Anda di halaman 1dari 7

Materi Keresahan : Awewe

Urang geuleuh ka awewe nu nganilai lalaki ngan ukur tina harta. Nampik aing, pedah sangsara,
Saleuheung ari mantes mah! Enya body na mah hade, stelan K-Pop zaman ayeuna tea, ngan beungeut
jiga pulangan keretek! Ajig! Geus mah kusut, lecek, bau tarason deuih!

Kudu boga rarasaan sateh! Ngan aing hungkul nu resep ka manehna oge. Bari lain rek dikawin, keur
maraban buta! Ku aing Wadalkeun ajig, beunghar-beunghar puguh!

Barina ge mun urang geus beunghar moal modal daek ka sia, goreng-gorengna Anya geraldin! Pedah we
ngadeketan maneh teh sugan daek diparaban ku dage. Susuganan rayagung bisa kajual! Lumayan jang
modal ngadu gaang.

Revisi:

Urang geuleuh ka awewe nu nganilai lalaki ukur tina harta. Teu paduli perjuangan lalakina jiga kumaha,
nu penting imah gede, mobil hade, Panyakit TBC!. Saleuheung sateh ari geulis mah, Aya alaeun! Ieu
Geus ditulungan ku filter tik tok kalah jiga dajjal awewena!

Barina ge nya, mun lalaki geus beunghar moal daek ka awewe jiga sia, goreng-gorengna jiga Miriam
Belina! Yeuh… Lalaki bakal merjuangkeun awewe anu aya alaeun. Sabenerna rupa bisa jadi nomor dua,
salila awewe boga akhlak anu hade. Tapi leuheung keneh kalakuan goreng, tepi geulis, bakal loba keneh
nu Bogoheun. Dibanding geus kalakuan ruksak, rupa jiga cakcak calangap. Meni kabina-bina sateh.

Kudu boga rarasaan atuh! Tong gede hulu Mun aya lalaki nu ngadeketan. Lain rek dikawin, tapi keur
maraban buta! Awewe jiga samah. Ku aing Wadalkeun sakalian, beunghar-beunghar puguh!

***

Aing kesel ka awewe kampung anu balaga, pedah geus ngasaan alun-alun bandung, meni asa pang
majuna. Saeutik-saeutik pamer, Insta story ngahakan steak, Insta story staycation di hotel mewah, ari
nyebrang di Sudirman neangan cukang!

“aa kalau mau nyebrang disini cukangnya sebelah mana?” Bagooyyy, cukang cenah! “Heh Entin! Paragi
nyebrang dijalan mah lain cukang atuh tapi SASAK! Sateh!

Mun imah maneh pantes ku cukang. Imah sisi gawir tapi gaya jiga juragan mesir. Padahal aing ge apal sia
bisa hirup minggu ayeuna gara-gara kanyaah bank emok. Gagayaan siah, sakalina meuli barang mahal,
kudu ngagade kartu vaksin! Matak geus we hirup mah saayana, tong hayang katingali maju tapi matak
jangar kana hulu. *gebuk kamera*

***

Urang geuleuh ka awewe nu ngaku sosialita ari dana saayana. Sok-sokan update instastory, motokeun
kopi jeng casing hape nu warna warni. Terus captionna “Staycation dlu ”. Alah staycation cenah,
WADUK, AJIGG!!!. Staycation-staycation! Ari notif michat trung treng! Padahal mah jujur we atuh, nuju
icalan! Kituh!

Jeung sok aneh ka awewe anu dagang ”taeun” di michat. Teu kreatif, template we iklanna teh. Open
Say, ST 300k, Include room, main santai, NO PHP, PHP Block! Terusnya Fotona nembongkeun beulahan
nenen, lamun hente motokeun beungeut tapi ngan satengah. Naha kudu kitu? Era? Sieun kaganggih ku
salaki? Atau bengeutna emang setengah, nu satengahna deui bungkus garpit? Kitu?

Tapi hampura aing mah jelema bageur atuh, apal nu kitu teh lain osok ka oyo, Kade ulang salah paham!
Urang mah jelemana ilmiah, hyang apal, jadi Riset! Ngan piraku we….! Astagfirullah.

