Anda di halaman 1dari 6

KANTOR KEMENTERIAN AGAMA KABUPATEN

SUBANG

KHUTBAH IEDUL FITRI


Bahasa Sunda
“ Lebaran Anu Ngandung Barokah “

Ku :
Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kab. Subang
KEMENTERIAN AGAMA REPUBLIK INDONESIA
KANTOR KEMENTERIAN AGAMA KABUPATEN SUBANG
Jl. Mayjend. Sutoyo Siswo Mihardjo No. 39
Telp./Fax. (0260) 411302 Kode Pos 41211 Subang
Email : bimasislamsubang@yahoo.co.id

Lebaran Nu Ngandung Barokah

Khutbah I
‫ا‬

‫واﺻﯿﻼ‬
‫ﻻَاﻟﮫ اﻻﷲ وﺣﺪه ﺻﺪق وﻋﺪه وﻧﺼﺮ ﻋﺒﺪه واﻋﺰ ﺟﻨﺪه وھﺰم اﻻﺣﺰاب وﺣﺪه‬

‫ أﺷﮭﺪ أن ﻻ اﻟﮫ اﻻ ﷲ اﻟﻤﻠﻚ اﻟﺤﻖ اﻟﻤﺒﺒﻦ وأﺷﮭﺪ أن ﷴا ﻋﺒﺪه‬.‫وأﻣﺮﻧﺎ ﺑﺎﻟﻤﺤﺎﻓﻈﺔ ﻋﻠﯿﮭﺎ ﻓﻲ ﻛﺘﺎﺑﮫ اﻟﻤﺒﯿﻦ‬
‫ورﺳﻮﻟﮫ اﻟﺼﺎدِقُ اﻟﻮَ ْﻋ ِﺪ اﻷﻣﯿﻦ وﺻﻠﻰ ﷲ ﻋﻠﻰ ﷴ وﻋﻠﻰ اﻟﮫ وأﺻﺤﺎﺑﮫ واﻟﺘﺎﺑﻌﯿﻦ إﻟﻰ ﯾﻮم اﻟﺪﯾﻦ اﻣﺎ‬

‫ﯾﺎ اﯾﮭﺎ اﻟﺬﯾﻦ اﻣﻨﻮا اﺗﻘﻮا ﷲ ﺣﻖﱠ ﺗ ُﻘﺎﺗِﮫ وﻻ ﺗﻤﻮﺗ ُﻦﱠ ّإﻻ وأﻧﺘﻢ‬
‫ُﻣ ْﺴ ِﻠﻤُﻮن‬
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Ari sadayana puji eta tetep kagungan Gusti dzat anu Maha Suci,
Shalawat miwah salam mugia salamina kasanggakeun ka junjunan urang
sadayana Nabi akhir jaman kangjeng Nabi Muhammad SAW kalih
kulawarga, shahabat, tabiit tabiin sareng ka sadaya umatna anu mutaba'ah
anu turut tumut sarta patuh ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Ummat manusa anu kumelip kumelenang di alam pawenangan ieu
kiwari masih diliputi kuayana masih merebakna nunamina wabah virus
corona anu nimbulkeun rasa kahariwang tumali masih nimbulkeun rebuan
bahkan juataan korban di saantero jagat raya ieu.
Di sagedengeun eta hususna ummat islam kiwari nuju diliputi ku rasa
kabingah turta bahagiaan tumali tos rengse ngalaksakeun dua kawajiban
sakaligus nyaeta ibadah Shaum sareng zakat fitrah.
Sakumaha pidawuh Rasulullah SAW
‫َﺎر ِه وَ ﻓَﺮْ َﺣﺔٌ ِﻋ ْﻨﺪَ ﻟِﻘﺎ َءِ رﺑّ ِﮫ‬
ِ ‫ﻟِﻠﺼﱠﺎﺋِﻢِ ﻓَﺮْ ﺣﺘ َﺎنِ ﻓَﺮْ َﺣﺔٌ ﻋِﻨﺪَ إ ْﻓﻄ‬
“Pikeun nu nyumponan ibadah shaum aya dua kabingah anu baris katampi
nyaeta nalika buka sareng nalika patepang sareng dzatna Allah jaga di
yaumal akhir”.
Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil
ngalakonan puasa dina sajoroning sasasih lamina, kumargi sakitu pamugi
wae shaum urang jeng sagala ibadahna ditampi ku Allah SWT.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Ibadah shaum tiasa ditingal tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika
jeung falsafah.
Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen shaum teh bagian tina
rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata
jelas tur tandes dina al-quran al-karim.
Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna shaum ramadlon berarti murtad,
hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu deui anu teu shaum di
bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibnashaum maka dihukuman
murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun
henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir. Sakumaha pidawuh
Mantennta dina salah sawios ayatna.
‫ﯿﻦَ ﺧَﺎ ِﻟﺪِﯾﻦَ ﻓِﯿﮭَﺎ ۖ َﻻ‬
َ‫ﻋ ْﻨ ُﮭ ُﻢ ا ْﻟﻌَﺬَابُ وَ َﻻ ُھ ْﻢ ﯾُ ْﻨﻈَﺮُ ون‬
َ ُ‫ﯾُ َﺨﻔﱠﻒ‬

