Anda di halaman 1dari 86

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAN

JILID-1

PAGUNEMAN PAPAHAMAN
ELMU AGAMA & PA-TAUHIDAN

1.
2.
3.
4.

5.

Jejer bubukaning carita, nyaritakeun di hiji nagara jujuluk Ragataya ari jenengan
rajana nyaeta Prabu Jasaddiyah, Prameswarina jenengan Ratna Atiyah.
Parantos kagungan putra dua pemeget, jenenganana, anu cikal Raden
Muslimin, raina Raden Muslimat. Duanana parantos pada-pada dewasa,
estuning dipikadedeuh ku ibu rama, diatik elmu pangaweruh pikeun kaperluan
hirup di dunya, oge diimbangan ku Elmu Agama pikeun jalan pulang engke ka
akherat. Raka sareng rai istuning pada hormat, ngesto suhud kana piwejang
Rama sareng Ibu.
Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup
kana kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos
sawawa, pasagi pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd.
Muslimin sareng Rd. Muslimat teh pamitan ka Ibu Ramana, seja ngalih tempat
ka Lembur Singkur, supados langkung khusyu enggoning ngalenyeupan Elmu
Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian, bari dijajap ku dua restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah suapaya
tumaninah tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju
anteng ngalenyeupan Elmu anu aya dina kitab, norojol rainaRaden Muslimat,
gek calik payuneun bari sila meneko, bari pok nyanggem:
Rd. Muslimat: Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa
ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
Rd. Muslimin: Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh
anu ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu
masih keneh teu acan ngartos teh?
Rd. Muslimat: Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis kecap
Agama, naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana
gunana Agama, pikeun manusa?
Rd. Muslimin: Rai, ari kecap agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina
bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah: A, hartina henteu . Gama,
hartina Kacau . Jadi lamun dihijikeun mah A-Gama teh hartina henteu kacau
. Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa ageman, padoman,
tuntunan sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju.
Rd. Muslimat: Euh.tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab,
dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon
agama teh ?.

6.

Rd. Muslimin: Ari bahasa Arabna mah agama teh Din. Geuning dina
dalilna oge kieu Inna dinna indallahil Islam, Sundana: Mungguh Allah, agama
Islam teh anu pangluhung-luhungna. Teras sanggeum hadist Rasululloh kieu:
Awaludini Marifatullah, Sundana: Awal-awalna Agama teh kudu Marifat heula
ka Allah.
7.
Rd. Muslimat: Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh
gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya
supaya ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi. Rai sok mendakan,
kanyataan di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama,
teu pika teu patanya jeung tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala
ngeunaan kaidah-kaidah agama . Tah upami nu kitu kumaha ?.
8.
Rd. Muslimin: Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau
tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da
dituduh kitu mah moal teuing kersaeun.
9.
Rd. Muslimat: Keari di turunkeunana agama ti kawit iraha ?, naha ti
mimiti Nabi mana ? . Cing manawi aya katerangan .. ?.
10.
Rd. Muslimin: Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos nurunkeun
agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat manusa. Ngan
di luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning aya katerangan,
nalika jaman Nabi-nabi, sateacan Nabi Muhammad termasuk ngeunaan sahadatna para Rasul, di antawisna:
RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH
Dawuhan Gusti Alloh: Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh
ayeuna ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi,
sabab wujud maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge:
WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH
Artina: Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun
wadah jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) rokaat, waktu
subuh pikeun tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH
Dawuhan Gusti Alloh: Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh
ayeuna ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh
pribadi, sabab denge maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge: SAMI WAL SAMIAN. (Artina: Ceupil jeung
Pangdanguna ). Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) rokaat,
sing tarima boga dua ceupil jeung dua suku.
RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM
HALILULLOH
Dawuhan Gusti Alloh: He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi
montong hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh
pribadi, sabab paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge: BASHIR WAL BASHIRAN. (Artina: Soca jeung
Paninggalna ). Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4 (opat)
rokaat, kudu tarima ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.
RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH.
Kitabna nyaeta Taurat.

Dawuhan Gusti Alloh: He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing
pribadi, tapi montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula
pangucap maneh pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge: KALAM WAL MUTAKALIMAN. (Artina: Ucap jeung Nu
ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3 (tilu)
rokaat, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.
Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa diteraskeun ku Nabi Dawud A.S. Ari
Kitabna nyaeta Jabur.
RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH. Ari
Kitabna nyaeta Injil.
Dawuhan Gusti Alloh: Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi
teu kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh
pribadi, sabab Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) rokaat, lantaran di maneh eta ngabogaan 2
(dua) liang irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun
geutihna lampus, nafasna oge moal aya.
RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD
RASULULLOH. Ari kitabna nyaeta Al-Quran.
Dawuhan Gusti Alloh: He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh
kudu Marifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge: AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU. (Artina:
Sategeusna maneh Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan
pangkatna oge Muhammad Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke
ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun ka anak incu, terus ka para Wali
sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung Gusti, malah nepi ka poe
Qiyamah.
Tingali lafadna Nabi-nabi: Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu
ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun
carita teu aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus
ka Hyang Agung. Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih
Tasjidna asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa
sareng dibarengan ku TEKAD UCAP LAMPAH anu suci. Mangga lenyeupan.
Saur sepuh: KERIS MANJING WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA.
11.

Rd. Muslimat: Ke kang.aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil,


sareng Quran atawa sami ?.
12.
Rd. Muslimin: Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana
wahyu teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana
mah. anu nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ),
ngan nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka
akhirna jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Quran mah, eusina teh
nerangkeun ti awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU WAL
AKHIRU, ti kawit Nu Maha Suci (Dzat)jumeneng Sifat nyaeta Nur,
atawa Hakekat Muhammad (Johar Awal), teras janten Nur
Muhammad, teras ngajantenkeun Alam Semesta, teras
ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka janteun Muhammad Nabi Panutup,
terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke Kiamat.
13.
Rd. Muslimat: Ke.kang !, Al-Quran teh cenah sok disebut Dalil atawa
Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok
kieu, teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.

14.

Rd. Muslimin: Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan.
Kapan sanggem Rasululloh oge: TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN MIN
IBAADATI SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna: mikir /tafakur samenit atawa
sakedeung leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta patarosan teh nenggeul
teuing sok sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug jelas katarimana, eta mah
kudu malapah gedang heula. Ke urang papay saeutik-saeutik. Keur saheulaanan
mah, kumaha lalakon Muhammad nalika di Guha Hiro kasumpingan Malaikat
Jibril masihkeun wahyu anu kahiji.
15.
Rd. Muslimat: Punten kang.nafsu teuing abdi, da hoyong enggalenggal jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di
dinya teh ?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh
dikaluar-kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.
16.
Rd. Muslimin: Rai..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita mah,
tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna, kapan
ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW
di Isro jeung di Mirajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate acan
eta mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng
sumerah diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho
masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti
moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik
ngagoda diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng
dikaluarkeun getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.
17.
Rd. Muslimat: Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu
mah, panginten ku bersihna Qolbu Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa
nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?.
18.
Rd. Muslimin: Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa
nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu
mawi rai., anu hese teh usaha sangkanQOLBU atawa HATE bersih tina
kokotor-kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas
gede). Jadi wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang,
sawaktu-waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
19.
Rd. Muslimat: Ke.kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Quran. Naha
tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku
mantenna atawa kusaha ?.
20.
Rd. Muslimin: Rai!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh
Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku Caangna manah
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka
para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita
aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi
pupus nyaeta kuSayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah
mufakat.
21.
Rd. Muslimat: Tahayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna
atawa gunana Al-Quran keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.
22.
Rd. Muslimin: Kieu.rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh
lain lur kitu wae, tapi puguhTujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua
tahap:
1.
TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di
Alam Dunya (Pidunya Hasanah).
2.
TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang
nyatana Alam Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh
kudu jadi pangdorong kana kalancaran WA INNA ILLAIHI ROJIUN .
Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina

kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci nyaeta BADAN


JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA).
Sedengken tina Jasmaningagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya
ngajanggelek hasilna disebut Karya atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu,
jelema mah gumantung kana museurkeun Cipta, rasa, jeung karsana , kana
ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu Dua pasangan nyaeta Alam
Semesta sarengAgama pikeun imbangannana.
23.
Rd. Muslimat: Cing sing jentre kang!, tadi sanggeum engkang
gumantung kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna
kumaha upama salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta
kana Alam Semesta ?.
24.
Rd. Muslimin: Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda,
bakal ngahasilkeun mangrupi Elmu teknologi , saperti dilaksanakeun ku bangsa
deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung karasa, jadi
lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon, jadi Radio, jadi
televise, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum). Tah teknologi ieu
upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi ancur.
Contona: Ku hasil karyana mangrupa bom jeung rudal, kapan dicadangkeun keur
maehan jalma. Jadi nya gede mangfaatna, oge gede bahayana pikeun kahirupan
umat manusa. Jedi perlu diimbangan.
25.
Rd. Muslimat: Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka
Ciptaan Allah SWT, anu mangrupa Agama ?
26.
Rd. Muslimin: Upama jalma muserkeun teuing kana Agama, eta
akibatna awon bakal Leuleus, dina arti bakal katinggaleun dina widang elmu
teknologi, pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus dina
ngudag kamajuan jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa bangsabangsa Eropa, Amerika, jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge urang Asia
kaasup Indonesia ?, kapan bangsa Eropa jeung Amerika mah disebutna oge
nagara maju.
27.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang
paingan saur sepuh, kudu Sineger tengah. Jadi upami kitu mah urang teh kudu
pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu lahir
anu muserkeun kana Ngali, naliti Alam Semesta, pikeun nyumponan kaperluan
kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa ajaran Agama
mah pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung teuing, bisi hasil elmu
lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi sabalikna jadi mamala
pikeun umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas manusa sajero di pangumbaraan mah,
cohagna mah kudu boga elmu, kudu pinter bari bener (Pi dunya khasanah). Tah
ayeuna teraskeun kana Tujuan jangka panjang, (Wa pil akhiroti khasanah),
suapaya salamet perjalanan mulang deui ka akherat atawa WA INNA ILLAIHI
ROJIUN , mulang deui ka Allah SWT.
28.
Rd. Muslimin: Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna
enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya
di dunyana, gumantung Elmuna tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana,
naha elmu anu dipibandana teh jadi Karya henteu ?, lamun geus jadi karya,
naha anu matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa
oge karya anu mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di
amalkeun ka papada manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di amalkeun nu nunjel kana kalancaran,
kasalametan urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu boga elmu jeung karya
mah, hartina anu teu ngalaksanakeun tujuan jeung tugas, atuh moal boga bekel
boh keur dijalan boh keur engke geus datang ka akherat.

29.

Rd. Muslimat: Kekang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di


dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari
ngeunaan elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
30.
Rd. Muslimin: Euh! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai,
atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan Elmu Agama ieu disused sing tepi ka tutug, sabab lamun
henteu tutug, engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh biasana oge anu
poekeun. Kusabab kitu, ngajina sing tepi ka CAANG , ngarah teu utag atog.
Syaratna kedah tumutkeun sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad
Rasululloh SAW. Nyaeta AWALUDINI MARIFATULLOH . Ceuk sundana: Ari awalawalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh. Ngandung harti, urang teh kudu
maluruh heula INNA LILLAHI nyaeta Asal ti Allah. Eta rai, rumasa asal ti
Alloh ?.
31.
Rd. Muslimat: Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah..
32.
Rd. Muslimin: Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?
33.
Rd. Muslimat: Nya henteu atuh.
34.
Rd. Muslimin: Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.
35.
Rd. Muslimat: Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti
rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustas, sanggeum Pa Haji,
sareng seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal
manusa teh ti Alloh. Ari kitu kumaha ?
36.
Rd. Muslimin: Kieu ..rai,..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin, komo
deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil oge:

WABUD ROBBAKA HATTA YATIYAKAL YAKIN,
Anu hartosna: Nyembah ka Alloh teh kudu sidik sarta yakin. Tah upama urang
percayana asal ti Alloh karana eceuk, beja ti papada urang atawa ti papada
manusa, eta percayana atawa iman-na teh disebut Iman Taklid, atawa Ilmu
Yakin
37.
Rd. Muslimat: Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa.
Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh ?.
38.
Rd. Muslimin: Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta
kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin. Rada
undak tina Iman Taklid.
39.
Rd. Muslimat: Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu
saleresna ?, cing pasihan terang !.
40.
Rd. Muslimin: Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin,
lain cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta dua
beja teh parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk kuring
pribadi. Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos ti
rerencangan yen aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku Pamplet boh anu
ditapelkeun boh anu di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal matak
jadi yakin. Tapi upami rai nyalira teras angkat, meser karcis, teras lebet nongton,
kasaksian enya pisan beja teh bener. Tah ibarat kitu urang percaya atawa iman,
yakin ka Alloh teh.
41.
Rd. Muslimat: Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh , mung
carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu kumaha ?
42.
Rd. Muslimin: Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna
atawa tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa
ceuk, cenah mah, nya ngan semet Basa. Tina Maca jadi Basa, henteu nepi
Karasa. Upami hoyong dugi kana Karasa, nya kedah susul sakumaha anu
parantos dipayunkeun tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist: AWALUDINI
MARIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman Elmu Ka-Marifatan.
Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN AGAMA.

43.

Rd. Muslimat: Kekang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama,
manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku
engkang dadarkeun ?

44.

Rd. Muslimin: Anu matak oge rai..!, kedah ngotektak, kedah rapekan,
da elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos
tutug, atawa nutup Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang pokna teh ,
padahal eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri,
hartina ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade
naros ka rai, ari rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
45.
Rd. Muslimat: Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun
engkang oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
46.
Rd. Muslimin: Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku
urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah.ayeuna urang
rek nurut teh kana naonnana ?
47.
Rd. Muslimat: Nya tangtosna oge kana Elmuna, boh anu aya rengkolna
dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha
anu ngangken ka Anjeunna.
48.
Rd. Muslimin: Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen Elmu
(katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna
disebatna nya RUKUN AGAMA tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari
Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta Henteu
kacau.
49.
Rd. Muslimat: Kekang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh
kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
50.
Rd. Muslimin: Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap.
Hiji-hijina nyaeta:
1.
ELMU SYAREAT
2.
ELMU TAREKAT
3.
ELMU HAKEKAT
4.
ELMU MARIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh,
antara ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu, oge sareng nu ka opat teh
istuning pakuat-pakait (satu kesatuan).
51.
Rd. Muslimat: Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi
rai pasihan terang !.
52.
Rd. Muslimin: Ih. Kantenan atuh ay amah, kieu geura:
1.
Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna: Ari
neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan, kudu Iman heula,
terus kedah Tauhid, kedah Marifat, salajengna nembe Islam. Tah geuning
parantos kasebat Marifat.
2.
Engkang kantos nguping kieu: SYAREATUN BILLA HAQIQATUN
ATILLATUN. Anu hartosna: ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah
kosong. Atuh sawangsulna HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN.
Hartosna: ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal.
3.
Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu:

Ari SYAREAT teh: Caritaan Kami.

Ari TAREKAT teh: Pagawean Kami.

Ari HAKEKAT teh: Kalakuan Kami.

Ari MARIFAT teh: Tujuan Kami.


4.
Hadist Rasululloh:

AWALU DINI MARIFATULLAHI TAALA

Anu hartosna: awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh Taala.


Rupina rai!, pikeun saksi yen leres elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Aya 4
(opat) tahap, di anggap cekap heula.
53.
Rd. Muslimat: Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan jelaskeun
kumaha tah peretelan hiji-hijina.
54.
Rd. Muslimin: Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat
badagna wae, kieu geura:
Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka Imanan, yen
Alloh SWT teh aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu genep perkara tea. Tah
pikeun ngabuktikeun ka Imanan teh, kudu daek ngalaksanakeun sagala aturanaturan atawa katangtuan katut kadisiplinan ibadah anu di tangtukeun dina
Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat
ka Kolot, ka Guru, ka Pamingpin (Penguasa), tur kudu patuh kana aturanaturan kamasyarakatan sareng ngajaga kasaluyuan lingkungan. Cohagna,
Syareat mah muser dina Sah jeung batalna ibadah, boh Hablum minalloh,
boh Hablum minannas, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.
Tapi..rai, upami jalmi parantos ngaraos cekap semet ibadah Syareat upami
nembe ngaku percaya wungkul ka Alloh (kakara Taklid sareng Idlal ), teras
nembe terang sarta apal kana hukum-hukum, kawajiban-kawajiban, katut sah
batalna ibadah, eta teu acan cekap tiasa numuwuhkeun rasa sieun ku Alloh,
upami teu disarengan ku nitenan atawa ngelesan jiwa. Ibarat tukang madu
gula. Tina ngupingkeun, tina Macabakal jadi Basa, can tangtu Karasa ku
pribadina. Anu mawi sanggeum Kanjeung Nabi Muhammad SAW, Syareat
teh Caritaan Kami.
55.
Rd. Muslimat: Janten ibadah teh ulah betah semet dinya nya kang ?,
ayeuna cobi teraskeun kana tahap ka dua Tarekat .
56.
Rd. Muslimin: Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat, mesek
tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras neangan jalan,
cara pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan Hate atawa Qolbu
tina kotoran-kotoran Hawa Nafsu anu ngancik teu pisah di diri manusa.
Pastina oge bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna. Ibadah dina Tarekat mah
muserkeun Pamolah Kalbu/hate saolah-olah dipencrong ku Alloh SWT.
DINA AL-QURAN DI JELASKEUN:
Thariqat ( ) Artina: Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.

Artina:
Hai jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa ka Allah, jeung usahakeun / teangan
Jalan ( ) anu ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na. Jeung kudu Jihad tina
Jalan-Na (Allah) ngarah maraneh menang kemenangan (Dunia-Akhirat). (Q.S. AlMaidah Ayat 35).
WA ANNA MINNAA SHOLIHUUNA WA MINNAA DUUNA DALIKA KUNNA
THARAAIQO QIDADAN
Anu hartosna: Sabenerna di antara maraneh aya jalma-jalma anu saroleh, oge
aya anu henteu. Eta teh maraneh nyarokot jalan (Tarekat) anu beda-beda. (QS.
Al-Jin Ayat 11).

Artina:
Jeung saenyana lamun maranehna tetep tumetep dina jalan anu lurus ( )
sesuai kalawan ISLAM, saenyana Kami baris mere nginum anu bisa

ngaleungitkeun hanaang jeung haus. (Mere pituduh Tarekat pikeun


ngaleungitkeun jiwa anu kalangsu jeung sesat). (Q.S. Aj-Jin Ayat 16).
Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat, nurutkeun katerangan ti Sahabat Sayidina
Ali kieu: Kuring tumaros ka Rasululloh, Ya Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana
anu paling deukeut pisan ka Alloh, sareng panggampil-gampilna salaku Abdi
Alloh tur anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh SWT ?.
Waler Rasululloh: Ya Ali, penting pikeun anjeun sing ngalobakeun khusyu
Dzikir ka Alloh.
Syaidina Ali: Saban jalma Dzikir ka Alloh ?
Rasululloh: Ya Ali, moal kajadian kiamat, satungtung anu nyaricingan di luhur
bumi ieu, jalma-jalma sok ngarucapkeun Alloh.. Alloh.
Syaidina Ali: Kumaha carana Dzikir ya Rasululloh ? .
Rasululloh: Cing peremken panon anjeun, sarta dengekeun naon anu di
ucapkeun ku Kami. Teras Rasululloh masihan conto, ngucapkeun LAA ILAHA
ILALLAH tilu kali, bari socana peurem.
Syaidina Ali: Nurutan sakumaha anu di contokeun ku Rasululloh ngucapkeun
LAA ILAHA ILALLAH tilu kali bari pereum.
Tah ajaran ieu, saterusna ku Syaidina Ali di ajarkeun deui Hasan Husen sareng
pala putra putrina dugi ka para Allul Bait-na. Saterusna mah nya ngawujud jadi
Elmu pendidikan anu ayena disebat elmu Tarekat / Tasawuf. Jelasna, yen
tarekat / tasawuf teh, mangrupa bagian tina Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat
wajib dikanyahokeunana ku sakumna Muslimin, atuh tarekat / tasawuf oge
hukumna wajib di kanyahokeun.Imam Malik: ngaringkeskeun jalan pikiran
ngeunaan ha lieu, sarta pamadeganana kieu: MAN TAFAQQOHA BIGHOIRI
TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF BIGHOIRI TAFAQQUTIN
FAQOD TAHAQQOTA . Anu hartosna: Saha-saha anu ngulik Elmu Fikih bari
Tauhid wungkul, bari henteu ngulik Elmu Tassawuf / Tarekat, pasti boga
laku Fasek (kurang moral). Sabalikna saha-saha anu nganut Tassawuf bari
henteu dibarengan ku Fikih sarta Tauhid, eta bakal jadi
golongan Zindik(nyelewengkeun Agama). Saha-saha anu ngalaksanakeun duaduana, eta anu jadi golongan anu Hakiki(tulen).
57.
Rd. Muslimat: Nuhun pisan kang kana sagala rupi pedaranana perkawis
tahapan Elmu Tarekat. Ayeuna mugi ulah kapalang, teraskeun kana tahapan
Elmu Hakikat.
58.
Rd. Muslimin: Kieu et amah rai, saupami jalmi parantos kateleuman Elmu
Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku Ridho
Alloh SWT, nya bakal kapendak Hakekat (Kanyataan anu benerna), mangrupa
tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana ditulis di Lauhim Mahfuds . Sabab sagala
rupa anu bakal kajadian parantos aya tulisanana didinya. Ngan gumantung kana
bersih sareng kotorna Qolbu atawa Hatena jalma. Upami kaayaan beresih
Kaca kalbu na hate nya bakal bisa noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa
ningali Elmu anu aya didinya. Ari anu jadi hijab (pepedut), panghalang antara
kalbu/hate sareng Lauhim Mahfudz teh nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh
aya dua lawang atawa panto: Panto Kahiji nyaeta anu mukakeun Panca
indera anu nyoko kana Alam Wujud ieu. Panto Kadua, upama teu
kahalangan ku Hijab, nya molongpong ka Alam Malakut, sabab alam nu aya
ieu, asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut / Lauhim Mahfudz.
59.
Rd. Muslimat: Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji deui
kana tahap Marifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.
60.
Rd. Muslimin: Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae rai,
da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog. Perkawis
Elmu Marifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan manusa parantos
ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina tahapan ieu, jiwa manusa

parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal ngaraos digunjang-ganjing ku


kabungah atawa prihatin ku haliah dunya. Istuning parantos teguh tangtu
hatena, percaya kana Wujud-Na Dzat nu Wajibul Wujud, tur parantos tembusna
paningal atina kana Dzat Alloh ku ridho tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai,
perkawis Elmu Marifat mah.
61.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang .!, kana sagala rupi penjelasanana.
Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu ilahar
dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah. Cik kang !,
manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil katangkepna.
62.
Rd. Muslimin: Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu:
ELMU SAREAT Teh ibarat WANGUNAN KAPAL LAUT
ELMU TAREKAT Teh ibarat KAMUDI KAPAL LAUT
ELMU HAKEKAT Teh ibarat LAUTNA
ELMU MARIFAT Teh ibarat INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT
Jadi enggoning ngudag tujuan menangkeun inten eta, jelas kedah kagungan
Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese belekena, bari eungap teuleum
ka dasar laut. Upama kuat, teras kapendak, karasa kecepeng eta inten ku
pribadina, nya Marifat (nyaho), lain ceuk cenah beja wungkul, yen didasar laut
palebah dinya teh aya inten.
63.
Rd. Muslimat: Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Marifatan teh ngait
pisan sareng Hadist AWALUDINI MARIFATULLOH tea ?
64.
Rd. Muslimin: Kitu pisan rai !, da Marifat mah penting pisan, mangrupi
enas-enasna tina Iman.
65.
Rd. Muslimat: Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu
kahiji oge cukup ku Amantubillah, nyaeta Percaya ka Alloh , geuning teu aya
tumbah tambihna ?
66.

Rd. Muslimin: Rai.!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu
Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan et amah, ari tingkatanana mah kapan
ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap,
nyaeta: IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,IMAN
TAHKIK (HAKUL YAKIN) alias Marifat kitu tah.
67.
Rd. Muslimat: Eueuh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada
kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada
gampil kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna: Naha pangna dianggap
penting pisan urang kedah Marifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun,
naon margina eta teh kang ?
68.
Rd. Muslimin: Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan
ibadah urang, kapan Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh,
sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh
kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna,
ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke
bilih mubazir, hanas hese cape.
69.
Rd. Muslimat: Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi
kana TAHKIK atawa HAKUL YAKIN atawa MARIFAT teh ?
70.
Rd. Muslimin: Nya kedah ku Elmu, ari elmu teh kapan kanyaho, ari
kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina
daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi
kudu weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur bucubaca, bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima boh
tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina
pangalaman, ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak
sing loba ngalaman.

71.

Rd. Muslimat: Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun


sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut
kang !, rai kantos nguping kieu: SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN,
KALUAR TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA
RASA ALLOH JAUH TI DIRINA. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
72.
Rd. Muslimin: Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW.:

WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA
DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana: SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA
SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI
DIRINA.
73.
Rd. Muslimat: Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya
dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manus amah,
panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia saret Surat Al-Ikhlas. Kalihna ti eta,
naha geuning anu nga-daroa bet sok disebat Tamu Alloh, naha memang Alloh
teh aya di Baetulloh ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.
74.
Rd. Muslimin: Tuh .nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung
nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit
parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?,
netepan sadinten sawengi tijuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka
Alloh, tapi sareng Allohna teu acan TAHKIK /HAKUL YAKIN, nembe Percaya
ngaraos cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya
padamelannana. Padahal geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh
Jungjunan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Salaku panutan urang
Islam, anu dipiconto ku sakumna umat Islam yen AWAL-AWALNA AGAMA TEH
KUDU NYAHO HEULA KA ALLOH . Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning
urang sujud sumujud tur sumerah ka Manten-Na.
75.
Rd. Muslimat: Muhun..kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu
masih sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu. Nyanggakeun ka
salira engkang, ulah bosen masihan wejangan ka rai !.

76.

Rd. Muslimin: Ke..urang papay heula nya, etang-etang pager


enggoning nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti
jungjungan Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna:

Iqro Kitabaka kapa binafsika alyauma alaika hasiba (Artina: Baca ku
maneh kitab anu langgeung, anu teu keuna ku ruksak, anu aya di diri maneh,
bakal leuwih nyata Elmu-Na Panggeran teh aya dina diri maraneh, tingali-Na,
dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri maneh. (Q.S Al-Isra:14)
Teras deui:

WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA
ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Singsaha jalma anu geus
nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho ka Panggerannana,
Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu bakal leuwih nyaho
kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil:
LAKOD HOLAQNAL INSAANA FIYAKHSANI TAKWIN (Anu hartosna:
Manusa teh pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama

makhluk. Alloh, geura lamun maneh geus nyaho kana kaayaan diri sajeroning diri
maneh sorangan.
Salajeungna dina dalil disebatkeun:
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf: 16 )
Hartina: Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka
maneh ti batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina: Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae
maranehna aya didinya anjeun-Na aya ( Q.S. Al-Hadid: 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi pager pituduh marifat ka Alloh.
77.
Rd. Muslimat: Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang
nembe, boh Hadist boh dalil Quran, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten
pentingna NGAJI DIRI , ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang
ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar
tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan
diri anu ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make kedah dipilari,
dikanyahokeun deui ?, cing kumaha maksadna kang ?
78.
Rd. Muslimin: Rai..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian,
bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna JASMANI, ibarat Baju
atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samarasamar) disebutna ROHANI atawa Batin, nya mangrupa eusina anu
dibungkusan ku Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin
atawa Rohani, ieu anu kedah dipilari teh.
79.
Rd. Muslimat: Kekang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali
ku soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?
80.
Rd. Muslimin: Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu
percaya atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Quran: ALADZINA
YUMINUNA BIL GHOIB, Hartosna: Nyaeta anu percaya (ngabenerken) kana
hal-hal ghoib.
81.
Rd. Muslimat: Ih. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.
82.
Rd. Muslimim: Nuhun atuh, nanging percayana ulah semet basa, tapi
kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4
(opat) perkara, nyaeta:

NARUN

HAWAUN

MAUN

THURABUN
83.
Rd. Muslimat: Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
84.
Rd. Muslimat: Kieu atuh:

Ari NARUN teh Cahaya Berem

Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng


Ari MAUN teh Cahaya Bodas
Ari THURABUN teh Cahaya Hideung
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT
ADAM (Bahrul Adam), Hartina: Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta
katut sagala eusina.
85.
Rd. Muslimat: Ke . Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu
bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.
86.
Rd. Muslimin: Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh
oge dina dalilna: RUYATULLAHI TAALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI, anu
hartosna: Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.

87.

Rd. Muslimat: Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate
kedah kumaha ?
88.
Rd. Muslimin: Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor
Qolbu eta jadi Hijab atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.
89.
Rd. Muslimat: Ari anu janten kokotor teh naon kang ?
90.
Rd. Muslimin: Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageing. Geuning unggal
wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa alit anu
kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?
91.
Rd. Muslimat: Hemeng keneh kang !, keun et amah lenyeupanen rai.
Mung nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat
rupa tea, upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta
Alloh teh ?
92.
Rd. Muslimin: Issatuh sanes, . Moal enya Alloh tiasa disaruakeun
sareng warna, kapan Alloh mah Teu warna, henteu rupa, henteu imah, henteu
enggon. Pokona henteu tiasa diumpamakeun sareng naon bae oge.
Dalilna: DHAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN( DHAT BILA HAEFIN DHAT BILA
MAKOMIN)
93.
Rd. Muslimat: Ke.kang !, atuh ari teu warna, teu rupa, teu imah, teu
enggon mah panginten teu aya .?
94.
Rd. Muslimin: Teu aya kumaha ari rai ?, kapan cirina Alloh aya teh
diantarana aya dadamelannana, nya buktosna ieu Alam Semesta katut eusina.
Rai!, omat kedah yakin teh AYANA, nanging Ayana teh,Dzat-Na anu katara
sareng anu henteu karampa. Tah palebah dieu anu kedah leres-leres
dilenyeupan, sing kersa nyusul, sing dugi ka HAKUL YAKIN tea, supados teu
ragu-ragu, henteu was-was. Antebkeun deui rai!, tah Rukun Iman anu kahiji,
sareng SYAHADAT. Cing sok rai, ucapkeun deui Syahadat !
95.
Rd. Muslimat: Mangga: ASHADU ANLA ILLAHA ILALLAH, WA ASHADU
ANNA MUHAMMADARRASULULLOH.
96.
Rd. Muslimin: Cobi hartosna ?
97.
Rd. Muslimat: Abdi nyakseni teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, sareng
abdi nyakseni yen Muhammad Rasulna Alloh.
98.
Rd. Muslimin: Cing rai !, ari kecap Nyaksi kedah anu kumaha ?
99.
Rd. Muslimat: Nya.. anu nyaksi mah anu ningali, geuning aya kecap
nyaksian.
100.
Rd. Muslimin: Tadi rai!, ngucapkeun Abdi nyaksi yen teu aya deui
Panggeran kajabi Alloh, naha leres-leres rai teh parantos ningali ka Alloh ?
101.
Rd. Muslimat: Aaah. Teu acan kang !, bororaah..
102.
Rd. Muslimin: Naha atuh wanton-wantun ngucapkeun Abdi Nyakseni ari
teu acan ningali mah ?, atuh kitumah sulaya.
103.
Rd. Muslimat: Muhun da abdi mah sanggeum anu mamatahan sareng
dina Kitab, nya kumaha ramena bae atuh kang !
104.
Rd. Muslimin: Iiiiihsanes kumaha ramena rai !, tapi kedah ajeg
pamadegan. Rai! Upami ieu SYAHADAT teu acan kapendak SAJATINA, atuh dina
RUKUN IMAN anu kahiji oge nyaeta Amantubillah, pasti moal leres, ngan basa
wungkul henteu dugi kana RASA.
105.
Rd. Muslimat: Aaah.. rumaos kang !, kumaha atuh nya ?
106.
Rd. Muslimin: Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum murangkalih
keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos dewasa kieu mah,
penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist Kanjeung Nabi
Muhammad SAW oge: TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN MIN IBAADATI
SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna: mikir /tafakur samenit atawa sakedeung
leuwih alus tibatan ibadah 70 taun).

Rai..!, Hadits Nabi: AWALUDINI MARIFATULLOH teh estuning ngajurung


supados pas sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu kahiji, nyaeta
Amantubillah. Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan tur
ditingkatkeun eta elmu anu parantos katampi the, sangkan dugi kana
sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !, nyusud Elmu teh margi dawuhan
Kanjeng Nabi oge: MAN THOLABAL SYAIAN BIJIDDIHI WA JADAHU,
Hartosna: Saha-saha jalma anu nungtut salah sahiji hal bari keyeng, tangtu
maranehna pasti bakal hasil.
107.
Rd. Muslimat: Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina
Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng SAJATINING SYAHADAT .
108.
Rd. Muslimin: Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut
engkang mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun
Islam jadi nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana
ibadah-ibadah Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg:
Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat,
tihangna kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma
berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana tina tekad,
ucap, lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak tina
rentetan ibadah-ibadah tea, upami: dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan
ka Nu Maha Suci. Dirina parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor
nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji
(Tahalli). Dirina baris Awas ka Hakekat Dzat Nu Maha Suci (Tazalli), nya disebut
Munggah Haji.
109.
Rd. Muslimat: Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu
kawengku ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana
SAJATINING SYAHADAT ?
110.
Rd. Muslimin: Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh,
kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta:
1.
Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Taalla
2.
Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Taalla
3.
Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Taalla
4.
Kudu geus Netepkeun Kana Afal-na Allah Taalla
5.
Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat
Rasululloh, nyatana: Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.
Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AFAL teh disebatna RUKUN MARIFAT ,
Marifat ka Alloh, Marifat ka Rasululloh.
111.
Rd. Muslimat: Cobi . Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
112.
Rd. Muslimin: Ke rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu, supados
rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng katerangan MARTABAT
ALAM TUJUH, mugi rai !, masing tengeut ngabandunganana:
Alam Kahiji: disebutna AHADIAT
Alam Kadua: disebutna WAHDAT
Alam Katilu: disebutna WAHIDIAT
Alam Kaopat: disebutna ARWAH/ROH
Alam Kalima: disebutna AJSAD/AJSAM
Alam Kagenep: disebutna MITSAL
Alam Katujuh: disebutna INSAN KAMIL

PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH


1.

ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana teh SUWUNG, kosong, uwung-uwung
awang-awang, estuning bersih suci. Martabat (tingkat) ieu disebat oge
martabat KUN HI DZAT, nyaeta kaayaanana teh estuning ngan Dzat. Teu aya
martabat (tingkat) anu sejena anu ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning
mangrupa sumber pikeun martabat-martabat saterusna. Dupi Dzat ieu di
terangkeun ku dalil: DZAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN WAHUWA SAMIUL
BASHIR , Anu hartosna: Dhat anu teu aya upamana sareng naon-naon oge,
sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun deui ku
dalil: DZAT BILLA HAEFIN , Anu hartosna: Anu henteu warna teu
rupa. DZAT BILLA MAKANIN , Anu hartosna: Anu henteu arah teu enggon.
Moal aya anu mampuh ngalewihan tingkat ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi,
sanajan para Malaikat Muqqarobin, moal saurang oge makhluk anu bisa tepi
kana tingkatan Kun Hi Dzat (Kaayaan Dzat). Sakumaha didawuhkeun ku Alloh
SWT:
WA YUHADZ DZIKRUMULLAHU NAFSAHU
Anu hartosna: Alloh nyarek maraneh pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW:
QULLUKUM FI DZATILLAHI AHMAQ
Anu hartosna: Maraneh tetep teu bisa ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh SWT.
2.
ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi Dzat atawa Dzat Mutlak teh bade
ngawujud Mungkin, tinaKalam-Na sareng Iradat-Na (Kersa-Na), nya
ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL (Johar = Cahaya,
Awal= mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh gumulungna
antara Dzat sarengSifat. Ieu teh mangrupa sumber pikeun sifat-sifat anu
sejenna. Saniskara Sifat tangtu kaancikanDzat.
Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat KEMBANG JEUNG SENGITNA, atawa
MADU JEUNG AMISNA, teu bisa di pisahkeun. Nur Dzat atawa Johar Awal teh,
disebat oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal sagala rupa anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam, Bahrul Hayat (Sagara Hirup)
Sanggeum para Wali mahSYAHADAT SAJATI.
3.
ALAM WAHIDIAT
Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng Keresa-Na),
sorotna NUR DZATatawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad, bijil NUR
PAPAT WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA):

Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)

Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)

Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)

Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)


Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa teh disebatna Nur Muhammad. Saterasna tina
Nur (cahaya) opat rupa ieu, ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu
ngajadina Huruf / Lapad ALLOH ( ) , nyaeta:

Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( )

Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( )

Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( )

Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( )

Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )

Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa Nur Muhammad teh, mangrupa bibit
atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi katut sakumna eusina. Sakumaha
dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW:

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA
MINHUL-ASYYAA WA ANTA MIN TILKAL ASYAI,,
Artina:
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh
ngajadikeun tina Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk
tina sesuatu eta.

ANA MINALLAHI WAL MUMINUNA MINNI,,
Artina:
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng jalma-jalma mukmin asal ti kuring.

INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ALAIHI WASALLAMA
MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN
SAW. ,,
Artina:
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh
nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.

YA JABIRU INNALLAHA KHALAQA QABLAL ASYYAI NURA NABIYYIKA MIN
NURIHI. ,,
Artina:
Ya ,,Jabir Saenyana Allah nyiptakeun samemeh ayana sesuatu, nyaeta Nur Nabi
anjeun, daripada Nur-Na.

