Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran
barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo
nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru Basa Sunda.
Makalah ieu dijieun kanggo ngalakonan tugas palajaran bahasa sunda di SMAN 1
Palabuhanratu, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa/Ibu Guru Basa
Sunda anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusun makalah ieu.
Panyusun
1
BAB 1
BUBUKA
A.Kasang Tukang
Di tatar Sunda, nyunatan teh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di
saban wewengkon. Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna geus
genep taun, sok teu genah cicing. Hayang geura nyunatan anakna.
Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh
ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi ka dalapan
taun.
Istilah nyunatan atawa sok aya oge nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, hartina
‘turih’. Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyunatan teh ku cara
nurih kokocop. Carana, kulit kokocop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango
(pakakas kawas patlot).
Sanggeus dicapit, eta kulit kokocop teh tuluy diturih, tapi dikeureut nepi ka beresih. Jalma
tukang nyunatan teh baheula mah disebutna bengkong, ayeuna mah paraji sunat atawa
mantri sunat.
Prak-prakan hajat nyunatan di Bogor bisa jadi teu aya bedana jeung di wewengkon sejen.
Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun babadamian kulawarga
heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanana, jeung sajabana.
Dina waktuna, budak sunat teh sok direuah-reuah heula diraramekeun. Keur anu mampuh
mah, sapoe samemehna budak sunat teh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-mapay
jalan bari dipirig ku tatabeuhan kendang penca.
Baheula mah, samemeh disunatan, budak sunat teh sok dibawa ka balong atawa
walungan, sina ngeueum heula. Maksudna ngarah raranganana baal lamun engke
dikeureut. Geus kitu tuluy dilahun dina korsi, pada nyarekelan sarta panonna
dipeungpeunan, kakara disunatan. Sanggeus brel dikeureut, kolot-kolot nu ngariung
2
nyaraksian sok rampak nyarita: “Salamet! Salamet! Bela! Sok belana geura peuncin!”
Bela nyaeta hayam anu dipeuncit sanggeus budak brel disunat.
Ayeuna mah henteu kitu. Budak anu rek disunatan teh henteu kudu sina ngeueum heula di
balong. Subuh keneh teh sok langsung wae dibawa ka mantri sunat. Henteu dibaalan
heula, brel wae tuluy dikeureut.
Rengse dikeureut, harita keneh ka budak sunat sok pada nyecep, pada mere duit minangka
panyombo ngarah henteu ceurik. Ngarah bungaheun sarta bisa mopohokeun kanyeri.
B. Tujuan penulisan
Makalah ieu disusun kalawan tujuan anu kahiji kanggo nyumponan salah sahiji
pancen Basa Sunda,anu kadua supados para pamaca tiasa nambahan wawasan ngeunaan
Nyunatan.
C, Masalahna
3
BAB II
EUSI
A. Arti Nyunatan
Nyunatan anu sering urang sebat kalawan khitanan yaktos proses ngabersihkeun
diri ku cara motong (kulup) sapalih alit kelamin salaki-salaki. Upacara sunatan/khitanan
dipigawe kalawan maksad supados pakakas vitalnya bersih ti najis . Anak anu atos
ngajalanan upacara beresihan dianggap atos milampah salah sahiji sarat utami minangka
umat Islam. Upacara beresihan diayakeun biasana lamun anak lalaki nyejek umur 6
warsih. Dina upacara beresihan jabi paraji sunat,oge diondang para tatangga,babaturan
tolan sarta wargi. Benten kalawan anak awewe,Upacara Sepitan anak awewe diayakeun
dina wanci anak eta alit keneh atawa orok keneh,supados henteu isin.
Kapungkur sateuacan aya dokter masarakat sering ngagunakeun jasa bengkong atawa
mantri kanggo menyunak budak sunat. Disebut bengkong margi pakakas anu dawam
anggo kanggo beresihan,yaktos pakakas anu dijieun ti sebilu awi anu keur na dibere
lombang kanggo mencapit tungtung pakakas kelamin anak anu bade disunat.
B. Palaksanaan Nyunatan
Atos barobah kaayaan talari di tatar Sunda,lamun aya anak anu bade di sunat sapoe
kawitna resep aya acara arak-arakan (ubeng lembur). Arak-arakan biasana dipirig
sakaligus diramekeun ku kasenian tanjidor (kanggo wewengkon Bekasi),sisingaan (daérah
Subang),sarta kuda renggong (Sumedang/ Majalengka). Wengi poena diayakeun sukuran
Dina palaksanaan na isuk-isuk kalintang anak anu bade disunat dimandikeun atawa
dikeueum di balong dugi ngadegdeg (kiwari perkawis sarupaning eta carang dipigawe
deui berhubung teknologi kasehatan atos ngembang),saterusna dipangku dibawa
kehalaman imah kanggo disunat ku paraji sunat (bengkong),seueur jalmi anu nyaksian
diantarana aya anu nyepeng jago kanggo disembelih,aya anu nyepeng pepetasan sarta
macem-macem tetabuhan sambil menyanyikeun marhaban.
