Anda di halaman 1dari 12

LAMPIRAN

Data Nomor 1

Assalamu‟alaikum warahmatullah wabaraktuh. Nu ngawaler salam sing paranjang


yuswa, kabayar sambetan, mudah-mudahan sing enggal sing lancar usahana,
lancar sagala urusanana, lancar dina waktu ngalepaskeun nyawana, amin kitu dina
waktuna kitu. Bismillah Alhamdulillah „amma ba‟du, sesepuh pondok pesantren
alhamidiah sadayana anu hadir di dinteun ieu, simkuring di dieu sareng kang dedi
nguriling tos langkung 100 desa alhamdulillahnepungan silaturahmi jeng
masyarakat, lain urusan gubernur jeng wakil gubernur eta mah urusan Allah. Ai
jelema hayang jadi gubernur tapi ku Allah teu ditakdirkeun moal jadi, Sing saha
nu teu hayang jadi gubernur ditakdirkeun ku Allah pasti jadi, Moal kahalangan ku
tujuh gunung atau dalapan. Simkuring boga babaturan ngarana Aceng Fikri, rek
nyandung jadi riweuh, geus riweuh lengser tina bupatina eeh.. jadi ges teubisa eta
mah ges kahayang Allah. Jujun Junaedi ceramah pake lagu nu resepeun loba nu
ngewaeun loba, tapi alhamdulillah makin loba nu ngewaeun makin maju makin
loba nu ngondangna teu katahan. Jadi ulah osok ngaleuwihan gusti Allah gara-
gara partai jadi nyieun tatangga riweuh. mantak ceuk kang dedi eta mah ikhtiyar
jelema, kang dedi teh ketua DPD golkar Jawa Barat, ikhtiyar lahiriyah eta mah,
ngabdikeun diri kanu organisasi. Nu penting rek ti PPP rek di Golkar rek di
Nasdem rek di PKB nu pentingieu ngarendeng ngariung. Sing ai rek nyaah ka
rakyat nempo budak yatim nu lalapar teh tulungan. Aya jelma tabrakan tulungan
ditingali KTP na heula islam lain, islamna NU, persis, muhammadiyah, atuh
kaburu modar nu tabrakan teh. Bener teu ? gejed teh pambangunan di Indonesia
sabab kapiheulaan ku urus-urus ashabiyah jeng amamiyah tah eta nu ngahambat
teh. Tuntungna calon pamimpin sataun sakali datang ka rakyat mere kaos harga
5000, ngenal-ngenalkeun diri bari nyarita nu gelo ge ditanya, boro-boro nu cageur
nu gelo ge ditanya. Ges jadi mah boro-boro nu gelo nu cageur ge diliwat. Bener
teu ? ari ngomong jiga nu heeuh jiga aya nu kabecus. Boro-boro aya kabecus
ngurus jalan ge, harese. Hampura, bener teu ? . Yeuh dibejaan ku aing, baca hadits
pamimpin dua konsekuensina adil surga, teu adil (dzolim) naraka. Kuring sok
ngomong tentang kang Dedi agamana kang Dedi Mulyadi mah dipakena jang
kabijakan. Agamana bupati mah lain diabring ku kiai. Hebat ieu mah bupati teh
diabring ku kiai. Can tangtu bupati nu diabring ku kiai gubernur nu diabring ku
kiai bupati nu beragama, bupati buparab, bupati hambur parab. Mantak aing tara
dibawa ge da hambur parab. Nu ngilu jeng nu diiluan da beurat keneh nu diiluan,
ibu milu kanu mobil uing santri kan nu na mobil mah sare uing nyupiran. Uing
mengkol ka pom bensin da eta mah kerek da sieun dititah mayar bensin. Tapi uing
ereun di imah makan ngorencag, supir sapiring nu milu dua piring. palebah mayar
eta nu milu ngajedog di wc meuni lila. Mantak para ulama para kiai teh beurat
tanggung jawabna. Mantakna dina al-qur‟an didawamkeun tuturkeun jalma-jalma
anu nu geus balik/balig ka Allah. Tadi ceuk kang dedi seniman, budayaman,
pamimpin, kiai apapun akan diikuti oleh orang yang mengidolakannya. Bener teu
?. Makana subhanallah poe ieu urang bingah tiasa tepang sareng kang Dedi
Mulyadi, simkuring nu ngadampingina pangresa ajengan parantos 14 tahun abdi
mah sareng kang Dedi teh. Jadi kuring apal rumitna Dedi Mulyadi, loba majar
Dedi mah agama sunda wiwitan, agamana teu bener, Uing nu sok ngabelana mah
da uing can pernah ningali Dedi Mulyadi teu sholat, puasa senen kemis tepi ka
ayeuna teu ereun, geus puguh romadon mah wajib. Senen kemis na teh ti SMP
nepi jadi bupati dua periode tara ereun, uing kiaina nu era teh. Ngaji di pendopo
Purwakarta hari PGRI geus beres teh “kang Jujun tuang” uing ges dua, tilu kali
huap grebeg weh poho, poe senen ieu teh. Era kadang-kadang, “uing ngawakilan
akang weh buka”. Uing mah teu kunanaon difitnah ajengan tukang militan, kan
uing hayang mere nyaho ka urang Jawa Barat kudu boga pamimpin anu alus teh,
pamimpin anu geus puguh alus. Nya uing mah ningali kanyataan di Purwakarta.
Gaji RT dalapan ratus rebu perbulan, gaji lurah lima juta perbulan orang-orang
sadayana nu geuring dijemput dibawa ka rumah sakit, pan orang tua jompo mah