LAQAD JAAKUM MINALLAHI NURUN. ,,

Artina:
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun Nur daripada Allah nyaeta Nur
Muhammad SAW.

YA AYYUHANNASU QOD JA AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,
Artina:
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti Panggeran aranjeun nyaeta Nabi urang
Muhammad SAW.
Tegesna:
Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.
Tina martabat Alam Wahidiat ieu lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh Anu
Maha Sadia), nyaetaANNAHU ANALLAHU, hartosna: Sabenerna Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku Kalam Qodim eta, hartina aya
anu diturutkeun (sasaran cariosan), nyaeta Alam Sifat sareng Alam Asma.
Martabat tilu alam ( Ahadiat, Wahdat, Wahidiat), nyaeta Qodim.
Catetan:

Ayana susunan Martabat (tingkat) oge Alam teh, sakadar hiji gambaran wungkul,
anu sabenerna mahUlah dihartikeun saolah-olah tingkatan nurutkeun waktu,
sareng tempat (ruang) alam. Tempat (ruang) alam, waktu can aya, kumargi Alloh
SWT teu kakurung ku waktu sareng tempat, sapertos anu tos diterangkeun di
luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam Wahdat (Sifat) sareng Alam
Wahidiat (Asma), Roh Muhammad , ngaliputan, mangrupa awal atawa Cikal
bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman:

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN URAFA FA KHALAQTUL
LIYARIFANI
Hartosna:
Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami boga
kahayang supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk
(Muhammad). Taya lian supaya maranehna bisa Marifat (nyaho) ka Kami.

4.

5.

ALAM ARWAH/ROH
Nyaeta martabat Afal nu Maha Suci, nyaeta Afal Alloh ku Qodrat-Na (KawasaNa) sareng Irodat-Na (Kersa-Na), ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah, cara
ngadamelna teh: Upami di bioskop mah Alam Wahdat (Nur Dzat/Johar Awal) teh
ibarat KACA dina proyektor:
Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat Kaca Berem
Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat Kaca Koneng
Cahaya Bodas (MAUN) teh ibarat Kaca Bodas
Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca disorot ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang, nyaeta:
Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam dunya)
Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal mah, proses ngagelarkeun Alam
Semesta (Dunya) teh. Nagging ari saleresna mah teu kitu, ku Kawasa-Na, ku
Kalamulloh-Na, KUN FAYAKUN, nya jleg bae, Alam Semesta (Dunya) kumplit
sareng eusina, boh anu lemesna boh anu kasarna. Jadi tegesna Alam Semesta
(dunya) teh kajadiannana tina Nur Muhammad mangrupi Afal-Na nu Maha
Suci (Alloh SWT).
ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun deui
midamel Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah nyandak sari pati
(acina) Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu opat rupa teh dipidamel,
nya kajadian kieu:
ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM

ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM


Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar
jadi Dalil Muhammad, nyaeta MIM HE MIM DAL, nyaeta:
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL ()
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE ()
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL ()
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )
SAREATNA NYA JANGGELEK JADI WUJUD MUHAMMAD

MIM AWAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SIRAH


HE ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna DADA
MIM AKHIR ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna UDEL
DAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SUKU
Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu lobana 9
(salapan) liang, nyaeta:
Dina palebah SIRAH:
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta
wujud teh. Jelasna kieu:
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati: SENEU,
ANGIN, CAI, TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun
ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu(Akal), anu asalna tina Nur
Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta
adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR
AWAL atawa Nur Dzat atawaDzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa
(Jagat leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani disebut Muhammad
Rasululloh, sareng Badan Jasmanidisebut Adam), malah sareng saniskara anu
aya di ieu Alam semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah
mangrupa Afal-Na atawa Karya-Na Alloh SWT.
Kitu tah.. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Afal teh. Sateuacana
neraskeun kana martabat anu sanesna, kumaha dugi ka dinya parantos paham ?

113.
Rd. Muslimat: Ke.kang !, rada lebeng keneh., janten eta anu di
jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA
SYAHADAT ?

114.
Rd. Muslimin: Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?
115.
Rd. Muslimat: Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup
maca we Syahadat teh.
116.
Rd. Muslimin: Iiihari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat, ari
anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu leresna
atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas !:
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu LAESA KAMISLIHI
SAEUN, nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa, sareng warna,
sareng tempat, sareng waktu, sareng sora jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh
ngaliputan atawa Murba Wisesa kana saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh
kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna
(rupana) teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir upama seneu
sareng hurungna. Dzat ibarat seneu/panas,Sifat ibarat hurungna, teu tiasa
dipisahkeun, Dzat ngaliputan Sifat. Di dieu nyata aya Bibit Hirup Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal tina
sorotna tina Johar Awalatawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa,
disebut Nur Muhammad nya ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( = ) Alif Lam
Lam He, ari Tasjidna jadiJohar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa: Berem,
Koneng, Bodas, Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit saniskara anu
ngajadi. Ari sumber atawa bibit Hirup sareng Hurip (Rasa) mah nyaeta JOHAR
AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya
buktina Alam Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk
lemes (Jin) jeung Setan. Ieu ngabuktikeun Afal-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh
SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-Na), sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na),
istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung sareng saniskara anu ngajadi
atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu
nyata, istuning ka Dzat-an, kaSifat-an, ka Asma-an, ka Afal-an Alloh SWT.
117.
Rd. Muslimat: Ke..kang !, tadi ku engkang diterangkeun:
Dzat Alloh Taala teh LAESA KAMISLIHI SAEUN
Sifat Alloh Taala teh CAANG LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Taala teh NUR MUHAMMAD (Nur Papat Warnae)
Afal Alloh Taala teh Saniskara anu dumadi, Alam Semesta katut sagala
eusina, kalebet diri manusa. Anu bade ditaroskeun ku rai ! ayeuna ari Alloh-Na
nu mana ?
118.
Rd. Muslimin: Ari.rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge:
INNALLOHA ALA KULLI SAIIN QODIR, Hartosna: Satemen-temenNa Alloh
Taala Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.
Pikeun jelasna, kieu geura rai:

Dzat ngaliputan Sifat, ibarat Madu gumulung sareng


amisna ari Lafadzna Alip

Sifat, enggon/tempat netelakeun Asma, ibarat Srangenge


(Panon poe) gumulung sareng caangna ari Lafadzna Lam Awal.

Asma, enggon/tempat netelakeun Afal, ibarat Kaca


enteung anu dipake ngenteung, pasti aya wawayangannana (Kalangkangna)
nurutkeun saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam Akhir.

Afal, enggon/tempat perbawaan Dzat, ibarat Laut sareng


ombakna, pasti pangawasa ombak gumntung ka laut. Ari Lafadzna He.
Tuhkapan ngawujud Lapad ALLOH ( ) . Janten sakali deui, sagala rupi anu
aya boh anu batin (ghoib=samara-samar), boh anu lahir (bukti) parantos
ka Dzat-an, ka Sifat-an, ka Asma-an, kaAfal-an Alloh SWT. Kumaha rai!,
parantos rada ngageubray ?, paham ?......
119.
Rd. Muslimat: Nyakanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran,
janten ku Qudrat Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya
kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca
Syahadat anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Afal, ayeuna kantun hiji deui,
kedah Sidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
120.
Rd. Muslimin: Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana
Dzat, Sifat, Asma, Afal Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham
wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah
urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh,
kapan kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka
awasna, ulah mung semet basa.
121.
Rd. Muslimat: Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
122.
Rd. Muslimin: Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari
jalanna, pilari tarekahna atawaTorekat-na.
123.
Rd. Muslimat: Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
124.
Rd. Muslimin: Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu
ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen
Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu
kantos Marifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng
mah, piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.
125.
Rd. Muslimat: Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng
pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana
papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
126.
Rd. Muslimin: Rai upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah
Madinah, eta disebatna naon ?
127.
Rd. Muslimat: Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
128.
Rd. Muslimin: Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna,
oge Rasululloh Majajina, Syareatna, da
ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu
maot. Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka
deui sareng lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar
Awal anu jadi bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad

HURIP nyatana Rasa, Rasana Nurani, Rasa Alloh nya RASULULLOH.


Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan ngaliputan gumulung dina saniskara
anu dumadi, nya tangtosna oge ngaliputan, ngancik, gumulung, akrob di diri
manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya Hirup sareng Rasa ?....... lamun diri rai
parantos dikantunkeun ku Hirup (Nur), sareng Hurip (Rasa) atuh nya maot
pingaranennana.
129.
Rd. Muslimat: Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang
pangna rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin,
lada, amis, sieun, keueung, melang, ngewa, water, sedih, sareng sajabana,
kapan eta teh nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng Hadist
nuduhkeun kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.
130.
Rd. Muslimin: Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi aya
tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani,

katilu Rasa Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad, contona:
ateul, diciwit, kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah, contona: Asin,
amis, pait, lada jsb. Anu kana irung contona: Hanyir, bau, seungit jsb. Ari Rasa
Rohani contona: Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep, senang, sugema, melang,
keueung, sieun jsb. Ari Rasa Nurani anu ngadorong kana sifat-sifat kahadean,
luyu sareng Sifat Alloh Rahman Rahim, contona: Jorojoy rasa nyaah, hayang
mere ka budak yatim, kanu miskin (welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun
ibadah luyu sareng ajaran Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri
dibarung ku rasa rumasa yen usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT.
Tah. Rasa anu ieu rai !, anu ka golong kana
title Rasa Alloh atawaRasululloh mah, penting pisan Sidik tur sing langgeung
karasana ku urang. Kumaha rai !...... kahartos sareng kapaham.?
131.
Rd. Muslimat: Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing
horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu kedah
diusahakeun sangkan langgeung karasana. Hanas tadina mah kedah kapendak
atawa sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh anu parantos
pupus emutan teh.
132.
Rd. Muslimin: Tahkapan nyambung sareng anu sakumaha ka- unggeul
dina dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun. Diantarana:

WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA
DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana: SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA
SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA.
Sok sanaos rai parantos paham kana babaran kedah Sidik ka Rasululloh, tetep
kedah kagungan padamelan, kanggo ngabuktoskeun kana kecap: WA ASHADU
ANNA MUHAMMAD RASULULLOH.
Rai..!, kamalinaan geuning ieu teh parantos wengi teuing, peryogi istirahat. Insya
Alloh ngeunaan bag-bagan Martabat Alam Mitsal sareng Insan Kamil mah
engke kapayun urang di sambung didadarkeun deui.

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-2

NGALANJUTKEUN JEUJEUR CARIOS NU KAPUNGKUR

Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, enjingna


saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina karulem talibra
pisan. Bubuhan raina Raden Muslimat nuju hanaang ku Elmu, atuh derekdek deui
bae naroskeun ka rakana.

133.
Rd. Muslimat: Manawi engkang teu kaabotan, rai bade naroskeun deui
hanca anu teu acan kabujeung diteraskeun ku salira engkang.
134.
Rd. Muslimin: Alhamdulillah rai !, urang dikersakeun ku anu Kagungan
Kersa, dipasihan sehat oge kiat. Mugi-mugi enggoning urang madungdengkeun
ieu Elmu Agama, dipirido kenging pituduh Manten-Na. Amin. Mangga rai !, ,
kamari teh dugi kamana anu dipadungdengkeun teh ?
135.
Rd. Muslimat: Nembe perkawis sarat Sahna Maca Syahadat,
nyaeta Sidik ka Rasululloh. Anu ku engkang parantos diterangkeun, yen
Rasululloh anu Hakekatna mah, nyaeta anu teu pisah sareng diri urang
nyatana Rasa. Rasa anu salamina kedah dipiara teh nyaeta Rasa Nurani, anu
nungtun kana kawelas-kaasih ka sasama, karumasaan, katumarimaan sareng ka
cinta tur ngadorong sumerah ka Alloh Taala. Nya anu kitu anu disebut Rasa
Alloh atawa Rasululloh. Margi Rasa teh mangrupa Utusan Wujud Alloh
anu Goibul Wujud. Geuning katerangan dalil oge kieu: KULLI UMATIN
RASULLIHI Anu hartosna: Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh. Anu
dimaksud nyaeta Rasa Alloh.
Oge katerangan dalil:
AL-INSANU SIRRI WA ANA SIRRUHUU
Artinya: Rasa Muhammad teh Rasa Alloh, Rasa Alloh teh Rasa Muhammad.
Naging sanggeum engkang teh sok sanaos parantos ngartos, parantos paham
oge, tetep kedah disarengan ku padamelan, supados Sidik tea, nyumponan kana
kecap WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH. Nembe dugi kadinya kang
!.

133.
Rd. Muslimin: Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, boh kana
basana, boh anu kedah dipilari, oge anu kedah dipidamel sangkan dugi ka sidik
tea. Insya Alloh rai !, upami parantos kapendak ieu, teu burung ngageubray
caang kana hal-hal anu sanesna oge, boh ngeunaan ka-Imanan, boh ngeunaan
Rukun Islam anu sanesna. Sakumaha ku engkang parantos dijelaskeun, yen
Syahadat mah mangrupaPondasi Agama, anu kedah weweg supados kanu
sanesna kacandak weweg alias tohaga.
134.
Rd. Muslimat: Kekang !, sateuacana ningkat kana ibadah anu sanesna
dina Rukun Islam, bilih kabujeung hilap, eta perkawis Martabat Alam Tujuh
anu nembe diterangkeun teh 5 (lima) Alam (Ahadiat, Wahdat, Wahidiat, Arwah
sareng Ajsam), janten kantun 2 (dua) Alam deui nyaeta: Alam
Misalsareng Alam Insan Kamil.
135.
Rd. Muslimin: Aeeh.leresnya !, aya keneh hanca perkawis Alam anu
dua deui. Tapi ..Rai !, sateuacan nerangkeun Alam Misal sareng Alam Insan
Kamil, etang-etang ngaderes deui sareng supados langkung paham, kieu geura:
Ari anu 3 (tilu) Alam mah, eta ghaib atawa qadim, nyaeta:
Alam Ahadiat (Dzat) = Dzat Laesa Kamislihi Syaeun
Alam Wahdat (Sifat) = Nur Dzat atawa Johar Awal
Alam Wahidiat (Asma) = Nur Muhammad (Nur Papat Warnae)
Ari Alam Arwah mah, mangrupa Alam Nyata/Bukti (Afal) Alloh SWT, nya ieu
Alam Semesta, anu diwangun ku: SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH. Anu mawi disebut
Arwah teh sabab Pi - ROH hen , nyaeta Pi Geutih hen, Pi Adam Majaji
eun, atawa Pi Bibit ten jasad manusa.
Sedengkeun Alam Ajsam mah, buktina Jasad Manusa. Jasad urang teh asalna
tina Alam Arwah tea. Sareatna pasti karaos. Cing upami Rai !, henteu barang
tuang Aci-acian tina Seneu, Angin, Cai, Taneuhanu nyerep gumulung kana Buahbuahan atawa Bebetian, panginten bakal leles langlayeuseun, moal aya tanaga.
Jadi jelasna rai!, kajadian diri teh tina sari pati atawa acina anu opat rupa. Kieu
geura:
Seneu jadi Daging, hawana jadi NAFSU AMARAH bijilna tina Ceupil
Angin jadi Sumsum, hawana jadi NAFSU LOAMAH bijilna tina Panon
Cai jadi Tulang, hawana jadi NAFSU SAWIYAH bijilna tina Baham
Taneuh jadi Kulit, hawana jadi NAFSU MUTMAINAH bijilna tina Irung
Tangtuna oge ieu nafsu-nafsu teh dua papasangan, aya anu hadena (positip),
oge aya anu gorengna (negatip), gumantung kumaha ngelesannana.
Tah. Urang ningkat kana Martabat Alam Misal. Nyaeta Martabat Elmu anu bisa
weruh kana Asal. Weruh kana asalna Jasad urang waktu keur
di Qodim nyaeta Nur Muhammad (Nur Papat Warnae) tea. Upami jalma
parantos weruh, awas kana eta 4 (opat) perkawis kalayan Hakul Yakin lain ngan
basa wungkul, nya disebut Alam Misal nyaeta Marifat ka Asal.
Tah . Kitu rai,. Pereleannana.
133.
Rd. Muslimat: Hatur sewu nuhun kang !, .. dipasihan katerangan
perkawis Alam Mitsal, nyaeta mangrupi tahapan elmu anu nyusud ka asal
urang dugi ka Hakul Yakinna, anu sabenerna memang diwajibkeun ku Nu Maha
Suci, manusa pikeun ngaihtiarannana. Salajeungna ulah kapalang hiji deui
kang !... nyaeta perkawis Alam Insan Kamil. Cobi martabat anu kumaha anu
parantos dugi kana INSAN KAMIL teh ?
134.
Rd. Muslimin: Eta mah rai ! . Tutugna anu Ngelmu, sasat jalma anu
parantos Marifat kana Dzat-Na nu Maha Suci. Kumargi kitu martabat Insan Kamil
mah, hartosna Manusa Sampurna, parantos Takhqik, terang ka asalna.
135.
Rd. Muslimat: Anu dimaksud tos terang dugi ka asalna teh anu mana
kang ?

136.
Rd. Muslimin: Eta parantos terang ka SAGARA HIRUP (BAHRUL
HAYAT), nyaeta Kasampurnaan Nyawa. Rai !, . anu disebut Johar Awal tea,
atawa Hakekat Muhammad oge disebat Sajatining Syahadat.
Tah. upami parantos terang dugi kadinya keur didunyana, tangtos bakal
tiasa Mulang ka Asal-Na, atawa sok disarebat Mulih ka Jati, Mulang ka Asal (Wa
inna Ilaihi Rojiun). Moal cidra Alloh mah, parantos jangji ka sakumna anu
Marifat ka Manten-Na. kitu tah rai !..., cohagna mah disebat Insan Kamil teh
nyaeta anu parantos uninga atawa Marifat ka Dzat - Sifat-Na Nu Maha Suci.
BAB IMAN
133.
Rd. Muslimat: Kang !......., babaran perkawis Asal mangrupi bibit anu
poko, parantos dijelaskeun sareng ka paham ku rai. Ieu mah etang-etang
ngarautan deui sareng ngudag eusina tina sagala elmu anu parantos katampi ku
rai ti nuju alit, hoyong langkung dijentrekeun deui ku engkang.
Ti payun engkang. Kantos nyarioskeun kieu: Ari neleuman Agama Islam teh
kudu nete taraje nincak hambalan, nyaeta kedah Iman heula,
teras Tauhid heula, teras Marifat heula, nembe kana Islam. Kukituna mugi
engkang kersa ngajelaskeun.
PEDARAN RUKUN IMAN
133.
Rd. Muslimin: Rukun Iman anu ka 1 (hiji) Amantubillahi hartosna:
(Percaya ka Alloh). Ayeuna engkang bade naros ka rai !, percaya henteu ka
Alloh ?
134.
Rd. Muslimat: Ari engkang..!, atuh kantenan percaya mah, parantos
teu ham-ham deui.
135.
Rd. Muslimin: Nuhun ari parantos teu asa-asa mah atuh. Eta pangna
rai !, percaya teh , percaya kana naonna ?
136.
Rd. Muslimat: Nya percaya kana Ayana Alloh.
137.
Rd. Muslimin: Ayana teh dimana ?
138.
Rd. Muslimat: Eeeh. Rai mah percaya pedah aya dadameulannana,
nyaeta Bumi, Langit, sareng saniskara eusina ieu Alam. Samangsa-mangsa aya
dadamelannana pasti aya anu ngadameulna. Kitu pamendak rai mah.
139.
Rd. Muslimin: Mung sakitu rai ?...., teu aya deui kebatna ?. Upami semet
kitu mah atuh murangkalih oge parantos barogaeun. Ari parantos dewasa mah
kedah leuleugeur, sing kagungan paham rangkepan, ulah bolostrong bae. Pek
sing leukeun larapkeun ka Badan Urang. Margi rai !..., upami paham ngan semet
kitu, jiga-jigana ayana Gusti Alloh teh saluareun langit anu katingali ieu. Paingan
atuh sok narunjuk sareng namprakeun panangan ka luhur. Rai !..., upami
kagungan paham yen Alloh teh ibarat Manusa ngadameul korsi atawa meja, atuh
Alloh teh papisah, pajauh ti diri urang. Atuh kitu mah papalimpang sareng dalil:
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf: 16 )
Hartina: Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka
maneh ti batan (urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh
sorangan). Masih keneh aya antarana. Kapan eta teh eusi tina Dalil Al-Quran
133.
Rd. Muslimat: Duh kang !...., kumaha atuh ari Sahna Percaya Ka Alloh
teh anu saleresna ?. Geuning paham semet semet anu ku rai di kapayunkeun
mah kitu. Kirang sampurna. Kumaha sangkan paham klop sareng dalil anu
nembe.
134.
Rd. Muslimin: Rai !....., teu gampang Iman ka Nu Maha Suci teh, henteu
cekap ku Tekad sumawonna ngan semet ku Basa, kengingna teh kedah
ku Marifat.

Upami rai .. henteu acan mafhum, geura hempek lenyeupan, saliksik ku Ati,
papay ku Rasa Kaayaan Wujud, papay heula tina Dzat-Na Alloh SWT. Kapan
Dzat teh parantos gumulung sareng Sifat, disebatNurulloh. Sundana mah
Cahaya. Cahaya Nu Maha Suci. Ari Cahaya teh sifatna hirup anu ngaliputan
sadayana Alam, kaasup diri manusa.
Kusabab kitu, atuh ngamaknaan Rukun Iman anu ka Hiji teh (Amantubillahi),
kedah kieu:
SATEGEUSNA KAULA PERCAYA KA HIRUP SORANGAN, KA HIRUPNA
WUJUD KAWULA PANGNA HIRUP, ETA PERTANDA AYANA ALLOH.
Pon nyakitu deui, ieu Alam Semesta oge pada kaliputan ku Hirup Alloh. Kitu tah
rai !.
133.
Rd. Muslimat: Nuhun sarebu nuhun kang !...., kahartos kacida, karaos
ayeuna mah Alloh teh akrob sareng wujud. Atuh bakal tambih isin upami
ngalakukeun teu leres teh, da sasarengan siang wengi. Paingan sanggeum
sisindiran: LEULEUPEUTAN LEULEUMEUNGAN, DI ARAH KEJO POENA,
DEUDEUKEUTAN REUREUJEUNGAN SARENG ALLOH SAPOPOENA.
Ayeuna kantun Rukun Iman anu ka 2 (dua): Wa Malaikatihi anu hartosna:
Kawula percaya ka Malaikatna Alloh. Mugi engkang !..., ngajelaskeun !.
133.
Rd. Muslimin: Eta. Rai !.... percaya teh percaya kumaha ?
134.
Rd. Muslimat: Kieu upami sapuk mah sareng manah engkang, Yen
Malaekat teh salaku utusan Alloh, anu ngadugikeun ayat-ayat ka para Nabi
sareng para Rasul nalika masih jumeneng keneh.
135.
Rd. Muslimin: Upami paham rai kitu, . Sedengkeun ayeuna para Nabi,
para Rasul, khususna Nabi Muhammad parantos pupus, atuh panginten Malaikat
teh parere, parantos henteu di utus deui nya ?
136.
Rd. Muslimat: Eeeeh, leres nya ?, upami kitu mah khususna Malaikat
Jibril, panginten pere. Mugi engkang., kersa ngeceskeun, da karaos paham
rai. Anu tadi mah lepat.
137.
Rd. Muslimin: Atuh naha ngaji teh kitu ?, ngaji kawas murangkalih et
amah. Sanggem engkang oge, ari ngaji ulah ingkar tina diri. Geura rakrak/kakat,
kotektak badan sakujur, ngarah ngajinis. Kedah enggal-enggal bilih kabujeung
wafat !, susah temennan upami kabujeng pupus teh, sedengkeun ngajina can
tamat da katungkul ku maca bae, ngapalkeun basana ari eusina teu di palire, jadi
bae ngan pinter maca jeung nyurahkeun. Ari pek teh pedah parantos pinter
maca sareng nyurahkeun, asa parantos ngarasa cukup, ngarasa sugema, bari
diangge kumangungan cenah pasti bakal ka Sawarga. Kieu rai !....., papay heula
perkara Malaikat teh, kapan tadi disebatkeun salaku Utusan Alloh. Ari Alloh
teh Sifatna Hirup. Jadi atuh Malaikat teh nyatana Usik. Sakabeh usik, boh usik
Ati, kitu deui usik Jasad. Kapan Usik teh utusan, nya Hirup anu miwarang.
Najan usikna bulu, usik kuku manjangan, eta sadayana Malaikat. Anu mawi
sanggem Hadist, Malaikat teh rebu-rebu seueurna, tapi henteu jirim aperti
wujujud manusa. Sareng tara barang tuang, oge tara kulem siang wengi oge.
Penginten ku rai !..., kasaksi, sok sanaos rai nuju kulem, tapi ari Bulu,
Kuku tetep manjangan, Napas tetep ngarenghap, atuh Jasad ngajangkungan
sareng ngalintuhan. Istuning eta Usik (Malaikat) teh satia kana utusan, didamel
siang wengi. Rai!, eta Malaikat anu mangrebu-rebu teh, ari mandorna mah anu
4 (opat), nyaeta:
Usik Tinggal Mandorna Malaikat Jibril
Usik Baham Mandorna Malaikat Mikail
Usik Dangu Mandorna Malaikat Isrofil
Usik Angseu Mandorna Malaikat Ijroil
133.
Rd. Muslimat: Kahartos ari kitu mah kang !, paingan Malaikat teh
kamashur, henteu warna, henteu rupa, henteu pamegeut henteu istri, tara kulem
sareng tuang leueut. Sidik ari ku mah, moal enya Usikngawujud. Ayeuna

kantun. Rukun Iman anu ka 3 (tilu) Wa Kutubihi nyaeta: Percaya kana


ayana Kitab Alloh Taala.
134.
Rd. Muslimin: Cing.. kumaha paham rai!, percaya kana Kitab Allah
Taala teh ?
135.
Rd. Muslimat: Nya kanggo rai mah, percanten kana Kitab anu aya
tulisannana, buktosna Al-Quran.
136.
Rd. Muslimin: Eta oge leres, percanten kana Kitab Al-Quran sakumaha
anu pada ngajarelaskeun ku para ahli. Nanging rai !..., kedah dirangkep ku
paham Percaya kana Kitab Tulisan Wujud Urang. Margi upami parantos
dilenyeupan, eta tulisan Kitab Al-Quran teh estuning nuduhkeun kana tutulisan
wujud urang, wiwincikan diri. Jadi rai teh .., kedah percanten kana Tutulisan
Kuring boh bengharna, boh miskinna. Poma masing narima kana eta tulisan diri
anu saestuna. Upami parantos kitu, geura bakalSabar moal rek aral upama nuju
aya dina kakirangan.
137.
Rd. Muslimat: Ke.kang !.., eta mah tutulisan diri dina hal takdir boh
beunghar, boh miskin. Kumaha upami jalma anu kenging Hukuman Penjara, eta
oge sami tulisan ti Alloh ?
138.
Rd. Muslimin: Iiiih. Ari anu menang hukuman kitu mah, eta mah tulisan
ti Setan, tina Nafsu Wujud Urang. Ongkoh parantos pada ngawartosan, yen anu
sok maling, Jinah, maehan, eta bakal dihukum, bakal dipenjara, naha atuh di
lakukeun ?
Tulisan ti Alloh mah lain anu kitu, diantarana upama ninggang cilaka anu teu di
haja.
133.
Rd. Muslimat: Perkawis Rukun Iman anu ka tilu parantos kahartos,
ayeuna kantun teraskeun kana Rukun Iman anu ka 4 (opat), nyaeta Wa
Rasullihi. Tegesna kedah percaya ka Rasululloh salaku utusan Allah.
134.
Rd. Muslimin: Paham , kumaha percaya ka Rasululloh utusan Alloh
teh ?
135.
Rd. Muslimat: Ari paham rai mah, nya anu disebat Rasululloh utusan
Allah teh ., eta para Rasul, da kapan para Nabi atawa Rasul mah salaku utusan
Alloh ?
136.
Rd. Muslimin: Kitu oge teu lepat., ari Majajina mah, atawa sreatna
mah, tapi kapan ayeuna mah para Rasul parantos parupus sareatna, atuh
ayeuna man percanten teh kedah kana Hakekatna badan anu jadi
utusan Hirup pribadi. Jadi kedah kieu tekad urang teh: Sategesna geus percaya
tigin kana ieu Rasa Wujud Urang. Rasa tinggal, Rasa Dangu, Rasa Baham, Rasa
Angseu. Mangga geura rasakeun ku rai !...., bade kumaha teu percayana
kana Rasa Wujud.
Upami barang tuang uyah, tangtosna sanggeum Rasa Baham teh Asin.
Upami barang nguping sora gelap, tangtosna sanggeum Rasa Dangu teh sora
guludug, kapan moal disebat musik.
Upami barang ningali nu caang, tangtosna sanggeum Rasa Tingal teh moal
nyebatkeun poek.
Upami barang ngangseu Minyak seungit, tangtosna sanggeum Rasa Angseu teh
kapan moal nyebatkeun bau, pasti tangtuna oge sengit. Kapan ari Rasul mah
tara bohong sareng tara cidra rai.
133.
Rd. Muslimat: Leres pisan kang !..., Rasul mah tara bohong tara cidra.
Upami kitu ari anu osok bohong sareng cidra saha ?, sareng timana torojolna ?
134.
Rd. Muslimin: Ari anu osok bohong jeung cidra mah Manusa rai !...,
norojolna tina Biwir pangucap manusa. Contona: Upami rai, ngagaleuh minyak
sengit, tangtu eta minyak teh di ambungan heula. Saparantos cop atawa pas
sareng hate, eta seungitna minyak teh disaksi ku Rasa (Rasul) Pangambung,
nembe naroskeun perkawis harga. Sanggeum anu dagang, hargana teh
(upamana) tilu rebu perak. Tah kusabab rai palay leuwih murah, teras di

akalan, rai teh ngucapkeun kieu: aaah., mahal teuing sakitu mah., naon
minyakna oge henteu seungit. Padahal Rasa Pangambung rai mah
ngabenerkeun yen eta minyak teh sengit.
Tah Nafsu (kahayang murah), anu ngadorong kana akal sangkan digawe,
teraskeun ditepikeun ku biwir. Jadi torojolna teh tina Nafsu, ngadorong kana
akal manusa. Da Rasul mah tetep teu bohong. Kitu tah ra !....
133.
Rd. Muslimat: Leres pisan, ayeuna mah parantos ka paham perkawis
Rukun anu ka opat mah, kantun ayeuna teraskeun kana Rukun anu ka 5 (lima)
nyaeta: Wal Yaomil Akhir. Tegesna percaya kana Poe Akhir.
134.
Rd. Muslimin: Cobi heula, paham rai !.... dugi kamana perkawis Wal
Yaomil Akhir teh ?
135.
Rd. Muslimat: Ari rai mah percanten pisan, yen Alam Semesta ieu bakal
ruksak, nekanan poe akhir nyaeta Kiamat. Mung sakitu katerang rai mah.
136.
Rd. Muslimin: Kitu oge henteu salah rai !...., naming sasaran paham rai
eta jauh teuing. Eta mah kanaKiamat Jagat Kabir jigana mah moal kasorang ku
anak incu. Ayeuna mah kieu !, rai teh kedah ngalirik kana Jagat Shagir,
nyaeta Jasad Urang, anu bakal ti heula nekanan poe akhir,
nyaeta Pupus atawaWafat. Eta rai !..... anu kudu dipikiran mah, sing gede
kasieun. Kudu buru-buru nyiar elmu supaya katepi kana Marifat ka Allah, bisi
kaburu maot !... kapan rai, sieun ku Naraka ?
137.
Rd. Muslimat: Aaah rumaos kang !.... Rukun Iman teh ngan dibaca
sadayana, tapi ngimankeunnana, eusina mah ngaler ngidul.
138.
Rd. Muslimin: Kedah ti ayeuna rai !...., di aji eusina, dirasakeun, margi
Rukun Iman teh Bibit rahayu Dunya Akherat. Keur di dunyana moal keuna ku
hukum penjara, sabab laku nu goring dijaga, da nu Maha Suci ngayakeun Rukun
Iman teh pikeun Pamageur Nafsu anu Awon. Atuh di akheratna baris pinanggih
sareng Ka-Nikmatan.
139.
Rd. Muslimat: Insya Allah kang !....., bade di estokeun pisan. Kantun
Rukun Iman anu ka 6 (genep), nyaeta: Wal Qodri Hoerihi. Tegesna timbangtimbang papasten hade sareng goring. Mugi engkang., ngajelaskeun !..., rai
teu acan ngartos, moal enya Alloh midamel awon.
140.
Rd. Muslimin: Iih, rai !, ari Allah mah mung midamel Suci, anu sae-sae,
da anu goring mah eta ti Idajil tea, sakumaha anu parantos dijelaskeun ti payun.
Kieu..geura ngamanaan Rukun Iman anu ka genep mah: Urang kudu percaya
sing tigin, upama jalma waktu hirupna teu aya kadaek, teu daek nyiar elmu, teu
daek ibadah, teu daek ngabakti ka Nu Maha Suci, eta anu kitu dimana
engke Maot/Wafat, nyawana bakal tigebrus ka Naraka (nempuh ka teu
ngeunah) anu langgeung. Meunang siksa kubur, sakarat mah geus puguh. Jadi
nyorang Tilu kali siksaan.
Tapi sawangsulna, upami jalma anu hirupna suhud neangan elmu, Sareatna,
Tarekatna, Hakekatna, Marifatna geus kasusul, bari kersa amal ibadah
Hablumminalloh Wa Hablumminannas. Tah eta bakal meunang untung,
benghar ku kanikmatan (Sawarga). Teu ngalaman siksa keur sakarat, siksa kubur,
sareng siksa Naraka.
Kitu tah ra !.., babaran Rukun Iman anu ka genep mah, mangrupa mungkas
tina Rukun Iman. Sakali deui rai !...., ari percaya teh kedah sareng Marifatna.
Sabab upama ngan semet percaya wungkul, bari teu jeung Marifatna, disebatna
teh Iman Taklid sareng Idlal tea, henteu dugi ka Iman Tahqiq.
Sareng ari Iman teh aya dua perkara:
Ka hiji Iman kana Dzat Sifat-Na Alloh bari sareng Marifatna. Ieu mah bagean
elmu Hakekat.
Ka dua Iman kana Parentahna Alloh, kedah ngalakonan Rukun-Rukun-Na.
Tahieu mah bagian elmuSareat. Kitu oge upama nuju kaayaan jagjag
waringkas.

