Anda di halaman 1dari 27

LAPORAN PUBLIKASI KHUTBAH JUMAT

Disusun oleh :

IWA WIBAWA

MASJID NURUL HIKMAH DESA MEKARGALIH


KECAMATAN JATINANGOR KABUPATEN
SUMEDANG
2022
DAFTAR ISI

DAFTAR ISI………………………………………………………............................. 2
KATA PENGANTAR…………………………………………………………………... 3
HAKEKAT, SYARE`AT JEUNG ADAB ................................................................... 4
NENANGKEUN HATE.......................................................................................... 6
NALUKEUN HAWA NAFSU ………………………………………………………………… 7
PENTINGNA NIYAT DINA AMAL-AMALAN............................................................. 8
ISTIQOMAH DINA IBADAH NAJAN TEU ACAN MAKSIMAL……………………………. 9
NAFAKURAN MAOT............................................................................................. 11
MUSLIM JEUNG MUSLIM DEUI TEH DUDULURAN............................................... 12
TAKWA KA ALLAH LADANG TINA ELMU.............................................................. 14
NUTUPAN WIWIRANG BATUR............................................................................. 15
TAKWA KA ALLAH LADANG TINA ELMU…………………………………………. 17
NGAHIRUP-HIRUP MASJID………………………………………………………… 19
TAAT KA RASULULLAH SAW …………………………………………………….. 20
AKHERAT KAHIRUPAN ANU LANGGENG………………………………………. 22
KAWAJIBAN SHALAT JUM`AH…………………………………………………..... 24
NYEGAH TURUNAN TINA STUNTING …………………………………………… 25

2
KATA PENGANTAR

Puja dan puji dipersembahkan hanya untuk-Mu ya Allah, Dzat Yang Maha
mendidik seluruh alam. Shalawat dan salam hanya untuk mu ya Rasulallah Saw.
Berkat cita kasih-Nya, penulis dapat menghimpun catatan-catatan kecil dari khutbah
dan ceramah agama Islam yang disampaikan di masjid Nurul Hikmah di Kampung
Munggang Desa Mekargalih Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang Jawa
Barat. Kumpulan materi ceramah agama Islam tersebut kemudian diabadikan dalam
sebuah laporan publikasi khutbah jumat. Laporan ini dibuat untuk dokumentasi
materi yang telah disampaikan penulis dalam khutbah jumat serta menjadi referensi
bagi yang membutuhkan.
Di antara keberhasilan seorang penceramah agama dalam menyampaikan
ajarannya adalah terletak ketepatan di dalam pemahaman dan pemilihan materi
ceramah. Sampai saat ini buku-buku materi ceramah agama Islam yang aktual,
faktual, dan kontemporer masih dirasa kurang. Sehingga hal ini merupakan salah
satu penyebab minimnya komunikasi anatara penceramah dan umatnya. Akibatnya
peningkatan kompetensi ajaran agama dan praktik keagamaan umat belum tercapai
secara maksimal.
Penulis menyadari bahwa laporan ini jauh dari sempurna. Hal ini disebabkan
keterbatasan kompetensi penulis dalam memahami ajaran Islam dan bahan bacaan.
Segala bentuk kritik konstruktif untuk kesempurnaan laporan ini sangat diharapkan.
Penulis mengucapkan terima kasih kepada para pembaca yang budiman dan
akhirnya penulis senantiasa memohon kepada Allah Swt, semoga memberikan
manfaat atas laporan ini, Amin.

Penulis

Iwa Wibawa

3
Berikut Materi khutbah Jumat yang telah saya sampaikan kepada Jamaah Masjid
Nurul Hikmah selama Tahun 2022

KHUTBAH JUMAT ka 2. Januari 2022.


HAKEKAT, SYARE`AT JEUNG ADAB

‫هلل‬ .
. .
.
. ‫هلل‬ :

" Jeung saniskara anu tumiba ka aranjeun ti antara balai teh, nya saestuna alatan
leungeun aranjeun, jeung Anjeunna maparin maaf tina sabagian gede { kasalahan-
kasalahan }". { QS. Asy-syuro: 30 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !

𝙃𝘼𝘿𝙄𝙍𝙄𝙉 𝙎𝙄𝘿𝘼𝙉𝙂 𝙅𝙐𝙈𝘼𝙏 𝙍𝙊𝙃𝙄𝙈𝘼𝙆𝙐𝙈𝙐𝙇𝙇𝙊𝙃

Sadaya Puji kaagungan Alloh Rabbul Izzati. Hayu urang manjatkeun syukur ka
mantena. Sabab kalayan qudrat sareng iradatna, alhamdulillah urang sadayana
masih dipaparinan umur dugika dinten iyeu, nyaeta dinten Jum'at anu pinuh ku
kamuliaan.

Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang


sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Oge ka sadaya kulawargina, para
Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman.

Henteu aya anu langkung pantes dina kasempatan Jum'at ieu kecuali urang saling
nasehatkeun dina wasiat taqwa, khususna kanggo diri simkuring pribadi sareng
umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan
kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu
diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na.

𝙃𝘼𝘿𝙄𝙍𝙄𝙉 𝙎𝙄𝘿𝘼𝙉𝙂 𝙅𝙐𝙈𝘼𝙏 𝙍𝙊𝙃𝙄𝙈𝘼𝙆𝙐𝙈𝙐𝙇𝙇𝙊𝙃


Dina raraga mernahkeun hate sareng polah urang sadaya, Gusti Allah parantos
ngatur ku jalan nempatkeun 3 rupa diantarana: hakekat, syare`at sareng adab.
Urang sadaya sabage makhlukna kedah tiasa mernahkeunana sakumaha
panempatan ti Gusti Allah, margi upami henteu sapagodos sareng panempatan ti
Gusti Allah tangtos bakal cilaka, sasar sareng bakal keuna ku tipuan syetan.

Mernahkeun hate dina rararaga urang


1. Hakekat. Ari hakekat masalah hate, nyaeta wajib ngimankeun oge ngayakinkeun
yen sadaya kajadian anu tumiba kadiri atanapi kabatur, anu sae atanapi anu awon
eta sadayana ti Gusti Allah, katangtosan ti Mantenna. Pidawuh Anu Mahasa Suci :

" Pok caritakeun : ' Moal aya anu tumiba ka urang sarerea salian ti saniskara anu
geus dipastikeun ku Alloh ka urang sarerea. Nya Anjeunna anu nangtayungan urang
sarerea jeung nya ka Alloh kuduna jalma-jalma mu`min tawekal ". { QS. At-Taubah,
ayat 51 }.

4
2. Syare`at nyaeta lampahkeuneun, maksadna padamelan badan sakujur, alias mun
teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngoprek moal nyapek. Manusa kedah usaha
kalawan ngerahkeun sagala kamampuan anu aya, hasil henteuna kumaha
kaparigelan dirina, hade goreng, untung sareng rugi eta kumaha usahana nyalira.
Pidawuh Gusti Allah :

" Manehna baris meunang ganjaran tina saniskara anu diusahakeunana jeung
manehna baris meunang siksaan tina saniskara anu diusahakeunana ". { QS. Al-
Baqoroh, ayat 286 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Gusti Allah parantos maparin alat sareng jalan kanggo narekahan nyaeta
ku dipasihan akal. Ieu akal tiasa milari tarekah sareng jalan mana anu kedah
dipilampah sareng mana anu ulah. Akal tiasa merhetangkeun untung sareng rugi,…

KHUTBAH JUMAT Ka 4, Januari 2022


NENANGKEUN HATE

‫هلل‬ .
. .
: . ‫هلل‬ :
‫ج‬
" Henteu tumiba bahaya {musibah} di bumi { saperti tandus, gempa) jeung kitu deui
henteu di diri aranjeun {saperti gering}, anging anu { geus titis tulis } dina kitab { loh
mahfudz }, samemeh Kami ngajadikeun itu musibah. Saestuna anu kitu teh
gampang keur Alloh mah ". {QS. Al-Hadiid, ayat 22}

Hadirin Ahli Jum‟ah Rohimakumullah !.

Dina ngajalani kahirupan di alam pawenangan ayeuna seueur kajadian anu


kaalaman ku urang, naha anu amisna atawa anu paitna, matak genah atawa
tugenah. Pikeun jalma anu imanna kuat eta kajadian teh teu matak mangaruhan
kana jiwana, hatena bakal tetep tengtrem, betah, genah, merenah, tumaninah
sanajan seueur cocoba jeung gogoda.

Ari anu matak mawa betah rasa jeung tengtrem hate taya lian nyaeta eling
ka Gusti Allah SWT. Diantarana nyaeta eling kana damel{af`al}na Gusti Allah,
dadamelan Gusti Allah anu aya kaitanana jeung kajadian nu karandapan, ka diri
atanapi kanu lian, eta sadaya kajadian dadamelan Allah, dihaja ku Allah, sabage
ujian ka manusa ti Mantenna.

Ari Cara pikeun nengtremkeun hate nyaeta:

1. Tumarima dina nandangan cocoba, utamana cocoba pait saperti awak teu sehat,
usaha rugi, tani teu hasil, cita-cita gagal, jeung sajaba ti eta. Ieu sadaya kedah
ditarimakeun yen ieu teh cobaan ti Allah, diri nuju diuji ku Nu Maha Kawasa.

