Anda di halaman 1dari 2

BABAD SINGKAT SUKAMULYA - KUNINGAN JAWA BARAT Assalamualaikum Wr. Wb. Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Dina danget ieu sim kuring bade ngadadarkeun babad singkat Sukamulya. Sateuacana taun 1740, Cipanas mangrupikeun Cantilan ti dayeuh Cigadung. Cipanas anu mangrupukeun Cantilan ti Cigadung ngagaduhan kahayang nyaeta ngatur pamarentahan sorangan. Alesanana elmu-elmu anu dipiboga ku tokohtokoh masyarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga di daerah Cantilan. Dina hiji waktu aya hiji kajadian : - Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo para tamu ti Cantilan robdah wujudna janten sadaya aratah deui, ku tina saktina tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah deui. - Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh-tokoh ti Cantilan ngahadiran. Ngahadirana teh mawa lisung kaahengan anu teu asup akal. Kaahengan eta lisung teh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu bade ngahadiran hajatan, eta lisung teh haluna di aradu nepikeun katingburicak ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan teh mani ribut tingkoceak sarieuneun kahuruan. Tah kitu geuning kabisa karuhun baheula mah araheng. - Sabalikna di Cantilan aya hajatan. Tokoh anu ti dayeuh di undang oge. Bewara undangan nepi ka 3 kali tacan datang keneh bae. Kusabab urang Cantilan keuheuleun di undang teu datang bae, urang Cantilan teh ngutus deui salah saurang tokoh, kakara maranehna daratang. Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang nembongkeun elmu anu dipibogana. Waktos tamu masih diperjalanan keneh, pribumi meuncit munding. Waktos undangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang caralik heula dibalandongan. Nembe oge para tamu caralik dadak sakala eta munding teh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti nimbulkeun kaributan jeung papaseaan. Nu ngakibatkeun eta kampung jadi panas. Ti harita kampung eta katelah jadi kampung Cipanas. Saur para karuhun baheula, di dayeuh Cantilan aya sumber cai panas, tapi dugi ka ayeuna teu acan kapendak. Nu aya di hulu dayeuh Cigadung teh ngarana bae Cipanas, Cantilan anu karamat nepi ka ayeuna di ngaranan Rama Ketib. Lamun aya budak bade disunat sok dipake ngembang, jeung aya batu nu sok di pake tatapa atawa tempat karumpulna tokohtokoh masyarakat. Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten Sukamulya. Sakitu manawi dongeng babad Sukamulya. Hapunten tina sagala kakiranganna. Hatur nuhun tina sagala perhatosanana, mudah-mudahan ieu carita teh malaraya mangtratna kanggo urang sadaya. Amin Ya Robal Alamin.

Billahi Taufiq Walhidayah Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Assalamualaikum Wr. Wb Dina sajarah perjuangan bangsa urang sadaya uninga, ten dina tanggal 28 Oktober 1928 sadaya pemuda Indonesia ngahiji, lantaran kadorong ku hate sanubarina anu suci murni sahingga ngarasa sanasib sapananggungan. Sahingga dina Kongres Pamuda tanggal 28 Oktober 1928 ngalahirkeun sumpah satia anu luhur ti para pamuda bangsa Indonesia, anu saterusna dikenal sabagi hari Sumpah Pamuda. Kumargi eta satiap tanggal 28 Oktober , sadaya bangsa Indonesia mieling kana ayana hari Sumpah Pamuda, sapertos anu nuju dilaksanakeun ku urang ayeuna. Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu mangga urang sambut ku tasyakkur kahadirat illahi rabi. Anu mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan anu salamina. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji bahasa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Yong Yava, Yong Sumatera, Yong Selebes, Yong Ambon jeung sajabana. Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan Nasional. Berkah ayana kasadaran persatuan jeung kasatuan eta anu ngarupakeun kakuatan utama kana ngahontalna kemerdekaan dna tanggal 17 Agustus 1945 sabagi pintu gerbang anu kahiji pikeun ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anumerdeka jeung berdaulat. Ku ngayakeun paringetan Supah pamuda ieu hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana nagmalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928. Dosa kacida, munafeq ngarana jalma anu ingkar kana jangji atawa sumpahna. Sabab ngemutkeun dawuhan Rosulullah SAW. Disaurkeun kieu: AYATUL MUNAAFIQINA TSAALATSUN, IDZA HADATSA KADZABA WA IDZA WAADA AKHLAFA WA IDZA TUMINA KHANA. Ari cirri-cirina jalma anu munafeq aya tilu nyaeta: dimana nyarita sok bohong, dimana jangji sulaya/ingkar jeung dimana diamanatan khianat. Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Sabage pamuda ulah putus pangharepan, pantang mundur upama cita-citana tacan laksana sarta kudu jadi pamuda anu iman tur taqwa ka Allah SWT. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana. Dina salahsahiji katerangan disaurkeun kieu : Dina leungeun pamuda aya tangguna jawab sagala urusan kahirupan, jeung kahirupan hiji bangsa gumantung kana maju atawa mundurna pamuda di eta nagara. Berkahna tina hasil perjuangan rakyat jeung pamuda Indonesia, kiwari kudu di buktikeun ku jalan ningkatkeun pangwangunan dina sagala bidang pikeun kabagjaan jeung kasajahteraan urang sadaya, boh di dunia atawa di akherat engke. Akhirna sabagi penutup sambutan ti simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945, sabagi falsafah jeung pandangan hirup bangsa. Sarta mudahmudahan khususna para pamuda bangsa sing jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade demi pikeun ngahontal cita-cita jeung harepan urang sadayana. Mudah-mudahan Allah SWT salamina ngalimpahkeun rahmat sareng kasalametan ka para pamuda bangsa jeung nagara Indonesia. Amin!!! Wassalamualaikum Wr. Wb

Anda mungkin juga menyukai