Nabi
midawuh yen lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang
keur puasa, pon nyakitu keneh mun aya nu ngambek.

Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalma anu gagah lain anu sok sosorongot tapi
jalma anu gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambek.

Allahu Akbar 3x

Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung
dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.
4
Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu
goreng adatna.
Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu
susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa.

Pidawuh Rasullullah, "Saha jalma nyumponan hajat jalma Islam di bulan ramadlon maka Allah
bakal nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah."

‫َصيبٌ ِّم ْنهَا ۖ َو َمن يَ ْشفَ ْع َش ٰفَ َعةً َسيَِّئةً يَ ُكن لَّ ۥهُ ِك ْف ٌل ِّم ْنهَا ۗ َو َكانَ ٱهَّلل ُ َعلَ ٰى ُكلِّ َش ْى ٍء‬
ِ ‫َّمن يَ ْشفَ ْع َش ٰفَ َعةً َح َسنَةً يَ ُكن لَّ ۥهُ ن‬
‫" ُّمقِيتًا‬

Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina kahadean,
sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya Allah
eta kacida maha kuatna” (Qs Al-Nisa 85-86)

Pidawuh Rasul anu hartosna yen "Saestuna Allah SWT salawasna bakal nulungan hambana
salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama hambana" ( Al-Hadits). Dina Qs Al- Maidah ayat
dua saur Allah

‫ وال تعاونوا على االثم والعدوان واتقوا هللا ان هللا شديد العقاب‬a‫ على البر والتقوي‬a‫وتعاونوا‬

Hartosna, "jeung kudu silih tulung tinulung aranjeun dina kahadean jeung katakwaan, sarta ulah
silih tulung tinulung aranjeun dina perbuatan dosa jeung permusuhan"
Ibadah puasa kudu mampu ngarobah tina sifat sewang-sewangan kana sifat gotong royong, anu
tadina pedit jadi berehan, anu tadina haseum budi jadi someah.
Tah ieu anu disebut kasolehan sosial, ulah lebar ku harta da harta moal dibawa maot.Urang kudu
ngabersihan hate tina cinta kana dunya ku cara loba sodaqah anu ikhlas.
Yu urang titipkeun harta urang supaya nepi ka Allah melalui panti asuhan, pondok pesantren,
masjid, majlis ta'lim jeng nu sejenna malak mandar eta harta jadi syafaat jaga di poe kiamah.

Pamugi puasa urang sing jadi benteng tina sagala bentuk maksiat sarta jadi panyinglar tina
penderitaan dunya akhirat, amin ya rabbal alamin

‫بارك هللا لي ولكم ونفعني وإياكم بااليات وذكر الحكيم‬


‫ يا أرحم الراحمين‬a‫وتقبل مني ومنكم برحمتك‬

5
‫‪Khutbah Kedua‬‬
‫هللا أكبر‪ ،‬هللا أكبر‪ ،‬هللا أكبر‪ ،‬هللا أكبر‪ ،‬هللا أكبر‪ ،‬هللا أكبر‪،‬هللا أكبر‬

‫َلى اِحْ َسانِ ِه َوال ُّش ْك ُر لَهُ عَل َى تَوْ فِ ْيقِ ِه َواِ ْمتِنَانِ ِه‪َ .‬وَأ ْشهَ ُد َأ ْن الَ اِلَهَ ِإالَّ هللاُ َوهللاُ َوحْ َدهُ الَ َش ِر ْيكَ لَهُ َوَأ ْشهَ ُ‪a‬د َّ‬
‫أن‬ ‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ ع َ‬
‫ص ِّل َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد ِو َعلَى اَلِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو َسلِّ ْم تَ ْسلِ ْي ًما‬
‫اعى إل َى ِرضْ َوانِ ِه‪ .‬اللهُ َّم َ‬ ‫َسيِّ َدنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ ال َّد ِ‬
‫ِكث ْيرًا‬

