Anda di halaman 1dari 33

m

99

i -

J V
O

t / i
A

M A D J A L lA r t B O E L A N A N Dikaloearkeun koe

PERSATOEAN ISLAM
=

B A N D O E N G ...
B A G IA N TAB LIG H

No7
.

/
/

'

1 Juli
21 R. Achir

1937
56

Druit. Persatoean" Bd.

M a d jo e n a A t - T a q w a a , b e r a r ti k o e a tn a p e n j i a r a n Islam , s e d e n g k e u n
m o e s n a n a , b e r a r ti m o e n d o e r n a p e n j i a r a n Islam.

Eusi AT - T A Q W A A

No. 7
katja

Kiogo reme
Pedah hideung roepana
H u i H ui Juan Lai
.

Scffal - D jaw ab :
G etih reungit nadjis ?
.
.
Babalik fikir .
.
.
M euntjit sapi koe stroom
Radaharan ti kaom kafir
Panghatnpoera
.
.
.
Hadits sareng bagiannana
M itsui
.
.
.
.
.
A hli Soennah W ald jam a'ah
Idangan M oeballigh .
Barisan Para W a n ita

.
.
.

9
11
12
13
14
16
20
22

.
.

.
.

25
27

.
.
.

.
.

.
.

.
.

.
.

.
.

.
.

Salasahidji tangtoe palsoe .

28

30

CURSUS

1
7
8

.
.

.
.

T i Podjok Parako

.
.

BAROE

SOEDAH

K E M A N A K A H A N A K T O E A N H E N D A K D IS E K O L A H K A N ?

Kweekschool Pendidikan Islam

Bd. menerim a m o e r id :

1.

Jang

2.

Boeat moerid -moerid jang beloem tammat H. I. S , peiloe masoek


lebih doeloe H .I.S . - Afd. (Besi. Dir. O. & E. No.- %116/B).

3.

Jang t a m m a t M u lo , lania 2 ta h o e n .

4.

Jang b e 1o e m tammat Mulo, mintalah k e t e r a n g a n lebih iandjoet!

t a m m a t H . I. S.
c u r s u s 4 ta h o e n .

dan jang

H A M P IR !

bersamaan dengan itoe,

la m a

P ro gram m a:

Menoeroet program. Gonv. 4 Jarige K. S. opleiding. Peladjaran dan l l m o e , D i d i k a n I s l a m , Bahasa A r a b dan I n g g e r i s


diwadjibkan (verplicht).
Boeat anak-anak dari Ioear Bandoeng, disediakan I n t e r n a a t
dibawah penilikan Direeteur Sekolah.

In te r n a a t:

O e a n g sekolah .
.
.
O e a n g sekolah dengan internaat

,
.

.
.

.
.

6.50
f 19.

* *
*

M oelai Cursus 2 Augusfcus 1937

A T - T A Q W A A "
-MADJALLAH BOELANAND i kaloearkeun koe :

Persatoean Islam" Bandoeng


B A G IA N
Pangarang :
E. ABDOERRAHMAN
O. QAMAROEDD1N

T A B L IG H

Adres:
Adm. Lengkong Besar 90
Red. Pr Soeniedangweg 39
BANDOENG

Kiogo
Sanadjan sakoemaha perlentena,
daweung-loedeung, tjarita nerewelang, soegih koe harti. ranggaek koe elmoe-panemoe ; Teu
atjan tjoekoep djadi tanggelan
(borg), kana bakal geschikt henteu raga-reugeu sarta teu toemamoe dina d,ero moeamalahna, di
na mangsana koedoe nempatkeun
maneh dina lingkoengan moesjarakat, babalapan dina
hiroep
koemboeh djeung pergaoelan.
Da anoe djadi bahan pang
oetamana teh, lain ngan woengkoel pangaweroeh, tapi perloe
njandingkeun achlak anoe shaleh,
tabeat anoe moelja, djeung kasopanan anoe oetama.

H a rg a
Di Indon. sanonier f 0.15
LJi Ioear Indonesia f 0.20

r e m e
Sanadjan berendel koe titel Dr.
M r., Ir., Adjengan atawa 'Oelama'i tetep bakal kakoena, sarta
roempil djalan kahiroepannana,
lamoen achlakna, siga euwaheuwah,
toena tina kasopanan.
sarta tabeatna kasar, toenggoel
diparoed, tjatang diroempak.
Boekti-boekti saban
waktoe
narem bongar, pirang-pirang anoe
ngadak-ngadak harkat daradjatna
djadi rendah pangaroehna antjoer
komarana la'as, dipotjot tina pangkatna, lantaran ngalakoekeun halhal anoe teu sopan, ngaroempak
paharaman Pangeran ; elmoe-panemoena tetep teu aja anoe tjotjeng, titelna teu tjoplok, tapi
daradjatna morosot, koe sasama

At-Taqwaa N o . 7

teudihorm at, koe sahanda'peun di


oenghak, sarta teu dipertjaja deui.
Tjotjog sareng katerangan dina
Al - Qoer-n anoe kieu oenina :
i

I) I

4x1-) J

A .A s

1>-A-J IS
5

t* '

* '

H a r t o s n a : Lamoen henteu
kapok, tangtoe koe Koela didjenggoet djamboelna, djamboel titiroean anoe salah.
N oe diseboet djamboelna teh,
njata kahormatannana djeung kamoeljaannana katoet komarana.
Ana kitoe, tetela boedi teh koedoe
disangling, kalboe teh koedoe di
lesoe, sangkan achlak tabeatna
sopan, pajoes dipake bahan boeat
hiroep koemboeh. tjotjog djeung
kahajangna kaamanannana moeamalah.
Bangsa Japan anoe ajeuna keur
dibandoengan koe oetnoem, ting
kah lakoena djeung tjara-tjarana
hiroep, henteu saeutik djoemlahna bangsa oerang anoe ngadjoegdjoegan eta tanah, bari merhatikeun kaajaannana.
T i antarana anoe narik perha
tian oemoem, njaeta oeroesan pangadjaran anoe diadjarkeun ka
baroedakna, lain ngan woengkoel
dibahanan elmoe - panemoe sarta
djeung prakna digawe, tapi oge
katjida diperhatikeunnana oeroe
san didikan, sangkan eta boedak
lain ngan woengkoel pinter, tapi
achlak tabe'atna oge didjaga.
D i sakola diadjarkeun kasopanan, atawa anoe sok diseboet Ja-

2
mato tamaschi (the spirit of Nippon), tapi ieu teh tangtoe teu tjoekoep, lantaran perloe ditalingakeun, terap henteuna eta didikan.
Koelantaran eta boedak diselehkeun ka kolotna di imah teh,
sangkan didjaga, kalawan panalitian inoe sampoerna sangkan
oelah aja anoe dilanggar ; lebah
dieu katembong babarengan di
gawe kaom bapa djeung sakola.
T api ieu oge tjan njoegemakeun,
nja ngangkat salasahidji bapa moerid, sangkan nalingakeun kaajaan
baroedak diloear sakola, didjalan
di tempat2 oel;nna, tjatjampoerannana djeung sabangsana, sarta
ieu toekang nalingakeun teh, di
ngarauan Kiogo reme.
D jadi boedak teh salilana kagatnahan, sarta teu weleh 2 kakantegan, dimana arek ngalakoekeun
anoe teu sopan noeroetkeun ang
gapan bangsana.
Atoeran anoe saroepa kieu,
tangtoe aja faidahna, tapi sabalikna bahajana oge, teu beunang di
seboetkeun saeutik, lantaran kahalangna ngalakoekeun anoe sa
roepa kitoe teh, pikeun anoe tjan
njerep kajakinannana mah, w oeng
koel ngan sieun kaperego bae,
tidinja njieun akal, sangkan salamet tina eta panalingaan, njaeta
koe djalan .'oempot salindoeng,
lir boedak anoe keras teuing
ditjarek liar, sok mindeng kadjadian, goegoeling disimboeten.
Sabagian tina kasopanan, ata
wa kaloehoengan boedi djeung
agama, aja oge anoe diaboeskeun
kana wet di tiap 2 nagri, sarta ditalingakeun koe pihak pamarentah,

njaeta koe politie, sarta disajagikeun


hoekoeman
noeroetkeun
katetepan wet pikeun anoe ngalanggarna.
Djadi dina enggoning nangtajoengan, soepaja eta atoeran djalan sarta ditoeroet koe djalma,
sababaraha hal anoe berhoeboeng
djeung hiroep koemboeh, boh
godsdienstige normen, zedelijke
normen, atawa fatsoens normen,
oemoemna pamarentah pada nangtajoengan sangkan bisa maksa sar
ta aja peurahan, S'na ditoeroet
koe djalm a1.
T api ieu teh tjan sampoerna keneh bae, malah teu saeutik anoe
djadi loenggoeh oetjing, malah sok
boga rasa diganggoe, lantaran
maksoedna henleu kebat, napsoena kapegoeng, antoekna nja ma
lin g 1 ngadagoan talingeuhna anoe
nalingakeun, paawas - awas, papinter-pinter
Tam polana mah anoe ngalakoekeun kadjahatan teh bari te
rang, jen eta teh djahat, ngalanggar kasopanan, tapi lantaran rochna lemah, digoegoesoer koe nafsoe, kasarad koe gogoda sjaithan,
sahingga teu tolih kana panjarek
hate, teu soengkan koe panjela,
teu sieun koe bebendon Allah.
Ana kitoe tetela, ari karek lebah
njaho mah, ieu salah, itoe djahat
sarta bahaja, teu bisa didjadikeun
hidji erim boeat ngawer nafsoe
nadah gogoda sjaithan.
Tonto anoe leuwih etjes, kadjadian di tanah Amerika, nja
eta hidji tanah anoe sadia soldadoer.a, rapang politiena, tapi
teu keudeu, nepi ka aja anoe ngarasa teu betah boemen? di eta nagri lantaran ngarasa teu aman.

Njakitoe deui dina nalika aja


larangan nginoem arak, kalawan
ngagoenakeun
kakoeatan sarta
antjaman anoe katjida kerasna, ti
pihak pamarentah, tapi taja hasilna, lantaran kalah ka ngalobaan.
O erang Amerika lain teu ngarti kana kadjahatannana, atawa
mamalana, memang ngarti sarta
risi koe antjaman, tapi keukeuh
bae diroempak, sanadjan dibarengan koepam aksa (rechtnormen).
Teu rek ngaleungitkeun kana
djasana Kiogo reme ataw a patnarentahan anoe nangtajoengan, da
dina Islam oge aja atoeran anoe
ditjepeng koe kakawasaannana
chalifah atawa soelthaan, malah
aja katerangan dina astar, anoe
kieu oenina :

H a r t o s n a : Saenjana Allah
nangtajoengan sabagian oeroesan
koe
kakoeatan
pamarentahan
(rechtnormen),anoe teu bisa ditangtajoengan koe Qoer-n woengkoel.
N gan bae dina agama Islam,
didjaga soepaja djalma 2 teh oelah
ngan woengkoel sieun koe kakawasaan, tapi dibanding koe doro
ngan-dorongan djeung panggeuing
tina atina pisan, njaeta anoe diseboet imn.
Kiogo reme anoe ka hadji, aja
dina awakna pisan henteu pisah
djeung dirina, sarta saban waktoe

At-Taqwaa N o. 7

bisa mere advies, nangtajoengan


sarta m im pin dina djalan anoe lem
peng, arak atawa perzinaan Iprostitutiej djeung sabangsana, leuwih
gampang
ditangtajoengan
koe
imanna, batan disingsieunan koe
bahajana woengkoel.
Koe lantaran eta, djadi kaharti
kapentingan didikan iman ka A l
lah, pikeun baroedak perloe sina
njerep dina atina, sarta ngoelit
ngadaging, dibarengkeun djeung
aboesna elmoe-panemoe.
Salasahidji ahli ngadidik di E u
ropa ngalahirkeun kieu :
Sing saha anoe hajang mere
ka anakna sendjata boeat mempertahankeun (nolak)
was-was
anoe sok maehan kana rohna, ma
ka koedoe dibere sendjata A gam a .
W ie zijn kinderen wil wapenen
tegen den doodenden twijfel moet
het wagen met het G e lo o f.
(Prof. Dr. Kohnstam)
M alah aja hidji Prof. anoe ngarasa kadoehoeng, lantaran teu
pertjaja kana ajana Pangeran, sar
ta teras andjeunna nganasehat kalawan make ketjap 2 anoe bersifat
pamoega , anoe kieu oenina :
Moedah-moedahan Allah (Pa
ngeran) noeloeng ka maneh (ja'nii
Pangeran anoe koe kaoela geus
diremehkeun sarta dinjenjen .
M g e G ott Ihnen beistehen
welche ich so heftig verletze .
(Prof. Paul.