digaji di Purwakarta meunang santunan unggal bulan, alhamdulillah. Kitab kuning
oge asup ka sakola. “Di dieu sakola ges libur can bulan puasa ?”. Di Purwakarta
mah diliburkan peraturan bupati, titah ngaji kitab kuning jeng tadarus. Di
Purwakarta mah Teu meunang budak mawa uang jajan, titah mawa bekeul
meunang ti indung ti imahna. Lamun istirahat ngariung di sakola eweuh jajanan
pasti diamankeun, eweuh sakola make motor. Lamun make motor didudut
dikaluarkeun ti sakola. Asup sakolah di Purwakata jam 6 wajib asup. Uing ngilu
protes sarua jiga ibu-ibu. Isuk-isuk teuing jam 6 ges asup. Kumaha jawaban pak
dedi ka uing. “pak Jujun batur mah sibuk ikut isuk-isuk berjamaah” intini mah
uing intina ngahudangkeun shalat subuh meh gariat shalatna sabab dititah sakolah
mah satengah opat geus harudang. Sebelum subuh ajengan gogorowokan
ngadamkeun fadilah subuh, anggeur weh kararosong subuh teh, bener teu ?. Isuk-
isuk indung hudang nyiapkeun dahar budak, ngahudangkeun budak intina mah
saukur ngahudangkeun meh shalat subuh. Kiai ngahudangkeun pake hadits, ai
kang dedi mah ngahudangkeun pake kacerdasan pake kabijakan kitu carana. Jiga
nu heeuh Allahuakbar tarik, tapi tatangga modar tatangga geuring teu diubaran,
umrohna rajin sataun sakali tapi tatangga miskin teu apal. Emang meunang
ditepungan kitu Allah di kabah? Can tangtu. Allah bisa ditepungan ti budak yatim
nu bieu diangkat ku kang Dedi. Mangkat ka kabah careurik, ngadenge adzan teu
ceurik, ngadenge ajengan pangajian teu jareube teu inget kana dosa. Hirup urang
teu dihijeun ku partai, teu dihijeun ku organisasi tapi dihijikeun ku kakasih Allah
swt. Boro-boro ibadah umroh nu sunnah, shalat di harepeun ka‟bah lamun hatena
teu nyangharep ka allah shalatna sarua jeng teu shalat. Da puasa ge cangkang ai
ngan nahan lapar jeng dahaga mah. Makana Allah teh tendeun na hate ulah
ditendeun di luhur masigit hungkul. Allah teh tendeun dina hate ulah di tendeun
dina kaligrafi hungkul. Mantak hate paroho ka Allah. Mantak tingali ulama-ulama
nu sepuh sok tarunguk weh, kunaon sababna ? kusabab Allah teh lain di luhur lain
di handap, tapi leuwih deket tibatan urat beheung maneh. Sesungguhnya namaku
tidak terpisah dari diriku. Jujun Junaedi mah kan papisah. Sebut ngaran Jujun, pak
Jujun, pak Jujun, pak Jujun, sajuta sebut ngaran pak Jujun, Jujun can tangtu aya di
gigireun eceu sabab Jujun ayeuna sakedeung deui ge balik. Tapi nyebut jenengan
Allah, diucapkeun ditendeun dina hate eta mah babarengan jeng Allah SWT.
Hirup lamun geus hirup iqra bismirabbika ladzi halaqmacana atas gusti Allah,
ningalina atas gusti Allah, pangreungeuna atas gusti Allah, lengkah paripolana
atas gusti Allah. Lamun satiap lengkah paripola atas gusti Allah eta jalma nu
meunang lailatul qadar tea, sabab kabeh disanghareupkeun ka Allah SWT. Tah
kitu, saraum keneh teu ieu ? anu paur mah nu kadua, nu harirup tapi paeh. Hirup
awakna mah jagjag ngan paeh hatena. Tapi aya nu katilu jalma paeh tapi hirup,
awakna paeh, sukuna lumpuh, panonna lolong, ceulina bonge, awakna teu bisa
geurak, tapi hatena nyanghareup ka gusti Allah, ini luar biasa. Bisa dengan
kekuatan hatinya dunia berubah. Nu kaopat jelma paeh sarta modar, keur mah
kempreng pikasebeleun, keur mah lumpuh pikacewaen, loba tah nu kitu. Bu,
mudah-mudahan beres shaum saur kang Dedi tadi puasa teh tatapa, nu tadi
nampakeun panon kanu awasna, ulah dibere panon tapi lolong. Ditatapa sataun
sakali yeuh ku puasa. Jadi leumpang atas nama Allah, ngangseu atas nama Allah,
hate atas nama Allah, “siap lalebaran siap ?”. Geus mawa naon keur lebaran ?
geus mawa hasil puasa, geus beres puasa robah. Ari puasa oray mah anggeur ganti
kulit hungkul. Urang mah kudu siga puasa hileud, geus jadi puasa jadi berubah,
tina binantang menjijikan jadi kupu-kupu yang indah dipandang mata. Mudah-
mudahan urang sing tiasa kitu, manfaat sadayana. Allahumma shali wa salim
amin, allahumma yaqa‟ul bihal hajat allahumma yaa kafiyal muhimat
allahumma ya dafi‟al balliyat allahumma yaa rafiat darajat wa syafial abrar
allahumma yaa mujibad da‟wat

Data Nomor 2

Assalammualaikum warahmatullah wabarakatuh. ngajawab salam teh wajib,

kecuali aya nu teu wajib wong sare, wong turu teu wajib jawab salam, nu kadua

jelema gelo, jadi lamun aya nubeunta teu ngajawab salam eta berati jelema gelo.