2. Pasrah kana eta taqdir, da sanajan diri adug lajer, teu suka teu rido, musibah mah
tetep moal tiasa nolak margi tos kitu buktina, manusa teu ngagaduhan kakuatan
jeung kamampuan jang ngaleungitkeunana, iwal ti kedah pasrah sumerah ka Allah

5
anu nyiptakeun eta kajadian. Ku ngarasula jeung putus asa moal matak kaluar tina
eta taqdir, anu pasrah sumerah ge sami, ngan bedana ari anu ngarasula mah cape
hate bari doraka, ari anu pasrah mah tetep tengtrem teu galideur bari kenging
ganjaran. Kasauran Sohabat Umar ra. nalika nganasehatan ka hiji pameget anu nuju
kenging musibat :

Hartosna : " Lamun anjeun sabar, maka hukum Alloh tetep jalan bari anjeun
diganjar; jeung lamun anjeun nga rasula, maka katangtuan Alloh tetep berlaku bari
anjeun doraka ". {Syarah Hikam I, kaca 25}

3. Milari tarekah, kumaha carana sangkan tiasa kaluar tina eta musibah, kaluar tina
kasulitan, saupami masih aya jalan tarekaheun. Tapi sanes narekah ku pedah teu
pasrah, sanes teu nampi kana musibah, narekah soteh pedah dipiwarang, seja
ibadah ku narekahna, kadar hasil jeung henteuna eta mah kumaha kersaning Gusti
Allah, hasil bae nuhun Alhamdulillah, cenah henteu dalah kumaha deui, kantun
sabar tawekal. Kedal lisan anu diberengan ku kayakinan hate :

Hadirin, Rahimakumullah !.
Ieu cara nengtrermkeun hate memang teu gampil, kajaba pikeun jalmi-jalmi
anu diistimewakeun ku Allah dikersakeun kenging Rahmat-Na. Pidawub Nu Maha
Suci:

Hartosna :“ Anjeuna (Allah) nangtukeun rahmat-Na ka sing saha anu dikersakeun ku


Anjeuna. Jeung Allah teh nu kagungan kurnia anu gede pisan ”. {QS. Ali Imron, ayat
74 }.
Manusa anu tos mibanda anu tilu ieu, ciri eta jalmi anu bakal kenging
katengtreman hatena ti Allah SWT. Ngan upami urang acan mibanda anu tilu tadi
ulah nganaha-naha ka Allah, tapi urang nyalira anu acan ngartos, hirup masih dina
ngagugu syahwat.
‫ج‬
Hartosna : " Allah maparin hikmah ka sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna.
Jeung sing saha anu dipaparin hikmah, saestuna ngandung harti dipaparin
kahadean anu kacida lobana. Tapi jalma-jalma henteu areling, anging anu baroga
pikiran ". { QS. Al-Baqoroh, ayat 269 }.
Muga-muga urang sadaya salamina aya dina kanyaah sareng
panangtayungan Allah SWT. Aamiin !.

Khutbah Kadua

‫هلل‬ .
. .
. .
.
‫هلل‬

6
KHUTBAH JUMAT Ka 4 Februari 2022
NALUKEUN HAWA NAFSU

‫هلل‬ .
.
. . ‫هلل‬

Hartosna : “ Jeung ari jalma-jalma anu jihad dina {urusan} Kami, saestuna Kami
baris maparin pituduh ka maranehna kana jalan Kami, jeung saestuna Allah nya
rengan jalma-jalm anu ngalampahkeun kahadean { ku mangrupa pitulung }”. {QS.
Al-`Ankabut, ayat, 69 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Sadaya amal dhohir boh anu wajib atawa anu sunat, saperti shalat, zakat,
puasa, haji, shodaqoh, nulung kanu butuh nalang kanu susah jeung sajabana, tiasa
dilaksanakeun kalawan sampurna jeung ditampi ku Gusti Allah upami tos tiasa
nalukeun heula hawa nafsu, nyeta merangan kahoream, merangan kanyaah ku
harta.
Mujahadah teh nyaeta merangan hawa nafsu jeung syahwat, tapi sanes
berarti eta nafsu jeung syahwat kedah dipareuman, kedah dileungitkeun, ngan eta
nafsu syahwat kedah tiasa dikendalikeun kedah tiasa ditalukeun. Memang dina
nafsu teh aya manfaat oge aya madaratna, da manusa moal daek usaha lamun
henteu gaduh nafsu, moal daek rumah tangga upami teu gaduh syahwat, moal
gaduh kahayang upami leungit nafsuna. Ngan eta nafsu ulah di umbar, ulah
dijadikeun komando kana diri, margi upami nafsu dijadikeun komando ku diri, pasti
lengkahna kajurung ku nafsu, biwirna kajurung ku nafsu, panangan jeung sadaya
anggahota badanna di dorong ku nafsu.
Upami manusa teu tiasa nalukeun nafsu syahwat, tangtos nafsu bakal
laluasa ngalindih manusa, panon ditingalikeun kanu teu halal, cepil di angge
ngupingkeun anu haram, panangan sampean, malah hate jeung pikir oge bakal
digunakeun kana pidorakaeun ceuk Allah, akhirna rupa wungkul manusa, tapi hate
jeung kalakuanana siga sato, malah leuwih sasar ti batan sato, da sato mah teu
dipasihan akal.
Salah sawios hukama nyaurkeun:

Hartosna : “ Ari asalna sakur ma`shiat, poho jeung syahwat, eta teh ridlo kana nafsu;
sedeng ari asal na sakur kataatan, nyaringna hate jeung kariksa, eta heunteu ridlona
anjeun tina nafsu”.
Nu pangheulana kedah diperangan teh hubbud dunya, resep kana harta
banda jeung kapangkatan, sanes berarti ulah gaduh harta, ngan eta harta ulah jadi
bengbatan, ulah ngabengbat dugika hilap kana tugas jeung kawajiban diri sabage
hamba Allah.
Hadirin Rahimakumullah !
Merangan hawa nafsu teh kacida beuratna, jaba moal aya eureunna, salami
hirup mah terus-terusan merangan hawa nafsu, numawi ku Kanjeng Rasulullah SAW
oge disebatna jihad akbar. Manusa moal berhasil nalukeun hawa nafsuna kalawan
sampurna, anging upami dina diri manusa ngagaduhan dua sifat perasaan dina
jiwana nyaeta peraasaan banget sieun ku Allah, sieun ku siksaan Allah, jeung
perasaan cinta rindu ka Allah nu ngalahirkeun rasa isin ku Allah.
Anu maling, anu zina, nu ngarumpak larangan Allah, nu ninggalkeun tugas
jeung kawajiban ti Allah, mungkin bae sanes teu apaleun salah, sanes teu uninga

7
larangan, sanes teu percaya kawajiban, tapi eleh merangan hawa nafsuna, eleh
jihadna.
Kumargi kitu mu`minin, muslimin kedah tiasa ngabersihkeun hate ka Allah,
ikhlas, mersihkeun pikir ka Allah, sangkan tiasa ngengingkeun mujahadah. Manusa
nu unggul tina mujahadahna bakal kenging pituduh Gusti Allah, bakal ditulungan,
sarta kalebet muhsinin, sakumaha pidawuh Gusti Allah anu disebat tadi diluhur.
Kanjeng Rasulullah SAW. Ngadawuh:

Hartosna : “ Naraka dihalangan ku pirang-pirang syahwat hawa nafsu, sedeng surga
dihalangan ku pirang-pirang nu teu pikaresepeun”. { Riyadlushsholihin, kaca 66 }.
Muga-muga urang sadaya dipasihan kakiatan kanggo meruhkeun hawa
nafsu nu aya dina diri urang sadaya, sangkan pinanggih kauntungan sareng
kabahagiaan hirup, dunya sareng akherat.Aamiin !.

KHUTBAH KA II
‫هلل‬ . .
. .
.
. .
.
. ‫هلل‬

Jumat Ka 4 Maret 2022


PENTINGNA NIYAT DINA AMAL-AMALAN

‫هلل‬ „ „ „ ‫هلل‬ „
„. „ „ „ „.
. :
‫هلل‬ . :
‫ج‬
Hartosna : “ Jeung henteu aya hiji jiwa oge anu amot anging kalawan widi Allah, titis-
tulis geus ditangtukeun waktuna. Jeung sing saha anu hayang ganjaran dunya, Kami
baris maparin, jeung sing saha anu hayang ganjaran akherat, Kami baris maparin
deuih, jeung Kami baris maparin ganjaran ka jalma-jalma anu muji syukur “. {QS. Ali
Imran ayat 145}.

Hadirin Ahli Jum‟ah Rahimakumullah !.


Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh:
... ‫ث‬
Hartosna : " Pastina ari amal-amalan gumantung kana niatna. Jeung pikeun tiap
jalma ukur meunang naon-naon nu jadi paniatanana". {HR. Bukhori, Juz I, kaca 6}.
Niat numutkeun bahasa nyaeta kadar-kadar ngamaksud, sedeng
numutkeun syara` nyaeta kereteg hate ngamaksud kana hiji perkara bari jeung prak
migawena; upama henteu jeung prakna migawe eta perkara (di engkekeun) namina
„azam. Sakur niat tangtos disarengan ku sadar, tapi teu sakur sadar disarengan ku
niat, da memang dina kanyataanana seueur kalakuan sadidinten anu disadari tapi
teu dibarengan ku niat. Jadi sakur niat pasti sadar, ngan teu sakur sadar pasti niat.
Niyat anu dikandung dina hate sanubari hiji jalmi nalika ngalakukeun amal
padamelan jadi patokan anu nangtoskeun nilai sareng status hukum amal anu
dipidamelna. Naha nilai eta padamelan teh mangrupi padamelan syareat atanapi

8
padamelan kabiasan. Saterasna, upami eta padamelan teh padamelan syareat,
naha status hukumna wajib atanapi sunat sareng sanes-sanesna ditangtoskeun ku
niyat jalmi nu ngalakukeunna. Ku peryogi-peryogina perkara niyat, Imam Syafi'i,
Ahmad, Abu Dawud, Ad-Daruqutni oge imam sanesna sepakat netepkeun yen
hadits niyat nempatan sapertilu tina sadaya elmu pangaweruh Islam. Malihan niyat
ku anjeun tiasa mangrupi ibadah anu mandiri sedengkeun aktivitas anu sanesna
moal jadi nilai ibadah saupami teu dirojong ku niyat. Niyat sanaos teu diteraskeun ku
padamelanna jalaran aya pamengan syara‟, sapertos anu nuju saom ngadadak aya
halangan syara`, masih dipandang langkung sae tibatan anu saom tapi teu
dibarengan ku niyat. Kitu manawi kandungan pidawuh Kanjeng Nabi SAW:

Hartosna: " Paniyatan jalmi iman langkung sae batan amalna ". ( Dasar-Dasar
Pembinaan Hukum Fiqih Islam, kaca 489 }. Oge pidawuh kanjeng Nabi SAW dinu
sanesna :
-‫ث‬
“ Singsaha anu nagamaksad ngerjakeun hiji kasaean tapi janten
ngalaksanakeunana maka Allah Maha Berkah Maha Luhur nyatet keur eta jalmi hiji
kasaean anu sampurna “. { Riyadus Solihin, kaca 10 }
Hadirin, Rahimakumullah !
Sagala rupi amal taqorrub nyaeta hiji amal anu bakal ngengingkeun ganjaran
kumargi niyatna kanggo nyaketkeun diri ka Allah, maka niy…

Jumat Ka 2, April 2023


ISTIQOMAH DINA IBADAH NAJAN TEU ACAN MAKSIMAL

‫هلل‬ . .
. .
. . ‫هلل‬ :

{QS. Al-Ahqof, ayat 13}


Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Wujud tina iman sareng taqwa nyaeta ngalaksanakeun syareat-syareat ti
Gusti Allah sacara teras-terasan. Muara syareat teh taya sanes kajabi kasaean, boh
kasaean di dunya boh kasaean di akherat. Kantun kumaha urang ngalaksanakeun
rupi-rupi hal anu sae anu tos digariskeun ku agama sareng anu tos laksanakeun ku
ulama tipayun kalayan pengkuh. Jalmi anu istiqomah kana hal-hal anu sae bakal
diperhatoskeun ku Allah SWT kalayan dipasihan ganjaran anu agung, nyaeta surga.
Gusti Allah SWT parantos ngadawuh dina Al Qur'an surat Fushshilat, ayat 30:

Hartosna, “ Satemenna jalma-jalma anu nyarita: “ Pangeran abdi sadaya teh Allah !”,
tuluy maranehna tetep istiqomah, tanwande para malaikat turun ka maranehna
(pokna): “ Salira sadaya ulah ngaraos sarieun sareng poma salira sadaya ulah
nalangsa; sarta mugi Salira sadaya suka-bungah ku sawarga anu kantos
dijangjikeun ka salira sadaya “.

Hadirin, Rahimakumullah !.

Kalintang bagjana janten hamba anu istiqomah dina midamel kasaean, margi
anjeunna kenging jaminan ti Allah SWT dina wujud kasalametan dugi ka dilebetkeun

9
ka surga engke, sakumaha anu dimaksad dina ayat anu nembe diaoskeun. Jalaran
kitu, hayu urang sasarengan neguhkeun kayakinan urang kana kaimanan, taqwa,
sareng pirang-pirang amal soleh.

Ngaronjatkeun ibadah ka Allah swt tangtos sae pisan, sabage wujud kaabdian
urang. Tapi bakal langkung sae upami ngalakukeun istiqomah sanes mung dina
momen-momen anu tangtos wungkul sapertos dina sasih ramadlan urang ibadah
anu leres-leres sumanget ningkatna, tapi ieu istiqomah hal anu sanget peryogi
diperhatoskeun. Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh yen Allah mikacinta ibadah
anu dilakukeun sacara konsisten mayeng sanaos sakedik. Pidawuh Mantenna:

Hartosna, " Satemenna amalan anu paling dipikacinta ku Allah nyaeta amalan anu
paling mayeng sanajan saeutik ". {HR Syaikhoni – Mukhtarul Ahadits, kaca 7}.
Ngajaga kaistiqomahan memang diparentah ku agama. Al-Qur'an sareng
hadits sering nyinggung pentingna janten hamba anu istiqomah dina kasaean.
Istiqomah teu gampang, tapi sanes hartos teu tiasa kahontal. Urang kedah
ngantebkeun deui niat hoyong janten hamba anu dipikanyaah ku Allah kalayan
ngalaksanakeun parentah-Na sareng nebihan sagala larangan-Na. Gusti Allah
ngadawuh dina Al Qur'an:
‫ج‬ ‫ج‬ ‫ج‬ ‫ج‬

Hartosna, " Ku kituna prak geura ajak jeung geura {istiqomah } sakumaha anu
diparentahkeun ka Hidep (Muhammad) jeung poma Hidep ulah nurut kana kahayang
maranehna sarta pok caritakeun, ' Kaula iman kana anu geus diturunkeun ku Allah
nyaeta Kitab jeung Kaula diparentahkeun pikeun ngajalankeun kaadilan diantara
arandika.' (QS. Asy-Syura [42]: 15).
Teu kengin bosen-bosen ibadah sanaos teu can optimal sareng ulah bosen
ngusahakeun janten jalmi sae. Kasaean anu ku urang dilaksanakeun, boh ka
sasama boh ka Gusti Allah, teu kenging pegat, malih kedah teras ditingkatkeun
sareng istiqomah. Teu aya alesan anu tiasa ngeureunkeun kasaean. Sanaos di
tengah-tengah cobaan anu nimpa, mayunan pasualan hirup anu beurat, urang tetep
kedah ikhtiar pikeun teras-terasan midamel kasaean, margi Allah mikacinta ibadah
anu dilaksanakeunn istiqomah sanaos saalit pisan. Jalmi anu tiasa istiqomah
samisareng jalmi anu milampah pikeun nyampurnakeun imanna, kasampurnaan
iman tiasa dihontal ku jalan istiqomah. Ing Syaa Allah !. Mudah-mudahan. Aamiin !.

Khutbah II
‫هلل‬ . .
.‫ث‬ . .
.

.
.
‫هلل‬

10
Jumat Ka 2, Mei 2022
NAFAKURAN MAOT

‫هلل‬ . „
„ . .
. ‫هلل‬
:
{ QS. Al-`Ankabut, ayat 57 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Alam dunya beuki rame, pendudukna makin seueur, bangunan-bangunan
megah menjulang tinggi ting pucunghuls, teknologi beuki canggih, ilmu pangaweruh
makin maju jeung moderen anu ieu teh jang kagampilan jeung kahadean. Tapi,
disatukangeun eta sadaya, sabenarnya pelakuna mah pili genti jeung ukur sakedap
ewang, sakedap pisan kasempetan ngalalakonna.
Ayeuna urang nuju bagean giliran ngalalakonna jeung sakedap deui oge
bakal ninggalkeun ieu alam dunya, diaplus ku batur, kedah siap-siap iraha wae
sumping ajal. Maot teu aya istilah teu pantes, teu pedah murangkalih keneh, nembe
borojol, sanaos betah keneh, nuju ngaraoskeun kanikmatan hasil pejuangan.
Pidawuh Nu Maha Suci dina surat Al A‟rof ayat 34 :

" Jeung pikeun saban-saban ummat aya ajalna. Nya upama datang ajalna,
maranehna moal bisa menta dipundurkeun sakeudeung oge jeung moal bisa menta
dipajukeun ".
Sakedap deui bakal jadi jalmi anu tinggal kenangan, kantun carita generasi
ayeuna atawa mungkin teu aya anu apaleun sama sakali ku jalmi-jalmi satukangeun
urang. Margi kitu, hirup ulah katipu kupedah nuju jaya, dipuncak karir, terlena ku
kasenangan dunya, laku lampah saenak karep. Bayangkeun ti ayeuna keneh
kaayaan urang mun tos maot mungguh jalmi-jalmi anu masih harirup. Sering emutna
ka urang atanapi bakal hilapeun katungkul ku kasibukan kahirupanna. Saperti urang
ayeuna ka jalmi-jalmi anu tos maraot, padahal indung-bapa, babaturan. Sering emut
ka aranjeuna, atanapi sanget langka ?. Meureun nasib urang ge bakal kitu dimana-
mana tos maot.
Ditengah-tengah semangat, sibuk sareng asyiknya usaha ngaraih kahoyong,
cita-cita sareng harepan anu ageung, ulah hilap, dina tiap dinten, paling henteu
sadinten sakali, sapertos tiap waktos enjing-enjing bayangkeun, raraoskeun "
KUMAHA MUN POE IEU MAOT ! ", kumaha teuing cariosan batur pami nyaan
kajadian maot, sawarehna jalmi mungkin aya anu kaget, teu nyangki, jalaran
ngadadak tea kajadian maotna, teu aya tanda-tanda ti anggalna, kumarga nuju
sehat jag-jag. Mun diri tos jadi mayit ngajepat dina pasaran, duka di masjid, duka di
tengah bumi. Dibalaturan cicing ngariung sotenan pedah hirup keneh. Tos jadi mayit
mah beres disolatan ge buriak kalaluar, sawarehna terus ngadon ngobrol jeung
baturna ngaler-ngidul, malah aya nu bari sareuseurian. Mayit mah ngajepat
sorangan di masjid ditaringgalkeun ku sarerea. Tacan dikubur oge tos pada
narebihan, malihan haroyong enggal dikerebkeun, hoyong enggal beres jalaran
seueur kaperyogian.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Umur manusa di dunya dina lamina ukur puluhan taun, sedengkeun di alam
kubur{barzakh} mungkin masih ratusan taunan deui, malih boa langkung ti sakitu
nunggu kana sumpingna kiamat, teu acan kadituna mayunan alam akherat anu moal
aya tungtungna anu tempat picicingeunna antara surga jeung naraka, mun dina

11
mangsa harita nyawang ka alam dunya ayeuna teh tetela kahirupan di alam dunya
teh sanget, sanget, singket kacida. Teu aya tapakna, kabungah kasusah ukur kaya-
kaya ngimpi, sanes anu sanyata. Jadi mun bungah ayeuna di dunya ukur dina
raraga ngebrehkeun syukur nikmat ka Allah anu tos maparin nikmat, margi dibalik
kabungahan hirup ayeuna teu acan aya vonis bebas tina ancaman kajadian maot
sareng kajadian-kajadian saatosna maot nyaeta mayunan kajadian alam kubur,
hisaban dugi ka jadi ahli surga atanapi ahli naraka.
Ku ngemutan kajadian maot sareng kajadian saatosna maot, urang sadaya
kedah leres-leres ngamanfaatkeun jatah hirup ayeuna ku takwaan ka Allah SWT
damel kasaean anu manfaat ka sasama, kedah diraraos karaos berhargana hirup
memeh sumping maot, supaya teu seueur teuing kahanjalan, nyuhunkeun
dipulangkeun deui ka alam dunya kanggo amal soleh. Kasauran hukama :

“ Jeung hirup. Moal ngarasakeun kana berhargana hirup kajaba ku jalma anu tos
maot “.