***

Yeuh nya, awewe mah mahluk anu paling hese ditebak. Jigana babari keneh nebak kiamat daripada
nebak isi pikiranna. Urang pernah nya boga awewe, trus ngajak ulin manehna ka taman kota. Keur
ngeunah diuk paduduaan dina bangku taman. Manehna nu tadina nyoo hp, ngadadak jempe. Tanpa aba-
aba, jol ngajerit “AING HAYANG LODONG! “

Aing nu rek nguliat ngadadak olohok atuh! Eeeeeeh…. Ai kamu kunaon? Eleh selot? Jol manehna teh
ngusap beungetna bari ceurik. Kamu mah gak ngerti, Aku teh lagi PMS tau!

WAWWWW! Urang ngan bisa olohok bari nyabok pipi sorangan. Ieu urang teu eureup-eureup kan!
Bayakengkeun keur paduduaan, suasana tenang, kabogoh maneh ngajeurit hayang lodong.

***

Urang kesel ka awewe nu sok ngambek lamun aya batur nu nurutan manehna. Urang pernah nya keur
ulin di BIP, terus keur silih cekel leungeun, maneh na ojol2 ngalesotkeun, tuluy ngagebug urang make
kantong. Jeplak!

Aing nu keur caper ka spg yakult ngadadak soak, sugan the kapanggih. Haaah! Kenapa?

Jol maneh na teh ngaleos ka sisi bari baeud. Urang nu rumasa salah ngudag manehna “Kamu kenapa,
aku salah?” pas urang rek nuluykeun omongan, manehna jol ngomong “Kenapa itu bajunya sama?”
nunjuk awewe nu keur ngasuh budakna. Haaah???? Pan edan nya, Maenya aing kudu luncat wae kitu ti
lantai 3?

PAdahal mah ken baenya, pas kersakola ge kan bajuna sarua kabeh. Naha ari keur ulin ngadon embung?

Cigana awewe mah mun keur sakola ge embung make saragam. Mening keneh make baju Guru.

***

Aing kesel ka awewe nu sok ngetes-ngetes kabogohna. Naha bet kudu tes, da lain rek nyieun SIM. Aing
bobogohan jeung maneh atau jeung kepala samsat.

Urang pernah nya bobogohan jeung awewe. Leuheung cing teh geus 3 poe teu pasea. Alhamdulillah
ceuk urang teh. Eh pas hudang sare, ngecek hape, manehna nga chat kieu “Kalo aku mati hari ini, kamu
gimana?” Haaaaaah!!! Batur isuk isuk sarapan bubur, aing isuk-isuk geus titah ngagali kubur!

Hudang sare ditanya kitu, maneh ngaharepkeun urang ngajawab naon? Maenya urang kudu ngajawab
“Aku bakal setia sama kamu, bakal menutup diri untuk semua Wanita dan bujangan sampai tua
bangka!” rek kitu? Nya teu sudi teuing, da kudu anakan urang ge.

Tapi jadina serbasalah, dijawab bener sieun manehna leuwih ngambek, ari dijawab bohong urang dosa.
Pan dilemma. Sok bayangkeun, isuk-isuk geus dibere kuis dadakan, tukang tahu bulat ge jantungan atuh.
Matak geus tong disiar-siar geura, lalaki nu serius teu kudu loba ditanya, tingali tina usaha jeung
perjuanganna. Tapi matak ditanya kitu ge urangna bangsat merennya.

Bobogohan zaman ayeuna mah geus siga sarjana. Saleuheung mun kuliah mah, ujian, lieur tapi menang
ijazah. Bisa dipake gawe. Ieu bobogohan, diuji unggal poe, lieurna leuwih-leuwih, terus menang ijazah?
Kan hente. Terus menang naon? Dosa Jinah? Astagfirullah. Tapi emang ngenah! Eh!

