Anda di halaman 1dari 31

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAN JILID-1

PAGUNEMAN PAPAHAMAN ELMU AGAMA & PATAUHIDAN


Jejer bubukaning carita, nyaritakeun di hiji nagara jujuluk Ragataya ari
jenengan rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah, Prameswarina jenengan Ratna
Atiyah. Parantos kagungan putra dua pemeget, jenenganana, anu cikal
Raden Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos pada-pada
dewasa, estuning dipikadeudeuh ku ibu rama, diatik elmu pangaweruh pikeun
kaperluan hirup di dunya, oge diimbangan ku Elmu Agama pikeun jalan
pulang engke ka akherat. Raka sareng rai istuning pada hormat, ngesto
suhud kana piwejang Rama sareng Ibu.
Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir,
sumurup kana kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh
parantos ngaraos sawawa, pasagi pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu
Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh pamitan ka Ibu
Ramana, seja ngalih tempat ka Lembur Singkur , supados langkung khusyu
enggoning ngalenyepan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian, bari
dijajap ku dua restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah supaya
tumaninah tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju
anteng ngalenyepan Elmu anu aya dina kitab, norojol raina Raden
Muslimat, gek calik payuneun bari sila meneko, bari pok nyanggem :
1.

Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih,
kersa ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.

2.

Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh
anu ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon
anu masih keneh teu acan ngartos teh ?.

3.

Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis kecap
Agama , naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu
kaduana gunana Agama , pikeun manusa?.

4.

Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi
tina bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina henteu
. Gama, hartina Kacau . Jadi lamun dihijikeun mah A-Gama teh hartina
henteu kacau . Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa ageman,

padoman, tuntunan sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana


tepi kanu dituju.
5.

Rd. Muslimat : Euh.tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab,
dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon
agama teh ?.

6.

Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh Din . Geuning
dina dalilna oge kieu INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM , Sundana :
Mungguh Alloh, Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna. Teras sanggem
hadist Rasululloh kieu : AWALUDINI MARIFATULLOH , Sundana : Awalawalna Agama teh kudu Marifat heula ka Alloh.

7.

Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh
gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya
supaya ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi.Rai sok
mendakkan, kanyataan di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur
mamatahan agama, tepika teu patanya jeung tukang ngolah agama deui,
alatan ragot sawala ngeunaan kaidah-kaidah agama . Tah upami nu kitu
kumaha ?.

8.

Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya
kacau tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi
da dituduh kitu mah moal teuing kersaeun.

9.

Rd. Muslimat : Keari di turunkeunana agama ti kawit iraha ? naha


ti mimiti Nabi mana ? . Cing manawi aya katerangan .. ?.

10.

Rd. Muslimin : Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos


nurunkeun agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat
manusa. Ngan di luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning
aya katerangan, nalika jaman Nabi-nabi, sateuacan Nabi Muhammad
termasuk ngeunaan sahadat-na para Rasul, di antawisna :
RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM
HALIFATULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan,
tapi maneh ayeuna ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun heula
wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di
ibaratkeun wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua)

rokaat, waktu subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga
wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH
HABIBULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan,
tapi maneh ayeuna ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae
heula denge maneh pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : SAMI WAL SAMIAN. (Artina : Cepil jeung
Pangdanguna ). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat)
rokaat, sing tarima boga dua cepil jeung dua suku.
RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM
HALILULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi
utusan, tapi montong hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae heula
paninggal maneh pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : BASHIR WAL BASHIRAN. (Artina : Soca
jeung Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar
lobana 4 (opat) rokaat, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung
dua leungeun kenca katuhu.
RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA
KALAMULLOH. Kitabna nyaeta Taurat.
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan
aing pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing,
kanyahokeun heula pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh
eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : KALAM WAL MUTAKALIMAN. (Artina :
Ucap jeung Nu ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu
maghrib lobana 3 (tilu) rokaat, sabab saperkara boga baham, kaduana
boga lisan, katiluna boga ati.
Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa diteraskeun ku Nabi Dawud
A.S. Ari Kitabna nyaeta Jabur.
RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S

ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA


ROHULLOH. Ari Kitabna nyaeta Injil.
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan
Kami, tapi teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae
heula Napas maneh pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami
Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) rokaat, lantaran di maneh eta
ngabogaan 2 (dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus
bukti sabab lamun geutihna lampus, nafasna oge moal aya.
RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD
RASULULLOH. Ari kitabna nyaeta Al-Quran.
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami
maneh kudu Marifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU. (Artina
: Sategesna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun)
kapan pangkatna oge Muhammad Rasululloh, Ieu kami mere Buroq
pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu,
terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung
Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.
Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam,
Enuh,
Ibrahim,
Musa,
Isa. Sadayana teu ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami
sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad
anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung. Jadi sanajan
ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih Tasjidna asal suhud
neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng
dibarengan ku TEKAD UCAP LAMPAH anu suci. Mangga
lenyeupan. Saur sepuh : KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA
MANJING CURIGA.
11.

Rd. Muslimat : Ke kang.aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil,


sareng Quran atawa sami ?.

12.

Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana


wahyu the gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba
bedana mah, anu nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret,
Jabur, Injil ), ngan nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu
nerangkeun dugi ka akhirna jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun AlQuran mah, eusina teh nerangkeun ti awalna dugi ka akhirna, anu mawi

disebat WAL AWALU WAL AKHIRU, ti kawit Nu Maha Suci


(Dzat) jumeneng Sifatnyaeta Nur, atawa Hakekat Muhammad (Johar
Awal), teras janten Nur Muhammad, teras ngajantenkeun Alam Semesta,
teras ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka janteun Muhammad Nabi
Panutup, terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke Kiamat.
13.

Rd. Muslimat : Ke.kang !, Al-Quran teh cenah sok disebut Dalil


atawa Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos
pajonghok kieu, teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.

14.

Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju
emutan. Kapan sanggem Rasululloh oge : TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN
MIN IBAADATI SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna : mikir /tafakur
samenit atawa sakedeung leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta
patarosan teh nenggeul teuing sok sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug
jelas katarimana, eta mah kudu malapah gedang heula. Ke urang papay
saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha lalakon Muhammad nalika di
Guha Hiro kasumpingan Malaikat Jibril masihkeun wahyu anu kahiji.