Ehrenfesch)

D ina Qoer-n oge anoe pangheulana diadjarkeun ka baroedak


teh, elmoe tauhid (Uniologie) soe
paja
boedak biasa ti leuleutik

A
djaoeh tina sjirik sarta boga pamoentangan anoe pageuh, saperti
anoe ditjontokeun koe Loeqman,
dina soerat An-Nadjm.
Djadi Kiogo reme kahidji dina
Islam, njaeta Im an, anoe ngantjik
dina atina, sabagi hidji erim anoe
pakem, boeat nahan dirina tina sagala larangan, sarta ngadjoeroeng
soepaja bisa nempatkeun maneh
dina kasopanan anoe sampoerna,
sarta ngalakoekeun achlak anoe
moelja.
Ari kadoeana, njaeta Kiogo
reme anoe dibangoen ti antara
rajat, njaeta anoe diseboet AnNidzaamoet-Takafoely,
sakabeh
oemmat Islam, koedoe daek ngageuing batoerna noe salah ting
kah lakoena, atawa ngalanggar
kasopanan,
pangandika
Kangdjeng N ab i s.a.w. :

dJlJ

\j

/>,

* 1-^" *

j *

I# A._iLii

# /

p.!j
' ^

m-' ^

1 1 ) .5^

H a r t o s n a : Sing saha anoe


njaksian (ningal) kamoengkaran,
maka koedoe dirobah koe leungeunna, oepama teu koeat nja
koe nasehat (letahna), lamoen teu
koeat keneh bae, nja koe hatena,
sarta anoe kaseboet pangpandeurina teh eta panglemah - lemahna
Iman. (H .S .R . Moeslim, Ahmad)

5 Djadi anoe diangkat kana Kiogo


reme teh lain woengkoel anoe
kagoengan poetra, tapi oemoem,
sadajana djaltni anoe oemangken
djadi seke-seler kangdjeng nabi
M oeham m ad s.a.w.
Katiloena,
njaeta kakoeatan
chalifah, saolah-olah peurah anoe
boekti, sangkan oemoemna pergaoelan katangtajoengan.
Sangkan oemmat Islam bisa
djadi tjonto, perloe ti ajeuna dimimitian, diserepkeun ka baroedak
didikan tauhid anoe sampoerna,
soepaja dina mangsana nempatkeun maneh dina hiroep koemboeh
teh aman, koe saloehoereun dipidoeloer, koe sasama dihormat,
koe sahandapeun didjieun tjonto.
Persis" geus ichtiar ngajakeun
pagoeron2, boeat doenja acherat,
mere sendjata iman, sabagi pamingpin rohani, djeung elmoe panemoe, sabagi bahan hiroep. kalaw an dihias koe achlak anoe
sampoerna, njaeta anoe diseboet
P e n d i d i k a n I s l a m , djeung
hidji pagoeron anoe ngawoengkoel oeroesan Agama, ahli pamisah antara bid'ah djeung Agam a,
sarta ngoelik anoe sadjerona
seloek-beloek Islam, njaeta anoe
diseboet P e s a n t r e n P e r s a t o e a n Islam.
Katjida kabeurangannana lamoen oemmat Islam wajah k i
w ari tjan bisa keneh milih d i
dikan djeung pangadjaran anoe
salaras djeung toedjoean Islam
Tjeuk Gustave Le Bon :
M ilih tjara pendidikan teh, eta
leuwih penting batan pilihan tjara 2
pam arentahan".

Le choix d un systme d du
cation a plus d'importance que
celui de son gouvernement.
(Gustave Le Bon)
Pangandika Rasoeloellah s.a.w. :

1 -Ut

y'

' s s s.

a:*

/ / /

/-

/-

i iU '1

' s

*} * s

i aI.V' j^c.j \
^

!*^ ^4 y

>-

Al . " -C

J*

' . t
.

>.

. s >

j 41., ~-CJ

H a r t o s n a : Saenjana Allah
dimana bade njilakakeun hidji
hamba, leuwih tiheula ditjaboet
kaerana, dimana kaerana geus di
tjaboet, ditjaboet amanatna, sarta
dimana ditjaboet amanatna, djal
m a 2 teu mertjaja ka manehannana,
ditjaboet
tina atina
perasaan
welas asih, sarta dimana leungit
welas asihna, dioedar beungkeutan ka - Islamannana.
Djadi tetela anoe ngoedar simpaj Islam teh, njaeta roeksakna
achlak.
Pangandika Rasoeloellah s.a.w.:

X- X-

z'

Z'

H a r t o s n a : Kaoela dioetoes
boeat
njampoernakeun achlak
anoe terpoedji (kasopanan anoe
oetama).

At-Taqwaa N o . 7

Pedah

6 -

hideung

roepana

(Samboengan At-Taqwaa No. 6, katja 7)

Sedengkeun panoedoehandjeun,
jen kaom Islam pangna datang
ka ieu kota teh, lantaran masakat,
kokoro, balangsiar neangan tedaeun, eta samasakali djaoeh, teu
keuna sarta njalahan eta toedoehan teh.
Saoepama ajeuna njanghareupan harta banda kajaning mas
reudjeung perak. samasakali moal
kabita sarta moal ditjokot, anging
make djalan anoe djoedjoer, sar
ta lamoen dikadarkeun kapimilik,
moal dipake, anging sakadar noetoep kaperloean anoe pangperloena, sedengkeun sakarina baris dikorbankeun di djalan Allah, dibagikeun ka fakir miskin, anoe ngabogaan haq meunang pertoeloengan.
Panggigila, samasakali moal aja
goenana, ajeuna kantoen milih
bae, salasahidji ti antara anoe
tiloe, margi nja ieu pisan anoe djadi poko kaperloean pangna dongkap ka ieu tempat, dipiwarang
koe anoe djadi am ir tina ieu
balatantara, anoe dipertjaja koe
chalifah, soepaja radja milih sala
sahidji, njaeta lebet kana agama
Islam, anoe memang dipiridla koe
Allah, saestoena moal ditampi koe
Allah, di antara agam a2, anging
agama Islam.
O epam i sanggem lebet kana
agama Islam, sadajana
oerang
Islam bakal ngangken doeloer,
sarta bakal ginandjar koe kanoegrahan doenja acherat, tapi oe
pami ieu ditolak, eta teu aja ha

langan, asal sanggem majar djizjah,


saban taoen, nganggo perdjangdjian anoe egoeh, sarta kalawan
moefakat
kadoea
fihakannana,
sarta dimana ieu oeroesan ditampi,
ieu karadjaan dianggap Dzimmi,
njaeta ditangtajoengan dimana aja
karerepet, perloe kana tanaga
atawa panjalindoengan.
O epam i hal ieu ditolak keneh
bae, maka teu aja deui hakim
anoe tjakep boeat njapih tina
perkara ieu, salian ti pedang, leuwih soeka hantjoer loeloeh di m e
dan pangperangan, djadi balatan
tara anoe panoetoep, atawa ginan
djar koe
kameunangan, anoe
memang djadi oedagan djeung
harepan sadajana babatoeran.
M uqauqis ngawangsoel : leu
oeroesan moal kadjadian, naha
kaoe'a teh baris dianggap djalma
beulian satoengtoeng koemalendang di boemi ieu ?
W angsoel O ebadah : Leres,
koemargi eta sae dipilih, anoe
mana bakal ditjandak.
M uqauqis toeniaros :
N aha
teu aja deui djalan anoe sedjen?
W angsoel O ebadah: Samasa
kali teu aja deui piliheun anoe
sanesna, ajeuna mah ngadamel
pertemoean bae sareng gegedengegeden di dieu, moesjawamh
soepados enggal aja kapoetoesan
anoe tangtoe.
Saladjengna Radja M uqauqis
ngadamel permoesjawaratan sa
reng gegeden anoe sanesna sarta

O ebadah moendoer njampeurkeun


pangiring- pangiringna.
Saoer radja M uqauqis . Ajeuna
geus salse maranehannana njaritakeun keperloe-tnnana,
ajeuna
tinggal timbangan ti oerang.
Salasahidji ti anoe hadlir ngawnler : Perkawis pindah Agama,
ninggalkeun agama Kristen eta
moal tiasa, sedengVeun
majar
djizjah, djadi dzimmi eta hidji
kahinaan, leuwih hade maot toempoer
loedes batan boga nasib
saperti djalma beulian, perkawis
banda samasakaii moal dibikeun
ka maranehannana, sanadjan sapeser oge.
Saoer M uqauqis : Leuwih hade
toeroet bae timbangan kaoela,
njaeta majar djizjah, lantaran teu
kaerong pikoeateunnana ari koedoe begalan njawa djeung mara
nehannana, moal sabar njanghareupan bahaja anoe bakal karandapan, anoe ajeuna geus djadi
antjaman.
Saoer anoe hadlir: Anoe mana
anoe bakal ditjandak teh?
Saoer radja M uqauqis : Perka
ra pindah Agam a, memang beurat,
sedengkeun perang taja harepan
kana koeat sarta meunang, djadi
taja deui lian ti anoe hidji deui.
W angsoel anoe h a d lir : Djadi
kedah majar djizjah, djadi djalma
beulian ?
W angsoel radja M uqaqis: Enja
djadi saperti djalma beulian, tapi
oerang kawasa di tanah oerang
sorangan, bisa ngatcer sakahajang
oerang, sarta henteu diroeksak
digadabah koe deungeun , sedeng-

keun lamoen perang sarta oerang


anoe kalah w owotan, tanwande
oerang djadi djalma beulian anoe
saenjana, sarta anak intjoe oerang
bakal kawaris kahinaan.
Saoer anoe haladlir i O epam i
kitoe mah leuwih hade abdi sadajana toempoer loedes ! ! Leuwih
ni'mat maot batan nandangan ka
hinaan ! ! !