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir
maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung
sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan
sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162) .
Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu
ingkar kana wajibna shaum, kalawan ancamannana naraka
salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu shaum tanpa uzur tapi tetep
nekadkeun kana wajibna shaum, maka dihukuman jalma doraka, kalawan
wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.
Kadua, dina segi fiqih, shaum kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng
katantuan hukum diantarana rukun shaum kudu nganiyatan di waktu peuting
jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu
beurangna. Sedengkeun sahna shaum kudu beragama Islam, mumayyiz
(hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus shaum teh kudu
suci tina darah hed jeng nifas.
shaum mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu
ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu
gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.
‫طﻌَﺎ ُم‬
َ ٌ‫ﻋﻠَﻰ اﻟﱠﺬِﯾﻦَ ﯾُﻄِ ﯿﻘُﻮﻧَﮫُ ﻓِ ْﺪﯾَﺔ‬ َ َ‫ﺳﻔ ٍَﺮ ﻓَ ِﻌﺪﱠة ٌ ِﻣّﻦْ أَﯾﱠﺎمٍ أُﺧَﺮَ و‬
َ ‫ﻋﻠَﻰ‬
َ ْ‫ت ﻓَﻤَﻦ ﻛَﺎنَ ﻣِ ﻨ ُﻜﻢ ﻣ ِﱠﺮﯾﻀﺎ ً أ َو‬
ٍ ‫أَﯾﱠﺎﻣﺎ ً ﱠﻣ ْﻌﺪُودَا‬
َ‫ع َﺧﯿْﺮا ً ﻓَﮭُﻮَ َﺧﯿْﺮٌ ﻟﱠﮫُ وَ أ َن ﺗَﺼُﻮﻣُﻮاْ َﺧﯿْﺮٌ ﻟﱠ ُﻜ ْﻢ إِن ﻛُﻨﺘ ُ ْﻢ ﺗ َ ْﻌﻠَﻤُﻮن‬ َ ‫ﻣِ ْﺴﻜِﯿﻦٍ ﻓَﻤَﻦ ﺗَﻄَﻮﱠ‬
"Hartosna, shaum dina pirang pirang poe anu ditangtukeun, saha wae
anu teu ngalaksanakeun shaum lantaran gering atawa musafir maka qodoan
shaumna dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu shaum sabab uzur
maka kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana
samud sapoena, jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan
fidyah maka eta leuwih utama, jeung lamun shaum eta leuwih hade pikeun
aranjeun kitu ge lamun aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-Baqarah, 184)
Katilu, masalah etika dina shaum mangrupakeun pokok pergaulan
sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep
jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur. Etika anu
shaum atawa anu henteu shaum pada- pada wajib silih ajenan. Keur anu
henteu shaum etikana kudu nutupan yen dirina henteu shaum, ulah
sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae. Masalah shaum eta
urusan pribadi, rek shaum heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu
boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu
era ku jelema lamun teu era ku gusti Allah.

Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina
henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan
keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu shaum.
Sedengkeun keur jalma anu shaum kanu henteu puasa etikana kudu
ngelingan, kucara mere nasehat atawa ngawurukan sangkan urang ngajaga
balang dahar sanajan henteu shaum. Sabab penting kacida urang ngajaga tina
penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah dianggap ku batur
yen urang tara shaum tara shalat tara ibadah, kajaba mun urang geus bener-
bener henteu ngaku kana agama Islam.
Dina agama Islam aya wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta
masih aya kahadean keneh. tapi lamun nyieun kagorengan bari terang
terangan nandakeun geus ruksak imanna. Saur Kangjeng Nabi yen era teh
bagian tina iman ِ‫ اﻟ َﺤﯿَﺎ ُء ﻣِ ﻦَ اْﻹِ ْﯾﻤَﺎن‬Hartina lamun jalma teu boga rasa kaera dina
waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang imanna.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
‫ﻣَﻦْ رَ آى ﻣِ ْﻨﻜُﻢ ُﻣ ْﻨﻜَﺮا ﻓﻠﯿﻐﯿﺮه ﺑﯿﺪه ﻓﺈن ﻟﻢ ﯾﺴﺘﻄﻊ ﻓﺒﻠﺴﺎﻧﮫ وإن ﻟﻢ ﯾﯿﺴﺘﻄﻊ ﻓﺒﻘﻠﺒﮫ وذﻟﻚ أﺿﻌﻒ اﻹﯾﻤﺎن‬
Hartosna, "saha jalma anu ningali pamungkaran di antara anjeun maka kudu
ngarobah ku leungeunna, mun henteu mampu ku leungeun kudu ngarobah
ku letahna, jeung lamun henteu mampu ku letah kudu ngarobah ku hatena,
jeung eta teh panglemahna iman" kitu numutkeun pitutur Rasulullah SAW.
Dumasar kana hadits diluhur ngandung harti yen mun aya
pamungkaran ulah diantep tapi kudu di da'wahan sesuai kamampuan
masing-masing.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Kaopatna, ari shaum ditingali tina segi falsafah nyaeta terwujudna
perobahah sikap mental, moral, spiritual, emosional jeng sosial. Mental
jalma anu shaum kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan
jeung tantangan, kudu sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan,
ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.
َ‫وَ َﻻ ﺗ َ ِﮭﻨُﻮا وَ َﻻ ﺗ َﺤْ ﺰَ ﻧُﻮا وَ أ َﻧﺘ ُ ُﻢ ْاﻷ َ ْﻋﻠَﻮْ نَ إِن ﻛُﻨﺘ ُﻢ ﻣﱡﺆْ ﻣِ ﻨِﯿﻦ‬
Hartosna, poma anjeun ulah ngarasa hina ulah ngarasa nalangsa,
sedengkeun anjeun teh jalma anu luhung lamun anjeun tetep jadi jalma anu
beriman. (Qs Ali Imran 139)
Pidawuh Rasulullah SAW
ْ‫ﻋﻠَﻰ ﻣَﺎ ﯾَ ْﻨﻔَﻌُﻚَ وَ ا ْﺳﺘَﻌِﻦ‬
َ ‫ص‬
ْ ‫ﻀﻌِﯿﻒِ وَ ﻓِﻲ ُﻛ ٍّﻞ َﺧﯿْﺮٌ اﺣْ ِﺮ‬
‫ﻣِ ﻦِ اﻟ ﱠ‬
ْ‫ وَ َﻻ ﺗ َ ْﻌﺠَﺰ‬,
Hartosna, ari jalma mumin anu kuat eta leuwih alus jeung leuwih dipikacinta
ku Allah dari pada mukmin anu lemah, kulantaran eta kudu sumanget
neangan nu mere manfaat ka anjeun sarta anjeun ulah ngarasa lemah. (al-
Hadits)
Moral jalma anu shaum kudu leuwih hade, diantarana kudu mampu
ngajaga letahna tina nyarita bohong sumpah palsu, gibah, nyarekan batur
jeung sajabana. Sabab ceuk kanjeng Nabi, Allah henteu butuh kana puasana
hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan bohongna,
hartina jalma anu shaum akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu
leuwih trentrem oge barudakna kudu leuwih soleh. Secara spiritual jalma
anu shaum kudu leuwih peka hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-
isyarat Allah nu aya dina damelanana, boh damelan nu aya di langit, di
