DRAMA SUNDA
3. Nina Shervia
9. Yaumid Akhirin
Saqy : “Sateuacan diajar hayu urang maca doa sasarengan, ngadoa dikawitan”
Murid-murid : (Ngadoa)
Bu Indah : (Ngabsen murid hiji-hiji), “Hayu urang mulai diajar, fokusnya barudak !”
2 jam saterasna
Bu Indah : “Nah, saha nu bisa jawab soal ieu, mun sinus a=12/13 jeung a sudut lancip, jadi
sabaraha nilai cosinus a + tangen a ?”
Gopal : “Eh, e...enya bu, eta teh e............, duh baraha nya, 7 meren bu”
Gopal : “Heheheehhe”
Gopal : (Dina jero hate : si eta mah pinter ning, kumaha nya carana bisa kitu ?)
Bu Indah : “Tos tabuh 9 nya, nah sateuacana istirahat ibu bade ngingetan deui sakedap deui bade
ulangan, jadi lobakeun diajar, tong loba teuing ulinnya barudak !”
Bu Indah: “Assalamu’alaikum”
Ari : “Heeh pal, hayu urang mabar, ieu sakedeng deui urang naek rank”
Arfan : “Moal waka ah, ari maraneh moal diajar kitu jeung ulangan engke ? Kedeng deui oge”
(Saminggu saterasna)
Dede : “Duh cararape euy, suku laleles beres maen bola teh”
Ari : “Hayu ah urang balik, tong kapeutingan didieu aya penungguna cenah”
Gopal : “Duh naon teh, maenya ulangan teh jadwalna dipajukeun jadi isukan”
Gopal : “Ieu urang mun menang nilai goreng, kumaha mun teu naek kelas, pasti dicarekan ku
kolot ieu mah”
Mang Reksa : “Perkenalkeun abdi Mang Reksa, abdi aya solusi keur masalah anjeun”
Mang Reksa : “Ieu lain balpen sembarangan jang, ieu ngarana Balpen Dewantara. balpen sakti”
Mang Reksa : “Eh jang, beneran ieu mah, tempo yeuhnya cara makena !”
Mang Reksa : “Mimitina anjeun roekeun kertas, kertas naon wae. Terus anjeun tulis dina kertas
tadi anjeun hayang bisa naon. Nah contona “Jago Matematika”. Terus legleg kertasna !”
Gopal : “Coba urang lawan bot catur level paling luhur level 15”
Gopal : “Eh, beneran menang ning mang , padahal lawan bot catur level 3 ge kamari mah eleh
urang teh”
Gopal : “Percaya mang, ieu balpen ku abdi dipeser, bade dijual sabaraha ?”
Gopal : “Aduh sing mikir atuh mang, maenya pulpen balpen sajuta hargana, 100 rebu nya mang”
Mang Reksa : “Weh naon teh, rugi bandar atuh abdi jang. Kumaha mun 700 rebu moal bisa
kurang deui !”
Mang Reksa : “Oh heeh, efek balpen ieu ngan 3 jamnya jang, jeung kade oge tintana gancang
beak, mun geus beak tintana balpena moal bisa dipake deui !
Gopal : “Weh kamana teh si amang, bisa leungit kitu kawas jurig”
Ka isukanna
Bu Indah : Sok mangga dibagikeun kertas ulanganna, teras dikerjakeun soalna, ulah
garandengnya, ulah nyarontek deuih ! Saqy bagikeun kertas ulangana ieu !
2 jam saterasna
Bu Indah : “Waktosna tos rengse barudak, sok mangga kertasna di kempelkeun ka payun”
Arfan : “Diq, ari maneh nu nomer 24 jawabanna naon ? Urang tadi rada hese euy”
Ka isukanna
Bu Indah : “Barudak, ibu aya kabar alus, nilai ulangan nu pang gedena di sakola aya di kelas ieu”
Murid-murid : (Emprak)
Dede : “Wih, maneh bisa menang nilai sakitu ning, kumaha carana Pal ?”
Gopal : (Nyaritakeun kajadian nu kamari jeung cara make balpen sakti eta)
Ari : “Geus aya tilu kertas yeuh, sok legleg kertasna, urang langsung mabar babarengan”
Dede : “Wihh, gelo beneran ning urang jadi jago pisan maenna”
Ari : “Ari isukan teh tanggal berem nya, isukan urang cobaan deui yuk, coba nulis nu lain lain”
Ka isukanna tilu murid eta nyobaan nulis sagala rupa, nepi ka poho waktu.
Dede : “Heeh ujian praktek, eh kamari kan latihan praktek arurang teu ngiluan”
Ka isukanna
Babak 6 (di bengkel )
Saqy : “Sateuacan diajar hayu urang maca doa sasarengan, ngadua dikawitan”
Murid-murid : (ngadoa)
Pa Safar : “Ayeuna tos sariap kan ujian praktek barudak, bapak mah moal ngomong panjang
panjang, pokokna nu tos siap mangga langsung ka bengkel, ujian praktekna sorangan-sorangan.
Sok mangga saha nu bade ti payun ?”
Arfan : “Alhamdulillah, teu hese teuing teu gampang teuing, sarua kos nu diajarkeun kamari”
Saqy : “Oh alus atuh soalna kan kamari arurang diajar bareng”
Sabab teu pernah latihan si Gopal bingung kudu kumaha dina ujianna. Kitu oge sarua jeung
babaturanna.
Saminggu saterasna
Tilu murid eta dipanggil ka ruang Pa Safar sabab nilai ujian praktekna leutik pisan
Pa Safar : “Aranjeun niat sakola didieu teu ? Hoyong naek kelas kan ?”
Pa Safar : “Mun kitu atuh berusaha saeutik mah, bapak asa can pernah nempo aranjen ngiluan
latihan praktek kos barudak nu lain”
Pa Safar : “Ayeuna mah kieu we bapak bere waktu saminggu jeung remedan, kumaha siap teu ?
Gopal : “Bangunna teh ayeuna mah ngan aya hiji pilihan, urang kudu menta bantuan ka si Radiq
meh ngajarkeun ujian praktek”
Ari : “Pang ajarkeun arurang kumaha carana bisa lulus ujian praktek”
Arfan : “Lainna maneh ges jago nya, kamari ge menang nilai panggedena padahal tara diajar”
Gopal : “Hampura nya, urang keur kamari mah ngaku licik. Ngan ayeuna mah urang geus sadar
yen di dunia mah eweuh nu instan, jadi tulungan ajarkeun arurang kumaha carana meh bisa lulus
ujian praktek”
Pa Safar : “Sok, aranjeun tos ngerjakeun tugas remedan ti guru nu sejen kan ?”
Pa Safar : “Alhamdulillah..... Jadi ayeuna tos sariap ieu teh, inget ieu kasempatan terakhir meh
bisa lulus ujian praktek”
30 menit saterasna
Gopal : “Bismillah”
Gopal : “Oh ieu teh mun teu salah kudu kieu...teras kieu...jeung akhirna kirim programna....tah
kuduna mesinna hurung lancar”
Pa Safar : “Oke”
Ka isukanna
Gopal : “Heeh atuh kan leuwih ti 70, syukur atuh nya akhirna arurang teh bisa lulus ujian praktek
ku hasil gawe sorangan teu ngandelkeun nu sejen”
Gopal : “Moga-moga we arurang teh terus bisa getol kieu dina diajar teh nya dak”
Akhirna, tilu murid eta ngucap syukur sabab bisa lulus ujian praktek jeung ngadua meh bisa
getol dina satiap kali diajar.
TAMAT