Dina sapeuntaseun djambatan


anoe nepoengkeun perhoeboengan
antara balatantara kaom Kopti
djeung Poestath, katingal mani
nojek teu poegoeh itoengannana,
wadya balatantara Room djeung
Kopti, saged sapakarangzna, boeat
mempertahankeun kakoeatan oe
rang Islam, ngawangoen hidji ben
teng anoe katjida santosana.
Barang katingal eta wadya koe
oerang Islam, oerang Islam kabeh
ngabaris madjoe kahareup, lir tjaahanoe katjida hebatna, breg be
galan njawa, mandi getih, ngadoe
kakoeatan djeung wawanen, ger
perang tjampoeh, ting goerilap
seuseukeut pedang katodjo koe
mata poe.
T ing soeroewoek kapal perang
wadya Islam, ngepoeng balatanta
ra Room , megat di tem pat 2 anoe
penting, hoedjan panah, anoe hen
teu bisa ditahan deui, antoekna
balatantara Room , kalah w ow otan
kapegoeng taja geusan ngedjat,
kapaksa mere tanghara, aman,
sarta serah bongkokan, menta dikeunaan djizjah.

At-Taqwaa N o . 7

Lebah dieu kakara oerang Kopti


ngarti kana nasehat
M uqauqis,
sarta oemmat Islam beuki jakin
na Aja t :
^ -'i ^

o A S t " j A.uij aU Y

8 .

Teu kapianggeuhan koe hideung roepana, koe hina toeroenannana, da kamoeljaan teh, teu
pilih boeloe djeung warna.

x
Doenia nganggap hina ka kaom berwarna, tapi Islam teu pi
lih boeloe.

H a r t o s n a : Pirang - pirang
golongan anoe saeutik bilangnannana bisa ngelehkeun golongan
anoe loba.

TAMMAT

Hui Hui Juan Lai"


Djoedoel anoe diserat diloehoer
teh, eta basa Tjina, oepami koe
basa Soenda mah pihartoseunnana,
Kadatangan oerang Islam .
T i antara kitab-kitab anoe nerangkeun koemaha aboesna aga
ma Islam ka tanah Tjina, nja ki
tab anoe make ngaran saperti
anoe tadi diloehoer parantos d i
serat, seueur katerangan-katerangan anoe tjotjog sareng katerangan ahli tarich di Islam, (Arab).
Tjenah pangheulana noe mawa
agama Islam ka tanah T jina teh,
njaeta W a n Ko Ssu, koe oerang
Islam diseboet A bi Kabsjah, sarta
oemmat Islam waktoe harita sok
diseboet H ui H ui, sarta agama Is
lam biasa diseboet H u i H u i Kiao.
Sedengkeun ari pangkat oerang
Islam di eta tanah roepa - roepa,
anoe pangloehoerna njaeta. Sjaechoel Islam, teroes Imam M oefti
A lim (M ullah), sedengkeun ari
oelama loembrah mah ditelahna
A H ong (bisa djadi tina Ichwan
atawa Achond).
Dioetoesna

A bi

Kabsjah

koe

Rasoeloellah s.a.w. ka tanah Tjina


teh, njaeta dina taoen 628 M . bari
njandak barang-barang sanggakeuneun ka Keizer. Sarta andjeunna ditampi koe Keizer Tjina, kalawan kagoembiraan, malah di
idinan njiarkeun agama di eta ta
nah, njakitoe deui diidinan ngadegkeun masdjid di Canton.
D ina taoen 632 andjeunna ang
kat deui ka tanah Arab, tapi R a
soeloellah parantos teu njampak,
parantos tilar doenja, ladjeng
andjeunna angkat deui ka tanah
T jina, bari njandak sanoeschah
Qoer-n kenging ngempelkeun
Sd. Aboebakar.
Teu lami tina sasoempingna ka
Canton, andjeunna tilar doenja,
sarta dipendemna di eta tanah.
Saterasna, teu petot2 oetoesan ti
karadjaan karadjaan Islam, sarta
teu woedoe oerang T jina teh loba
kawawoehna tiantarana, njaeta
oetoesan2 ti Abo-loba (Aboel
Abbas) ti A-puch a fo (Aboe
Djafar) ti A-Lun (Haroen AlRasjid) sareng seueur-seueur deui.

Getih
Ti

Reungit nadjis ?

Socngcl

Toemaros:
O epam i keur netepan ditjongtjongan reungit, tina bakating
seueurna, njondong oge anoe katepak atanapi kapent|et, atanapi
dihadja ditelasan, dongkap ka kaloear getihna, oerat aret kana panganggo.
O epam i kadjantenan kitoe. keur
waktos netepan, naha sah netepannana, atanapi batal ?
Langg. N o. 29.
D ja w ab :
Anoe terlarang dina agama
Islam teh roepa2, tiantarana aja
anoe haram ditoeangna, aja anoe
haram ditingalna, sareng aja anoe
haram ditjandak netepan, njaeta
anoe disebat nadjis.
Soegri barang anoe haram di
toeangna eta kedah aja dalilna,
sabalikna anoe halal mah teu ke
dah aja dalilna, tapi soegri ba
rang anoe teu diharamkeun tangtos hoekoemna halal, dina Qoeran sareng Hadits teu aja katerangan
anoe ngahalalkeun
siki
djamboe mede, doeren sareng sadjabina, tapi tetep eta barang teh
halal, bongan teu aja katerangan
anoe ngaharamkeunnana
Njakitoe deui anoe haram ditjandak netepan, tanapi nadjis, eta
kedah aja katerangannana, sarta
soegri barang anoe teu aja katera

ngan anoe noedoehkeun kana ka


nadjisannana, eta tetep soetjina.
Soetra, emas, madat, ratjoen, sa
reng sadjabina barang anoe kasaksian saban dinten, eta sadajana
soetji, sarta pangna hoekoemna
soetii teh sanes aja katerangan
anoe nataan jen eta barang* teh
teu nadjis, tapi pangna soetji teh
bongan teu dinadjiskeun.
Sarta soegri barang anoe haram
ditoeang, eta henteu djadi katera
ngan. jen eta barang teh nadjis,
haram diragap ataw a ditjandak
netepan.
D ina kitab Soeboeloes - Salam
1 : 49 diterangkeun kieu i

>

Si1J

.> .

V' j ' J l \
3

s - ,

J J ^ V a.A-) U!'
H a r t o s n a : Sarta ari anoe
sabenerna mah, asalna tiap 2 barang
eta hoekoemna soetji, sarta sa~
enjana barang anoe diharamkeun
teh. eta teu djadi katangtoean
kana koedoe
nadjisna,
saenjana Hasji sjah (saroepa djoekoet
anoe matak mabok) diharamkeun

At-Taqwaa N o. 7

10 -

tapi soetji, njakitoe deui barangbarang anoe matak ngamabokeun


djeung ratjoen-ratjoen anoe bahaja, teu aja dalilna anoe noedoehkeun kana kanadjisannana.
Leres getih anoe ngotjor teh
eta hoekoemna haram, tapi haram
ditoeang, sanes haram ditjandak
netepan, sedengkeun noem 9 etkcun papariosan, teu atjan mendak katerangan anoe nganadjiskeun getih salan ti getih haidl
sareng nifas.
Koemargi teu aja katerangan
anoe nganadjiskeun eta barang,
djadi tangtos moal wantoen-wantoen njebatkeun nadjis salami teu
atjan aja katerangannana.

H a r t o s n a : Dina ieu kadjadian teu katjarioskeun Rasoeloellah s.a.w. negor atawa miwarang
soepaja salatna dibalikan deui,
oge teu dipiwarang woedloe deui,
sarta katjida djaoehna tina piki
ran, pirakoe teu oeningaeun Rasoeloellah kana eta kadjadian.
(Tafsir M oh. Abdoeh

Koe ieu katerangan kaoeninga,


jen netepan bari bobolokot koe
getih teh eta teu ngabatalkeun ka
na netepan.
D ina kitab Bidaajatoel Moedjtahid aja katerangan kieu :

D ina Tafsier M oh. Abdoeh


6 : 254, diterangkeun kieu :

- - .

- w

,> -

a*.

*1) ^

y^

'.

(ro,

aJLe

d t t l j

_A~i-S)

) J

's '

>

a;'

(10
Hartosna:
Saenjana Oebad bin Boesjr kakeunaan koe sababaraha panah, dina nalika andjeuna netepan sarta netepannateu dibatalkeun (diteroeskeun).

6 : 254)

i\

y * a) l) j y>>

4 ) '-U)

Hartosna:
Saenjana Rasoeloellah parantos dibaledog (diroengkoepan) koekadoet hanalam
onta, anoe pinoeh koe getih sa
reng taina, dina nalika A ndjeunN a
netepan, sarta koe A ndjeunN a teu
dibatalkeun (diteraskeun netepannana).
(Bidajatoel

M oedjtahid 1 : 45)

O elam a,;i anoe ngahoekoeman


ijadjis kedah kagoengan dalil anoe
noedoehkeun kana nadjisna, teu
kenging nganggo dalil anoe nerangkeun haram ditoeangna.

11 -

Babalik fikir
Ti

A n d ir

D ja m b a ta n

Toetnaros:
Koemaha
hoekoemna
anoe
moesjrik ti leuleutik moerka ti boeboedak, (lampah djahat) sedeng
ari parantos kolot djadi saln, koe
maha hoekoemna ?
D jaw a b :
Shahabat 2 anoe laloehoeng, sar
ta didama-dama dihorniat koe
oemmat Islam, lantaran kasolehannana sarta kaichlasannana dina
enggoning ngadjalankeun ka-lslaman, eta teu sadajana ti alitna
djadi djalmi shaleh D ina nalika
zaman Djahilijjahna mah, nja saperti anoe sedjen bae salasar
sarta doraka anoe taja hinggana.
Amroebnoel Ash, asalna ngabaris dina barisan balad moesoeh
N abi, malah nja andjeunna pisan
anoe djanten oetoesan ka tanah
Habsji (Ethiopie), njoesoe! sahabat
N a b i anoe marangkoek di eta
nagri, njingkahan rintangan 2 ti
kaom Moesjrikin.
A m roebnoel'Ash dongkapnaka
eta tanah teh, bari njandak roepi2
poepoendoet hatoeran radja (N e
gus). soepaja shahabat N ab i dioesir atawa diselehkeun,
sina
njangga djeung nadah panganiajaan ti kaom Qoeraisj.
Soeraqah, njaeta hidji wadya
balad kaom Moesjrik, anoe ngoe
dag-ngoedag Rasoeloellah dina
nalika A ndjeunN a hidjrah ka M a
dinah, sarta ngandoeng maksoed
arek nelasan Rasoel.

Aboe Soefjan, hidji kekentong


kaom Qoeraisj anoe panghareupna, nja andjeunna pisan anoe dja
di sabab pangna aja perang Ba
dar, sarta andjeunna aja di fihak
kaom Moesjrik.
T api ieu sadajana, ari parantos
lebet Islam mah, dosana antjoer,
moesna, koe Allah s. w . t. dihampoenten, sarta arandjeunna djadi
shahabat 2 N ab i anoe satia pisan.
Koemargi sakitoe, poma arek
boga
anggapan K A P A L A N G
D O S A , sarta heuat kana tobat,
boga rasa gede dosa, tapi bari
nambahan gedena dosa.
Ari anoe
njaeta :
^

disebat

" f -

j'

ai
/

tobat teh,

j *

*a ^
z' ^

^
^

' * j)

j *
/
*S X

. 4 .,5 j ) jl

Hartosna:
Parantos ngalahir Sd. O e m a r : T obat anoe
bisa djadi panggeuing teh, njaeta
koedoe tobat tina dosa, teroes
henteu deui\ atawa gilig dina p i
kir kana moal ngalakoekeun deui
anoe saroepa kitoe.
(R. Ibnoe Katsir)
D ina Hadits anoe shaheh diterangkeun kieu :

At-Taqwaa N o. 7

j y J ' j t aU L

V '

.........
( c j^ r "

J - t / 9 )

Hartosna:
,Ari Islam teh,
eta noetoep (moepoes) kadjahatan 2
anoe dilakoekeun samemeh djadi
Islam, sarta ari tobat, eta noetoep
(moepoes) dosa anoe enggeus2.
(Tafsir Ibnoe Katsier 8 :4 1 7 )
Sareng diterangkeun dina Hadits anoe shaheh :
X*

o''

*> 0

- - l

* S S QS

<J f ~ ^ ' (j* -....................