15.

Rd. Muslimat : Punten kang.nafsu teuing abdi, da hoyong enggalenggal jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna
di dinya teh ?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh
dikaluar-kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.

16.

Rd. Muslimin : Rai..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita
mah, tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna,
kapan ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi
Muhammad SAW di Isro jeung di Mirajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh
tea. Ari sateuacan eta mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU
TUNGGAL, keyeng manteng sumerah diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop
maung ceuk babasaanana, ridho masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami
jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti moal kaancikan nafsu anu teu
pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda diri teh kalaluar laleungit,
kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun getihna anu kalotor. Ari
anu jadi nafsu teh kapan tina getih.

17.

Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun


kitu mah, panginten ku bersihna Qolbu Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu
tiasa nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?.

18.

Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek


bisa nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek

mah. anu mawi rai., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawa
HATE bersih tina kokotor-kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh
anu katara (hadas gede). Jadi wayahna kudu perang salilana, da musuhna
ngagulung di diri urang, sawaktu-waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti
papada urang.
19.

Rd. Muslimat : Ke.kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Quran.


Naha tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh
disusun ku mantenna atawa kusaha ?.

20.

Rd. Muslimin : Rai!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh
Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku Caangna
manah Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab,
didugikeun ka para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu
kaleresan harita aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah
saparantos Kanjeng Nabi pupus nyaeta ku Sayidina Usman, saparantos
ngalangkungan musyawarah mufakat.

21.

Rd. Muslimat : Tahayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna


atawa gunana Al-Quran keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.

22.

Rd. Muslimin : Kieu.rai !, manusa di umbarakeun ka Alam


Dunya teh lain lur kitu wae, tapi puguh Tujuan jeung Tugasna. Ari Tujuanna aya dua tahap :

1.

TAHAP KAHIJI

2.

Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung


kahirupan di Alam Dunya (Pidunya Hasanah).
TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal
urang nyatana Alam Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur
di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana kalancaran WA
INNA ILLAIHI ROJIUN . Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa
nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun
modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN
ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA,
KARSA).
Sedengken
tina Jasmani
ngagelarkeun
eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut
Karya atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah
gumantung kana museurkeun Cipta, rasa, jeung karsana , kana

23.

24.

25.

ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu Dua pasangan


nyaeta Alam Semesta sareng Agama pikeun imbangannana.
Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang!, tadi sanggeum engkang
gumantung kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna
kumaha upama salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta
kana Alam Semesta ?.
Rd. Muslimin : Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda,
bakal ngahasilkeun mangrupi Elmu teknologi , saperti dilaksanakeun ku
bangsa deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung
karasa, jadi lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon,
jadi Radio, jadi televisi, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum).
Tah teknologi ieu upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi
ancur.
Contona : Ku hasil karyana mangrupa bom jeung rudal, kapan
dicadangkeun keur
maehan jalma. Jadi nya gede mangfaatna, oge gede
bahayana pikeun kahirupan umat manusa. Jadi perlu diimbangan.
Rd. Muslimat : Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka
Ciptaan Allah SWT, anu mangrupa Agama ?

26.

Rd. Muslimin : Upama jalma muserkeun teuing kana Agama, eta


akibatna awon bakal Leuleus, dina arti bakal katinggaleun dina widang
elmu teknologi, pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus
dina ngudag kamajuan jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa
bangsa-bangsa Eropa, Amerika, jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge
urang Asia kaasup Indonesia ?, kapan bangsa Eropa jeung Amerika mah
disebutna oge nagara maju.

27.

Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang


paingan saur sepuh, kudu Sineger tengah. Jadi upami kitu mah urang teh
kudu pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu
lahir anu muserkeun kana Ngali, naliti Alam Semesta, pikeun nyumponan
kaperluan kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa
ajaran Agama mah pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung
teuing, bisi hasil elmu lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi
sabalikna jadi mamala pikeun umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas manusa sajero di pangumbaraan
mah, cohagna mah kudu boga elmu, kudu pinter bari bener (Pi dunya
khasanah). Tah ayeuna teraskeun kana Tujuan jangka panjang, (Wa pil
akhiroti
khasanah),supaya salamet
perjalanan mulang deui ka akherat
atawa WA
INNA ILLAIHI ROJIUN , mulang deui
ka Allah SWT.

28.

29.

30.

Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna


enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika
aya di dunyana, gumantung Elmuna tea, boh elmu keur kaperluan di
dunyana, naha elmu anu dipibandana teh jadi Karya henteu ?, lamun geus
jadi karya, naha anu matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur
manusa atawa oge karya anu mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat,
naha parantos di amalkeun ka papada manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu diamalkeun nu nunjel kana
kalancaran, kasalametan urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu
boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu ngalaksanakeun tujuan
jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur engke
geus datang ka akherat.
Rd. Muslimat : Kekang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di
dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari
ngeunaan elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
Rd. Muslimin : Euh! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah
rai, atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.

31.

Penting pisan Elmu Agama ieu disused sing tepi ka tutug, sabab
lamun
henteu tutug, engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh
biasana oge anu poekeun. Kusabab
kitu, ngajina sing tepi ka
CAANG , ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun sakumaha
dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta
AWALUDINI MARIFATULLOH . Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama
kudu nyaho heula ka
Alloh. Ngandung harti, urang teh kudu maluruh
heula INNA LILLAHI nyaeta Asal ti Allah. Eta rai, rumasa asal ti
Alloh ?.
Rd. Muslimat : Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah..

32.

Rd. Muslimin : Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?

33.

Rd. Muslimat : Nya henteu atuh.

34.

Rd. Muslimin : Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.

35.

Rd. Muslimat : Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti
rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustad, sanggeum Pa Haji,
sareng seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal
manusa teh ti Alloh. Ari kitu kumaha ?

36.

Rd. Muslimin : Kieu ..rai,..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin,
komo deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil
oge :

37.

WABUD ROBBAKA HATTA YATIYAKAL YAKIN,


Anu hartosna : Nyembah ka Alloh teh kudu sidik sarta yakin. Tah upama
urang
percayana asal ti Alloh karana eceuk, beja ti papada urang
atawa ti papada manusa, eta percayana atawa iman-na teh disebut Iman
Taklid, atawa Ilmu Yakin
Rd. Muslimat : Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa.
Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh
?.