“ Ya Allah ! Mugi Gusti ngaberkahan ka abdi nalika maot sareng dina kajantenan-
kajantenan saatosna maot !”. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW, saha jalmi ngamalkeun
ieu doa dina tiap dinten 25 balikan, tapi ternyata maot dina luhureun ranjangna,
maka Allah masihan ka eta jalami ganjaran maot syahid. { Nashoihul `Ibad, kaca 41
}.

Khutbah Kadua

‫هلل‬ .
. . :
.
.
.
‫هلل‬

Jumat Ka 4, Juni 2022


MUSLIM JEUNG MUSLIM DEUI TEH DUDULURAN

‫هلل‬ ‫هلل‬
. .
. . ‫هلل‬
: { QS. Muhammad, ayat 7} .
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah!.
Dugi ka danget ieu, masih keneh aya beja-beja anu matak sedih campur ka
keuheul anu ngurilingan umat Islam Palestina anu tangtosna oge nganyenyeri urang.
Di Jalur Gaza, rebuan jiwa manusa tiwas sareng seueur jalmi anu luka beurat.
Kakejaman para prajurit Yahudi anu ngabantai rebuan Muslim jelas jeung atra ka
jalma-jalma anu masih keneh boga hate nurani. Tentara Zionis Yahudi ngabom
brutal ka Rumah Sakit Al-Ahli Baptist di Gaza. Maranehna ngalungkeun rudal ka
umat Islam anu dirawat di rumah sakit.
Kacida pisan, jalmi naon namina anu boga hate pikeun mateni jalmi-jalmi
anu teu tuah teu dosa, bari kalah nuduh ka pihak sejen jeung nyarita yen eta sanes

12
kalakuanana. Rumah sakit dibombardir, gedong tempat penduduk ancur, suplai cai,
listrik, gas, kadaharan sareng obat-obatan disabotase ku mahluk jahat ieu. Ieu
ngarupikeun pembunuhan massal brutal anu dilakukeun ku Yahudi Zionis ka rahayat
Palestina.
Sabage jalmi anu iman ka Allah, saatosna nguping sareng ningali itu
kajantenan tangtos urang teu tiasa cicing kitu wae kana kajadian anu karandapan ku
urang Palestina. Wajar sareng pantes pikeun umat Islam peduli sareng simpati ka
aranjeunna. margi, jalmi anu iman ka Allah leres-leres tos jadi dulur saiman jeung
tangtu kapedulian urang ka sasama dulur kedah dibuktoskeun sareng ditingalikeun.
Dawuhan Allah dina surat Al-Hujurat ayat 10
‫ج‬
“ Satemenna jalma-jalma nu ariman teh sadulur. Ku sabab kitu, rapihkeun antara
dua dulur aranjeun jeung masing taqwa ka Allah, supaya anjeun meunang rahmat ".
Sing saha wae jalmina, boh di beulah wetan atawa kulon, lamun iman ka
Allah, Malaikat, kitab, Nabi jeung Rasul Allah, jeung iman kana poe akhir, mangka
manehna teh sadulur ka jalma mu'min lianna. Ku alatan eta, unggal mukmin
diwajibkeun pikeun mikanyaah jeung mikacinta mukmin sejenna saperti manehna
mikanyaah jeung mikanyaah ka dirina sorangan. Kanjeng Nabi Muhammad SAW
Ngadawuh:

" Teu sampurna iman salah saurang ti aranjeun sahingga manehna mikacinta ka
dulurna saperti manehna mikacinta ka dirina sorangan." (HR. Al-Bukhari).
Dina hadits ieu, Kanjeng Rasulullah SAW ngajelaskeun yen iman hiji jalma
moal sampurna lamun teu nyaah ka dulurna. Kasampurnaan iman bakal kahontal
lamun urang mampuh mosisikeun dulur saiman urang salaku diri urang sorangan.
Upami urang hoyong kasaean, mangka pastikeun yen kasaean diraoskeun
ku dulur-dulur urang. Lamun urang teu resep hal goreng lumangsung ka urang,
maka usahakeun eta kagorengan ulah kajadian ka dulur urang. Eta ngandung
hartos aya rasa duduluran dina iman.
Jadi, katunggaraan umat Islam di Palestina teh salersna katunggaraan umat Islam di
sakuliah dunya. Sanaos urang dipisahkeun ku jarak, iman ka Allah ngajadikeun
urang sadaya hiji unit. Tatu maranehanana nyaeta tatu urang, getih maranehanana
nyaeta getih urang. Janten upami rasa prihatin eta henteu muncul dina hate urang,
maka pantes pikeun urang naroskeun ka diri urang, naha urang leres-leres iman ka
Allah ?. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW:
Dina pada mu`min kedah silih pikanyaah, mikaresep, silih mikawelasna
dugika ku Kanjeng Rasulullah SAW dimisilkeun hiji jasad. Pidawuh Kanjeng Nabi
Muhammad SAW:

“ Parumpamaan mu`minin dina silih mikacinta, mikanyaan sareng mikaasih teh eta
saperti hiji jasad. Dimana-mana aya hiji anggahota anu karasa nyeri, maka eta
kanyeri anggahota teh ngajalar ngajadikeun teu bisa sare jeung paranasna sadaya
anggahota sejenna “. { HR. Buchari-Muslim, Riyadlushshalin, kaca 129 }.
Ya Allah, uihkeun Al-Aqsa ka abdi sadaya {muslimin} sareng pasihan abdi
sadaya kasempetan pikeun ibadah di dinya sateuacan maot. Hayu urang bantosan
umat Islam di Palestina ku harta, tanaga, waktos, sareng tangtos doa urang ka Allah.
Hayu urang teraskeun nyarios anu leres ku cara anu sae pikeun ngalawan
propaganda sareng bohong anu diciptakeun ku penjajah sareng pendukungna.
Mugi-mugi Allah maparin pitulung ka kaum muslimin anu parantos dizalimi,
anu parupus kalebet anu maot syahid sareng kalebet urang sadaya kalebet jalmi-

13
jalmi anu nampi pangampura sareng ridha ti Anjeunna. Oge Muga-muga Allah
maparin kadamaian, kaamanan, katengtreman kasalametan anu saenggalna ka
Muslimin Palestina khususna, hirup babarengan sanaos aya dina beda kayakinan,
dugika dinten kiyamat. Aamiin, Yaa Rabbal `Aalamiin !.

Khutbah Kadua
‫هلل‬ . .
.
. .
. .
. . .
.
‫هلل‬

Jumat Ka 1, Juli 2022


TAKWA KA ALLAH LADANG TINA ELMU

‫هلل‬ . „
„ „ „.
. : . ‫هلل‬
:

Hartosna : “ Naha maranehna anu wenang ngabagikeun kurnia Pangeran anjeun ?.


Kami geus ngabagi kahirupan diantara maranehna dina kahirupan dunya jeung Kami
geus munjulkeun sabagian ti antara maranehna sawatara darajat batan anu
sawarehna deui, supaya sawareh ti antara maranehna bisa silihgunakeun jeung anu
sawarehna deui. Jeung kurnia Pangeran anjeun teh leuwih hade batan saniskara
anu ku maranehna dikumpulkeun “. {QS. Az-Zukhruf , ayat 32}
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Nasib kahirupan jalmi henteu sami. Naha dina kaahlian, kadudukan sareng
kagaduhna. Aya nu ageung babari milik rezekina, aya rada hese, aya oge anu hese
pisan, aya agniya, fuqoro, masakin. Aya nu jadi pejabat, pamingpin, rahayat, sareng
sajabina ti eta. Pidawuh Gusti Allah SWT:
‫هلل‬ ...
Hartosna: “ Jeung Allah munjulkeun rejekina sabagian aranjeun batan nu sawarehna
deui. {QS. An-Nahl 16: Ayat 71
Eta sadaya katangtosan takdir ti Allah anu kedah siap nampina dimana-mana
tumiba ka saha wae. Margina, ieu sadaya babagian ti Allah SWT, dihaja ku Gusti
Allah kanggo kaberlangsungan kahirupan manusa tiasa jalan. Da memang sawareh
ka sawarehna saling ngabutuhkan, teu tiasa berdiri sendiri. Saperti hiji bangunan
bumi aya nu nasibna jadi kenteng, jandela, tihang, dinding, lantaina. Mun di manusa
mah aya nu jadi sirah, panangan, sampean, sareng patuangan. Diantara anggahota-
anggahota badan ieu teu dimeunangkeun silih agulkeun kana anggahota sejenna,
mandang rendah ngahinakeun kanu sawarehna anggahota. Oge ulah ngaraos hina
sarta minder. Ulah ngarasa minder hina ku nasib kahirupan dunya, tapi ulah ka PD
an teuing jeung ngarasa leuwih mulya. Sawareh ka sawarehna kedah terjalin
hubungan harmonis jeung silih pikanyaah, silih perhatoskeun sareng silih belaan
sareng silih tulungan. Anu penting nu kedah janten perhatosan sareng di usahakeun
mah dina nasib kumaha wae kahirupan dina nasib eta kedah berusaha taqwa ka

