Anda di halaman 1dari 4

Salamna sinerang hormat Mangga kasadaya warga

kaum muslimin muslimat Dalaftarkeun para putra

nu hadir di ieu tempat Isyaalloh pasti bisa

mugia ngengingkeun rohmat Terjangkau dina biyaya

ayeuna sanes pidato Abdi teh bade yebatan

ti abdi nu janteun guru Sadaya guru pengajar

yayasan urwatul wustha Sareng mugi di pasihan

menerima siswa baru Kasehatan kango ngajar

ti kawit PAUD jeng Tk Kyai cecep firmansyah

pasantern sareng iremad Janteun kepala sekolah

dalaftarkeun ti ayeuna Smp nu tos merenah

kakantor sekretariat Ngabimbing santri santriyah

sareng bade nguningakeun Gaduh visi anu hebat

ti para setap pengajar Menjadi sekolah kuat

anu bade naleraskeun Berwawasan iptek imtak

lulusan sekolah dasar Berprestasi dan berahlak

ayeuna parantos aya Pak nandang ali nurjaman

SMP sareng SMK Janteun Kepala smk

Urwatul wustha namina Istrina ti gunungkondang

Di gunung kondang tempat na Putra haji ujang jaya

Teu kedah jauh milari Anjen na terus berkorban

Terpadu atos teruji Ngamajengkeun pendidikan

Berbasis ilmu agami Religius berlandaskan

Mencetak para kyai Keimanan ketakwaan


Namina kyai Dani Kyai cep irfan Hilmi

Janteun kepala madrasah Putran wakil Pimpinan

Janteun mantu akang haji Gaduh mamah ibu Ai

Ka ibu ani aziazah Asalna ti kecamatan

Anjena yepang lembaga Hatena ngaraos bingah

Di yayasan pendidikan Di gunungkondang Tos betah

SPS TAAM TKA Gaduh bojo bu aisya

Dugika ngaos mingonan Warga na ti cipatujah

Namina Kyai Aji Kyai Acep namina

Putra ka 3 ti akang Anwar muhtadin panjangna

Tos lami di ajar ngaji Mantu akang nu ka lima

Haur kuning bantar gedang Kawait na ti sukaraja

Kenging elmu ngajarkeun na ari kawit masantren na

Murid SMP SMK ti sukahideng lamina

Sareng bojo nu setia cita-cita pang agengna

Bu Yimas Ti Majalaya hoyong gaduh mobil lima

Namina Kyai Ilham

Ti sambong girang teu lepat

Janteun urang gunung kondang

Mantu akang nu ka opat

Ari karesep ajen na

Kana manuk di piara

Anu eta teh maksadna

Kekempel ongkos umrohan


Umat islam ahir zaman Kana sholat ngahir-ngahir
seueur anu kasasaran majar pameng pidamelan
ucap lampah patékadan nyiar dunya séséépan
seueur pisan pamusyrikan sholatna rék di qodoan
Musyrik kufur pamurtadan Seeur paréntah pangeran
tos jadi kabiasaan anu kedah dilakonan
teu iyeuh jadi pikiran kalakah seueur alasan
matak ruksak kana iman majarkeun téh karepotan
Syahadat sok di ucapkeun Éling-eling umat islam
sholat ogé dilakukeun sing éling kana aturan paréntah alloh
majarkeun téh cukup iman jeung lakonan
ngaku ka islaman paréntah setan singkahan
Najan laku teu napakan Mun hirup hoyong salamet
kana aturan pangéran iman urang mah sing kuat
teu gaduh rasa nyalahan perintah alloh sing taat
éta téh pangajak setan sanajan karaosna berat
Ari ngaku umat islam Al-qur’an tong dijauhan hadits ulah
ari lampah siga sétan disisihkeun
mabok zinah perjudian ayatna jadi bacaan
anu jadi pisdamelan maknana geura lenyepan
Seueur ulama diancam Hayu dulur urang tobat
pedah ngajak lebet islam meumpeung urang masih sempat
da kuring mah enggeus iman da ibadah urang sing ningkat
cukup islam turunan meungpeung tacan kena maot
Ulama dipika ngéwa nerangkeun
aturan hakna
ngajak sholat jeung zakatna
majar bosen ngadengena
Seueur ajengan nerangkeun
kana hukum ti pangeran
seueur anu ngabalieur
bongan jauh jeung kahayang
Seueur ucap pagawéan
teu sesuai jeung aturan
jiga hadé sareng iman
padahal mah kasasaran
Bismilah abdi ngawitan Taya hukum nu miwarang
macakeun ieu nadoman nutup orat sakahayang
mugi janten kasaéan nganggo calana paspasan
ulah janten kaawonan orat kapéndékan
Maksadna ieu nadoman Lamun pareng nganggo tudung
ngemula kanu lalieun ngan ukur jadi hiasan
hapunten ka nu can terang lamun pareng nganggo tudung
abdi seja ngawartosan pedah rék pangaosan
Éling-éling para istri Sing hawatos kana badan
masing nyaah kana diri sing émut kana ancaman
tutup orat mah sing buni jahanam téh tos ngantosan
éta téh paréntah gusti mun uran tos di maotan
Katerangan tina qur’an
nutup orat kawajiban
pikeun istri anu islam
pameget gé teu kasingsal
Oratna kapara istri
sadaya badan tutupan
dampal panangan jeung raray
éta mah wios katinggal
Upami nganggo raksukan
kaéna sing serba lébar
teu kengeng ngapas keun badan
éta paréntah pangeran
Ayeuna tos akhir zaman
seueur istri kaleuwihan
nutup badan suka kahayang
nganggo acuk dapon nyangsang
Istri dijaman kiwari
niru-niru ka lalaki
nganggo acuk mani nyéksi
narik birahi lalaki
Teu saalit para santri
kabawa masa kiwari
kana aturan parantos lali
nutup orat henteu buni

Anda mungkin juga menyukai