Anda di halaman 1dari 9

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

Nama Sekolah : SMAN 1 Cisolok


Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
Kelas / Semester : X/1
Materi Pokok : Dongeng
Alokasi Waktu : 4 x 45’

A. Tujuan Pembelajaran
Setelah membaca dan mengamati teks dongeng, peserta didik diharapkan :
a. Membandingkan jenis dongeng berdasarkan struktur, unsur kebahasaan dan fungsi sosial
b. Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, dramatisasi.

B. Kompetensi Dasar dan Indikator

Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi

3.5. Membandingkan jenis dongeng 10.3.5.1 Mengidentifikasi dongeng dan


berdasarkan struktur, unsur kebahasaan jenis dongeng
dan fungsi sosial 10.3.5.2 Menganalisis struktur dan unsur
4.5. Menampilkan berbagai jenis dongeng kebahasaan dalam teks
dengan cara ngadongeng, monolog,
dongeng.
dramatisasi.
10.3.5.3 Membandingkan jenis dongeng.
10.4.5.1 Menerapkan nilai-nilai moral
yang terkandung dalam jenis-
jenis dongeng dalam kehidupan
sehari-hari.
10.4.5.2 Mempraktikan salah satu jenis
dongeng yang telah
disiapkannya dengan cara
ngadongeng, monolog,
dramatisasi.

C. Materi Pembelajaran (Fakta, Konsep, Prinsip, Prosedur)

1) Fakta
 Beberapa contoh teks carita dongeng.
2) Konsep
 Struktur dan Unsur kebahasaan teks dongeng.
 Klasifikasi cerita dongeng.
3) Prinsip
 Karakteristik ceritra dongeng.
 Ciri-ciri cerita dongeng.
4) Prosedur
 Penyampaian cerita dongeng.
D. Metode Pembelajaran

1) Pendekatan: Pembelajaran Saintifik

2) Metode: Discovery, Project Based Learning

3) Teknik: diskusi, penugasan, tanya jawab

E. Media Pembelajaran

1) Proyector
2) Teks carita dongeng.
3) Laptop/komputer

F. Sumber Belajar

1. Buku Paket kelas X, karangan......, penerbit......


2. Buku Kumpulan Dongeng Utara Utari jeung dongeng-dongeng sunda lianna,
pengarang Ki Umbara, penerbit Kiblat Buku Utama, Bandung
3. Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN
VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A.
UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan Carita jeung
Dongeng”]

G. Langkah-langkah Pembelajaran

Kegiatan Langkah-langkah Pembelajaran Alokasi Waktu


Pendahuluan a. Guru menyapa dan mempersiapkan 15’
peserta didik dalam pembelajaran
dengan berdoa, melihat kerapihan
dan kebersihan kelas serta
menanyakan presensi hari itu.
b. Guru memberikan apersepsi dan
memotivasi peserta didik, dengan
memperkenalkan tempat-tempat
yang ada hubungan dengan dongeng.
c. Guru membagi kelompok dengan
anggota 4 orang masing-masing
kelompok.
d. Guru menjelaskan tujuan
pembelajaran yang dikembangkan
dalam pembelajaran teks cerita
dongeng.

Inti Pertemuan 1 60’


Mengamati:
 Membaca dan mengamati
beberapa contoh dongeng.
 Mengamati dan
memahami unsur-unsur
dongeng.

Mempertanyakan:
 Bertanya jawab isi dari contoh
dongeng.

Mengeksplorasi:
 Mencari informasi/ referensi
tentang cara membacakan atau
mendongeng dari berbagai
sumber.
 Mencari kata-kata sulit dan
menemukan artinya dalam
kamus.

Mengasosiasikan:
 Membandingkan berbagai
contoh teks cerita dongeng.
 Mengevaluasi dan
mendiskusikan kaidah teks
cerita dongeng.

Mengkomunikasikan:
 Menyampaikan cerita dongeng
secara lisan.

Pertemuan 2
Mengamati:
 Membaca dan mengamati
beberapa contoh dongeng.
 Mengamati dan
memahami cara pembacaan
dongeng.

Mempertanyakan:
 Bertanya jawab tehnik
mendongeng.

Mengeksplorasi:
 Mencari informasi/ referensi
tentangcara membacakan atau
mendongeng dari berbagai
sumber.
 Mencari kata-kata sulit dan
menemukan artinya dalam
kamus.

Mengasosiasikan:
 Mengevaluasi dan
mendiskusikan kaidah bercerita
dongeng.

Mengkomunikasikan:
 Menyampaikan cerita dongeng
secara lisan.

Penutup a. Peserta didik dengan panduan 10’


guru menyimpulkan pembahasan
tentang struktur dan ciri-ciri cerita
dongeng.
b. Peserta didik memberikan umpan
balik dengan mengajukan
pertanyaan tentang teks cer
sesuita dongeng dengan
tatakrama Sunda.
c. Guru menyampaikan informasi
pembelajaran yang akan datang.
d. Pembelajaran diakhiri dengan do’a
dan salam.

