Anda di halaman 1dari 23

ASSALAMUALAIKUM WR.

WB
RUPA – RUPA KAULINAN DI
TATARAN SUNDA

Di susun Oleh
Rifa Oktaviani Jaidi
1731621001
SONDAH
CARA MAENKEN

Syarat jeng maenken :


 Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-
10 urang
 Kapur atau lebu
 Kojo sabangsaning kenteng atau
bengol
Cara maénkeun

Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang gé kaci.


dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon waé asal aya tapak guratna. Tempat
sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna
téh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana
mun anderok samodél trapesium dibagi dua, mun calana samodél pasagi panjang sarua dibagi
dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud
minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo",
mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan.
budak engkle-engkléan (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah
anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagéan awak gambar engkle deui, nepi ka sirah
gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar,
tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo téa nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy
engkle deui. mun geus bérés, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu
puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu
meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak,
jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.
CONGKLAK

Syarat jeng maenken


 Di paenken ku 2 orang
 Papan conklak dina kai atawa
palastik
 Kewuk, batu nu laletik, siki salak,
siki asem sabangsaning siki – sikian
nu tareuas jeng gede na sedeng.
Cara maén

Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana
mah henteu dieusian, dipaénkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabéh lombang
leutik dieusian, tuluy salah sahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka
béakna siki. Giliran ieu nu lombang gedé (tabungan manéhna, nu beulah kéncaeun nu
maén) gé dieusian sasiki, lasutna téh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu
kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "némbak", siki nu lombang
kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maén éta. Nya geus kitu mah
bagilir bagéan pamaén lawanna da lasut téa
UCING SUMPUT

Syarat jeng maenkenna


 Paling saetik 2 urang
Cara maén
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang.
paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun
nangtukaeun saha ucingna. budak anu kabagen jadi ucing kudu
ngudag babaturanana sangkan beunang katoel/katepak. aya dua
paraturan nyaéta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi
ucing jeung budak nu jadi ucing saméméhna bisa bébas tina tugas
jadi ucing.
Paraturan séjénna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu
katepak éta otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing
memehna tetap jadi ucing tepi ka kabéh anu miluan ucing-ucingan
bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina
hompimpah.
ORAY - ORAYAN

Syarat maenkeunna
 Aya 2 orang atawa lewih
Cara maén

ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel


heula taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung
saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor
siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan
budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak
tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka
hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka
kénca, kawihna kieu:
Oray-orayan
1
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah Sanggeus kitu, huluna tuluy
2
Paréna keur sedeng beukah ngudak buntutna bari disada,
"kok, kok, kok, kok".[1]
Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi Kawih liannna :
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi Oray-orayan
Saha nu mandi Oray naon
Anu mandi pandeuri Oray bungka
Bungka naon
Oray-orayan Bungka laut
Luar-léor mapay kebon Laut naon
Entong ka kebon Laut dipa
Loba barudak keur ngangon Dipa naon
Mending gé teuleum di leuwi loba Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . .
nu mandi blos!.[1]
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.[1]
GALAH

Syarat maenkeunna
 Di paenkeun ku lewih ti 2 urang
 Lebu
Cara maén

Galah asin nyaéta kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti
hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang
katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.Aya
sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang.
Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana
di lapangan terus maké garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok,
nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap
urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan éta garis.
Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua.
Mun gagal ngaliwatan garis berarti éléh. Saterusna tuluy gantian.
PEREPET JENGKOL

Syarat maenkeun na :
 Ku 3 urang atawa 4 urang
Cara maén

 nyarekelan leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan, suku katuhuna diangkat tuluy


bitisna dianyamkeun atawa lamun cara tali mah ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka
pageuh jeung teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman samak. Tuluy sanggeus pageuh,
leungeun barudak séwang-séwangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter ka beulah kénca
atawa ka beulah katuhu bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol. Kitu
satuluyna, biasana dilakukeun ku sababaraha kelompok boh tili kelompok atawa opat
kelompok salobana pikeun lomba atawa pasanggiri anu tangtu dina hal kaulinan barudak anu
éléh biasana kudu turut ka nu meunang jeung dibéré hukuman saluyu jeung paménta nu
meunang, lamun teu nurut biasana sok disurakan atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah
miluan deui nepi ka nurutna, biasana budak anu sok amekan jeung pundungan nu tara nurut
téh, tapi dina maénna mah sok aya waé nu pundungan téh ngan ari ngaran budak mah
pundungna gé sok sakeudeung tara lila, asal maén balikan deui sok teu weléh seuri Kieu
rakitan kawihna:
 Pérépét jéngkol
Jajahéan
Kadempét kohkol
Jéjérétéan
UCING - UCINGAN

Syarat maenkeun na
 Di lapang
 Leuwih ti 2 urang
Cara maén

 Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang. paraturananan


dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha
ucingna. budak anu kabagen jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan
beunang katoel/katepak. aya dua paraturan nyaéta mun geus beunang katoel
ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing saméméhna bisa
bébas tina tugas jadi ucing.
 Paraturan séjénna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak éta
otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi
ka kabéh anu miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana
balikan deui tina hompimpah.
HAHAYAMAN

Syarat maenkeun na
 Di lapang
 Leuwih ti 2 urang
Cara maén

 Hahayaman nyaéta kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam,


saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan
sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager
GATRIK

Syarat maenkeunna
 Di paenkeun ku 2 urang atawa
leuwih
 Pampung atawa kayu
 Batu atawa kenteng
Cara maén

 Ulin Mitembéyan Kaulinan Kanggo nangtukeun tim anu leuwih tiheula ulin
minangka paneunggeul, urang tiasa ngalakukeun suten, atawa malédogkeun
kai gatrik pondok ka landasan di luhur batu. Singsaha waé anu
ngabalangkeunana ka jero atawa leuwih deukeut kana batu dadasar, tiasa jadi
tim paneunggeul
BOYBOYAN

syarat maenkeunna
 Kenteng
 Bola leutik
 Di paenkeun ku 2 urang leuwih
Cara maén

 salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa
dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténisna. Tuluy,
dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina patumpuk ka luhur. kabéh anu
teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép,
minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténgna
geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikan ka anu maén tadi sangkan
beunang dibalédog ku éta bal. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar heula
tina kaulinan nepi ka kabéh beunang kabalédog ku balna.

Anda mungkin juga menyukai