133.
Rd. Muslimat: Kumaha upami jasadna parantos teu walakaya ?.
panginten moal tiasa ngalaksanakeun Rukun Islam sagemblengna, sapertos
Sholat, Puasa, Munggah Haji ?
134.
Rd. Muslimin: Saleresna ari Iman mah ulah pegat, kedah teras Iman ka
Nu Marentah-Na. da pikeun anu parantos Marifat mah, sanaos jasadna parantos
teu walakaya oge, pasti moal hilap, moal samar, da henteu kedah sareng
praktek, malah teu lisan-lisan acan. Margi parantos ngaraos ngahiji, teu ngaraos
papisah, nuju calik, leumpang, nangtung, ngarenghap, henteu weleh sasarengan
(Akrob). Da ieu wajib sanes fardhu.
135.
Rd. Muslimat: Kee. Kang !..., naon dasarna pangna disebat Wajib ?
136.
Rd. Muslimin: Geuning sanggeum hadist oge: WA KHAWAIDUL IMANI
WAJIBUL WAJIB ANYALAMA. Anu hartosna: Kabeh umat wajib pada weruh
kana Iman. Nyaeta kana Iman Sajati.
137.
Rd. Muslimat: Tadi..sanggeum engkang, eta mah Wajib sanes Fardhu.
Ari Fardhu anu kumaha ?
138.
Rd. Muslimin: Ari Fardhu mah, tina parentah wajib anu parantos di olah
deui ku Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, miwarang ibadah ka Allah.
Kedah pisan rumasa tur tumarima, margi Asal Urang, Usik Malik Urang teh
disareng ku Manten-Na. upami urang teu kersa ngabakti, teu ibadah ka MantenNa, atuh jadi nyaruaan, papak henteu aya luhur handap. Fardhu mah nya dina
ibadah Syareat. Rai !..., Wajib sareng Fardhu teh, basana oge dua rupa, tapi
sing ngahiji sing ngagulung.
139.
Rd. Muslimat: Kang !....., kamalinaan, parantos waktos netepan Lohor,
engke urang sambung deui.
Atuh rai sareng raka, arangkat heula ka Masjid bade naretepan heula Lohor.
Saparantosna rengse naretepan, ngabujeung deui ka Bale Paguneuman,
neraskeun hanca anu katunda /kapegat.
133.
Rd. Muslimat: Kang !..., rupina perkawis babaran Rukun Iman mah di
anggap tos cekap heula, kapan urang teh nuju ngahanca IMAN TAUHID
MARIFAT ISLAM. Ayeuna mangga tingkatkeun kana Bab Tauhid.
BAB TAUHID
133.
Rd. Muslimin: Rai !..., ari TAUHID teh, undakna tina atawa ngaronjatna
tina Iman. Upama Iman-na (Taklid, Idlal, Takhqiq) parantos kacumponan,
parantos Haqul Yakin (awas qolbuna) kana Bahrul Adam/Nur Muhammad,
tangtuna oge baris ajeg moal galideur deui, sarta bakal soson-soson, suhud,
khusyu, rasa, rumasa, tumarima.
Ucapna tara geurehan, tara sugal pikanyerieun hate batur, sopan someah hade
ka semah. Lacuna, nyengker kana ka-Maksiatan anu sakira diharamkeun ku
Agama tur di larang ku nagara. Elmuna bari prak di amalkeun kalawan sadrah,
ikhlas. Tur dina prak ibadah ka Nu Maha Suci, disarengan ku Rasa, rumasa,
narima lamokot ku kokotor, rumasa bodo, teu daya teu upaya. Usik, malik,
leumpang, ningali, ngadangu, ngangseu sareng nyanggeum teh, kajabi Allah
Dzat Wajibul Wujud. Anu mawi sumerah diri ka Manten-Na. Kitu tah.. kirang
langkung jalmi anu parantos TAUHID.
133.
Rd. Muslimat: Parantos kahartos perkawis Tauhid mah, atuh teraskeun
kana Marifat.
BAB MARIFAT
133.
Rd. Muslimin: Ari MARIFAT teh undakna tina Tauhid, Tekad Ucap
sareng lampahna parantos salamina sae ( Takholi sareng Tahalli), atuh pastina

oge bakal tiasa Tazalli (awas) kana Dzat Sifat Asma-Na Allah. Sakumaha ti
payun parantos dijelaskeun, yen Marifat teh parantos tembus paningal
atina/qolbuna, ka Dzat Sifat Allah ku ridho tur pitulung Manten-Na. kitu tah
rai !...., perkawis Marifat mah.
134.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang !..., perkawis IMAN, TAUHID,
MARIFAT parantos, ayeuna kantunISLAM. Cobi kumaha ecesna
perkawis Islam teh ?
BAB ISLAM
133.
Rd. Muslimin: Ari ISLAM teh rai, sategesna Suci, bersih tina sagala
kokotor. Ari anu jadi kokotor teh naon ?, taya lian ti iwal ti Nafsu. Saha jalmana
anu henteu kaancikan ku Nafsu ?. tos kantenan di jalma anu lacuna masiat,
sanajan di ahli Agama oge, sami pada kaancikan nafsu. Ari jugjugan
atawaSasaran ki Nafsu teh pokona mah ngan 3 (tilu) perkara:
1.
Kalungguhan / kakawasaan (Tahta)
2.
Haliah dunya (Harta)
3.
Birahi (Wanita/Pria)
Rai !..., ari Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina. Malahan keur hiji
teh Ghaib deuih. SategesnaIslam teh Nur. Tah eta anu teu katetepan nafsu
mah. geuning nalika masih keneh aya dina Alam Nur mah, rai, teu kagungan
kahoyong naon-naon.
Atuh kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, ngan hiji nyaeta Rasululloh. Ku
sabab kitu, atuh geuning jalma mah teu kabagean Islam, paling-paling
jadi Umat-Na. Kitu oge anu tepi ka pangkat Umat teh sarebu hiji, sabab kedah
terang heula ka Rasululloh, sarta kedah ngalakonan kana parentahna.
133.
Rd. Muslimat: Kedah terang heula ka Rasululloh ?, rupina sami kang
sareng manana Warosulihi dina Rukun Iman ?
134.
Rd. Muslimin: Kirang langkung kitu tah rai !..., manana perkawis Islam
teh !
135.
Rd. Muslimat: Supados nyambung kang!, kumaha upami teraskeun
kana Rukun Islam ?
PEDARAN RUKUN ISLAM
133.
Rd. Muslimin: Perkawis Rukun Islam mah, kalebet kana ibadah Sareat
rai !.., janggelekna atawa ciri ti jalmi anu parantos Iman ka Allah, di buktikeun
ku Amal Ibadah kasasama (Hablumminanas) sareng ibadah ka Alloh
(Hablumminalloh).
134.
Rd. Muslimat: Ke..kang !.., eta perkawis ibadah ka Allah, asa kirang
ngartos rai mah. kapan Alloh mah sifat Ghoniyun (Maha Benghar), Maha welas,
Maha Asih, naha beut hoyong di ibadahan ku makhlukna ?
135.
Rd. Muslimin: Et amah ra !..., sakadar basa wungkul ibadah ka Alloh teh,
kereteg hate Janggelek tina Rasa rumasa, di usik malikeun ku Manten-Na. Atuh
kalihna ti eta, praktek ngabakti kitu teh ngabedakeun antara Anu dicipta (di
damel) sareng Anu Nyipta (anu ngadamel). Upami henteu kitu, atuh panginten
teu aya Martabat Luhur Handap, atuh dianggap sami (papak) antara makhluk
sareng kholikna.
Anu langkung jero maknana teh, manusa teh kedah seperti Allah, buktos
ibadahna (Welas-Asih) ngamodalan kumplit, taya kurang, saniskara di ayakeun,
taya lian pikeun sakumna makhluk-Na. Anu mawi dina nuju ngadararoa atawa
syukuran nalamprakeun panangan kaluhur teh, sanes ngandung harti Allah aya
ucang angge di Langit Katujuh, tapi nganyatakeun yen Martabat Allah teh
pangluhur-luhurna, moal aya anu nyamian. Kitu rai, tahAllah mah teu
peryogieun ku anu ibadah, sareng teu hoyongeun di ibadahan, paling oge Allah

mah miwarang emut (Eling) ka Manten-Na. margi upami henteu emut ka Mantenna, engke bilih hilap karagungan rarasaan pangkawasana, heug wae boga
lampah sakama-kama.
133.
Rd. Muslimat: Upami Allah henteu peryogieun di ibadahan, atuh..,
kanggo saha eta amal ibadah teh ?
134.
Rd. Muslimin: Nya mangfaatna mah pikeun anu ibadahna keneh. Upami
ra, sering susuci diri, boh lahirna boh batinna, atuh rai teh bakal bersih tina
kokotor atawa dosa-dosa (Hadas ageing sareng hadasr alit). Rai.., sering ibadah
berjamaah, atuh ngaraketkeun duduluran sareng ngaraketkeun rasa persatuan
hirup bermasyarakat. Rai.., sering sumerah diri (Hablumminalloh), ngandung
harti yen rai teh hoyong kenging pituduh sareng pertolongan, dituduhkeun
kana Jalan anu lempeng, kiat nahan atawa ngelesan nafsu. Pangpangna mah
sangkan ridho tiasa Marifat ka Dzat Sifat Asma MantenNa.
133.
Rd. Muslimat: Ka kang !.., aya keneh kapanasaran perkawis Amal,
sanggemna perkawis amal teh aya 4 (opat) perkara:
1.
Amal Jariah
2.
Amal Sadrah
3.
Amal Soleh
4.
Amal Maruf
Mugi engkang !....., tiasa maparin katerangan hiji-hijina !
133.
Rd. Muslimin: Kieu rai !..., ari Amal Ibadah teh sapertos dina hal Iman
anu parantos dikapayunkeun, sami aya 2 (dua) tahap, aya Fardhu sareng
aya Wajib.

Ari Amal Ibadah Fardhu mah, parentah Nabi Muhammad Rasululloh,


pikeun ka papada manusa (Hablumminanas) sakumna kaunggel dina Hadist. Kitu
oge upami kasartaan boh ku tanaga, boh ku harta.

Ari Amal Ibadah Wajib mah, pikeun Marifat ka Allah manusa teu
kenging sulaya, margi Wajibkasebatna, sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi
Muhammad: ILLA ANNA AWALLA NAFSHAS FARDHU AEN . Anu hartosna:
Mimiti amal ibadah teh sing ngarti /terang Jatining Hirupmasing tepi ka Aena
(ngajinis).
Sabab kudu katingali eta Sifat Hirup, margi eta Jatining Syahadat.
133.
Rd. Muslimat: Dupi, eta amal anu opat rupi teh .., kumaha tumerapna
atawa prak-prakannana dina ibadah kang ?
134.
Rd. Muslimin: Kieu eta mah rai !..., eta anu 3 (tilu) ( Jariah, Sadrah,
Soleh) teu kenging sulaya. Ari tumerapna nya dina Amal ibadah anu aya tina
Rukun Islam. Kieu gera:

Ari Amal Jariah teh pagawean Badan. Urang kudu ngarti yen
ieu Wujud urang teh nuju jantenJariah Allah atuh kedah nurut kana Kersana
Alloh. Hartosna Wujud nuju di anggo ku Allah.

Ari Amal Sadrah mah, pagawean Lisan. Hartosna nuju dianggo Maca
Kalimah. Sadayana Pujiwaktu eta mah Sadrahkeun ka Allah, kapan sanggem
dalil oge: PUJI MAH KAGUNGAN ALLOH (ALHAMDULILLAH), da kapan
manusa mah Lahawla wala kuwata (Teu daya upaya). Ngandung harti ulah sok
nyoro puji ka Allah, sok hayang di puji atawa pupujieun.

Ari Amal Soleh, et amah pagawean Qolbu/Hate. Kedah soleh teh, kedah
bersih hate/qolbu, sing cengeng ulah kaganggu patekadan ku Tahta, harta,
wanita/pria. Jadi kedah LILLAHI TAALA .
Kitu amal kanggo ka Allah mah rai !.., henteu deui sareng amal ibadah ka papada
manusa, sok pandang kana buruhan (Pamrihan).

Ari amal anu hiji deui mah Amal Maruf, et amah tumerapna dina
Hablumminanas , tapi didasaran ku Lillahi Taala. Janggelekna dina amal ibadah

di Rumah Tangga, amal ibadah di lingkungan Masyarakat, berbangsa bernegara.


Amal ibadah anu dumasar kana ka ikhlasan, teu aya maksud ka dua leutik, taya
pangarahan, ibadah ngajauhan kasarakahan/kamungkaran.
133.
Rd. Muslimat: Aduh.., hatur nuhun kang !..., rai parantos dipasihan
terang perkawis perelean Amal Ibadah. Tapi rupina, eta amal ibadah teh tiasa
ngajanggelek Lillahi Taala upama Iman-na parantos Tahkik, Tauhid-na
parantos leres, atuh Marifat-na leres, oge Sajatining Islam-na parantos
kapendak. Cobi, ayeuna rai hoyong terang, eta Amal Jariah, Sadrah, Soleh teh
kumaha tumerapna dina prak-prakan ibadah Rukun Islam !.
134.
Rd. Muslimin: Ari tumerapna dina hiji-hijina anu kawengku ku Rukun
Islam mah sareng moal leupas tina SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MARIFAT-na
kieu geura:

o
o
o
o

RUKUN ISLAM KA HIJI SYAHADAT


Ari katerangan Syahadat mah, bawiraos parantos cekap sakumaha dijelaskeun
ti payun.
Jariah - na: atawa Syareatna Badan/Baham ngucapkeun Dua Kalimah
Syahadat.
Sadrah na: atawa Tarekatna Antebkeun Ati/Qolbu, eling muji ka Allah
ka Rasululloh bari pasrah Lillahi Taala.
Soleh na: atawa Hakekatna Bersih tina kahayang kaperluan
kahirupan sangkan tiasa Awas(Tazalli) kana Sifat Hirup.
Marifat na: Ngaraos kaliputan ku Dzat Sifat Allah. Tah eta Dzat Sifat
Jatining Syahadat atawa Jatining Hirup atawa Hakekat Muhammad.
RUKUN ISLAM KA DUA SHALAT
Jariah - na: atawa Syareatna Waktu dina Solat, wujud urang teh nuju
janten Jariah Alloh, nuju di anggo: Nangtung - Takbiratul Ikhram Ruku Sujud
Lungguh.
Sadrah na: atawa Tarekatna Syukuran kana ka-Agungan Allah. Sumerah
teu ngaraos kagungan Jasad, teu ngaraos kagungan kahayang. Soleh na:
atawa Hakekatna Bersih, Suci Qolbu.
NANGTUNG NA NUJU HAKEKAT HURUF ALIP ( )
RUKU NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AWAL ( )
SUJUD NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AKHIR ( )
LUNGGUH NA NUJU HAKEKAT HURUF HE ( )
TAKBIRATUL IKHRAM NA janten Hakekat Tasjid ( )
Marifat na: Awas Qolbu ka Nur Muhammad ( Narun,
Hawaun, Maun, Thurabun), eta anu baris nepikeun ka Dzat Sifat Nu Maha
Suci.
RUKUN ISLAM KA TILU ZAKAT
Jariah - na: atawa Syareatna sakumaha umumna mere ku beas, ku
duit, ditarima ku fakir miskin, ku yatim piatu.
Sadrah na: atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Daim (Tazalli)
Soleh na: atawa Hakekatna Bersih, Ikhlas ngazakatkeun diri ka
Nu Maha Suci.
Marifat na: Sing Ngaraos ilangna Rasa Jasmani, tanda ditarima
ku Nu Maha Suci, kasilih ku Nur Muhammad.
RUKUN ISLAM KA OPAT PUASA

Jariah - na: atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah,
nuju di anggo ngarasakeun kumaha rasana nahan lapar, hanaang, birahi, dina
waktu siang.
Sadrah na: atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusu (Tazalli)
Soleh na: atawa Hakekatna Bersih, tina hawa nafsu anu goring anu
mawa kana pibahayaeun/maksiat.
Marifat na: Kedah panggih sareng Romadhon anu sapertos Bulan
Purnama caang jiga tanggal 14 (opat welas).
RUKUN ISLAM KA LIMA MUNGGAH HAJI
Jariah - na: atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah,
Zarah ka Kuburan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, teras ka Mekah Zarah ka
Baetulloh.
Sadrah na: atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusus/Tazalli.
Soleh na: atawa Hakekatna Bersih, ngalebur dosa urang, ilang Rasa
Jasmani, ilang Rasa Rohani, tinggal Rasa Nurani (Rasa Allah) anu tiasa nyusul
raratan Allah. Kapan dalilna: KULLI UMATIN WA RASULLIHI. Hartosna: Dina
sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, tegesna Rasa Alloh.
Marifat na: Kedah ngarasa ngahiji Jasmani sareng Rohani, ngaraos
nikmat gumulung antaraHIRUP RASA WUJUD.
Tah kitu rai..!, tumerapna JARIAH, SADRAH, SOLEH, sinareng SAREAT, TAREKAT,
HAKEKAT, MARIFAT dina prak-prakan amal ibadah dina RUKUN ISLAM. Cing
mangga etang ku rai !..., eta Rukun Islam anu lima, saban Rukun Opat-opat
(Sareat- Tarekat Hakekat Marifat), 5 x 4 = 20. Geuning eta Sifat dua puluh
teh mangrupa Sifat-na Allah. Jadi Sifat 20 teh tina Islam.rai !.

133.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang !..., perkawis babaran Rukun Islam anu
di kaitkeun sareng Amal Jariah, Sadrah, Soleh, oge saban Rukun dijelaskeun
Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, sareng Marifatna. Geuning ngalakonan Rukun
Islam teh, ari dipesek mah kacida banggana nya kang !, teu asal wae geuning
amal ibadah teh .
Kang!, tumali tadi kasabit-sabit Sifat 20 Allah atuh sakantenan bae ..
kumaha wiwincikannana ?
WIWINCIKAN SIFAT 20 ALLAH
133.
Rd. Muslimin: Perkawis Sifat 20 Alloh, da ari hiji-hijina mah panginten rai
oge parantos apa nya ?. Ayeuna mah urang sakantenan katerangannana, kieu
geura:
1.
WUJUD
Hartina: Aya Allah, moal euweuh. Ari tandana aya teh ku ayana Nafas.
Samangsa-mangsa ayaNafas tangtu aya Hirup. Samangsa-mangsa aya Hirup,
tangtu moal euweuh Allah teh, sabab Sifat Hirup teh tina Dzat Sifat-Na Allah.
2.
QIDAM
Hartina: Allah ti heula, moal enya Allah pandeuri. Ari nyatana dina Wujud urang
sifatna tehPanon. Ari awas panon teh ti heula, nyaeta anu ngabuktikeun Sifat.
Buktina, waktu Bapa masihBujang, Indung masih Lajang (Parawan), barang
tepung tangtu Paadu Tingal. Saparantos awas Bapa sareng Indung, jorojoy
manahna duanana ting sereset, nya akhirna Ngajodo anu saterusna ngabogaan
turunan. Anu matak Panon heula anu ti heula.
3.
BAQO

Hartina: Allah the Langgeung, moal keuna ku ruksak.


Sategesna Baqo teh Dzat Allah anu Langgeung, nyaeta Hirup kagungan Allah
SWT.
4.
MUHALAFATUL LILHAWADISI
Hartina: Beda Allah sareng anu anyar. Bedana teh kieu:
Allah mah ningali teu karana Panon
Allah mah ngadangu teu karana Cepil
Allah mah ngandika teu karana Baham
Allah mah ngangseu teu karana Pangambung
Allah mah midamel naon bae teu karana Parabot, sareng sajabi ti eta.
5.
QIYAMUHU BI NAFSIHI
Hartina: Allah Jumeneng ku Anjeun, moal enya anu nga jantenkeun. Geuning
Indung sareng Bapa urang waktu Sapatemon Rasa, henteu boga tekad arek
nyieun anak, oge badan urang teu ngaraos di damel ku Indung Bapa.
Geuning sidik jumeneung ku Anjeun, ngan urang mah disarengan ku Kersana
Allah, cukang lantaran ka Rama, sareatna ti Ibu. Ari Hakekatna mah estu
Kersana Allah. Eta wenangna Allah teh, wenang ngajadikeun, oge wenang teu
ngajadikeun.
6.
WAHDANIAT
Hartina: Sah Dzatna Sah Sifatna Sah Asmana Sah Afalna.
Tumerapna dina Soca, Cepil, Pangangseu, Baham. Wiwincikannana kieu:

Upama dina Soca


Sah Dzat-na teh Awasna
Sah Sifat-na teh Naon anu katingali
Sah Asma-na teh Warna (Beurem, koneng, bodas, hideung jeung sajabana).
Sah Afal-na teh Sasat gawena tara pahili.

Upama dina Pangangseu


Sah Dzat-na teh Lamun ngangseu minyak seungit, tetep seungit, lamun
ngangseu tarasi tetep bau. Eta sah na teh tara cidra.
Sah Sifat-na teh Naon anu di angseu pasti
Sah Asma-na teh Boh ngaran seungit, ngaran bau, ngaran hanyir, jeung
sajabana.
Sah Afal-na teh Sasat gawena tara pahili.
Kitu deui Cepil sareng Baham.
7.

QUDRAT
Hartina: Allah teh kawasa. Kawasana Allah teu karana parabot/alat. Geuning
upama urang boga maksud rek nyieun imah atawa naon bae, tangtu ku urang
dipikir heula, dicipta-cipta ku ati. Upami geus kacipta, eta wangunan imah
teh Ngadeg di jero ati (eta hakekatna). Kapan henteu make parabot teu naonnaon.
8.
IRODAT
Hartina: Allah teh Sifat Keresa. Upami tadi ku Kawasana eta adegan Bumi
parantos kacipta dina ati, kantun ayeuna mah jadikeun Keresa arek midamel
Bumi tea (Kantun sareatna) ngabuktikeunIrodat. Tangtu dina Sareat mah kedah
ngagunakeun parabot/alat katut bahan-bahan anu diperlukeun.
9.
ELMU, 10. HAYAT.
Ari Elmu mah ngahiji sareng Hayat.
Ari Elmu teh Kanyaho, ari Hayat teh Caang. Pasti ngahiji, sabab Kanyaho teh
kudu dina kaayaan caang. Moal aya kanyaho dina kaayaan keur poek.
Ari di dunya mah (lahir) caangna teh dina Matahari, katingali ku Panon Jasmani.
Sedengkeun dina Ilmu (Batin) mah, sing tepi ka caang teh dina Jero Ati (Mata
Hate).
1. SAMA: Hartina: ALLAH Ngadangu teu karana Cepil.

2. BASAR: Hartina: ALLAH teh Uninga teu karana Soca.


3. KALAM: Hartina: ALLAH Ngandika teu karana Baham.
4. QODIRON: Hartina: ALLAH Kawasa.
5. MURIDAN: Hartina: ALLAH Kersa.
6. ALIMAN: Hartina: ALLAH Uninga.
7. HAYAN: Hartina: ALLAH Hirup.
8. SAMIAN: Hartina: ALLAH Ngadangu.
9. BASSIRAN: Hartina: ALLAH Ningali.
10. MUTAKALIMAN: Hartina: ALLAH Ngandika.
Eta anu tujuh di luhur ( Qodiron Muridan Aliman Hayan Samian
Bashiran Mutakaliman ), aya nyatana dina diri, upama ka panggih tangtu
hasil, kabuki hijabna Allah, kabingung teh tangtu leungit. Malah upama eta anu
tujuh sifat-sifatna kapendak di sakujur diri, teras Tarekat-na geura pilari. Upama
Tarekatna kasusul, tan wande Marifat Jati kana Dzat Nu Maha Suci,
anu Caang Sajero Ati.
Kitu tah rai !...., wiwincikan Sifat 20 Alloh teh, sareng katerangannana kumaha
masih aya keneh kapanasaran ?
133.
Rd. Muslimat: Cing kang!, manawi aya katerangan anu sanesna,
supados rada eces tur jentre !.
134.
Rd. Muslimin: Ari rai.!, sok nyosok jero, atuh sakitu oge cekap ulah sok
hoyong eces teuing !.
135.
Rd. Muslimat: Kapan engkang keneh anu masihan bongbolongan, upami
ngelmu sing katimu, ngaji sing ngajinis, ulah ngaji Asma wungkul moal jadi Iman.
Kusabab kitu, rai mah hoyong dituduhkeun sareng barangna, sareng buktina.
136.
Rd. Muslimin: Mangga atuh ari kitu pamadegan rai mah, urang buktikeun
sing sidik. Kieu geura rai !...,Sifat 20 teh dibagi 4 (opat), jenengan hiji-hijina
nyaeta: NAFSIAH, SALBIAH, MAANI sarengMANAWIYAH. Ari barangbarangna kieu:

NAFSIAH Nyaeta Nafas, Sifatna Irung.

SALBIAH Nyaeta Paninggal, Sifatna Panon.

MAANI Nyaeta Pangdangu, Sifatna Cepil.

MANAWIYAH Nyaeta Pangucap, Sifatna Baham.


133.
Rd. Muslimat: Parantos apal kang!, perkawis Sifat Dua Puluh di bagi
opat mah, manawi aya keneh katerangan anu langkung jentre tina bukti anu 4
(opat) teh ?
134.
Rd. Muslimin: Anu leuwih jentre mah kieu atuh:

NAFSIAH Barangna Irung aya 1 bagian

SALBIAH Barangna Panon aya 5 bagian:


o
Bobodas Panon
o
Hihideng Panon
o
Kokoneng Panon
o
Bebeurem Panon
o
Heherang Panon

MAANI Barangna Cepil aya 7 bagian:


o
Legok Cepil aya 6 legok, ka tujuhna Liang Cepil

MANAWIYAH Barangna Baham aya 7 bagian:


o
Biwir anu handap Biwir anu luhur
o
Gugusi handap Gugusi luhur
o
Lalangit handap Lalangit luhur
o
Letah
Jadi jumlah sadayana Dua Puluh. Perkawis Huntu mah, kapan datangna oge
pandeuri, saparantos kaasupan aci-aci dunya, oge balikna oge pangheulana. Eta

anu opat henteu papisah rai !..., kudu gulung jadi hiji. Pangangseu Paninggal
Pangrungu Pangucap. Upama kurang hiji moal sampurna, komo upama kurang
dua, pasti moal katepi, sumawona upama kurang tilu beuki nyucud.
133.
Rd. Muslimat: Aduh hatur nuhun kang !, rai parantos dipasihan
terang perkawis Sifat 20 Allah dugi ka sareng jinisna, geuning nuduhkeun kadiri
keneh. Paingan sanggeum dalil: IQRO KITABAKA KAFA BINAFSIKA ALYAUMA
HASIBA, Hartosna: Wajib pisan manusa ngaji teh masing ngajinis, nyaeta
ngajiSa-Adeging Diri / Badan.
134.
Rd. Muslimin: Nyakitu atuh rai !, da ngaji kaluar tina diri mah kapan
sanggeum hadist oge bakal kasasar, matak ngajauhkeun Nu Maha Suci, teu
ngarasa sasarengan siang wengi ngaliputan. Ku sabab kitu saparantosna Ngaji
Daluang teh kedah teras Ngaji Luang, nyaeta Rasakeun Daluang tea.
Dihartikeun, dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog sareng Sareatna,
Hakekatna, terus nganggo Tarekat sangkan tiasa Marifat. Sabab eta anu opat
henteu papisah, kedah gulung jadi hiji, boh dina lakon Agama boh dina Elmu.
135.
Rd. Muslimat: Ayeuna Rai !, bade naroskeun deui: Naha masih aya
kebatna eta Sifat Dua Puluh teh ?
136.
Rd. Muslimin: Atuh puguh aya terasna. Terasna teh janten Aksara.
Margi Aksara oge kenging nyutat tina Adegan Manusa.
137.
Rd. Muslimat: Naha kumaha anu mawi di damel aksara ?, sareng kanggo
naon ?
138.
Rd. Muslimin: Aksara teh kanggo ngauningakeun (ngabuktikeun) Quran
anu jadi dasar Hukum Agama sakuliah Dunya, pikeun pituduh dina Cara Ibadah
Jalma ka Nu Maha Suci. Sareng pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa di
lahir, hirupna bisa waluya, repeh rapih sareng sasama, nangtukeun pikeun
kasalametan di Akherat engke.
139.
Rd. Muslimat: Ke.kang !, upami didamel aksara dina Al-Quran, naha
cekap ku huruf anu dua puluh ?
140.
Rd. Muslimin: Tangtuna oge cukup, moal kurang sanajan ngan ku huruf
dua puluh oge, malahan ariHakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cukup
ra !.
141.
Rd. Muslimat: Ari huruf Quran bisa cukup ngan ku 17 huruf mah, asa teu
acan kahartos, kapan sadayana oge parantos pada terang, yen huruf Quran mah
aya 30 (tilu puluh) huruf.
142.
Rd. Muslimin: Rai !..., tilu puluh huruf mah sareng rangkepannana, da ari
bibitna mah pasti ngan 20 (dua puluh). Lantaran Sifat Dua Puluh eta, nya Sifat
Gusti Allah, moal ngalangkungan atawa ngurangan tina Sifat Nu Maha Suci.
143.
Rd. Muslimat: Tadi engkang nyanggemkeun, malahan Hakekatna mah ku
17 (tujuh belas) huruf oge cekap. Atuh beuki ngirangan, kamana sapalih deui ?,
da panginten moal ical teu pupuguh, tangtu aya sumurupna. Mugi engkang kersa
nerangkeun, ulah kapameng miwejang ka rai !.
144.
Rd. Muslimin: Ari sumurupna mah pasti aya rai !, kieu geura:
Sareatna kanyataan aksara dina Quran anu teu aya teh nyaeta
aksara: Ca, Aksara Nya, Aksara Nga.
Ari Sifat Allah teh aya Dua Puluh. Sedengkeun dina ibadah oge, cekap ku 17
(tujuh belas) rakaat sadinten sawengi teh.
Tah. Tarekatna mah, anu 17 rokaat teh pikeun nyusul anu 3 (tilu) sifat tea.
Sareatna Ca Nya Nga, ari Hakekatna nyaeta Dzat Sifat Asma Allah.
Sakali deui rai..!, anu 17 rakaat teh tegesna ngudag Dzat Sifat Asma
Allah atawa merik Allah Muhammad Adam. Tah eta anu di tareangan teh.
133.
Rd. Muslimat: Leres kang !, diberikna Dzat Sifat Asma teh kudu
ku 17 (tujuh belas) rakaat, waktu anu lima sadinten sawengi, rai oge
ngalaksanakeun eta teh istuning ti aalit, tapi naha nya ..?, rai mah kekeuh teu

acan kapendak eta Dzat Sifat Asma Allah teh ?, najan dicipta ku ati, weleh
teu kaemut, anggur hate sering ambariyang, cus-cos kasagala rupi. Cing kumaha
eta kang?, sangkan gawe teh ulah tanpa hasil ?
134.
Rd. Muslimin: Atuh sagala rupi oge rai..!, kedah sareng elmuna. Geuning
dina hadist oge dijelaskeun: LAMUN AMAL HENTEU REUJEUNG ELMU, BATAL TEU
JADI. Buktina ku rai oge karaos panginten ?. Entong teuing bingung, eta
pertanda ibadah urang henteu jadi, margi henteu bersih ati, jadina mang-mang
hate. Upami hoyong bersih ibadah ka Nu Maha Agung, hempek geura
pilari Tarekat Elmu Wali. Buktikeun hakekat huruf aksara anu tujuh belas tadi,
pilari dina salira rai!, Kujalan Tarekat Elmu Wali pikeun nyusul Dzat Sifat
Asma Allah. Tanwande bisa kapanggih, katinggal ku Rasa Jati. Mimiti pilari anu
tujuh belas!. Da sami, dina Tarekat Agama tujuh belas, atuh dina Tarekat Elmu
oge tujuh belas. Ngan bedana dina tarekat elmu mah, aksara anu tujuh belas
teh, bareng dipakena, sawaktu teh tujuh belas tujuh belas. Anu mawi bisa
Marifat kana Jatining Agami, sangkan urang keur di dohir sampurna ibadahna,
ngalakonan Rukun Islam parentahna Kanjeng Nabi. Jadi alus pisan urang daek
amal ibadah bari disarengan ku elmuna.
135.
Rd. Muslimat: Nuhun. Ku rai katampi piwejang engkang, kantun milari
eta . Tarekat Elmuna. Tapi rai mah dina milarian teh moal kanu tebih-tebih
teuing, nya sakantenan ka salira engkang seja guguru eta Elmu Tarekat. Aya
keneh kabimbang, perkawis Huruf anu tilu tadi ( Ca Nya Nga ) anu henteu
aya dina Quran. Eta naon margina .?
136.
Rd. Muslimin: Atuh rai!, et amah bibitna, kapan bibit sagala rupa, anu
langgeung teu owah gingsir:Dzat Sifat Asma,
atawa Allah Muhammad Adam. Eta bibit saniskara anu aya, bibit Nabi, bibit
Wali Jeung sajabana.
137.
Rd. Muslimat: Naon margina, pakuat-pakait sareng Wali sagala?
138.
Rd. Muslimin: Kieu rai!, upami teu acan ngartos mah: Geura eta aksara
anu tilu Ca Nya Nga, cing cecekna aya sabaraha?, pek itung aya sabaraha
jumlahna.!.
139.
Rd. Muslimat: Tiap huruf, aya tilu-tilu, jadi tilu huruf teh ?, jumlahna
aya Salapan kang !.
140.
Rd. Muslimin: Taheta anu salapan teh Hakekatna Para Wali rai..!. Ari
Sareatna Wali mah kapan aya di wewengkon Cirebon. Jadi upama aya Sareat
pasti aya Hakekatna.
141.
Rd. Muslimat: Nembe mah hakekat nyandak tina huruf tulis, kumaha ari
Hakekat Wali di diri pribadi ?, da kapan kedah ngajinis ?, naha aya nyatana dina
Wujud urang ?
142.
Rd. Muslimin: Kantenan rai.. ay amah, cing eta bilang cecekna badan
urang!, aya sabaraha hiji liangna ?
143.
Rd. Muslimat: Liang dina Panca Indra aya 7 (tujuh), teras dihandap
aya 2 (dua), janten sadayana aya 9 (salapan), ka 10 (sapuluh) Wali tunggal, nya
tunggalna Wujud Pribadi.
144.
Rd. Muslimin: Nuhun pisan rai!, geuning gampang ngarti.
145.
Rd. Muslimat: Tapi sanaos kitu kang!, rada bingung keneh, margi
salaku wawakilna Rasululloh. Kumaha tahkang?
146.
Rd. Muslimin: Eta leres rai..!, kitu pisan sareatna mah. Tapi hakekatna
mah, eta naha rai. Teu rumaos diurus siang wengi? Kapan anu ngurus teh
anu 9 (salapan) liang, sasat ngawakilan Rasul (Rasa). Ari Rasa kapan ghaib.
Seperti:

Rasa hoyong tuang, ngaleueut, diwakilan ku liang Baham.

Rasa hoyong ningali, diwakilan ku liang Soca.

Rasa hoyong ngangseu, diwakilan ku liang Irung.

Rasa hoyong ngadangu, diwakilan ku liang Cepil.


Rasa hoyong kahampangan, diwakilan ku liang Baga/Purusa.

Rasa hoyong miceu, diwakilan ku liang Bujur.


133.
Rd. Muslimat: Nuhun teuing., kahartos ari kitu mah, leres teu tebih ti
diri, kubawaning nya ngahiji, sagala rupi teh arasup ka wujud urang, kana
saadeging diri, henteu ingkah, henteu ical ti salira.
Bilih kabujeng hilap, bade malikan deui kana Quran, ari perkawis gunana mah
parantos diterangkeun pikeun tuduh jalan sangkan manusa teh, sajeroning di
umbarakeun hirup di Dunya tiasa Pidunya Khasanah, oge tiasa Wa Pil akhiroti
khasanah. Atuh perkawis riwayat hurufna atawa Aksara parantos dijelaskeun,
sasat nyutat tina Sifat Allah, sareng tina saadeging diri manusa. Ayeuna anu
hoyong dijelaskeun teh perkawis istilah sareng tahapan Al-Quran, nuhun-nuhun
upami dijelaskeun sareng barangna, supados eces..!.
133.
Rd. Muslimin: Perkawis istilah tahapan Al-Quran mah kieu:
1.
Istilahna teh Al-Quranul Majid
2.
Istilahna teh Al-Quranul Karim
3.
Istilahna teh Al-Quranul Hakim
4.
Istilahna teh Al-Quranul Adim
Ieu Quran anu 4 (opat) istilahna teh, disarurahan ku sabagian Ajengan mah kieu:

Al-Quranul Majid
Nyaeta Quran anu aya Hurufna, anu umum sok dibaraca/di araji ku kaum Islam
sadunya.

Al-Quranul Karim
Nyaeta Quran anu Mulya, tapi ari bukti barangna mah nyaeta eta keneh anu
aya tulisannana.

Al-Quranul Hakim
Nyaeta Quran anu Adil tapi bukti barangna mah, eta keneh bae, Quran anu aya
tulisannana.

Al-Quranul Adim
Nyaeta Quran anu Suci, palebah bukti barangna,.anggeur eta keneh anu aya
tulisannana. Sabab cenah dianggap Suci sareng langgeung hukumannana ti
dunya tug tepi ka akherat.
Jadi disurahannana ku ahli Sara, bet diborong, opat istilahna, oge opat
tahapannana, tapi barangna mah eta keneh-eta keneh.
Tah lamun kitu rai!, atuh sarua bae sareng Mi Gusti kana barang anyar, kapan
Kitab Al-Quran anu aya tulisannana mah di tulisna oge ku manusa, oge keuna ku
ruksak, naha bet dianggap mulya..?, dianggap agung?, dianggap suci?, tur
dianggap langgeung deuih?.
133.
Rd. Muslimat: Tapikang, pamadegan kitu teh, panginten
anggapannana kapan ayat-ayat Al-Quran teh pangandika Allah, pikeun tuduh
jalan tea.
134.
Rd. Muslimin: Leres, Al-Quran teh mangrupa kumpulan tina ayat-ayat
Pangandika Allah, tapi dina palebah ngamanaan istilah sareng tahapannana
mah ulah salancar, eta teh nuduhkeun Masing kapanggih eusina, sing kapanggih
barangna, sing kasungsi sareng anu Ngandikana.
Geuning Pangandika Rasululloh oge: WA ASMAIHI TAALA ABADAN BIL
KUFRO . Anu hartosna: Saha-saha jalma anu ngan ngaji Asma Allah Taala,
badis tetep kafir (lamun teu katimu barangna). Isarat tina eta hadist, mere
tuduh supaya ngaji teh sing Ngajinis. Ulah ngadeluk dina Asma, atawa ngadeluk
dina pituduh, atuh moal tepi-tepi.
133.
Rd. Muslimat: Ari saleresna, kumaha atuh ngamaknaan eta istilah
sareng tahapan Quran teh ?
134.
Rd. Muslimin: Geura kieu rai..!, urang terangkeun:

Al-Quranul Majid

Eta mah cocok barangna nyaeta Quran Majaji (Sareat) anu buktina
aya Huruf/Aksarana,

Al-Quranul Karim
Anu hartina Quran anu Mulya, ari bukti barangna nya Panangan katut Ramo.
Sabab sidik jolna eta Aksara/huruf teh kapan ditulis ku panangan katut ramoramona.

Al-Quranul Hakim
Anu dihartoskeun Nyaeta Quran anu Adil ari bukti barangna nyaeta Paninggal /
Soca. Sabab eta panangan katut Ramona teh moal bisa nulis kalawan sampurna
upami teu aya Paninggal/Panon mah.