14
Allah. Jalmi nu hade jeung pangmulyana dihadapan Allah mah jalmi anu
pangtakwana ka Allah bari husnul khatimah, anu ditampi amal solehna bari aya dina
pangampura Allah, sedeng kaayaan eta masih misteri masih sabatas usaha jeung
harapan anu disarengan ku doa, anu muga-muga jadi kanyataan. Sedengkeun
katakwaan ka Allah moal ngawujud saupami teu didukung ku elmu.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Kumargi sakitu Sanaos urang sanes kiyai, ustadz, namina kana elmu agama
mah tetep kedah aya waktos kanggo diajar, naha ku jalan ngaderes, mutolaah
atanapi babandung
kuping di Majlis ta`lim, jalaran aya elmu agama anu sifat fardlu aen margi
amalkeuneun sadaya mukallaf.
Pidawuh Kanjeng Nabi SAW. bahayana jalmi anu teu ngagunakeun kasempetan
milari elmu agama, bari padahal aya waktos kanggo nyuprihna:
-‫ث‬
Hartosna: “ Manusa anu pangbangetna kahanjakalanna dina poe kiyamat nyaeta hiji
lalaki anu waktu di dunyana aya kasempetan jang milari elmu tapi eta lalaki teu
milari elmu”.
Urang sadaya teu kenging jadi jalmi anu kalabur, nebihan ti `Ulama sareng Fuqoha,
margi bakal ngabalukarkeun tilu balai, malapetaka:
1. Dicabutna kaberkahan ladang kasabna. Kana hate teu aya rasa sugema,
tumarima. Kana ibadah hawana teu purun, ngedul. Kana awak matak jadi geringan.
Kana rumah-tangga teu aya katengtreman, turunan tingkah lakuna seueur
ngariweuhkeun ngahariwangkeun.
2. Dikawasa ku panguasa anu dzolim, pamingpin anu teu nyaah ka rahayatna
sahingga hirup teu aya katenangan margi.
3. Maot bari teu nyandak iman, suul khatimah, awon panungtungan, anu ieu
mangrupi puncakna balai di dunya. Anu janten sababna tina margi teu uninga jalan
hak, teu terang batal haram. Pas sumping ajal dina kaayaan laku ngarumpak
larangan Allah. Na`udzubillahi Min Dzalik !.

KHUTBAH KA II

‫هلل‬ .
. ‫ث‬ .
. .
.
.
. .
. .
.
‫هلل‬

Jumat Ka 3, Agustus 2022


NUTUPAN WIWIRANG BATUR

‫هلل‬ „ . „ „ .
t „ . .
. . ‫هلل‬

15
:

Hartosna : “ Saestuna jalma-jalma anu resepeun kana sumebarna {berita} pagawean


keji dikalangan jalma-jalma anu ariman teh, nya pikeun maranehna siksaan anu
peurih di dunya jeung di akherat. Jeung Ari Allah Maha Uninga , sedengkeun
aranjeun mah henteu nyaraho”.
{QS. An-Nur, Ayat 19}

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah ! .


Diantawis akhlak anu kacida awon sareng jahat nyaeta nyarioskeun
kaawonan, aeb atawa kalepatan batur dipayuneun batur, sarta teu aya maksud
ngelingan atanapi ngageuingkeun. Dina HR Muslim, Kanjeng Rasulullah SAW.
Ngadawuh, ari ghibah teh nyaeta:

Hartosna: " Nyaritakeuna anjeun ka dulur anjeun ku perkara anu dulur anjeun teu
mikaresep kana eta perkara". {Al-Adzkar, kaca 299}
Perkara anu diobrolkeunana mah naha ngeunaan awakna, agama, dunya,
harta, kulawargana atanapi ngeunaan gaya jeung tingkah-lakuna. Cara
ngungkapkeunana mah naha ku lisan, seratan, isyarat atanapi
dipetakeun{dicontokeun}.
Ieu kajahatan teh anu paling seueur nyebar di masyarakat, teu di sepuh
atanapi anom, pejabat atanapi rahayat, istri atanapi pameget. Numawi sakedik
manusa anu salamet kariksa dirina tina laku nyarioskeun kaawonan batur{Ghibah} .
Ari dosa ghibah sanes wungkul jang jalmi nu nyarioskeun, tapi oge dosana
keuna ka jalmi anu ngahaja ngabandungan, merhatikeun, sanaos teu ngiring
ngomentar. Malihan komo upami saatos na nguping carioasan jalmi nu ghibah jadi
timbul perasaan bungah, asa diuntungkeun jalaran batur nu diobrolkeun teh bakal
eleh bersaing, bakal teu dipikaresep ku jalma rea, bakal eleh simpati jeung bakal
cilaka, sedengkeun diri asa jadi aya nu ngadukung, meunang simpati, gede harepan
salamet sarta hasil maksud.
Upami leres di batur aya kalepatan, kakurangan, maka sakedahna urang
ngemutan. Dina masihan nasehatna saena paduduaan, sarta ulah diwartos-
wartoskeun ka batur supaya teu ngaraos isineun jalmi anu digeuingna. Ngageuing
atanapi nganasehatan jalmi anu kaliru dipayeuneun jalmi-jalmi sami sareng
ngawiwirang jalmi nu digeuingna.

Hadirin Rahimakumullah !
Para ulama maparin penjelasan, teu sadaya nyarioskeun kaawonan batur
hukumna dosa, dina hal-hal anu tangtos aya ghibah anu hukumna kenging{Jaiz},
diantawis contona nyaeta upami istri nyuhunkeun fatwa: " Kedah kumaha sikep abdi,
geuning caroge teh kieu…, kitu… kalakuanana !".
Hal ieu sakumaha Hadits Riwayat Hindun Istrina Abu Sufyan, nalika Hindun
ngadukeun ka Rasulullah SAW. Ngeunaan kalakuan carogena:

" Ya Rasulallah ! Sayaktosna Abu Sofyan teh lalaki koret !." . Ternyata Kanjeng
Rasul SAW. teu ngalarang kana eta ucapan Hindun. { Al-Adzkar, kaca 303}.
Supados diriksa tina padamelan ghibah anu haram, maka urang sadaya
salamina sing emut ka Gusti Allah, emut ka dua Malaikat Allah anu tukang nyatet
sadaya cariosan manusa, emut kana ancaman Gusti Allah ka jalmi tukang ghibah.
Oge raraoskeun heula ka nyalira, kumaha rasana mun aeb jeung kakurangan diri

16
diobrolkeun batur, tangtos urang moal enak, nya batur oge sami bakal moal
enakeun. Sing emut, lisan teh salah sawios anggaota badan anu mangrupi amanah
ti Gusti Allah anu bakal disuhunkeun tanggung-jawabna isukan dipayuneun Gusti
Allah dina dinten kiyamat. Samulihna, jalmi anu mampu nutupan wiwirang batur, teu
disebarkeun, maka Allah bakal nutupan wiwirang manehna dina poe kiyamat.
Pidawuh Kanjeng Nabi SAW:

Hartosna: “ Teu pati-pati saurang hamba nutupan {wiwirang} hamba sejenna di


dunya, kajaba Allah bakal nutupan wiwirang manehna dina poe kiyamat”. {HR
Muslim-Riayadlushshalihin, kaca 133}. Pidawuh Kanjeng nabi Muhammad SAW
ngeunan piwarangan ngajaga lisan :
‫هلل‬
Hartosna: “ Sing saha anu iman ka Alloh jeung kana poe kiamat, maka kudu nyarita
hade ataw jempe { tina nyarita goreng }. { HR Bukhari-Muslim, Al-Adzkar, kaca 295}.
Muga-muga urang sadaya kenging pangriksa Gusti Allah tina nyarioskeun
kaawonan jalmi lian anu ngajadikeun dosa. Aamiin !.

KHUTBAH KA DUA

‫هلل‬ . „ „ .
. :
. .

‫هلل‬

Jumat Ka 1, September 2022


TAKWA KA ALLAH LADANG TINA ELMU

‫هلل‬ . „
„ „ „.
. : . ‫هلل‬
:

Hartosna : “ Naha maranehna anu wenang ngabagikeun kurnia Pangeran anjeun ?.


