Anda di halaman 1dari 5

Naskah sunda

Narator

Demung

Mamang

Joban

Akang

Aking

Narator : “geus sabaraha poé pasemon Demung henteu bérag . Bingung, kumaha carana bela bapa
kukutna, dina keur kitu, bet jol anu mawa béja. Eusina matak rentag kana haté”

Joban : “si akang geus diiangkeun ka dayeuh”

Demung : “nu bener, mamang?”

Mamang : “yakin. Mangkukna, sakabéh hukuman geus digiringkeun ku para ponggawa. Diranté sina
leumpang ngantay, sajajalan dilalajoan.”

Demung : “naha loba kitu? éta geuning mamang maké nyebut ngantay”

mamang : “aya sabaraha urang, tétéla lain batur urang wungkul, tapi deuih sakur hukuman anu aya
di pakidulan. Pokona mah, kudu buru buru disanggakeun ka dayeuh, sabab hukumanana baris
diputus ku pangawulaan”

Narator: “demung ngahuleng, mikiran katerangan anu kadéngé cikénéh . kudu kumaha nya
pikarepeun”

Demung: “Mamang, cing kumaha carana lamun hayanng nulungan si abah?”

Mamang: “asa teu katoong pijalaneunana, yeuh. Komo ayeuna mah geus di dayeuh. Mamang ogé
sarua bingung. Ngan mun ditanya pikareupeun, rék balaka waé yén mamang teu untupan
ngasongkeun bongbolongan”

Demung: “kieu weh mang, urang rek indit ka dayeuh, mamang daek nganteurna?”

Mamang: “Ulah!, barina ogé rék naon”

Demung: “naha maké ulah”

Mamang: “mamang ngarasa salempang, bisi urang terus diraponan. Beu, bakal leuwih barabé”

Demung: “naha maké sieun ditéwak? Mun urang teu kua kieu mah, piraku ujug ujug diraponan”

Mamang: “Geuraheun teuing. Apan urang téh geus dikakalakeun. Ayeuna waé pacalang jeung
kapetengan teu eureun eureun ngaronda ka pilemburan. Taya deui maksudna iwal rék nyangkalak
urang. Nu matak, mamang geus teu ludeung pisan ngulampreng rada jauh. Inggis jol jol gerewek
waé. Moal bisa kukumaha!”
Narator: “demung mikir lila”

Demung: “jigana uing mah rék maksakeun indit”

Joban: “naha geus asak nimbang nimbang pibalukareunana?”

Demung: “nggeus, mun mamang rék milu hayu, tapi mun embung mah kajeun. Uing rék indit
sorangan”

Mamang: “ari kitu mah piraku mamang ogé téga ngantep sina indit nyorangan. Hayu waé dibaturan”

Narator: Isukna, Demung kadua sobat satiana miang ka dayeuh. Ngahaja jalanna remen mabal,
kajeun kudu kukurusukan heula, tibatan ngaliwatan tempat rame. Breg weh hujan gedé pisan,
maranéhna maksakeun nyikreuh bari geus kabulusan, sanggeus lila jijibrugan, kakara manggih saung
sisi jalan. Tapi maranehna ngarengkog deui, sabab dijero kadénge sora anu keur guntreng

Joban: “Kade bisi kapetengan”

Narator: ”Demung ngintip tina sela sela bilik, terus ngalieuk ka sobatna

Demung: “Sampurasun, kuring milu ngiuhan”

Akang: “Rampés. Yap kadieu, ka jero, da lega kénéh”

Narator: “Bus ka jero, sanggeus meureutan heula baju dina taweuran. Kasampak aya 2 jalma

Akang: “Rék ka marana ieu téh burit burit?

Joban: “Puguh rék mulang ieu téh. Teu ku henteu, di tengah jalan kapegat hujan, ari akang rék
kamarana deuih?”
Akang: “Sarua was rék mulang ka lembur. Sugan téh moal waka cur hujan. Nyana nyana pikieueun
mah, balik téh rék isuk waé , muru pasusubuh. Paingan bieu rék inditna mandeg mayong”

Joban: “Naha tas timarana ieu teh?”