“Loba jelema gelona teu di dieu ? assalamualaikum wr. Wb.”. Alhamdulillah

sarehat ternyata. Alhamdulillahilladzi arfa‟as jaa‟la ilma arfaa shifatil kamaliyah.

Asyhadu an la ilaha iillallah wahdahu laa syarikalah alladzi khasyaman sa‟a ibadi

bil atsaril hukmiyyah wa asyhadu anna sayyidana wa nabiyana


muhammadan abduhu wa rasuluhu, khasahullahu ta‟ala bijami‟i kamilatil

„ubudiyah audzubillah hissami‟il „aliim mina syaithanirrajiim

bismillahirrahmanirrahim . qul innani annallahu laa ilaha illa anna fa budni

waaqimi shalata lidzikri. Isi :

Sahabat saya anggota DPD RI kang Aceng Fikri, jadi tadi kalo beliau ngomong
terkenal. Indonesia ini negara penyakitan, Nu bener disalahkeun Nu salah
dibenerkeun. Ari anu nikah dipersoalkeun ari nu zina diara-ranteup. Bener teu ?.
Aceng Fikri mah teu salah nikah, tapi loba pejabat zina ngajaredog weh rakyat.
Dia teh putra kiai besar di Garut bapaknya punya pesantren, dia teh satu kobong
dengan saya, jadi Aceng Fikri tuh mantan bupati Garut yang bisa baca alfiyah.
Maenya ustadz jiga aceng Fikri zina. Makanya daripada zina ya nikah. Kusabab
Indonesia negara gering di indonesia mah nu nikah mah digunjingkeun, aa Gym
nikah dibenci naon salah aa Gym. Bener teu ? ari nu zina diararanteup. Bukan
ngebela Aceng Fikri, ngebela kebenaran. Gausah dibela juga jadi anggota DPD.
Jadi bukan ngebela orang, ngebela ajaran. Orang Indramayu gausah ikut-ikutan
yang begitu ya. Daripada zina mending nikah. Daripada PSK mending jadi PKS
eh salah. Daripada ngajual diri mening ngajual roti. Mending ngajual es krim
mending ngajual eta tah belian mending halal daripada haram. Pak lurah nu
langkami awe salah, ka rakyat loba sodaqoh . pak RW nu teu pati reseup ka
awewe, kaping rakyat sing taliti, karna kecil-kecil juga anda teh wakil Jokowi.
Ustadz Yanto, ustadz Taiwan yang sekarang lagi nonton juga di Taiwan lagi
streaming di sana, da ayeuna mah dunia teh dina genggaman, acarana di Balir
katempo di Taiwan. Makanya ulah sok ngerakeun urang balirna. Keur ditongton
ieu teh ku urang Taiwan . Ibu-ibu bapak-bapak saya tidak panjang-panjang sabab
panjang pendek amplop ges dibikeun ku ustadz Yantona. Kade ceunah lamun pak
Jujun nantung careukeulan, mangkaning nu nyekeul teh nini-nini. Jadi ceng Fikri
nanya “akang pake kacamata beuki kandeul wae ?”. Heeuh gara-gara nenjo wae
nini-nini. Isrami‟raj dalam bahasa arab artinya telah memperjalankan miraj dalam
bahasa arab artinya tangga alat untuk naik. Jadi Jujun junaidI barusan sudah
melakukan isra miraj diperjalankan oleh protokol. Ketika protokol bicara silahkan
kepada Jujun maka saya isra. Perjalanan Rasulullah dari masjidil haram ke
masjidil aqsa ke sidratul muntaha bolak balik, itulah isra miraj yang sedang
diperingati oleh masyarakat Balir sekarang. Pertanyaannya sekarang, Neng tong
malaweng kadieu ningali. Coba jawab ari nabi Muhammad isra mirajna nepi
kamana, dimana ?. Di langit ke tujuh. Mana langit ke tujuh teh?. Saya kalau naik
pesawat gapernah kena langit ke tujuh. Itu salah atau tidak pak jujun jawaban
saya. Jawaban kamu bener nak. Kalau ada yang nanya sampai mana nabi isra
miraj ? biar orang ga nanya lagi jawab dengan jawaban yang tuntas. Lamun aya
nu nanya Nabi isra mi‟raj sampai ke mana, jawab aja sampai ka Allah. Karena
ketika saya diundang ustadz Yanto ceramah ke Balir, saya pun ke Balir. Atas izin
Allah saya datang ke sini, engga datang ke Subang, engga ke pemda Indramayu.
karena yang mengundang saya ustadz Yanto orang Balir, maka saya datang ke
sini. Nabi Muhammad isra miraj diundang Allah, maka dari itu sampai kepada
Allah. Tah dangukeun pendengar prima fm. Penyiar prima fm geulis kitu euy.
Nabi mah geus nepi ka Allah, orang Balir iraha rek mi‟raj ka Allah. Hayu urang
mi‟raj, kan bingung tah si nini kumaha cara mi‟rajna. Nabi Muhammad mah
mi‟raj make buraq, ari urang Balir ngapung ka langitna make naon atuh ?. Make