Babarengan kalawan anak eta disunati,jago disembelih minangka bela,pepetasan
disulut,sarta tetabuhan disorakeun . Saterusna anak anu atos disunat dibawa ka jero imah
4
kanggo diobatan ku paraji sunat. Henteu lami sanggeus eta para ondangan oge
daratang,sae anu caket atawa anu tebih. Maranehanana mikeun uang/ nyecep ka anak anu
disunat eta supados galumbira sarta tiasa mopohokeun rasa udur na.
C. Upacara Nyunatan
Wengi poena diayakeun acara pegelaran kasenian Sunda. Kasenian Sunda anu dawam
dipentaskeun atawa ditanggap dina acara beresihan diantaranya:
a. Wayang Golek
b. Sisingaan
c. Pencak silat
d. Jaipongan
e. Tembang Sunda Cianjuran
f. Kacapian
g. Kliningan
h. Aneka tarian
i. Sintren
j. Tarling,jsb.
Prosesi pagelaran kasenian sunda kasebat biasana dugi isuk atawa dugi enjing sanggeus
khitanan. Eta sadaya ditujukeun minangka babasan rasa sukur sarta menta karaharjaan
sarta kasalametan wedal bathin dunya sarta aherat.
Sisingaan mangrupa atraksi kasenian tradisional urang Sunda anu pidanganganana ku cara
méré nahkeun budak sapasang luhureun sisingaan (singa jijieunan) anu dibarengan ku opat
jeung ngahibur panongtonna. Seni has budaya Sunda ieu ayana di Kabupaten Subang
5
provinsi Jawa Barat. Sisingaan mangrupa seni pintonan rakyat Subang anu masih aya nepi
ka kiwari.
Sejarah Sisingaan
datangna kasenian reyog Ponorogo ka dayeuh kasebat anu di bantun ku kaum Urban ti
Ponorogo. Sanggeus para seniman sunda sawala kalawan seniman Reyog anu benten pisan
kalawan réog sunda,yen reyog ti Jawa wetan langkung metot perhatin sarta mibanda
peunteun filasofi anu luhur sarta mibanda catetan sajarah ngalawan kolonial belanda.
alpukah para seniman. Sisingaan di ilhami ti carios serial Reyog di Jawa Wetan,anu
nyaritakeun bungah lalampahan para ponggawa raja Singa Barong ti karajaan Lodaya
wanci nuju karajaan Daha. Sanaos sang raja kakoncara bengis sarta angkuh,nanging para
ponggawa sok satia manggul tandu anu di tiduri ku raja singa barong. Sajaba ti éta
gambarkan minangka sosok singa dina lambang VOC,Perkawis ieu boga tujuan minangka
Mekar Seni
Nalika tampil euweuh bébédaan anu atra antara sisingaan modérn jeung sisingaan
tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa, mintonkeun gerakan anu méh
sarua[1].Pintonan sisingaan dibarengan ku sora tarompét jeung kendang jiga musik penca
silat[1]. Sapasang budak leutik anu maké baju adat sunda ditaékkeun kana sapasang
6
sisingaan anu diangkat ku opat penari (hiji singa digotong ku opatan)[1][2].Gerakan-
gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselan ku jaipongan, tarian has Jawa Barat[1].
Baheula pamaén sisingaan téh dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka singa
dibarengan ku saurang pamingpin kelompok, sababaraha urang pamaén waditra jeung dua
utama nyaéta gerak tari atawa pencak silat jeung jaipongan, seni sora gamelan kendang
jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna[1]. Para pamaén sisingaan
mintonkeun akrobat jeung tarian anu atraktif, rupa-rupa gerakan ieu nyieun warga anu
ningali pintonan ngarsa kahibur[1]. Di tengah zaman modérnisasi jeung ayana budaya
asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di
daérah Subang, Jawa Barat.[1] Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi
7
BAB 3
PANUTUP
A. Kacindekan
Prak-prakan hajat nyunatan di Bogor bisa jadi teu aya bedana jeung di wewengkon
sejen. Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun babadamian
kulawarga heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanana, jeung
sajabana.
Dina waktuna, budak sunat teh sok direuah-reuah heula diraramekeun. Keur anu mampuh
mah, sapoe samemehna budak sunat teh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-mapay
jalan bari dipirig ku tatabeuhan kendang penca
B. Saran
Kanggo urang salaku siswa wajib nganyahokeun kana Upacara adat sunda
khususna Acara Nyutanan. Dina hal ieu urang salaku siswa kedah teurang acara
nyunatan. Sareng kanggo alurang sanajan ngora keneh urang kudu ngajungjung luhur
kana adat daerah urang, ameh hanteu lengit jeung teu kabawa ku jaman ayeuna. Seutikna
alurang ngalestarikeun kucara apal jenis music anu di pake dina kasenian eta. Jeung urang
kudu bias ngajungjung budaya jeung kasenian mun bisamah nepi ka kancah nagara.