bumi, nu aya dina awak atawa anu aya dina Al-quran.
َ‫ﻋﻠَﻰ رَ ﺑِّ ِﮭ ْﻢ ﯾَﺘ َﻮَ ﱠﻛﻠُﻮن‬
َ َ‫ﻋﻠَ ْﯿ ِﮭ ْﻢ آﯾَﺎﺗُﮫُ زَ ادَﺗْ ُﮭ ْﻢ إِﯾﻤَﺎﻧًﺎ و‬
َ
Hartosna, saestuna ari jalma anu iman dimana disebut jenengan Allah
bakal sieun hatena, jeung dimana dibacakeun ayat-ayat Allah bakal tambah
imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna (Qs, Al-Anfaal 2 ).
Sacara emosi jalma anu shaum kudu mampu nyengker tina sagala kaambek,
Kangjeng Nabi midawuh yen lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun
urang keur shaum bejakeun yen urang keur shaum, pon nyakitu keneh mun
aya nu ngambek.
Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalma anu gagah lain anu sok
sosorongot tapi jalma anu gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun
nafsuna lamun aya kaambek.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Saterusna jalma anu shaum sacara sosisial kudu hade jeung balarea,
kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur
sadapur jeung batur salembur. Utamana daek silaturahmi, gede hampura,
jembar manah sarta barahan oge kade ulah saruana mun aya jalma nu goreng
adatna.
Hadirin jamaah Id Rahimakumullah
Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta
nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa.
Pidawuh Rasullullah, "Saha jalma nyumponan hajat jalma Islam di bulan
ramadlon maka Allah bakal nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah."
‫ﻋﻠ َٰﻰ ُﻛ ِّﻞ‬
َ ‫ﺳ ِﯿّﺌَﺔً ﯾَﻜُﻦ ﻟﱠﮫۥُ ِﻛ ْﻔ ٌﻞ ِ ّﻣ ْﻨﮭَﺎ ۗ وَ ﻛَﺎنَ ٱ‬
َ ً‫ﺷ َٰﻔﻌَﺔ‬
َ ْ‫َﺼﯿﺐٌ ِ ّﻣ ْﻨﮭَﺎ ۖ وَ ﻣَﻦ ﯾَ ْﺸﻔَﻊ‬
ِ ‫ﺴﻨَﺔً ﯾَﻜُﻦ ﻟﱠﮫۥُ ﻧ‬
َ ‫ﺷ َٰﻔﻌَﺔً َﺣ‬
َ ْ‫ﻣﱠﻦ ﯾَ ْﺸﻔَﻊ‬
‫ﺷَﻰْءٍ ﱡﻣﻘِﯿﺘ ًﺎ‬
"Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina
kahadean, sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal
meunang kagorengan, saenya Allah eta kacida maha kuatna” (Qs Al-Nisa
85-86)
Pidawuh Rasul anu hartosna yen "Saestuna Allah SWT salawasna
bakal nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama
hambana" ( Al-Hadits).
Dina Qs Al- Maidah ayat dua saur Allah
‫وﺗﻌﺎوﻧﻮا ﻋﻠﻰ اﻟﺒﺮ واﻟﺘﻘﻮي وﻻ ﺗﻌﺎوﻧﻮا ﻋﻠﻰ اﻻﺛﻢ واﻟﻌﺪوان واﺗﻘﻮا ﷲ ان ﷲ ﺷﺪﯾﺪ اﻟﻌﻘﺎب‬
Hartosna, "jeung kudu silih tulung tinulung aranjeun dina kahadean
jeung katakwaan, sarta ulah silih tulung tinulung aranjeun dina perbuatan
dosa jeung permusuhan"
Ibadah shaum kudu mampu ngarobah tina sifat sewang-sewangan
kana sifat gotong royong, anu tadina pedit jadi berehan, anu tadina haseum
budi jadi someah. Tah ieu anu disebut kasolehan sosial, ulah lebar ku harta
da harta moal dibawa maot.Urang kudu ngabersihan hate tina cinta kana
dunya ku cara loba sodaqah anu ikhlas. Yu urang titipkeun harta urang
supaya nepi ka Allah melalui panti asuhan, pondok pesantren, masjid, majlis
ta'lim jeng nu sejenna malah mandar eta harta jadi syafaat jaga di poe
kiamah. Pamugi shaum urang sing jadi benteng tina sagala bentuk maksiat
sarta jadi panyinglar tina penderitaan dunya akhirat,
Akhirna sateuacanna di pungkas mangga urang sami sami naprakeun
dampal panangan pikeun munajat kanu maha kawasa, malah mandar sanis
kanten harapan urang sadayana tinekanan, utamina dina danget ieu wabah
anu namina covid 19 kalayan saenggalna sirna ti ieu alam,