Al-Quranul Adim
Anu hartosna Nyaeta Quran anu Suci sareng Langgeung, palebah bukti
barangna nyaeta Hirup. Sabab boh panangan katut Ramona, boh
paninggal/panon nya moal tiasa nanaon upami henteu ayaHirup mah. jadi
sategesna anu Suci, nu Langgeung teh, nyaeta Hirup anu mimiti ngayakeun eta
Al-Quran.
Tah kitu Rai..!, perelean eta opat istilah Quran teh. Kusabab kitu, upami rai
hoyong dugi ka nu Suci-na, kana sampurnana eta Quran, wayahna kedah di Aji
sadayana.
Mimiti urang kedah kersa maca Quranul Majid, eta bagian Elmu Sareat.
Saparantosna dibaca kedah teras di aji (diajen) dihartikeun pimaksudeunnana.
Upami parantos kahartos, geura pilari bari dipidameul Tarekatna sangkan
karasa. Margi eta Quranul Majid, mangrupa tuduh jalan pikeun Uninga ka Allah,
ka Rasululloh. Carana lian ti ku Tarekat nyaeta:
Quranul Karim, hartosna ngaji padamelan Panangan sareng Ramo, anu sakira
baris kauninga tur dugi ka Hakekat Allah, ka Hakekat Rasululloh, sangkan
panangan sareng ramo-ramona teh jadi Mulya.
Tina Quranul Karim, ningkat deui kana Quranul Hakim, ieu mah
bagian Elmu Hakekat. Nyaeta ngaji padamelan paninggal/panon.
Tegesna Sidik kana barang nu Langgeung, nyaeta Hakekat Allah Taala sareng
Hakekat Muhammad Rasululloh, nya anu disebat oge Quranul Adim anu
langgeung tea, atawa Sifatna Hirup. Sanggeum dalilna oge: RUYATULLOHI
TAALA FII DUNYA BIAENIL QOLBI . Hartosna: Ningali Hakekat Allah Taala ti
dunya ku awasna mata qolbu/hate. Tegesna kedah kuHakekat Rasululloh, da
sifat jelema mah moal aya anu Marifat ka dinya, da jelema mah ngan ukur
dipake tempat keur ningali Rasululloh ka Allah Taala.
Tah samangsa-mangsa Wujud urang parantos tiasa dipake ningalina Rasululloh
ka Allah Taala, tangtu ramo urang tiasa nyaritakeun yen parantos ngaku terang
ka Allah, lantaran parantos dipasihan terang ku Rasululloh. Jadi urang mah
kabawa nimat ku Rasululloh ti dunya dugikeun ka akherat.
133.
Rd. Muslimat: Aduh hatur nuhun kang..!, perkawis opat istilah Quran
parantos dijelaskeun bari sareng hakekatna. Nanging aya keneh ka panasaran..,
anu bade ditaroskeun teh, eta aya cariosan kieu: ARI NGAJI TEH SING NGAJINIS,
NGAJI QURAN TEH OMAT SING PANGGIH ALIPNA, margi ceunah upami ngaji teu
kapanggih Alipna, bakal A I U Saumur-umur oge. Kitu tahkang!, rai mah
masih keneh bingung.
134.
Rd. Muslimin: Eu..euhkitu, atuh et amah kedah diterangkeun:
RUMUSAN QURAN SARENG TUMERAPNA DINA DIRI
Kieu geura rai!:

Ari Al-Quran teh seueurna 30 Juz, ari sa-Juz-na teh 9 Lembar. Pek kalikeun
30 Juz x 9 Lembar = 270 Lembar.

Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9

Ayeuna terapkeun sareng Diri Manusa, dina kandungan Indung lamina 9


Bulan, ari sabulan teh 30 poe. Pek dikalikeun 9 bulan x 30 poe = 270 poe. Terus
jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9

Cing kumaha tah rai !, upama ku katerangan kitu..?, da ceuk engkang


mah pas.. Ari dina Quran mah 30 Juz sareng 9 Lembar, di diri manus amah 9
bulan sareng 30 poe. Urang teraskeun deui:

Ari eusina anu 30 Juz teh, nyaeta 114 Surat sareng 6666 Ayat. Terus urang
jumlahkeun: 114 Surat: 1 + 1 + 4 = 6
6666 Ayat: 6 + 6 + 6 + 6 = 24
dijumlahkeun: 2 + 4 = 6

Tah anu 6666 Ayat teh, ari sari patina mah kawengku ku 7 (tujuh) Ayat,
nyaeta SURAT AL-FATIHAH. Anu matak pantes atuh, solat oge henteu sah
upama henteu maca Al-Fatihah. Anu 7 (tujuh) Ayat oge (Surat Al-Fatihah), ari sari
patina mah kawengku ku sa-Ayat, nyaeta Ayat ALBASMALAH (BISMILLAHIRRAHMANNIRROHIM). Cing rai..!, sabaraha Kecap /
Engang eta Bismillahirrahmannirrahim teh ?
133.
Rd. Muslimat: Mangga ke urang etang: BIS MI LA HI ROH
MA NI RO HIM. Janten 9 (salapan) Huruf kang..!.
134.
Rd. Muslimin: Tuh geuning pas, sareng jumlahna anu 30 Juz x 9 Lembar
tea, 270 Lembar dijumlahkeun deui jadi sami 9. Anu mawi 270 Lembar, 114 Ayat,
6666 Surat teh, sari patina kawengku ku Surat Al-Fatihah (7 Ayat), kawengku
deui ku sa-Ayat ( Bismillahirrahmannirrahim), anu jumlahna tetep 9 (salapan).
Cing ayeuna ku rai pilari, cocokeun, jiniskeun, naon barangna dina diri.?
135.
Rd. Muslimat: Bade. Nyobi-nyobi kang ..
1.
Soca: Ka ancikan Awas
2.
Cepil: Ka ancikan Dangu
3.
Pangambung: Ka ancikan Angseu
4.
Baham: Ka ancikan Ucap
5.
Uteuk: Ka ancikan Eling
6.
Hate: Ka ancikan Pikir
7.
Saraf: Ka ancikan Rasa
8.
Panangan: Ka ancikan Obah/Gerak
9.
Sampean/Suku: Ka ancikan Lengkah
Oge tiasa disurupkeun ka anu ngawakilan Rasa:
Soca: Aya 2
Cepil: Aya 2
Pangambung: Aya 2 liangna
Baham: Aya 1
Palarangan: Aya 1 liangna
Bujur: Aya 1 liangna
Jumlah = 9 (Salapan)
Kumaha upami pamendak rai., kitu kang ?
133.
Rd. Muslimin: Tah geuning tos rada calakan ayeuna mah. cing ayeuna
geura pilari, surupkeun naon barangna dina diri, anu jumlahna genep, tina
jumlahan Ayat anu 6666 sareng 114 Surat tea!.
134.
Rd. Muslimat: Ah.. ragu-ragu keneh kang!, saena sakantenan
terangkeun ku engkang!.
135.
Rd. Muslimin: Ari anu Genep mah, surupna teh ka anu bukti (lahir),
sareng ka anu teu bukti (batin):
Anu Bukti (Lahir):
Mastaka (ti beheng ka luhur) = 1
Panangan = 2

Awak (ti taktak tepi ka bujur) = 1


Suku = 2
Ari anu teu bukti (Batin):
Dzat (Hirup) anu ngaliputan
Nur (Sifat Hirup)
Sir (Rasa )
Roh (Nyawa)
Qolbu (Hate )
Nafsu (Akal )
Tah anu genep ieu, booh anu batin boh anu lahir, dina sarining dumadina dibagi
ku 3 (tilu) nyatana:TEKAD, UCAP, LAMPAH, jadi dua-dua, anu nyaksi sareng
anu disaksi:
Tekad disaksi ku Rasa
Ucap disaksi ku Ceuli
Lampah disaksi ku Panon
Kitu rai, sari pati sarining laku urang siang wengi anu kudu ati-ati teh, bisi ti
soledat. Boh ti soledat Tekad, ti soledat Ucap, oge ti soledat Lampah, ku
pangaruhna ki Nafsu anu sasarannana kana Tahta, Harta, Wanita/Pria.
133.
Rd. Muslimat: Lerse pisan kang!, paingan sanggeum sepuh: Lamun
maneh hayang salamet hirup, poma sing bener tekad, ucap, jeung lampah. Sing
horeng geuning mangrupi Patokan anu utama pikeun sapanjang di umbarakeun
di Alam Dunya ieu. Cing kang!, kapalang surupna anu jumlahna 7 (tujuh) tina
Ayat Surat Al-Fatihah tea!.
134.
Rd. Muslimin: Dupi anu jumlah 7 (tujuh) mah rai!, upami bade
surupkeun: kana 4 (opat) indera, geura jumlahkeun:
Soca aya 2
Cepil aya 2
Panganbung aya 2
Baham aya 1
Upami bade di surupkeun kana Sa-Adeging Diri mah kieu:
1. Soca 2. Cepil 3. Pangambung 4. Baham 5. Panangan
6. Palarangan 7. Sampean
Rai!, ku tujuh rupi ieu, anu tiasa ngabuktikeun kana hasil Batin ( Cipta, Rasa,
Karsa ). Laku anu tujuh ieu anu ngawengku sagala tekad jalma. Tapi
euihh.rai!, tiasa ayana Cipta Rasa Karsa sareng Karya teh, upami manusa
anu kakucuran Taufik sareng Hidayah, tiasa mencrang kalbuna, emutannana, da
anu henteu mah geuning disebatna oge Poekeun Pikir. Tah pangna
aya Mencrang, Caang teh , eta anu kakucuran Welas sareng Asih Nu Maha Suci.
Ari sifat welas asih Allah teh, kapan kaunggeul dina, Ayat: BIS MI LA HI
ROH MA NI RO HIM (kecap aya 9, ari hurufna aya 24 ). Salajeungna
rai..!, eta ayat BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM teh, museurna dina
huruf Be ( ) . Geuning ari ngaji sok dikawitan ku ngucapkeun Bis heula. Tapi
sing emut!, sok sanaos dikawitan ku Lafad Bis, kapan ari huruf Quran mah,
samemeh Be teh aya huruf Alip ( ) . Jadi dina enas-enas n amah ngaji teh
nareangan tur masing kapendak eusina Alip. Ari Alip ( ) kapan di ejahna teh
kieu:
Alip dijabar = A
Alip dijeer = I
Alip dipees = U
Upami teu kapanggih eusina Alip, Saumur-umur oge ngajina a i u. Kitu tah
rai!.

133.
Rd. Muslimat: Kumaha kang.!, upami sakantenan bae atuh, rai pasihan
gambaran supados henteu a i u, ngaji cangkang bari kana eusina mah
lebeng.
134.
Rd. Muslimin: Kieu geura rai..!, sakadar gambaran: Ari aksara Alip teh di
wangun ku huruf A, L, P.
A tegesna Kadim nyaeta Hirup
L tegesna Kidam nyaeta Rasa
P tegesna Mukadas Kadim nyaeta Wujud
Jadi Alip ( ) teh rai!, gambaran ADEGAN DIRI anu diwangun ku Hirup, Rasa,
Wujud.
Ti dinya kakara arek gelar, nya kana Lafadz:
BIS = Asal / Bakaling Hurip
MI = Mulyaning Hurip
LLAHI = Sajatining Hurip
ROHMAN = Sifat Welas
ROHIM = Sifat Asih
Ningkat deui kana Lafadz Al-Hamdu () , 5 (lima) huruf/kecap nyaeta: A La
Ha Ma Da ( - - - -) . Ieu janggelekna tina kudu boga Rasa Rumasa ti
manusa, asal ti Mantenna, atuh usik malik ku Mantenna, sapantesna kudu Muji,
Ruku, Sujud, ka Manten-Na. hiji ciri yen Martabat manusa sahandapeun
MantenNa, nya dibuktoskeun tina Huruf/kecap Alhamdu teh jadi pagawean wajib
5 (lima) Waktu:
Huruf
Huruf
Huruf
Huruf
Huruf

Alip jadi Lohor


La jadi Ashar
Ha jadi Magrib
Ma jadi Isa
Da jadi Subuh

Anu jumlah rokaatna sadayana aya 17 (tujuh belas) rokaat.


Gambarannana Sapertos kieu:
Huruf Al-Fatihah nyaeta Wujud tina Sholat 5 Waktu
Dicandak tina Kecap Al-hamdu

Perwujudan: At-Tahiyat - Sujud - ITidal - Ruku - Kiyam ( Takbiratul Ikhram )


133.
Rd. Muslimat: Cing kang..!, manawi aya pereleannana deui..?
134.
Rd. Muslimin: Kantenan aya mah, kieu geura:

Waktu Lohor: Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nafsu /
Akal, anu jalanna kanaPanon (2) sareng Cepil (2).

Waktu Asar: Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Roh /
Jiwa, anu jalanna kanaPanangan (2) sareng Sampean (2).

Waktu Magrib: Pangna aya 3 rokaat, sabab dina diri manusa aya Sir /
Rasa, anu jalanna kanaIrung (2 liang) sareng Baham (1 liang).

Waktu Isa: Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nur /
Cahaya, di sabab Madhab ( Harep, Tukang, Kenca, Katuhu ).

Waktu Subuh: Pangna aya 2 rokaat, sabab dina diri manusa aya Hirup,
anu rumaket sarengJasad.

Atuh dina saban rokaat oge kapan aya 5 (lima) gerakan:


Takbiratul Ikhram, eta gambaran tina huruf Alip ( )
Ruku, eta gambaran tina huruf Lam Awal ( )
Sujud, eta gambaran tina huruf Lam Akhir ( )
Lungguh, eta gambaran tina huruf He ( )
Anu matak rai.!, pantes yen Solat teh sok disarebat Tihangna Agama, janten
pagawean Fardhu, cirina jalma anu ngabogaan Rasa,
Rumasa jeung Tumarima. Ngan sing emut yen Solat mah nomer dua, da
nomer hijina mah Sahadat dina Rukun Islam oge, et amah da tatapakannana
atawa pondasina.
133.
Rd. Muslimat: Naha pangna kitu kang!, naha aya asal usulna..?
134.
Rd. Muslimin: Iiiih atuh kantenan ay amah .!. Piraku can kapaham
keneh, kapan gelarna Agamaoge sami wiwitanana mah tina poko anu kantos
diterangkeun ti payun, nyaeta:
1.
Ayana Sahadat teh tina Johar Awal, janten Lafadz Ashadu ( aya 4
(opat) huruf/kecap: A Sa Ha Da ):

A Jadi Dzat = Alip ( )

Sa Jadi Sifat = Lam Awal ( )

Ha Jadi Asma = Lam Akhir ( )

Da Jadi Afal = He ( )

2.
3.
4.
5.

Ayana Solat, tina Cahaya Berem


Ayana Zakat, tina Cahaya Koneng
Ayana Puasa, tina Cahaya Bodas
Ayana Munggah Haji, tina Cahaya Hideung
Tah kitu asal usulna mah rai..!. anu larapna atawa prakna ibadah, sakumaha
parantos diterangkeun ti payun, yen Sareatna, Tarekatna, oge Hakekatna sareng
Marifatna.
133.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang.!, paingan sagala rupi oge kedah
pendak pokona nya, geuning balik deui, balik deui kadinya. Kang mengpeung teu
acan tebih ieu obrolan, eta mugi dijelaskeun kecapDzattulloh, Sifatulloh,
Asmaulloh, Afallulloh.!
134.
Rd. Muslimin: Euhhperkawis eta, insya Allah urang jelaskeun. Anging
hanjakal .ieu parantos waktos neteupan Asar!, atuh netepan heula!, teras
engke urang sambung deui ieu obrolan teh.

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-3

Lanjutan Jeujeur Carios


anu kapungkur......!
Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, saparantos netepan Asar, teras
ngabarujeng deui ka Bale Paguneman, neraskeun hanca obrolannana.
264.
Rd. Muslimin: Alhamdulillah rai, urang dipasihan sehat, kiat, mugi-mugi
bae saterasna Allah Taala ngucurkeun rahmat, kasalametan, oge kalancaran
dina raraga urang madungdengkeun ieu Elmu Agama. Amin.
Urang teraskeun hanca garapan obrolan urang, anu dipiharep ku rai teh nyaeta
perkawis: Dzatuuloh, Sifattulloh, Asmaulloh, Afalulloh.
Rai!, eta anu 4 (opat) perkawis, insya Allah urang dadar sakaterang engkang,
boh luarna boh jerona:
Luarna:
o
Ari Dzatulloh teh, nyaeta ALAM disebatna, anu ngawengku Alam
semesta (Alam Dunya).
o
Ari Sifattulloh, nyaeta CAANG satungkebing Langit. Margi Nu Maha
Agung mah, Hiji Dzat-Na, Hiji Sifat-Na, tapi mahi ngaliputan kana saniskara anu
ngajadi. Istuning henteu aya anu kaluar tina Dzat Nu Maha Suci.
o
Ari Asmaulloh mah nyaeta Seneu, Angin, Cai, Taneuh. Taheta
Asma nu Maha Suci, hiji mahi ka sadayana. Margi eta anu opat teh jadi huruf,
jadi lafadz Asma Allah ( ) :ALIP ( ) , LAM AWAL ( ) , LAM AKHIR ( ) , HE
( ) .
o
Ari Afalulloh teh, nyaeta nyata HAWA, anu ngahirupkeun sa-Jagat.
Kumaha rai..!, karaosna?, surup sareng lelembutan?, atawa masih keneh
bingung.?.
264.
Rd. Muslimat: Saha jalmina.. anu henteu ngartos kana eta katerangan
anu sakitu jentrena. Kantun ayeuna hoyong terang nyasarna kana diri!.
265.
Rd. Muslimin: Upami rai teu acan uninga, kieu geura:
Dina Diri mah:
Dzatulloh = nyatana BADAN SAKUJUR, tiluhur sahibas mastaka, ti handap
sahibas dampal sampean.
Sifatulloh = nyatana RUPA URANG, moal salah.
Asmaulloh = nyatana DAGING, TULANG, SUMSUM, KULIT. Ieu anu opat.., sami di
Dohir oge jadi huruf Asma Allah ( ) : ALIP ( ) , LAM AWAL ( ) , LAM AKHIR
( ) , HE ( ) .
Afalulloh = nyatana mah USIKNA DIRI, usik malik badan urang.
264.
Rd. Muslimat: Ke..kang.., naha..?, kapan tadi oge Allah Taala teh mung
hiji. Atuh upami disurupkeun kana saban-saban diri manus amah, panginten

Allah teh mang pirang-pirangsalobana manusa di ieu Dunya, teu acan deui
sasatoan.
265.
Rd. Muslimin: Naha? Ari rai, bet kaliru teuing..? cing cobi rai!,
geura angkat kanu rame, kanu seueur jalmi mang juta-juta, pek sidik-sidik
tingalian sugan aya anu sarupa persis sareng rupi diri rai. Da pangemut
engkang mah, sanajan di sakuliah dunya oge, moal aya nu sarupa, sapamulu,
anu ceples taya bedana. Sok sanaos anu kembar oge, tetep kedah aya cirri anu
ngabedakeun.
266.
Rd. Muslimat: Eehleresnya ?, upami kitu mah, da rupi rai mah
sadunya oge moal aya anu sami, paling-paling ampir sami. Eta rupina tawisna
Allah mung hiji. Kahartos ayeuna mah kang..!, manawi aya terasna?
267.
Rd. Muslimin: Kantenan.aya keneh terasna. Geura ieu urang wincik
deui. Eta anu diterangkeun di luhur teh, upami diringkeuskeun mah.kieu:

Eta DZATULLOH teh, nyaeta PANGUCAP urang. Margi eta Pangucap teh
istuning atu ngajadikeun sagala karamean di Alam Dohir. Upami henteu ku
Pangucap, gerura moal jadi sagala kahayang manusa teh, gedong-gedong
moal jlug-jleg, kendaraan moal rapang jsjb. Jadi ramena ieu alam dunya teh lian
ti ku kecap, tegesna ku caritaan. Da kapan tadi oge Dzat teh
mangrupa Bibitna.

Ari SIFATULLOH mah, nyaeta PANINGGAL urang. Eta anu mere tuduh
kana sagala sifat, anu hade - anu goreng, oge pada kumpul gulung dina
Paninggal, satungkebing langit, satungkebing bumi. Sakur sifat kana Soca
gulungna: Caang, poek, berem, bodas jsb. Anu matak Soca disebatSifattulloh.

Ayeuna ASMAULLOH, nyaeta PANGDANGU urang. Cepil wadahna. Kieu


katerangannana: Geuning nyata sakabeh sora kumpul gulungna kana Cepil.
Ayana cariosan, sakur-sakur anu diharuskeun ku Baham, eta
sadayana Asmaulloh. Asupna moal leupat deui, iwalti ti kana Cepil.

Kantun AFALULLOH, ari sareatna anu aya dina diri nyaeta NAFAS urang.
Kaluar asup mangrupa wawayangan Sifat Hirup tea, anu ngawengku nguatkeun
sakabeh wujud, eta pisan anu jadi tihangna. Da , upami henteu aya nafas mah,
tangtosna oge maot. Tah palebah dinya, wajib pisan ku urang kaharti, Nafas
teh .. lamun kaluarkamana dumukna..?, nyakitu deui lamun ka jero badan
dimana enggon ngancikna ? Da moal leungit tanpa sabab, tangtu aya tempatna.
264.
Rd. Muslimat: Sumuhunpuguh upami ngemut ka palebah dinya
matak paur, matak reuwas, sieun les bae pupus. Cingkang!, kumaha
supados ngartos!.
265.
Rd. Muslimin: Naha..make paur ?, kapan tadi oge Allah Taala mah Sifat
Adil, nya buktosna ku nurutkeun Elmu, Sareat, Tarekat, Hakekat, Marifat. Tah eta
teh perjalanan, jalan manusa baralik deui kana asalna baheula, nyaeta
tempatna ROH urang waktu di QODIM, waktos di KUDRATTULLOH. Anu matak
urang ayeuna kedah kersa milarian Elmu Marifat. Nyaeta marifat ka asal tadi,
sangkan puguh pangbalikan. Ulah henteu puguh jugjugeun. Heug bae kasasar di
jero imah, linglung di jero lembur, utrak atrok, ngancik dina kayu, dina batu
ngajungjurigan ka batur, paeh henteu sampurna, henteu Wa ina ilaihi rijiun.
Tahrai..!, lamun kitu.., hartina teu boga tempat, atuh bebekelan beunang
hese cape ngalakonan amal ibadah waktu di Dohir teh, nyaah temen pabalatak,
acak-acakan henteu puguh wadahna.
Kitu upamana rai..!, anu mawi teu weleh-weleh engkang mepelingan, kedah
langkung ati-ati enggoning ibadah teh kedah sareng marifatna kana asal-usul
urang jaman nuju di QUDRATTULLOH, margi etapangbalikan anu sajati teh.
264.
Rd. Muslimat: Dayaktos pisan kitu,seuseueurna teh .., aribadah keur
dipangumbaraan teh, maksadna mah kukumpul pibekeleun mulih ka tempat
asal. Tapi ari tempat piwadaheun bebekalan, sok tara diemut kalawan daria.
Antukna sok nemblehkeun kumaha engke bae, kumaha Anu Maha Agung. Atuh

kitu mah, sami bae sareng ngadameul bujang ka Nu Maha Suci teh. Kang..!, tadi
mah DZATULLOH, SIFATULLOH, ASMAULLOH, AFALULLOH teh nembe diluarna,
tah ayeuna kumaha ari di jerona?
265.
Rd. Muslimin: Insya Allah, ayeuna urang terangkeun di Jerona
(Hakekatna). Kieu rai..!, hakekatna perkawis:

Dzatulloh: Nyaeta RASA, moal lepat deui!

Sifatulloh: Nyaeta NUR DZAT (anu Caang Narawangan), disebut oge Johar
Awal, disebut ogeHakekat Muhammad, atau Bahrul Hayat (Sagara Hirup)
atawa JATINING SYAHADAT.

Asmaulloh: Nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna):


o
NARUN (NURUL AHMAR/BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( )
o
HAWAUN (NURUL ASHFAR/KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( )
o
MAUN (NURUL ABYAD/BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( )
o
TURABUN (NURUL ASWAD/HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( )
o
Ari NUR DZAT atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )
Tuh geuning sidik Lafadz Asma Allah. Eta ku rai kedah kapendak upami nuju
ngalakonan Ismu Dzat, margi eta disebat Bahrul Adam (Sagara Adam), nyaeta
tempat kasampurnaan Jasmani (Jasad).

Afalulloh: Nyaeta AWASNA ING DALEM (Awasna mata qolbu/hate), dina


waktu Tazalli. Tah eta teh Afalna Allah Taala.
264.
Rd. Muslimat: Aduhhatur nuhun pisan kang..!, ayeuna mah rai teh
Taohid, parantos tutug perkawis Dzatulloh, Sifatulloh, Asmaulloh, Afalulloh, boh
luarna (Alam Kabir), boh surupna dina diri (Alam Sagir), oge dijerona (Batina).
Naming mugi engkang ulah bosen..!, margi rai teh bade naroskeun deui, masih
keneh bingung. Perkawis Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, janten
kacapangan jalmi, sok disarebat WAL AWALU WAL AKHIRU (Pang awalna,
oge pang akhirna). Malah sok disarebat Khotaman Nabiyin (Nabi Panutup) deui.
Tadi engkang nyabit-nyabit Nur Dzat, Johar Awal atawa Hakekat Muhammad.
Palebah dieu rai teh terus terang bingung keneh. Kana maknana eta basa.
Panginten moal luar wungkul, pasti aya jero-jerona.
265.
Rd. Muslimin: Atuh puguh bae ay amah teuleumannana. Upami rai teu
acan ngartos perkawis Nabi jungjungan urang, pangna disebat pang awalna
sareng pang akhirna, oge disebat Nabi Panutup., kieu geura:
Ku engkang parantos didadarkeun perkawis

Secara BATIN-NA (Hakekatna): Ari Nur Dzat atawa Nurulloh, atawa Johar
Awal, atawa Hakekat Muhammad Rasululloh teh, mangrupi Bahrul
Hayat (Sagara Hirup), bibit 7 Lapis Langit, 7 Lapis Bumi. Jadi saniskara anu aya
teh henteu pajauh, henteu pisah sareng Allah sareng Muhammad. Moal aya
Muhammad lamun henteu aya Allah, sawangsulna moal aya Allah upami henteu
aya Muhammad. Rai..!, Allah sareng Muhammad Rasululloh teh ibarat Panas
sareng hurungna seneugulung ngajadi hiji (manunggal). Moal aya sifat hurung,
upami henteu aya panas. Panas oge pon kitu deui moal aya, upami sifat seneuna
leungit. Tah.. kitu pangna disebat Awalna teh , ayeuna urang terangkeun
secara Syareatna:

Secara LAHIR-NA (Syareatna): Saparantos gumelar Nabi Adam sareng


Babu Hawa, kapan pangna tiasa putraan teh, kusabab Sapatemon Rasa. Ari rasa
kapan hakekat Rasululloh, da upama henteu aya Rasa mah. di dua-duana moal
kaluar Mani. Ari eta Mani kapan Hakekat Adam. Jadi jelas atuh, da Adam
teh Sorotna Hakekat Muhammad (Nur Dzat), nyaeta sorotna Rasa. Eta mani, lilalila mangrupa, ngawujud kieu: jadi SIRAH, jadi DADA, terus jadi UDEL, jadi SUKU.
Ieu jadi Lafadz:
o
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ()
o
Tina DADA NGAJADI HURUF HE ()

Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()


Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ()
Nyajadi Lafadz Muhammad ( )jadi Awal Wiwitan tina Alam
Nur sareng Rasa, sareng Akhirna (Wekasannana) ngajanten Badan/Wujud anu
ngabungkus Nur sareng Rasa.
264.
Rd. Muslimat: Eta katerangan engkang, kahartos pisan, cocog kana
babasaan pang Awalna sareng pang Akhirna. Dupi eta aya basa Nabi
Panutup.?, naonnana kang.?.
265.
Rd. Muslimin: Ngamaknaan basa panutup teh kedah kieu rai.
1.
Panutup tina hal pangkat ka-Nabian, moal aya deui pangkat Nabi.
2.
Panutup dina hal Elmuna anu ngawengku Rukun Agama, anu opat tahap
parantos kasungsi, nyaeta: SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MARIFAT. Parantos
Marifat sapaninggal Dzat Sifat Maha Suci. Anu mawi Nabi Muhammad mah
pangkatna atawa titelna oge Rasululloh. Kitu tahrai !, perkawis basa panutup
mah.
264.
Rd. Muslimat: Percanten atuh.. ari kitu mah paingan atuh Nabi
Muhammad dina hadistna nganjurkeun ka umatna, yen Awal-walna Agama teh
kedah terang heula ka Allah. Dupi eta kang..!, sanggeumna Nabi Muhammad teh
salaku Luluguna para Rasul anu genep nyaeta:
1.
Nabi Adam Khalifatulloh
2.
Nabi Nuh Habiballoh
3.
Nabi Ibrahim Kholilulloh
4.
Nabi Musa Kalamulloh
5.
Nabi Isa Rohulloh
6.
Nabi Muhammad Rasululloh
Cing kumaha eta teh kang? Boh sareatna boh hakekatna ?
264.
Rd. Muslimin: Ari Sareatna mah, ieu para Rasul teh salaku utusan
Allah, dina Jaman-na ngabingbing umatna waktu harita nalika Mantenna
jarumeneng. Ayeuna eta para Rasul teh .parantos pada pupus, parantos pada
sirna. Tapi poma rai.., ulah kaliru..!, anu pupus mah Majajina (Wujud Jasmanina),
moal beda sareng manusa biasa, moal beda sareng urang Hawadisna anu
pupus mah, da ari Rasulna (Rasana) mah henteu istuning Langgeung teu Owah
Gingsir. Sakali deui, ari Hakekatna mah, Rasul (Rasa) mah terus
lumangsung, malahan Rasul anu genep, ngagulung kumpul dina hirupna.
Kapan eta hirup teh sifatna mah tangtu aya dina Diri urang anu masih gumelar di
Alam Dohir.
265.
Rd. Muslimat: Naon atuh Hakekatna para Rasul anu genep dina Diri
Manusa teh ..?
266.
Rd. Muslimin: Ari teu acan terang Hakekat Rasul anu genep dina Badan
urang, kieu geura:
1.
NABI ADAM KHALIFATULLOH , tegesna wawakil Allah Taala
pikeun Bibit nurunkeun manusa. Buktina sadaya manusa geuning ti Adam sareng
ti Hawa. Ari nyatana Adam dina diri urang, nyaetaADEGAN, tiluhur sahibas
mastaka tihandap sahibas dampal sampean. Jadi Adam teh SA ADEG SA
WUJUD Irodatna Nu Maha Kawasa pikeun nurunkeun manusa
2.
NABI NUH HABIBULLOH , nyatana di badan urang
nyaeta PANGDANGU.
3.
NABI IBRAHIM KHOLILULLOH , nyatana di badan urang
nyaeta PANINGGAL.
4.
NABI MUSA KALAMULLOH , nyatana di badan urang
nyaeta PANGUCAP.
5.
NABI ISA ROHULLOH , nyatana di badan urang nyaeta PANGANGSEU.
6.
NABI IBRAHIM RASULULLOH , nyatana di badan urang
nyaeta RASANA WUJUD. Sasat Panghulu atawa lulugu sadaya Rasul (Rasa). Rasa
o
o

Sakujur Badan (Adegan), Rasa Pangdangu, Rasa Paninggal, Rasa Pangucap, Rasa
Pangangseu. Pokona sakujur badan pangna bisa usik malik, nangtung, lian ti ku
Rasa.
Ari anu nguatkeun Rasa nyaeta ku Hirup. Hirup anu ngokop
kana Rasa, Rasa ngokop kana Wujud, Wujudngokop kana Kahayang (Nafsu anu
opat rupa: Amarah, Lowamah, Sawiyah, Mutmainah).
Tah kitu rai!, perkawis pereleanana para Rasul anu genep, salaku luluguna Nabi
Muhammad Rasululloh SAW.
264.
Rd. Muslimat: Kahartos ayeuna mah.. geuning ari dijelaskeun hakekatna
mah jadi ebreh eta para Rasul teh. Dupi etakang !, aya basa MUHAMMAD
HAQ, MUHAMMAD HAKEKI, MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI,
kumaha katerangannana ?
265.
Rd. Muslimin: Urang cobi engkang.. bade nerangkeun MUHAMMAD
HAQ, MUHAMMAD HAKEKI,MUHAMMAD HARID, sareng MUHAMMAD MAJAJI.
Kieu rai..!, perkawis eta opat titel teh:

MUHAMMAD HAQ: Nyaeta Gulungna Dzat sareng Sifat anu rupina Caang
Dumeling.

MUHAMMAD HAKEKI: Nyaeta Sorotna Dzat sareng Sifat ngajadi Cahaya


4 (opat) Warna:
o
NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF MIM ( )
o
HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF HE ( )
o
MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF MIM ()
o
TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF DAL ()
o
Ngajadi Lafadz MUHAMMAD ()

o
o
o
o

MUHAMMAD HARID: Nyaeta Rasa Pribadi, sifatna Rasa Jasmani.


MUHAMMAD MAJAJI: Nyaeta Rupa Jasmani
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ()
Tina DADA NGAJADI HURUF HE ()
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ()

Kitu tah rai!, pereleannana..!, piraku teu ngartos.


264.
Rd. Muslimat: Dupi eta anu disebat Nabi Muhammad Rasululloh SAW,
anu di kubur di Madinah, naon eta kalebetna ?
265.
Rd. Muslimin: Eta mah Muhammad Pangkat. Pangkat Nabi Rasululloh,
utusan Nu Maha Suci, anu ngagelarkeun Rukun Agama: SAREAT, TAREKAT,
HAKEKAT, MARIFAT. Gunana sangkan manusa mulus salamet keur di dunyana
sareng engke di akherat. Koncina kedah terang sareng prcaya Ayana Allah Taala.
Rai!, mung Nabi Muhammad anu kabagian Marifat kana Dzat Sifatna Allah
Taala, da para Rasul anu sanesna mah henteu kabagian Marifat. Anu mawi
Kanjeung Nabi Muhammad mah, Elmuna parantos tutug, janten panutup.
Elmuna teh ngocor ka umatna.., kitu oge upami kapanggih. Kitu tahrai !, piraku
bingung keneh.
264.
Rd. Muslimat: Kahartos ayeuna mah, geuning ebreh ari parantos
dijelaskeun hakekatna mah. eta jenengan anu opat teh. Ke.!, dupi eta.. aya
basa HAKNA ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM, kumaha eta teh
kang ?
265.
Rd. Muslimin: Insya Allah engkang bade nyabi nerangkeun HAKNA
ALLAH, HAKNA MUHAMMAD, HAKNA ADAM:

Ari HAKNA ALLAH teh moal salah AWAS

Ari HAKNA MUHAMMAD teh nyaeta NU NGAWASKEUN

Ari HAKNA ADAM teh nyaeta NU DI AWASKEUN

Geura ku raiemut..!, upami Awas wungkul, tapi teu aya Nu Ngawaskeun,


tangtuna oge luput/moal ngabukti. Kitu deui aya Awas sareng Nu Ngawaskeun,
tapi henteu aya Anu di Awaskeun, tetep moal jadi Elmu (kanyaho).
Jadi anu tilu ieu, ngantet henteu pisah: DZAT, SIFAT, ASMA, ngahiji atawa ALLAH
MUHAMMAD ADAM parantos akrob, sareng dina Wujud urang. Tah anu tilu
ngagulung, manunggal ngajadi hiji antara: HIRUP RASA WUJUD/ADEGAN.

HIRUP Eta kanyataan Ayana Allah, moal teu aya.

RASA Eta kanyataan Ayana Muhammad Rasul, salaku utusan Allah.

WUJUD Eta kanyataan Ayana Adam Nabi, salaku Khalifah wawakil Allah.
264.
Rd. Muslimat: Katerangan ti engkang, gampil kahartos ku rai perkawis
anu tilu Hak Allah, Hak Muhammad, sareng Hakna Adam. Naming bade aya anu
ditaroskeun deui.., perkawis eta basa MAKHLUKsareng KHALIK, ku rai teu acan
kahartos jinisna. Mugi engkang kersa ngajelaskeun, naon bedana teh ?
265.
Rd. Muslimin: Perkawis MAKHLUK sareng KHALIK mah kieu:

MAKHLUK Nyaeta sakur anu nyareat (bukti anu aya di Dohir), anu
ngajarentul di Alam Dunya. Sanajan SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH, JELEMA,
SASATOAN, TUTUWUHAN, kaasup oge NARAKA, SAWARGA, eta kabeh kaasup
Makhluk.

KHALIK Nyaeta BIBIT DUNYA Bibit Langit, Bibit Bumi katut saniskara eusina
tea anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya anu
opat warna) anu langgeung teu kena ku ruksak.
264.
Rd. Muslimat: Mugia engkang ngajabarkeun secara hakekatna Sifat Allah
anu RAHMAN sareng RAHIM, da saur Dalilna oge: KANG RAHMAN MURAHING
DUNYA, KANG RAHIM ASIHINING AKHERAT . Naha naon hartosna ?
265.
Rd. Muslimin: Kieu penjelasannana mah rai..!

SIFAT RAHMAN (Welas / Kamurahan Allah anu tumiba ka:


o
WUJUD, kapan buktosna masihan anggota kayaning: Panangan,
Sampean, Paninggal, Pangdangu, Pangucap, Pangangseu, Budi sinareng Akal.
o
ALAM, kapan buktos masihan Seneu, Angin, Cai, Taneuh, Panon Poe,
Bentang, Bulan, istuning sakitu kumplitna.
Tah eta pokona kamurahan Allah teh, papak ka sadayana. Poma rai murahna
Gusti teh sanes osok maparin rijki, lain kitu. Da perkawis rijki mah, gumantung
jalmina, gumantung tiasa sareng henteuna ngagolangkeun Modal ti Allah
nyaeta anggota tea, oge gumantung kana Elmuna anu baris nyampurnakeun
modal ti Allah tadi. Ti payun ku Engkang parantos di kapayunkeun kieu Manusa
tanpa Elmu, hirupna bakal kasasar teras upami Manusa tanpa Agama, hirupna
bakal kasasar, atuh upama Manusa tanpa seni, hirupna bakal kasar.
Modal ti Allah (Anggota Badan) di euyeubkeun ku Elmu, terus soson-soson daek
ripuh heula, tawakal metakeun anggota, sageuy teu aya hasilna. Geuningan
saur.. para sepuh oge sok ngawadian kieu:

Lamun Hayang Ngakeul (Sangu), kudu daek Ngakal.

Lamun Hayang Nyokol (Kana Sambel), kudu daek Macul.

Lamun Hayang Kaya (Beunghar), kudu perceka.


