Anda di halaman 1dari 3

NASKAH KHUTBAH JUM’AT

NUZULUL QURAN
OLEH: RUSLAN TAHQIQ, S.AG.

Khutbah Pertama
ALHAMDULILLÂHIL QOOIL: SYAHRU ROMADHOONAL LADZII UNZILA
FIIHIL QURAAN, HUDAL LIN NAASI WA BAYYINAATIM MINAL HUDAA WAL
FURQOON. ASYHADU AN LAA ILAAHA ILLALLOOH AL-MALIKUR
ROHMAAN, WA ASYHADU ANNA SAYYIDANAA MUHAMMADAN ABDUHU
WA ROSUULUHU SAYYIDUL INSI WAL JAAN. ALLOHUMMA SHOLLI WA
SALLIM ‘ALAA SAYYIDINA MUHAMMADIN WA ‘ALAA AALIHI WA SHOHBIHI
AJMA’IIN. AMMA BA’DU
FAYAA AYYUHAH HAADLIRUUN, UUSIIKUM WA IYYAAYA BI TAQWALLOOH.
FAINNAL JANNATA U’IDDAT LIL MUTTAQIIN.
QOOLALLOOHU TA’AALA FIL QURAANIL KARIIM, A’UUDZU BILLAAHI
MINASY SYAITHOONIRROJIIM, BISMILLAAHIR ROHMAANIR ROHIIM:
ãöky tb$ŸÒtBu‘ ü“Ï%©!$# tA̓Ré& ÏmŠÏù ãb#uäöà)ø9$# ”W‰èd Ĩ$¨Y=Ïj9 ;M»oYÉit/ur z`ÏiB 3“y‰ßgø9$# Èb$s
%öàÿø9$#ur 4

Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!


Sadaya puji kagungan Allah, Shalawat kalih salam salamina didugikeun ka
jungjunan urang Nabi Muhammad Saw. Ka kulawargina, sahabatna, katut ka sadaya
umatna dugi ka yaumil kiamat.
Khotib umajak ka sadaya hadirin sidang Jumat, hayu urang sasarengan
ningkatkeun ajen kataqwaan urang ka Allah Swt. Margi mung ukur taqwa bekel
pangsaena kanggo urang jaga di akherat. Fatazawwadû fainna khoiroj jâdit taqwâ.

Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!


Di antawis kaagungan sasih Ramadhan teh, aya peristiwa anu agung nyaeta
peristiwa Nuzulul Quran, nyaeta peristiwa dilungsurkeuna al-Quran ku Allah Swt.
melalui malak Jibril AS.
Dupi waktos peristiwa Nuzulul Quran, para ulama benten pendapat.
Kahiji, dumasar kana pendapat Ibnu Umar, nyebatkeun Nuzulul Quran teh
terjadi kaping 8 atanapi 18 Rabiul Awwal.
Pendapat kadua, dumasar kana riwayat Abu Hurairah, nyebatkeun yen
Nuzulul Quran terjadi kaping 17 atanapi 27 Rajab1.
Pendapat katilu, dumasar kana pendapat Ibnu Ishaq riwayatna ti Al-Barra bin
‘Aziz, nyebatkeun Nuzulul Quran terjadi kaping 17 Ramadhan.
Pendapat kaopat, dumasar kana pendapat Syekh Shafiyur Rahman Mubarak
Fury, nyebatkeun Nuzulul Quran terjadi kaping 21 Ramadhan.
Pendapat terakhir, berdasarkeun pendapat Ibnu Hajar Al-Haitamiy, riwayat
Aisyah, Jabir, sareng Watsilah bin Asqo, nyebatkeun Nuzulul Quran terjadi kaping
24 Ramadhan.
Janten, upami urang sadaya biasa mieling Nuzulul Quran kaping 17
Ramadhan, berarti ngiring kana pendapat Syaikh Barra bin ‘Aziz. Anapon persolan
benten pendapat, teu kedah janten perselisihan, margi perbedaan pendapat, pada
hakikatna, janten rahmat kanggo urang sadaya. Dawuhan Kangjeng Rasul Saw.: “Al-
ikhtilâfu fî ummatî rohmatun; perbedaan anu aya di kalangan umat kami, saur Rosul,
eta jadi mangrupakeun rahmat”.

1
Lihat dalam Mukhtashar Siratir Rasul, Syaikh Abdullah bin Muhammad bin Abdul Wahhab An-
Najdy, hal.75
Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!
Dalil anu ngunggelkeun wireh Nuzulul Quran terjadi di sasih Ramadhan,
nyaeta dawuhan Allah Swt. Q.S. Al-Baqarah ayat 185:

ãöky tb$ŸÒtBu‘ ü“Ï%©!$# tA̓Ré& ÏmŠÏù ãb#uäöà)ø9$# ”W‰èd Ĩ$¨Y=Ïj9 ;M»oYÉit/ur z`ÏiB 3“y‰ßgø9$#
Èb$s%öàÿø9$#ur 4
Anu maksadna:
“Bulan Ramadhan teh, bulan dilungsurkeunana Al-Quran, anu janten pituduh keur
sakumna manusa, anu bisa misahkeun mana anu haq jeung mana anu bathil”.