. xU li-'
J . L.)

H a r t o s n a : Sing saha anoe


ngalakoekeun
kahadean,
dina
mangsa manehannana geus aboes
Islam, eta moal dianggap do

12 sa'), kadjahatannana anoe dila


koekeun dina zaman Djahilijah.
(Tafsir Ibnoe Katsier : 8 :4 1 7 )
D jadi anoe dina djaman Djahilijahna lamokot koe kadjahatan.
dimana babalik pikir meunang hidajah ti Pangeran, tobat anoe
saenjana, roemasa geus ngalakoe
keun kasalahan, ngalanggar lara
ngan Pangeran, eta kalintang saena, sarta poma oelah ngoekoehan kana katjapangan kapalang
dosa.
D jadi tetela pisan, roeroentoek
pendjahat teh, eta leuwih melja
batan roeroentoek adjengan
Sedengkeun anoe ti aalitna bo
ga bakat hade, eta tangtos langkoeng saena, oepami tiasa ngadjagi
diri, soepaja oelah mengpar tina
Shirathal moestaqiem, tapi lamoen
mengpar moertad sarta djadi saoejoenan sabarisan sareng kaom
kafir, tangtos roegina langkoeng,
lantaran kasaeannana teh sadajana
nalapoeng, teu kaarah mangfaatna.
1) Moal
perkara.

ditoengtoet

didjadikeun

Meuntjit sapi koe stroom


T oemaros:
Koemaha hoekoemna meuntjit
sapi koe stroom (electrisch) sah
atanapi henteu ?
Sapertos di Europa. M endak
dina salasawios tafsir kaloearan ti
Padang, ngesahkeun, kana
eta
peupeuntjitan, doepi noe djadi
alesan, langkoeng enggal paehna
eta sato.

D ja w a b :
Koe margi dina agama Islam
parantos aja atoeran sareng tjaratjarana peupeuntjitan, anoe paran
tos diterangkeun dina Al-Qoer-n
sareng ditjontokeun koe Kangdjeng N abi s.a.w. djadi tangtos
lepatna sareng teu sahna oepami
ngadamel tjara 2 anoe sanes.
Soegri peupeuntjitan

anoe teu

noemoetkeun tjara anoe parantos diterangkeun koe Islam, tang


ios dianggap bangke henteu kenging ditoeang.
Soemawonten distroom mah,
margi teu kaloear getihna, sedengkeun ti antara sjarathna teh, njaeta kedah kaloear getihna, sapat
genggerongna.
D ina Al-Qoer-n diterangkeun
kieu :
^ *

S ^ s' I-'. } }

O' s O ^ U) ^

A ju ) '

'

j>-

s'
/ ^ /-Z' ^O'' *

iUejJll j Alil.
}
s'
^ X- X X /
X X ^s' - Z'
s , S ) S } X* X

>1

s > s * #\* x x >> *


2\
jj p.X-5*5 l* *^\^ ,**J|

[r Sj SUI .J]
H a r t o s n a : Geus diharamkeun pikeun maneh, bangke, getih, daging babi, djeung sasatoan
anoe dipeuntjit henteu kerna A l
lah, djeung sasatoan anoe katjekek, anoe ditakol koe barang 1
anoe teu seukeut, anoe ragrag,
anoe
diteunggar
( ditoebroek)

13 koe batoerna, anoe geus dihakan


koe sato galak, anging anoe kaboeroe dipeuntjit, djeung sasatoan
anoe dipeuntjit boeat berhala.
(Q . A l - Maa-idah 3)
Koe ieu Ajat kaoeninga, sababaraha sasatoan anoe paehna lan
taran katjekek
atawa ditjekek,
sareng sabangsana anoe teu make
ngaloearkeun getihna, eta sadajana dianggap bangke,
O epam i bade nganggo alesan
langkoeng enteng, sareng langkoeng enggal paehna, margi karoenja, eta sami sareng nganggap,
jen Allah teh teu kagoengan sifat
kawelas terhadep sasatoan, tegesna peratoeran anoe parantos ditetepkeun koe anoe kagoengan
eta sato teh ditjawad, margi kirang sae, teu enggal paehna.
Koemargi saoer anoe kagoe
ngan eta sasatoan (Allah s. w. t.)
kitoe peratoerannana, djadi taja
djalan anoe langkoeng salamet
lintang ti kedah noemoetkeun *atjara anoe koe A ndjeunN a paran
tos ditetepkeun.
Sarta soegri sasatoan anoe dipaehan, teu nganggo tjara 1 anoe
parantos ditetepkeun, eta dianggapna bangke, teu w idi didahar
koe oemmatna.

Kadaharan ti kaom kafir


T oemaros:
Koemaha hoekoemna neda ba
rang djalmi koefoer (kafir), ha
lal atanapi haram ?
Langg.

N o. 102.

D jaw ab:
Soegri katoeangan, anoe me
mang parantos dihalalkeun koe
Islam, eta teu aja halanganana (ha
lal), oepami katampina tanapi djolna ti oerang kafir, tetep hoekoemna

At-Taqwaa N o. 7

14 -

halal, margi tcu aja katerangan


anoe ngaharamkeunnana.
N gan bae dina leresan katoeangan, anoe kedah dipeuntjit heula
eta aja anoe diiwalkeun, margi
henteu sadajana kaom kafir sah
peupeuntjitannana
Anoe koe Islam dianggap sah
peupeuntjitannana, njaeta kafir kitabi (Jahoedi sareng Kristen), djadi
oepami kaom Islam nampi kintoenan ti bangsa moesjrik, sarta dipeuntjitna koe manehannana, eta
hoekoemna haram, margi kalebet
kana bangke, sanaos meuntjitna
ngangggo tjara 2 anoe parantos ditetepkeun koe Islam
D ina Al-Qoer n
kieu :

diterangkeun

.p.50 j > .

jkjyv.iivj

[t, .o Li' .j ]
H a r t o s n a : Saenjana
ari
peupeuntjitannana djalma 2 anoe
geus dibere kitab (Jahoedi djeung
Kristen) eta halal pikeun maneh.
(Q . Al-M aaidah 6 )

Dina
kieu :

Hadits

J.r* )

aja

katerangan

J A' <3'
Axivd al_

}' '

y yy * y u>

}*

..........a) * l_ lt (\j -0 1

. j x /*

Hartosna:
Saenjana
oerang Chaibar (bangsa Jahoedi)
geus ngirim ka Rasoeloellah, dom
ba anoe meunang meuleum (manggang), sarta manehannana geus
neundeun ratjoen dina sikoena eta
domba, sedengkeun ari Rasoeloel
lah katjida sedepna kana sikoe,
ladjeng koe A ndjeunN a ditoeang.
(H . S. R. Boechari)
Koe ieu katerangan kaoeninga,
jen katoeangan anoe djolna tanapi
katampi ti kaom kafir eta teu aja
pamengannana ditoeang, asal me
mang dzatna (djinisna) eta barang
hoekoemna halal dina agama Is
lam.

Panghampoera
To em a r os:
a)
D jalm a (of istri) anoe ageung
dosana, tjaloentang ngoenghak
ka salakina waktos hiroepna, samemeh maot teu kaboedjeng njoehoenkeun hampoera heula ka sa
lakina.
Naha

tiasa

loebar dosana ka

salakina oepami sawaktos-waktos


salakina ngahampoera ka anoe
parantos maot tea ?
b)
Koemaha oepami djalmi (of
istri) ngaraos seuur dosana ka
salakina, namoeng salakina ka
boedjeng maot, sedeng si bodjo
teu
kaboedjeng
njoehoenkeun
hampoera, noe
kieu koemaha

kedahna eta istri saoepanten kenging panghampoera ?


W assalam
Langg. N o. 97.
Djawab

a) :

Koemargi panghampoera teh


hak manehannana, djadi tangtos
taja lepatna oepami dipasihkeun
(dihampoera) dina sateuatjan di
soehoenkeun oge, njakitoe deui
oepami hidji djalmi nganiaja sasamana,sedengkeun manehannana
anoe miheulaan, kapegat koe adjal,
fihak anoe dikaniaja teu aja le
patna oepami ngahampoera, atanapi ngam a'af kana dosana, malah
sanes
ngan
kedah
ngama'af
woengkoel, tapi dipangnjoehoenkeun ampoen deuih ka Pangeran,
soepados dibersihkeun tina dosana.
Dina kitab Boechari
aja katerangan kieu :

4 : 117,

D ina nalika perang Oehoed,


Hoedzaifah kantos gegeroan (mihapekeun ramana).
c 9- * } s * *
4

4. i I

ji

Ai A'. J

1.5U JkiXi . . . .

Ls ^

JU i
a

I t J'*- ^

15 loelah diganggoel. Saoer Sitti


Aa-isjah : Teu koengsi kahalang,
kaboeroe ditelasan ramana. L a
djeng
Hoedzaifah
ngalahir :
Moedah-moedahan
Al
lah
n g a h a m p o e r a
ka
m a r a n e h.
(S. R. Boechari)
Fanaos anoe maraehan ramana
teh teu atjan marenta dihampoera,
koe Hoedzaifah dipiheulaan di
ma'afkeun, sarta dipangnjoehoenkeun ka Allah soepados dibebaskeun tina kasalahannana.
Koemargi sakitoe, djadi anoe
teu kaboedjeng njoehoenkeun di
hampoenten teh sae dim a'af bae,
sarta dipangnedakeun ka Allah,
soepados kalepatannana dibebaskeun.
Djawab

b ):

Oepam i sabalikna, njaeta teu


kaboedjeng njoehoenkeun dihampoenten, eta mah kedah moentang
ka Allah s.w.t., soepados diber
sihkeun tina eta kalepatan anoe
parantos karaos.

Kaping kalihna, nja kedah ditambalan oepami badjoe tea mah,


njaeta koe ngamalkeun kasaean
dilangkoengan ti anoe parantosparantos, margi pangandika A l
lah s. w. t. dina Q o e r n :

. > > ' __

I/

Z'

!1

\j 1
/

( \ \ o

H a r t o s n a : . . . . T i dinja
Hoedzaifah ningal, sihoreng eta
teh ramana (A l- Jam an), ladjeng
andjeunna njorowok : H e hamba
Allah ! Poen bapa ! Poen bapa !

H a r t o s n a : Saenjana kahadean teh, eta bisa ngabasmi (ngaleungitkeun) kadjahatan .