buraq sarua, pulang mi‟raj rasulullah bersabda “ashalatu mi‟rajul mu‟minin”
shalat itu adalah alat kita untuk naik kepada Allah. Yang membedakan manusia
dengan binatang itu shalat. Yang membedakan kafir dengan muslim itu ya shalat.
Yang ditanya di hari kiamat itu ya shalat. Penyakit yang menjijikan di mata Allah
bukan kudis, bukan panu, tapi orang yang tidak suka shalat. Derajatnya sama
dengan anjing dan babi. Saya yakin kalo di Balir mesjid kosong, tapi bapak-
bapaknya ada di rumah, saya yakin bukan karna ga kedengeran tapi bolot ceulina.
Nih saya mau cerita yang bolot-bolot nih, saya dari dulu suka diganggu jin loh
karena saya itu jun. Dulu saya waktu kecil ngaji suka ditinggalin sama temen-
temen saya, temen-temen tinggi-tinggi jadi langkahnya gede-gede panjang-
panjang, saya kecil jadi kan lulumpatan kitu. Tinggaleun weh aing lamun balik
teh. Balik mawa obor ditinggalkeun kubabaturan, parem tah eta obor di kebon
mangkaning. Datang weh jin belegbeg weh jin soak ngompol saya teu bisa
ngomong nanaon dan Cuma bisa satu doa. Doa mau makan. Ketika saya buka
mata jin sudah tidak ada karna mungkin jin mikir ada anak kecil mau makan gua,
takut jinnya kabur. Udah gede mah udah disebut ustadz, datang jin tujuh
marolotot ka aing. Ceuk aing teh garalak ieu mah jin teh, udah jadi ustadz udah
bisa baca ayat kursi. Baru dibaca lima kali jin yang enam kabur, nu hiji ieu mah
baong galak pisan ieu teh. Ku uing dibacakeun ka geneup kalian ayat kursi
molotot keneh. Pas dibacakeun ayat kursi nu ka tujuh masih molotot keneh.
Datang deui jin nu geneup bari ngomong ka Jujun “maaf pak ustadz ieu mah jinna
bolot”. Jadi jangankan manusia, jin aja kalau bolot ga takutsama Allah. Jadi kalo
orang Balir tidak ke mesjid berarti dijamin mereka bolot. Bukan hanya saya ibu-
ibu juga harus jadi da‟iyah. Kalo laki-laki haji kalo perempuan ? ya hajjah, laki-
laki mubaligh kalo perempuan mubalighah. Kalo laki-laki anta kalo perempuan
anti. Orang sini anak SMP pulang jam baraha ?. Lamun karak datang nu ditanya
geus sholat atawa geus dahar, jujur sia teh odah, tukiyem, iyem ?. Anak teh datang
tanya sholatna bu. Apa urusannya saya yang lihat jam ibu yang riweuh,
masbuloh. Pernah tidak karena shalat sampai mi‟raj sampai ka Allah ?. Shalat kita
yang syariat belum sampai kepada Allah, shalat kita baru sampai kepada sajadah
saja. Shalat teh ada dua macam bu, nyaeta shalat syareat. Shalat yang sudah tentu
waktunya maghrib, subuh, dzhur, ashar, isya dan sunnah yang lainya, itu namanya
shalat syareat dan kiblatnya ke masjidil haram. shalat syariat shalatnya tentu,
kiblatnya tentu, tapi belum smpai kepada Allah. Yang sampai pada Allah shalat
yg kedua, shalat tarekat begitu ulama tasawwuf menyebutnya. Shalat yang tidak
mengenal waktu, selama hayat dikandung badan anda wajib shalat. Kiblatnya
bukan ke ka‟bah tapi langsung ka Allah. Waktunya sepanjang waktu, selama
nyawamu di dadamu maka wajib shalat, bukan shalat badan, bukan shalat
jawariyah, bukan shalat gerakan, bukan shalat mulut, tapi yang shalat qalbu, hati
yang berdzikir pada Allah. Mudah-mudahan sadayana jadi jalma nu rajin dzikir ka
Allah, mudah-mudahan ku dzikir anjeun jadi jalma ahli mi‟raj ka Allah. Demikian
buletin malam ini, nyanggakeun ajengan simkuring elmuna ngan sakieu wae
teraskeun ku ajengan. Buah dukuh buah durian, buah rambutan buah pisitan itulah
nama buah-buahan, sarua jeng salak jeng jeruk. Lamun teu puas tingali Tv one
atau puasa romadon tiap hari kultum dengan Jujun Junaedi, make calana cutbray
sagede badai good bye.

Data Nomor 3 :
Assalamualaikum warahmatullah wabarakatuh. Alhamdulillah lladzi

ahallana nikaah wa nadaba ilaiih. Waharrama shifaah wa wa‟ada ilaiih.


Audzubillahisami‟il „aliim mina asy-syaithanirrajiim bismillahirrahmanirrahiim. Udkhulul
jannata antum wa azwaajukum tuhbaruun, shadaqallahul „adzim.