Akang: “Ti dayeuh, tas nyumponan panyaur Kangjeng Dalem. Rék mulangna mah ti mangkukna
kénéh, ngan keukeuh diandeg heula. Kabeneran deuih kamari aya lalajoaneun di alun alun”

Mamang: “Naha aya naon kitu Akang?”


Akang: “Har, naha teu ngadéngé kitu? Apan aya raraméan”

Demung: “Raramean naon?”

Akang: “Neukteuk Beuheung karaman anu ngagalaksak di pakidulan ukur. Tiluan kabéhna mah”

Narator: “Tangtu waé kana ngarénjagna, ngan buru buru maranéhna nyumputkeun semu, inggis
katohyan ku jalma anu disanghareupanna

Aking: “Ngan rada aman meureun ka hareup mah”

Akang: “Enya, hanjakal karék beunang tiluan”

Joban: “Naha saha kitu Akang, anu kamari diteukteuk beuheungna téh”
Akang: “Karaman, ceuk kuring ogé pan . ngagalaksana mani kacida. Jumlahna aya welasna. Ka par
ménakna ogé wani ngaganggu, cenah, Tapi ari anu panggagasna mah gegedugna. Ceuk béja, jalmana
ngora kénéh, keur sesedengna bentenng, katelahna Demung Janggala”

Narator: “Gebeg! Joban rikat ngiceupan, sangkan Demung buru buru nyumputkeun deui pasemon.
Sabab, bieu katara ngarénjagna. Untung anu diajak ngobrolna teu pati merhatikeun.”

Joban: “Ké ari Akang duaan remen disaur ku Kangjeng?”

Akang: “Atuh puguh. Apan kuring teh pamatang anu remen jadi pamanggul di pamoroan, lamun
Kangjeng Pangawu- laan nuju bubujeng. Kaman ogé, pangna kuring disaur téh apan anjeunna badé
nempuh ka Pasirsalam. Geus tilu usum tara aya ménak ngulampreng ka dinya. Tangtuna ogé kidang
jeung uncalna geus rendang pisan. Tadina mah angkat bubujengna téh badé ka pakidulan. Tapi ku
sabab ayeuna keur werit, nya terus dialihkeun ka beulah kulon."

Joban: “Pasirsalam mah atuh jauh kacida, Akang. Lamun disorang ti dayeuh téh, ceuk pangira kuring,
moal parat ku dua poé.”

Akang: "Enya, lamun ngaliwatna ka dieu heula mah. Tapi pan aya jalan takulan ka Sékéhaur heula,
ngan pédah teu ngabulungbung. Ké, saha geuning Ki Sanak mah apal ka lebah dinya?"

Joban: "Kungsi ngaliwat sakali. Teu sangka, horéng Akang mindeng reureujeungan jeung para
ménak. Tada teuing resepna jigana, nya?"

Akang: "Is, puguh waé"

Demung: "Iraha, Kang, derna moro téh?"

Akang: "Dua minggu deui"

Akang: "Tapi da ti pagéto kénéh ogé kudu geus tatahar. Apanan ari ménak nuju bubujeng mah, kudu
sadia papanggungan di luhur pasir anu plung-plong ka ditu, ka dieu. Malah teu cukup ku kitu, da
kudu bari direuah-reuah ku tatabeuhan. Beu, Ki Sanak, di rarambu leuweung téh ngadadak aya
pésta. Mangkaning biasana Kangjeng Pangawulaan mah arangkatna sok saputra garwa."

Aking: "Ari Ki Sanak resep moro?"

Joban: "Tara, Akang"

Akang: "Tah, Si Ujang anu ieu, anu pantes jadi pamatang mah. Awakna sembada, tangtuna ogé rosa
tanagana"

Demung: "Nya, sok rajeun wae ari moro careuh mah, di kebon"

Narator “Teu kungsi lila, hujan mimiti raat, kari miripisna. Wanci geus maju ka burit, kira-kira asar
ahir.”

Akang: "Ki Sanak, kuring mah rek neruskeun deui lalam- pahan, da lamun kapeutingan di dieu mah,
kana moal manggih kéjo. Rék bareng?"

