سلِّـ ْم دَآِئــما ً َأبَـدًا ۞ عَلـــَى َ صلِّي َو َ َم ْواَل َ ي Hanjakal geus teu aya guna Da bongan hirup sulaya ِ َحبِ ْيبِـ َك َخ ْيــ ِر ا ْل َخ ْل ق ُكلِّ ِه ِم Nu matak samemeh telat Hayu geura saradia Yu urang sarengan tobat Meungpeung keur hirup di dunya Urang laksanakeun solat Amal keur sampeureun jaga Meh bagja di ala akherat Di a moal sulaya
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho Datangna teu mere nyaho Ngageretek taya tempo
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring Di mana ajal geus sumping Teu meunang embung anaking
Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan Datang mangsa dipisahan Paturay tineung amitan
Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan Kabeh pasti ngarandapaan Najan ceurik galiduan
Nyerina nu keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat Napas nyesek mapay urat Taya daya pikeun lumpat
Barang awak geus dikubur
Nupoek dialam kubur Teu aya batur teu aya dulur Nu aya awak sakujur