Ari rumah tangga nu sampurna teh rumah tangga anu parat tepi ka surga. Cek
saha eta teh pak Jujun?. Dawuh Allah anu bieu dibacakeun surat az-zukhruf.
Udkhulul jannata antum wa azwaajukum tuhbaruun, geura asup anjeun ka surga
lalaki jeng bojo-bojo anjeun. Jadi rumah tangga nu bener mah rumah tangga nu
parat nu angges nepi ka surga. Naha ?. Rumah tangga teh mimitina ti surga, saha
atuh anu mimiti rumah tangga teh. Nyaeta nabi Adam jeng Siti Hawa cek saha eta
cek Allah Mana buktina?. Eta al-Qur‟an lain koran. Waqulna adamus kunta wa
zaujukal jannahAdam geura cicing anjeun jeng bojo anjeun di surga. Wa kula min
ara ghadan haitsu syituma Anjeun duaan Adam Hawa bebas naon wae nu di
surga bebas. Kumaha maneh, nu teu menang mah hiji. Walaa taqraba hadzihi
syajarah tong coba-coba duaan deket-deket tangkal ieu ngala daun ngala buah
komo deket-deket mah entong. Lamun ngalanggar fatakuuna minadz
dzolimiinanjeun lamun ngalanggar aturan ti kami anjeun duaan kaasup jelma
dzolim. Torojol weh profokator iblis ngajak ngomong siga si boy mah mereun
kieu ibu apal si Boy. Pan pagawean lamun te lalajo si boy lalajo india mohabatein
peuting ieu weh teu lalajo da aya gantina Boy Junaedi. Kenalan, siapa namanya?
Adam. Kamu siapa ? hawa. Saya iblis. Mereun di sinetron mah kitu “Penduduk
baru ya, iya saya mah senior”. Apa kerjaan mu disini dam ? bebas. naon nu teu
menang ? eta ngadeketan tangkal eta. “Salah! eta teh syajaratul khuldi pohon
keabadian, lamun maneh ngadahar ieu buah abadi di surga, lamun teu ngadahar
isuk pageto ge diusir ku Allah ti surga”, mulai tah iblis ngagoda. Cek nabi Adam
“ulah ngagoda ari maneh iblis”. Dilawan tah iblis ku Adam, eleh tah iblis ku
Adam. Tapi teu cicing eta iblis tah ngagoda weh Siti Hawa nu panghelana kagoda
teh Siti Hawa, tah mantak turunan Siti Hawa tah nu ditariung. Tah eta sok
gampang karayu awewe mah. Aya pamuda di dieu nu teuboga kabogoh ? tah eta
belegug teu bisa ngarayu. Awewe ah rayu weh “kamu cantik deh” awewe mah sok
nyebut “ah aa mah gombal” itu mah bibirnya doang nyebut gombal hatena mah
berbunga-bunga, begitulah wanita. Hawa kagoda ngagoda adam. Eta lalakona teh.
“Kang adam sini dong”. Ada apa wa, ada apa sayangku cintaku ?. “Emang kang
adam sayang sama Hawa ? iya hanya engkau yg aku cintai satu-satunya”. Da
cuma hiji awewena. Lamun kang Adam beneran cinta ka hawa buktikeun atuh
rasa cintana tah pokona mah hayang buah ieu hawa mah. Tong menta buahna wa
dekeut oge ulah ku Allah ieu malah menta buahna menta weh nu sejen. Embung
Hawa mah hayang buah eta kan kang adam janji cinta ka hawa moal ninggalkeun
hawa ?. Pokona mah lamun teu dipangalakeun Hawa mah arek bunuh diri. Pokona
mah rek bunuh diri di handapeun tangkal cikur. Bu, nabi adam ku iblis
dipungkuleukan teu kagoda, naha da ku Siti Hawa mah eleh. Mantak tah ieu mah
turunan Adam. Kalemahan lalaki mah ku awewe. Nabi Adam ge eleh terekel weh
kanu tangkal ngala weh buah dituang kuduaan . Can dugi ka patuangan Allah
bendu Adam jeng Hawa diusir ti surga ka alam dunya. Mangkaling pajauh-jauh
cek sejarah adam diragragkeunana di kashmir India Hawa diragragkeunana di
Jeddah Saudi Arabia. Adam neangan Hawa biasana bareng ieu eweuh. Hawa
neangan Adam lamun cek budak jaman ayena mah “dengarlah aku suara hati ini
memanggil namamu karena separuh aku dirimu” kalian luar biasa. Tah lamun cek
Roma Irama mah kehilangan. Adam neangan Hawa teu kapanggih, Hawa neangan
Adam teu panggih-panggih. Rumpuyuk akhirna nabi Adam sujud bari tobat bari
maca doa. Kumaha tobat nabi Adam coba babarengan “rabbana dzalamna
anfusana wailam watar lanakunannaminal khasirin” tuda orang bojo negara mah
tukang ngaji ahli majlis taklim kabeh santrina loba piraku nu kieu teu apal, orang
ditu ge kadieu kabedug. Dina al-Qur‟an ge iyya ka Na‟budu wa iyya ka nastaiin.