(Q . Hoed 115)

At-Taqwaa N o . 7

Pangandika Rasoeloellah s.a.w.:


. >

> '

16
Kalih ti eta kalepatan teh,
oelah dihanakeun, dianggap alit,
pangandika Rasoeloellah s.a.w. :
T
'm

'
XX XX * SIjl ^

.J

7~')

1-X.C-L.9 Ai*A.) j ) i

UJ

j* l i ' j\

. Ali l Ai !'
j \

H a r t o s n a : M aneh koedoe
sieun (taqwaa) ka A llah dimana
bac maneh aja (saban waktoe).
sarta tiap - tiap kadjahatan koe
maneh koedoe ditoetoerkeun (disamboeng) koe kahadean.
(H . S. R .

^lc

j.

1' j I_

i < lc .

.> >

_11

t,

S .C

Soemawonten ka Allah s.w.t.


mah, dina riwajat Boechari diterangkeun, Rasoeloellah teu kirang
ti 70 kali (kalintang seringna) istighfaar dina saban dinten.

"

=>
x

. 1ajT

aj

Tirmidzi)

T ina katerangan anoe paran


tos kapioendjoek diloehoer, kenging didikan, jen njoehoenkeun
dim a'af teh, teu kedah ditoempoekeun heula, disakalikeun dina
dintenan
lebaran,
margi
teu
aja tjontona.

J-f-

XX

(^ jL = ^ !l 0

xx

jJL- aaj 1
X X

.-)

Hartosna:
Saenjana
ari
djalma M o e min, nganggap dosana teh, lir saperti manehna dioek
handapeun goenoeng, risi sieun
ninggang kana dirina. Sedengkeun
ari djalma djahat, nganggap dosana teh, lir laleur anoe liwat
kana iroengna, ngan saoekoer di
tepak-tepak (ladjeng koe Rasoe
loellah dipetakeun1.
(H . S. R. Boechari)

Hadits sareng bagiannana


Ti

M a d ja la ja

Toemaros;

djib dilampahkeunnana, sareng noe


koemaha noe soennat?
W assalam
H . M d.
D jaw ab :

Aja sabaraha roepi Hadits ?


Njoehoenkeun
diterangkeun
ngaranna sareng babagiannana.
Hadits anoe koemaha noe wa-

Babagiannana Hadits, sareng


roepi2na eta, kalintang seueurna, moal kamoeat oepami kedah
diw intjik hidji-hidjina dina roeangan Soeal - D jaw ab mah.

Parandene kitoe, henteu ari doegi ka loepoet mah, ieu kasanggakeun katerangannanasakadaranoe
perloe kaoeninga koe oemoem,
sareng gampil difahamna.
M o al aja anoe ngadangoe kana
hadits N abi ti N abi, anging para
shahabat, njakitoe deui moal aja
anoe oeninga kana pertingkahna
N ab i, anging para shahabat.
Ari anoe disebat Hadits tanapi
soennat Rasoel teh, njaeta pangandikaN a, pertingkahNa, sareng pangantepN a, (tegesna soegri hal 2
anoe kaoeninga, koe andjeunN a
teu ditegor teu dilepatkeun, eta hidji tanda kana kengingna).
T ah kana kadjadian 2 anoe ditataan di loehoer teh, tangtos moal
aja anoe oeninga lintang ti para
shahabat, tjindekna mah para sha
habat teh, djadi Verslaggever, njatetkeun sagala oeroesan anoe
patali sareng Agama, di zaman
Rasoeioeilah.
Sedengkeun ieu katerangan 2 teh,
samasakali teu ditjatet dina kertas,
teu dikitabkeun, malah kantos aja
larangan teu kenging aja anoe njatetkeun Hadits, margi bilih pasiloek sareng ajat-ajat Al-Qoer-n.
Im am 2 anoe njatetkeun, sareng
ngempelkeun hadits N abi sarta
teras dikitabkeun kalajan teratoer
sapertos Boechari sareng Moeslim,
eta sadajana henteu kantos tepang
sareng Rasoeloellah s. a. w.
Imam Boechari dilahirkeun di
na taoen 194 (H ) sarta andjeunna
poepoes dina taoen 256 (H).
Andjeunna ngempelkeun Hadits
anoe djoemlahna 600,000 Hadits
dina djero 15 taoen, eta sanes ke-

17 nging ngadangoe koe andjeun ti


Kangdjeng N abina pribadi, da
poegoeh dina nalika andjeunna d i
lahirkeun teh, parantos 183taoe(i
ditilar poepoes koe Kangdjeng
N a b i s. a. w.
Imam Boechari tiasa ngempel
keun Hadits anoe sakitoe seueurna teh, njaeta koe toel tel amboeratelna bedja, ti shahabat ka oemmat Islam anoe sapandeurieunnana, tidinja nja dibedjakeun deui
ka oemmat Islam anoe sapandeurieunnana deui, kitoe sareng kitoe,
doegi ka katampi koe oelam a '1
anoe djadi goeroena imam Boe
chari, sarta saterasna nja ko
andjeunna dikitabkeun sarta d i
pilih anoe shahih sareng anoe daifna.
D jalm i 2 anoe djadi perantara
an, nepikeun eta Hadits ka imam
Boechari, ti aw it shahabat doegi
ka oelama anoe sazaman sareng
imam Boechari, anoe sami katitipan eta Hadits, eta diseboetna
Sanad.
Oepam i anoe ngoeping tanapi
njaksian pertingkahna sareng pangantepna teh, katjida seueurna,
doegi ka teu tiasa digambarkeun
dina akal, bisa sailon ngawadoel
tanapi malsoe Hadits, eta disebatna Hadits M o e t a w a t i r .
Oepam i anoe ngoeping tanapi
njaksian Hadits teh. kaitoeng rada
seueur oge. tapi dina akal masih
bisa digambarkeun, bisana sailon
waradoel, eta disebatna Hadits
A h a a d.
Hadits A h a a d teh. roepi 2
njaeta noemoetkeun seueurna sa
reng saeutikna anoe mawa (ngariwajatkeunnana),
ti antarana,

At T aqw aa N o. 7

aja anoe disebat M a s j h o e r,


G h a r i b, sareng A z i z.
O epam i aja hidji djalmi anoe
teu sazaman sareng N abi, tapi
kantos sazaman sareng skahabat,
kar2 andjeunna njebatkeun Qaalan N a b i ................ tangios eta
djalmi teu ngoeping ti N abina
pribadi, tapi tangtos bedja deui ti
salasahidji shahabatna.
O epam i shahabat anoe ngoe
ping koe andjeun ti N abina, teu
disebat djenengannana, eta namina ragrag sanadna, tegesna eta
djalmi teh, ngariwajatkeun kadjadian di zaman anoe teu kaalaman
koe andjeunna kalajan teu nganggo perantaraan djalmi anoe sanes,
anoe ngazamanan eta kadjadian.
Hadits anoe saroepa kitoe disebatna Hadits M o e r s a 1, H adits
anoe ragrag sanadna seueur roepina, aja anoe ragrag tengah 2na,
ragrag hidji sanad, tanapi doea,
s s. t.
T i antarana aja anoe disebat:
Moe'allaq,
M o e rs a l,
M o e ' d l a l , M o e n q a t h i , sa
reng aja anoe ngahadja diragragkeun salasahidji (ngaran) sanadna.
bongan koe ahli Hadits tara dipertjaja, sarta teroes diganti koe
ngaran anoe sedjen, soepaja dipertjaja koe djalm a 2. Hadits anoe
kitoe kaajaannana disebat M o e dallas.

Tiantara H adits , aja anoe teu


kenging didamel alesan, margi
anoe djadi sanadna, anoe ngabedjakeunnana ka toekang njatet2keun H adits (Boechari) djalm a 2
anoe teu pantes dipertjaja, boh
toekang wadoel, ahli malsoe H a
dits, djahat tingkah lakoena, koerang koeat ingetannana, sareng
sadjabina.

18 Tiantarana, aja anoe d isebat:


Hadits M a u d l o e S M a t r o e k ,
M o e n k a r.
M oe'allal,
M oedradj,
M aq lo e b,
Moedltharib, Moebham
Madjhoel, Ahloel Bid'ah
sareng S j a d z d z.
Doepi Hadits anoe kenging dianggo alesan, njaeta Hadits anoe
sanadna djalm i 2 anoe kapertjajaan
(pantes dipertjaja) sarta waktoe
ngariwajatkeun eta Hadits oemoerna parantos sawawa, agamana Islam, achlakna hade, tara se
rong atawa tjoerang, sarta koeat
ingetannana.
Kadoeana tandana Hadits shahih teh, njaeta henteu bertenta
ngan sareng Qoer-n. D ina kitab 2
Tjatjarakan Ilmoe Hadits diterangkeun kieu :
.

> >. ,

--

Alai)
/x
5S

y
*' Ai ^ A.Jt)
*

I*

'

>

^ ^
} o

, *

^ y y 'y yy

*y A.5**^ J
*

&

>'*j j ^i W-'i 'J '>*


[t

Hartosna:
Hadits
anoe
shahih teh, njaeta anoe pokpokannana bersih tina basa anoe
kasar(teu pantes), sarta maksoedna henteu bertentangan djeung
Ajat atawa chabar (Hadits) anoe
moetawatir, atawa idjm a (anoe
atra) sarta anoe ngariwajatkeunnana djalma-djalma anoe pantes
dipertjaja.
(At - Thariqatoel M oeham madijah

4)

19 y' s**9

X #

J Iwai ll jj==lJ j l
* '

, *_,.}i

i-Lj'jl j 1^1)1

rAY

H a r t o s n a : T isntara tandatandana Hadits dla'if teh, njaeta


bertentangan djeung katerangan
Al-Qoer-n, atawa soennah anoe
moetawaatir, ataw a bertentangan
djeung poetoesan akal anoe atra.
(ALByqoenijjah 82)

(VA JkJ\

*'*)

H a r t o s n a : ................. A taw a
eta Hadits teh (joenaawi) tegesna
bertentangan djeung dalil Qoern anoe nigas sarta nenggel, atawana bertentangan djeung kate
rangan Hadits anoe moetawaatir.
(M anhadjoe dzawin N adzri 78)
Hadits anoe saroepi kitoe, tan
dana henteu shahih.
^

a)

'j.\

. a J iyijl

s'

U.aL.aII *

^ a )')

jl)
j j b (1*1?1#) }\J

Z'

. iai 1,1 J \C-

r
'

lT;

AJUc jA [i**

H a r t o s n a : Tiantara tandatandana Hadits dla'if teh, njaeta bertentangan maksoedna eta


riwajat djeung katerangan AlQoer-n anoe nigas sarta nenggel, atawa djeung soennah anoe
moetawaatir.
(Alfijjatoes -Sajoetij 133)

^JJLpeJ <_'

> >.s s s *>. -

<S 1 j* <laa! p.L- l_.

wi!l j l ..................

0*
(\ rr

i/

[Ao

_li * illI
*

o 1^

Hartosna:
Hadits
anoe
shahih teh, njaeta anoe pokpokannana bersih tina basa anoe kasar
(teu pantes), sarta maksoedna hen
teu bertentangan djeung A jat ata
wa Hadits anoe moetawaatir, sar
ta pasamboeng-samboeng (teu aja
anoe ragrag) sanadna, kalawan
toel tel patoemboe-toemboena bedja teh di bawa koe djalm a 2 anoe
pantes dipertjaja.
(A t - Ta'riefaat 85)

At-Taqwaa N o. 7

20

MITSUI
MOTO :
K a d je u n a n ljo e r lo e lo e h , b a ta n
d i g a n g g o e ta la r i
k a ro e h o e n ",
( tje u k b a n g s a o e ra n g l.
S e d e n g k e u n t je u k o e r a n g Jap a n , L e u w ih h a d e p a e h , b a ta n
h ir o e p te u b e r 'a k a l" .