‫ض اﻟﻠﮭﻢ‬ َ ْ‫ وَ ار‬، َ‫ﺳ ِﻠﯿْﻦ‬ َ ْ‫ﻋﻠٰﻰ إِﺧْ ﻮَ اﻧِ ِﮫ اﻟﻨﱠﺒِﯿِّﯿْﻦَ وَ ا ْﻟﻤُﺮ‬ َ َ‫ و‬، ِ‫ق اﻟْﻮَ ْﻋ ِﺪ ْاﻷ َﻣِ ﯿْﻦ‬ ِ ‫ﺳ ِﻠّ ْﻢ ﻋَﻠٰ ﻰ ُﻣ َﺤ ﱠﻤﺪِنِ اﻟﺼﱠﺎ ِد‬ َ َ‫ﺻ ِّﻞ و‬َ ‫ا َﻟﻠﮭﻢ‬
‫ وَ ﻋَﻦِ ا ْﻟ ُﺨﻠَﻔَﺎءِ اﻟﺮﱠ ا ِﺷ ِﺪﯾْﻦَ آﻣِ ﯿْﻦُ ﯾَﺎ رَ بﱠ ا ْﻟﻌَﺎﻟَﻤِ ﯿْﻦ‬، َ‫ﺖ اﻟﻄﱠﺎھ ِِﺮﯾْﻦ‬ ِ ‫ وَ آ ِل ا ْﻟﺒَ ْﯿ‬، َ‫ت ا ْﻟﻤُﺆْ ﻣِ ﻨِﯿْﻦ‬
ِ ‫ﻋَﻦْ أ ُ ﱠﻣﮭَﺎ‬
‫ت وَ رَ بﱡ‬ ِ ‫ﺴﻤَﺎوَ ا‬ ‫ ﻻَ إِﻟَـﮫَ إِﻻﱠ ﷲُ رَ بﱡ اﻟ ﱠ‬،ُ‫ ﻻَ إِﻟَـﮫَ إِﻻﱠ ﷲُ رَ بﱡ ا ْﻟﻌَﺮْ ِش ا ْﻟﻌَﻈِ ْﯿﻢ‬،ُ‫ﻻَ إِﻟَـﮫَ إِﻻﱠ ﷲُ ا ْﻟﻌَﻈِ ْﯿ ُﻢ ا ْﻟ َﺤ ِﻠ ْﯿﻢ‬
‫ض وَ رَ بﱡ ا ْﻟﻌَﺮْ ِش ا ْﻟﻜ َِﺮ ْﯾ ُﻢ‬ ِ ْ‫اْﻷ َر‬
‫ي‬ َ ‫ ا َﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ إِﻧِّﻲْ أ َ ْﺳﺄَﻟُﻚَ ا ْﻟﻌَﻔْﻮَ وَ ا ْﻟﻌَﺎﻓِﯿَﺔَ ﻓِﻲ ِد ْﯾﻨِﻲْ وَ دُ ْﻧﯿَﺎ‬،ِ‫ا َﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ إِﻧِّﻲْ أ َ ْﺳﺄَﻟُﻚَ ا ْﻟﻌَﻔْﻮَ وَ ا ْﻟﻌَﺎﻓِﯿَﺔَ ﻓِﻲ اﻟﺪﱡ ْﻧﯿَﺎ وَ اْﻵﺧِ ﺮَ ة‬
ْ‫ وَ ﻋَﻦْ ﯾَﻤِ ْﯿﻨِﻲ‬،ْ‫ وَ ﻣِ ﻦْ َﺧ ْﻠﻔِﻲ‬،‫ﻈﻨِﻲْ ﻣِ ﻦْ ﺑَﯿْﻦِ ﯾَﺪَيﱠ‬ ْ َ‫ ا َﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ اﺣْ ﻔ‬.‫وَ أ َ ْھﻠِﻲْ وَ ﻣَﺎﻟِﻲْ اﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ ا ْﺳﺘ ُﺮْ ﻋَﻮْ رَ اﺗِﻰ وَ آﻣِ ﻦْ رَ وْ ﻋَﺎﺗِﻰ‬
‫ﻈ َﻤﺘِﻚَ أ َنْ أ ُ ْﻏﺘ َﺎ َل ﻣِ ﻦْ ﺗ َﺤْ ﺘِ ْﻲ‬