Gawe heula karak menta tulung iye mah gawe encan buruh menta teu gableg ka
era. Ari barang penta rajin ngadua sagala dipenta ka Allah ari ibadah sakainget
wae, shalat diakhir-akhir ka masigit loba alasan, kan loba anu kitu duka didieu
mah ari ka sawah galengan leutik ge diudag-udag panas poe. Ari ka masigit 20
meter teu nolol. Aya nu kitu di dieu aya ? teu gableg kaera, Belegug sia. Nyaah
ieu teh ngomong shalat di masjidil haram sarakaat sarua jeng shalat 1000 rakaat
di luar masjidil haram. Bonus tah eta teh lamun shalat di makkah rugi lamun
shalat di hotel. Shalat di masjid nabawwi di Madinah sarua jeng 1000 rakaat.
Mantak di Madinah ge pada shalat di masjid. Shalat sarakaat di masjidil aqsa
Palestin sarua jeng 500 rakaat di luar masjid biasa. Pak Jujun atuh abdi mah acan
ka masjidil haram komo deui ka masjidil aqsa di palestin sieun ku israel. Atuh
shalat weh di dieu shalat berjamaah di mesjid sarakaat sarua shalat 27 rakaat di
imah. Ngaliwat aing tah mesjid sing hade sok pinuh tara eta berjamaah eta
masigit? Nu ngawadul sing nyeuri huntu sia balik di dieu pinuhna poe jumaah
hungkul. Subuh sabaraha urang?. Ngerakeun aing mah ari ka ahok ngambek ari
masigit kosong. Ahok mendustakan al-Qur‟an iya. Harus diproses ? kudu!
Bahkan uing ngadua si ahok sing masuk islam. Arek diganti ku aing ngarana jadi
abdul hok. Makanya aksi bela islam 3 mau digelar lagi. Aman weh damai da
urang mah embung parasea jiga diluar. Indonesia ges menang ngaringkis alus-alus
maenya kudu ancur. Makana jokowi teh kudu peka ulah jiga baheula pas
kampanye nepi ka gorong-gorong sampah ge ditepungan ari kamari masyarakat
dua juta hayang nepungan eweuh biasana mah nu leungit bada jumat teh sendal
ieu mah presden. Ahok protes makana saya berterimakasih gara-gara maneh umat
islam bersatu ngahijikeun NU, muhammadiyah, persis HTI teh.Hese kamari mah
eweuh sekat kabeh milu kabeh ka jakarta. Tapi kan kita harus belajar dari
peristiwa kemarin.Kuring ngalepas bis ti bandung jam 2 peuting urang mere
semangat ka mereka tapi kuring nyarita kieu “heh, awas! Aksi bela Alquran tidak
berhenti sampai tanggal 4 november.” Tapi nu penting saengges 4 november.. Eta
Alquran nu dibela ku maneh teh diamalkeun sabab urang nu sok ngahinakeun
Alquran teh. Gening eta siga tadi ka masigit 20 meter ka sawah mah usum panen
sakitu puluhan kilo didatangan. Padahal jelema nu sok ngahinakeun Alquran teh
bangsa nu karitu jiga urang kieu. Cek Alquran teh “hei, lamun dagang ulah sok
ngurangan imbangan hayo dagangna dikorting timbangana. “hey nu narikah,
lamun nikah teh make aturan Allah make aturan Rasulullah tah ayeuna teu make
aturan Allah jeng Rasul nurutan weh urang barat memeh kawin prawedding.
Memeh kawin teh diparoto heula panganten awewe teh patangkep-tangkep na
tangkal, pa cepeng cepeng tina parahu fotona teh diasupkeun kana surat undangan
majarkeun gaya modern. Lain gaya eta mah jahiliyyah ciri islamna dilengitkeun
cara islamna barat dipake. Tah nu kitu nu ngahinakeun al-Qur‟an. Baheula mah
panganten awewe jeng lalaki can dipanggihkeun samemeh kawin ieu mah
patangkep tangkep ditendeun dina surat undangan sugan gelo. Sok aya nu kitu
osok ? kasian deh lo, lain modern tapi balik deui jadi jaman jahiliyyah.Ah jujun
mah kamseupay. Naon kamseupay teh? Kampungan sekali uh payah. Modern mah
tina goreng jadi hade. Tina hade jadi leuwih hade eta modern. Sok makana urang
doakeun peuting ieu mumpung loba jelema nu sholeh lamun teu sholeh mah moal
daratang. Bener teu ?. Kata nabi saha wae lalaki ges boga pamajikan punya
kewajiban memberi makan pada istrimu bila engkau makan artinya adil, suami
makan enak istri makan enak suami makan garam istri makan garam. Suami
makan sederhana istrinya makan sederhana. Tidak boleh kalau sudah suami istri,