38.

Rd. Muslimin : Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta
kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin.
Rada undak tina Iman Taklid.

39.

Rd. Muslimat : Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu
saleresna ?, cing pasihan terang !.

40.

Rd. Muslimin : Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin,
lain cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta
dua beja teh parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk
kuring pribadi. Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos
ti rerencangan yen aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku Pamplet boh
anu ditapelkeun boh anu di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal
matak jadi yakin. Tapi upami rai nyalira teras angkat, meser karcis, teras
lebet nongton, kasaksian enya pisan beja teh bener. Tah ibarat kitu urang
percaya atawa iman, yakin ka Alloh teh.

41.

Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh ,


mung carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu
kumaha ?

42.

Rd. Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna
atawa tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa
ceuk, cenah mah, nya ngan semet Basa. Tina Maca jadi Basa, henteu
nepi Karasa. Upami hoyong dugi kana Karasa, nya kedah susul sakumaha
anu
parantos
dipayunkeun
tadi
tuntunan
ti
Rasululloh
nyaeta
hadist : AWALUDINI MARIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman
Elmu Ka-Marifatan. Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang
heula kana RUKUN AGAMA.

43.

Rd. Muslimat : Kekang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama,
manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku
engkang dadarkeun ?

44.

Rd. Muslimin : Anu matak oge rai..!, kedah ngotektak, kedah


rapekan, da elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku
parantos ngaraos tutug, atawa nutup Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun
urang pokna teh , padahal eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah
anu kitu nutup diri, hartina ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya.
Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari rai perkawis cepengan Agama, kasaha
ngadunungan teh ?

45.

Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun


engkang oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka
Anjeunna.

46.

Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun


ku urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah.ayeuna
urang rek nurut teh kana naonnana ?

47.

Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana Elmuna, boh anu aya
rengkolna dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku
sing saha anu ngangken ka Anjeunna.

48.

Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen Elmu
(katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh
sagemblengna disebatna nya RUKUN AGAMA tea. Ari Rukun teh sauyunan
atawa runtut, ari Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti
payun nyaeta Henteu kacau.

49.

Rd. Muslimat : Kekang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh


kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?

50.

Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat)


tahap. Hiji-hijina nyaeta :

1.

ELMU SYAREAT

2.

ELMU TAREKAT

3.

ELMU HAKEKAT

4.

ELMU MARIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan
Agama Islam teh, antara ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu,
oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait (satu kesatuan).

51.
52.
1.

Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna,
cobi rai pasihan terang !.
Rd. Muslimin : Ih. Kantenan atuh aya mah, kieu geura :
Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : Ari
neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula,

terus kedah Tauhid, kedah Marifat, salajengna nembeIslam. Tah geuning


parantos kasebat Marifat.
2.

Engkang kantos nguping kieu : SYAREATUN BILLA


HAQIQATUN ATILLATUN. Anu hartosna : ngaji sareat lamun teu jeung
hakekat, cenah kosong. Atuh sawangsulna HAQIQATUN BILLA
SYAREATUN BATILLUN. Hartosna : ngaji hakekat lamun teu jeung sareat,
cenah batal.

3.

4.

Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :


Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
Ari MARIFAT teh : Tujuan Kami.
Hadist Rasululloh :

AWALU DINI MARIFATULLAHI TAALA


Anu hartosna : awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh
Taala.

53.
54.

Rupina rai!, pikeun saksi yen leres elmu Kanjeung Nabi


Muhammad SAW. Aya 4
(opat) tahap, di anggap cekap heula.
Rd. Muslimat : Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan
jelaskeun kumaha tah peretelan hiji-hijina.
Rd. Muslimin : Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat
badagna wae, kieu geura :
Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka
Imanan, yen Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu
genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek
ngalaksanakeun sagala aturan-aturan atawa katangtuan katut
kadisiplinan ibadah anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima
perkara tea. Atuh kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat ka Kolot,
ka Guru, ka Pamingpin (Penguasa), tur kudu patuh kana aturanaturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan lingkungan.
Cohagna, Syareat mah muser dina Sah jeung batalna ibadah, boh
Hablum minalloh, boh Hablum minannas, nekenkeun ibadahna ku
pamolah jasad.
Tapi..rai, upami jalmi parantos ngaraos cekap semet ibadah Syareat
upami nembe ngaku percaya wungkul ka Alloh (kakara Taklid sareng
Idlal ), teras nembe terang sarta apal kana hukum-hukum,

kawajiban-kawajiban, katut sah batalna ibadah, eta teu acan cekap


tiasa numuwuhkeun rasa sieun ku Alloh, upami teu disarengan ku
nitenan atawa ngelesan jiwa. Ibarat tukang madu gula. Tina
ngupingkeun, tina Macabakal jadi Basa, can tangtu Karasa ku pribadina.
Anu mawi sanggeum Kanjeung Nabi Muhammad SAW, Syareat
teh Caritaan Kami.
55.

Rd. Muslimat : Janten ibadah teh ulah betah semet dinya nya kang ?,
ayeuna cobi teraskeun kana tahap ka dua Tarekat .

56.

Rd. Muslimin : Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat,
mesek tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras
neangan jalan, cara pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan
Hate atawa Qolbu tina kotoran-kotoran Hawa Nafsu anu ngancik teu
pisah di diri manusa. Pastina oge bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna.
Ibadah dina Tarekat mah muserkeun Pamolah Kalbu/hate saolah-olah
dipencrong ku Alloh SWT.
DINA AL-QURAN DI JELASKEUN :
Thariqat ( ) Artina : Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.


Artina :
Hai jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa ka Allah, jeung usahakeun /
teangan Jalan ( ) anu ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na.
Jeung kudu Jihad tina Jalan-Na (Allah) ngarah maraneh menang
kemenangan (Dunia-Akhirat).(Q.S. Al-Maidah Ayat 35).
WA ANNA MINNAA SHOLIHUUNA WA MINNAA DUUNA DALIKA
KUNNA THARAAIQO QIDADAN
Anu hartosna : Sabenerna di antara maraneh aya jalma-jalma anu
saroleh, oge aya anu henteu. Eta teh maraneh nyarokot jalan (Tarekat)
anu beda-beda. (QS. Al-Jin Ayat 11).