َ َ‫ وَ أَﻋُﻮْ ذُ ﺑِﻌ‬،ْ‫ وَ ﻣِ ﻦْ ﻓَﻮْ ﻗِﻲ‬،ْ‫وَ ﻋَﻦْ ِﺷﻤَﺎﻟِﻲ‬
‫ﻋﻨﱠﺎ‬
َ ُ‫ُﺼﯿْﺐُ ﺑِ ِﮫ ﻣَﻦْ ﺗَﺸَﺂ ُء وَ ﺗَﺼ ِْﺮﻓُﮫُ ﻋَﻦْ ﻣَﻦْ ﺗَﺸَﺂء اﻟﻠﱣ ُﮭ ﱠﻢ ﻓَﺎﺻ ِْﺮ ْﻓﮫ‬ ِ ‫ض ُﺟ ْﻨﺪٌ ﻣِ ﻦْ ُﺟﻨُﻮْ دِكَ ﺗ‬ َ َ‫اﻟﻠﱣ ُﮭ ﱠﻢ إِنﱠ ھٰ ﺬَا ا ْﻟﻤَﺮ‬
َ‫ﻈﻨَﺎ ﻣِ ﻤﱠﺎ ﻧَﺨَﺎﻓُﮫُ وَ ﻧَﺤْ ﺬَرُ ﻓَﺄَﻧْﺖ‬ ْ َ‫وَ ﻋَﻦْ ﺑُﯿُﻮْ ﺗِﻨَﺎ وَ ﻋَﻦْ أ َ ْھ ِﻠﻨَﺎ وَ أ َزْ وَ اﺟِ ﻨَﺎ وَ ذَرَ ِار ْﯾﻨَﺎ و ﺑ َِﻼ ِدﻧَﺎ وَ ﺑ َِﻼ ِد ا ْﻟ ُﻤ ْﺴﻠِﻤِ ﯿْﻦَ وَ اﺣْ ﻔ‬
َ‫َﺧﯿْﺮٌ ﺣَﺎﻓِﻈًﺎ وَ أَﻧْﺖَ أ َرْ َﺣ ُﻢ اﻟﺮﱠ اﺣِ ﻤِ ﯿْﻦ‬
‫ﺳﯿِّﺊِ اﻷ َ ْﺳﻘَﺎمِ‬ ‫ص‪ ،‬وَ ا ْﻟ ُﺠﻨُﻮنِ ‪ ،‬وَ ا ْﻟ ُﺠﺬَامِ ‪ ،‬وَ ﻣِ ﻦْ َ‬ ‫اﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ إِﻧِّﻲ أَﻋُﻮذُ ﺑِﻚَ ﻣِ ﻦَ ا ْﻟﺒَﺮَ ِ‬
‫ﻄﻦَ ‪،‬‬ ‫ظﮭَﺮَ ﻣِ ْﻨﮭَﺎ وَ ﻣﺎ ﺑَ َ‬
‫ﻻز َل وَ اﻟﻤِ ﺤَﻦَ ‪ ،‬وَ ﺳُﻮ َء اﻟ ِﻔﺘ َﻦِ ‪ ،‬ﻣَﺎ َ‬ ‫اﻟﺰﻧﺎ وَ اﻟﺰﱠ ِ‬ ‫اﻟﺮﺑﺎ وَ ِ ّ‬ ‫ﻋﻨﱠﺎ اﻟﻐَﻼ وَ اﻟﻮَ ﺑَﺎء وَ ِ ّ‬ ‫اﻟﻠ ُﮭ ﱠﻢ ارْ ﻓَﻊْ َ‬
‫ﺻﺔً وَ ﻋَﻦْ ﺳَﺎﺋ ِِﺮ ﺑِﻼ ِد اﻟ ُﻤ ْﺴﻠِﻤِ ﯿﻦَ ‪ ،‬ﺑِﺮَ ﺣْ َﻤﺘِﻚَ ﯾَﺎ أِرْ َﺣ َﻢ اﻟﺮﱠ اﺣِ ﻤِ ﯿﻦَ‬ ‫ﻋَﻦْ ﺑَﻠَ ِﺪﻧَﺎ َھﺬَا ﺧَﺎ ﱠ‬
‫ت‬
‫ق وَ ﺗ َﻮْ ﺑَﺔً ﻗَ ْﺒ َﻞ ا ْﻟﻤَﻮْ ِ‬‫اﻟﺮزْ ِ‬
‫ﺴ ِﺪ وَ ِزﯾَﺎدَة ً ﻓِﻰ ا ْﻟ ِﻌﻠْﻢِ وَ ﺑَﺮَ َﻛﺔً ﻓِﻰ ِ ّ‬ ‫ﺳﻼَ َﻣﺔً ﻓِﻰ اﻟ ِﺪّﯾْﻦِ وَ ﻋَﺎﻓِﯿَﺔً ﻓِﻰ ا ْﻟ َﺠ َ‬ ‫ا َﻟﻠ ُﮭ ﱠﻢ اِﻧﱠﺎ ﻧَ ْﺴﺌَﻠُﻚَ َ‬
‫ﱠﺎر وَ ا ْﻟﻌَﻔْﻮَ‬