suami makan enak istri kukurubukan lapar ngadagoan . Neangan rezeki mah nu
berkah doana ge allahumma inna nasaluka salamatan fiddin wa afiyatan
waziyadatan wabarakatan elmu hayang nambah rizki hayang berkah. Da te saetik
jelema rezekina loba tapi teu berkah. Imah tohaga mobil toyota nu hiji deui honda
tv toshiba hp nokia anak korban narkoba salaki kagoda kubudak sma berkah teu
rezeki kitu?. Kolot urang mah baheula rumah tanggana aman sederhana imah ge
ku panggung jaba ku bilik barolong anak sagenep-genep. Pagawean kur kuli
macul di sawah batur, tapi araraman tararenang. Sabab kunaon ? dibalikeun ka
Allah. Salaki datang mawa rezeki “nuhun bapak seeur gening rezeki teh urang
tunda nya sawareh”. Hiji waktu salakina ngan saukur mawa sapuluh rebu lamun
duit ayena mah 10 rebu dikiwir-kiwir mama ngan boga sakieu. Ken bae bapak
ngan boga sakieu mah mudah-mudahan sing berkah mending saetik jadi kasehatan
daripada loba jadi panyakit. Saetik bisa jadi syukuran daripada loba jadi kufur
nikmat bapak. Pan nikmat tuh rumah tangga nu kitu. Nu benghar mah hate. Ieu
keur ngabejaan yeh sabab loba rumah tangga cerai gara-gara ekonomi. Bari jeng
cek uing td ngobrol eta panen sakitu lobana, daharna mah ngan sapiring. Kadang-
kadang loba nu maculna nepi ka dua piring nu gableg sawahna mah sapiring ge
wareg. Mantak bere dahar pamajikan bere rezeki nu halal kajen hirup nu
sederhana tapi halal daripada hidup bermewah-mewahan tapi rezekina
dipertanyakan halal atau haram eta rezeki. Dua, lamun ges mere dahar cek nabi
“hey berilah istrimu pakaian bila engkau memakai pakaian”, artinya adil. Katilu,
salaki teu menang melakukan kekerasan rumah tangga. Komo deui salaki sok
tubak tabok. Aya lalaki nu kitu di dieu ? bejaan tah ngaji bebel, Komo salaki
neggeul bengeut mah haram hukumna. Aya dalilna walaa tadzribil wajhalaa na
lanahiya alashlu fi tahrim cek kaidah ushul. Haram salaki neggeul bengeut
pamajikan nu sok tunggal tenggel cubak cabok sok tah sia ngaji. Awewe mah
lamun dicabok sok nyanyi, nyanyi sabari ceurik. Kaopat suami ulah ngaledek
ngahina merendahkan, ceuk urang sunda mah ulah monyok, cek nabi ieu teh lain
ceuk uing. Lamun keur pasea mah awewe geulis jiga mak lampir lalaki kasep jiga
rahwana. Nerangken ajaran Allah indah lamun dipake, tapi urang mah tara
marake. Suami yg soleh yg bagus suami nu siap ngamparkeun sajadah ti peuting
jang ibadah tengah peuting. Hiasi rumah tanggan kalian dengan menegakkan
shalat. Terangi rumah tangga dengan senantiasa mendengungkan ayat suci al-
Quran. Berkah rumah tanggana insyaallah. Cek rasul ari salah sahiji ciri awewe
solihat teh nyaeta ngaraksa harta jeng farjina, Ibu-ibu apal teu ari kahormatan
awewe teh naon ? tah eta harta awewe teh kahormatan diri makana kudu dijaga.
Cek urang sunda mah carincing kurang pageh. Eta kancing kudu pageh. Pageh
tisaha ? Pageh ti salian ti nu boana nyaeta salaki. Awewe nu bisa jaga kahormatan
diri nepi ka maot syahidah derajatna. Mudah-mudahan ieu panganten nikahna
enjing cing lancar teu aya halangan. Tuturkeun doana jang panganten barakallahu
laka wa baraka alaika wa jama‟a bainakuma fii khairi Al-Fatihah. Eta doa keur
panganten baru, beda jeng panganten bari, baringung tarangna herang loba hutang.
Mudah-mudahan hutangna kabayar. Pokona kasulitan nu dibere ka urang mudah-
mudahan dicabut ku Allah diganti ku kamudahan. Allahumma shali wa salim „ala
sayyidina wa habibina wa syafi‟ina wa maulana Muhammad wa saalim wa
tabarakallh wa ta‟ala an kulli shahibati rasulillah ajma‟in. Tumpak sado ka
Leuwi Panjang kudana abrug-abrugan, lamun pidato ulah panjang-panjang uing
yakin beuteung eceu ges kukurubukan. Sakitu punten ka shahibul hajat lancar
acarana sing kaberkahan kanggo anjeun sareng kaluarga Wassalamu „alaikum
warahmatullah wabarakatuh.