Artina :
Jeung saenyana lamun maranehna tetep tumetep dina jalan anu lurus
( ) sesuai kalawan ISLAM, saenyana Kami baris mere nginum

57.

anu bisa ngaleungitkeun hanaang jeung haus. (Mere pituduh Tarekat


pikeun ngaleungitkeun jiwa anu kalangsu jeung sesat). (Q.S. Aj-Jin Ayat
16).
Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat, nurutkeun katerangan ti
Sahabat Sayidina Ali kieu : Kuring tumaros ka Rasululloh, Ya
Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana anu paling deukeut pisan ka Alloh,
sareng panggampil-gampilna salaku Abdi Alloh tur anu pang mulyamulyana di payuneun Alloh SWT ?.
Waler Rasululloh : Ya Ali, penting pikeun anjeun sing ngalobakeun
khusyu Dzikir ka Alloh.
Syaidina Ali : Saban jalma Dzikir ka Alloh ?
Rasululloh : Ya Ali, moal kajadian kiamat, satungtung anu
nyaricingan di luhur bumi ieu, jalma-jalma sok ngarucapkeun Alloh..
Alloh.
Syaidina Ali : Kumaha carana Dzikir ya Rasululloh ? .
Rasululloh : Cing peureumken panon anjeun, sarta dengekeun naon
anu di ucapkeun ku Kami. Teras Rasululloh masihan conto, ngucapkeun
LAA ILAHA ILALLAH tilu kali, bari socana peurem.
Syaidina Ali : Nurutan sakumaha anu di contokeun ku Rasululloh
ngucapkeun LAA ILAHA ILALLAH tilu kali bari pereum.
Tah ajaran ieu, saterusna ku Sayidina Ali di ajarkeun deui Hasan Husen
sareng pala putra putrina dugi ka para Ahlul Bait-na. Saterusna mah
nya ngawujud jadi Elmu pendidikan anu ayena disebat elmu Tarekat /
Tasawuf. Jelasna, yen tarekat / tasawuf teh, mangrupa bagian tina
Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat wajib dikanyahokeunana ku sakumna
Muslimin, atuh tarekat / tasawuf oge hukumna wajib di
kanyahokeun. Imam Malik : ngaringkeskeun jalan pikiran ngeunaan
hal ieu, sarta pamadeganana kieu : MAN TAFAQQOHA BIGHOIRI
TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF BIGHOIRI
TAFAQQUTIN FAQOD TAHAQQOTA . Anu hartosna : Saha-saha anu
ngulik Elmu Fikih bari Tauhid wungkul, bari henteu ngulik Elmu Tassawuf
/ Tarekat, pasti boga laku Fasek (kurang moral). Sabalikna saha-saha
anu nganut Tassawuf bari henteu dibarengan ku Fikih sarta Tauhid, eta
bakal jadigolongan Zindik (nyelewengkeun Agama). Saha-saha anu
ngalaksanakeun dua-duana, eta anu jadi golongan anu Hakiki (tulen).
Rd. Muslimat : Nuhun pisan kang kana sagala rupi pedaranana
perkawis tahapan Elmu Tarekat. Ayeuna mugi ulah kapalang, teraskeun kana
tahapan Elmu Hakikat.

58.

59.

Rd. Muslimin : Kieu eta mah rai, saupami jalmi parantos kateuleuman
Elmu Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku
Ridho Alloh SWT, nya bakal kapendak Hakekat (Kanyataan anu benerna),
mangrupa tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana ditulis di Lauhim Mahfuds .
Sabab sagala rupa anu bakal kajadian parantos aya tulisanana didinya.
Ngan gumantung kana bersih sareng kotorna Qolbu atawa Hatena
jalma. Upami kaayaan beresih Kaca kalbu na hate nya bakal bisa
noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa ningali Elmu anu aya didinya.
Ari anu jadi hijab (pepedut), panghalang antara kalbu/hate sareng
Lauhim Mahfudz teh nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh aya dua
lawang atawa panto : Panto Kahiji nyaeta anu mukakeun Panca
indera anu nyoko kana Alam Wujud ieu. Panto Kadua, upama teu
kahalangan ku Hijab, nya molongpong ka Alam Malakut, sabab
alam nu aya ieu, asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut /
Lauhim Mahfudz.
Rd. Muslimat : Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji
deui kana tahap Marifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.

60.

Rd. Muslimin : Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae
rai, da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog.
Perkawis Elmu Marifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan
manusa parantos ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina
tahapan ieu, jiwa manusa parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal
ngaraos digunjang-ganjing ku kabungah atawa prihatin ku haliah dunya.
Istuning parantos teguh tangtu hatena, percaya kana Wujud-Na Dzat nu
Wajibul Wujud, tur parantos tembusna paningal atina kana Dzat Alloh ku ridho
tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai, perkawis Elmu Marifat mah.

61.

Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang .!, kana sagala rupi penjelasanana.
Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu
ilahar dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah.
Cik kang !, manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil
katangkepna.

62.

Rd. Muslimin : Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu :
ELMU SAREAT Teh ibarat WANGUNAN KAPAL LAUT
ELMU TAREKAT Teh ibarat KAMUDI KAPAL LAUT
ELMU HAKEKAT Teh ibarat LAUTNA
ELMU MARIFAT Teh ibarat INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT
Jadi enggoning ngudag tujuan meunangkeun inten eta, jelas kedah
kagungan Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese belekena,

63.

bari eungap teuleum ka dasar laut. Upama kuat, teras kapendak,


karasa kecepeng eta inten ku pribadina, nya Marifat (nyaho), lain ceuk
cenah beja wungkul, yen didasar laut palebah dinya teh aya inten.
Rd. Muslimat : Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Marifatan teh ngait
pisan sareng Hadist AWALUDINI MARIFATULLOH tea ?

64.

Rd. Muslimin : Kitu pisan rai !, da Marifat mah penting pisan,


mangrupi enas-enasna tina Iman.

65.

Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu
kahiji oge cukup ku Amantubillah, nyaeta Percaya ka Alloh , geuning teu
aya tumbah tambihna ?

66.

Rd. Muslimin : Rai.!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu
Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan eta mah, ari tingkatanana mah
kapan ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu
tahap, nyaeta : IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL
YAKIN) ,IMAN TAHKIK (HAKUL YAKIN) alias Marifat kitu tah.