***

Urang sok aneh ka awewe nu ngabanding2keun karesep lalaki jeung manehna. Urang pernah nya keur
resep futsal, awewe urang ngambek “Kamu milih futsal atau aku”, urang keur resep maen game “Kamu
milih game atau aku”, Urang keur resep naek gunung “Kamu milih naik gunung atau naikin aku?” Hah
kumaha? Nya urang milih naek gunung lah! Sehat refresh otak. Naikin kamu mah ngan meunang dosa
hungkul. Eh nya dosa atuh, maenya urang kudu nincak hulu maneh make sapatu gunung. Pan bahaya!

***

Urang sok aneh mun ngadenge awewe ngobrol, nyampur-nyampur Bahasa Sunda jeung Indonesia.
Maksud urang, mun rek sunda nya sunda mun rek indo nya indo. Tong dicampur-campur jadi lieur ka
aingna. “Aku mah ya kemarin nyaba ke lembang, terus nyangu dikebon enteh meni asa Bahagia kagiri-
giri” tuh nya da aneh atuh. Bayangkeun mun maneh panggih jeung parbu siliwangi, pas ditanya jawabna
kitu. Moal teu dipaksa moksa.

***

Sok aneh ka awewe nu ngarasa Korban lalaki, padahal manehna penjahat sabenerna. Urang pernah di
tuduh salingkuh pedah chatan jeung awewe, padahal ngan ukuran babaturan usaha. Ari manehna
chattan jeung loba lalaki teu ngarasa salah. Bahkan pernah nya urang mergokan manehna keur ulin
jeung lalaki lain, cenah ngakuna babaturan. Rek prasangka alus tapi teu bisa, maenya babaturan ari
nangkep jiga bencong kabawa banjir. Kuat ka tipepereket.

***

Urang geuleuh ka awewe nu ukur ningali harta. Ari pas urang keur sagala aya, tuluy we ngangajak kawin.
Tapi pas urang keur sangsara ngomongna can siap cenah. Mun kitu sia lain bogoh ka aing, tapi bogoh ka
harta aing. Mun sia hayang nu sagala aya tong neangan sasaha, tapi jadi pagawe Borma. Dina teu
balanja ge seubeuh-seubeh ku AC atuh.

***

Urang kapok mun kenalan jeung awewe disosmed. Loba tipu daya jeung marabahaya. Kenalan di
sosmed mah ibarat balap motor teu make helem. Lamun labuh lain saukur bohak, tapi geger otak. Urang
pernah kenalan jeung awewe, dina foto hade pas panggih rumek, ari keur chatingan rame pas panggih
ngabangke. Keur nelpon ngomona amis, pas panggih matak panas tiris.

Baheula mah di sosmed teh masih keneh lumayan. Dina foto profil geulis pas datang biasa. Ari zaman
ayeuna mah ngaco pisan. Dina fotomah Anya Geraldin, pas panggih sendal karvil coba. Jadi lain ukur
beda jauh tapi beda jenis. Meuli samangka dibere anggur mah masih mending sajenis buah keneh. Ieu
mah meuli melon di bere santet. Sok rek kumaha narima.
Awewe ayeuna mah teu cukup ku disebut geulis. Hayangna teh di sebut Bidadari. Matak efortna
kamalinaan. Teu cukup ku kosmetik, make filter. Teu cukup ku filter, make aplikasi. Teu cukup ku aplikasi
rek make naon deui? Kontraktor! Rek mayar adi karya jang ngarombak beunget sia? Bener alus! Batur
hayang geulis cukup ku pensil alis, maneh mah di garo make Beko?

***

Urang geuleuh ka jelema mun rek gelut mabok heula. Matak naon? Ngarah teu karasa mun katenggeul?
CUPU! Kurang Greget. Ibarat maneh ngorong tapi make sarung tangan. Teu karasa nikmatna. Mun enya
aya kawani mah gelutna keur kaayaan sadar trs tangan kosong, 1 vs 1. Eta karek lalaki. Tapi da ari Lalaki
nu sabenerna mah tara gelut. Manehna bakal tetap tenang sakumaha aya nu ngaganggu oge.

*PLAK* *Aya numaledog*

Naon sia buludag baledog, Wani ka urang. Hayang diadu! *Nginum heula* “Anying kadieu wani mah,
kuaing doded anying!”

