DINAS PENDIDIKAN
SMK NEGERI 1 ARJASARI
Email : smkn1arjasari@gmail.com
Jalan Raya Arjasari-Ciparay KM.7 Aarjasari 40379
D. Tujuan Pembelajaran
Setelah membaca dan mengamati teks dongeng, peserta didik diharapkan :
1. Membandingkan jenis dongeng berdasarkan struktur, unsur kebahasaan dan
fungsi sosial
2. Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog,
dramatisasi.
F. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan: Pembelajaran Saintifik
2. Metode: Discovery, Project Based Learning
3. Teknik: diskusi, penugasan, tanya jawab
G. Media Pembelajaran
1. Proyector
2. Teks carita dongeng.
3. Laptop/komputer
H. Sumber Belajar
1. Buku Paket kelas X, karangan......, penerbit......
2. Buku Kumpulan Dongeng Utara Utari jeung dongeng-dongeng sunda lianna,
pengarang Ki Umbara, penerbit Kiblat Buku Utama, Bandung
3. Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN
VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku
J.A. UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan
Carita jeung Dongeng”]
I. Langkah-langkah Pembelajaran
Mempertanyakan:
Bertanya jawab isi dari contoh dongeng.
Mengeksplorasi:
Mencari informasi/ referensi tentang cara
membacakan atau mendongeng dari
berbagai sumber.
Mencari kata-kata sulit dan menemukan
artinya dalam kamus.
Mengasosiasikan:
Membandingkan berbagai contoh teks cerita
dongeng.
Mengevaluasi dan mendiskusikan kaidah
teks cerita dongeng.
Mengkomunikasikan:
Menyampaikan cerita dongeng secara lisan.
Pertemuan 2
Mengamati:
Membaca dan mengamati beberapa
contoh dongeng.
Mengamati dan memahami cara
pembacaan dongeng.
Mempertanyakan:
Bertanya jawab tehnik mendongeng.
Mengeksplorasi:
Mencari informasi/ referensi tentangcara
membacakan atau mendongeng dari
berbagai sumber.
Mencari kata-kata sulit dan menemukan
artinya dalam kamus.
Mengasosiasikan:
Mengevaluasi dan mendiskusikan kaidah
bercerita dongeng.
Mengkomunikasikan:
Menyampaikan cerita dongeng secara lisan.
J. Penilaian Pembelajaran
1. Jenis/Teknik penilaian
a. Tes dan Nontes
2. Bentuk Penilaian
a. Tes Tulis Uraian
b. Unjuk kerja
3. Instrumen Penilaian
a. Soal Uraian
Indikator Pencapaian Tehnik Bentuk Instrumen
Penilaian Penilaian
3.2.1 Mengidentifikasi dongeng Tes Uraian 1. Sebutkeun unsur
dan jenis dongeng intrinsik anu aya
3.2.2 Menjelaskan struktur dan dina dongéng
unsur kebahasaan dalam teks ”Nini-nini Malarat
dongeng. jeung Deleg
Kasaatan”?
1. Tema
2. Tokoh
3. Alur
4. Latar/tempat
kajadian
5. Amanat
4.2.3 Menampilkan salah satu jenis Nontes Unjuk Pek ku hidep
dongeng yang telah kerja caritakeun deui
disiapkannya dengan cara eusi dina dongeng
ngadongeng, monolog, “Nini-nini Malarat
dramatisasi. jeung Deleg
Kasaatan”.
Kunci Jawaban
No. Alternatif jawaban Skor
1. Temana jalma nu sabar meunang kabagjaan 10-20
2. Tokohna nyaéta nini-nini,lauk deleg,tatangga nini-nini 10-20
3. Alur maju 10-20
4. Tempat kajadianna di imah nini-nini,tegal kaso, imah
tatangga nini-nini 10-20
5. Amanatna nya eta kudu percaya ka gusti Allah, ulah sirik
ka batur, kudu sabar dina sagala kaayaan 10-20
4. Pedoman Penilaian
a. Penilaian Pengetahuan (NP)
- Skor Nomer 1 = 10 – 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 2 = 10 – 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 3 = 10 - 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 4 = 10 - 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 5 = 10 - 20
Skor maksimal = 20
Pedoman Penskoran
Aspek yang Dinilai
No. Nama Siswa Basa Pasemon Lentong Skor
4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
10.
