Anda di halaman 1dari 4

TUGAS KELOMPOK BAHASA SUNDA

NAMA KELOMPOK :
1. Citra Lestari
2. Ica Fitriyanah
3. Amelia
4. Seli Maesaroh
5. Ratu Salma Mahira
DRAMA SUNDA

JUDUL : NYONTO KANA PRILAKU NABI

TEMA : PAPATAH JADI PRIBADI NU LEUWIH HADE

PALAKU : - AMELIA sebagai CANDRA

- SELI MAESAROH sebagai APIP


- RATU SALMA MAHIRA sebagai GANI
- ICA FITRIYANAH sebagai EMANG GANI
- CITRA LESTARI sebagai BAPA GANI

Prolog : Dina hiji waktu pabebeurang. Aya dua urang budak sakola nu karek
mulang ti sakola. Ngaranna Candra Jeung Apip. Candra jeung Apip nganjang ka
imah babaturan sakelasna nyaeta Gani pikeun diajar babarengan…

(Trok keketrok panto Candra)

Candra & Apip : Assalamualaikum

Apip : Gani….!

( Mukakeun panto bari jeung rusuh)

Emang na Gani : Waalaikumsalam, eh Apip sareng Candra.

Candra : Muhun Mang…. Hatur nuhun.

Emang na Gani : Oh, aya di lebet, manga atuh ka lebet.

Candra & Apip : Mangga mang.. hatur nuhun.

Emang na Gani : Mangga calik, Emang ngabantun leueuteun heula nya.

Apip : Henteu kedah repot-repot Mang

Emang na Gani : Henteu repot, ke sakedap nya.


(Emang na Gani ka tukang maw acai)

Henteu lila ti dinya terus Gani datang ti tukang.

Gani : Eh, anjeun geus daratag, geus lila?

Apip : Henteu Gan, ieu kakarak datang.

Gani : Enya atuh, rek ngabahas naon urang dina poe ieu?

Apip : Matematika bae atuh nya!

Gani : Enya atuh.

Henteu lila ti dinya terus datang Emang na Gani mawa cai..

Emang na Gani : Mangga ieu caina, Emang simpen di dieu nya..

Candra & Apip : Muhun Mang, hatur nuhun..

Emang na Gani : Muhun sami-sami, sok dileueut nya caina..

Terus datang bapa na Gani ti masigit..

Bapa na Gani : Assalamualaikum

Kabeh nu aya : Waalaikumsalam

Bapa na Gani : Eh, nuju diajar, ieu yeuh bapa ngabantun tuangeun kanggo
anjeun…

Gani : Wah… hatur nuhun Pa!

Candra & Apip : Hatur nuhun Pa

Bapa na Gani : Muhun mangga, sok dituang, nuju diajar naon ieu the?
Gani : Matematika Pa

Apip : Eh, nu ieu kumaha carana Gan? (ceuk Apip bari ngadahar kueh)

Candra : (ngaherewos) Eh, Pip lamun ngomong ulah bari dahar atuh, teu sopan1.

Gani : Enya Pip, eta the hartina anjeun henteu nyonto kana prilaku Nabi

Candra : Muhun, setuju pisan. Leres henteu Om?

Bapa na Gani : Muhun anjeun leres, urang salaku tamu, upami tatamu ka bumi nu
sanes kedah ngagaduhan sikep sopan, urang dina agama Islam oge dianjurkeun
supados nganggo anggoan anu rapih, cariosannana sae sareng someah upami
tatamu teh. Kitu oge samulihna, anu gaduh bumi oge kedah ngagaduhan sikep kitu
ka para tamuna, tamu teh kedah dimuliakeun supados tamu urang ngaraos
dihormati ku anu gaduh bumi. Janten urang kedah silih ajenan. Ayeuna Apip
parantos ngartos etika dina tatamu teh?.

Apip : Muhun Pa, abdi nyuhunkeun dihapunten. (ceuk Apip bari imut anu dibales
gumujeng ku Bapa na Gani).

Gani : Tah kitu atuh pip.

Candra : Rupiana parantos sonten yeuh, andi permios wangsul heula Mang, Pa.

Candra & Apip : Assalamualaikum

Kabeh nu aya (salian ti Candra jeung Apip : Waalaikumsalam

Gani : Ati-ati di jalan nya!!

Anda mungkin juga menyukai