Anda di halaman 1dari 4

Kompetensi Dasar:

3.5 Menganalisis isi, pola penyajian, dan aspek kebahasaan teks berita dari media masa cetak
atauelektronik.

Tujuan Pembelajaran
Setelah proses belajar mengajar materi warta dengan menggunakan model discovery learning
selesai, peserta didik diharapkan dapat menganalisis isi ciri-ciri, dan aspek kebahasaan warta
sesuai kaidahnya dengan benar

A. BACAAN
Dihandap aya warta ngeunaan kagiatan pangajaran di mangsa pandemi. Pék ilo sing
gemet!

MÉTODE PANGAJARAN MANGSA COVID-19 DI SMPN 1 CIAMPÉL

Karawang, Bewarajabar.com darurat covid-19 diantarana,


— Awal taun 2021 darurat covid-19 “Strategi Komplementer 7 Metode
beuki pihariwangeun sabab suspec Pembelajaran Masa Darurat Covid-
covid-19 jumlahna beuki ngaronjat 19”, nyaeta: 1. Pangajaran virtual,
sarta nu maot beuki loba, boh di 2. Pangajaran tématik terintegrasi
Indonésia, boh di dunya. Ku kituna berbasis proyék, 3. Pangajaran
kiwari pamaréntah di mana-mana ngaliwatan modul/LKS, 4. Home
leuwih loba ngalaksanakeun “lock visit 5. Televisi/radio jeung média
down”. lianna, 6. Grup média sosial, 7.
“Kitu deui sakola, dina Penugasan berkala sarta
semester 2 ieu teu tiasa terstruktur.
ngalaksanakeun pembelajaran “Ieu SMP ngalaksanakeun éta
tatap muka. KBM (kegiatan belajar métode namung teu sadayana, teu
mengajar) angger ngagunakeun acan tiasa ngalaksanakeun métode
sistem BDR (belajar di rumah),” „Pembelajaran tematik terintegrasi
ceuk Kepala SMPN 1 Ciampel, berbasis proyek‟”, ceuk Karmo
Karawang, Karmo Sucipto, M.Pd., Sucipto.
nalika ditepungan Bewara Jabar di SMPN 1 Ciampel pernahna di
kantorna, kamari ieu. Jl. Gono Tirtowidjojo Desa
Saterusna, Karmo Sucipto Kutapohaci, Kecamatan Ciampél,
nétélakeun, aya stratégi pangajaran Kabupaten Karawang, sisi jalan nu
nu bisa dilaksanakeun mangsa kiwari teu weléh ramé kunu
ngaliwat saprak Karawang tatar lancar. Sagala rupina tiasa
kidul jadi puseur kota industri. dilaksanakeun saluyu sareng
Ieu sakola diadegkeun taun aturan nu aya,” ceuk Karmo
1978 ku salah saurang warga Desa Sucipto, M.Pd. di ahir obrolan jeung
Kutapohaci, Gono Tirto Widjojo, Bewara Jabar. (Sunta Atmaja)
pengusaha pelayaran PT PEL PN.
Awal ngadeg ngaranna SMP PGRI https://bewarajabar.com/metode-
Kutapohaci. Tuluy robah jadi SMPN pembelajaran-mangsa-covid-19-di-
Kutapohaci. Robah deui jadi SLTPN smpn-1-ciampel/
2 Telukjambe. Saterusna jadi SMPN
2 Telukjambe. Ayeuna saluyu jeung
aturan ngaran SMP kudu maké
ngaran kecamatan, ngaranna jadi
SMPN 1 Ciampél.
“Alhamdulillah mangsa
pandemi covid-19 ieu pangajaran di
SMPN 1 Ciampél lumangsung

B. PEDARAN
1. Wangenan Warta
Kecap warta disebut ogé berita asalna tina basa Sansekerta
viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur
kajadian. Aya ogé nu nyebut warta berita (b.Ing. News). Warta téh
mangrupa iber perkara hiji kajadian/hiji hal atawa kajadian anu
anyar kénéh (aktual) boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana
kanyataan. Hiji kajadian bisa disebut warta lamun geus disiarkeun,
dilaporkeun atawa dibéwarakeun.
Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun
kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa
dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi
peristiwana, sipatna, jeung topikna. Warta teu ukur nepikeun béja
ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung
mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu
ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah,
radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet. Ari jalma
nu sok nyieun warta, disebut wartawan atawa jurnalis.
Warta dina media citak ayana dina koran, tabloid, atawa majalah. Boh koran boh tabloid
atawa majalah sok disebut kalawarta. Kalawarta nya éta média cetak anu terbitna maneuh
(saban poé, saminggu sakali, atawa sabulan sakali). Warta dina média éléktronik ayana dina
radio, televisi, atawa internét.