***

Aing geuleuh ka netizen nu koar-koar soal toleransi, ari maneh na teu toleran ka pehaman batur. Urang
kamari ningali postingan artis ngenaan Pemain maroko nu selebrasi ngelehkeun Portugal, captionna
Power of Doa Ibu. Terus aya komen netizen nu kieu “kalau tim yang kalah emang gak didoain ibu nya,
jangan gitu lah. Ini sepak bola jangan dibawa ke urusan agama”

Ieu si Anjing aneh jelema teh. Teu ningali konteks naon ngabacot we sangeunahna. Maksud artis eta doa
kolot bisa nyieun cita-cita anakna jadi kanyataan. Tapi manehna nganilai caption si artis teu etis, kusabab
lamun enya eta gara-gara kekuatan doa indungna naha doa indungna nu lain teu didenge ku pangeran?

Nu aing geuleuh ieu jelema geus ngusik pahamahan aing. Kahiji, naha kudu aya Bahasa tong mamawa
sepak bola ka ranah agama.Yeuh dengekeun, Diislam kabeh detil kahirupan dinilai ibadah lamun
diniatan ku karidhaan pangeran. Jadi Bahasa tong mawa sepak bola karanah Agama teu bisa di tarima.
Kusabab tong boro sepakbola, urang kiih lamun diniatan ibadah bisa jadi pahala, komo hal lain nu leuwih
gede.

Kadua, lamun logikana siga kitu, bararti manehna nganggap kasuksesan teh lain gara-gara doa. Tapi ngan
ukur tina hasil gawe sorangan. Terus manehna nganilai doa teh ritual ke agamaan ari ngamulyakeun
kolot mah lain. Jadi maneh na teu masalah pas si artis ngaganti captionna jadii Kekuatan dari
memulyakan orang tua.

Jadi ieu jelema liberal, nu misahkeun hal-hal nu berbau ritual agama tong di campurkeun jeung
kahirupan diluar agama. Padahal diislam kabeh detil kahirupan di atur ku agama jadi moal bisa dipisah-
pisah.

Jadi manehna tolol, nganggap agama teh aturan nu ngan saukur nguruskeun ritual nu aya hubunganna
antara hamba jeung pangeran. Sedangkeun kahirupan diluar ritual agama diatur ku tatacara jelema.
Materi Umum:

Urang kasiksa mun shalat berjamaah teu make kopeah. Pas sujud buuk kadiukan kunu dihareup.
Saleuheung ari sujud rakaat ka hiji mah da sekedeng, maneh na cengkat urang salamet. Ieu mun geus
sujud dirakaat kadua pan lila nya, da kudu tahiyyat. Rek ceungkat peureus, ari diantep maenya aing
tahiyat awal jiga soang neureuy gantar? Eleugeug we jeceng nya? Pan urang kasiska, tapi da kumaha
atuh?. Mun aing maksa ceungkat, ieu aki-aki nu hareup paur jungkir balik. Allahuakbar! Urang cengkat
aki-aki sakarat. Baturmah takbir teh meunang pahala, aing mah kalah cilaka.

***

Aing kesel kanu jumatan, mun ngaaminkeun doa gogorowokan! Allahuma Antasalam. AAMMIIINN! Naha
samarukna pantes kitu? Sia teh nga aminkeun doa atau reuwas bobogaan kadiukan!? Ngadoa mah kudu
khusyu sateh! da sia teh keur barang penta ka pangeran. Kumaha mun Allah Bendu, balik jumatan sia di
kutuk jadi toa mushola ?

Saleuheung ari budak leutik mah da can ngarti. Ieu geus ngimpi kawin unggal sare, ari kalakuan
siksaseun munkar nakir sia mah. Eling hey, jumataan teh ibadah wajib. Mun hayang heureuy ngke dijlan
balik jumatan, Dagoan, mun aya ojeg ngebut geuwat-geuwat cium spido meterna ku sia. DAK! Pan resep
mun congor maneh jeding nepi jumatan hareupna.