67.

Rd. Muslimat : Eueuh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada


kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada
gampil kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap
penting pisan urang kedah Marifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah
diheulakeun, naon margina eta teh kang ?

68.

Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan
ibadah urang, kapan Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka
Alloh, sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku
urang, atuh kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain
sabalikna, ngaheulakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu
acan dikenal, ke bilih mubazir, hanas hese cape.

69.

Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong


kadugi kana TAHKIK atawa HAKUL YAKIN atawa MARIFAT teh ?

70.

Rd. Muslimin : Nya kedah ku Elmu, ari elmu teh kapan kanyaho, ari
kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina
daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi
kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur
bucu-baca, bari disarengan ku sabar, leukeun, keyeng. Elmu anu parantos
katarima boh tipapada urang boh tina daluang, tingkatkeun sing jadi luang,
hartina pangalaman, ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang.
Anu matak sing loba ngalaman.

71.

Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun


sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut

kang !, rai kantos nguping kieu : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGERAN,


KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB
BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
72.

Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :

73.

WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA


DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGERAN, KALUAR TI
DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA
RASA ALLOH JAUH TI DIRINA.
Rd. Muslimat : Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh
aya dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manusa
mah, panginten seueur Alloh teh, atuh pasalia sareng Surat Al-Ikhlas. Kalihna
ti eta, naha geuning anu nga-daroa bet sok disebat Tamu Alloh, naha
memang Alloh teh aya di Baetulloh ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.

74.

Rd. Muslimin : Tuh .nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung


nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit
parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?,
netepan sadinten sawengi tujuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka
Alloh, tapi sareng Allohna teu acan TAHKIK /HAKUL YAKIN, nembe
Percaya ngaraos cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh
dumeh aya padamelannana. Padahal geuning teu cekap semet kitu,
sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW.
Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam yen
AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO HEULA KA ALLOH . Maksudna
supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud sumujud tur sumerah ka
Manten-Na.

75.

Rd. Muslimat : Muhun..kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu


masih sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu. Nyanggakeun
ka salira engkang, ulah bosen masihan wejangan ka rai !.

76.

Rd. Muslimin : Ke..urang papay heula nya, etang-etang pager


enggoning nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti
jungjungan Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna :

Iqro Kitabaka kapa binafsika alyauma alaika hasiba (Artina :


Baca ku maneh kitab anu langgeng, anu teu keuna ku ruksak, anu aya
di diri maneh, bakal leuwih nyata Elmu-Na Pangeran teh aya dina diri

maraneh, tingali-Na, dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri maneh. (Q.S


Al-Isra :14)
Teras deui :

77.

78.

WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN


AROFA ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Sing saha jalma anu
geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka
Pangerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Pangerannana
tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil :
LAKOD HOLAQNAL INSAANA FIYAKHSANI TAKWIN (Anu
hartosna : Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna
kajadian ti sasama makhluk Alloh, geura lamun maneh geus nyaho
kana kaayaan diri sajeroning diri maneh sorangan.
Salajengna dina dalil disebatkeun :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh
Kami ka maneh ti batan urat beuheung nu nganteng dina beuheung
maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna,
dimana bae maranehna aya didinya anjeun-Na aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi pager pituduh marifat ka Alloh.
Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang
nembe, boh Hadist boh dalil Quran, sadayana museur nuduhkeun yen teu
kinten pentingna NGAJI DIRI , ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami
hoyong terang ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT,
tapi milarian kaluar tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu
mana ?, kapan diri anu ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make
kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing kumaha maksadna kang ?
Rd. Muslimin : Rai..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua
bagian, bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna JASMANI,
ibarat Baju atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali
(ghoib/samara-samar) disebutna ROHANI atawa Batin, nya mangrupa
eusina anu dibungkusan ku Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar
atawa batin atawa Rohani, ieu anu kedah dipilari teh.

79.

Rd. Muslimat : Kekang !, kapan eta mah parantos puguh teu


katingali ku soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?

80.

Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu
percaya atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Quran : ALADZINA
YUMINUNA BIL GHOIB, Hartosna : Nyaeta anu percaya (ngabenerken)
kana hal-hal ghoib.

81.

Rd. Muslimat : Ih. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.

82.

Rd. Muslimim : Nuhun atuh, nanging percayana ulah semet basa,


tapi kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun
ku 4 (opat) perkara, nyaeta :
NARUN
HAWAUN
MAUN
THURABUN

83.

Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku


rai.

84.

85.

Rd. Muslimat

Ari

Ari

Ari

Ari

: Kieu atuh :
NARUN teh Cahaya Berem
HAWAUN teh Cahaya Koneng
MAUN teh Cahaya Bodas
THURABUN teh Cahaya Hideung

Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD,


atawa HAKEKAT ADAM (Bahrul Adam), Hartina : Sagara saniskara
anu ngabukti di Alam Semesta
katut sagala eusina.
Rd. Muslimat : Ke . Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca
anu bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.

86.

Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggem Rasululloh


oge dina dalilna : RUYATULLAHI TAALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI, anu
hartosna : Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.

87.

Rd. Muslimat : Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate
kedah kumaha ?

88.

Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab


kokotor Qolbu eta jadi Hijab atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.

89.
90.

Rd. Muslimat : Ari anu janten kokotor teh naon kang ?


Rd. Muslimin : Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageung. Geuning
unggal wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa
alit anu kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?

91.

Rd. Muslimat : Hemeng keneh kang !, keun etamah lenyeupaneun rai.


Mung nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat
rupa tea, upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta
Alloh teh ?

92.

Rd. Muslimin : Issatuh sanes, . Moal enya Alloh tiasa disaruakeun


sareng warna, kapan Alloh mah Teu warna, henteu rupa, henteu imah,
henteu enggon. Pokona henteu tiasa diumpamakeun sareng naon bae oge.
Dalilna : DHAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN ( DHAT BILA HAEFIN DHAT
BILA MAKOMIN)

93.

Rd. Muslimat : Ke.kang !, atuh ari teu warna, teu rupa, teu imah, teu
enggon mah panginten teu aya .?

94.