Urang kudu ngareret ka bangsa deungeun , naha widang rijkina arunggul ?.
Nyakitu tea, maranehna mah parantos mampuh ngagolangkeun modal ti Allah di
sarengan ku Elmuna cukup, uteukna, akalna dipake mikir, nya ngalahirkeun
( Cipta, Rasa, Karsa ), atuh anggotana ngopepang, sukuna dipake ngalengkah,
dipuserkeun kana ciptaan Allah dina Alam Semesta nya bukti hasil karyana,
mangfaat pikeun sakumna umat sadunya. Kapan sanggeum hadist oge:
WAMAN TOLABA SAEUN JIDHAN FA WA JIDAHU . Anu hartosna: Saha-saha
anu temen pamentana ka Nu Maha Kawasa, menta bari jeung paksa.
Jadi rai..!, lain kudu di pisirik.., di pikangewa bangsa deungeun teh !, tapi kedah
di conto..!, palebah dinyana mah. Poma ulah ngalepatkeun Allah, nyangka Allah

pilih kasih, ngawilah-wilah , et amah urangna anu salah tanpa, omat ! bisi
nambahan doraka Rai !.
264.
Rd. Muslimat: Rumaos rai bodo kang !, dugi ka gaduh emutan
suudzon ka Allah, nambih-nambih pidorakaeun. Ayeuna mah parantos kapaham
perkawis Kamurahan Allah di Dunya (Dohir).
Ayeuna kantun SIFAT RAHIM ALLAH, nyaeta Asih di Akherat, naon nyatana ?.
264.
Rd. Muslimin: Ari Asihna di Akherat teh , piraku ku raihenteu
karaos.., pek papay heula atuh !, ari Akherat teh naon ? nyatana di Badan
urang ?
265.
Rd. Muslimat: Dina leresan ieu mah, rada poekeun keneh kang !
266.
Rd. Muslimin: Bilih rai teu acan ngarti, ari Akherat teh, nyaeta ALAM
RASA, buktina di Badan urang teh. Piraku henteu kapikir sareng henteu ka rasa
ku rai, yen ieu kaayaan di Alam Dohir, boh anu di Cai, boh anu di Darat, anu
amis, anu asin, anu pait, anu lada, cing kamana eta surupna ?
267.
Rd. Muslimat: Manawi sapamadegan , emutan rai mah eta sadayana
surupna teh nya kana RASA!, pangna aya Rasa sadumeh aya HIRUP. Leres kitu
kang ?
268.
Rd. Muslimin: Tahgeuning parantos ngartos. Geura pek Manahan naonnaon anu arasup kana badan, anu nampi teh anging Rasa (Rasululloh). Ari
Rasa kapan henteu pisah sareng Hirup. Eta bakating ku asih-asihna kana
saniskara anu bisa usik malik.
269.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun kang !..., Rahman sareng Rahimna Allah
parantos kapaham. Ulah kapalang, aya anu bade ditaroskeun deui perkawis
eta anu opat kecap: HIDAYAH, DARAJAT,NIMAT, sareng ROHMAT. Rai masih
keneh teu acan ngartos kumaha ngaraoskeunnana ?
270.
Rd. Muslimin: Mangga ku Engkang urang cobi-cobi
terangkeun HIDAYAH, DARAJAT, NIMAT, sarengROHMAT.
Supados gampil kahartosna.., urang cobi nganggo ibarat atawa upama.
Upamana .. rai teh dina hiji waktu nuju didamel di sawah, ti isuk-isuk keneh.
Parantos tengh poe karaos hanaang sareng lapar, atuh enggal-enggal Rai teh
mulih ka bumi. Ari pek.. di bumi teh kasampak suwung, di koncinuju nyaraba.
Ti dinya Rai teh mikir teras bae ngabujeng ka bumi saderek.
Barang sumping ka bumi saderek, kasampak araya. Tah.. di dinya dina manah
rai.., tangtu nyebat Aduh Aing Hidayah , kaleresan nyampak araya. Ari pek teh
deui parantos tataharbade taruang, katinggal rencangna lumayan. Ningali
kitu dina manah rai tangtu nyebatkeun Aing Darajat keur hanaang bari lapar,
ieu geus sadia. Atuh habeuk bae cacamuilan tuang ponyo pisan. Tahdina
manah rai tangtu nyebatkeun duh ieu dahar ku Nimat-nimat teuing.
Tapi biasana upami parantos neda nimat, sok karaos rada leuleus, lesu,
haroream obah-obah acan, kuduna mah jagjag ari di asupan teh. Cing kira-kira
naon margina ?
264.
Rd. Muslimat: Moal . Kitu anu disebat Teluh Kejo mah ?
265.
Rd. Muslimin: Aahna. kawas ka hayam, ari paham Engkang mah
kieu: Ari sadayana katuangan teh pada aya ROH-na, dina kakara asup mah, eta
Roh-na teh teu misah tina katuangannana, lantaran teu acan bubuk pisan, sasat
teu acan bijil Aci-acina. Tah lami-lami, saparantos bubuk, hampas sareng
acina misah. Hampasna kaluar deui, ari acina mahngajadi Getih, saterusna
surup sinurupan. Tah ROH tina kadaharan, tepung sareng ROH tina Jasmani,
nya ngajadikeun ROHMAT. Tah tina Rohmatanu ngajadikeun Tanaga teh,
murakabah ka sakujur awak, jelas dangu, bengras tingali, harus sowara, da
henteu barang tuang mah, sowarana oge haroshos, tingalina ruam, dengena sok
rajen torek. Jadi lamun kurang barang tuang, bakal kurang Getihna, lamun
kurang Getih bakal kurang Rohmat, lamun kurang Rohmat bakal kurang tanaga.
Kitu tah rai..!.

266.
Rd. Muslimat: Leres pisan Kang !..., pantes atuh ari kitu mah, eta ROH
tina katuangan teh asalna tina 4 (opat) perkara nya kang ?, tina SENEU,
ANGIN, CAI, TANEUH tea, nya kajadian diri urang jadi: DAGING, TULANG,
SUMSUM, KULIT. Upami kieu jalan-jalanna mah, Rai jadi seueur kasieun
naon-naon anu bade diteda teh ., paur malindes kana diri.
267.
Rd. Muslimin: Iih atuh kantenan Rai !..., ka hijieta katuangan teh ..
kedah di sampurnakeun heula, lamun henteu kitu bakal ngagorogotan kana
sakujur awak urang. Margi ti dinya pisan anu baris
jadi Panyakit sareng Nafsu teh. Kantenan upami artosna kenging ngarampas
tina Hak anu sanes mah, atawa barang kadaharan kenging maling, pasti anu
bogana ngadoakeun ka Nu Maha Kawasa, supaya malindes kanu malingna.
Omat rai, kedah ati-ati !, ulah jangji bres bae anu di asupkeun kana
patuangan teh !.
268.
Rd. Muslimat: Iiih. Kamalinaan, gunning sakedap deui waktosna
netepan Magrib kang !. Cekapkeun dugi ka dieu heula.
SAPARANTOS NARETEPAN MAGRIB. TERAS NGABARUJENG DEUI KA BALE
PAGUNEMAN, NERASKEUN DEUI HANCA OBROLANNANA PERKARA ELMU AGAMA.
264.
Rd. Muslimin: Cing perkawis naon deui anu ku Rai.. teu acan ka
paham ?
265.
Rd. Muslimat: Anu teu acan kapaham. Ku Rai teh , eta
basa DALIL, HADIST, IJMA, KIAS, anu sok didaramel pedoman para ahli enggoning
ngabingbing widang Agama. Tapi aya oge anu nyanggeumkeun
yen Ijma sareng Kias mah kurang kuat malah henteu dianggap sah. Kumaha
gek-gekanana ?
266.
Rd. Muslimin: Upami Rai teu acan ngartos.., kieu pi hartieunnana eta
anu 4 (opat) basa teh:
Rai..!. ari anu jadi patokan teh kapan opat-opat geura contona:

RUKUN AGAMA (4): Sareat Tarekat Hakekat Marifat

PA-TAUHIDAN (4): Iman Tauhid Marifat Islam

KITAB ALLAH (4): Tauret Jabur Injil Quran

ISTILAH QURAN (4): Quranul Majid Quranul Karim Quranul Hakim


Quranul Adim.

Koordinator Malaikat (4)


o
MALAIKAT JIBRIL
o
MALAIKAT MIKAIL
o
MALAIKAT IJROIL
o
MALAIKAT ISROFIL

SAHABAT NABI (4): Abu Bakar Sidik Umar Usman Ali.

LAMUN HOYONG JELASNA TINGAL DINA TABEL RAQOM SARBA OPAT

Tah atuh urang dina nganut Agama Islam, pikeun patokan ageumanana nyoko
kana: DALIL HADIST IJMA KIYAS. Janten lain ku omongan terus. Pikeun ka
Akheratan mah kedah disarengan ku SAHNA IBADAH , nyaeta kedah MARIFAT
KANA DZAT SIFAT ALLAH, piwadaheun hasil AMAL IBADAH URANG NUJU DI
DUNYA. Upami resep dina Asma (omongan) wungkul, hartina ngan resep dina
PANUDUH, PANUNJUKNA, atuh moal dugi-dugi ka anu dituju, nyaeta Asal
Urang. Bongan teu di akalan, teu disorang jalanna, teu diteangan carana, teu
dipilari Tarekatna. Ibarat Rai hoyong ka Kota Jakarta, palebah prapatan, ningali
Pilar make papan anu aya tulisan jurusan Jakarta (make tanda panah). Ari Rai,
ngan nangtung bae handapeun eta papan panunjuk jalan bari. Terus maca
eta aksarana, henteu ihtiar milari carana, tarekahna, naha bade mapah, naha
kana sapedah, kana motor, kana beus, kana sedan Jsb. Cing upami kitu, bakal
dugi moal ka Jakarta ?
264.
Rd. Muslimat: Nya. Tangtosna oge atuh moal dugi.
265.
Rd. Muslimin: Tah..eta PAPAN PANUNJUK JALAN teh ibarat Dalil, Hadits,
Ijma, anu matak carana, jalanna kudu ku Hukum Kias, geura talungtik!,
kumaha Tarekat Ilmu . Tarekat Elmu, ibarat kendaraan anu rupa-rupa, kantun
milih, mana anu sakira leuwih gancang dugi, tiasa Marifat kana Dzat Sifat
Allah Taala.
Akang ngawawadian ka Rai.. bisi kabujeng ku Pati, omat kedah enggal-enggal eta
peser. Ku Tarekat, kajeun rada prihatin saeutik. Ngurangan dahar sareng
mondok.
264.
Rd. Muslimat: Nuhun kanginsya Allah eta wasiat teh , bade
diestokeun pisan ku Rai.
Naming..ayeuna bade gentos hal.. anu bade ditaroskeun , nyaeta
perkawis PUJI KAGUNGAN ALLAH, anu aya dina Quran. ALHAMDULILLAHI ROBBIL
ALAMIN . Anu hartosna: Ari sakabeh puji, eta kagungan Nu Maha Agung.
Tapi kalumrahannana jalmi, patekadannana eta puji dzikir teh diangkeun Puji
Manehna, diangge muji ka Allah. Da upami parantos muji dzikir, pokna teh
parantos muji ka Allah. Ana sarupa kitu mah atuh puji manehna sanes puji
kagungan Allah.
264.
Rd. Muslimin: Rai !...., ari anu dilisankeun mah.. nya bener bae, eta teh ..
puji ti makhluk neneda dihampura dosa ka Nu Maha Suci. Jadi puji lisan ti
urang ka Gusti Allah.
265.
Rd. Muslimat: Ari anu sategesna PUJI ALLAH teh anu mana ?
266.
Rd. Muslimin: Tegesna PUJI ALLAH mah..nya Wujud Urang Pribadi. Tah
ieu Badan sakujur pujina Allah Taala, tapi pikeun anu parantos Marifat ka
Allahna. Ari anu teu acan Marifat mah, teu acan jadi pujina Allah. Dalil
LAHAULA WALA KUWATA teh ..moal kapirasa, upami teu acan Marifat mah,
ngan ukur pangakuan biwir, tuturut munding, da atina mah teu ngarasa. Kumaha
bade ngaku henteu daya henteu upaya diri, upami henteu acan uninga ka Anu
ngobahkeun Jasmani, nyaeta Sifat Roh tea ( Sifatna Allah). Margi Rai !, upami
henteu uninga.., bisa-bisa ngangkeun Allahna teh . Kana Roh-na pribadi. Upami
kitu jadi lepat atuh teu acan dugi, henteu acan sampurna Marifatna ka Nu
Maha Suci teh. Sing emut Rai..!, anu parantos dugi mah.., sumawona ieu
Jasmani, sanaos Rohna pisan jadi LAHAWLA WALA KUWATA, anging Dzat bae..
Nyalira anu jumeneng lahir batin. Upami parantos henteu dipiboga, istuning
ngarasa pakir miskin, ngarasa saperti rokrak, usik malik, diuk, nangtung teh
..ngan ku Qudrat IrodatNa Nu Maha Suci. Tah..kitu Rai !,sasat ibadahna,

amalna, tingalina, danguna, lisanna, ditarima ku Yang Maha Agung, parantos SAH
DZAT-NA, SAH SIFAT-NA, SAH ASMANA, SAH-AFALNA, enggoning hirupna di Alam
Dunya (Dohir).
267.
Rd. Muslimat: Parantos kahartos perkawis Puji kagungan Allah mah
Kang !, salajengna bade nyambung kana perkawis Puji keneh, nyaeta PUJI
HADIS ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI
QODIM ALAL HADIS. Ku Rai teu acan kapaham.
268.
Rd. Muslimin: Insya Allah Engkang bade nyobi nerangkeun: PUJI HADIS
ALAL HADIS, PUJI HADIS ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL QODIM, PUJI QODIM ALAL
HADIS.

Ari PUJI HADIS ALAL HADIS teh, parantos umum sarta mufakat para
santri, nyaeta: Puji anu Anyar ka anu Anyar . Lain Jalmi muji ka Jalmi, anu kitu
mah sanes bab Elmu. Da moal mangfaat, upama engkang dipuji ku rai, palingpaling keur di Dohir. Muji mah kedah ka Allah, da jalma henteu boga hak dipuji,
ulah nyamian Allah.
Rai !.., tegesna Puji nu Anyar ka anu Anyar teh, nyaeta dina waktu Maca AlQuran. Kapan huruf Quran mah anyar, nyakitu deui anu macana oge kapan
anyar. Da sowara Jalma teh saparantos lahir ka Dunya, kapan nalika aya di
jero patuangan Ibu mah henteu nyora.

Ari PUJI HADIS ALAL QODIM: Nyaeta Puji anu Anyar ka anu Qodim.
Pernahna dina waktuSOLAT. Anu Anyarna teh wujud urang nuju Nangtung, Ruku,
Sujud, Lungguh. Eta anu opat teh kapan sami anyar, sedengkeun anu Qodimna, nyaeta NUR MUHAMMAD (Cahaya opat warna).

Ari PUJI QODIM ALAL QODIM: Nyaeta Puji anu Qodim muji ka anu
Qodim. Pernahna dina nuju Solat Sajati (Tazalli). Kapan dina waktu eta mah
pada-pada anu Qodim (anu ghaib), anu muji sareng di pujina. Buktosna henteu
nganggo Sowara Baham.

Ari PUJI QODIM ALAL HADIS: Nyaeta Anu Qodim muji ka anu Anyar,
kitu oge upami ibadahna eta jalma parantos Marifat kana Dzat Nu Maha Suci.
Sasat ibadahna disarengan ku Elmu, tah.eta anu di puji, sasat parantos
Sah Dzat-na, Sah Sifat-na, Sah Asma-na, Sah Afal-na, istuning henteu petotpetot nya eling. Anu parantos pasti kitu mah, sumawonna nuju ibadahna sanaos
usik malikna oge parantos pasti janten puji sadayana, margi parantos tetep
Eling, henteu ngaku usik sorangan, anging ku Kawasana Allah.
264.
Rd. Muslimat: Hatur nuhun Kang !..., parantos kahartos pisan.
Salajengna Rai.. bade tumaros deui perkawis Allah Taala maparin Nyawa
Manusa, palebah mana waktos maparinna teh ?. Margi sanggeum Engkang ti
payun, nalika dikandung ku Ibu mah nembe aya Hirup wungkul, henteu can
aya Nyawa.
265.
Rd. Muslimin: Upami Rai henteu acan ngartos pisan, mangga urang
terangkeun perkawis: ALLAH TAALA MAPARIN NYAWA KA MANUSA.
Kieu eta teh Rai !.., Allah maparin Nyawa teh. Waktu dijero kandungan mah, leres
mung nembe Hirupwungkul, buktina geuning parantos tiasa Usik. Istuning
mung Hirup Allah Anu Suci, henteu acan aya NAFAS,NYAWA, KAHAYANG
(NAFSU), RASA, TEU ACAN NINGALI, TEU ACAN NGADANGU, TEU ACAN
NGANGSEU, TEU ACAN NYARITA. Barang brol ti Batin ka Alam Dohir. Hawa
Batin sareng Hawa Dohir geuning eta orok/bayi teh ngagoak ceurik oar-oaran,
eta cirina parantos ngancik Rasa Tiis geuning tepikeun ka ngadegdeg. Tah
eta Nafas teh jenengannana Nyawa. Ari hakekatna Nyawa teh Rasa Jasmani. Ari
parantos aya Nafas mah, orok/bayi teh pangheulana Irungna bisa Ngangseu.
Tah kitu Rai..!, Allah waktos maparin Nyawa teh.
264.
Rd. Muslimat: Ari perkawis ngawitannana Nafas sareng Nyawa mah
parantos kahartos. Nanging ayana Dangu, Ningali, Nyarita.
Sareng Nafsu (kahayang) eta orok/bayi ti kawit iraha ?

265.
Rd. Muslimin: Eta mah saparantos Orok/bayi diasupan CAI SUSU
atawa Kadaharan . ari sari pati kadaharan teh kapan ka ancikan roh-roh Seneu,
Angin, Cai, Taneuh, nyerep kana tatangkalan anu gede anu letik, anu buahan,
anu beutian. Saparantos aya dina patuangan, nyangajadi getih nyaliara ka
sakujur Badan, tidinya nembe bijil Rasa beda-beda. Rasa Ngeunah, oge Rasa Teu
ngeunah. Teras cepil jadi bisa ngadangu, soca jadi bisa ningali, baham jadi bisa
nyarita.
Atuh tina Rasa bijil Kahayang (Nafsu). Saparantos kitu mah eta Hirup (Roh
Suci) teh.ngagulung sarengNyawa, dua jadi Manunggal. Barang parantos
kacampuran Nyawa anu sifatna Getih (anu kaancikan roh-roh kadaharan, atawa
sok disebut Roh Nabati, sareng Roh Hewani (Roh Sasatoan), atuhRoh Suci teh
lami-lami mah kabulen ku sifat Getih anu kaancikan roh-roh kotor tea.
Mugi Rai !... ulah kaliru. Ari Hirup mah sifatna teh Cahaya,
ari Nyawa sifatna Getih.
264.
Rd. Muslimat: Cing Kang..!, manawi aya pereleannana
perkawis Getih anu asal tina roh-roh katuangan tea ?
265.
Rd. Muslimin: Atuh puguh bae ay amah. Kieugeura Rai: pangna ieu
Alam Dunya disebut Alam Arwah teh nyaeta tempat ngancikna rupa-rupa roh,
sok sanaos dina SENEU, dina ANGIN, dina CAI, dina TANEUH. Ku kituna atuh
bubuahan, beubeutian teh pada-pada kaserapan eta roh-roh anu opat rupa tea.
Saparantos dituangnya janten Getih 4 (opat) rupa:

Tina ACI SENEU Jadi Geutih Beurem, teras jadi WADI, teras jadi
deui Daging. Hawana tina Daging kajadian:
o
CEUPIL Jadi bisa Ngadagu.
o
NAFSU-NA AMARAH, anu perwatekna Jail kaniaya, iren, panastren,
dugal, kasar, gede ambek jsb.
o
Pernahna dina HAMPERU, kaluarna kana Cepil.

Tina ACI ANGIN Jadi Geutih Koneng, teras jadi MADI, teras jadi
deui Sumsum. Hawana tina Sumsum ngajadi:
o
BAHAM Jadi bisa Nyarios.
o
NAFSU-NA LAWAMAH, anu perwatekna Kabitaan, lapar, halabhab,
tunduh, cape, sare, haroreaman, resep mitnah, panas baran.
o
Pernahna dina BEUTENG, kaluarna kana Baham.

Tina ACI CAI Jadi Geutih Bodas, teras jadi MANI, teras jadi deui Tulang.
Hawana tina Tulang ngajadi:
o
SOCA Jadi bisa Ningali.
o
NAFSU-NA SAWIYAH, anu perwatekna Loba kahayang, resep kana
kasukaan, hayang di ugung-ugung, pedit, hawek, birahi jsb.
o
Pernahna dina KALILIPA, kaluarna kana Soca.

Tina ACI TANEUH Jadi Geutih Hideng, teras jadi MANINGKEM, teras jadi
deui Kulit. Hawana tina Kulit ngajadi:
o
IRUNG Jadi bisa Ngangseu.
o
NAFSU-NA MUTMAINAH, anu perwatekna Resep kana kautamaan,
ngentelan peujit, kuru cileuh, tahajud, berehan, ngutamakeun kapentingan
balarea.
o
Pernahna dina BALUNG, kaluarna kana Irung.
Tapi ieu Nafsu Mutmainah anu perbawana kana kahadean the, sering kabaud
atawa kaceot, di rempug ku nafsu-nafsu anu tilu, nya ngabalukarkeun seueur
anu henteu Iman (anu poho) kana parentahna Nabi, sumawona kana parentah
Allah.
264.
Rd. Muslimat: Kumaha carana sangkan ulah erring kaceot ku nafsu anu
tilu tadi Kang ?

265.
Rd. Muslimin: Nya carana mah teu aya deui, iwal ti kudu sumalindung
kana Dzat Sifat-Na Allah, anu matak kedah Marifat, kedah dugi ka WA HUWA
MAAKUM, sasarengan siang wengi. Upami parantos kitu mah mokaha moal
gampang kabaud ku kahayang goring. Margina sahanteuna da..ngaraos isin,
inggis, sieun ku Nu moconghok nyarengan henteu pisah, MURBA KA WUJUD
URANG.
266.
Rd. Muslimat: Ari eta perkawis Kahayang (Nafsu) ?, tadi dicarioskeun
tina Hawana Daging, Sumsum,Tulang, Kulit, kaluarna
kana Cepil, Baham, Soca, Pangambung. Tah torojolna kahoyong (nafsu) teh
.iraha ?
267.
Rd. Muslimin: Datangna Nafsu teh Rai, nalika orok/bayi dipasihan
nyusu/kadaharan. Rasa kontak sareng aci anu opat rupa. Baham kontak sareng
cai susu, tangtu aya Rasa. Rasa amis, pelemjadi deudeuieun da ngarasa
ngeunah. Ngabuktikeun kahayang, geuning orok mah osok ceurik.
Ngan mungguhing di Dunya mah Rai, aya dua papasangan, samangsa-mangsa
aya ngeunah, pasti aya anu teu ngeunah, boh anu karasa ku Baham, ku Cepil, ku
Soca, ku Pangambung. Geuning upami manggihan anu henteu panuju teh
buktina sok nimbulkeun Amarah.
264.
Rd. Muslimat: Kahartos pisan eta katerangan teh, . Estu nyerep,
nyurup kana hate. Jadi Rai terang torojolna nafsu teh. Tapi asa kirang ngartos,
sok mendakan anu nuju nafsu Amarah, geuning nafasna teh mani katawis pisan,
bari pamenteuna teh semu geuneuk, kumaha eta Kang ?
265.
Rd. Muslimin: Kapan Nafsu teh mimitina dititiskeun kana Uteuk terus
ngancik dina Ati / Qolbu, nya medal Cipta katut Akal, terus ngancik
dina Jajantung. Jadi Nufus, teras mulang deui kana Ati, nya jadi Anfas. Terus
lumampah ngahiji sareng Getih.nya jadi Tanafas, ngambah kana mamaras
nya jadiNafas. Terus sumarambah ka sakujur Awak, medal Sowara.
Rai !..., Nafas teh anu nguatkeun Jasmani, ari pangna aya Nafas, ku ayana Hirup.
Jadi NUFUS, ANFAS, TANAFAS, NAFAS, SOWARA, eta Medal tina Nafsu. Kitu
tah rai !..., piraku henteu kapikir sareng kumaha parantos kahartos ?, kapaham
ngeunaan Nafas , Nyawa , Nafsu ?, atawa masih keneh bingung ?
264.
Rd. Muslimat: Alhamdulillah kang !..., perkawis eta mah rai .. paham.
Nagging ayeuna bade gentos anu ditaroskeun, nyaeta perkawis ASMAUL HUSNA
atanapi Asmana Allah, seueurna teh sabaraha ?, . Sareng manawi aya
katerangan, eta perkawis Asma teh ?
265.
Rd. Muslimin: Kieu atuh ari perkawis Asmaul Husna atawa Asmana
Allah teh. Ari seueurna Asma (Jenengan) Allah teh, sakumaha anu katampi ti
para Ahli Dawah, sanggeumna aya 100 (Saratus) Jenengan. Tapi ari anu
kaunggeul dina Hadist mah 99 (Salapan puluh salapan). Anu 99 oge ari di
ringkeuskeun mah ngan ukur jadi 5 (Lima), diantarana:
1.
ASMAUL DZAT
2.
ASMAUL SIFAT
3.
ASMAUL ASMA
4.
ASMAUL AFAL
5.
ASMAUL JINSI
Eta anu 5 (lima) oge, ari enas-enasna mah ngan 1 (hiji), sareng sok seueur anu
lepat ngamaknaan, atuh jadi lepat ngabarangkeunnana.
264.
Rd. Muslimat: Cobi nyuhunkeun dibeberkeun kang supados jelas.
265.
Rd. Muslimin: Kieu katerangan hiji-hijina Rai..!

ASMAUL DZAT: Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Dzat-Na.


Margi ari Dzat teh tantu Ayana moal eweuh.

ASMAUL SIFAT: Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Sifat-Na


(Rupana).

ASMAUL ASMA: Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Asma-Na


(Ngaran-na).

ASMAUL AFAL: Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina


Padamelannana (Afal-na).

ASMAUL JINSI: Nyaeta netepkeun Jenengan Allah nurutkeun tina Jinisna


(Barang-na).
Kitu tah Rai, katerangannana.
264.
Rd. Muslimat: Katerangan anu nembe mah parantos kapaham, naming
tadi sanggeum Engkang sok laleupat ngamaknaan sareng ngabarangkeunnana.
Kumaha maksadna Kang !
265.
Rd. Muslimin: Rai. Ari Asma-na mah sadayana oge sae, mung aya di
saantero jalmi anu lepat ngamaknaan, atuh tangtos bakal kaliru dina
ngabarangkeunnana, nyaeta sok netepkeun ka nu anyar. Sok seueur jalmi-jalmi
anu ngaku Dzat kana Jentulna Jasad Sorangan, ngaku Dzat kana Awakna, kana
raga anu badag. Pedah cenah da aya Hadistna: WALLAHU BATINUL INSAN,
AL-INSANU DOHIRULLAH . Anu hartosna: Ari Allah teh Batin-batin manusa, ari
manusa teh dohirna Allah. (La Maujuda ilallah). Kitu tah Rai !, .. anu matak cenah
Badan ieu Lahirna Allah. Parantos teu dipikir panjang deui, da kasaksi ku
Hadist pokna teh. Palebah dieu lepatna teh Rai !, nyebat atawa ngaku Dzat
kana wujud sorangan, sanes kana Dzat Allah anu LAESA KAMISLIHI, anu henteu
warna, henteu rupa, sumawona jentulna.
Sareng aya deui Hadistna: WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN . Anu
hartosna: Perkara Allah teh Gaib, teu aya jentulna. Kitu deui Manusa, sami pada
gaib sadayana.
Kapan awak ieu mah Jasmani, parantos negrak ngajentul. Jadi atuh teu gaib, da
ari ngaran gaib mah Aya, tapi teu Aya rupa. Ari ieu anu ngajentul mah
ngarana wujud manusa. Tah anu kedah kahartos teh Rai., mana atuh anu
ngaran Manusa ?, bisi kaliru.. heug nuduh kana awak. Eta ngarana WUJUDIAH.
264.
Rd. Muslimat: Parantos kahartos atuh kitu mah, lepatna teh nuduh
Dzat Allah kana wujudna sorangan. Ayeuna kantun anu kadua Asmaul Sifat,
palebah mana lepatna ?
265.
Rd. Muslimin: Lepatna teh , eta palebah netepkeun Sifat Nu Maha
Suci, kana Rupa Manehna Sorangan. Dumeh sanggeum dalil yen Allah teh teu
dua, teu tilu, tapi tetep hiji. Barang ngareret kana rupa manehna, najan ngider
sakuliah jagat oge, moal aya anu ceples sarupa taya bedana. Anu matak
netepkeun bae..yen Sifat Allah teh nya rupa manusa. Tah anu kitu oge kufur,
sami bae WUJUDIAH.
266.
Rd. Muslimat: Eta oge parantos kahartos Kang, anu kitu rupina lepat
wesel. Kumaha upami teraskeun ka anu katilu Asmaul Asma, palebah mana
lepatna teh !
267.
Rd. Muslimin: Teu sakedik anu boga kapercayaan, yen jenengan Nu Maha
Suci, diterapkeun kanaNgaran Sorangan (Ngaran Jalmi). Atuh lamun kitu mah
sami sareng Nyeueurkeun Asma. Allah teh upami kitu mah sifat anyar. Kapan
dina Kitab parantos kakocap Dzat Sifat Asma Afal, sadayana jalmi kaliputan
ku Asma Allah. Tah.anu kitu tekadna kufur, ngalobakeun Asma Allah.
268.
Rd. Muslimat: Dupi kana Asmaul Afal, palebah mana lepatna teh ?
269.
Rd. Muslimin: Eta mah Jalmi anu netepkeun Afal Allah kana kalakuan
sorangan, nya kana kalakuan manehna. Eta pedah aya dalil: LA HAWLA WALA
KUWATA, sadumeh jalmi mah henteu daya, teu upaya, atawa dikuatkeun deui
ku dalil USIKUM IBADALLAH, Istuning usik malik teh Allah, atuh ngawengku
kana lacuna anu hade anu goring oge. Sami lakuna Allah, margi Allah teh teu
jauh ti diri manusa. Tah kitu patekadan jalmi anu teu boga Akal mah, atuh
kanggo naon Allah ngayakeun AGAMA ?, para Nabi nurunkeun Kitab-kitab,
kalebet Al-Quran ?, eta teh salaku pituduh supaya ulah kalangsu, kasasar.

Padahal mah kudu boga pikir panjang, kapan awak manehna teh
mangrupa Afalna Allah. Atuh manehna bisa usik, bisa malik, bisa digawe, bisa
ngahasilkeun pagawean teh , istuning disarengan ku Qudrat Irodatna Allah.
Omat eta hasil pagawean manehna teh ulah di aku Afalna Allah, tapi sagala
kalakuan katut hasil pagawean teh Kaliputan ku Afalna Allah.
270.
Rd. Muslimat: Perkawis Asmaul Afal mah, parantos kahartos, salajengna
mugi diteraskeun bae kanu ka lima, nyaeta Asmaul Jinsi.
271.
Rd. Muslimin: KeRai !..., perkawis anu kalmia Asmaul Jinsi mah,
kumargi mangrupi enas-enasna, janten kedah rada asak heula elmu Rai !...,
sareng kedah nuju salse pisan, kedah di tempat anu sepi, bilih kakuping ku
cakcak bodas, kapan ieu mah Rahasiah Wali, bagian Ahli Qurban (anu parantos
yakin, ahli adep-adep sareng Allah). Wayahna Rai, ayeuna mah bab naon
heula bae anu teu acan ngartos.
272.
Rd. Muslimat: Kitu saeKang, eta mah sampeuren kapayun. Ayeuna
mah, anu masih keneh pakuat-pakait sareng Jenengan Allah keneh, nyaeta
perkawis jujuluk MAHA AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI . Mugi
Engkang ngajentrekeun.
273.
Rd. Muslimin: Upami Rai, teu acan uninga kana eta jujuluk MAHA
AGUNG, MAHA MULYA, MAHA LUHUR, MAHA SUCI. Kieu geura Hakekatna mah:

Ari MAHA AGUNG teh, nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangucap.
Margina, sanajan 7 lapis langit, 7 lapis bumi, sareng saniskara eusina, malahan
Asma Allah oge, kapan dilisankeun teh ku Pangucap. Eta tandana ku leuwih
Agungna.

Ari MAHA MULYA: Nyatana dina Badan urang, nyaeta Pangdangu. Margi
Pangdangu mah salamina oge mulya, tara gering. Paling-paling anu sok gering
mah Cepilna.

Ari Jujuluk MAHA LUHUR mah, kanyataan dina Badan urang


nyaeta Paninggal. Margi geuning bukti, eta Langit anu sakitu luhurna tanpa
wangenan, ari ku Awas Paninggal mah kaberik, katingali.

Ari Jujuluk MAHA SUCI mah, kanyataan dina Badan urang


nyeta Pangangseu. Margi et amah pang Sucina. Geuning bukti, Nafas mah tara
belewuk, tara kotor, sanajan tara dikumbah, tapi tetep bersih.
Kitu tah Rai !, perkawis Jujuluk anu opat teh.
264.
Rd. Muslimat: Leres parantos kahartos ayeuna mah Kang.., sing horeng
sup deui ka dinya, sup deui kadinya. Ayeuna mah ulah kapalang, Rai hoyong
di jelaskeun perkawis HIRUP TEH NGAN HIJI. Nuhun nuhun upami aya ibaratna
supados gampil kahartos.
265.
Rd. Muslimin: Urang cobingajelaskeun perkawis: HIRUP TEH NGAN HIJI.
Kieu Rai !..., ari HIRUP mah HIJI, sareng henteu keuna ku PATI atawa RUKSAK.
Hirup Allah mah istuning Langgeung. Ari anu sok keuna ku Pati atawa Ruksak
mah nyaeta Hirup Manusa(anu ngaran Nyawa tea). Ari Hakekat Nyawa,
nyaeta Rasa Jasmani (Rasa awak-awak nafsu).
264.
Rd. Muslimat: KeKang !, rada hemeng keneh, dupi bentenna
antara Hirup Allah sareng Hirup Manusa (Nyawa) eta teh kumaha ?
265.
Rd. Muslimin: Eemhh masih bingung keneh Rai teh ?. Bentenna teh
kieu geura:

Ari HIRUP MAHA SUCI mah, eta anu Sifatna CAANG PADANG tea, atawa Nur
Dzat atawa Johar Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara
Hirup) atawa Sahadat Sajati atawaIman Sajati atawa Islam
Sajati atawa Sajatining Agama, anu angliputi, murbawisesa kana 7 Lapis
langit, 7 Lapis bumi, katut saniskara eusina, sapertos Arasy Kursi, Sawarga,
Naraka, Manusa, Sasatoan, Tutuwuhan, Uteuk tongo walang taga, asalna teh
Sorotan ti nu hiji NUR DZAT.

Ari HIRUP NU AYA DI MANUSA mah, tina sorotan Hirup Maha Suci,
ngagulung sareng NAFAS RASA, anu disebut NYAWA. Jadi Hirup anu seueur
mah NYAWA.
264.
Rd. Muslimat: Sakedap Kang..!, upami anu janten Nyawa di manusa
sorotna Hirup anu Sifatna Caang Padang tea atawa Johar Awal, atuh panginten
nungtutan ngirangan.., margina dibagi-bagi ka Milyaranmanusa sa Alam Dunya,
oge ka bangsa sasatoan.
265.
Rd. Muslimin: Rai !..., atuh ulah kaliru !, ari Hirup Nu Maha Suci mah
henteu robih, moal ngirangan, moal ngalangkungan, tetep Langgeung. Kieu
geura urang ibaratkeun:
Di hiji lapangan, pek nendeun Patromak anu parantos hurung, teras eta
patromak teh dikurungan ku hiji ayakan anu gede kacida, anu liang-liangna ata
ayakeun teh mangrebu-rebu liang. Tahsorotna Sinar patromak teh, nembus
kana liang-liang eta ayakan. Hiji liang..pasti aya sorot sinar patromak. Anggap
bae eta liang teh Jalmi. Jadi sorot anu nembus kana liang teh . Ibarat hiji Hirup
Nyawa Jalmi.
Sapertos kitu Rai !..., nyaeta sorotna SAGARA HIRUP, kajeun ka milyaran,
miliunan, tetep moal ngurangan, Langgeung sareng moal reksak. Kumaha Rai !..,
masih bingung keneh ?
264.
Rd. Muslimat: Ayeuna mah..parantos henteu samar deui Kang, rada
gampil kahartosna upami diibaratkeun mah.
265.
Rd. Muslimin: Supados langkung jelas deui, urang ibaratkeun kieu:
Eta SENEU dina Patromak teh disarengeutan ku rook, anu lobana mangjuta-juta
urang, cing.Rai !..., eta seneu anu aya dina Patromak teh bakal seep ?, atawa
moal ?
264.
Rd. Muslimat: Tangtos ogeangger baeSeneuna mah, moal ngirangan
dumeh ku disarengeutan rook.
Aduh kang !..., kacida utamina eta katerangan teh. Salajengna Rai teh masih
aya kapanasaran, nguping saur Hadist: YEN ALAM ATAWA JAGAT TEH AYA DUA
NYAETA JAGAT KABIR SARENG JAGAT SOGIR. Saur eta katerangan, eta dua Jagat
teh kaayaanana henteu beda. Mugi dijelaskeun !..., henteu bedana teh palebah
mana ?
264.
Rd. Muslimin: ari JAGAT KABIR teh ., nyaeta Alam Semesta/Alam
Dunya/ Alam Dohir. Ari JAGAT SOGIR mah, nyaeta Wujud Manusa.
Leres Rai kaayaan dina eta dua Jagat teh sami, sakumaha katerangan Hadist
piraku make lepat.
Kieu bilih Rai !..., teu acan uninga mah:
Di ALAM DUNYAeusina parantos pasti Papasangan. Aya Siang, aya Wengi, tah
di Diri Manusa oge piraku henteu karaos, kapan aya Nyaring sareng Sare.
Nyaring babandingan Siang, ari Sare babandingannana sareng Wengi.
264.
Rd. Muslimat: Dupi Dinten Anu 7 (Tujuh) ?, naon nyatana di Diri ?
265.
Rd. Muslimin: Eta.. palawangan anu di Luhur (Dina raray):

CEPIL kapan 2 Liang

SOCA kapan 2 Liang

IRUNG kapan 2 Liang

BAHAM kapan 1 Liang

Upami di Jumlahkeun kapan sadayana aya 7 (Tujuh)


264.
Rd. Muslimat: Dupi eta anu disebat Dawuh 5 (Lima) ?
265.
Rd. Muslimin: Ari Dawuh Lima mah, eta eusina anu Tujuh tea:
1.
CEPIL Jeung Pangdanguna
2.
SOCA Jeung Paninggalna
3.
IRUNG Jeung Pangangseuna
4.
BAHAM Jeung Pangucapna

5.