Sia mah cacakan kanu nyiptakeun geus kitu! Komo kanu sejen? Boa-boa maneh mah wani
ngadegungkeun kolot mun teu dibere meuli jang kuota. Tobatan Koplok!

***

Aing sok aneh ka urang sunda, mun nanyakeun jelema pasti nu diungkit kagorenganna. “Mang apal si
adit te?”, “Adit nu mana?”, “Eta nu bengeutna poek”. Tuh nu di terangkeun pasti ka gorenganna.

Gara-gara rupa, urang pernah rek digebugan ku orang cipageran. Pas rek indit ka kampus aing di cegat
dihareupeun gerbang tuluy ditanya “Hei kamu orang irian temennya si Alex yaa” aing bari reuwas
ngajawab “Sanes a, abi mah teu terang alex saha” bari make logat tasik, geus ditembal kitu, angger we
keukeuh kudu aing urang irian. Maenya Bapa aing the pan ngarana Pak Asep, Indung Aing Bu Lilis, Tina
ngaran oge geus sunda pisan. Piraku aing kudu ngaku orang Wamena? Pan tolol!

Heh teu salilana kulit hideung buuk galing orang timur. Aing enya ge rupa kieu, katingali atuh tina logat.
Ngomong kieu mah geus pasti URANG GABON!

Urang teu masalah jeung urang irian, dikampus ge urang boba babaturan futsal. MAranehna balageur
sabenerna mah. Ngan urangna we nu sok nganilai jelema tina rupa.

***
Materi Introvert

Jadi jelema introvert di usia kolot teh hese pisan. Hayang ngarumah tangga, tapi babaturan awewe geus
karawin kabeh. Rek kenalan jeung awewe anyar hoream basa basi jeung geus males drama. Hayangna
siap saji jiga meuli KFC.

Atau Kumaha lamun pamajikan teh bisa dibeuli di Lazada, tinggal milih corak, terus asupkeun kana troli.
Bayar ipekah, dagoan barang nu dikirim ku lebe. Pas ges di hareup imah langsung akad nikah. Edan,
lamun jiga kitu hirup aing moal susah merennya.Dina teu cocok bisa di retur ganti kunu sejen.

***

Kumaha lamun pamajikan bisa di gade atau dikredit. Neangan jelema nu paebeulit ku hutang.

***

Teu ngeunah jadi introvert teh sok di anggap sombong ku tatangga. Padahal mun urang hare-hare lain
embung nannya, tapi sieun salah ngomong. Jadi mening repeh daripada niatna hade tapi akhirna silih
kadek.

***

Urang males lamun aya tamu ka imah, komo tamu nu urang teu kenal. Kalah jadi asa urang nu namu
daripada tamuna.

***

Teu bisa basa-basi. Jadi mun ngobrol loba jempena jeung langsung kana intii.

***

Kusabab geus hoream kenalan jeung jelema anyar, akhirna milih awewe random. Terus nurunkeun
ekspektasi na handap teuing, akhirna meunang awewe anu zonk.

***

Bisa ngobrol lila lamun obrolanna menarik jeung urang, lamun obrolanna teu rame, sok hayang api-api
sare

***

Kalah kesel lamun aya undangan kawin teh. Koplok ieu budak leutik wanian ngarunghal.

***

Bisa mangbulan-bulan teu kaluar imah. Nepika tatangga mah teu apaleun urang budak kolot urang.

***

Sakalina kaluar imah indit sosoranganan katempat sepi.

***
Jadina urang resep ka tempat-tempat nu anti mainstream.

***

Urang mening keneh kukurilingan momotoran daripada kudu ngobrol jeung jelema nu teu nyambung.

***

Geus mah introvert, eraan terus mata minus

***

Teu resep ningali jelema loba, ningali barudak sd balik sakola bisa stres urang mah.

***

Urang sabenerna teu nyaman ririungan jiga kieu, urang mah mening keneh cicing di imah genah
gogoleran, youtuban, bari malikeunn ranginang. Aya laleur CAPLUK!

Urang mah sok reuwas ningali jelema teh, komo mun jelema nu sakieu lobana. Aing mah asa bangsat rek
di duruk masa. Aslina!

Anda mungkin juga menyukai