Anda di halaman 1dari 6

CONTOH PAGUNEMAN BASA SUNDA

PR Sakola

Agung: Déd, PR basa Sunda enggeus can? (Ded, PR bahasa Sunda sudah belum?)

Dédi: Aya PR kitu? (Ada PR kah?)

Agung: Aya, naha teu apal? (Ada, kamu tidak tahu?)

Dédi: Pan basa pelajaran basa Sunda urang teu sakola, gering. (Kan waktu pelajaran bahasa Sunda aku
tidak sekolah, sakit.)

Agung: Éh heueuh nya. (Oh iya ya.)

Dédi: Cing atuh ninggali soalna! (Coba saya lihat soalnya!)

Agung: Ngan hiji da soalna mah. Nyieun conto paguneman. (Soalnya cuma satu. Bikin contoh
percakapan.)

Dédi: Ngeunaan naon? (Tentang apa?)

Agung: Bébas éta mah. Rék ngeunaan nanaon gé kumaha urang. (Bebas. Mau tentang apa pun terserah
kita.)

Dédi: Agung enggeus can? (Agus sudah belum?)

Agung: Encan, sugan téh Dédi enggeus rék ninggali contona. (Belum, kirain Dedi sudah saya mau melihat
contohnya.)

Dédi: Iraha dikumpulkeunana? (Kapan dikumpulkannya?)

Agung: Isuk. (Besok).

Dédi: Engké balik sakola atuh urang pigawé. (Nanti sepulang sekolah kita kerjakan.)

Agung: Hayu. (Ayo.)


Tentang Keluarga

Encep: Agus kagungan raka teu? (Agus punya kakak enggak?)

Agus: Henteu, abdi mah cikal. (Tidak, saya anak sulung.)

Encep: Dupi rai, kagungan? (Kalau adik, punya?)

Agus: Gaduh dua. Pameget hiji, istri hiji. Dupi Encép? (Punya dua. Laki-laki satu, perempuan satu. Kalau
Encep?)

Encép: Abdi mah, lanceuk dua, adi hiji. (Saya punya dua kakak, satu adik.)

Agus: Tuang raka tos narikah? (Kakakmu sudah pada menikah?)

Encép: Pun lanceuk anu cikal tos nikah ka urang Karawang. Anu ka dua kuliah kénéh di Bandung.
(Kakakku yang pertama sudah nikah ke orang Karawan. Yang ke dua masih kuliah di Bandung.)

Agus: Dupi éta tuang rai tos sakola? (Kalau adikmu sudah sekolah?)

Encép: Pun adi mah teu acan sakola, nembé yuswa opat taun. Tuang rai tos sarakola? (Adikku belum
sekolah, baru umur dua tahun. Adikmu sudah pada sekolah?)

Agus: Atos, pun adi mah duanana ogé. Nu hiji kelas 5, si bungsu kelas 2. (Sudah, adikku dua-duanya
sudah sekolah. Yang satu kelas 5, yang bungsu kelas 2.)

Encép: Dupi tuang rama sareng tuang ibu di mana damelna? (Kalau ayah dan ibumu kerja di mana?)

Agus: Pun bapa icalan di pasar, pun biang mah aya wé di rorompok. Dupi sepuh Encép damel naon?
(Ayahku dagang di pasang, ibuku di rumah aja. Orangtua Encep kerja apa?)

Encép: Pun bapa janten satpam di pabrik, pun biang mah teu damel sapertos tuang ibu. (Ayahku jadi
satpam di pabrik, ibuku tidak bekerja seperti ibumu.)

Agus: Mugi-mugi sepuh sareng kulawargi urang sing sarehat nya. (Semoga orang tua dan keluarga kita
pada sehat ya.)

Encép: Aamiin.
Ka Perpustakaan

Dadang: Din, urang méngbal yu ah. (Din, kita main bola yu!)

Candra: Embung, urang mah teu resep méngbal. (Tidak mau, saya tidak suka main bola.)

Dadang: Resep naon atuh? (Emangnya hobi apa?)

Candra: Resep voli urang mah. (Saya suka voli.)

Dadang: Sarua nya karesep téh kana nyoo bal. (Hobi kita sama ya mainin bola.)