M itsui teh, basa Japan, lamoen


ditoelis koe aksara Japan mah,
teu beda djeung hidji petak leutik
anoe pasagi ditengahna tingaroedat tiloe goerat, ari pihartieunna"
na, njaeta tiloe talaga .
leu ketjap teh dipake ngalandih
hidji toeroenan
bangsa Japan,
anoe katjida beungharna.
Asalna mah ieu ketjap teh teu
djadi lalakon, teu narik perhatian,
tapi kabehdieunakeun katjida na
rik perhatian omoem, lantaran
loear biasa kapesatan kamadjoean
eta toeroenan, sarta harta banda
na teu daekeun moesna sanadjan
geus sababaraha kali pindah ta
ngan, djadi warisan anak intjoena.
Dina zaman 300 taoen, toeroe
nan M itsui teuki tambah ngarekahan toeroenannana, sarta beuki
teratoer prakprakan hiroep koemboehna, kamasjhoerkeun ka saban
madhab, kawangikeun sarta dipigimir koe saban pihak.
Langka pisan dagangan 2 oerang
Japan ar.oe (eu
make
merk
Mitsui, lantaran kakoeatan sarta
rohna perdagangan aja dina ta
ngan pangawasa eta toeroenan,
malah aja sababaraha kapal oerang
Frans make eta merk, sarta
aja dina panalitian eta toeroenan.

D ina abad ka 17, M itsui njimpaj maneh, sapakat dina enggoning ngamadjoekeun oeroesan
dagang,
tina
kamadjoeannana,
sahingga koeat ngajakeun oendang-oendang anoe koeat boeat
meungkeut sarta ngatoer kaajaan
maranehannana.
T i antara oendang oendang
anoe disoesoen koe eta toeroenan,
njaeta dimana boga anak, sarta
oemoerna geus 14 atawa 15 ta
oen, tapi pangartina tetep bae
dina pok, akalna teu daekeun
mekar, oeteukna ketoel, teu boga
bakat atawa anleg kana djadi
djalma pintar, boh dina barang
djieun atawa
elmoe panemoe,
katawari kahormatan eta boedak
ditjeumpal, dikaloearkeun tina eta
toeroenan, sarta teu meunang
ngakoe-ngakoe djadi toeroenan
Mitsui, teu meunang make bin
M itsui, tapi koedoe ganti koe
bin anoe sedjen.
Djadi anoe katjida dipentingkeunnana teh, njaeta akal, djeung
persadiaan boeat narima warisan
ti anoe djadi bapa, sedengkeun
boekti boekti anoe mindeng kadjadian di tanah oerang mah,
anoe narima warisan teh, taja
goeamna boeat
mimpin ataWa
nambahan harta titinggalan bapa-

na, tapi anoe poegoeh mah dimonjah-monjah, dimoebadirkeun,


dipake ngasoeh nafsoe, ngaiaksanakeun pam awana sjaithan.

Sarta dimana eta boedak geus


teu
diakoe sebagi toeroenan
M itsui, teroes
milih ti antara
anak-anak djalma anoe teu baroga,
anoe ngabogaan persadiaan sarta
tjakep dina enggoning ngadjalankeun peroesahaan. eta boedak d i
bawa sarta dibere titel Mitsui.
Soegri toeroenan M itsui anoe
teu daek toendoek, atawa ngabantah kana oendang - oendang
anoe geus ditetepkeun, aja hak
dioesir sarta teu kaidinan make
titel Mitsui.
Anoe djadi kokolotna, teu ka
idinan
ngetjagkeun pangkatna,
oepama teu disatoedjoean koe
permoesjawaratan, waktoe baron
sepoeh ngetjagkeun pingpinannana, koempoel bapa kaom Mitsui,
milih pigantieunnana, sarta koengsi kapilih pikeun
noeloejkeun
eta djabatan baron moeda anoe
katelah T ika kimi, sarta boeat
ngesahkeun ieu angkatan, radja
Japan henteu talingeuh, tapi merhatoskeun, soetnping
njaksian
sahna eta angkatan.
leu baron moeda teh, ngoeroes
sababaraha peroesahaan, ti antarana : soetra, kapas, areng batoe,
goela, beas djeung sabangsana,
sarta ngoeroes loemboeng-loem-

POETRA 8

21
boeng, ngaloearkeun barang pibahaneun (olah - keuneun), sarta
ieu pagawean teh, teu djadi ka
oentoengan boeat sasoranganeun,
tapi boeat saoemoemna eta toe
roenan.
T i antara peratoeran dagangna,
njaeta harga tetep, bajar kontan,
teu meunang ngandjoek, sarta
dina abad ka 18, aja larangan
pikeun toko-toko biasa ngadjoeal
barangna loba-loba ka hidji djalma,
atawa ngaborongkeun ka anoe ba
kal dagang deui, anoe ngabogaan
hak boeat ngadjoeal borongan
woengkoel toko-toko anoe galede
anoe memang tara ngadjoeal ketengan.
D jadi lamoen aboes ka toko
Japan rek meuli saratoes sapoetangan, tara diladenan, sanadjan
hargana tetep, lantaran manehannana lain toko toekang ngadjoeal
borongan.
T i antara taktikna ngajakeun
perhoeboengan djeung langgananlangganan, dina oesoem hoedjan
sok ngindjeumkeun pajoeng ka
langganan-langganan anoe balandja ka eta toko, sarta dina eta
pajoeng ditjap, koe tjap M itsui.
Lima company bangsa M itsui,
ngabogaan kaoentoengan, satengah kakajaan karadjaan Japan,
sarta salapan poeloeh persen'pe
roesahaan
djeung kapal-kapal
bangsa Japan aja dina dampal
leungeun maranehannana.

Sae pasrahkeun ka P e n d i d i k a n

Islam"

Engke diwangsoelkeun deui, kalajan pantes sareng tjakep boeat merenahkeun maneh dina pergaoelan hiroep koemboeh (H. I. S. Schakel
Kweekschool).

Groote Lengkong Bandoeng

At-Taqwaa N o. 7

22 -

Ahli Soennah W aldjam a'ah


Saoer M oe'allim Noer.
Dina salasahidji tabligh akbar.
di Bandoeng, andjeunna parantos
njaoerkeun kieu, malah ngahadja
ngarah langkoeng soetjeng ngoetip katerangan andjeunna anoe
dimoeat dina s.k. Sinar Pasoendan
satjerewelena.
M oe'allim N oer ti Basjariah
nerangkeun koemalia koedoena
djeung satjarana tangtoengan A h '
li Soennah W ald jam a'ah anoe
bermadzhab. Koe lantaran dina
programma
diseboetkeun anoe
b e r m a d z h a b , djiga pisan A h
li Soennah W aldjam a'ah teh aja
doea roepa. Padahal eta henteu,
sabab noe diseboet Ahli Soennah
W ald jam a'ah teh, niaeta golongan
loba anoe bermadzhab ka salasahi
dji Imam anoe 4, noe kaloear
djeung noe njatjad kana salasahidji
ieu 4 Imam kitoe deui ka para oelam a-'oelama noe laloehoeng, eta
kaloear tina shahihna Qoer-n,
sakoemaha noe geus dienas dina
Hadits, andjeunna ngabahas hidjihidjina partij Islam noe 73. Tina
ieu 73 golongan ngan hidji noe
leres sarta diangken koe Goesti
A llah soebhanahoe wata'ala, nja
eta Ahli Soennah W aldjam a'ah
tea. M angka kade sing bisa ngabedakeun mana noe bener, mana
noe salah.
Tah kitoe moemoenelna kate
rangan ti andjeunna teh, soepados
oemoem tiasa nimbang, sareng
mana anoe kedah ditjepeng ieu dihandap kasanggakeun katerangan
A hli Soennah W ald jam a'ah ke

nging ngempelkeun
roepi kitab.

tina

roepi-

Geus toetoer, geus djadi tjatoer,


djadi pisan katjapangan, lamoen
aja bangsa oerang anoe ngabogaan
faham atawa ngalakoekeun hidji
'amal anoe patali djeung Agam a.
anoe rada ngised tina anoe geus
ilahar, gantjang pisan dihinghileudan sarta ditjeumpal tina golongan
Ahli Soennah W ald jam a'ah. M a
lah lain bae pedah migawe hidji
oeroesan anoe teu ilahar diparigawe koe oemoem, daiah tina
lantaran noenda barang anoe geus
loembrah oge, era henteu diantep,
geuwat diasingkeun sarta dilandih
ngaranna, djadi lain Ahli Soennah
W aldjam a'ah, tapi djadi kaom .......
henteu perloe diterangkeun didieu
eta tiiel teh, lantaran moal kawintjik, lantaran loba feuing, sakoerang-koerangna koedoe sadia doea
atawa tiloe tolombong boeat ngawadahan eta titel-titel (panglandih)
teh.
Sabagian gedelamoen lain saoemoemna teh ti antara kaom
anoe ngakoekeun geus nempatkeun dirina merenahkeun nianeh
dina
golongan
Ahli Soennah
W aldjam a'ah, henteu ngarti kana
seloek-beloekna eta titel, henteu
ngarti kana aisan hartina, henteu
waspada kana kalebaran ma'nana,
woengkoel akoeannana teh semet
oesikna biw ir lebah robahna
letah, katarik koe kagalibnn, kabawa koe kaloembrahan.
Koemargi kitoe, katimbang per
loe d dieu d'hoedang wajangkeun

oesoel-asalna eta kalimah, iraha


mimitina, koemaha sifat - sifatna
djeung naon hartina, noeroetkeun
harti anoe sahindasna sabalakana,
da ari noemoetkeun faham anoe
ilahar anoe geus njampak di oemoem mah, tjenah, hartina Ahli
Soennah W ald jam a'ah teh, njaeta
golongan anoe panglobana, anoe
satintjak djeung kagaliban, naratas
perdjalanan anoe geus ilahar sarta
loembrah didjalankeun koe djalma
rea.
Soegri djalmi anoe kersa motekar ngotektak moekaan kitab-kitab
babad, tanwande kapendak raratannana anoe moeaskeun, sarta
tangtos kaoeninga koemaha pa~
toekang tonggongna sareng fahamna djalmi loembrah anoe tadi
diserat diloehoer.
D ina kitab Tarifaat katja 27 d i
terangkeun kieu :

Dem i ngawitannana aja


anoe disebat Ahli Soennah
djama'ah, njaeta ti zaman
Abdoel Hasan Alie bin
Al-Asj'ari.

kaom
W a l
imam
Ismail

Andjeunna dilahirkeun dina taoen 266 (taoen Hidjrah), sarta


andjeunna lastari dina taoen 3 330
(taoen Hidjrah).
Aw itna mah andjeunna ngaos
di (AKDjibaai), njaeta hidji goeroe
anoe ngawoengkoel ngoelik elmoe
Oesoeloeddin, anoe biasa di oerang sok disebat sifat doea poelo e h , malah imam Al Asj'ari oge
nja ngalap eta elmoe pisan.
Dina hidji waktos andjeunna
pasentrok papahaman sareng AlDjibaai; sarta kaoenggoelan aja di
andjeunna, doegi ka Al-Djibaai
sisipeun hoedjdjah henteu
tiasa
masihan katerangan.
N ja ti wangkid harita, andjeunna medal sila tina madjhsna AlDjibaai.

