Anda di halaman 1dari 9

SISINGAAN

ASAL-USUL
SISINGAAN
Sisingaan teh asalna ti kota Subang. Baheula sisingaan teh dipake
jang nyindiran Walanda sareng Inggris dina mangsa pangjajahan.
Sisingaan oge miboga kasang tukang kasenian anu kentel. Kasenian
sisingaan biasana dipake jang acara-acara saperti sunatan, mapag
panganten, sareng mapag tamu agung
PADEPOKAN SINGA
LANGKAH BUANA
Padepokan Singa Langkah Buana ayana di mekar bakti rt 02 rw 02 desa margamekar kecamatan
pangalengan kabupaten bandung. Lamun ti bunderan pangalengan mah kira-kira ngabutuhkeun waktu
perjalanan 15 menit. Posisi na teh aya di deukeut SMPN 4 Pangalengan. Salian ti sisingaan teh aya oge
kasenian nu lain na, tapi anu leuwih kasohor na mah nyaeta sisingaan na.

Padepokan singa Langkah buana didirikeun taun 1990 ku alm.


Aki Uca. Timimiti padepokan ieu didirikeun lumayan seueur
parobahan dina nampilkeun sisingaan teh, padepokan ieu mah
nurutkeun kana kamekaran jaman. Pimpinan padepokan oge tos
sababaraha kali diganti, pimpinan ayeuna dipimpin ku pa Wahyu
Sisingaan di tiap padepokan teh beda-beda adat na, saperti saacanna manggung
atawa saacanna dimulai teh aya ritual anu di lakukeun ku tiap-tiap padepokan. Aya
anu nyayagikeun keun sasaji jang karuhun, aya oge anu tataros heula ka karuhun na.
Di padepokan Singa Langkah Buana mah saacanna dimulai teh teu aya ritual atawa
hal khusus anu dilakukeun, sabab Padepokan Singa Langkah Buana mah nurutkeun
kamekaran jaman.
Sinsingaan teh dijieunna tina Awi anu dibentuk nyarupaan singa anu
bedas saperti boneka gede.

Sisingaan oge dihias ngagunakeun gabus anu warna-warni ditambah


payung jeung tincakan suku ngarah bisa di tumpakan jeung ditanggung
ku pergosi, nyaeta persatuan gotong singa.

Saacanna di taekeun kana singa, barudak anu rek naek sisingaan teh di
anggoan acuk kostum khusus sarta di rias ku dukun rias nepi ka
nyarupaan tokoh Gatot Kaca jeung Arjuna
SEBUTAN-SEBUTAN DINA
SISINGAAN
Dina nampilkeun sisingaan teh aya sababaraha sebutan sebutan jang anu aya hubungan nana
jeung sisingaan ieu, diantara na Pergosi nyaeta sebutan jang jalma anu bakal nanggung
sisingaan, Juru Kawih nyaeta jalma anu ngahaleuangkeun kakawihan jang ngiringan sisingaan,
Dukun rias nyaeta jalma anu ngarias atawa ngadangdanan barudak anu rek numpak sisingaan,
Panayagan nyaeta sebutan jang tim anu maenkeun panyajian kakawihan saperti tukang
kendang, anu nakol goong, juru kawih, jsb.
ACARA-ACARA ANU
DIPIDANGKEUN DINA SISINGAAN

• Tatalu atawa tatabeuhan atawa bubuka jang nampilkeun sisingaan eta, Kidung atawa kembang gadung
nayeta tembang atawa kawih anu wajib dihaleuangkeun ku juru kawih,
• sajian ibingan di antawisna solor , gondang , ewang , catrik jeung sajabana.
• Atraksi atawa demo biasana disebat atraksi kamonesan dina kaparigelan sisingaan anu awal na ka contoan
ku aktraksi adem ayem jeung barongsai.
ANGGOTA
KELOMPOK
• ANDIKA HAFID
• CANDRA
MUSTICA
• MEYRA ZAHIRA
• RAHFI ISBAH
• RIZAL
RAMADHAN
• SILVIA AZAHRA

Anda mungkin juga menyukai