Anda di halaman 1dari 2

Nama: RIZKI ANDHIKA

Kelas: XII IPA 2

Sekolah: SMAN 2 SETU

Judul : Tara asup sakola

Tema : Babaturan akrab

Karakter: Dika, Ari, Dian, Winda

Diserat: Kustian

Dialog:

Dian : Maranéh nyaho teu kunaon si Dika tara asup sakola salila tilu poé? Apa manéhna keur geuring
nya?

Ari : Harita mah urang ningali manehna keur diuk ngabengong di teras imahna. Urang kungsi nanya
kunaon manehna tara asup ka sakola. Manehna ukur ngajawab ‘teu kunanaon” jeung alesana teh sok
kaberangan wae cenah.

Winda : Hmm, moal mungkin sih manehna kaberangan wae mah, manehna kan rajin jelemana. Kosna si
Dika keur aya masalah tapi manehna embungeun carita ka urang-urang?

Dian : Oh, heuh urang inget, tilu poe kamari sabalik sakola, emi urang carita lamun nempo si dika aya
pasar keur mantuan emina dagang. Laina poe eta teh poe pertama manehna teu asup ka sakola nya?

Ari : Alusna mah, engke balik sakola urang kaditu yu supaya nyaho kunaon sih sabenerna si dika tara
asup ka sakola teh.

Dian jeung winda oge satuju kana usulna si ari. Sorena maranehna karumpul jeung mangkat babarengan
ka imah si dika. Di ditu maranehna ningali si dika keur ngabereskeun dagangan emina.

Dika : heuy barudak aya naon nya? Tumben ka darieu, hayu dariuk hela.

Dian : Urang ngan hayang nyaho, kunaon maneh tara asup sakola dik salila tilu poe noron, sabab urang
nyaho maneh kan babaturan urang nu rajin, maneh keur aya masalah lain dik?
Ari : Heuh dik, kunaon sababna maneh tara asup, mending ngomong weh ka urang-urang nu sabenerna
dik.

Dika : Punten saencana, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maraneh jeung embung
nyusahkeun. Urang gawe ngabantuan emi urang ajang ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can
mayar, deuih karunya asa teh ningali emi urang gawe sosorangan di pasar.

Winda : Oh kitu, kumaha lamun isukan sore urang ngabantuan maneh dagang nguriling kampung ngajual
sabagian dagangan maneh dik. Kumaha barudak setuju teu?

Ari, Dian : Hayu, urang setuju!

Dika : Nuhunnya barudak, maraneh emang babaturan urang anu balageur pisan.

Dika tungkul da ngarasa isin, Dian Ari, jeung Winda oge teu lila ngelus-elus pundakna si dika

Anda mungkin juga menyukai