Data Nomor 4 :
Assalamualaikum warahmatullah wabarakatuh, alhmdulillah ladzi faradhal
alaina hajja liyakunal islami itsmaama audzubillahissami‟il alim mina
syaithanirrajiim bismillahirrhaminirrahiim. Inna awwala baiti wudi‟a linnasi
laladzi bibakkata mubaraka wahuda lil „a lamiin. Nyariosna bahasa Sunda atawa
bahasa Indonesia ?. Ieu nu boga hajat hj. Fadhil urang Palembang, tapi ngerti
basa Sunda kan pak?. Yaudah kalo ngerti saya pake basa Sunda, istrinya kan bu
Oom urang sunda. Soalna mun pake bahasa Indonesia mak Icih teu pati ngarti.
Kita doakan semoga pak Hj. Fadil, bu Hajjah oom, bu Hajjah Tin mudah-mudahan
jadi haji jadi. Ai jadi haji mah gampang jiga H. Fadil tiluan tuh ka Makkah ge, asal
boga duit wukuf di Arafah jadi haji. Bari na weh kopeahna harideung jadi barodas

. Nu sesah mas ceu lain jadi haji tapi haji jadi. Jadi hajina ka arafah haji jadina di
Cibogo. haji bohong di dieu, sabab loba haji tomat. Di Makkah tobat balik ka dieu
kumat. Ka Mekkah mah calageur jiga nu heeuh careurik sasalaman hampura sieun
ragrag tina kapal balik ti mekkah mah garelo deui kalakuanana. Aya haji Wahyu
di Subang hasil sawahna payu. Aya haji Mansyur halamana digusur. Di pemda
mah aya haji Nurdin Kokasih ongkos di kasih ku bu Imas. Aya deui haji Dulmajid
balik ti Makkah kedul ka masjid. Sakalina datang ka masjid pedah nu adzan alus
jiga adzan di makkah. Haji jadi teh cek bahasa urang dieu mah haji mabrur.Kabeh
jalma hayang mabrur, tapi teu kabeh jelma indit ka haji mabrur. Ari rukun islam
teh aya 5 hiji syahadat, dua shalat, tilu zakat, 4 puasa 5 haji. Maenya hayang ujug
ujug mabrur ai syahadat can mabruroh, salat can mabruroh puasa can mabruroh,
zakat can mabruroh, maenya hayang jadi mabrur timana dalilna samemeh jadi haji
mabrur syahadat pasti mabruroh. “Syahadat mabruroh teh kumaha ?” “asyhadu
an laa ilahaillallah wa asyhadu anna muhammadar rasulullah” syahadat anu
mana anu disebut mabruroh nyaeta syahadat lain sekedar syahadat nyaeta iqraru
bil lisan tasydiqu bil jinan amalu bilarkan, diucapkeun ku biwir dibenerkeun ku
hate dilaksanakeun ku kalakuan. Lamun nyebut asyahadu an la ilaha illah allah
berati eweuh illah selain ti Allah, rek presiden rek jendral Allah ngan mandang
tina kadar ketaqwaannya .Mantak lamun jelma ges mabruroh syahadatna, lamun
ibadah haji moal sombong balik ti Mekkah moal we sombong, ieu mah balik ti
mekkah angger weh sarombong. Aya boga IPHI, ikatan persaudraan haji
Indonesia ngagabung nu benghar jeng nu benghar nu miskin mah teu diajakan bari
pamer kakayaan tea. Gening lengeun ge di kieu kieu “punten nuju pileuk bari
shalawat” thala‟al badru alaina. Eta rek meuli jengkol ka pasar cibogo make
cincin kabeh kieu weh ngaranggadak “sabaraha mang jengkol sakilo?” kabeneran
tukang jengkolna leuwih benghar huntuna tina emas kabeh. Ku tukang jengkol ges
eleh kumaha ku allah. Jelma sombong mah ngajungkel di dunia jeng di akhirat.
Pas ibadah haji mah sarua kabeh komo pas ihram, haram kabeh ngarana ge ihram.
Reungit nyoco menang teu dipaehan ? mabrur tidak mabrur seorang haji
tergantung dia mengambil pelajaran. 10x naik haji tidak akan mabrur jika tidak
bisa mengambil pelajaran jiga perjalanan biasa we jiga travelling weh mantak teu
saetik jelema mangkat ka Makkah teu mabrur-mabrur. Meni bangga ka Makkah 3
bulan sakali abdi mah, ari masigit rek runtuk diantep, ari budak yatim putus
sakola ngajedog wae faqir miskin gigireun imah teu nyaho. Mudah-mudahan bu
haji fadil bu oom, bu entin leungit kasombonganana. Da teu sombong, nya alus
jadi leuwih tawadhu. Lamun haji masih sombong keneh eta teh haji mardud haji
nu teu nyaho hasi ibadah ihram. Thawaf tuh ngulilingan ka‟bah. Apa itu
fungsinya berputarlah engkau bekerjalah engkau jangan berfikir tentang hasil
karna yg menentukan hasil adalah Allah. Tugas kita bekerja, „imalu ala
makanatikum bekerjalah engga dimna pun engkau berada. Sabab islam teu
ngajarkeun sangsara, sifat nabi anu 4 bawa shiddiq, amanah, ftanah, tabligh, bawa
ka indo kumaha nyium hajar aswad batu dicium, karena Rasulullah menciumnya,
sayyidina umar bin khattab nyium hajar aswad batuna dicarekan heula sia batu
hideung tapi nabi Muhammad nyium urang ge arek ah. Berarti umar nyium
batunya bukaan karena batunya tapi karena hormat terhadap Rasulullah. Cium
hajar aswad sambil mngenang rasul. Apa yg dikenang ahklak rasul bawa ka
Subang. Teu saetik bapana ker sujud di masjidil haram anaknya ker mabok di
Subang. Ibuna ker sujud di masjidil haram anakna ker lacur di Subang. Teu
saetik makana bawa tablighna kadieu. Nah makana syahadat mabruroh, tah
ayeuna kumaha shalat mabruroh. Gerakan jeng kalakuan sarua, beres shalat salam
tebarkan kasalametan biwirna gerakanana nanaona kudu mawa kasalametan. Haji
kudu bawa kasalametan supaya hajina mabruroh. Ges dibejaan di ditu sarokaat
shalat di mesjidil haram mah sarua jeng shalat sarebu rakaat di luar masjdil haram.
Makana haji niatnya nu bener. Teruskeun tong ? enya diteruskeun tapi kamerana
pareman, nuhun a cekap. Tah kitu atuh, wassalamu „alaikum warahmatullah
wabarakatuh

Anda mungkin juga menyukai