Kami geus ngabagi kahirupan diantara maranehna dina kahirupan dunya jeung Kami
geus munjulkeun sabagian ti antara maranehna sawatara darajat batan anu
sawarehna deui, supaya sawareh ti antara maranehna bisa silihgunakeun jeung anu
sawarehna deui. Jeung kurnia Pangeran anjeun teh leuwih hade batan saniskara
anu ku maranehna dikumpulkeun “. {QS. Az-Zukhruf , ayat 32}
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Nasib kahirupan jalmi henteu sami. Naha dina kaahlian, kadudukan sareng
kagaduhna. Aya nu ageung babari milik rezekina, aya rada hese, aya oge anu hese
pisan, aya agniya, fuqoro, masakin. Aya nu jadi pejabat, pamingpin, rahayat, sareng
sajabina ti eta. Pidawuh Gusti Allah SWT:
‫هلل‬ ...
Hartosna: “ Jeung Allah munjulkeun rejekina sabagian aranjeun batan nu sawarehna
deui. {QS. An-Nahl 16: Ayat 71

17
Eta sadaya katangtosan takdir ti Allah anu kedah siap nampina dimana-mana
tumiba ka saha wae. Margina, ieu sadaya babagian ti Allah SWT, dihaja ku Gusti
Allah kanggo kaberlangsungan kahirupan manusa tiasa jalan. Da memang sawareh
ka sawarehna saling ngabutuhkan, teu tiasa berdiri sendiri. Saperti hiji bangunan
bumi aya nu nasibna jadi kenteng, jandela, tihang, dinding, lantaina. Mun di manusa
mah aya nu jadi sirah, panangan, sampean, sareng patuangan. Diantara anggahota-
anggahota badan ieu teu dimeunangkeun silih agulkeun kana anggahota sejenna,
mandang rendah ngahinakeun kanu sawarehna anggahota. Oge ulah ngaraos hina
sarta minder. Ulah ngarasa minder hina ku nasib kahirupan dunya, tapi ulah ka PD
an teuing jeung ngarasa leuwih mulya. Sawareh ka sawarehna kedah terjalin
hubungan harmonis jeung silih pikanyaah, silih perhatoskeun sareng silih belaan
sareng silih tulungan. Anu penting nu kedah janten perhatosan sareng di usahakeun
mah dina nasib kumaha wae kahirupan dina nasib eta kedah berusaha taqwa ka
Allah. Jalmi nu hade jeung pangmulyana dihadapan Allah mah jalmi anu
pangtakwana ka Allah bari husnul khatimah, anu ditampi amal solehna bari aya dina
pangampura Allah, sedeng kaayaan eta masih misteri masih sabatas usaha jeung
harapan anu disarengan ku doa, anu muga-muga jadi kanyataan. Sedengkeun
katakwaan ka Allah moal ngawujud saupami teu didukung ku elmu.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Kumargi sakitu Sanaos urang sanes kiyai, ustadz, namina kana elmu agama
mah tetep kedah aya waktos kanggo diajar, naha ku jalan ngaderes, mutolaah
atanapi babandung
kuping di Majlis ta`lim, jalaran aya elmu agama anu sifat fardlu aen margi
amalkeuneun sadaya mukallaf.
Pidawuh Kanjeng Nabi SAW. bahayana jalmi anu teu ngagunakeun kasempetan
milari elmu agama, bari padahal aya waktos kanggo nyuprihna:
-‫ث‬
Hartosna: “ Manusa anu pangbangetna kahanjakalanna dina poe kiyamat nyaeta hiji
lalaki anu waktu di dunyana aya kasempetan jang milari elmu tapi eta lalaki teu
milari elmu”.
Urang sadaya teu kenging jadi jalmi anu kalabur, nebihan ti `Ulama sareng Fuqoha,
margi bakal ngabalukarkeun tilu balai, malapetaka:
1. Dicabutna kaberkahan ladang kasabna. Kana hate teu aya rasa sugema,
tumarima. Kana ibadah hawana teu purun, ngedul. Kana awak matak jadi geringan.
Kana rumah-tangga teu aya katengtreman, turunan tingkah lakuna seueur
ngariweuhkeun ngahariwangkeun.
2. Dikawasa ku panguasa anu dzolim, pamingpin anu teu nyaah ka rahayatna
sahingga hirup teu aya katenangan margi.
3. Maot bari teu nyandak iman, suul khatimah, awon panungtungan, anu ieu
mangrupi puncakna balai di dunya. Anu janten sababna tina margi teu uninga jalan
hak, teu terang batal haram. Pas sumping ajal dina kaayaan laku ngarumpak
larangan Allah. Na`udzubillahi Min Dzalik !.

KHUTBAH KA II

‫هلل‬ .
. ‫ث‬ .
. .
.

18
.
. .
. .
.
‫هلل‬

Jumat Ka 4, September 2022


NGAHIRUP-HIRUP MASJID

‫هلل‬ .
. ‫ث‬ .
. .
‫هلل‬ : ‫هلل‬

" Pastina Anu rek ngama`murkeun masjid-masjid Allah mah ngan wungkul jalma-
jalma anu ariman ka Allah jeung kana poe akhir jeung anu ngadeugkeun sholat sarta
nyarumponan zakat jeung anu henteu sarieun salian ti ku Allah. Ku sabab eta mugia
maranehna jadi ti antara jalma-jalma anu meunang pituduh " . { QS. At-Taubah, ayat
18 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Mesjid teh salah sawios bangunan di alam dunya anu dimulyakeun ku Gusti
Allah. Jalmi anu ngama`murkeun atanapi ngahirup-hirup masjid ku jalan ibadah
bakal dimulyakeun ku Gusti Allah. Masjid tempat pikeun ngaraih kanyaah ti Allah,
tempat jang nengtremkeun hate mu`minin, benteng tina godaan syetan, hiji tempat
anu bakal jadi cukang lantaran kenging iuh-iuh `Arasy dina dintenan kiyamat kanggo
jalmi anu hatena teu weleh ngait kana urusan masjid. Kanjeng Nabi Muhammad
SAW ngadawuh:
... ‫ج‬ –‫ث‬
" … Jeung hiji lalaki dimana-mana kaluar ti masjid hatena teu weleh ngait ka masjid
sahingga balik deui ka masjid". { Nashoihul `Ibad, kaca 50 }.
Masjid diantawis anu bakal janten kendaraan anu nganteurkeun sareng
nyalametkeun ka ahlina tina seuneu naraka nalika meuntas jembatan{sirot} nuju ka
surga. Ieu sadaya dicawiskeun kanggo jalmi anu ngahirup-hirup masjid ku ibadah ka
Allah SWT.
Urang sadaya tos iman ka Allah, percaya kana ayana kahirupan akherat
tempat balesan amal waktos di dunya, atuh sakedahna ngagaduhan perhatosan
kana urusan masjid. Ulah dibiasakeun betah hirup, suka bungah bari hirup tebih
sareng jarang ka masjid. Sakumaha gedong sigrongna padumukan anu dicicingan
tempat istirahat, pakasaban anu di pikaresep teu weleh ngahasilkeun kauntungan
sahingga jadi kabetah; tetep namina ka masjid oge kedah kabagean rasa betah
sareng resep kanggo ngeusianana. Ieu tilu tempat teh memang tempat anu pantes
dicicingan ku satiap jalmi iman. Hal ieu sakumaha kasauran Imam Qotadah:

" Teu pantes jalma iman katingali kajaba di tilu tempat, nyaeta di Masjid anu
kumanehna diramekeun, di Imah anu nutupan {tempat istirahat} sareng di tempat
nyumponan pangabutuhna" { Tanbihul Ghafilin, kaca 111}.
Hadirin Rahimakumullah !
Masjid sanes tempat khusus jalmi-jalmi fakir miskin, sanes khsus tempat
rahayat cacah kuricakan, sanes tempat khusus aki-aki anu tereh maot, tapi masjid

19
baetul mu`minin, bumina sadaya jalmi-jalmi iman, tempat lungsurna kanyaah Gusti
Allah ka ahli masjid.
Kumargi masjid teh baetul mu`minin, tempat lungsurna kanyaah Allah atuh
saha bae jalmi iman sakedahna sareng sapantesna kanggo ngaramekeunana. Teu
pedah tos jadi pejabat, jadi menak, ahli bisnis, jadi jalmi kaya; anu tadina ahli masjid,
rajin ka masjid, ayeuna mah janten ngaraos teu peryogi, ngaraos teu pantes sila
calik ruang riung di masjid babarengan ibadah ka Gusti Allah. Panto lawang masjid
jadi teu cekap jang ngalebetkeun sirah kumargi sirahna ngageungan { takabur }.
Jalmi anu rajin ka masjid nawiskeun jalmi iman anu kiat. Pidawuh Kanjeng Nabi
SAW :

Hartosna : “ Dimana-mana aranjeung ningali hiji lalaki anu ngabiasakeun {shalat} ka


masjid, pek saksian ku aranjeun ka eta lalaki kalawan iman “. { Tanqihul Qaul-
kautamaan masjid}.
Kasab anu halal kanggo nyumponan kabutuh memang kalebet piwarang
Gusti Allah, tapi ka masjid oge sami piwarangan Gusti Allah, janten kedah tiasa
ngatur waktos sareng tanagina. Ulah ari kana kasab mah keuna ku paribasa " Jauh
dujugjug anggang diteang" , kajeun poek mongkleng buta rajin atawa hujan
ngagebret, ari yakin matak hasil piartoseun mah teu weleh di jug-jug disampeurkeun.
Sedeng ari ka masjid sakitu caraang, halodo, sehat, teu aya udzur syara` jadi
ngadak-ngadak lalesu sampean teu kuateun ngalengkah ka masjid nyumponan
pangulem Gusti Allah. Mun tos kitu kaayaanana, berarti kaya-kaya jalmi anu tos teu
ngaraos peryogi ku kanyaah sareng pangampura Allah.
Muga-muga urang sadaya ku Allah SWT dipasihan pitulung sareng
istiqomah dina ngama`murkeun masjid. Aamiin !.

„ „

Khutbah Kadua

‫هلل‬ . „ „ „
. .
.
. .
. .
.
‫هلل‬

Jumat Ka 3, Oktober 2022


TAAT KA RASULULLAH SAW

‫هلل‬ ‫هلل‬ .
.
. . ‫هلل‬
: : 21 –
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Diantawis cabang kaimanan anu 77 teh nyaeta cinta ka Rasulullah SAW.
Ngabuktoskeun cinta ka Rasulullah nyaeta ngalaksanakeun kataatan atanapi tumut
kana naon rupi anu dicandak sareng anu tos dicontoan ku Mantenna. Margina,

20
Mantenna dijantenkeun suri tauladan kanggo sadaya jalmi anu miharep kanyaah
Allah, sareng {sumpingna} dinten kiamat sareng anu seueur emut ka Allah.
Kataatan ka Rasulullah SAW ngandung hartos kataatan ka Gusti Allah,
sakumaha pidawuh Nu Maha Suci dina QS. An-Nisa ayat 80 :

Hartosna : " Sing saha anu taat ka Rasul ngandung harti manehna taat ka Allah
jeung sing saha anu ngabalieur, Kami mah henteu ngutus Anjeun jadi pangriksa
maranehna".
Nyakitu deui, kataatan ka Rasulullah ngandung hartos eta jalmi cinta ka
Gusti Allah. { QS. Ali Imron, ayat 31 }.