H. Penilaian Pembelajaran

1. Jenis/Teknik penilaian
a. Tes dan Nontes
2. Bentuk Penilaian
a. Tes Tulis Uraian
b. Unjuk kerja
3. Instrumen Penilaian
a. Soal Uraian
Indikator Pencapaian Tehnik Bentuk Instrumen
Penilaian Penilaia
n
10.3.5.1 Mengidentifikasi jenis Tes Uraian 1. Sebutkeun
dongeng unsur intrinsik
10.3.5.2 Menganalisis struktur dan
anu aya dina
unsur kebahasaan dalam
teks dongeng. dongéng ”Nini-
nini Malarat
jeung Deleg
Kasaatan”?
1. Tema
2. Tokoh
3. Alur
4. Latar/tempat
kajadian
5. Amanat
10.4.5.1 Menceritakan kembali isi Nontes Unjuk Pek ku hidep
dongeng yang dibacanya. kerja caritakeun deui
eusi dina
dongeng “Nini-
nini Malarat
jeung Deleg
Kasaatan”.

Kunci Jawaban
No. Alternatif jawaban Skor
1. Temana jalma nu sabar meunang kabagjaan 10-20
Tokohna nyaéta nini-nini,lauk deleg,tatangga nini-nini 10-20
2. Alur maju 10-20
3. Tempat kajadianna di imah nini-nini,tegal kaso, imah
10-20
tatangga nini-nini
4.
Amanatna nya eta kudu percaya ka gusti Allah, ulah 10-20
sirik ka batur, kudu sabar dina sagala kaayaan
5.

4. Pedoman Penilaian
a. Penilaian Pengetahuan (NP)
- Skor Nomer 1 = 10 – 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 2 = 10 – 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 3 = 10 - 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 4 = 10 - 20
Skor maksimal = 20
- Skor Nomer 5 = 10 - 20
Skor maksimal = 20

Pedoman Penskoran
Aspek yang Dinilai
No. Nama Siswa Basa Pasemon Lentong Skor
4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1
1. Anggi
2. Asep Panji
3. Candriyani Utami Dewi
4. Diah Rosita
5. JanaSujana
6. Leli
7. Monika
8. Nenden Adilah
9. Runayah
10. Yan Kusdiyanto

Keterangan Skor :
Masing-masing kolom diisi dengan kriteria
4 = Baik Sekali
3 = Baik
2 = Cukup
1 = Kurang

Nilai = Skorperolehanx 100


Skormaksimal

Keterangan:
Sangat Baik (A) : 86 – 100
Baik (B) : 71 – 85
Cukup (C) : 56 – 70
Kurang (D) : ≤ 55

Cisolok, Juli 2017

Mengetahui: Guru Mata Pelajaran,


Kepala Sekolah,

_Drs. Hery Rusly Hernawan, M.Pd Yeti Hidayat, S.Pd


NIP: 195901141983031006

Lampiran teks dongeng

Nini-Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan

Jaman baheula aya nini-nini nu kacida malaratna. Papakéanana geus butut sarta
laip, disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna
ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah sapoé dua poé henteu manggih-
manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung
geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.
Imahna ge nyempil, ditangkodkeun kana tonggong imah baturna, kitu ogé hateupna
bilikna geus balocor, henteu aya pisan anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu
boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti Allah, tong
boro ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu
bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih kadaharan. Manéhna
ngarasa lapar kacida. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna,
“Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh jung manéhna indit ka tegal, néangan dangdaunan
atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu
bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui
aya walungan gedé.
Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék
pindah ti walungan ka talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal deleg teh
kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh kagaringan, awakna
seuseut nepi ka henteu bisa maju leumpangna.
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya
hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana,
kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda hujan!
Yaa Allah kuring neda hujan!” Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.
Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang hujan gedé naker mani
cileungcangan. Ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang, tuluy kebat meuntas ka talaga.
Ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh
balikna teu barang bawa.
Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong
di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah téh, meureun dipaparin,
ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék neda duit.”
Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur
nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa Allah kuring neda
duit!” Kitu baé omongna teu eureun panedana ka gusti Allah, geus teu aya pikiran deui ka nu
séjén.
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nini-nini téh, banget ngéwaeunana, ku
sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nini-
nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini!
Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka
dieu, méré duit ka manéh. Jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka
leuweung, meureun aya hasilna. Jeung deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura
undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.” Tapi ku si nini teu dipaliré.
Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida garétékeunana,
henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot
karung goni beunang ngeusian ku beling datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel
ambeh beurat. Niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin
Allah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh
kapok moal ngomong kitu-kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
diponcorkeun ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina
bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana,
panyanana nya éta karung duit, paparin ti Allah.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Allah!
Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan, aya kénéh nun?” Ti
dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi
duit.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui dipikanyaah ku
tatanggana jeung tambah alus budina, suka tutulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna
ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun ka dirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-
nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna. Geus kitu boga niat
hayang nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, ménta dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung
beling ka manéhna, pokna, “Nini sabenerna éta duit téh asalna beling beunang kula
ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula kesel ngadéngékeun
anjeun ngomong baé nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi éta beling dumadakan jadi duit
kabéh. Ku kituna ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung
beling, tangtu bakal jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang
ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih beunghar manan nini.”
Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan
sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa
Allah kuring neda duit!” Kitu baé omongna, jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal
meunang duit ti Allah dua karung goni parinuh.
Barang geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur
tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang mékprékan, sarta tuluy dibawa naék ka
para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna si jelema.
Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna nepi ka
potong. Sanggeus inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh
dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-
nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur
Ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu
daékeun jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina
bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka Gusti Allah, pokna, “Ih naha Allah
téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha,
naha Allah téh geus diganti deui? da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah nu
jeneng ayeuna bet henteu bisaeun?”
Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-
pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok
tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi
malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***

Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN


VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A.
UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan Carita jeung
Dongeng”]

Anda mungkin juga menyukai