O)X /

2' * ' } ' 1 O} y }mS

p)

(TV

l '

(Jl

,:*

Hartosna:
(Ahloel
Haq)
teh, njaeta kaom Moeslimin anoe
njenderkeun dirina kana barangbarang anoe disahkeun koe Pangerannana, kalawan make hoedjdjah djeung katerangan (lain taqlied) I Sarta ari anoe kitoe sifatna,
eta diseboet Ahli Soennah W aldjauiaah.
(At-Ta'rifaat 27)

'

T idinja teras andjeunna ngawoeroek, doepi pokona anoe diwoeroekkeun, sarta koe andjeunna
diageungkeun, njaeta elmoe oesoel
(sitat doea poeloeh).
Sarta soegri anoe djadi moerid
andjeunna atawa safaham sareng
andjeunna dina elmoe sifat doea
poeloehna eta
disebat Ahli
Soennah W aldjam a'ah.
Djadi dina sateuatjanna an
djeunna pisah sareng A l - Djibaai
niah, samasakali teu aja eta gelaran
teh, soemawonten di zaman N abi
sareng Sahabat mah.
na

Soepaja djadi leuwih etjes, ajeuoerang pedar naon hartina

At-Taqwaa N o . 7

24 -

soennat: D ina kitab-kitab oeshoel fiqih, diterangkeun kieu :


f
T
53 J
?

Parandene
kitoe, katimbang
henteu aja salahna, lamoen ajeuna di dieu dibedjer beaskeun naon
hartina kalimah djama'ah.
D ina Al-Qoer-n
ngan kieu :

Hartosnai
Anoe diseboet
(soennat) teh njaeta : a. soegri pilahirna (Hadits) N ab i s.a.w. anoe
shahih, sarta ngandoeng sjare'at
(pangadjaran), c. pangantepNa
kana kadjadian-kadjadian anoe di
lakoekeun koe para sahabat, sarta
koe andjeunN a kaoeninga.
A na kitoe, oelah wani akon1,
jen geus nempatkeun diri dina go
longan A hli Soennah salagi tatjan
wani ngadjalankeun Haditsnaanoe
shahih, tatjan w ani neplak pertingkahna sarta ngakoe, jen pertingkahna shahabat (lain oelama
atawa djalma rea) anoe henteu
ditegor koe andjeunN a eta berarti
wenang (Moebah).
Kawasna bae, pangna sok ngarasa reugreug teuneung loedeung
dina
enggoriing ngalampahkeun
talari anoe galib sarta djadi tali
paranti teh, eta meureun pedah
boga akoean djadi kaom Ahli
Soennah W aldjam a'ah, sedengkeun ari hartina djama'ah teh,
njaeta djalma rea.
Bongan ketjap djama'ah kitoe
difahamna, djadi henteu aneh deui,
lamoen katjida dikoekoehannana.

Lir seupah sepa moen sindir,


Nafsoe mah ana dioembar,
T inanding koeda dikontjer,
Djoemeleng tandang hohoang,

aja katera-

^
.

[ m

J 'J
, . ,

- j]

Hartosna:
Lamoen maneh
noeroet kana kalolobaannana djal
ma di ieu doenja, tanwande maranehannana njasarkeun maneh ti
na djalan anoe
bener, (djalati
Allah).
(Q . Al - An'aam 116)
Koe ieu Ajat djadi atra sarta
njata todjaiahna faham djama'ah
anoe njampak di oerang, djeung
toedjoean Islam.
O ge koe ieu A jat oerang bisa
terang, jen ketjap djama'ah teh
henteu bisa dihartikeun djalma rea,
tapi tangtoe aja hartina anoe sedjen, anoe ninggang dina wirahmana.
Soepaja oelah djadi waswas
deui, ajeuna oerang toekil katerangan-katerangan anoe netelakeun kana hartina.
(Teraskeuneun)

N galanglaoeng koemapalang,
M engpar tina pakon Rasoel,
Ebreh djalma pangnistana.

25 -

Idangan

Moeballigh

koc

O. Q.

(Samboengan At-Taqwaa No. 6, katja 25)

'l*

Oa
}y %y

, ^ * > L j L c l
[ ^ U :c Y

t ms"

A) Ac - 1

Lb

l- !l j . ^ ]
(- U J . j .

H a r t o s n a : Sing saha d jal


ma anoe datang ka ahli bid'ah
karana rek di moeljakeun, mangka
satemenna eta djalma geus mantoean ngaroeag agama Islam.
(H . R. Asj - Sjathibie)
ty

e} %

' y ^

\
j t^ 411

1 J

m*y

r *>*''

x
oJ -

x ' y y^ %

H a r t o s n a : M a n a 2 perkara
tina oeroesan Agam a maraneh
(peribadahan). maka eta oeroesan
teh balikeun ka kami, djeung ma
na 2 perkara tina oeroesan kadoenjaan maraneh (haliah doenja)
maka atoer koe maraneh, m ara
neh leuwih njaho kana eta oe
roesan.
( H .5 . R Ahmad)

( y l L i U T' . y ]
S
Hartosna:
Djalm a M o e min tara njokot Agama tina pikirannana, tapi njokotna Agam a ti
Pangerannana.

Jj

!L)

\f

(Oem ar Ibnoe Chath-thab)

^j \

xXJLJl .1
*y ' y ^

. jO u '

- <. {j a

jv

;;;j V ,

J - i )

('L--*
Hartosna:
Sing saha noe
ngalakoekeun amal fperibadahan)
anoe teu didjalankeun (ditjontokeun) koe kami, maka eta amal
teh bakal ditolak, moal ditarima.
(H. S. R. M oeslim )

H a r t o s n a : Koedoe tetep
maneh dina djalan bener (haq)
sarta oelah risi koe saeutik noe
ngadjalankeun, sarta poma maneh
make djalan sasar, sarta oelah
katipoe koe lobana anoe tjilaka.
(Foedhail bin Ijadh)

At-Taqw aa N o. 7

u i J

' i._aLm

l*ic

\)

.^ k

Hartosna:
Koedoe tjoektjroek tapakna anoe salaf (N abi
sareng sahabatna) sanadjan dipigiroek koe djalma.
(Al-Auza'i)

26 Hartosna
Katjida bagdjana djalma noe ngamalkeun kana
elmoena toer ngaloearkeun sabagian hartana, sarta mengkek noe
teu perloe tina omongannana.
(H . S. R. Boechari)

<JA)

-Xa ^ L

e1

a '

JL> I

[ d l)U y ^ j i
c-O.)

,ls~ Ac-Jd

[ A ^ U j .1 . j . ^ ]
Hartosna:
Allah teu ker
saeun narima amaina ahli bid'ah,
sahingga manehannana ninggalkeun b idahna.
(H. R .

. j .-]

H a r t o s n a : Sing saha anoe


ngahiroepkeun soennat kami (Ha~
dits shahih) mangka satementemenna geus mikatjinta ka kami,
djeung sing saha anoe mikatjinta
ka kami, bakal djeung kami di
soerga.
(H . R. Tirmidzi)

Ibnoe M adjah)

AJ I ) <

v.

H a r t o s n a : Tepikeun koe
maraneh ti kami sanadjan saajat.
(H. S. R. Boechari)

(JUc-

H a r t o s n a : A ri borangan
djeung iman eta tara babarengan.

_>A ^

VI

LijjJ' (J

(M h . Abdoeh)
'

( ^ jlix l

-J ^

X X-

z'

.-)

i *

.-v

Hartosna:
Teu aja hidji
ahli bid'ah di doenja anging m a
nehannana bentji ka ahli Hadits.
(H . R. Ibnoe Qath-than)
(Teraskeuneun)

r ? tt

BARISAN
........... ..........' ------

27 .....................

= = ^

PARA W A N IT A

J
------ -Og-S

Piwoelang ka para poetri ')


E lin g - eling kaom istri,
sing emoet ka harga diri,
sabab istri teh pamatri,
rohna kam adjoean nagri.

Tapi estoe matak njeri,


istri di zam an kiwari,
loba noe teu djeung pamatri,
akoean mah djadi santri.

Poetri Islam geus m angsana,


tem bong ka Islam annana,
ngadjalankeun sakoer haqna,
djeung w aw anen saenjana.

Tapi bet henteu njoem ponan,


kana sakoer kaw adjiban,
ditioeng bangoen noe soengkan,
anggoer niron ka-Baratan.

Istri lain tjotjoan,


heureujkeuneun kaoelinan,
tapi boga kaw adjiban,
ngabantoe di oenggal
medan.

Sindjang digentos koe Erok,


da tjenah ngarah teu kagok,
dibelaan soerak - serok,
da ngarah getol paam prok.

M edan kana kam adjoean,


oeiah tinggal babarengan,
ngabela kasalametan,
koedoe binangkit boedim an.
D on ge n g, babad, mere boekti,
tjitjiren istri sadjati,
ngabela hak teh goemati,
nadjan nepi kana pati.
Saperti sitti C hadidjah,
atawa sitti Aisjah,
andjeunna teroes ibadah,
teu eleh koe atah-atah.
Pahlaw an istri M adinah,
kasohor O e m m o e Athijjah,
O e m m o e Ziad djeung Shafijah,
dibantoe koe Roefaaidah.

1) Dibaktikeun ka Djam'ijjatoe! -Banaat, poetra P e r s i s t e r i Bandoeng,


noe nembe dilahiikeun. (Etang -etang
panjeumppl. Red.)

D jeung noe dipikatjinta,


noe didjieun kem bang mata,
saban waktoe hajang loenta,
angot lamoen aja pesta.
H arga dirina diobral,
ngaroeksak sakabeh moraal,
napsoena nam bahan meral,
teu ngingetkeun baris aral.
Lamoen poetri Islam kitoe,
kadjadiannana tangtoe,
moal m adjoe anoe tangtoe,
sabalikna djadi boentoe.
Kawas zam an Djahilijah,
harkat kaom istri pajah,
didjoeal saperti oejah,
direken kawas lalajah.
O aw en a sagala ripoeh,
aw on ka noe djadi sepoeh,
nadjan sepoeh anoe niam poeh,
koe kahinaan katempoeh.

At-Taqwaa N o . 7

T oengtoengna ngan bati


njeri,
bet kagoengan poetra istri,
teu djadi istri noe patri,
djadi kem bang djalan nagri.
Padahal m oen ggoeh in g oem m at,
awewe ge samartabat,
nabi oge enggeus ngangkat,
jen koedoe saroea harkat.
Pam oegi ieu nadzom an,
koe para poetri boedim an,

28 m asing didam el p adom an,


ngalap berkah am beh am an.
M oega djamijjatoel banat,
ginandjar noegraha rahmat,
sing singkil ngabela oemmat,
ngoedag oedagan M aslahat .
Sing ngala njonto ka iboe,
Persistri noe sedeng m adjoe,
ka-Islaman noe ditoedjoe,
ka Allah ka Rasoel, toehoe.