Hartosna : " Pok caritakeun ku hidep { Muhammad }, lamun aranjeun micinta Allah,
prak geura narurut ka Kaula, tanwande Allah baris micinta aranjeun jeung
ngahampura dosa aranjeun. Jeung ari Allah teh Maha Jembar Pangampura tur
Maha Welas Asih ".
Ku kedah-kedahna taat sareng tumut ka Rasulullah SAW, dugika diangken
teu acan sampurna kaimanan hiji jalmi saupami syahwatna henteu nurut kana
perkara-perkara anu disumpingkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Pidawuh
Mantenna:

Hartosna : " Teu sampurna iman salah saurang ti aranjeun sahingga kabuktian
hawana nurut kana naon perkara anu ku kaula didatangkeun ". HR. Turmudzi.
Nyakitu deui teu acan sampurna kaimanan hiji jalmi salagi kacintaan ka
Rasulullah SAW masih kaelehkeun ku kacintaan eta jalmi ka dirina nyalira, harta,
putra sareng ibu ramana, tegesna sadaya jalmi.

Hartosna : " Teu sampurna iman salah saurang ti aranjeun sahingga kabuktian kaula
leuwih dipikacinta ku manehna tinimang kacintaan dirina ka dirina sorangan,
hartana, anakna, indung-bapana jeung sadaya manusa ". { Suy`abul Iman, kaca 6 }.
Hadirin Rahimakumullah !.
Tawis mikacinta ka Kanjeng Rasulullah SAW nyaeta ngahirup-hirup sunnah
Sakumaha pidawuh Mantenna :

Hartosna : " Saha jalma anu ngahirup-hirup sunnah kami, maka nyata eta jalma
mikacinta ka Kami, jeung saha jalma anu cinta ka Kami, maka eta jalma bakal
bareng jeung Kami di surga ". { HR. Bukhori ti Sohabat Anas – Mukhtarul Ahadits,
kaca 145 }.
Nyakitu deui urang kedah ngagungkeun martabat Kanjeng Nabi SAW. Dugika
Ma`rivat kana kaagungan Mantenna, ngajagi tatakrama nalika nyarioskeun
Mantenna, nguping disebat jenenganana sareng nguping Haditsna, sareng
nyeueurkeun maos shalawat sareng salam ka Mantenna, sarta leres-leres dina nurut
sunnah-sunna Mantenna.
Diantawis sunnah Kanjeng Nabi SAW. anu ku urang peryogi diistiqomahkeun
nyaeta ngabiasakeun maos basmalah dina ngawitan padamelan anu sae, sapertos
bade wudlu, tuang, sareng sanes-sanesna deui. Mantenna mikaresep ngatuhu
sapertos nalika ngangge anggean, sendal, adus, wudlu. Upami lebet ka masjid, ka
bumi, kaluar ti wc, payunkeun sampean anu katuhu. Tuang, ngaleueut, maparin
atanapi barang candak, disunatkeun ngangge panangan anu katuhu.{Riyadlush
sholihin bab ngatuhu}.

21
Hartosna : " Kabuktosan Rasulullah SAW mikaresep kana ngatuhu dina ngangge
sendal, nyisiran rambut, susuci sareng dina sagala hal { anu sae }. { Sohih Bukhari I,
kaca 43}.
Mangga urang laksanakeun diantawis sunnah Kanjeng Nabi SAW anu ieu, teu
kenging diangken barang sapira, malihan saeana mah tos otomatis dina padamelan
anu nembe mah jalaran tos istiqomah. Mugia Allah SWT maparin elmu anu
manfaat ka urang sadaya. Aamiin !.

KHUTBAH KA II

‫هلل‬ . .
. .
. .
. .
.
. .
‫هلل‬

Jumat Ka 1, November 2022


AKHERAT KAHIRUPAN ANU LANGGENG

‫هلل‬ .
.
. . . ‫هلل‬ :

Hartosna : “ Jeung saestuna akherat teh leuwih hade pikeun Hidep { Muhammad }
batan dunya”. { QS. Adh-Dhuha, ayat 4}.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Tos janten kayakinan urang sadaya, yen kahirupan di akherat { anu
mangrupi ganjaran disurga } langkung sae jeung langgeng dibanding kahirupan di
dunya ayeuna.
Pidawuh Nu Maha Suci :

Hartosna : “ Padahal akherat mah leuwih hade jeung leuwih langgeng “. { QS. Al-
A`la, ayat 17}.
Diantarana kapunjulan kahirupan akherat dibanding jeung kahirupan dunya
nyaeta saperti dina hal kasehatan. Kasehatan jalmi hirup di dunya tara angger, aya
pasang surutna. Sanaos disiplin olah raga, disiplin ngajaga kasehatan jeung
kabersihan, tuang leueut diatur menuna, tetep sawaktu-waktu mah bakal kasorang
nu namina teu damang{kasakit}, naha meueusan atanapi kacida, hampang atanapi
beurat. Beda jeung kahirupan akherat di surga moal keuna ku kasakit jeung kanyeri
saeutik-eutik acan, estu salamina aya dina kasehatan jeung terus tambah sehat,
jagjag sarta kuat.
Nyakitu deui dina hal kanikmatan jeung kabungahna. Kanikmatan jeung
kabahagiaan di dunya sanget saeutik kacida dibanding kanikmatan nu bakal katampi
di akherat {di surga }. Kahirupan di dunya kadang aya perasaan jenuh, bosen. Di
dunya teu salamina aya dina kanikmatan jeung kabungah, tapi kasusah kanyeri
sareng kabungahna pili genti. Malihan, sanaos nuju dina kanikmatan, kabungah,

22
kadang angger tumiba peraosan bosen, kesel, sareng jenuh. Kanikmatan di dunya
ari tos lami mah dianggap hal biasa, teu pati karaos nikmat kabungah saperti
ngawitan. Tapi kahirupan di surga salamina aya aya dina kabungah sareng
kanikmatan beuki nambih bungah sareng nikmatna. Di surga moal ngalaman
kasieun, kahariwang, bosen atanapi jenuh, moal nguping cariosan bohong, tipu
daya, cariosan anu teu guna. Pidawuh Nu Maha Suci:

Hartosna : “ Di dinya { di surga } maranehna moal nguping omong kosong {batil}


jeung bohong}. { QS. An-Naba, ayat 35 }.
Sabalikna kahirupan ahli naraka, moal ngalaman kabungah jeung
kasenangan, ngan wungkul kanyeri jeung kasedihan anu tambah-tambah mangrupa
siksaan siksaan ti Allah SWT.
. .
Hartosna : “ Di dinya { naraka Jahannam} maranehna moal ngarasakeun tiis jeung
inuman{ anu seger}. Salian ti cai nu panas ngagolak jeung getih katut nanah .
Minangka wawales anu sabobot “. { QS. An-Naba, ayat 24-26 }.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Hirup di dunya pasti ditungtungan kunu namina maot. Sanaos nuang
ramuan-ramuan pikeun ngawetkeun raga badan, ngawetkeun tanagi, nuang obat
sareng vitamin teras-terasan sacara teratur tetep bakal ditungtungan ku seepna
tanaga. Kakasepan jeung kageulisan bakal leungit digentos ku pareotna kulit sareng
lemahna kakuatan, tulang-tulang oge jadi rapuh, akhirna yuswa oge seep nu disebat
maot tea. Tapi di kaherat bakal hirup salawasna moal ditungtungan ku maot, sanaos
penduduk ahli naraka. Hal ieu supaya ngarasakeun nyeri jeung kaduhungna jadi
jalma anu teu iman waktu di dunya, oge supaya ngaraoskeun kanimatan surga
pikeun jalmi-jalmi anu iman tur amal soleh waktu di dunya.
Di akherat, boh ahli surga atanapi ahli naraka bakal hirup salawasna, moal
ditungtungan ku maot, margina nu namina makhluk maot bakal dimaotan sahingga
moal kasumpingan deui maot. Kacarioskeun dina hadits, Kanjeng Nabi SAW
ngadawuh:
–‫ث‬
Hartosna : “ Dina dinten kiyamat isukan bakal didatangkeun maot mangrupa domba
warna hideung bodas “, lajenganna eta domba teh dipeuncit diantara surga sareng
naraka. Salajengna dibewarakeun: “ He ahli surga ! aranjeun langgeng moal maot.
He ahli naraka ! aranjeun oge langgeng moal maot “. Margina anu namina maotna
tos dimaotan. { Tanbihul Ghafilin, kaca 24 }.
Kumargi kitu kanggo jalmi iman anu cerdas, anu ngayakinkeun kahirupan
anu abadi di akherat anu bagja cilakana hirup di akherat isukan ditangtoskeun
ladang laku lampah ayeuna, samestina berusaha sakuat tanagi ngagunakeun
sadaya waktuna, sadaya padamelanana ditujukeun pikeun kasalametan, kabagjaan
sareng kamulyaan hirup di kaherat tina margi kenging karidoan Gusti Allah SWT.
‫هلل‬

Khutbah Kadua

‫هلل‬ . .
. .
.
.
. .