Keterangan Skor :
Masing-masing kolom diisi dengan kriteria
4 = Baik Sekali
3 = Baik
2 = Cukup
1 = Kurang
Nilai = Skorperolehanx 100
Skormaksimal
Keterangan:
Sangat Baik (A) : 86 – 100
Baik (B) : 71 – 85
Cukup (C) : 56 – 70
Kurang (D) : ≤ 55
Jaman baheula aya nini-nini nu kacida malaratna. Papakéanana geus butut sarta laip,
disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé
sakali baé, malah-malah sakapeung mah sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan
ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-
wantu enggeus kolot kurang tanagana.
Imahna ge nyempil, ditangkodkeun kana tonggong imah baturna, kitu ogé hateupna
bilikna geus balocor, henteu aya pisan anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga
sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti Allah, tong
boro ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi
jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih kadaharan. Manéhna ngarasa
lapar kacida. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka
teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh jung manéhna indit ka tegal, néangan dangdaunan atawa
bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral
leumpang ngajugjug ka tegal kaso, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui aya
walungan gedé.
Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah ti
walungan ka talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal deleg teh kabeurangan, panon
poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh kagaringan, awakna seuseut nepi ka henteu
bisa maju leumpangna.
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang
lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu
panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi
ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda hujan! Yaa Allah kuring neda
hujan!” Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.
Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang hujan gedé naker mani cileungcangan.
Ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang, tuluy kebat meuntas ka talaga. Ari nini-nini téh
datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang
bawa.
Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di
jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah téh, meureun dipaparin, ari
piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék neda duit.”
Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur
nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa Allah kuring neda
duit!” Kitu baé omongna teu eureun panedana ka gusti Allah, geus teu aya pikiran deui ka nu
séjén.
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nini-nini téh, banget ngéwaeunana, ku sabab
gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nini-nini, ngan kitu
baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng,
ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, méré duit ka manéh.
Jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung, meureun aya hasilna. Jeung
deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka
imah aing.” Tapi ku si nini teu dipaliré.
Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida garétékeunana, henteu
beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni
beunang ngeusian ku beling datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambeh beurat.
Niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin Allah ragrag ti luhur,
jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh kapok moal ngomong kitu-
kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
diponcorkeun ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina
bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana,
panyanana nya éta karung duit, paparin ti Allah.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Allah!
Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan, aya kénéh nun?” Ti
dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui dipikanyaah ku
tatanggana jeung tambah alus budina, suka tutulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu
keur kasusahan, margi ngaraskeun ka dirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-nini
téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna. Geus kitu boga niat hayang
nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, ménta dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling
ka manéhna, pokna, “Nini sabenerna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké
ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula kesel ngadéngékeun anjeun ngomong baé
nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi éta beling dumadakan jadi duit kabéh. Ku kituna ayeuna kaula
rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, tangtu bakal jadi duit ogé
cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh
kaula leuwih beunghar manan nini.”
Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan
sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa Allah
kuring neda duit!” Kitu baé omongna, jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang
duit ti Allah dua karung goni parinuh.
Barang geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur
téa, bari mawa dua karung beling beunang mékprékan, sarta tuluy dibawa naék ka para, ti dinya
heug éta dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna si jelema.
Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna nepi ka
potong. Sanggeus inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh dikukusan,
ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna,
“Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur Ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun jadi
duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé
bijil omongna suaban ngahina ka Gusti Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét pilih kasih,
dipangnyieunkeun duit sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha, naha Allah téh geus
diganti deui? da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah nu jeneng ayeuna bet henteu
bisaeun?”
Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-pirang
dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok
tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi
malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***