Salasahidji tangtoe palsoe


Panganggoeran
matja
kitab
Alfashloe Fiel milali wal ahwaa
wan N ih a l , djoez ka 2 katja
34. lebah
roeangan ngabahas
agama Kristen, mendak katerangan anoe kieu :
D ina kitab Bijbel (Indjil) anoe
ajeuna dianggap soetji koe kaom
Kristen, diterangkeun, jen sing
saha anoe ngabogaan Iman (kapertjajaan) sagede siki sasawi,
tangtoe saktina, lamoen manehanana marentah goenoeng anoe
ngadjegir
sina ngagoelingkeun
maneh ka laoetan, tangtoe eta
goenoeng teh tigoeling, sarta soegri barang anoe parantos dipintonkeun koe Jesoes, tangtoe bisa
ditiroe koe oemmat anoe ngabo
gaan kapertjajaan.
Soepados langkoeng soetjeng,
ieu dihandap kasanggakeun katerangan anoe aja dina Bijbel kalawan satjerewelena :
M atioes 17 : 20. Kalawan sabenerna, kaoela (Jesoes) njarita
ka maraneh lamoen maneh nga-

bogaan Iman sagede siki sasawi,


tangtoe maneh bisa marentah ka
goenoeng, pindah tina tempat ieu
ka tempat anoe sedjen, tangtoe
eta goenoeng teh pindah, sarta
moal aja barang teu bisa kadjadian boeat maraneh (anoe beriman).
M arqoes 11:23. Lantaran ka
oela haq (sabenerna) njarita ka
maraneh, saenjana sing saha noe
marentah ka ieu goenoeng: pindah!
sarta ngagoelingkeun maneh ka
laoet I sedengkeun hate anoe ma
rentah eta goenoeng teh gem
bleng teu ragoe-ragoe, tapi pertjaja
kana anoe diketjapkeun, tangtoe
bakal kadjadian.

j. *

(24) Koelantaran eta kaoela


njarita ka maneh, sakabeh anoe
koe maneh dipenta nalika keur
salat, koe pertjaja kana bakal meunangna, maka tanwande kadjadian
boeat maneh.
Matioes 14. Lamoen ajeuna
pertjaja sarta henteu ragoe2, tang
toe lain ngan woengkoel bisa merangkeun tangkal T in (vijg) anoe

ieu, tapi dimana maneh marentah


ka ieu goenoeng soepaja roegroeg sarta tigoeling kalaoet, tang
toe tigoedjoebarna ka laoet.
Johanes I I . Sing saha anoe
pertjaja ka kaoela (tangtoe sakti)
bisa migawe barang 2 anoe geus
dipigaw e koe kaoela, sarta bakal
bisa migawe noe Ieuwih bangga
batan anee engeus-enggeus.
Ajeuna tinggal njoba !
D im ana njokotna kapalsoean ?
Lamoen ajeuna aja keneh kaom
Kristen anoe ngabogaan kapertjajaan sagede siki sasawi, tangtoe
resep ngalaladjoannana, malah teu
perloe make ngoelik roepa roepa
elmoe, da sarakti, tapi koemaha
boektina ? D i roemah 2 sakit tetep
ngagoenakeun oebar2, teu saperti
koe nabi Isa, tjoekoep koe di
titah nangtoeng sarta teroes sina
djalan - djalan.
Pangna teu bisa sarta teu sak
ti saperti nabi 'Isa teh, naha lan
taran kosong hatena tina kapertjajaan, atawa lantaran ragoe 2 ?
Tjenah pertjaja
sagede goe
noeng, lain sagede sasawi deui ;
naha atoeh teu kadjadian ? N aha
nabi Isa anoe wadoel ?
Noedoeh wadoel ka nabi Isa
tangtoe rnoal aja anoe wani.
Lamoen enja, eta teh perdjangdjian nabi Isa, tapi ajeuna teu
boekti, eta tetela djalmana anoe
toena tina iman.
Lamoen djalmana
moengkir,
teu toena tina iman, tapi gembleng,
atoeh tetela eta mah lain perdjangdjian ti nabi Isa, bisa djadi anoe
njatetkeunnana anoe salah, Bijbel
anoe parantos robah.
Bijbel dina roepa 2 basa nja, tapi
Bijbel anoe origineel, teu aja.

R o e p i - roe pi

noe

d ita ro sk e u n

Tjeuk oerang Japan :


Andjeun geus bisa njieun naon ?
Tjeuk oerang T jina :
Ajeuna andjeun moeka daga
ngan naon ?
Tjeuk oerang Arab :
Koemaha toeloes dibeslagna ?
Tjeuk oerang W a la n d a :
Koemaha pagawean teh, aja
kamadjoeannana ?
Tjeuk bangsa oerang :
Dim ana ngadamel (koeli) ? Pa
rantos kagoengan Istri ?
E.
T oe toe ro et m oe n d in g
N aha toetoeroet moending ata
wa emboeng kaelehkeun ?
Geura dina Kristen aja hetnelvaartsdag, dintenan (naekna nabi
Isa ka langit), kalawan diraramekeun.
D ina Islam ilahar aja Mi'radj
kalawan raramean deuih.
Oerang Kristen njieun hari be
sar, sarta diramekeun dina din
tenan lahirna nabi Isa (kertsmis).
D ina Islam ilahar aja moeloedan.
Dintenan toeroenna Al Qoern (17 Ramadlan), koe oerang
Islam ilahar. teu diramekeun, da
di kaom Kristen ge teu aja d in
tenan toeroenna Bijbel.
Dintenan poepoesna Rasoeloel
lah s.a.w. (13 Moeloed\ teu di
pake ngiring sedih, da di kaom
Kristen ge teu aja dintenan wafatna nabi Isa.
Dintenan ngalihna Rasoeloellah
ka M adinah (8 M oeloed) teu aja
anoe merhatikeun, da di kaom
Kristen ge teu aja dintenan Hidjrahan nabi Isa.
E.

At-Taqwaa N o . 7

30
-=

=-

TI P O D JO K
A b a h bingoeng
Dasar Abah tea bae toekang
bingoeng,
istoening
kanipioen
Abah mah, kana bingoeng teh, ari
anoe djadi bingoeng tea mah,
kieu geura, teu pira, geura koe
A bah oerang tjaritakeun asal-oesoelna.
Baheula di dieu, di dajeuh maneuh Abah, masigit teh aja doea,
noe kahidji di Kaoem, noe kadoea
di T jipaganti.
T api ari anoe di Tjipaganti mah
tara dianggo salat Djoema'ah, da
eta tjenah deukeut teuing, teu
mandjing oekoeran, doeka koerang sabaraha hasta, tjenah !
Ari sakali - kalieun
dianggo
Djoema'ah, teras lohor deui berdjama'ah, da eta tjenah teu sah
toer bilangannana koerang ti 40
tea.
Lila 2 djleg aja anoe ngadegkeun
salat Djoema'ah, di kidoeleun parapatan Kaoem, atoeh sanes deu
keut deui, eta mah tatangga bae
meureun diseboetna teh.
A toeh goejoer ka
lemboer 2
anoe djaoeh, ear ka desa-desa
anoe anggang, jen aja anoe nga
degkeun salat D joem a'ah di doea
tempat, toer padeukeut, toeroegtoeroeg bilangannana teu tjoekoep
opat poeloeh, t j e n a h ,
atoeh
beak beresih, dadas,
koredas,
ledok koe pamojok, sing diseboet
moertad tea, M oe'tadjilah tea.
sing kafir tea sagala.
A bah oge kabaoed

pipiloeeun

PARAKO
mojok, da
tjena h 1

njaeta

tea

salah,

Tidinja Abah teh pleng njaba


ninggalkeun lemboer matoeh, da
jeuh maneuh, kawasna rada lila
ngalalana teh.
Ari datang ka lemboer matoeh
A bah deui, atoeh langak-longok,
tempa tempo, ana breh teh djadi
bingoeng tea, lantaran eta anoe
ngadegkeun salat Djoema'ah tea
tambah loba, moal koerang ti 8
tempat, geura oerang seboetan
sakoer anoe Abah terang bae :

1.
D i Kaoem asal, 2. di T ji
paganti,
3. Persatoean Islam,
4. Legok Tjikapoendoeng, 5. T ji hapit, 6 . Pamojanan, 7. Tjitjendo, 8 . G ang Doerm an, 9. Sitoesaeur, 10. Pendidikan Islam.
Toeh anoe A bah terang bae,
aja sapoeloeh tempat.
Am boe 2 1 gogodeg A bah, ba~
waning koe bingoeng, o n g k o h
te u
sah,
tambah
loba;
o n g k o h m o e r t a d , d i t o er o e t a n.
Tah kitoe kabingoeng Abah teh.
Tam bah bingoeng deui, anoe bareto batoer Abah, (batoer soteh
batoer mojok), bet loba anoe saralat di dinja.
Aeh2, Abah oge geura kawas 2
kabaoed, ari kieu teuing mah,
tapi ke. N aha eta teh bener kabeh
atawa salah kabeh ?
Kitoe tah kabingoeng Abah teh.
H i hi h i!

PARAKO

Dipila

ri

D jalm i anee tjengeng maksoedna, ahli, sarta kersa didamel,


oe.ntoengan ti aw it f 50 doegi ka f 100.

ka-

Atoerannana kieu:
Kedah jakin jen : t a j a b a r a n g
leuleuwihan, taja
d j i n i s n o e ruoebadir, k a b e h ge m a w a f a i d a h , asal
bisa m e t a k e u n n a n a .
Kedele, soeoek, sampeu, soepa, enteh, bako, tangkal saboen
(kalapa) tninjak1, batre, manisan, potret, oebar 8 sareng sadjabina
henteu kirang ti 90 roepi toedoeh djalan (recept) anoe noengtoen
kana djalan paoesahaan.
D j a d i t o e k a n g meuli geuslawas.
Djadi
toekang
k oe l in a geus sedeng

bosen.

Ajeuna tinggal djadi toekang njieun djeung ngadjoealna, oelah


ti b a b a h e u l a sagala roepa teh koedoe ti B a b a h h e u 1a.
Enggal pesen kitabna. P A N A N J A A N P A K A S A B A N .
Ka redactie ieu madjallah Pangeran Soemedangweg 39 Bandoeng, tangtos oeninga koemaha ngolahkeunnana eta barang2.
Hargana moeng 85 sen.

...................

Kitab Poeasa
K IT A B

A L IT

TAPI

-------

PEPEK

Eusina nerangkeun :
Poeasa ti aw it zaman oerang M esir njembah berhala, oerang
Griek, Room , Jahoedi, Kristen sareng saterasna, keterangan dina
kitab Tauraat, matang poeloeh, hikmatna poeasa, poeasa anoe hapa
waktosna poeasa, sahoer, niat, noe ngabatalkeun poeasa, noe ngabogaan kalonggaran ninggalkeun poeasa, anoe haram poeasa, anoe
koedoe kodo, anoe koedoe majar fid-jah, taraweh, salat witir, njawalan, mnmaleman, petasan, zakat pitrah, atoerannana, noe w adjib
zakat, noe koedoe narimana, waktoe ngabagikeunnana, hikmatna za
kat, comit zakat fitrah, naha panghoeloe aja hak narirna zakat,
pam andangan imam Sjafi'ie dina Al-Oemm, salat lebaran, mandi,
pakean, memeh indit, inaitna, djalanna, prak-prakan salatna, waktoena choethbah lebaran, lalakon dina sataoen, ngoekoer oemoer,
mangpang-meungpeung, mikanjaah ka oemmat noe bakal datang,
toedjoean hiroep, hiroep noe kasarad koe sjetan, Agama karasana
koe noe beriman, s. s. t.
P a n g a o s n a m o e r ,g f 0,30, en g g al p e s e n h a p a n g a r s n g n a DjrE . A b d o e r r a h m a n , t a n a p i k a P e rs a lo e a n Is la m B a g ia n P o e s ta k a
L e n g k o n g A g e a n g N o . 90 B a n d o e n g .

Anda mungkin juga menyukai