Rd. Muslimin : Teu aya kumaha ari rai ?, kapan cirina Alloh aya teh
diantarana aya dadamelannana, nya buktosna ieu Alam Semesta katut
eusina. Rai!, omat kedah yakin teh AYANA, nanging Ayana teh,DzatNa anu katara sareng anu henteu karampa. Tah palebah dieu anu kedah
leres-leres dilenyeupan, sing kersa nyusul, sing dugi ka HAKUL YAKIN tea,
supados teu ragu-ragu, henteu was-was. Antebkeun deui rai!, tah Rukun
Iman anu kahiji, sareng SYAHADAT. Cing sok rai, ucapkeun deui Syahadat !

95.

Rd. Muslimat : Mangga : ASHADU ANLA ILLAHA ILALLAH, WA


ASHADU ANNA MUHAMMADARRASULULLOH.

96.
97.
98.

Rd. Muslimin : Cobi hartosna ?


Rd. Muslimat : Abdi nyakseni teu aya deui Pangeran kajabi Alloh,
sareng abdi nyakseni yen Muhammad Rasulna Alloh.
Rd. Muslimin : Cing rai !, ari kecap Nyaksi kedah anu kumaha ?

99.

Rd. Muslimat : Nya.. anu nyaksi mah anu ningali, geuning aya kecap
nyaksian.

100.

Rd. Muslimin : Tadi rai!, ngucapkeun Abdi nyaksi yen teu aya deui
Pangeran kajabi Alloh, naha leres-leres rai teh parantos ningali ka Alloh ?

101.

Rd. Muslimat : Aaah. Teu acan kang !, bororaah..

102.

Rd. Muslimin : Naha atuh wanton-wantun ngucapkeun Abdi Nyakseni


ari teu acan ningali mah ?, atuh kitu mah sulaya.

103.

Rd. Muslimat : Muhun da abdi mah sanggeum anu mamatahan


sareng dina Kitab, nya kumaha ramena bae atuh kang !

104.

Rd. Muslimin : Iiiiihsanes kumaha ramena rai !, tapi kedah ajeg


pamadegan. Rai! upami ieu SYAHADAT teu acan kapendak SAJATINA, atuh
dina RUKUN IMAN anu kahiji oge nyaeta Amantubillah, pasti moal leres,
ngan basa wungkul henteu dugi kana RASA.

105.
106.

Rd. Muslimat : Aaah.. rumaos kang !, kumaha atuh nya ?


Rd. Muslimin : Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum
murangkalih keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos
dewasa kieu mah, penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist
Kanjeng Nabi Muhammad SAW oge : TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN MIN
IBAADATI SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit
atawa sakeudeung leuwih alus tibatan ibadah 70 taun).

Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MARIFATULLOH teh estuning


ngajurung supados pas sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun
Iman anu kahiji, nyaeta Amantubillah. Kukituna wayahna ayeuna mah
kedah dilenyeupan tur ditingkatkeun eta elmu anu parantos katampi
teh, sangkan dugi kana sasaranana. Kedah keyeng tur leukeun rai !,
nyusud Elmu teh margi dawuhan Kanjeng Nabi oge : MAN
THOLABAL SYAIAN BIJIDDIHI WA JADAHU, Hartosna : Saha-saha
jalma anu nungtut salah sahiji hal bari keyeng, tangtu maranehna pasti
bakal hasil.
107.
Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui
tina Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng SAJATINING
SYAHADAT .
108.

Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut


engkang mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun
Islam jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana
ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :

Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat,


bakal kuat, tihangna kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama,
jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana
tina tekad, ucap, lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak
tina rentetan ibadah-ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK
(mantep) kayakinan ka Nu Maha Suci. Dirina parantos kosong tina sifat
tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di eusian ku
sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina baris Awas ka Hakekat Dzat
Nu Maha Suci (Tazalli), nya disebut Munggah Haji.
109.
Rd. Muslimat : Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu
kawengku ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana
SAJATINING SYAHADAT ?

110.

Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat
teh, kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :
1. Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Taalla
2. Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Taalla
3. Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Taalla
4. Kudu geus Netepkeun Kana Afal-na Allah Taalla
5. Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun
kana Sifat Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung
Tabligh.

111.
112.

Tah..rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AFAL teh disebatna RUKUN


MARIFAT , Marifat ka Alloh, Marifat ka Rasululloh.
Rd. Muslimat : Cobi . Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
Rd. Muslimin : Ke rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu,
supados rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng
katerangan MARTABAT ALAM TUJUH, mugi rai !, masing tenget
ngabandunganana :
Alam
Alam
Alam
Alam
Alam
Alam
Alam

Kahiji : disebutna AHADIAT


Kadua : disebutna WAHDAT
Katilu : disebutna WAHIDIAT
Kaopat : disebutna ARWAH/ROH
Kalima : disebutna AJSAD/AJSAM
Kagenep : disebutna MITSAL
Katujuh : disebutna INSAN KAMIL

PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH


1. ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana teh SUWUNG, kosong,
uwung-uwung awang-awang, estuning bersih suci. Martabat (tingkat)
ieu disebat oge martabat KUN HI DZAT, nyaeta kaayaanana teh
estuning ngan Dzat. Teu aya martabat (tingkat) anu sejena anu
ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning mangrupa sumber pikeun
martabat-martabat saterusna. Dupi Dzat ieu di terangkeun ku dalil :
DZAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL BASHIR ,
Anu hartosna : Dzat anu teu aya upamana sareng naon-naon oge,
sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun
deui ku dalil : DZAT BILLA HAEFIN , Anu hartosna : Anu henteu
warna teu rupa. DZAT BILLA MAKANIN , Anu hartosna : Anu

henteu arah teu enggon. Moal aya anu mampuh ngaleuwihan tingkat
ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi, sanajan para Malaikat Muqqarobin,
moal saurang oge makhluk anu bisa tepi kana tingkatan Kun Hi
Dzat (Kaayaan Dzat). Sakumaha didawuhkeun ku Alloh SWT :
WA YUHADZ DZIKRUMULLAHU NAFSAHU
Anu hartosna : Alloh nyarek maraneh pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW :
QULLUKUM FI DZATILLAHI AHMAQ
Anu hartosna : Maraneh tetep teu bisa ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh
SWT.
2.

ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi Dzat atawa Dzat Mutlak teh
bade ngawujud Mungkin, tina Kalam-Na sareng Iradat-Na (KersaNa), nya ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL
(Johar = Cahaya, Awa l= mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh
gumulungna antara Dzat sareng Sifat. Ieu teh mangrupa sumber
pikeun sifat-sifat anu sejenna. Saniskara Sifat tangtu kaancikan Dzat.
Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat KEMBANG JEUNG
SENGITNA, atawa MADU JEUNG AMISNA, teu bisa di pisahkeun. Nur
Dzat atawa Johar Awal teh, disebat oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal
sagala rupa anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam, Bahrul Hayat (Sagara
Hirup) Sanggem para Wali mah SYAHADAT SAJATI.

3.

ALAM WAHIDIAT

Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng


Keresa-Na), sorotna NUR DZAT atawa Johar Awal atawa Hakekat
Muhammad, bijil NUR PAPAT WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA) :
Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)

Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)

Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)

Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)

Ieu Nur (Cahaya)


anu
opat
rupa
teh
disebatna Nur
Muhammad. Saterasna
tina
Nur
(cahaya)
opat
rupa
ieu,
ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu ngajadina Huruf /
Lapad ALLOH ( ) , nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( )

Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( )

Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( )

Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( )

Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )


Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa Nur Muhammad teh,
mangrupa bibit atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi katut
sakumna eusina. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA


KHALAQA MINHUL-ASYYAA WA ANTA MIN TILKAL ASYAI,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,,
Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung
Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.

ANA MINALLAHI WAL MUMINUNA MINNI,,


Artina :
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng jalma-jalma mukmin asal ti kuring.

INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ALAIHI


WASALLAMA MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ALAMA BIASRIHI MIN
NURI MUHAMMADIN SAW. ,,
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy
Alloh nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.

YA JABIRU INNALLAHA KHALAQA QABLAL ASYYAI NURA


NABIYYIKA MIN NURIHI. ,,
Artina :
Ya ,,Jabir Saenyana Allah nyiptakeun samemeh ayana sesuatu, nyaeta
Nur Nabi anjeun, daripada Nur-Na.


LAQAD JAAKUM MINALLAHI NURUN. ,,
Artina :
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun
nyaeta Nur Muhammad SAW.

Nur

daripada

Allah

YA AYYUHANNASU QOD JA AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,


Artina :
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti Panggeran aranjeun nyaeta Nabi
urang Muhammad SAW.
Tegesna :
Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.
Tina martabat Alam Wahidiat ieu lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh
Anu Maha Sadia), nyaeta ANNAHU ANALLAHU, hartosna : Sabenerna
Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku Kalam Qodim eta, hartina
aya
anu diturutkeun (sasaran
cariosan),
nyaeta Alam
Sifat sareng Alam Asma. Martabat tilu alam ( Ahadiat, Wahdat,
Wahidiat), nyaeta Qodim.
Catetan :
Ayana susunan Martabat (tingkat) oge Alam teh, sakadar hiji gambaran
wungkul, anu sabenerna mah Ulah dihartikeun saolah-olah tingkatan
nurutkeun waktu, sareng tempat (ruang) alam. Tempat (ruang) alam,
waktu can aya, kumargi Alloh SWT teu kakurung ku waktu sareng
tempat, sapertos anu tos diterangkeun di luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam Wahdat (Sifat) sareng Alam
Wahidiat (Asma), Roh Muhammad , ngaliputan, mangrupa awal
atawa Cikal bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :


KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN,
KHALAQTUL LIYARIFANI
Hartosna :

FA

AHBABTUAN

URAFA

FA

Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami


boga kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam
sarta makhluk (Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Marifat
(nyaho) ka Kami.
4.

ALAM ARWAH/ROH

Nyaeta martabat Afal nu Maha Suci, nyaeta Afal Alloh ku Qodrat-Na


(Kawasa-Na) sareng Irodat-Na (Kersa-Na), ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah,
cara ngadamelna teh : Upami di bioskop mah Alam Wahdat (Nur
Dzat/Johar Awal) teh ibarat KACA dina proyektor :
Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat Kaca Berem

Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat Kaca Koneng

Cahaya Bodas (MAUN) teh ibarat Kaca Bodas

Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat Kaca Hideung

Barang eta kaca disorot ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang,


nyaeta :
Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)

Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)

Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)

Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)

Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam dunya)


Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal mah, proses ngagelarkeun
Alam Semesta (Dunya) teh. Nanging ari saleresna mah teu kitu, ku
Kawasa-Na, ku Kalamulloh-Na, KUN FAYAKUN, nya jleg bae, Alam
Semesta (Dunya) kumplit sareng eusina, boh anu lemesna boh anu
kasarna. Jadi tegesna Alam Semesta (dunya) teh kajadiannana tina Nur
Muhammad mangrupi Afal-Na nu Maha Suci (Alloh SWT).

5.

ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun
deui midamel Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah
nyandak sari pati (acina) Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu
opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :

ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM


ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya
ngagelar jadi Dalil Muhammad, nyaeta MIM HE MIM DAL,
nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL ()

Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE ()

Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()

Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL ()

Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )


SAREATNA NYA JANGGELEK JADI WUJUD MUHAMMAD

MIM AWAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SIRAH

HE ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna DADA

MIM AKHIR ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna UDEL

DAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SUKU


Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu
lobana 9 (salapan) liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON =
2 LIANG
CEUPIL =
2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM =
1 LIANG
JUMLAH =
7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa
usik eta wujud teh. Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati :
SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun
ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna

tina Nur Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun,


ngusikeun, malikeun eta adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR
AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri
Manusa (Jagat leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani
disebut Muhammad
Rasululloh,
sareng Badan
Jasmani disebut Adam), malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam
semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah mangrupa AfalNa atawa Karya-Na Alloh SWT.
Kitu tah.. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Afal teh.
Sateuacana neraskeun kana martabat anu sanesna, kumaha dugi ka
dinya parantos paham ?
113.

114.

Rd. Muslimat : Ke.kang !, rada lebeng keneh., janten eta anu di


jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA
SYAHADAT ?
Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?

115.

Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup
maca we Syahadat teh.

116.

