Anda di halaman 1dari 3

PA KAULINAN JEUNG OLAH RAGA

1. HAHAYAMAN

▶ Hahayaman nyaeta kaulinan nu merlukeun jalma rea. Carana nguriling


nyieun bunderan bari pacekel cekel.
Saurang aya anu jadi hayam, jeung saurang deui aya anu jadi careuhna. Nu
jadi careuh salawasna kudu
ngudag-ngudag hayam tepi ka beunangna. Nu jadi hayam dibere kalonggaran pikeun
kaluar asup tina bunderan.
Sedeng anu jadi careuh mah teu dibere jalan.

▶ Nu matak nu jadi hayam teh sok lila katewakna ku nu jadi careuh. Mun geus
katewak, nu jadi hayam jeung nu
jadi careuhna diganti ku nu sejen.

2. GALAH

▶ Kaulinan galah merlukeun batur anu loba(paling saeutik dalapan urang: dua
regueun). Kitu deui kaulinan galah merlukeun tempat (buruan) anu lega.
Samemeh prung maen, kudu nyieun heula kalang pasagi opat, kira-kira
ukuran 4x9 meter pasagi. Saenggeus kitu kalang teh dibagi jadi
sababaraha petak, kira-kira ukuran 2 x 3 meter pasagi. Lobana petak mah
diluyukeun jeung anggota regu.

▶ Cara maena, regu nu hiji jaga di unggal gurat (kalang) ari regu nu hiji deui
kudu bisa norobos asup ka saban kalang, bari ulah katoel atawa katepak ku
regu anu jaga. Lamun salah saurang katepak , maqenna teu bisa terus sarta
kudu dipasrahkeun ka regu nu jaga, jst. Lamun anggota regu anu norobos
kalang teu katepak ku nu jaga tur bisa asup ka kotak sejenna sarta bisa balik
deui ka kotak asal (pangbalikan) disebutna “asin”, hartina meunang hiji (hiji-
enol) ti regu lawan, jst.

3. SONDAH
▶ Sondah nyaeta kaulinan barudak awewe. Sanajan kitu, budak lalaki oge sok aya
anu miluan sondah. Carana , unggal pamaen nyekel talawengkar (sesemplakan
kenteng) terus dialungkeun kana kotak-kotak nu geus disadiakeun (meunang
ngaguratan dina taneuh). Eta kotak-kotak the lian ti dialungan talawengkar, oge sok
diajlengan. Ngan nu aya talawengkaran nu teu meunang ditiincak. Dina sondah aya nu
disebut mi- hiji, mi-dua, mi-tilu, jeung saterusna.

▶ Sondah adalah permainan yang umumnya bagi anak perempuan, meskipun kadang-
kadang anak laki-lakipun ada yang ikutan. Caranya, setiap peserta memegang pecahan
genting, lalu dilemparkan ke dalam petak yang sudah disediakan. Kotak yang
didalamnya terdapat pecahan genting, harus dilompati, tidak boleh diinjak. Pada
permainan sondah ada yang disebut mi-satu, mi-dua, mi-tiga, dan seterusnya.
RARANGKEN KA-AN
▶ Diuk => kadiukan
▶ Beurang => kabeurangan
▶ Sare => kasarean
▶ Hujan => kahujanan
▶ Dahar => kadaharan
▶ Gandeng => kagandengan
▶ Garing => kagaringan
▶ Poek => kapoekan
Kecap rarangken ka-an nyaeta salah sahiji rupa tina kecap
rundayan. Kecap rundayan nyaeta kecap nu dirarangkenan.
Aya tilu rupa kecap rundayan nyaeta kecap nu dirarangkenan
rarangken hareup, raran gken tengah jeung rarangken
barung

Anda mungkin juga menyukai