RASANA Anu 4 (opat) diluhur

264.
Rd. Muslimat: Ayeuna. Kantun eta Sataun teh aya 12 (dua belas)
Bulan, naon nyatana dina Diri ?
265.
Rd. Muslimin: Buktina dina Diri ?, cing. Mangga ku Rai geura bilang,
eta ugel-ugel panangan sareng ugel-ugel sampean !
Dina Panangan sabeulahna aya 3 ugel-ugel. Jadi upami dua Sampean teh jumlah
6 ugel-ugel. Tuh Panangan 6, Sampean 6. Kapan pas janten 12 ugel-ugel.
264.
Rd. Muslimat: Leres pas, janten 12, upami di Jagat Kabir mah 12 bulan,
ari dina Wujud Manusa (Jagat Sagir) mah 12 ugel-ugel. Ayeuna kantun Sabulan
teh .., aya 30 (tilu puluh) dinten, naon tah nyatana dina Diri ?
265.
Rd. Muslimin: Ari anu 30 (tilu puluh) dinten mah, geura etang ugel-ugel
panangan anu panghandapna, sareng Ramona !, sadayana teh 2 (dua
panangan). Aya 30 ugel-ugel. Kitu deui dina Sampean, sami aya 30 ugel-ugel. Ieu
teh babandingan: SIANG 30, oge WENGI 30.
266.
Rd. Muslimat: Kantun ayeuna Sawindu teh aya 8 (dalapan) taun, naon
tah Kang !.., dina Diri urang ?.
267.
Rd. Muslimin: Cing ku Rai etang ! . Eta buku-buku diantara ugel-ugel,
boh ugel-ugel Panangan, boh ugel-ugel Sampean !. Kapan eta, dina sabeulah
Panangan aya 2 buku, upami dua Panangan teh janten 4 buku. Teras dina dua
Sampean, pingping 2, atuh bitis 2. jumlahna janten 4.
4 dina Panangan, 4 dina Sampean, tuh kapan pas, janten 8 bubukuan.
264.
Rd. Muslimat: Bilih kalangkung di Jagat Kabir aya Panon Poe
(Srangenge), aya Bulan, aya Bentang, aya Hawa Panas, aya Hawa Haneut, naon
nyatana dina Diri manusa ?.
265.
Rd. Muslimin: Ari Panon Poe (Srangenge), Bulan, Bentang, teh , anu
ngahirupkeun saniskara di Alam Dunya ieu. Da upami henteu aya Panon Poe
mah, panginten moal jaradi, moal aya hasil Dunya.
Tah dina diri urang mah, nyaeta Hirup, tapi perkawis hirup mah teu tiasa
ditinggal ku soca lahir, da ieu mah bagian Hakekat. Mung ku ayana Hirup Jasad
Manusa bisa usik malik.
Ari anu 4 (opat) rupi mah, nyaeta: Daging, Sumsum, Tulang, Kulit. Hawa-hawana
jadi Nafsu tea, nyaeta: Amarah, Lawamah, Sawiyah, Mutmainah.
264.
Rd. Muslimat: Hatur rebu-rebu nuhun kang !..., kana kasaean Engkang,
parantos ngawejang anu teu kinten pentingna kanggo pribadi Rai..mah.
Salajeungna anu bade ditaroskeun teh perkawis eta .. anuLANGGEUNG DI GUSTI
ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA. Langgeung di Allah anu henteu
pegat-pegat Lahir-Batinna, ti Jaman samemeh aya Alam Dunya, tug dugi ka
Akherat, naon eta anu henteu reksak-reksak teh ?
265.
Rd. Muslimin: Sok atuh urang terangkeun perkawis:
Anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH, sareng anu LANGGEUNG DI MANUSA.
Kieu geura Rai !.., Ari anu LANGGEUNG DI GUSTI ALLAH teh, teu aya sanes iwal
ti QUDRAT-na Allah (Kakawasaannana) sareng IRODAT-na Allah (Kersana),
istuning henteu aya pegatna. Ti awal-awalna dugi ka akhirna, pon kitu deui
teras dugi ka Akherat. Kitu tah. Pamendak Engkang mah Langgeung di Allah
teh.
264.
Rd. Muslimat: Percanten Kang..!, leres nya !..., Anu Langgeung
teh Kawasana sareng Keresana. Margi upami reksak Kawasana Nu Maha Suci,
atuh Allah-na oge reksak sapertos makhluk. Ari di Manusa ?..., naha aya
Langgeung sapertos di Allah ?
265.
Rd. Muslimin: Tangtu bae aya anu LANGGEUNG DI MANUSA oge, nyaeta
sabalikna tina Kawasana sareng Keresana Allah iwal ti kabagean Bodona. Hartina
henteu nyaho sama sekali.

Asal tina henteu Aya jadi Aya, tetep teu nyaho, malah-malah tepi ka Batin oge
langgeung bae, moal terang.
Kapan urang waktu tadi, memeh turun ka Alam Dunya, geuning henteu terang
naon-naon !..., atuh nalika aya dina Kandungan Ibu 9 (salapan) Sasih, di dinya
oge sami henteu terang. Malahan nalika brol turunna ti Ibu ka Alam Dunya oge..
teu emut deuih. Atuh ti kawit Orok.. jadi Budakterus jadi Dewasa, henteu emut
ngagedeannana ieu Jasmani teh, sumawona datangna Rasa, Paninggal,
Pangdangu, Pangangseu, Pangucap kapan henteu teurang duka timana ti
mendina, da bakating ku Bodo tea. Margina Rai !..., katetepan dalil LAHAWLA
WALA KUWATA tea, Manus amah henteu daya henteu upaya, setu ibarat rokrak.
264.
Rd. Muslimat: Kahartos pisan eta katerangan teh perkawis anu
Langgeung di Allah sareng anu Langgeung di Manusa.
Salajeungna Rai !.., bade naroskeun deui.., perkawis anu disebat JATINING
MANUSA, masih keneh hemeng Kang !.
264.
Rd. Muslimin: Perkawis JATINING MANUSA Rai !.., ari Jirim-na mah, moal
lepat.., nyaeta KANJEUNG NABI MUHAMMAD RASULULLOH SAW.
Tapi kapan ayeuna mah parantos teu aya dikieuna ari Jirim-na mah, anu kantun
Gaib-na.
Da disaban Jalmi oge Rai !.., misti.. pada katetepan ku GAIB-NA MANUSA, kitu
oge upama ka udag Elmu-na.
264.
Rd. Muslimat: Naha kumaha.. pangna bisa kapendak ?...., kapan
kangaranan Gaib mah tanpa bukti.
265.
Rd. Muslimin: Kapan ceuk Akang oge kedah ku ELMU, kedah ku pada
Gaib deui. Upami hoyong uninga ka nu Gaib, nya kedah ku nu Gaib deui. Ari
carana nya kedah nganggo Tarekat, sangkan urang terang ka GAIB-na Urang.
Ayeuna Engkang bade masihan ibarat: Di payunan Rai parantos sadia dina
piring Cau. Tah pangna diayakeun eta Cau, naonnana anu di arahna ?
266.
Rd. Muslimat: Nya tangtos oge atuh diteda, anu diarahna
nyaeta Rasana.
267.
Rd. Muslimin: Atuh lepat ari anu diarah Rasana mah. Rai !..., cau mah
henteu katetepan Rasa (Rasul), atuh upami cau katetepan Rasa mah eta cau teh
bakal bisa usik malik, bisa lumpat kawas sato.
Ari Rasa mah Rai !..., parantos nyampak dina Baham, nyampak dina Letah urang.
264.
Rd. Muslimat: Upami sanes Rasa-na anu di arah, naonnana atuh ?
265.
Rd. Muslimin: Anu di arah teh Cau mah Amis-na. Kapan geuning ari
meser atawa ngala cau teh sok anu parantos asak, da ngarah Amis. Geuning anu
atah keneh mah tara ditaruang da kesed. Tah .. kitu paham Rai !.
266.
Rd. Muslimat: Aeh leres .. nya, Amis-na anu di arah teh, da Rasa mah
parantos nyampak di manusa.
267.
Rd. Muslimin: Tah eta Amis-na teh Rai !..., Gaib-na Cau, karasa amisna
tapi teu nga-Jirim. Aya tapi tanpa Rupa.
Tah Amis-na cau teh , moal karasa ku Rai.., upami wujudna cau diantep henteu
di tuang. Tapi upami eta wujud cau dituang, sasat diruksak wujudna, dibeuweung
sing lembut kakara kapendak, karasa Amis-nateh, atawa Jatining Cau tea.
Kitu deui Manusa oge kedah terang kana GAIB-NA MANUSA (JATINING MANUSA),
Aya tapi tanpa Rupa. Akal-na nya kitu sapertos Cau, kedah ngabongkar,
ngareksak wujud anu nga-Jirim, kakara aya Jatining Manusa. Ibarat suuk upami
dirieus, diperes wujud suukna pasti bijil Minyakna.
264.
Rd. Muslimat: Ari ngabongkar atawa ngaruksak Wujud Manusa kumaha
carana ?..., Rai mah teu acan ngartos.
265.
Rd. Muslimin: Ari carana ngabongkar, ngaruksak Wujud Urang mah
nyaeta dina waktu Laku Tarekat, ceuk dalilna oge: ANTAL MAUTU QOBLAL
MAUTU . Reksak teh Mirasa Suwung, henteu ngarasa kagungan wujud anu

ngajungkiring ieu, malahan ka Alam Dunya oge hilap, bakating husu ka YANG
AGUNG.
266.
Rd. Muslimat: Sakedap Kang!, GAIB-NA atawa JATINING MANUSA teh
anu mana tea ?
267.
Rd. Muslimin: Eeeh.. teu acan ngartos keneh ?..., kapan eta anu ningali
nalika Tazzali (Nuju Solat Ka-Rohanian), tah eta teh anu Jenengan Gaib-na
Manusa atawa Jatining Manusa.
Kumaha ?......, bingung keneh ?, atawa parantos paham ?.
264.
Rd. Muslimat: Euhhh. Kutan. Anu eta JATINING MANUSA teh .,
kahartos atuh ayeuna mah Kang !.
Hatur rebu-rebu nuhun laksa ketining kabingahan, kana sagala rupi kasaean
Engkang.. Rai ! dipiwejang Elmu cepengan Jungjunan urang Nabi Muhammad
Rasululloh SAW, anu turun tumurun ka para Sahabat, ka para Wali, atuh tug dugi
ka Rai.., ayeuna perantawisan Engkang. Ngaraos tutug PA-TAUHIDAN Rai teh,
moal mang-mang deui.
264.
Rd. Muslimin: Nya.. ari Rai parantos henteu mang-mang deui mah, teu
kinten nganuhunkeunnana, jadi urang terus-terusan ngobrol teh henteu mubadir,
geuning aya hasilna.
Peupeujeuh Engkang mah.., kantun suhudna ibadah, boh HABLUMMINALLOH,
boh HABLUMMINNANAS. Ibadah atawa amal disarengan ku BERSIH QOLBU/HATE.
Urang cekapkeun dugi ka dieu heula Rai !..., geuning parantos sareupna ieu teh.

KITAB LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID-4

BAB ELMU KASAMPURNAAN


INSAN KAMIL (MANUSA SAMPURNA)
Kacarioskeun Raden Muslimin sareng Raden Muslimat parantos waktosna
diumbarakeun di Alam Dunya, mulih ka Rakhmatulloh nyumponan dalil WA INNA
ILAHI ROJIUN , mulih ka jati mulang ka asal, mulih rasana maring kersana Allah.
Gentos anu ngalalakon madungdengkeun paguneman perkawis elmu Agama,
nyaeta putrana Raden Musliminanu jenengan Raden Insan, ari putrana Raden
Muslimat jenengan Raden Kamil.
Raden Insan sareng Raden Kamil ( kapi raka sareng kapi rai ) yuswana parantos
nincak sawawa. Sumedeng buta tulang buta daging, nuju belekesenteng gede
tanaga. Margi ti aalit parantos di didik, di atik ku ibu rama kana bag-bagan kaAgamaan, neuleuman elmu Agama cepengan Jungjungan Nabi Muhammad
Rasululloh SAW, anu disebat RUKUN AGAMA ( Sareat, Tarekat, Hakekat, Marifat ),
atuh ninggang kana babasaan Teng Manuk teng, Anak Merak kukuncungan,
Uyah mah tara tees ka luhur, ieu dua nonoman teh layeut sakaresep neuleuman
elmu Agama ka-Marifatan, pangpangna kapi rakana Raden Insan sasat parantos
pasagi pangartina. Atuh dina prakna bermasyarakat teh, istuning nyumponan
tatakrama hormat tilawat ka sepuh, ka guru, ka ratu, ka wong atua karo, ajeg
pamadegan, rengkuh ka papada kaula, handap asor henteu luhur pamakanan,
lungguh timpuh, tapi ngaluluguan anu sifatna paguyuban gawe babarengan
enggoning nyumponan kaperluan kahirupan masyarakat lingkunganana, pikeun
pangan, sandang, papan, anu di imbangan ku kagiatan-kagiatan karohanian.
Masyarakat di uar, di ajak sangkan garetol ngalaksanakeun amal ibadah kana
parentah Allah, oge diwisik sacara malapah gedang sangkan ngarti sarta bisa
Marifat ka anu marentahna. Dina hiji waktu ieu dua nonoman teh parantos
caralik papayun-payun di lebet Bale Paguneman sakumaha anus ok
dilaksanakeun ku Ramana, seja madungdengkeun papahaman Agama Islam
khususna, ngaronjatkeun sagala elmu anu kantos diwiridkeun ku Ramana.
1.
RADEN INSAN: Rai Kamil !....., langkung ti payun, mangga urang
sasarengan nembrakeun rasa syukur ka Nu Maha Suci, Anu Murbeng Alam, Anu
ngusik malikeun urang, mung ku Kawelas sareng Kaasih Manten-Na urang tiasa
kieu, sehat lahir batin. Saparantos di kantun ku pun Bapa sareng Rai dikantun ku
pun Paman, sakedahna urang nurut kana sagala piwejangna, neraskeun hanca
garapan neuleuman Elmu Agama. Ku parantos ngantunkeunnana pun Bapa
sareng pun Paman, kantun urang salaku anakna anu kedah leres-leres saban
waktos munajat ka Allah SWT, supados pun Bapa sareng pun Paman tiasa mulih
sirna sampurna. Margi mung dua urang salaku anakna anu aya jaminan baris

1.
2.
3.

2.

3.

4.

5.

1.
2.
6.
7.

8.

diperhatoskeun ku Nu Maha Kawasa. Sakumaha saur keterangan Yen anu baris


ngadorong salah saurang anu parantos aya di Alam Akherat teh mung tilu hal:
Elmuna anu sampurna, hartosna anu mangfaat, anu henteu
diharamkeun ku Agama, anu henteu dilarang ku Nagara.
Amalan anu Ikhlas (Hablumminalloh sareng Hablumminanas) salami
jumenengna, boh amal ku elmu, ku tanaga, ku harta atawa ku budi.
Anak anu Soleh, hartosna anak anu ngartos, yen anu tilar dunya
mah parantos di tutup lawang tobatna. Ngan dua putrana baris diperhatoskeun
ku Nu Maha Kawasa. Kitu oge upami eta putrana teh leres tekad, ucap sareng
lampahna.
Kumargi kitu Rai !...., upami urang nyaah ka kolot, anu dipercanten janten
cukang lantaran gumelarna diri urang di Alam Dunya ieu, omat sing mupusti
kana warisannana. Ari warisan anu sajatina. Nya NGARANanu moal pisah
sareng ieu Wujud pasihan ti Gusti Allah.
Mupusti teh .. ngaran ulah tepikeun ka diomongkeun batur sadumeh goreng
ucap lampah, komo bari wujud tepikeun ka ditampiling batur mah. anu kitu
hartina henteu bisa miara, mupusti warisan. Margi upami anakna cilaka, kolotna
pasti kababawa. Bade tiasa ngadoakeun ka kolot kumaha ?, ari urangna lamokot
kokotor, bala ku dos amah. Ari rekes ka Nu Maha Suci teh atuh urangna kedah
suci heula.
RADEN KAMIL: Hatur nuhun Kang !...., tina sagala rupi piwejangna,
ngelingan ka Rai, bilih tigebrus kanu henteu pararuguh. Mugi-mugi bae Rai..,
tiasa ngadalian atawa ngelesan nafsu (kahoyong) anu mengpar tina jalan anu
dipiridho ku Nu Maha Suci. Salajeungna manawi Engkang henteu kaabotan, Rai
teh hoyong naroskeun sababaraha hal perkawis papahaman Elmu Agama anu
kantos diwiridkeun ku pun Bapa, sakantenan etang-etang ngakurkeun sareng
ngantebkeun.
RADEN INSAN: Upami Rai, kagungan kahoyong kitu, pikeun Engkang
mah anu teu kinteun atohna, salian ti ngakurkeun teh, oge etang-etang
ngapalkeun sareng ngasah. Margi elmu teh henteu benten ti peso atawa bedog,
tiasa sekeut upami sering di asah. Upami henteu diasah pasti mintul, jadi
kurang mangfaatna. Mangga !...., palebah mana. Anu karaosna ku Rai masih
kirang paham ?
RADEN KAMIL: Anu henteu kinten pentingna mah. kanggo Rai teh eta
perkawis PA-TAUHIDAN, hoyong anu langkung eces, pangpangna hal Iman. Margi
geuning saur para Khotib, dina Netepan Jumat, yen Iman sareng Takwa teh
mangrupi RUKUN KHUTBAH dina Netepan Jumat. Kukituna mugi Engkang keresa
ngajelaskeun !.
RADEN INSAN: Sae eta pamadegan teh Rai !..., margi Iman mah
mangrupi dasar poko, upami Iman teu acan Tahkik (anteb) pasti kapercayaan
teh bakal ngambang. Kieu geura:
Ari Iman teh aya 2 (dua) Tahap:
IMAN KA NU MARENTAHNA nyaeta Percaya ka Nu Maha Suci. Ieu mah
bagian kana Hakekat.
IMANA KANA PARENTAHANNANA NU MAHA SUCI ieu mah bagian kana
Sareat.
RADEN KAMIL: Mugi dijelaskeun Iman ka Nu Marentahna, nyaeta ka Nu
Maha Suci teh kumaha carana ?
RADEN INSAN: Ari Iman ka Nu Maha Suci teh , tegesna Eling. Tapi
sahna Eling teh , kedah Marifat heula kana Dzat Sifatna Allah Taala. Jadi kedah
kapendak heula. Margi kumaha bade Iman-na (percayana), upami henteu acan
paamprok mah. Ulah Iman ngan dina Lisan wungkul. Kitu tah Rai !.
RADEN KAMIL: Nuhun parantos jelas Iman anu ka hiji mah, ayeuna
kantun Iman kana Parentahanana, kumaha maksadna ?

9.

RADEN INSAN: Ari Iman kana Parentahannana mah, nyaeta kedah


ngalaksanakeun kana sagala rupi anu diparentahkeunnana, diantarana anu
kaunggel dina Rukun Iman sareng dina Rukun Islam, anu dicontokeun ku Kanjeng
Nabi Muhammad Rasululloh SAW, sarta dina Tekad Ucap Lampah, sing
kagungan pamilih, mana anu dikedahkeun sareng mana anu diharamkeun ku
Agama. Tah Jalmi anu parantos kagungan pamilih ngalaksanakeun parentahNa
sareng nebihan larangan Allah Taala, eta anu disebat Takwa. Ari jalmi anu Takwa
teh cirina jalmi anu Iman.
10.
RADEN KAMIL: Ke.. punten Kang !..., kumaha ieu mah, saupami salah
sawios Jalmi anu bade Iman kana parentahNa atawa bade Takwa sapertos bade
Solat, bade Puasa, bade Munggah Haji nanging Jasadna parantos henteu
walakaya ?..., teras aya deui bade Zakat, Sidkoh, Infak, Amal Jariah, nanging
miskin malarat rosa ?. tah upami henteu tiasa ngalaksanakeun kedah ku gerak
jasad, sareng amal ku harta, panginten eta jalmi teh henteu disebat Iman
kana ParentahNa.., margi henteu aya cirina.
11.
RADEN INSAN: Rai., upami anu ngagugulung Sareat wungkul mah
nyakitu.., da anu kasebat ibadah Sareat mah.. ku pamolah jasad sareng sagala
rupi anu katingali ku panon. Ari perkawis amal jariah mah kapan aya
katangtuannana, aya iwalna pikeun anu kokoro mah. Mung
perkawis Ibadah wujud ka Allah, anu mawi Iman kedah ditempuh dua-duana
oge, kedah diteleuman tur dipidamel. Tah dina palebah jasad henteu tiasa
walakaya. Ari anu parantos Marifat mah ka Dzat Sifat Allah Taala henteu
janten halangan Iman ka Nu Maha Suci, margi Eling anu henteu ngawaktu.
Istuning saendeng-endeng, usik malik, diuk nangtung, leumpang ulah pegat ti
Eling ka Manten-Na. salawasna moal pegat dugi ka hosna maot oge, da parantos
WA HUWA MAAKUM WA HUWA MAKUNTUM , Hartosna: Siang wengi parantos
ngaraos sasarengan, henteu pisah.
12.
RADEN KAMIL: Kang !...., kumaha upami salah sawios jalmi,
ngalaksanakeun ibadah Sareat., puguh jasad parantos teu walakaya, atuh bade
ibadah Hakekat (Eling saendeng-endeng) da teu acan Marifat., kumaha tah ?
13.
RADEN INSAN: Nya upami kitu mah atuh KAFIRAN, engke dina maotna
henteu sareng Iman. Atuh poek jadi linglung rarasaan, Nyawa teh sasab
kapidangdung.. henteu tiasa mulang ka asal. Tah kitu Rai !.
14.
RADEN KAMIL: Dina perkawis ngalaksanakeun Iman kana parentah-Na,
utamina dina Hablumminalloh, eta teh panginten ngandung hartos nyembah
atawa sujud ka Allah. Anu bade ditaroskeun teh , manawi aya dasar hukumna
kedah sumembah teh ?
15.
RADEN INSAN: Aya Dalilna Rai !...., dina Surat Thoha ayat 25: LA ILLAHA
ILLA ANNA, hartosna: Teu aya deui anu disembah kajabi Kami. Teras aya deui
Dalil, Surat Al-Bayinah ayat 5: WAMA UMIRU ILA LIYABUDULLOHA MUKHLISINA
LAHUDIN, hartosna: Parentah nyembah ka Allah kedah ikhlas.
16.
RADEN KAMIL: Dupi tadi kantos disaurkeun, yen Iman ka Nu Maha Suci
teh kedah Marifat heula, naha aya dasarna ?
17.
RADEN INSAN: Aya Hadist Nabi., anu diriwayatkeun ku Syaidina Ali:

AWALUDINNI MARIFATTULLOHI Anu Hartosna: Awal-awalna Agama


kedah terang heula ka Allah.

AWALU WAJIBUN ALAL INSAN MARIFATULLAHI BI ISTIQANI Anu


Hartosna: Ari awalna (mimitina) kawajiban manusa nyaeta kudu nyaho ka Allah
ku kayakinan anu panceug/kuat (istiqomah) nyatana anu teu umbut kalinuan teu
gedag kaanginan.

WA KAMALU MARIFATTIHI ATASDIKU BIHI Anu Hartosna: Jeng ari


sampurnana Marifat teh nyaeta Tasdik (Sidik).

WA KAMALU TASDIK BIHI TAUHIDU Anu Hartosna: Ari kasampurnaan


Tasdik nyaeta Tauhid.

WA KAMALU TAUHIDU BIHI AL-IKHLASULLAHU Anu Hartosna: Ari


kasampurnaan Tauhidnyaeta Ikhlas.
Jadi Rai !...., TAUHID teh Nunggalkeun Allah, boh Dzat-Na, boh Sifat-Na, kalebet
padamelanna-Na. Tegesna Jalmi anu Tauhid teh , anu parantos tiasa misahkeun
tina rurujit, nyingkirkeun laku maksiat ngahiji kanu beresih.
18.
RADEN KAMIL: Perkawis Marifat, manawi henteu lepat eta teh lebet
salah sawios Rukun Agama, Rai.. masih keneh bingung, tadi disaurkeun ku
Syaidina Ali: Yen sampurnana Marifat teh nyaeta Sidik (Tasdik). Manawi aya
katerangan anu langkung eces ?
19.
RADEN INSAN: Leres Rai !..., eta teh tutugna RUKUN AGAMA, (Sareat
Tarekat Hakekat Marifat). Dijelaskeun ku Hadits Nabi:

ARAFUKUM BIRABBIHI ARAFUKUM BINAFSIHI
Artina: Jalma anu bener-bener nyaho ka Allah nyaeta anu geus lewih ngarti jeng
nyaho ka dirina sorangan.
Dijelaskeun deui, ari Marifat teh KASYAF. Ari Kasyaf teh nyaeta Kabukana
Hakekat (anu sabenerna).

MARIFATUL HAKEKATUL MAUJUDA Anu Hartosna: Kabukana sagala


anu aya (Isbat) kaasup dirina.
Malah aya deui Hadits Nabi Muhammad:

MAN SHOLATA BILA MARIFATIN LATASIHU SHALATUHU Anu


Hartosna: Henteu sah solatna jalma, upama henteu acan Marifat.
20.
RADEN KAMIL: Hatur nuhun Kang !..., kana katerangan-katerangan, anu
henteu kinten kahartosna. Rada bray-brayan ayeuna mah. Salajengna anu bade
ditaroskeun teh nyaeta bade nyusul amanat pun Bapa nalika jumeneng, ka
Rai teh kieu: Omat ku hidep sing kapendak Hakekat Tasjid . Tah kumaha
eta TASJID teh kang ?
21.
RADEN INSAN: Upami Rai.. bade nyusul tepus HAKEKAT TASJID, hartosna
Rai teh bade napak tilas laratan Asal sareng nyusul Hakekat Netepan (Solat),
oge sakaligus nyumponan Hadist Nabi anu tadi disaurkeun: MAN SHOLATA BILA
MARIFATIN LATASIHU SHALATUHU Anu Hartosna: Henteu sah solatna jalma,
upama henteu acan Marifat.
22.
RADEN KAMIL: Ke..kang !..., Huruf Tasjid jigjig kana Asal urang sareng
kana Netepan sagala ?,. Naha naon hubungannana ?
23.
RADEN INSAN: Is. Atuh kantenan aya pakuat pakaitna mah kieu:
Antawis Asma Allah (Jenengan) anu nganggo Tasjid, mung Lafadz Allah ( )
sareng Muhammad ( ) .
Cing Rai !..., emut-emut deui !..., panginten parantos didugikeun ku Tuang
Rama.. perkawis Hakekat Muhammad atawa Johar Awal tea !. Kapan eta anu
janten WAL AWALU (Pang Awalna) di damel ku Nu Maha Suci teh.
Ari sorotna eta Hakekat Muhammad atawa Johar Awal teh jadi Nur
Muhammad (Cahaya opat rupi):

NARUN (CAHAYA BEREM) NGAJADI HURUF ALIP ( ) Saren MIM ( )

HAWAUN (CAHAYA KONENG) NGAJADI HURUF LAM ( ) Sareng HE ( )

MAUN (CAHAYA BODAS) NGAJADI HURUF LAM ( ) Sareng MIM ()

TURABUN (CAHAYA HIDENG) NGAJADI HURUF HE ( ) Sareng DAL ()

Ari HAKEKAT MUHAMMAD atau JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid


()
Janten ti dinya asalna Lafadz Allah ( ) sareng Muhammad ( ) .
Saparantos Nu Maha Kawasa ngadamel Jalmi nyaeta Adam (Adegan Wujud), ari
rupina disebat Muhammad () . Kieu Rai !:

Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )

Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )


Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ( )
Tah ieu WAL AKHIRU (pang akhirna) Muhammad teh. Panutup, oge
bungkus Nur sareng Rasa. Ti dinya kakara turun tumurun
ngalahirkeun Manusa dugi ka jenengan Muhammad bin Abdullah lemburna di
Quraes Mekah, anu pangkatna Nabi oge salaku Rasul, anu ngagelarkeun AGAMA
ISLAM, salaku Nabi Panutup. Moal aya deui Nabi Kantun Elmuna (Rukun
Agama) jadi Ageuman/padoman pikeun umatna tug dugi ka kiwari. Tah kitu
Rai !..., pangna nyusul-nyusul huruf Tasjid sami sareng nyusul laratan Asal Hirup
Manusa. Janten:

WAL AWALU: Pang awalna Allah teh ngadamel Hakekat


Muhammad atawa Johar Awal (Sagara Hirup). Hartosna saniskara anu nyawaan
(Hirup) asalna tidinya.

WAL AKHIRU: Pang akhirna Allah ngadamel Sareat Muhammad. Rupi


manusa, jadi bungkus atawa nutupan Nur sareng Rasa, oge Panutup Pangkat
Nabi (Khotaman Nabiyin).
24.
RADEN KAMIL: Punten Kang !..., eta katerangan teh .. aya dasarna ?
25.
RADEN INSAN: Ieu Hadits Nabi:

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA
MINHUL-ASYYAA WA ANTA MIN TILKAL ASYAI,,
Artina:
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh
ngajadikeun tina Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk
tina sesuatu eta.

INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ALAIHI WASALLAMA
MIN DZATTIHI WA KHALAQAL ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN
SALALLAHU ALAIHI WASSALAM
Artina:
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh
nyiptakeun alam, kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.
26.

RADEN KAMIL: Samentawis rada cekap eta katerangan teh, kapayun


hoyong langkung anteb deui. Mung ayeuna hoyong diterangkeun anu pakuat
pakaitna TASJID sareng NETEPAN (SHOLAT).
27.
RADEN INSAN: Kapan Hakekat Muhammad teh jadi hurup TASJID dina
Lafadz Allah, sarengTakbiratul Ikhram dina Sholat.

NURUL AHMAR/CAHAYA BEREM NGAJADI HURUF ALIP ( ) ari Wujudna dina


Sholat nyaetaNANGTUNG.

NURUL ASHFAR/CAHAYA KONENG NGAJADI HURUF LAM ( ) ari Wujudna


dina Sholat nyaetaRUKU.

NURUL ABYAD/CAHAYA BODAS NGAJADI HURUF LAM ( ) ari Wujudna dina


Sholat nyaetaSUJUD.

NURUL ASWAD/CAHAYA HIDENG NGAJADI HURUF HE ( ) ari Wujudna dina


Sholat nyaetaLUNGGUH.
Jadi Rai !..., nuju Solat mah Takbiratul Ikhram, Nangtung, Ruku, Sujud, Lungguh,
eta ngagambarkeun LafadzAllah ( ) pikeun nyusul Hakekat Muhammad,
Cahaya Berem, Cahaya Koneng, Cahaya Bodas, Cahaya Hideung.

Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH (ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun


Lafadz Muhammad ( ):
Tina SIRAH NGAJADI HURUF MIM AWAL ( )
Tina DADA NGAJADI HURUF HE ( )
Tina UDEL NGAJADI HURUF MIM AKHIR ( )
Tina SUKU NGAJADI HURUF DAL ()
Tapi henteu acan janten wujud dalil Muhammad, margi kirang Tasjid. Eta anu
kedah dipilari !!!.
Rai !..., Tasjid teh mangrupa Koncina Bumi sareng Langit pikeun
mukakeun LAWANG HIJAB (Pipinding) Marifat ka Allah. Pikeun ngaburak,
ngarakrak JAGAT SHOGIR baris nimbulkeun Lelembut Raga (Jatining Manusa).
Upami kapendak eta TASJID, engke bakal kahartos pasal Nafi Isbat.
Kitu tah Rai !..., perkawis Tasjid teh !...., mangga geura Manahan sing anteb,
sareng pilari Tarekahna !!!.
Tapi ketang, sanaos hayoh dipikiran oge kalah ka murudul rambut, moal
kapendak, upami henteu acan terang kana prak-prakan SHOLAT TAZALLI atau
Sholat Daim, padamelan Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Ieu teh penting kacida Rai !.., upami Wujud Manusa henteu acan ngawujud dalil
Lafadz Muhammad ( ), eta moal pendak sareng Allah ( ) hartosna moal
Marifat.
Mugi Rai.., janten uninga, Para Rasul salaku utusan Allah ( Adam, Nuh, Ibrahim,
Musa, Isa, Muhammad), diantara anu genep teh , anu kaselir tiasa MIRAJ mah,
mung hiji nyaeta Jungjunan Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Matenna anu
kaselir ku Nu Maha Agung sina ninggal Akherat, ninggal ka ayaan Batin memeh
pupus. Mantenna mah parantos uninga waktosna.

28.

RADEN KAMIL: Manawi aya cirina para Rasul anu henteu kaselir Miraj
Kang !.
29.
RADEN INSAN: Ari cirina mah kapan buktos dina Lafadz Jenengannana
henteu nganggo Tasjidan.., salian ti Nabi Muhammad anu aya mah, nya sami
sareng Lafadz Allah, eta ciri anu dipaparin Koncikangge ngadeuheus ka Maha
Suci.
Tah ayeuna urang salaku umat Nabi Muhammad Rasululloh SAW, pada kagungan
waris asal tiasa kependak Tasjidna. Carana sing Suhud milarian.., dipeser ku
prihatin, tirakat, mutih sareng disarengan kuTekad, Ucap, Lampah anu sae.
Insya Allah awal akhir baris tinekanan.
30.
RADEN KAMIL: Aduh hatur nuhun.. kahartos pisan eta katerangan sareng
piwejang ti Engkang, kantun Rai milarian Tarekatna, supados
kenging Koncina.
Upami anu parantos kagungan konci ku jalan Tarekat, rupina sami hiji jalan
kana Marifat. Anu bade ditaroskeun ku Rai !.., naon paedahna, atawa
mangpaatna, pangna Manusa Wajib Marifat ka Allah ?
31.
RADEN INSAN: Ari paedahna Marifat teh Rai !.., nyaeta pikeun
sarat SAHNA AMAL IBADAH URANG DI ALAM DUNYA, supaya yakin nyembahna,
moal pegat dugi ka maot engke. Margi Rai !..., ari leresnaSumembah teh .. kedah
tepung heula sareng Anu di Sembahna. Jadi tara ngaheulakeun
sembahSamemeh pendak. Kitu deui.., leresna PUJI oge kedah bukti heula anu
dipujina. Oge upama urang tumarima Jadi Kawula teh , kedah tingali heula Di
Gustina. Upami urang bade Kuli/Buburuh atuh kedah milari heula Dunungannana,
tara ujug-ujug didamel, margi bisi henteu puguh buruhannana. Tah anu
dijentrekeun di luhur teh luyu sareng Dawuhan Allah Taala dina Quran (Surat AlHijir ayat 99):WABUD ROBBAKA HATTA YATIYAKAL YAQIN, Anu hartosna:
Kudu nyembah maraneh ka Panggeran maraneh sing tepi ka Yakin.

32.