Rd. Muslimin : Iiihari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat,
ari anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu
leresna atawa anu Hakikina. Ieu tengetkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu LAESA
KAMISLIHI SAEUN, nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa,
sareng warna, sareng tempat, sareng waktu, sareng sora jeung sajabana.
Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba Wisesa kana saniskara anu
aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari
sifatna (rupana) teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir
upama seneu sareng hurungna. Dzat ibarat seneu/panas, Sifat ibarat
hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat ngaliputan Sifat. Di dieu nyata
aya Bibit Hirup Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal
tina sorotna tina Johar Awalatawa Nur Dzat atawa Dzat
Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat

rupa, disebut Nur Muhammad nya ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( = )


Alif Lam Lam He, ari Tasjidna jadi Johar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa :
Beureum, Koneng, Bodas, Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit
saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa bibit Hirup sareng Hurip (Rasa)
mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya
buktina Alam Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk
lemes (Jin) jeung Setan. Ieu ngabuktikeun Afal-Na Alloh SWT (Padamelan
Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-Na), sareng Sifat KeresaNa (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung sareng
saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu
nyata, istuning ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, ka Afal-an Alloh
SWT.
117.

Rd. Muslimat : Ke..kang !, tadi ku engkang diterangkeun :

Dzat Alloh Taala teh LAESA KAMISLIHI SAEUN


Sifat Alloh Taala teh CAANG LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Taala teh NUR MUHAMMAD (Nur Papat Warnae)
Afal Alloh Taala teh Saniskara anu dumadi, Alam Semesta katut
sagala eusina, kalebet diri manusa. Anu bade ditaroskeun ku rai !
ayeuna ari Alloh-Na nu mana ?
118.
Rd. Muslimin : Ari.rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge :
INNALLOHA ALA KULLI SAIIN QODIR, Hartosna : Satemen-temenNa
Alloh Taala Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.

Pikeun jelasna, kieu geura rai :


Dzat ngaliputan Sifat, ibarat Madu gumulung sareng amisna ari
Lafadzna Alip
Sifat, enggon/tempat netelakeun Asma, ibarat Srangenge (Panon
poe) gumulung sareng caangna ari Lafadzna Lam Awal.
Asma, enggon/tempat netelakeun Afal, ibarat Kaca enteung anu
dipake
ngenteung,
pasti
aya
wawayangannana
(Kalangkangna) nurutkeun saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam
Akhir.
Afal, enggon/tempat perbawaan Dzat, ibarat Laut sareng ombakna,
pasti pangawasa ombak gumantung ka laut. Ari Lafadzna He.
Tuhkapan ngawujud Lapad ALLOH ( ) . Janten sakali deui,
sagala
rupi anu aya boh anu batin (ghoib=samara-samar), boh
anu lahir
(bukti)
parantos
ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-

an, kaAfal-an Alloh SWT. Kumaha


ngagebray ?, paham ?......

rai!,

parantos

rada

119.

Rd. Muslimat : Nyakanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran,


janten ku Qudrat Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina,
nya kalebet diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca
Syahadat anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Afal, ayeuna kantun hiji
deui, kedah Sidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.

120.

Rd. Muslimin : Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti
kana Dzat, Sifat, Asma, Afal Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng
paham wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo
nyumponan sumpah urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya
deui Pangeran kajabi Alloh, kapan kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali,
nya atuh kedah dugi ka awasna, ulah mung semet basa.

121.

Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?

122.

Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari


jalanna, pilari tarekahna atawa Torekat-na.

123.

Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?

124.

Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu
ngarulik tur parantos dugi ka Elmu eta mah. Geuning dicarioskeun yen
Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu
kantos Marifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami keukeuh
keyeng mah, piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.

125.

Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, eta mah emutaneun sareng


pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana
papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.

126.

Rd. Muslimin : Rai upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah
Madinah, eta disebatna naon ?

127.

Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !

128.

Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna,


oge Rasululloh Majajina, Syareatna, da ari
Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu
maot. Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka
deui sareng lenyepan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar
Awal anu jadi bibit hirup jeung bibit hurip.

HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad


HURIP nyatana Rasa,
Rasana
Nurani,
Rasa
Alloh nya RASULULLOH.
Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan ngaliputan gumulung dina
saniskara anu dumadi, nya tangtosna oge ngaliputan, ngancik, gumulung,
akrob di diri manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya Hirup sareng Rasa ?....... lamun diri
rai
parantos
dikantunkeun ku Hirup (Nur), sareng Hurip (Rasa) atuh
nya maot pingaranennana.
129.
Rd. Muslimat : Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang
pangna rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin,
lada, amis, sieun, keueung, melang, ngewa, watir, sedih, sareng sajabana,
kapan eta teh nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng
Hadist nuduhkeun kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.
130.

Rd. Muslimin : Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi
aya tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani,
katilu Rasa Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad,
contona : ateul, diciwit, kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah,
contona : Asin, amis, pait, lada jsb. Anu kana irung contona : Hanyir, bau,
seungit jsb. Ari Rasa Rohani contona : Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep,
senang, sugema, melang, keueung, sieun jsb. Ari Rasa Nurani anu
ngadorong kana sifat-sifat kahadean, luyu sareng Sifat Alloh Rahman Rahim,
contona : Jorojoy rasa nyaah, hayang mere ka budak yatim, kanu miskin
(welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun ibadah luyu sareng ajaran
Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri dibarung ku rasa rumasa
yen usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT. Tah. Rasa anu ieu
rai !, anu ka golong kana title Rasa Alloh atawa Rasululloh mah, penting
pisan Sidik tur sing langgeng karasana ku urang. Kumaha rai !...... kahartos
sareng kapaham.?

131.

Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing


horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu
kedah diusahakeun sangkan langgeng karasana. Hanas tadina mah kedah
kapendak atawa sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh
anu parantos pupus emutan teh.

132.

Rd. Muslimin : Tahkapan nyambung sareng anu sakumaha kaunggeul dina dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun.
Diantarana :

WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA


DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGERAN, KALUAR TI DIRINA
SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA.
Sok sanaos rai parantos paham kana babaran kedah Sidik ka Rasululloh,
tetep kedah kagungan padamelan, kanggo ngabuktoskeun kana kecap : WA
ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH.
Rai..!, kamalinaan geuning ieu teh parantos wengi teuing, peryogi istirahat.
Insya Alloh ngeunaan bag-bagan Martabat Alam Mitsal sareng Insan
Kamil mah engke kapayun urang di sambung didadarkeun deui.
WASSALAM ( DISAMBUNG KA JILID II .. ! )

Anda mungkin juga menyukai