Joban: "Sok waé atuh Akang ti heula. Barina ogé kuring mah rek sumpung-simpang heula"

Akang: "Enya atuh. Hayu!"

Narator: “bari terus barijil ti saung. Teu kungsi lila geus ngiciprit ka kidulkeun”

Joban: "Rék kumaha atuh ayeuna lalampahan urang?"


Demung: "Ah, urang balik deui wé. Rék naon los-los ka dayeuh ogé, apan bieu kitu dongéngna teu
sangka nasib Si Abah...”

Mamang: "Enya. Hampura kuring, Kang Éwos. Reureujeungan aya likurna taun, ari papisahna bet
bari pikangeneseun."

Narator”Pleng duanana euweuh anu cacarita. Dina dada Demung ngéntab-ngéntab seuneu amarah.
Ayeuna mangsana aing kudu balitungan!”

Demung: "Mamang, gura-giru urang mulang, tong hayang luas-léos heula. Geus kitu, urang
kumpulkeun babaturan. Malah mun bisa urang tambahan"

Joban: "Naha rék nyieun rarancang naon deui, kitu?"

Demung: "Urang tempuh Pangawulaan"

Joban: "Hah?"

Demung: "Ku naon? Mamang kagét?"

Joban: "Ké, ké! Naon maksudna?"

Demung: "Mamang, apan bieu ku Mamang kadéngé pisan yén Si Abah dihukum pati téh ku
Pangawulaan pisan. Hutang nyawa, bayar nyawa!"

Joban: "Enya. Tapi, moal pimahieun lamun urang rék kitu péta mah. Sahenteuna, anu bakal
disanghareupan ku urang téh samagréng dina sagalana. Naha urang kudu terus nambahan korban?"

Demung: "Atuh carana ulah rék torojogan. Matak naon lamun ku lampah demit!"

Joban: "Ah, teu sanggup Mamang mah!"

Demung: "Ké heula! Ulah waka nyebut teu sanggup! Déngé- keun heula rarancang uing!"

Joban: "Cing, kumaha piprakeunana?"

Demung: "Apan bieu geus disebutkeun yén rombongan Panga- wulaan ti dayeuhna bakal nyokot
jalan takulan. Tah, matak naon lamun urang megatna di lebah dinya. Kaharti ku Mamang?"

Joban: “Enya ari kituna mah. Tapi, da lain bantrak-bantra- keun atuh. Sing inget, Mung, anu rék
dipegat ku urang téh abrulan perjurit petingan”

Demung: "Tapi, taya salahna mun urang nyobaan heula. La nun sakirana teu pisanggupeun, matak
naon urang bolaykeun. Mun téa mah babaturan urang geus katitih kaludeung. Tah, lamun Mamang
sabatur-batur ngarasa teu sanggup, kuring sorangan anu rék maju. Matak naon lamun kuring akon-
akon jadi pamatang. Sugan was bisa kaparengkeun meunang lolongkrang ngadeukeutan
Pangawulaan. Nya harita mangsana kuring males pati."

Joban: "Ulah...!"

Demung: "Mamang moal bisa ngahalang-halang pakarepan kuring"

Narator: “Bep duanana baralem. Si Joban anu geus apal kana adat sobatna, ngarasa taak pikeun
terus ngélingan sang kan tong kalalanjoan”

Narator: “sanggeus rada lila”


Demung: "Mang, kumaha lamun urang ayeuna mikaweruh heula jalan liliwatan anu engkéna baris
dipaké ku abrulan pangagung. Sugan wae urang bisa manggihan tempat anu sakirana merenah
pikeun megat maranéhna."

Joban: "Naha enyaan ieu téh?"

Demung:"Naha disangka kuring ukur bebenjon? Mun Mamang teu sanggup engke dina prakna,
kuring moal rék maksa. Tapi sakali ieu mahkuring meredih sangkan Mamang daék nganteur, da
kabeneran geus apal kana lebah-lebahna."

Joban: "Nya, hayu atuh...”

Anda mungkin juga menyukai