2. Ciri Warta
Aya sawatara ciri hiji téks disebut téks warta diantarana:
a) Aktual, waktuna haneut kéné/anyar kénéh kajadian
b) Faktual, dumasar kaayaan nu aya nya éta, kajadian nu sabenerna, aya pendapat (opini)
narasumber, pernyataan sumber warta
c) Objéktif, luyu jeung kanyataan teu ditambah-tambah, jujur
d) Saimbang, porsina teu mihak ka sasaha
e) Akurat, tepat bener euweuh kasalahan
f) Aya unsur 5W+1H
g) Miboga aspék kabasaan husus

3. Ajén Warta
Warta anu ditepikeun téh tangtu kudu bisa ngirut panitén. Dina élmu jurnalistik aya istilah
“ajén warta” (b.Ind: nilai berita), nya éta niléy-niléy anu kudu dicumponan sangkan hiji
kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta. Sacara umum, kajadian anu ngandung ajén
warta biasana ngandung sababaraha unsur, diantarana nya éta :
a) Waktu (timeliness). Waktu mangrupa ajén warta anu kawilang penting. Berita téh ayeuna,
kajadian anu karék atawa keur lumangsung, tur mindeng mangrupa tuluyan tina poé ieu
atawa poé saméméhna Kkajadian nu diangkat jadi warta biasana keur lumangsung ayeuna
kénéh atawa keur haneut di masarakat.
b) Aya patalina atawa hubunganana jeung kahirupan balaréa (significance).
c) Anéh (the unusual) kajadian anu anéh bakal narik minat pamaca.
d) Konflik (conflict). Perang, rajapati, tawuran, sasaéangan dina widang politik, bisnis, olahraga
mangrupa warta anu narik minat pamaca..
e) Kajadian anu deukeut jeung nu maca (proximity).
f) Hal-hal anu kasohor atawa geus dipikawanoh kunu maca (prominence), upamana waé warta
ngeunaan jalma, barang atawa tempat.
g) Hal-hal anu matak ngahudang rasa simpati atawa mayak ngahelas nu maca (human interest).
Biasana nyaritakeun jalma biasa dina kaayaan luar biasa, atawa jalma “gedé” dina kaayaan
biasa (walurat).

4. Tujuan jeung Fungsi Warta


Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, diantarana pikeun nepikeun béja, pangajak, iklan,
propaganda atawa promosi jeung sajabana. Sedengkeun fungsi warta nya éta:
a) Méré katerangan atawa béja ngeunaan hiji kajadian/hal ka balaréa ngaliwatan media massa,
boh media citak boh media éléktronik.
b) Mangrupa kontrol social sangkan kaayaan di masarakat leuwih hadé.

5. Aspek Kabasaan Warta


Basa Sunda anu dipaké dina karya jurnalistik téh kudu anu komunikatif, tapi lain hartina
bisa sakama-kama.
Ciri kabasaan téks warta, nyaéta
a) Kecap pagawéan nu nuduhkeun hiji kajadian, conto: ngayakeun, ngedalkeun, ngajaga tur
ngaronjatkeun;
b) Aya tuturan langsung jeung teu langsung anu ti jalma nu aya dina acara/kajadian. Biasana
sok jadi panutup warta, conto: Tina jumlah nominasi anu sakitu téh bakal dipilih pilem anu pinuji.
c) Kalimah nu loba digunakeun téh nya éta kalimah wawaran.
Kalimah wawaran nya éta kalimah anu teu miharep réspon tinu diajak nyarita atawa paregep,
tujuanana éstu ngan mangrupa beware atawa nepikeun informasi. Ciri liana dina kalimah
wawaran dina tungtung kalimah ngagunakeun tanda baca titik/ peun (.).

Sumber Bahan Ajar :


Sudaryat, Yayat dan Déni Hadiansyah. 2017. Panggelar Basa Sunda pikeun Murid
SMA/SMK/MA Kelas XI. Jakarta: Penerbit Erlangga
Sumarsono, Tatang spk. 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda pikeun Murid SMA/MA Kelas XI.
Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat

Anda mungkin juga menyukai