Dalil anu sanesna nyaeta Q.S. Al-Qadr ayat 1:


RÎ) çm»oYø9t“Rr& ’Îû Ï's#ø‹s9 ͑ô‰s)ø9$# ÇÊÈ !$tBur y71u‘÷Šr& $tB ä's#ø‹s9 ͑ô‰s)ø9$# ÇËȯ$!
ä's#ø‹s9 ͑ô‰s)ø9$# ׎öy{ ô`ÏiB É#ø9r& 9öky ÇÌÈ ãA¨”t\s? èps3Í´¯»n=yJø9$# ßyr”9$#ur $pkŽÏù
ÈbøŒÎ*Î/ NÍkÍh5u‘ `ÏiB Èe@ä. 9öDr& ÇÍÈ íO»n=y™ }‘Ïd 4Ó®Lym Æìn=ôÜtB ̍ôfxÿø9$# ÇÎÈ
Hartosna:
“Saestuna Kami nurunkeun Al-Quran dina maleman Lailatul Qadar”
Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!

Ayat kahiji surat al-Qadr ngajentrekeun yen Al-Quran lungsur dina wengian
Lailatul Qadr. Hiji wengi anu mungguh Allah diberkahan ku Mantena. Dawuhan
Allah Swt. Q.S. Ad-Dukhan ayat 3:

RÎ) çm»oYø9t“Rr& ’Îû 7's#ø‹s9 >px.t»t6•B 4 $¯RÎ) $¨Zä. z`ƒÍ‘É‹ZãB ÇÌȯ$!

Hartosna:

“Saestuna Kami Nurunken (al-Quran) dina peutingan anu dibekahan, Saestuna kami nyata
anu mere peringatan”.

Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!

Dina surat al-Qadr ayat kadua aya istifham wa mâ adrâka. Numutkeun


sabagian ulama, kalimat istifham wa mâ adrâka, dina al-Quran, sadayana digunakeun
kango nunjukkeun perkara atanapi kajadian anu LUAR BIASA, sareng manusa moal
terang kana hakikat anu saleresna. Misalna, wa mâ adrâka mal Qâri’ah, wa mâ adrâka mâ
hiyah, sareng anu sanesna.

Janten, Hadirin Sidang Jumat, kasimpulanana yen Lailatul Qodar, di mana al-
Quran dilungsurkeun teh, hiji kajadian anu hakekatna mung Allah anu uninga.
Kabagjaan anu kalintang ageungna pikeun jalmi anu kenging kamulyaan Lailatul
Qadar.

Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!

Anu paling penting kanggo urang, peristiwa Nuzulul Quran ulah mung
saukur peringatan anu sifatna ritual. Tapi, kumaha carana al-Quran janten pribadi
urang sadaya.

Al-Quran mangrupikeun kitab suci anu salamina saluyu jeung zaman, maka
urang sadaya kudu akur jeung zaman. Hartosna, kudu bisa ngigelan zaman. Sabab
sifat dasar muslim anu Qurani, nyaeta shâlihun li kulli zamânin wa makânin.
Al-Quran ngajarkeun ka urang supaya urang mangfaat, sanes mung ukur
pikeun papada jalma, tapi manfaat pikeun sakumna alam. Maka urang kedah janten
jalmi anu rahmatan lil ‘âlamîn, nyaah ka jalma, nyaah ka sakumna alam.

Al-Quran ngajarkeun supaya urang nyandarkeun sadaya aktivitas amliyah


urang kana kaikhlasan, maka sadaya anu patali sareng amal urang kudu ikhlas.
Ngator ikhlas, nyawah ikhlas, dagang ikhlas, ngebon ikhlas, mingpin umat ikhlas,
sadayana kudu ikhlas. Syekh Yusuf Qardawi ngunggelkeun mâ kâna lillâhi dâma wat
tashola, wa mâ kâna lighoirihi inqotho’a wan fashola.

Hadirin Sidang Jumat Rahimakumullah!

Mudah-mudahan urang sadaya tiasa berakhlak luyu sarena al-Quran. Tiasa


ngajantenkeun al-Quran sebagai minhâjul hayât, di mana wae sareng iraha wae urang
aya. Amin yâ rabbal ‘âlamîn.

BARAKALLOOHU LII WA LAKUM MINAL AAYAATI WA DZIKRIL HAKIIM.


WA TAQOBBALA MINNII WA MINKUM TILAAWATAHU, INNAHU HUWAS
SAMII’UL ‘ALIIM.

Khutbah Kadua

Alhamdulillaahi wa kafaa wash sholaatu was salaamu’alaa rosuulil mushthofaa, wa


‘alaa aalihi wa shohbihi ahlish shidqi wal wafaa. Alloohumma sholli ‘alaa sayyidina
Muhammadin wa ‘alaa aalihi wa shohbihi ajmaiin.

Fayaa ayyuhal ikhwan, ittaqulloha haqqo tuqootihi walaa tamuutunna illa wa antum
muslimuun.

Qoolalloohu ta’aala fil quraanil kariim: Innalloha wa malaaikatahuu yusholluuna


‘alan Nabiyy, yaa ayyuhal ladziina aamanuu sholluu ‘alaihi wa sallimuu tasliimaa.

Allohummagfir lil muslimiina wal muslimaat, wal mu’miniina wal mu’minaat al-
ahyaa’I minhum wal amwaat.

Subhaana robbika robbil ‘izzati ‘ammaa yashifuun, wa salaamun ‘alal mursaliin, wal
hamdu lillaahi robbil ‘aalamiin.

IBAADALLOOH. INNALLOOHA YA’MURU BIL ‘ADLI WAL IHSAAN, WA


IITAA’IDIL QURBAA WA YANHAA ‘ANIL FAKHSYAA’I WAL MUNKAR WAL
BAGHYI. YA’IDZUKUM LA’ALLAKUM TADZAKKARUUN. WALADZIKRULLAHI
AKBAR. ASTAGHFIRULLOOH LII WA LAKUM.

Anda mungkin juga menyukai