RADEN KAMIL: Punten Kang !.., kumaha upami aya salah sawios jalmi..,
henteu acan terang kana jalan-jalan ibadah sakumaha kedahna, maksad teh
henteu tina ibadah Sareat heula, nanging aya kadar tiasa Marifat ka Nu Maha
Suci ?
33.
RADEN INSAN: Jalmi anu kitu langkung untung, tandana eta jalmi teh
kenging Taufik (pitulung) ti Nu Maha Suci, oge hiji cirri eta Jalmi teh dihampura
dosana.
Perkawis Marifat mah Rai !.., bade tina Sareat, bade tina Tarekat, ti mana
bae jalanna mah, da sanaos tina Sareat oge, ari bade ningkat kana Marifat mah,
tangtu nyorang heula Tarekat. Margi Tarekat mah.. pikeun ngabuktikeun Sifatsifat Hakekat, nyaeta Dzat Sifat Asma, eta teh Barang Ghaib, anu tiasa
ditingalina teh sanes ku Soca biasa, sakumaha saur Hadis: RUYATULLAHI
TAALA FIDUNYYA BI AENIL QOLBI, Anu hartosna: Ningali Sifat-sifatNa Allah di
dunya ku Awasna Mata Batin/Qolbu.
Kitu Rai !..., katerangan Marifat ka Allah teh, henteu dipastikeun kedah Sareat
heula, kumaha dipaparin Taufik-na ku Nu Maha Suci. Da Manten-Na anu
kagungan Sifat Wenang.
34.
RADEN KAMIL: Perkawis hal Marifat ku Rai parantos kahartos, jadi
paedahna teh:
1.
Mangrupi sarat pikeun Sahna Ibadah sareng Amalna, supados
sampurna.
2.
Pikeun Ngabenteng Hawa Nafsu anu Goreng, sangkan sampurna
Tekad, Ucap jeung Lampahna.
3.
Pikeun Lampu Kasalametan boh di Dunya, boh di Akherat. Margi
sifat anu mawa salamet tehCAANG. Sedengkeun sifat anu mawa cilaka teh Poek.
Lampu (Caang) teh penting, supados lumakuna henteu tutubruk. Margi upami
anu henteu acan kagungan lampu mah.., tos kantenan jalmi masiat, dalah anus
ok getol aribadah oge sok rajeun diaradu jeung baturna, da poek tea. Kang da
kana papahaman mah parantos yakin kana ieu Elmu teh kantun kumaha carana
supados enggal kadugi kana Marifat ?
35.
RADEN INSAN: Supados enggal mah, teu aya deui carana teh kedah
kieu:
Pilari sing kapendak Rukun Marifat, piraku ku tuang Rama teu acan diwartosan !,
geuning dina Sifat 20 Allah mah Wahdaniat, oge eta teh lebet kana Sahna Maca
Sahadat.
36.
RADEN KAMIL: Anu mana tea.. nya ?, duka henteu acan.. Duka hilap
deui Kang ?
37.
RADEN INSAN: Eemmmh Rai mah, Rukun Marifat teh. eta:
DHAT SIFAT ASMA AFAL
38.
RADEN KAMIL: Ooooh. Leres emut ayeuna mah.., anu kedah:

Netepkeun heula Kana Dhat-na Allah Taalla

Netepkeun heula Kana Sifat-na Allah Taalla

Netepkeun heula Kana Asma-na Allah Taalla

Netepkeun heula Kana Afal-na Allah Taalla

Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh


39.

RADEN INSAN: Nuhun atuh parantos ka emut mah. tah anu tilu Dzat
Sifat Asma kagolong barang Gaib. Ari Gaib teh Aya tapi tanpa bukti. Manusa
diwajibkeun percaya kanu Gaib. Da ceuk dalilna oge:ALLADINA YU MINUNA
BIL GHOIB, Hartosna: Ari Jalma anu Iman teh anu nekadkeun, ngabenerkeun
kana perkara anu Gaib.
Tapi sahna urang Iman sarta ngaku kana perkara Gaib teh, kedah yakin heula
kana barang-barangna. Sedengkeun barang Gaib mah henteu katingali ku panon

biasa, tapi kedah ku Gaib deui. Ari anu Gaib di Wujud Manusa teh sami nyaeta
Dzat Sifat Asma Allah tea.
Janten ditingalina teh kedah ku Gaibna Manusa. Geuning saur Hadist
oge: WALLAHU GHOIBUN AL-INSANU GHOIBUN, Hartosna: Allah teh Ghaib
manusa oge Ghaib. Tah upami urang parantos Awas kanaSifat Hakekat (DzatSifat Asma), tanwande urang bisa tepi kana MARIFATULLOH.
Emut Rai.., ari biasa Allah teh .. tetep Jenengan. Jenengan
saparantosna Isbat (Aya) lahirna manusa. Ari Dohirna Manusa teh saparantos
gulungna Dzat Sifat Asma Afal Allah. Margi eta anu opat teh jadi
Huruf Allah ( ) :
DZAT NGAJADI HURUF ALIP ( )
SIFAT NGAJADI HURUF LAM AWAL ( )
ASMA NGAJADI HURUF LAM AKHIR ( )
AFAL NGAJADI HURUF HE ( )
Tapi sanaos jadi Huruf ALIP ( ) , LAM AWAL ( ) , LAM AKHIR ( ) , HE
( ) . Henteu acan janten LafadzAllah, margi henteu acan kumplit sareng Tasjid
( ).
Ana kitu atuh. Tasjid na teh , Sareatna kanyataan Manusa. Margi
aya Jenengan Allah teh. Saparantos aya Manusa.
Paingan Dawuhan Allah:

ILLA HAQQA BILLA HAQQIN - ILLA HAQQIN BILLA HAQQA
Tegesna: MOAL AYA AING LAMUN EUWEUH MUHAMMAD (MANUSA), MOAL AYA
MUHAMMAD (MANUSA) LAMUN EUWEH AING.
Tetela Muhammad (manusa) teh henteu aya antarana sareng Allah. Sesuai
numutkeun dalilna:
WA NAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID
Hartosna: Kami lewih deukeut ka maneh, sanajan dibandingkeun urat beuheung
jeung beuheung maneh oge.

40.

RADEN KAMIL: Perkawis Jenengan Allah, saparantos ngupinkeun


katerangan ti Engkang, rada ngagebray, nanging manawi aya ibaratna,
supados langkung eces Kang !.
41.
RADEN INSAN: Cing urang milari conto sangkan langkung jelas.
Conto Sareatna:
Rai !..., kantos ngadangu jenengan Pamarentah ?...., manahan ku Rai..!, Kumaha
Wujudna Pamarentah teh ?. Kapan sadayana oge ngangkeun yen Pamarentah teh
anu pang kawasana di nagara mah.
Rai !..., ari anu disebut Pamarentah teh kedah kacumponan sarat-saratna:
1.
Kedah aya Presiden-na
2.
Kedah aya Mentri-mentri-na
3.
Kedah aya Rahayat-na
4.
Kedah aya Wilayah-na
Upami kacumponan sarat-sarat ieu, nembe sah disebut Pamarentahan. Ongkoh
disebut Pamarentah tur kawasa, sanajan Presiden oge ari
bade Ngalantik teh, sok nyaurkeun kieu: SAYA ATAS NAMA PAMARENTAH.,
tapi wujudna mah kapan henteu bisa dituduhkeun.
o
Upami nuduh Pamarentah ka Presiden/Raja kapan eta mah jelas
Presiden/Raja
o
Upami nuduh ka Mentri., kapan eta mah para Mentri pembantu
Presiden.

Upami nuduh ka Rahayat, kapan tos kantenan eta mah


Rahayatna.

Upami nuduh ka Wilayah.., kapan puguh eta mah Wilayahna.


Jadi Rai !..., Jenengan Pamarentah teh Yakin Aya, tapi Tanpa Rupa/Bukti. Pikeun
ngayakinkeun Ayana ., kedah terang kana Sifat-sifatna Pamarentah nyaeta:

Kedah terang ka Presiden

Kedah terang ka Mentri-mentrina

Kedah terang ka Rahayatna

Kedah terang kana Wilayah legana Nagara.


Tah anu opat sifat ieu teh Kaliputan atawa Kapurba Wisesa ku Kakawasaan
Pamarentah.
42.
RADEN KAMIL: Eta mah nembe conto Sareatna Kang !...., kumaha ari
conto Hakekatna ?
43.
RADEN INSAN: Conto numutkeun Hakekatna mah kieu:
Ari basa Allah teh jenengan, cing kumaha Wujudna ?...., sami teu tiasa dituduhtuduh, ibarat nuduh kana Pamarentah dina Sareat mah. cing ayeuna
babandingannana:

Upami nuduh kana Dzat-Na Allah, ibarat Pamarentahan., cing naon


barangna dina Diri Manusa?

Upami nuduh kana Sifat-Na Allah, ibarat Presiden., cing naon barangna
dina Diri Manusa ?

Upami nuduh kana Asma-Na Allah, ibarat Mentri., cing naon barangna
dina Diri Manusa ?

Upami nuduh kana Afal-Na Allah, ibarat Rahayat katut Wilayahna., cing
naon barangna dinaDiri Manusa ?
Upami parantos terang kana barangna eta anu opat kalawan Haqul Yakin,
katingalina ku Panon Qolbu/Hate, tah anu kitu disebat Marifat ka Allah.
44.
RADEN KAMIL: Dupi eta kana Dzat., naha wajib katingalina ?, kapan
saur Dalil oge:

LAESA LAHU MAKANUN WALA ZAMANUN FAKHOLAQO MAKANAN WAL
ZAMMAN
Anu hartosna: Allah teu bertempat, MantenNa anu nyiptakeun Waktu sinareng
Tempat.
DHAT LAESA KAMISLIHI SAEUN.. anu BILA HAEFIN, BILA MAKANIN (Teu
tiasa disaruakeun, henteu warna, henteu rupa, henteu imah henteu enggon).
Atuh bade katingali kumaha ?
45.
RADEN INSAN: Henteu wajib Rai !, ningali kana Dzat-Na mah. wajib teh
terang kana Ayana bari Karasa. Ibarat kana Seneu, ningali
kana Hurungna (sifatna) ari kana Panasna mah asal terang sarengKarasa sami
hoyong yakin kana ayana panas, atuh kedah dirampa sifatna (hurungna) eta
seneu, pasti bakal Karasa Panasna.
Kitu deui upami urang parantos ningali kana Sifat-Na Gusti Allah, tangtu Karasa
Ayana Dzat teh, sarta karaos ngaliputannana teh kana sagala Sifat-sifatNa.
Jadi Dzat anu langkung Kawasa teh da kapan Hurung (sifatna seneu) bijilna teh
ku ayana Panas. Geura buktikeun upami urang bade ngahurungkeun seneu
boh ku Kayu Api atawa Gasolin (Bensin), kapan siki Kayu Apina teh digesekeun
heula kana cangkang kayu api sina panas heula. Upama parantos panas
kakara bijil Hurungna. Di dinya antara Panas sareng Hurung ngagulung jadi hiji
(manunggal). Jadi Dzatsareng Sifat ngagulung.
Tah kitu Rai !..., padika Allah mah nu ngadamel sok ngahiji sareng anu
dipidamel (Jumeneng). Asal Nafi(teu bukti) jadi Isbat (aya bukti). Nafi
Isbat jadi Hiji (ngagulung). Anu mawi Lafadzna LA ILLAHA ILA ALLAH:
o

46.

LA = Kanyataan ayana Dzat


ILLAHA = Kanyataan ayana Sifat
ILA = Kanyataan ayana Asma
ALLAH = Kanyataan ayana Afal
Gulungna NAFI = LA ILLAHA ILA
Sedengkeun ISBAT = ALLAH
RADEN KAMIL: Kang !..., dupi eta Dzat Sifat Asma Afal, naon
barangna dina wujud urang ?
47.
RADEN INSAN: Rai !... eta mah rasiah., margi eta mah Elmu Agama
Rasululloh. Ari Kanjeng Nabi Muhammad teh kapan urang Quraes, upami Rai !...,
hoyong tutug eta Elmu, atuh kedah janten urang Quraes heula. Hartosna
kedah ahli ngosongkeun patuangan (tirakat/kentel peujit).
Sabar heula Rai !.., kedah nuju salse eta mah. Ayeuna mah cumponan heula bae
sarat-saratna, da engke oge kauningana teh ku rai nyalira.
48.
RADEN KAMIL: Kitu nya., jadi udageun Rai.. kapayun. Atuh ayeuna mah
bade digentos patarosannana, nyaeta anu disebat Hiji Asmana Allah teh naon
tea Kang ?
49.
RADEN INSAN: Eta teh barang Gaib keneh, anus ok disarebat
barang Ismu Dzat. Ari barangna:

QUDRAT = NURULLOH / JAOHAR AWAL, anu ngahirupkeun Manusa.

IRODAT = NUR MUHAMMAD, anu ngajadikeun sadayana sifat-sifat (anu


ngajadi): Paninggal, Pangrungu, Pangangseu, Pangucap.
Rai !.., Manusa teh tina Qudrat IrodatNa Allah Taala, anu mawi kedah kauninga
ti ayeuna!, margi kapan kedah mulang deui kadinya. Upami urang ayeuna
henteu Marifat (terang) ka dinya, tangtu bakal kalangsu, ngulibek di dunyadunya keneh.
50.
RADEN KAMIL: Dupi anu disebat Hiji Afalna (dadameulannana)
Allah naon nyatana ?
51.
RADEN INSAN: Kapan eta Wujud anu diangge ku Rai !..., naha pangrasa
teh kitu eta wujud teh kenging Ibu-Rama ?. Atuh upami Ibu-Rama tariasa
ngadamel Wujud Manus amah, Dalil Lahaula wala Kuwatateh teu keuna.
Pisakumahaeun teuing.. pa alus-alusna meureun nyarieun budak teh. Tah ieu
Wujud teh Rai !.., ngabuktoskeun Kakawasaan sareng KersaNa Allah Taala. Tapi
sok sanaos Allah Kawasa oge., kedah bae ari nganggo sabab mah, geuning
saur Dalil oge: INNALLOHA ALA KULLI SYAEIN SABABA, Hartosna: Allah
ngajantenkeun sagala rupi nganggo sabab.
Nya ieu Wujud disababannana perentawisan Ibu-Rama. Jadi Ibu-Rama teh
sakadar cukang lantaran. Bilih Rai !.., teu acan ngartos, ieu wujud teh nyantel
(ngahiji) kana Dzat Sifat Asma Afal. Atawa dina Lafadzna mah: ALIP ( ) ,
LAM AWAL ( ) , LAM AKHIR ( ) , HE ( ) . Katarik kana kanyataan Allah ( ) ,
jadi ieu Wujud Huruf HE ( ) dina Lafadz Allah ( ) .
52.
53.

RADEN KAMIL: Naha Kang ?, kapan ieu Wujud teh barang anyar ?
RADEN INSAN: Iiih.. anyar soteh Isbat-na (ayana bukti), da tadina mah
barang Nafi tea, Nafi Isbatjadi hiji.
54.
RADEN KAMIL: Upami ieu Wujud leres barang Nafi, naha atuh sok
ruksak atawa buruk di Kuburna ?
55.
RADEN INSAN: Tiasa bae.. buruk, bau, upami ieu Wujud
diangkeun Wujud Manusa. Rai !..., sing ngartos ieu mah sanes Wujud Manusa !,
tapi Wujud bukti dadamelan Allah Taala, tempat sareng parabot pikeun
nyumponan sagala karep Manusa.
Supados henteu lieur, cing upami Rai hoyong ka Jakarta, naha ieu Wujudna
anu hoyong ka Jakarta teh ?, atawa Manusana ?.

56.

RADEN KAMIL: Panginten anu hoyongeun


mah Manusana atawa Rasana !.
57.
RADEN INSAN: Tah geuning ngartos, leres Rai.. eta Rasana. Nanging
eta kahoyong Rasa teh tiasa dugi moal upami henteu disarengan ku Wujud ?
58.
RADEN KAMIL: Bujeng-bujeng kanu tebih sanaos kanu caket oge,
moal tiasa upami henteu disarengan ku Wujud mah. Atuh sawangsulna
panginten Wujud oge moal tiasa indit upami henteu ku Dzat Sifat Asma.
59.
RADEN INSAN: Tah di palebah dieu.. Akrobna Allah sareng Manusa teh !
Saur Hadist oge: SAGALA KAREP MANUSA, MOAL JADI LAMUN HENTEU
DISARENGAN KU ALLAH. Sareng palebah dieu karaos henteu pilih kasihna Allah
ka papada Manusa teh rata pada dipasihan Wujud, mangrupa Kanyataan
Afal- Na Allah. Pikeun ngabarengan sareng ngajadikeun kana
saniskara Karepna Manusa.
Cing ku Rai emut !..., kapan bukti ieu eusi Alam Dunya, boh imah gedong,
kendaraan, listrik, radio, TV, katuangan, kalengkepan kasehatan, kalengkepan
ibadah jsb. Eta teh teu aya lian anu kagungan Karepna mah Manusa,
dijadikeunana nya ku Wujud (Afalulloh).
Tah kitu deui Rai !.., kanggo eusina Alam Akherat oge, boh Sawarga, boh Naraka,
nya ku hasil karepna manusa sareng padamelan Wujud nuju di Alam Dunyana.
Anu mawi Rai !..., da ari Allah mah Tetep Suci, teu ngalap paedah
(imblan/ngancam) ngadamelna Manusa teh, henteu bade ngaganjar henteu bade
nyiksa, kasakabeh manusa oge. Palebah aya Sawarga sareng Naraka, Allah
mah mung nyadiakeun wungkul pikeun hasil karepna manusa, sareng padamelan
Wujud (Afalulloh). Kusabab kitu, Rai sing atos-atos ngagolangkeun ieu Wujud
teh da ieu teh Amal Nu Maha Suci. Ulah gagabah ngagunakeunnana !..., anggo
amal ibadah bari disarengan ku soleh hate, suci ati (suci tekadna, suci ucapna,
suci lampahna).

ATI: Ulah diangge Sirik, pidik, jail, kaniaya, goring sangka, ujub, ria,
takabur jeung munafek.

BAHAM: Ulah diangge Ngumpat simuat, geureuhan, songong, sugal jsb.

WUJUD: Ulah diangge Lampah maksiat ( 5 M): Maling, Maen, Madon


(Lacur), Mateni (Maehan batur).
Nu mawi Allah ngayakeun Kitab Al-Quran oge, eta pikeun Ukur-ukuran (anggeuranggeuran) laku Manusa. Jadi Quran teh lain keur ngahukum batur, tapi
ngahukum dirina (anu macana).
Kapan parantos diugerkeun ku AMALUNA AMALUKUM.
Dina salah sawios Hadits oge dijelaskeun:
HASYIBU ANFUSYAKUM QOBLA TUHAASYABU, AWZINUU ANFUSYAKUM
QOBLA ANTUWZANUU
Anu hartosna: Hisab awak maneh (sorangan) samemeh jaga dihisab. Sarta
timbang amal maneh (sorangan) samemeh jaga ditimbang.
60.

RADEN KAMIL: Perkawis Afalulloh parantos kapaham barangna ieu


wujud. Tapi tadi saur Engkang ieu mah sanes Wujud Manusa, kapan
panginten sami-sami keneh ?. upami aya bentenna anu mana atuh Wujud
Manusa anu sategesna ?
61.
RADEN INSAN: Kieu Rai !..., ari Wujud anu bukti mah eta kanyataan
Afalulloh, sedengkeun Wujud Manusa anu sategesna mah Gaib. Aya tapi teu
ngabukti (nyumput). Anu matak saur Hadist:

WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA
ROBBAHU FAQOD JAHILAN NAFSAHU

(Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan tangtu bakal nyaho
ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana tangtu
bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Tah geuning kedah dipilarian diri teh: Pangna kedah dipilarian oge panginten
ku Buni (nyumput) margi Gaib tea. Da anu ngajentul katingali mah henteu kedah
dipilarian.
Upami jalmi parantos terang kana Jatining Manusa tangtos bakal ngaraos
bedana Manusa sareng Allah, bedana anu Suci sareng Anu Kotor. Tah upami
parantos ngarasa kotor tangtu kersa beberesih ( Tobat, moal ngalakukeun
deui ).
62.
RADEN KAMIL: Euhhh janten bentenna antawis Wujud sareng Wujud
Manusa teh: Ari Wujud mah, anu bukti, mangrupi Afalulloh, sok disarebat
oge Jasad, Jasmani, Diri, Badan atawa Adam. Ieu teh mangrupi Bungkus,
panginten nya Kang. Sedengkeun ari Wujud Manusa mah, atawa Jatining
Manusa, sok disebat oge Rohani, mangrupi Asmaulloh. Ieu mah mangrupi
eusina Jasmani. Ari barangna nyaeta: NARUN, HAWAUN, MAUN, TUROBUN.
Rupina di dieu gulungna Rasa teh nya Kang !.
63.
RADEN INSAN: Nuhun geuning Rai !..., parantos dikersakeun Caang.
Leres kitu Rai.., mung sing emut eta nembe dua tahap. Anu satahap deui
mah Sifatulloh anu gumulung sareng Dzattulloh tea, cing emut-emut !..., naon
barangna ?.
64.
RADEN KAMIL: Ke manawi henteu lepat, sanes eta Kang !.... Johar
Awal atawa Hakekat Muhammad atawa Bahrul Hayat (Sagara Hirup), sanes
kitu Kang ?.
65.
RADEN INSAN: Tah geuning parantos paham. Leres eta Rai !. Eta teh
tina QODRAT IRODAT-na Allah. Ari sorotna Bahrul Hayat (Sagara Hirup).., nya
janten Hrupna Manusa atawa Roh Suci, anu ngusik malikeun urang. Engke oge
Rai !.., mulih teh kedah ka dinya deui, luyu sareng Dalil: INNA LILLAHI WA INNA
ILLAIHI ROJIUN, Hartosna: Asal ti Allah, mulih deui ka Allah.
66.
RADEN KAMIL: Ke Kang !..., upami urang asal ti Allah, teras urang teh
ayeuna diumbarakeun di ieu Alam Dunya sakitu puluh taun lamina, engke
parantos dugi kana waktosna kedah mulih deui ka Allah. Upami kitu mah atuh
urang teh pisah.. patebih sareng Allah. Padahal Rai nalika turun ti Alam Akhirat
(Batin) henteu ngaraos ngingking, ujug-ujug clok bae di Dohir (Dunya). Tapi eta
saur Dalil kedah bae mulih deui ka Allah Maha Suci. Tah naon eta teh Kang Anu
mulih teh ?.
67.
RADEN INSAN: Kutan Rai teh masih bingung ?. Leres Rai kedah
mulih, nanging sanes ngingking sapertos ti luar ka lebet bumi,. Tapi anu
Mulih teh Rasana (Nyawa), mulang deui ka asal urang keur tadi.
Cing emut- emut deui ku Rai !...., nyumponan Dalil: INNA LILLAHI (Asal ti Allah) !.
Anu nembe haneut keneh diterangkeun:
Asal Hirup ti mana ?
Asal Rasa atawa Jatining Manusa ti mana ?
Asal Wujud atawa Jasmani ti mana ?
68.
RADEN KAMIL: Tapi naha geuning ari umumna mah panyileukan
engke marulang teh bet . Haroyong ka Sawarga ?, padahal saur Dalil mah: WA
INNA ILLAIHI ( mulih deui ka Allah), geuning Dalilna henteu WA INNA AL-JANNAH
(mulih ka Sawarga), kumaha eta Kang ?.
69.
RADEN INSAN: Memang aya Hadist anu nerangkeun, yen sadayana Jalmi
teh ti Sawarga, hartina tinaKanimatan, tina Sahadat (Sa-Adat) waktu tadi nalika
Ibu sareng Rama sapatemon Rasa. Jadi urang bade gumelar ka Alam Dunya teh
kapan ngalangkungan heula Nimat (Sawarga).

Jadi Sawarga mah Rai !..., diangge liliwatan wungkul. Atuh dina engke urang
mulang oge nya kedah ngalangkungan deui Nimat (Sawarga), anu saterasna
mulih deui ka Allah ka Sagara Hirup. Da kapan ayana Nimat (Sawarga) teh ku
aya Hirup. Hirup Allah anu Langgeung henteu kena ku ruksak.
Jadi anu mulih teh Rasana (nyawa) Rai !.
70.
RADEN KAMIL: KumahaKang !..., anu itikadna hoyong mulih teh mung
dugi ka semet Sawarga ?
71.
RADEN INSAN: Iiiih dugi ka dinya oge parantos untung, saratna oge
anu kitu beuratna, sok sanaos dugi ka dinya teh hartosna mulih
kana Ciptaannana Allah (Makhlukna) henteu mulih ka Nu Nyiptana ( WA INNA
ILLAIHI ).
72.
RADEN KAMIL: KeKang !... palebah Nimat (Sawarga) dina waktu maot,
lebah mana karaosna ?.
73.
RADEN INSAN: Eta palebah Sakarat, kuduna urang teh ngaraos reburebu nimat kedah persis anu karaos ku Ibu Rama kapungkur nalika saresmi
sapatemon. Tah Rai !, dipalebah dieu Hakekat Wat Sirotol Mustakim teh. Tegesna
jalan anu bener Paturayna Nyawa sing Nepi kana Laratan Dzat SifatNa Allah.
74.
RADEN KAMIL: Anu kumaha Kang !..., anu Maot kenging kanimatan
nuju Sakarat teh ?
75.
RADEN INSAN: Nya anu nuju di Dunyana mendakan Elmuna,
nyaeta Elmu Kasampurnaan.
76.
RADEN KAMIL: Kumaha upami nuju di Dunyana henteu mendak
sareng Elmu Kasampurnaan ?
77.
RADEN INSAN: Nya atuh sawangsulna tina ngaraos nimat, sarebu lipet
ngarasakeun kanyerian, persis anu karaos ku Ibu dina waktos harita babar
atanapi ngalahirkeun. Renghap ranjug, tibubunceulik, juba, jebi, adug lajer, lurak
lirik neangan jalan.. Poekeun.
78.
RADEN KAMIL: Tadi Engkang nyaurkeun, yen anu mulih
teh Rasana atawa Nyawana. Tah Rasa (Nyawa) anu maot teh kamana jigna ?
79.
RADEN INSAN: Kieu Rai !..., pangbalikan urang teh Pangbalikan Rasa ti
Dunya mulih deui ka Rasa Kapungkur.
Pangbalikan teh aya 3 (tilu) perkawis:
1.
Balik ka HAKNA ADAM
2.
Balik ka HAKNA MUHAMMAD
3.
Balik ka HAKNA ALLAH
Jadi Rai !..., engke dina maot mah, anu nangtukeun teh kumaha katerang
Elmuna. Upami Elmuna (Katerangna) ngan semet tuturut munding, ibadahna
luak leok, ngalakonan soteh bakat ku era ku batur, kurang suhud, kurang Haqul
Yakin, muhit ukur ka barang dunya, atuh tangtu dina waktu Sakaratna etaRasa )
Nyawa). Imanna teh kana Dunya nya Nyawana kontak sareng barang Dunya.
Upama kitu tangtu balikna ka dunya deui. (Balik ka Hakna Adam ). Eta mah
kumaha pamuhitannana, kana bagong, Oray, Maung, Monyet jsb.
Upami Rasana (Nyawa) kontak sareng asal Nur Muhammad, tangtu bakal
nyumponan kana basa Mulang ka Asal (Balik ka Hakna Muhammad ), didieu
tetep langgeung dina Nimat (Sawarga) tea.
Upami Rasana (Nyawana) kontak sareng Bahrul Hayat (Sagara Hirup), tangtu
nyumponan kana basa Mulih ka Jati (Balik ka Hakna Allah). Mulih deui
kana Rasa kapungkur, Rasa Allah tea (Rasululloh). Henteu aya naon-naon..,
anging Allah anu Langgeung JumenengNa.
Kitu tah Rai, nyanggakeun hoyong nu mana ?
80.
RADEN KAMIL: Punten .. Kang !..., Rai.. rada rewel.., margi masih keneh
panasaran. Anu bade ditaroskeun teh, eta Nyawa kaluarna tina Wujud teh kana
naon ?.

81.

RADEN INSAN: Ari saur Kitab mah Rai !..., kaluarna Nyawa tina kurungan
teh tina Embun-embunan.
82.
RADEN KAMIL: Ke.. Kang !..., upami Nyawa kaluar tina kurungan (wujud)
mah atuh panginten masih kakurungan ku wangunan Alam Dunya ?, Hartosna
mulih deui kan Hakna Adam ?, upami kitu mah tetep di Alam Dunya di
pangumbaraan.
83.
RADEN INSAN: Leres kitu Rai !..., eta teh saur Kitab. Nyawa kaluar tina
wujud ti Embun-embunan, margi henteu kapendak jalan ka Akherat.. asal tadi.
Jadi ngarasa poek, ka hijab (kapindingan) teu katembong heug bae nyasab.
Rasana oge pasti eungap, lila-lila mah bitu (kawas ban anu kaleuwihan teuing
ngompana). Anu mawi pantes Nyawa bijil norobos tina wujud kana Embunembunan. Anu kitu tetep dina Hakna Adam.
84.
RADEN KAMIL: Parantos kahartos perkawis Nyawa anu norobos tina
wujud mah. Salajengna dupi Nyawa anu sampurna ?, kumaha eta Kang ?.
85.
RADEN INSAN: Mungguh Nyawa anu sampurna mah henteu kaluar..
oge henteu tetep, da basana oge sampurna. Ari sampurna teh Seep bersih.
Ibarat damar atawa lampu cempor seep minyakna, seep hurungna, seep
panasna, nya pareum.. beresih teu aya sesana.
Supados langkung jelas Rai !... kieu:
Hurungna ibarat Kahayangna
Panasna ibarat Rasana
Minyakna ibarat Rohna
Sadayana seep/bersih henteu aya anu kakantun, mulih deui kana asalna
nyaeta Nur Muhammad sareng ka Nur Dzat (Nurulloh).
86.
RADEN KAMIL: Ke Kang !..., upami basa sampurna kitu, naha ngan
seep bae ?, sapertos asalna tadi henteu aya ngeunah sareng teu ngeunah ?.
87.
RADEN INSAN: Aeeehh. Kutan henteu acan kapaham ?, ari cara
kapungkur samemeh turun ka Dohir, henteu aya ngeunah sareng henteu
ngeunah mah, atuh sami sareng martabat sato, anu henteu kabagean Sawarga
sareng Naraka (Ngeunah sareng henteu ngeunah). Margi saur Dalil oge pikeun
sato mah KUNTU TUROBA, hartosna: Asal henteu aya jadi aya, engke balik
deui kana henteu aya. Anu mawi henteu katetepan Agama.
Benten deui sareng Manusa, kapan dina Dalilna oge KANJAN MAHFIAN , Anu
hartosna: tina asal teu aya, teras gumelar di Alam Dunya, engke mulang ti
Dunya di sampurnakeun ganjaran sareng siksaan (Sawarga Naraka).
Ari Ganjaran (Sawarga) disadiakeun pikeun anu maotna Sampuna, hartosna
bakal nampi Nimat taya babandingannana. Dina Al-Quran: FIHA
MATASYTAHIL ANFUSU WATALADZULI AYUNI WAANTUM FIHA
KHALIDUN , Hartosna: Sawarga teh aya sagala anu dipikahayang, sarta
kaendahan anu katingali sareng langgeung. Sedengkeun Naraka.., eta
disadiakeun pikeun anu maotna henteu sampurna.., baris nampi ka teu ngeunah
anu taya babandingannana.
88.
RADEN KAMIL: KeKang !..., dupi anu nampi ganjaran sareng siksaan
teh naonnana ?.
89.
RADEN INSAN: Kapan parantos dijelaskeun anu mulih teh Rasa
(Nyawa). Tapi kapan Rasa teh aya 3 (tilu) Rupa:
1.
RASA JASMANIAH (Rasa Kadunyaan)
2.
RASA ROHANIAH
3.
RASA NURANIAH (Rasa Jati).
Upami RASA JASMANI (Rasa Kadunyaan) Saperti: Rasa ngeunah, rasa teu
ngeunah, rasa hayang, rasa ka keuheul, rasa kamelang jsb, parantos seep
(leungit), engke bakal aya anu bijil RASA NURANI (RASA JATI). Tah eta anu baris
nampi Ganjaran teh Langgeung Nimat.
90.
RADEN KAMIL: KeKang !..., ari RASA JATI teh asalna ti mana ?

91.

RADEN INSAN: Kapan tadi disanggeumkeun Rasa Nurani (Rasa Jati)


teh sering kabulen ku Rasa Rohani sareng Rasa Jasmani (Kahoyong atawa
nafsu sareng prilaku). Tah upami eta Rasa Rohani sarengRasa Jasmani parantos
seep (leungit) nya timbul deui Rasa Nurani (Rasa Jati) teh.
Pokona mah Rai !..., upami Rasa Jasmani kacandak ka Akherat (Batin), tangtu
moal kenging ganjaran (Sawarga), malah sawangsulna bakal nampi siksaan
(Naraka).
Rasa Jati mah bageannana Nimat Batin (Sawarga)
Rasa Jasmani mah bageannana Kanimatan wungkul.
92.
RADEN KAMIL: Kutan aya bentenna
basa Nimat sareng Kanimatan teh.
93.
RADEN INSAN: Tangtu aya bedana ari Kanimatan mah anu ngaggo
padamelan. Conto Kanimatan:
Urang resep dinu caang, kapan kedah ditingali.
Aya imah gedong endah kapan kedah ditingali.
Sapatemon sareng bojo. Kanimatan, kapan kedah dipidamel.
Kanimatan mah keuna ku bosen (henteu langgeung).
Ari Nimat mah (Sawarga) tea di Batin mah henteu kalawan Padamelan henteu
di tuang, henteu di leueut, henteu di tingali, henteu di dangu, henteu di angseu,
kapan saur Rasul oge:
FIHA MALLAAENUN ROAT, WALLAUDZUNUN SAMIAT, WALLA
KHODOROALA QOLBI BASYAR
Anu hartosna: Mungguh Sawarga anu Agung teh hiji kaayaan anu henteu
katingali ku soca, henteu kadangu ku cepil, henteu ka gambarkeun ku
hate, henteu ku padamelan mung Nimat anu karaos.
94.
RADEN KAMIL: Upami gambaran di Dunya mah panginten. Sawarga
teh di wangun ku gedong-gedong anu arendah, katuangan anu narikmat,
Widadari anu gareulis, sakumaha kaunggeul dina Hadist.
Kumaha eta Kang ?.... yen Jalmi anu Iman, . Misti kenging ganjaran Akherat,
dipapag ku Widadari opat puluh. Panginten Widadari teh istri. Tapi teu acan
nguping aya Widadari pamegetna (Widadara). anu baris mapag Jalmi istri
anu Iman ?
95.
RADEN INSAN: Eta. Mah kieu Rai !
Ka hiji Sakadar Panyingsieunan sareng Pangbibita, sangkan manusa Narurut, ngarah sieun
sareng kabita. Geuning ku Hadist di sapertikeun keur di Dunya, Naraka teh seneu
anu panas kacida, lir godogan timah anu hurung pitempateun jelema doraka.
Atuh Sawarga tempat Jalmi anu Iman, dipapag ku Widadari sareng hal-hal anu
arendah.
Ka dua Leres aya Widadari teh , nanging eta teh Munaif (nyilokakeun kanimatan)
ganjaran ti Nu Maha Suci.
Ku urang kedah dipikir panjang sing kahartos, papay laratan Widadari teh !. Ari
Widadari teh rupina istri anu gareulis. Ari istri teh kapan sifat Kasukaan Ati,
kacinta, kadeudeuh, kabirahian, kanimatan pikeun di Alam Dunya.
Saurang Jalmi Iman disadiakeun 40 (opat puluh) widadari, atuh tada teuing
seueurna. Eta teh siloka Rai !..., saleresna mah mung 4 (opat). Kieu geura
anu 4 (opat) teh:
KA HIJI: Kanimatan Soca, boh ningali Jalmi, boh ningali kaendahan Alam atawa barang.
KA DUA: Kanimatan Baham, ngaraoskeun naon-naon anu di tuang.
KA TILU: Kanimatan Cepil, ngupingkeun sora, musik, lagu jsb.
KA OPAT: Kanimatan Pangambung, ngangseu anu seungit-seungit.
Tah nimat-nimat Akherat mah Rai !..., henteu karana Di Pidamel heula,
estuning nimat salamina. Eta tah anu mulang ka Asal ka Sawarga Agung teh
nyaeta anu Marifatna ka Nur Muhammad (Hakna Muhammad).

96.

RADEN KAMIL: Ke.. punten Kang !..., ari Nimat teh anu kumaha ?,
naha aya di Dunya. BabandinganNimat di Akherat teh ?.
97.
RADEN INSAN: Aya Rai !...., ngan di Dunya mah sepersarebuna Nimat di
Akherat !.
98.
RADEN KAMIL: Kanimatan anu mana . Anu sapersarebuna teh ?
99.
RADEN INSAN: Eta ari Rai.., Nuju Kulem tibra, geuning henteu emut
kana kadunyaan, henteu emut naon-naon !, tapi sanes nuju ngimpen !. Geuning
nembe sakitu oge Rasa Jasmani teh henteu kuat. Parantos seep sama sakali,
parantos leungit dunya barana, leungit bojo/caroge, leungit putra, leungit
sagala. Kasilih ku Rasa Nimat. Tah di dinya sidik anu nampi teh Rasa Jati.
100.
RADEN KAMIL: Dupi eta anu mulih ka JATI atawa ka HAKNA
ALLAH anu kumaha Kang ?.
101.
RADEN INSAN: Eta anu nuju di Dunyana parantos mendakan Elmuna
tiasa Marifat ka Hakekat Muhammad (Sagara Hirup, Nur Dzat, Nurulloh, DzatSifat Allah). Sampurna mulih ka Rasa Kapungkur nalika masih keneh
janten NUR. Tiasa MULIH RASANA MALING KERSANA. Ti dinya mah nya kumaha
dikersakeunaNa mulih deui ka SAJATINING SUWUNG (DZAT LAESA
KAMISLIHI).
102.
RADEN KAMIL: Nembe rada bray-brayan Kang !..., teu acan pas..,
manawi aya anu langkung eces ti dinya katerangannana ?
103.
RADEN INSAN: Upami masih bingung keneh., cing urang ibaratkeun
eta RASA DOHIR sareng RASA BATIN/AKHERAT teh. Kieu Rai:
Anu disebut ku Para Wali BAHRUL HAYAT (Sagara Hirup) teh ., anu mahi
ngaliputan ka 7 Lapis Bumi, 7 Lapis Langit katut saniskara eusina, upami di Alam
Dohir (Dunya) mah ibarat SAGARA CAI atawa Laut.
Laut teh mangrupi puseur ti sakumna cai-cai anu araya di sakuliah bumi, anu aya
di Walungan-walungan, di situ-situ, di kubangan-kubangan, di susukan-susukan,
di balong-balong, di sawah-sawah, di sumur-sumur jsb.
Jadi Laut salaku SAGARA CAI teh mahi ngahirupkeun sakumna Makhluk saeusi
Dunya. Ari Cai Laut kapan rasana teh Asin. Tah ibarat urang tadi samemeh turun
ka Dunya nuju di Sagara Hurip. Ngancik dinaRasa Asin, nyaeta Rasa
Sajati ngancik dina Rasa Poho.
Sacara ilmiah, Cai Laut teh kasorot ku Panon Poe jadi saab (menguap) teras
janten Mega. Salajeungna mega jadi Mendung teras jadi Hujan, caina ngancik
di tempat-tempat sakumaha disebut diluhur. Tah ari parantos janten Cai hujan
sareng parantos araya di darat mah anu tadina Rasa Asin teh bet robah jadi
henteu asin.
Jadi Rai !..., Rasa Cai Asin anu di Laut mah ibarat Rasa Batin(Akherat), ari Rasa
Cai Hujan sareng anu di darat mah ibarat Rasa Dohir (Dunya), aya ngeunah
sareng teu ngeunah. Cai Hujan tadi, sa keclak sewang ibarat jadi Nyawa
Jasmani (Rasa Jasmani) anu mang milyar-milyar seueurna.
Tah ibarat kitu Rai !..., kumaha jalanna ?...., sangkan eta cai anu aya dina
Walungan, di Situ, di Kubangan, di Balong, di Solokan, di Sawah, di Sumur teh
barisa marulang deui kana asalna ka SAGARA CAI (Laut) ?, ogeRasana bisa
balik deui kana Rasa Cai Asin.
104.
RADEN KAMIL: Kahartos Kang !...., ari di ibaratkeun mah. Jadi pangemut
Rai.. mah panginten kieu:
1.
Pilari sing kapendak Jalanna (Solokannana) anu nuju ka Laut
(Sagara Cai).
2.
Pilari Akalna. Sangkan Caina ngocor ka Laut (Sagara Cai)
3.
Pilari sing kapendak Elmuna. Sangkan Rasa Cai di darat bisa balik
deui kana Rasa Cai di Laut(Sagara Cai) nyaeta Asin.
Leres kitu. Kang ?