‫َأ َّما بَ ْع ُد فَيا َ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُواهللاَ فِ ْي َما َأ َم َر َوا ْنتَهُوْ ا‪َ a‬ع َّما نَهَى َوا ْعلَ ُموْ ا َأ َّن هللاّ َأ َم َر ُك ْم بِا َ ْم ٍر بَ َدَأ فِ ْي ِه بِنَ ْف ِس ِه َوثَـنَى بِ َمآل‬
‫صلُّوْ ا َعلَ ْي ِه َو َسلِّ ُموْ ا‪ a‬تَ ْسلِ ْي ًما‪ .‬اللهُ َّم‬‫ص ُّلوْ نَ عَل َى النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّ ِذ ْينَ آ َمنُوْ ا َ‬
‫ِئ َكتِ ِه بِقُ ْد ِس ِه َوقَا َل تَعاَلَى ِإ َّن هللاَ َو َمآل ِئ َكتَهُ يُ َ‬
‫ك َو َمآلِئ َك ِة ْال ُمقَ َّربِ ْينَ‬ ‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َسلِّ ْم َو َعلَى ِ‬
‫آل َسيِّ ِدنا َ ُم َح َّم ٍد َو َعلَى اَ ْنبِيآِئكَ َو ُر ُسلِ َ‬ ‫ص ِّل َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َ‬ ‫َ‬
‫َّاش ِد ْينَ َأبِى بَ ْك ٍر َو ُع َمر َوع ُْث َمان َو َعلِى َوع َْن بَقِيَّ ِة ال َّ‬
‫ص َحابَ ِة َوالتَّابِ ِع ْينَ َوتَابِ ِعي التَّابِ ِع ْينَ‬ ‫ض اللّهُ َّم َع ِن ْال ُخلَفَا ِء الر ِ‬ ‫َوارْ َ‬
‫ض َعنَّا َم َعهُ ْم بِ َرحْ َمتِ َ‪a‬‬
‫ك يَا اَرْ َح َم الرَّا ِح ِم ْينَ‬ ‫لَهُ ْم بِاِحْ َسا ٍن اِلَىيَوْ ِم ال ِّد ْي ِن َوارْ َ‬

‫ت اللهُ َّم َأ ِع َّز ْاِإل ْسالَ َم َو ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ‬


‫ت اَالَحْ يآ ُء ِم ْنهُ ْم َو ْاالَ ْم َوا ِ‬
‫ت َو ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما ِ‬
‫اَللهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُمْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُمْؤ ِمنَا ِ‬
‫اخ ُذلْ َم ْن خَ َذ َل ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو َد ِّمرْ‬ ‫ك ْال ُم َو ِّح ِديَّةَ َوا ْنص ْ‪ُa‬ر َم ْن ن َ‬
‫َص َر ال ِّد ْينَ َو ْ‬ ‫ك َو ْال ُم ْش ِر ِك ْينَ َوا ْنصُرْ ِعبَا َد َ‬ ‫َوَأ ِذ َّل ال ِّشرْ َ‬
‫لوبَا َء َوال َّزالَ ِز َل َو ْال ِم َحنَ َوسُوْ َء ْالفِ ْتنَ ِة َو ْال ِم َحنَ‬
‫َأ ْعدَا َءال ِّد ْي ِن َوا ْع ِل َكلِ َماتِكَ ِإلَى يَوْ َم ال ِّد ْي ِن‪ .‬اللهُ َّم ا ْدفَ ْع َعنَّا ْالبَالَ َء َو ْا َ‬
‫صةً َو َساِئ ِ‪a‬ر ْالب ُْلدَا ِن ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ عآ َّمةً يَا َربَّ ْال َعالَ ِم ْينَ ‪َ .‬ربَّنَا آتِنا َ فِى‬ ‫َما ظَهَ َر ِم ْنهَا َو َما بَطَنَ ع َْن بَلَ ِدنَا اِ ْندُونِي ِْسيَّا‪ a‬خآ َّ‬
‫ار‪َ .‬ربَّنَا ظَلَ ْمنَا اَ ْنفُ َسنَا َواِ ْن لَ ْم تَ ْغفِرْ لَنَا َوتَرْ َح ْمنَا‪ a‬لَنَ ُكوْ ن ََّن ِمنَ‬ ‫اب النَّ ِ‬ ‫آلخ َر ِة َح َسنَةً َوقِنَا‪َ a‬ع َذ َ‬ ‫ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َوفِى ْا ِ‬
‫ان َوِإيْتآ ِء ِذي ْالقُرْ ب َى َويَ ْنهَى ع َِن ْالفَحْ شآ ِء َو ْال ُم ْن َك ِ‪a‬ر َو ْالبَ ْغي‬ ‫ْالخَا ِس ِر ْينَ ‪ِ .‬عبَا َدهللاِ ! ِإ َّن هللاَ يَْأ ُم ُرنَا بِاْل َع ْد ِل َو ْاِإل حْ َس ِ‬
‫يَ ِعظُ ُك ْم لَ َعلَّ ُك ْم تَ َذ َّكرُوْ نَ َو ْاذ ُكرُواهللاَ‪ْ a‬ال َع ِظ ْي َم يَ ْذ ُكرْ ُك ْم َوا ْش ُكرُوْ هُ عَل َى نِ َع ِم ِه يَ ِز ْد ُك ْم َولَ ِذ ْك ُر هللاِ َأ ْكبَرْ‬

‫‪6‬‬

Anda mungkin juga menyukai