Candra: Enya. Bédana téh ari ku urang mah bal téh diteunggeulan, ku manéh mah ditajongan. (Iya.
Bedanya itu kalau oleh aku bolanya dipukul, oleh kamu ditendang.)

Dadang: Ha ha ha.
Ka Tempat Wisata

Tamu: Sabaraha karcisna Pa? (Berapa karcisnya Pak?)

Petugas: Mirah, mung lima rébu sajalmi. (Murah, hanya lima ribu per orang.)

Tamu: Dupi murangkalih, sami lima rebu? (Kalau anak-anak, sama lima ribu?)

Petugas: Murangkalih nu yuswana kirang ti sapuluh taun mah bayarna mung tilu rébu. (Anak-anak di
bawah 10 tahun bayarnya cuma tiga ribu.)

Tamu: Upami tamuna seueur tiasa kirang teu? (Kalau tamunya banyak bisa kurang lagi?)

Petugas: Tiasa, ké dikirangan sakedik. (Bisa, nanti dikurangi sedikit.)

Tamu: Aya fasilitas naon waé di dieu? (Ada fasilitas apa saja di sini?)

Petugas: Seueur. Di antawisna tempat parkir di lebet lega, tempat-tempat kanggo popotoan, kolam
renang, sareng tempat ameng murangkalih. (Banyak. Di antaranya tempat parkir di dalam luas, tempat-
tempat selfie, kolam renang, dan tempat bermain anak-anak.)

Tamu: Parkir aman? kedah mayar deui teu? (Parkir aman? harus bayar lagi enggak?)

Petugas: Aman. Kantenan. Mobil dua rébu, motor sarébu. (Aman. Iya. Mobil 2 ribu, motor seribu.)

Tamu: Diwaktos teu Pa? (Diwaktu enggak pak?)

Petugas: Henteu, sawaregna wé. (Tidak, sepuasnya saja.)

Tamu: Oh muhun, hatur nuhun, Pak. (Oh iya, terima kasih, Pak.)

Petugas: Mangga, sami-sami. (Baik, sama-sama.)


Cita – Cita

Gani: Dan, cita-cita hayang jadi naon? (Dan, cita-citamu mau jadi apa?)

Dadan: Hayang jadi Bupati. (Mau jadi Bupati.)

Gani: Naha? (Kenapa?)

Dadan: Ambéh bisa ngabangun wewengkon urang jeung méré mangpaat ka jalma réa. Ari Gani hayang
jadi naon? (Agar bisa membangun daerah kita dan memberi manfaat bagi banyak orang. Kalau Gani mau
jadi apa?)

Gani: Urang mah hayang jadi arsiték. (Aku mau jadi arsitek.)

Dadan: Naon arsiték téh? (Apa itu arsitek?)

Gani: Tukang ngarancang wangunan. (Ahli merancang bangunan.)

Dadan: Naha hayang jadi arsiték? (Kenapa mau jadi arsitek?)

Gani: Ambéh bisa mangnyieunkeun imah anu merenah keur kolot. (Agar bisa bikinin rumah yang
nyaman untuk orangtua.)

Dadan: Hadé tah pamaksudan téh. Muga-muga sing tinekanan. (Bagus tuh tekad. Semoga terlaksana.)

Gani: Aamiin. Cita-cita Dadan ogé sing kahontal. (Aamiin. Semoga cita-cita Dadan juga tercapai.)

Dadan: Aamin.
TUGAS KELOMPOK
SD PANATAGAMA SUBANG
TAHUN PELAJARAN 2022/2023
NIlai :
Alamat: Jln. Darmodiharjo No. 23 A, Sukamelang, Subang
Telp.(0260) 424 2629 /WA : 081222796135
website: sdpanatagama.sch.id | email: sdpanatagama@gmail.com

Mata Pelajaran : Basa Sunda Hari/Tanggal :


Kelas : 3 (Tiga) Waktu : 30 Menit

Kelompok :

Anggota

1. ..
2. ..
3. …
4. …
5. ..

1. Pek jieun cotoh paguneman siga contoh !

Anda mungkin juga menyukai