23
.
‫هلل‬

Jumat Ka 4, November 2023


KAWAJIBAN SHALAT JUM`AH

‫هلل‬ .
. .
. ‫هلل‬ :

“ Yeuh, jalma-jalma nu ariman ! Upama dicelukan pikeun shalat dina poe jumaah,
prak aranjeun geura paheula-heula kana eking ka Allah, sarta aranjeun kudu
ninggalkeun dagangan{pagawean}, perkara kitu teh hade pikeun aranjeun upama
aranjeun arapal “.
{ QS. Al-Jumu`ah, ayat 9 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Numutkeun pendapat Imam Mujtahid Abu Hanifah mah pangutamana
pirang-pirang dinten teh dintenan jumaah, saterasna dintenan 'Arfah. { Hasyiyah Al-
Bajuri II, kaca 210}. Kaagungan dinten jumaah baris nyandak kamulyaan ka
singsaha anu ngalampahkeun amal soleh dina dinten eta oge wengina. Kukituna
kanggo jalmi anu henteu amal soleh mah moal kenging kamulyaan, tos puguh deui
kanggo jalmi anu ngalampahkeun hal-hal anu dilarang ku agama, bebendon Allah
imbalanana. Diantawis amal-amal soleh anu diutamakeun dina dinten jumaah
nyaeta, Pidawuh Kanjeng Rasulullah Muhammad SAW :

" Prak seueurkeun maca shalawat ka kaula dina wengian jumaah sareng dinten
jumaah. Singsaha anu maca shalawat ka Kaula sabalik, mangka Allah baris masihan
sapuluh shalawat (kanyaah) ". { Irsyadul `Ibad, kaca 27 }
(HR. Imam Baihaqi). Pidawuhna deui: " Singsaha anu maos Surat Kahfi dina dinten
Jumaah, mangka sina poe qiyamah baeus nyorot cahaya tina handapeun dampal
sampeanna nepi ka awang-awang nyaangan eta jalmi, sarta baris dihampura
dosana dina antara dua jumaah ". ( HR. Ibnu Marduyah ). Oge pidawuhna : "
Saestuna dina poe jumaah teh aya hiji waktu anu teu pati-pati hiji jalma islam
nyuhunkeun kasaean ka Allah dina eta waktu, anging Allah nyubadanan kana eta
panyuhunkeun ". ( HR. Imam Ahmad ).
Hadirin Rahimakumullah !.
Hukumna shalat jum'ah fardu 'ain, tegesna wajib dilaksanakeun ku sakur jalmi
islam pameget anu akil balig anu henteu nuju nyanyabaan sarta henteu nuju
kakeunaan ku udzur syara'. Kacida ageung dosana jalmi anu ngahaja-haja ninggal
shalat jum'ah. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW :
‫ث‬ ‫ی‬
Hartosna : " Singsaha anu tinggal shalat jumaah kalawan ngagampangkeun,
mangka Allah baris ngecap(munafeq) kana hatena eta jalmi ". ( HR. Ahmad -
Irsyadul `Ibad, kaca 25 }
Sedengkeun ari jalmi munafeq numutkeun pidawuh Gusti Allah SWT.:
‫ی‬ ‫ج‬
“ Saenyana jalma-jalma munafek teh pernahna panghandap-handapna di naraka,
jeung Anjeun {Muhammad} moal manggih anu bisa nulungan ka maranehna “. { QS.
An-Nisa, ayat 145 }.

24
Hadirin Anu Mulya !.
Sagala rupi ibadah, kitu deui shalat jum'ah , sajabina wajib dicumponan
sagala syarat rukunna oge ditebihan sagala pangbatalanna, diperedih supaya
dilakonan sagala adab-adaban sareng pasunatanana, sangkan ibadahna jadi
sampurna pikeun jalan langkung nyaketkeun diri ka Allah SWT.
Diantawis adab-adaban sareng pasunatan shalat jum'ah nyaeta :
Kahiji, diperedih adus heula sareuacan angkat shalat jumaah. Ieu pasunatan adus
tos kaalap hasil upami adusna tos lebet waktos fajar subuh. Kadua, ngangge
anggean pangsaena anu aya, salira beresih tina rupi-rupi kokotor, tina perkara anu
kirang sae katingalna. Kuku, kumis potongan sing rapih merenah. Katilu, enggal-
enggal angkat ka masjid, henteu manderikeun karep. Kaopat, usahakeun sing
kenging jajaran ka hiji, upami masih aya lolowong, sarta jalanna teu tenging
ngalengkahan punduk batur, komo deui ngalangkung kapayuneun anu nuju shalat
mah kedah dipahing pisan. Kalima, kupingkeun regepkeun khutbah ti awal sugi ka
akhir anu mangrupi nasehat kanggo larapkeuneun minimal saminggueun dugi ka
jumaah deui. Ulah curak-carek sanaos kana kasaean nalika khotib khutbah.
Kagenep, tibarang sumping ka masjid dugika dikawitan khutbah diperedih
nyeueurkeun ibadah sanesna saperti shlat sunat, aorod-aorod dzikir atanapi maos
Qur'an , tapi kahade ulah matak ngaganggu ngaweurkeun kanu shalat. Mugi-mugi
aya manfaatna. Aamiin !.

KHUTBAH KA DUA

‫هلل‬ .
. .
: .
.
. .
. ‫هلل‬

Jumat Ka 2, Desember 2022


NYEGAH TURUNAN TINA STUNTING

‫هلل‬ .
.
. . ‫هلل‬ :

“ Jeung masing boga kasieun upama jalma-jalma naringgalkeun anak-anak anu


lalemah{laleutik keneh}, anu hariwang bisi maranehna kalantar. Ku sabab kitu,
maranehna kudu takwa ka Allah jeung kudu nyarita ku omongan anu bener". {QS.
An-Nisa: 9}.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Anyar-anyar ieu, pamarentah ngalangkungan Kamentrian Kasehatan tos
gencar narekahan pikeun nyegah stunting. Stunting mangrupikeun masalah gizi
kronis di BALITA anu dicirikeun ku jangkungna awak anu langkung pendek
dibandingkeun sareng murangkalih umumna dina umurna. Anu janten sababna
stunting nyaeta kirangna asupan gizi anu ditampi ku janin atanapi bayi anu dialami

25
ku ibu hamil. Murangkalih anu keuna ku stunting bakal langkung rentan kaserang
panyakit sareng nalika dewasa aya resiko ngembangkeun panyakit DEGENERATIF
{ hiji kayaan kasehatan anu ngabalukarkeun jaringan atawa organ memburuk ti
waktu ka waktu }. Ieu mangrupikeun panyakit kronis anu mangaruhan saraf,
pembuluh darah sareng tulang atanapi panyakit anu ngiringi proses penuaan.
Balukar stunting sanes bae kana kasehatan tapi oge mangaruhan tingkat
kecerdasan murangkalih.
Kaayaan orok anu dilahirkeun gumantung pisan kondisi ibu hamil. Kaayaan
ibu hamil bakal mangaruhan tumuwuhna orok dina kandungan. Upami ibu hamil teu
ngonsumsi tuangeun anu nyekapan, maka kaperyogian gizi jabang bayi dina
kandungan moal kacumponan. Kitu deui, upami aya panyawat anu kaalaman ku ibu
hamil anu teu ditangani kalawan sae, bakal mangaruhan kana kaayaan kasehatan
janin dina kandungan. Dina raraga usaha pencegahan, Islam nawiskeun sababaraha
lengkah, diantawisna sakumaha Dawuhan Gusti Allah SWT dina QS Al-Baqarah
ayat 233:

-
“ Sakur anu jadi indung kudu nyusuan anakna dua taun jeput, pikeun anu rek
nyampurnakeun nyusuanana. Jeung diwajibkeun ka lalaki nu boga anak tea { nu
jadi bapana} mere sandang-panganna ka anu keur nyusuan kalawan cara anu
pantes “.
Upami merhatoskeun ayat anu nemba aya sababaraha hal anu peryogi
dilakukeun, nyaeta yen nu janten indung kedah nyusuan murangkalihna salami dua
taun, jalaran teu aya tuangeun kanggo orok anu lengkep sakumaha eusi gizi dina
ASI{ Air Susu Ibu}. ASI kacida diperyogikeunna dina ngawangun kualitas generasi
cerdas nu bakal sumping. Saterasna nyaeta tugas nu jadi bapa nyayogikeun
kanggo ibuna murangkalih tuangeun anu ngandung gizi anu hade. Disagedengeun
eta, salawasna kedah ngajaga hubungan anu harmonis antawis bojo sareng caroge
kanggo ngalahirkeun kabagjaan batin, anu digambarkeun dina ayat di luhur ku cara
nyayogikeun anggean anu hade.
Kaayaan indung bagja sareng gizi anu sae, ageung harepan bakal
ngahasilkeun kualitas ASI anu pangsaena. Dina ayat sanesna disebatkeun :

“ Jeung prak geura campur-gaul jeung maranehna{bojo} kalawan cara anu hade”.
{QS An-Nisa: 19}. Hartosna, tos janten tanggung jawab caroge nafakah pikeun
nyadiakeun tuangeun, anggean, sareng tempat reureuh sareng cariosan anu sae. {
Tafsir Showi I, kaca 280}. Ti ibu-ibu anu sehat tur harmonis lahir batin , Ing Syaa
Allah, bakal ngalahirkeun murangkalih anu sehat tur cerdas.
Hadirin Anu Mulya !.
Upaya sanesna kanggo nyegah keuna panyawat stunting nyaeta ngayakeun
imunisasi anu rutin sareng ka posyandu kanggo merhatoskeun perkembangan
pertumbuhan janin atanapi murangkalih. Kulawarga {boh bapa boh indungna} kedah
ngabiasakeun pola hirup sehat, ngabiasakeun pola tuang sareng ngaleueut anu
sehat, merhatoskeun kabersihan jeung kaendahan lingkungan bumi. Sapertos dina
hal runtah, henteu nyimpen sareng miceun disembarang tempat, tapi dipiceun di
tempat anu tos disayogikeun, sareng ngabiasakeun ngumbah panangan saatosna
rengse tina padamelan. Stunting tiasa dicegah ku cara ngawangun heula rumah
tangga nu bagja jeung sehat. Bapa boh indungna masing-masing ngaposisikeun diri
anu tiasa nganteurkeun kasehatan pikeun anak sareng incu ka payun.

26
KHUTBAH KA II

‫هلل‬ .
.
. .
.
. .
.
‫هلل‬

27

Anda mungkin juga menyukai