‫ت وَ اﻟﻨﱠﺠَﺎة َ ﻣِ ﻦَ اﻟﻨ ِ‬ ‫ت ا ْﻟﻤَﻮْ ِ‬ ‫ﺳﻜَﺮَ ا ِ‬ ‫ﻋﻠَ ْﯿﻨَﺎ ﻓِﻰْ َ‬‫ت‪ .‬ا َﻟﻠ ُﮭ ﱠﻢ َھ ّ ِﻮنْ َ‬ ‫ت وَ َﻣ ْﻐﻔِﺮَ ة ً ﺑَ ْﻌﺪَ ا ْﻟﻤَﻮْ ِ‬
‫وَ رَ ﺣْ َﻤﺔً ِﻋ ْﻨﺪَ ا ْﻟﻤَﻮْ ِ‬
‫ب‬
‫ِﻋ ْﻨﺪَ اﻟْﺤِ ﺴَﺎ ِ‬
‫اﻟﺼ ﱠﺤ ِﺔ‬
‫ق وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟﻘُﻮﱠ ةِ وَ أَﺑْﻮَ ابَ ِ ّ‬ ‫اﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ ا ْﻓﺘ َﺢْ ﻟَﻨَﺎ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟ َﺨﯿ ِْﺮ وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟﺒَﺮَ َﻛ ِﺔ وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟﻨِّ ْﻌ َﻤ ِﺔ وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟ ِ ّﺮزْ ِ‬
‫وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟﺴ َﱠﻼ َﻣ ِﺔ وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟﻌَﺎﻓِﯿَ ِﺔ وَ أَﺑْﻮَ ابَ اﻟ َﺠﻨﱠ ِﺔ‬
‫ﻖ اﻟﻘُﺮْ آنِ اﻟﻌَﻈِ ﯿْﻢِ وَ ﻧَﺒِﯿِّﻚَ اﻟ َﻜ ِﺮﯾْﻢِ ﺷَﺮﱠ اﻟﺪﱡ ْﻧﯿَﺎ‬ ‫ﻋﻨﱠﺎ ﺑِ َﺤ ّ ِ‬
‫ف َ‬ ‫ب اﻵﺧِ ﺮَ ةِ وَ اﺻ ِْﺮ ْ‬ ‫ﻋﺬَا ِ‬ ‫اﻟﻠﱠ ُﮭ ﱠﻢ ﻋَﺎﻓِﻨَﺎ ﻣِ ﻦْ ُﻛ ِّﻞ ﺑ ََﻼءِ اﻟﺪﱡ ْﻧﯿَﺎ وَ َ‬
‫َﺼﻔُﻮْ نَ‬‫ﻋﻤﱠﺎ ﯾ ِ‬‫ب اﻟﻌِﺰﱠ ةِ َ‬ ‫ﺳ ْﺒﺤَﺎنَ رَ ﺑِّﻚَ رَ ِّ‬ ‫ﻏﻔَﺮَ ﷲُ ﻟَﻨَﺎ وَ ﻟَ ُﮭ ْﻢ ﺑِﺮَ ﺣْ َﻤﺘِﻚَ ﯾَﺎ أ َرْ َﺣ َﻢ اﻟﺮﱠ اﺣِ ﻤِ ﯿْﻦَ ‪ُ ،‬‬ ‫ﻋﺬَابَ اﻵﺧِ ﺮَ ةِ‪َ ،‬‬ ‫وَ َ‬

Anda mungkin juga menyukai