Dian : Maranéh nyaho teu kunaon si Dika tara asup sakola salila tilu
poé? Apa manéhna keur geuring nya?
Ari : Harita mah urang ningali manehna keur diuk ngabengong di teras
imahna. Urang kungsi nanya kunaon manehna tara asup ka sakola.
Dian : Oh, heuh urang inget, tilu poe kamari sabalik sakola, emi urang
carita lamun nempo si dika aya pasar keur mantuan emina dagang.
Laina poe eta teh poe pertama manehna teu asup ka sakola nya?
Ari : Alusna mah, engke balik sakola urang kaditu yu supaya
nyaho kunaon sih sabenerna si dika tara asup ka sakola teh.
Dian jeung winda oge satuju kana usulna si ari. Sorena
maranehna karumpul jeung mangkat babarengan ka imah si
dika. Di ditu maranehna ningali si dika keur ngabereskeun
dagangan emina.
Dika : heuy barudak aya naon nya? Tumben ka darieu, hayu
dariuk hela.
Dian : Urang ngan hayang nyaho, kunaon maneh tara asup
sakola dik salila tilu poe noron, sabab urang nyaho maneh kan
babaturan urang nu rajin, maneh keur aya masalah lain dik?
Ari : Heuh dik, kunaon sababna maneh tara asup, mending
ngomong weh ka urang-urang nu sabenerna dik.
Dika : Punten saencana, urang sabenerna embung cumarita sabab
isin ka maraneh jeung embung nyusahkeun. Urang gawe ngabantuan
emi urang ajang ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can
mayar, deuih karunya asa teh ningali emi urang gawe sosorangan di
pasar.
Dika tungkul da ngarasa isin, Dian Ari, jeung Winda oge teu lila