105.
RADEN INSAN: Leres kitu Rai !. Upami henteu kapendak solokannana
(Jalanna) anu brasna ka Sagara Cai (Laut), upami henteu kapendak carana caina
ngocor lancar ka Puserna deui, upami henteu kapendak sangkan Rasa
Cai jadi Asin deui, atuh bakal tetep kukulibeukan pungkal pengkol kalangsu di
darat keneh didarat keneh, bisa-bisa engke parantos ngancik
dina Kolomberan nya kotor nya barau. Nya wayahna teu tiasa mulang ka Asal.
Tah eta ibaratna cicing dina Rasa Naraka.
106.
RADEN KAMIL: Hatur nuhun Kang !..., parantos ngartos ayeuna mah, jadi
kitu kajadianana teh bentenna Rasa Dohir (Dunya) sareng Rasa Batin
(Akherat) teh. Salajengna ayeuna Rai.. teh panasaran hoyong di pasihan carana
atawa milarian jalan pamulihan !.
107.
RADEN INSAN: Perkawis eta ma Rai !..., ulah lesot tina ukuran, tuturkeun
sakumaha pituduh Dalil:
ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU .
Anu hartosna: Kedah tiasa maot samemeh maot anu sabenerna.
Margi upami henteu tiasa maot heula sajeroning hirup, engke moal terang ka
Akherat.
108.
RADEN KAMIL: Naha ? pangna kitu Kang ?....., teu acan ngartos Rai
mah.
109.
RADEN INSAN: Kapan Mana tina eta Dalil ANTAL MAOTU QOBLAL
MAOTU, teh sasat mere pituduh, yen Akherat (Batin) asal urang teh kedah
uninga heula ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab atawa kalangsu jalan.
110.
RADEN KAMIL: Ke Kang !..., anu di maksad Maot didieu teh., naha
Maot leres ?, atawa kumaha ?.
111.
RADEN INSAN: Kapan saur katerangan oge MAOT SAMEMEH MAOT, jadi
sanes maot leres !. Maksadna teh sing ngaraos Sakarat, sing Karaos Nyerina.
Upami disorang ti ayeuna, engke dina waktosna. Moal kasorang deui, margi
sakaratna parantos seep.
112.
RADEN KAMIL: Emmmh jantenieu mah mung supaya ngarasakeun
wungkul ?, manawi teh maot leres. Dupi bentenna sareng anu maot leres
kumaha tah ?
113.
RADEN INSAN: Kieu atuh Rai !..., aya NYAWA sareng RASA NYAWA:
Ari anu maot leres mah, Nyawana Henteu Aya, tinggal Wujudna (Afalulloh) tea.
Ari anu dimaksad ANTAL MAOTU QOBLAL MAOTU mah upama basa Karuhun
mah KUDU BISA NGANJANG KA PAGETO. Eta teh kieu:
KA HIJI Sanes Nyawana anu henteu aya teh , tapi Rasa Nyawana anu kedah leungit
pisan. Sing tiasa hilap kana saniskara . Kalebet kana Wujudna sorangan.
Bakating ku cengeng ka Dzat Sifat Allah., ningal sajeroning Ati.
KA DUA Kedah ngarasakeun Nyerina Sakarat Jalan Maot di lahir. Ngarah henteu nganteur
Nafsu teuing kana kamasiatan.
Upami saur ahli-ahli Tassawuf mah kedah ngalangkungan Pintu Fana pikeun
ngajugjug, sangkan dugi kanaMusyahadah (Paneteup) ka Dzat Allah. Ari
carana kedah ngalangkungan Panto Maot, dina hartos Maot Kahoyong
(Nafsu) pikeun Awasna Qolbu.
PANTO MAOT AYA 4 (OPAT) TAHAP:

T TABII Saur ahli Tarekat mah, dumasar kana Karunia Allah dina waktu Dzikir Qolbi.
Ngawitan Hate Dzikir, tina Hate ngontak kana Baham/Letah Dzikir. Ti dinya
rarasaan mimiti laleungit, akal pikiran mimiti henteu jalan. Didieu
mah QAULUHU LAFA ILA ILALLAHU. Gerak sareng cicing salian ti Allah. Nur
Illahi ngawitan tumuwuh dina jero Hate.
OT MANAWI Dumasar kana Karunia Allah, dina waktu Dzikir Latifah Ruh. Saparantos Nur
illahi tumuwuh di Jero Hate, saharita Panto Batin ngawasa paninggal. Sifat ka

Insanan parantos lebur, Rasa Jasmani kasilih ku Sifat Allah anu Maha Sampurna
tur Azalli. QAULUHU LA HAMMA ILALLAHU. Henteu aya Hirup salian ti Allah.
OT SURI Dumasar kan Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Sirri. Didieu Rasa Jasmanikasilih
ku Alam Ghaib ( anu pinuh ku NUR, Cahaya ). Dawuhan Allah: NURUN ALA
NURIN YAHDILLAHU LINURRIHI MAN YASYAU. Hartosna: Cahaya luhureun
cahaya, Allah maparin anugerah ku Nur-na ka saha bae anu di Kersakeun.
OT HISSI Dumasar kana Karunia Allah dina waktu Dzikir Latiful Khaufi. Dina tahap ka opat ieu
mangrupi tahap anu pangluhurna, nuju kana Marifat. Malah dina puncakpuncakna mah ngalaman Ka-Ayaan anu heunteu acan pernah:

Di tingali ku Soca

Di tingali ku Cepil

Kacipta ku Ati sanubari manusa, nyaeta: Sifat-sifat Allah anu Qodim Azalli.
Pangalaman ieu mustahil bisa dibuktikeun.., tapi bakal ngarti pikeun anu kungsi
ngalaman tur anu ngarasakeun.
114.
RADEN KAMIL: Dupi carana kedah kumaha Kang ?....., di ajar
ngaraoskeun Sakarat teh ?
115.
RADEN INSAN: Ari carana mah, nya ayeuna nuju Hirup bari
mengpeung jagjag waringkas keneh kedah milari sing kapendak Elmu Sakarat.
116.
RADEN KAMIL: Upami parantos kapendak Elmuna, sareng parantos
nyobi ngaraosan di ajar Sakarat, kumaha tah engke dina waktosna Sakarat
anu leres bade Maot Kang ?
117.
RADEN INSAN: Sahanteuna bae atuh Rai.. da parantos ngarasakeun
sakitu engapna sakitu nyerina piraku henteu pinuh ku kasieun, pinuh ku
karisi. Atuh dina sesa hirupna teh beuki ati-ati, Tekadna, Ucapna.,
Lampahna jadi boga pamilih mana anu nungtun kana pibeneren oge mana anu
sakira mawa kana kasangsaraan. Atuh di wuwuhan ku getol ibadah
(Hablumminalloh), oge amal (Hablumminanas) bari di sarengan ku rasa ikhlas
(Lillahi Taala) sahanteuna sakedik-sakedik bisa meresihan dosa-dosa dirina.
Upami dirina parantos bersih tina sagala kokotor, dosa anu karasa anu henteu
karasa (upami saur Ahli Tassawuf mah TAKHALI ), atuh teras di eusian ku amal
ibadah ( TAHALLI ) atuh engkena teh bisa lancar tiasa Awas ( TAZALLI ).
118.
RADEN KAMIL: KeKang !..., manawi aya ngarana sareng 4 (opat) istilah
nyaeta: IHROM MIRAJ MUNAJAT TUBADIL, eta kumaha hartosna sareng
dimana pernahna ?
119.
RADEN INSAN: Eta 4 (opat) istilah teh ari hartos sareng pernahna:

Ari SAREAT mah, di Mekah, ku anu bade MUNGGAH HAJI.

Ari Hakekat , upami Rai !..., henteu acan ngartos eta .. nuju SOLAT
SAJATI, Kieu katerangannana:

IHROM teh, Mimiti, peta-peta tekad seja indit,


lamun Manuk mah rek ngapung.

MIRAJ teh, Eta parantos jung ngapung ngalayang,


ninggalkeun Alam Dunya lat poho ka Alam Dohir.

MUNAJAT teh, Parantos munggah ka Alam Batin bade dugi


kanu dijugjug.

TUBADIL teh, Parantos anjog kanu diseja, Sapaninggal


Kawula Kalawan Gusti. Parantos ngancik di Kalanggeungan dina Baetulloh Suci.
Baetulloh anu sajati, anu lain di kulon, di kidul, di wetan, di kaler sareng henteu
keuna ku ruksak, nyaeta KIBLAT NYAWA anu sampurna.
120.
RADEN KAMIL: Kang !...., punten naon tea Sifatna Baetulloh anu sajati
teh ?
121.
RADEN INSAN: Eta Rai !...., Dzat-Na Maha Suci, ari Sifat-Na teh Caang
Padang narawangan atawaJohar Awal tea !. Tah eta Rai !. Kiblat Maot wajib ku

urang disungsi !..., ari hoyong PULIH KAJATI PULANG KA ASAL mah (Wa Inna Illaihi
Rojiun).
122.
RADEN KAMIL: Kahartos Kang perkawis istilah atawa basa IHROM,
MIRAJ, MUNAJAT, sareng TUBADIL mah, nanging naha eta teh aya pakuatpakaitna sareng Tazalli ?
123.
RADEN INSAN: Rai !... ulah lieur ku basa atawa istilah, eta teh sami anu
di sebat: TAZALLI SOLAT KHUSUS SOLAT DAIM SOLAT SAJATI, malah seueur
deui eta teh Solat dina TAREKAT mangrupi tingkatan tina Solat Sareat.
SAREAT mah Pertingkahna teh ngagambarkeun Lafadz Allah ( )
Ari SOLAT TAREKAT mah Ngagambarkeun Lafadz Muhammad ( ) sareng
nyusul Hurup Tasjidna.
124.
RADEN KAMIL: Kang !...., masih lieur keneh mugi dijelaskeun supados
enggal kapaham !.
125.
RADEN INSAN: Nya supados langkung jelas atuh urang wangsulan
deui:
PERTINGKAH SOLAT SAREAT SARENG MANANA

PERTINGKAH TAKBIRATUL IKHROM


Ngagambarkeun Hurup Tasjid ( ) ngasalkeun tina JOHAR FARID (Cahaya Panon
Poe).

PERTINGKAH NGADEG
Ngagambarkeun Huruf ALIP ( ) ngasalkeun tina SENEU anu ngandung 4 (opat)
perkara:
ROH IDOPI
ROH NURANI
ROH RAHMANI
ROH ROHANI
Anu numuwuhkeun AJEG PAMADEGAN, wani kana bebeneran dina tangtungan
sorangan NAFSUNA AMARAH.

1.
2.
3.
4.

1.
2.
3.
4.

1.
2.
3.
4.

PERTINGKAH RUKU
Ngagambarkeun Huruf LAM AWAL ( ) ngasalkeun tina ANGIN anu ngandung 4
(opat) perkara:
NUFUS
ANPAS
TANAPAS
NAPAS
Wijining Hurip anu numuwuhkeun RENGKUH, Ngajenan ka sasama, Sabar,
Tawakal NAFSUNA LAWAMAH.
PERTINGKAH SUJUD
Ngagambarkeun Hurup LAM AHIR ( ) ngasalkeun tina CAI anu ngandung 4
(opat) perkara:
ROH ROBBANI
ROH NABATI
ROH NAFSANI
ROH JASMANI
Anu numuwuhkeun SUJUD HANDAP ASOR/DEPE-DEPE, Rukun hirup
sauyunan NAFSUNA SAWIYAH.


1.
2.
3.
4.

PERTINGKAH LUNGGUH
Ngagambarkeun Hurup HE ( ) ngasalkeun tina TANEUH anu ngandung 4 (opat)
perkara:
WADI
MADI
MANI
MANIKEM
Anu numuwuhkeun SABAR, Tenang, Qonaah, Tawado, sadrah sumerah,
Ikhlas NAFSUNA MUTMAINAH.

Tah upami parantos pertingkah LUNGGUH (ATAHIYAT), eta mah ngagambarkeun


Lafadz Muhammad ( ):
Didieu mah sing tiasa ical RASA JASMANI atawa leungit RASA DUNYA,
malah Diri sakujur oge henteu inget, istuning husu cengeng ka Nu Maha
Suci. Lami-lami Rasa Jasmani kasilih ku Rasa Jati (NUR MUHAMMAD). Malah
upami kenging Ridho sareng di kersakeun.., tangtos tiasa Ningali DZAT SIFAT
ALLAH(Hakekat Muhammad atawa Tasjid ( ) anu kaya EMAS sinangling ).
Geuning Dawuhan Allah (QS. Ar-Rahman: 26-27):

KULLU MAN ALAIHA FANIN WA YABQO WAJHU ROBBIKA DZUL


JALALI WAL IKROM. Anu hartosna: Saban Jalmi bakal binasa atawa Fana
(Leungit). Sedengkeun Dzat Allah tetep langgeung, kagungan Sifat Sampurna
sareng Maha Agung.

KULLU SYAIIN HAALIKUN ILLA WAJHAHU, Anu hartosna: Sagala


sesuatu leungit sirna tur ancur teaya arti, iwalti Dzat-Na. (QS. Al-Qoshos: 88).

MAA INDAKUM YANFADU WAMAA INDALLAHI BAQIN, Anu hartosna:


Naon anu aya di aranjeun bakal ancur, jeung naon anu aya di Allah langgeung
abadi. (QS. An-Nahl: 96).

Atuh dina Kitab Iqadzul Himan, Ahli-ahli Tasawwuf nyaurkeun: MAN


ROALHAQQO TAALA GHOBA ANAFSIHI WA MAN ROA NAFSAHU HUJIBA
ANNILOHI
Anu hartosna: Saha-saha anu ningali Dzat Allah, pasti FANA (Leungit) dirina.
Sawangsulna, saha-saha anu masih keneh ningali dirina, pasti
ka HIJAB (Kapindingan) ka Dzat Allah.
Tah Rai !..., upami parantos tiasa leungit RASA KADUNYAAN, RASA JASMANI,
nembe bakal ngartos kanaNAFI ISBAT.
126.
RADEN KAMIL: Kumaha pereleannana NAFI ISBAT teh Kang ?
127.
RADEN INSAN: Ari Allah teh Rai !..., NAFI ISBAT, kapan padika Allah
mah benten sareng Manusa, Allah anu ngadamel MantenNa anu Jumeneng. Ari
Manusa mah pisah sareng hasil padamelannana.
Allah teh asal NAFI (Ghaib teu ngajirim), jadi ISBAT (Aya bukti).
Tah ISBAT-NAFI janten Ngahiji ngagulung. Anu mawi Lafadz LAA ILLAHA ILA
ALLAH:

LAA Kanyataan Ayana DZAT

ILLAHA Kanyataan Ayana SIFAT

ILLA Kanyataan Ayana ASMA

ALLAH Kanyataan Ayana AFAL


Ieu teh Tileum-Timbul. Upami nuju NAFI (Rohani anu timbul) atuh ISBAT-na
kedah Tilem (Rasa Jasmani tilem).
128.
RADEN KAMIL: Hatur nuhun Kang !..., Rai parantos dipasihan katerangan
anu marundel di antawisna anu disebat Solat Sareat sareng manana,
atuh Solat Tarekat sareng manana malah disebat oge Solat Tazalli, anu

hartosna Awas. Cing Kang !..., manawi aya dasarna ?, sareng manawi aya
tahapannana perkawis Tazalli teh ?
129.
RADEN INSAN: Atuh kantenan aya mah, boh dasar hukumna boh
tahapannana. Kieu geura:
Dasarna Dalil (Surat Al-Araf 143):
FALAMMA TAJALLA ROBBUHU LIL JABALI JAALLAHU DAKKAN WAHORO
MUSA SOIQON
Artina:
Waktos awas ka Gunung., kajadian gunung ancur, sareng Nabi Musa jadi
kapiuhan.
Mana tina Dalil di luhur, nalika Nabi Musa parantos FANA DIRINA (disebat
kapiuhan) nembe TAZALLI(Awas) ka Dzat Sifat Allah Taala.
Ari TAHAPAN-TAHAPAN TAZALLI, eta aya 4 (opat) tahap:
1.

TAZALLI AFAL
Nyaeta leungitna Gerak/Padamelan, kasilih ku timbulna Gerak Allah Taala.
Dalilna: WALLAHU KHOLAQOKUM WAMA TAMALUN, Hartosna: Jeung Allah anu
ngajadikeun maneh katut naon-naon anu ku maneh dipigawe.
2.
TAZALLI ASMA
Nyaeta leungitna ingetan kana dirina, sareng bebas tina sifat-sifat (bukti-bukti
anu anyar), tina RASA JASMANI, saterasna lebet kana kalanggeungan Allah
Taala. Sategesna henteu aya anu katingali, kajabi kabukana NUR ILAHI dina
kaayaan anu biasa, jadi parantos aya di ALAM BATIN.
3.

TAZALLI SIFAT
Nyaeta SIFAT AL-HAQU TAALA nyilih SIFAT INSANI. Tazalli-na Allah ka mahklukna
mangrupi Karunia MantenNa.
4.
TAZALLI DZAT
Nyaeta WUJUD MUTLAK, manunggalna Kawula lan Gustina anu
langgeung DZATTULLOH. Dalilna: LA MAUJUDA ALALI TAQII ILALLAHU, Hartosna:
Teu aya Wujud sacara Mutlak, kajabi Dzat Allah. Di dieu parantos nembus Qolbu
ku NUR = CAHAYA. Waktos eta Qolbu teh CAANG kauninga rasiah karunia
sareng RAHMAT ALLAH TAALA.
Tah kitu Rai !..., Tahapan-tahapan TAZALLI sareng manana !. Kumaha tiasa
kapaham ?
130.
RADEN KAMIL: Alhamdulillah Kang !..., rada ngagebray perkawis Tazalli
mah. mung eta perkawisPaninggal Qolbu, kumaha eta teh ?
131.
RADEN INSAN: Ari Paninggal Qolbu teh disebatna AL-BASHIRAH atanapi
disebat oge PANON BATIN. Sifatna teh kieu: NINGAL DINA WUJUD FIKIRAN,
TANGKEPAN AKAL:
1.
Gancang ngarti kana hiji masalah
2.
Mangrupi ILHAM, ujug-ujug jelas dina jero Qolbu/Hate, hartina ningal
anu Qodim Al-Kholiq.
Jadi sing saha anu leuwih kawasa Paningal Qolbuna/Hatena batan paningal
panon.., nya paningal Hatena teh tiasa noropong wujud tangkepan akal pikiran,
rahasiah-rahasiah Batin sareng hal-hal gaib. Tah Jalmi anu kitu disebat Arif (Ahli
Marifat). Hartosna parantos ningal Dzat Sifat Allah ku paningal
Qolbu/Hatena, sakumaha kasauran Syaidina Ali r.a.: ROAETU ROBBI BIAENIL
QOLBI FAQUNTU LASYAKKA ANTA-ANTA, Anu Hartosna: Katingal Allah ku
Paningal Hate/Qolbu kuring, sarta kuring nyarita, moal salah deui nya Salira
Allah.

Ari TAHAPAN-TAHAPAN PANINGAL QOLBU/HATE, aya sababara tahapan di


antarana kieu:
1.
Kalangkan Qolbu/Hate, disebat NURUL AKLI atawa ILMU YAKIN
Elmu Yakin nyaeta kayakinan anu timbul saenggeus ayana katerangan tina dalil

Artina: Ilmu Yakin nyaeta Marifat ka Allah Taala kalawan sababaraha dalil.
2.

Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL ILMU atawa AINUL YAKIN


Elmu Ainul Yakin nyaeta kayakinan anu di dasarkeun kanyataan jeung
pembuktian.


Artina:
Musyahadah ka Allah Taala samemeh nyaksikeun sagala sesuatu anu nurutkeun
para Arif disebut Muayanah (Kenyataan/pembuktian).
3.
Hakekat Paningal Qolbu/Hate, disebat NURUL HAQ atawa HAQUL YAKIN
Haqqul Yakin nyaeta keyakinan anu sabenerna


Artina:
Haqqul yakin nyaeta musyahadah ka Allah SWT, dilebeut segala sesuatu
tanpa Hulul (bersatu), tanpaIttihad (terpadu), tanpa Ittishol (bersambung)
jeung tanpa Infishol (berhubung-hubungan).
Upami parantos leungit karagu-raguan, saterasna leungit SIFAT WUJUD DIRI,
parantos leungit Rasa Jasmani, nya saharita tiasa ningal Dzat-Sifat Allahku
Kersaning Allah. Ari satungtung masih keneh ningali sifat-sifat ka Dunya sareng
Rasa Jasmani mah, henteu acan tiasa nguninga Dzat Sifat Allah,
numutkeun dalilna oge: WA ANNALLOHA MAHALUNAN TASYHADU
MAAHU SIWAHU , Hartosna: Mustahil urang bisa ningali Allah bareng jeung
Wujud sejen.
Hakekatna: Upami sifat-sifat anu anyar parantos NAFI (Leungit) waktu eta
ISBAT-na (Hadirna) anu QODIM nyaeta Dzat Sifat Maha Suci. Dalilna: KULLU
SYAEIN KHALIKUN ILLA WAJHAHU, Hartosna: Sagala hal ngalaman ruksak,
kajaba Dzat Allah anu BAQO (Langgeung).
Tah kitu Rai !..., perkawis Paningal Qolbu/Hate teh.
132.
RADEN KAMIL: Punten Kang !...., kumargi dina seuh-seuhanna mah
geuning kana NUR, malahan tadi disebat-sebat seueur rupina, mugi
Engkang tiasa ngajelaskeun perkawis NUR anu langkung eces !.
133.
RADEN INSAN: Euhh Rai teh masih keneh teu acan jelas perkawis NUR,
kieu geura Rai !....:
Dina Al-Quran Surat An-Nur ayat 35, dijelaskeun:
ALLAAHU NUURUSSAMAAWAATI WALARDHI
MATSALU NUURIHII KAMISYKAATIN FIIHAA MISHBAAHUN
ALMISHBAAHU FIIZU JAAJATIN. AZZUJAAJATU KAANNAHAA
KAWKABUN DURRIYUN YYUUQADU MIN SYAJARATIN
MMUBAARAKATIN ZAYTUUNATINLLAASYARQIYYATIN
WALAA GHARBIYYATIN YYAKAADU ZAYTUHAA YUDHIIU WALAW

LAM TAMSHASHU NAARUN. NUURUN ALAA NUURIN.


YAHDILLAAHU LI NUURIHII MAN YYASYAAU.
WA YADHRIBU LLAAHU AMTSAALA LINNAASI
WA LLAAHU BIKULLI SYAIIN ALIMUN //.
Q.S (24) AN-NUR: 35
Anu Hartosna:
Allah masihan NUR (Cahaya) ka Langit sareng Bumi. Cahaya Allah teh ibarat
dina hiji LIANG anu henteu tembus. Dijerona aya Lampu gede, aya sajeroeun
kaca.. lir Bintang anu Cahayana kawas mutiara. Anu di hurungkeunnana teh ku
minyak tina tangkal anu ageung berkahna nyaeta Tangkal Zaitun. Minyakna oge
parantos Caang sanajan henteu disengeut. Anu jadina teh henteu di Beulah
wetan, henteu di Beulah kulon. Cahaya anu manglapis-lapis NURUN ALA NURIN.
Allah ngabingbing kana CahayaNa ka saha bae anu Dikeresakeun. Allah
ngajantenkeun conto-conto pikeun manusa, sarta Allah Maha Uninga kana
saniskara.
Oge salah sawios Hadist Nabi anu diriwayatkeun ku Ibnu Masud r.a,: Nabi
ngadawuh: DI SISI ALLAH MARANEH EUWEUH BEURANG EUWEUH PEUTING,
SEDENGKEUN CAHAYA NU LANGIT, NUR BUMI.nyaetaNur Cahaya Dzat Sifat
Allah.
Salajeungna dina Shahikul Muslim, anu diriwayatkeun ku Abi Zarrin, Mantena
nyaurkeun: KURING NAROS KA RASULULLOH, NGAWALERNA KIEU: KURING
NINGALI NUR .
Aya deui anu diriwayatkeun ku Abi Said:
ANABI SAIDIN QOOLA, QOLA RASULULLOHI TTAQU FIRASATAL MUMININ
FAINNAHU YUNDURU BI NURILLAHI TAALA.
Hartosna:
Pikasieun Firasat urang Mumin, sabab sabenerna maranehna ningali ku pitulung
NUR CAHAYA ALLAH.
Tina Kitab Qusyairiah:
AL-KANNANI YAQULU: AL-FIRASATU MUKASYAFATU AL-YAQINI WA
MUAAYANATUL GHAIBI WA HUWA MIN MAQOMATIL IMAN.
Hartosna:
Al-Kannani sasauran: Firasat, nyaeta Mukasyafatul Yaqin (Nyaeta kabukana
tirai/dingding kulantaran kayakinannana). Jeung Muayatul Ghaib (nyatana halhal nu Ghaib). Jeung hal eta nyaeta sabagian tina tingkat Ka-Imanan.
Rasululloh SAW. Bersabda:
AN SYAIDI AL-KHUDRY RA QOOLA: QOLA RASULULLOHI SALLAHU ALAIHI
WASSALAM ITAQUU FIRASATAL MUMINI INNAHU YANDHURU BI
NURILLAHI AZA WAJALLA
Hartosna:
Ti Said Al-Khudry r.a. anjeuna nyaurkeun: Rasululloh nyaurkeun Ati-ati kana
Firasat Jalmi anu ber-Iman, sabab saenyana manehna tiasa ningal kalawan Nur
Allah Azza Wa Jalla.
Ari NUR teh salah sawios Jenengan Allah dina Asmaul Husna. Allah ngangkeun
WujudNa NUR. MantenNa ngajantenkeun KitabNa NUR, RasulNa NUR, sareng
AgamaNa NUR.

An-NUR nyaeta titik-titik (cecek-cecek) anu aya dina JERO QOLBU/HATE Jalma.
Ku eta NUR ngalantarankeun bisa uninga mana anu HAQ (Bener) sareng mana
anu BATHIL (Salah), anu asalna nyaetaTAQWA.
Peryogi kauninga ku Rai !...., kieu:
Boh di Alam Semesta (Alam Kabir), boh dina Alam Wujud (Alam Sagir) mangrupi
NUR LAHIRIAH, nyaeta: Nur Panon Poe, Nur Bulan, Nur Bintang. Di Alam Malakut
(Gaib), mangrupi NUR BATINIAH, anu dibagi 3 (tilu) bagian nyaeta:
1.

NUR ILMU
Nyaeta kawas BENTANG, kakuatannana bisa katingali di waktu peuting, anu
poek, sarta bisa ningali dina perkara-perkara Akhirat (Gaib).

2.

NUR MAANI
Nyaeta kawas BULAN, kakuatannana bisa ningali di Tungtung Tauhid sareng bisa
ningali (ngintip) kaDzat Allah.

3.

NUR MARIFAT
Nyaeta kawas PANON POE, kakuatannana bisa ningali di Tungtung
Tafrid (Katunggalan Allah), sareng bisa nguatan kayakinan sarta nyaangan
enggoning
Pikeun jelasna mah kieu Rai !....:

ELMU teh Nnyaeta NUR CAHAYA PANON, Nur anu tiasa ningali anu bukti-bukti wungkul. Ieu
mah aya disaban jalma malah di sato oge aya.

MAANI teh Nyaeta NUR CAHAYA QOLBU/HATE, Nur anu ngandung harti bisa
ngajelaskeunNangkeup Perasaan Akal Pikiran (pipikiran asa cararaang).

MARIFAT teh Nyaeta Elmu anu Haqiqi, tiasa ningali kana Dzat-SifatNa Allah Taala.
Salajeungna ari gunana NUR pikeun Nyaangan ngungkap tina hakekat sagala hal
pikiran nguninga mana anu bener mana anu salah.
Ari gunana PANON QOLBU/HATE, pikeun Hikmah (ningali bebeneran anu
hakiki). Ari gunanaQOLBU/HATE, pikeun taat sareng ngalanggar, pikeun ngaku
sareng ingkar.
Dawuhan Allah:
FAMAN SYAROHALLOHU SYODROHU LILISLAMI FAHUWA ALA NURIN MIN
ROBBIHI
Hartosna: Saha-saha anu di Caangan ku Allah kana Hatena pikeun Islam, eta
Jalma kenging pancaran Nur Cahaya. Eta pisan anu nganteur hate ka Hadirat
Allah anu Maha Gaib.
Tah kitu ngeunaan NUR mah Rai !..., kirang langkungna mah mugi Rai tiasa
nangkep dipasihan Nur Cahaya ku Allah Nu Maha Suci.
134.
RADEN KAMIL: Kang sagala rupi katerangan di Engkang teh istuning
mangrupi Elmu anu henteu kinten munelna kanggo ukur-ukuran sareng
nyampurnakeun modal ti Allah Taala sangkan Rai, henteu mubadir Hirup di
umbarakeun di Alam Dunya ieu. Nanging Kang !..., panginten tina sajarah Elmu
katerangan anu sakitu seueurna teh dina bab Elmu Agama. Panginten aya gurat
badagna. Anu pang pentingna kedah dilaksanakeun. Mugi Engkang tiasa
masihan wewengan.

135.
RADEN INSAN: Leres kitu Rai !..., moal benten urang sakola kapan
rupi-rupi pelajaran nanging ari anu di angge sapopoe mah geuning mung.
Paling-paling dua tilu pelajaran bae.
Sareng deui da Elmu mah moal seep-seep, geuning aya katerangan: UPAMA TEA
MAH ELMU ALLAH BADE DI BUKUKEUN. MANGSINA/TINTANA SA LAUT, TERAS
KERTASNA DANGDAUNAN ANU AYA DI IEU ALAM DUNYA. KALAH KA SEEP
MANGSINA SARENG DANGDAUNANNANA BATAN SEEP ELMUNA.
Anu mawi geuning sok di silibkeun ku Tangkal Tiwu dina salah sahiji kagiatan
salametan, da buktina kapan Tiwu mah tara dituang bukuna, tapi sari patina
/amisna tiwu. Ku kituna cing urang pilari Sari Patina tina ieu LAYANG MUSLIMIN
MUSLIMAT oge kieu Rai !....:
Kedah emut kana: PAMIANGAN PAGELARAN PAMULIHAN.
PAMIANGAN ( INNA LILLAHI )
Kedah didasaran ku Iman ka Nu Marentahna. Sing dugi ka Marifat ka MantenNa.
Upami parantos Marifat hartosna urang tiasa nga-Haqul Yakinkeun kana Dalil:
INNA LILLAHI, Asal ti Alam Ahadiat (Dzat) - Alam Wahdat (Sifat) Alam Wahidiat
(Asma). Ieu kedah kapendak ka uninga ti ayeuna !...., margi eta teh Asal
Pamiangan urang, anu tangtuna oge KIBLAT PANGBALIKAN URANG.

PAGELARAN
Dina mangsa gumelar di Pangumbaraan mah salian urang kedah Iman kanu
Marentahna teh oge kedah disarengan ku Iman kana Parentahannana. Sing
tumut, taat kana ukuran-ukuran jeung katangtuan-katangtuan, sajeroning urang
rumingkang di: Alam Arwah Alam Ajsam Alam Misal (Elmu Marifat ka Asal)
Alam Insan Kamil (Manusa Sampurna). Ieu Alam anu opat dina Pagelaran teh
mangrupa Afal-Na Allah Taala.
Sajeroning di umbarakeun teh , Diri urang kedah di eusian ku:
Elmu Pengetahuan sareng Elmu Teknologi (IPTEK).
Elmu Rasululloh ku RUKUN AGAMA (Sareat Tarekat Hakekat
Marifat).
Iman tur Taqwa (IMTAQ).

TAKHALLI Ngosongkeun tina Tekad Ucap Lampah anu goreng, anu ngarugikeun batur, anu
ngaruksak tur nyilakakeun batur. (Nafsu Amarah, Lowamah, Sawiyah).
Hadas Leutik: Tekad (Hate) ulah aya: Sirik pidik jail kaniaya, goring sangka,
ujub, ria, takabur jeung munapek.
Ucap (Baham) ulah aya bohong, ngupat simuat, mitnah, gureuhan, cawadan,
openan, songong, sugal jeung garihal.
Lampah (Wujud) ulah 5M, Maen, Mabok, Maling, Madon (lacur), Mateni
(Maehan).
TAHALLI Upama wujud urang parantos kosong atawa bersih tina kokotor (dosa),
tinggal diseusian ku Tekad Ucap Lampah anu hade (Nafsu Mutmainah). Husyu
ibadah: Solat Sareat, Solat Tarekat (Solat Husus), Solat Daim (khususil khusus =
Saendeng-endeng).
Amalna: Sopan santun, hormat ka Sepuh, ka Guru, ka Ratu (Pamarentah), bear
budi, someah hade kasemah, berehan.
TAZALLI Kumargi Diri (Wujud) urang parantos kosong, bersih tina dosa-dosa,
nyingray Hijab (pipinding), atuh molongpong Panon Qolbu tiasa Awas ka NUR
MUHAMMAD atuh ka beh dituna NURULLOH (JOHAR AWAL).
PAMULIHAN

Tah dina Pamulihan oge, upami urang tiasa ajeg ngalaksanakeun TAKHALLI
TAHALLI TAZALLI, insya Allah tiasa nyumponan Dalil: WA INNA ILLAIHI
ROJIUN. Kieu ari blakna mah:
LEBUR BADAN Jadi NYAWA (RASA JASMANI)
LEBUR NYAWA Jadi RASA (RASA ROHANI = Narun, Hawaun, Maun,
Turabbun atawa NUR MUHAMMAD). Ieu mah disebut PULANG KA ASAL,
ngaraos NIMAT (SAWARGA).
LEBUR RASA Jadi CAHAYA (RASA NURANI ) = Nurulloh, Johar Awal,
Hakekat Muhammad (Sagara Hirup).
LEBUR CAHAYA, Mulih RASANA maring DZATTULLOH, SIRNA MARING
KERSANAALAM SUWUNG (Dzat Laesa Kamislihi Syaeun). Ieu anu disebut PULIH
KA JATI.

Ieu pisan Rai !..., Kiblat Pamulihan anu jadi panyileukan tur udagan sarerea.
136.
RADEN KAMIL: Hatur nuhun parantos kahartos perkawis papahaman ti
kawit Pamiangan, teras Pagelaran, atuh dipungkas ku Pamulihan.
Tah ayeuna mah, mugi pang nuduhkeun upami Kiblat Pamulihan Rai..!
hoyong ka dinya, kedah ka mana ?, sareng kedah kumaha ?.
137.
RADEN INSAN: Ari kendaraan teh nyaeta TAREKAT. Seueur .. tinggal milih
mana anu sakinten enggal dugi. Bade TAREKAT QODARIAH, TAREKAT
NAKSYABANDIAH, TAREKAT MUHAMMADIAH, TAREKAT ANFASIAH, TAREKAT JUJIAH,
TAREKAT KAMALIAH, atawa TAREKAT HAQ MALIAH jsb.
Engke Rai! ...., baris dipasihan katerangan sareng cara-cara sakumaha mistina
ti Guru Tuduh, anu nuduhkeun pikeun tepang sareng Guru Mursid (Sajatining
Guru = Guru Batin).
TahRai, kanyaah, ka asih Engkang. Mangrupi PAPAHAMAN ELMU AGAMA,
bawiraos parantos ngawengku kana sasaran-sasaran udagan anu janten
panyileukan urang. Kantun, naha Rai! ..., kenging TAUFIK HIDAYAH aya jorojoy
manah hoyong nyusul Konci Pamuka Lawang anu aya di Guru Tuduh tea.
CAG !....., URANG CEKAPKEUN DUGI KADIEU.
---- TAMAT ----

Anda mungkin juga menyukai