Anda di halaman 1dari 3

Hadirin Ahli Jum’ah Mugi Dimulyakeun ku Allah SWT

Saparantos urang sasareungan manjatkeun puji sinareng syukur ka Allah Anu Maha
Ghofur, salaku khotib sim kuring umajak, khususna ka diri simkuring oge ka sadaya
ahli jum’ah, mangga urang sasarengan mageuhan deui cangreud takwa urang ka
Allah SWT. Kalayan ku takwa urang tiasa menangkeun kabagjaan di dunya oge
kabagjaan di akherat.

Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh

Di zaman anu serba modern ieu, hiruk pikuk kahirupan di dunya diwarnai ku
kasibukan manusa anu keur neangan pengabutuh pikeun kahirupanana, aya nu jadi
sopir, patani, karyawan, guru jeung sajabana. Dina kasibukanana, manusa sok poho
kana tujuan awal hirup di alam dunya, anu teu aya sanes nyaeta ngaharepkeun
kasaean atanapi kabagjaan hirup di dunya jeung di akheratna.

ً‫َربَّنَا أ ِتنَا فىِال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َوفِى َاَلخِ َرةِ َح َسنة‬

Hartosna : “Nun Gusti abdi sadaya, parinan abdi kasaean di dunya sareng kasaean
di akherat sareng mugi ditebihken tina siksa api naraka” (QS. Al-Baqarah : 201).

Bagja tiasa ngandung hartos bungah, senang atanapi tentrem. Manusa bakal
ngarasakan kabagjaan atanapi kabungah nalika manusa tiasa menangkeun kana
anu diharapkeunana, semodel harta banda, kakuasaaan, pangkat, elmu, atanapi
iman sareung takwa. Bagja cek ukuran manusa ngagaduhan sifat anu relatif,
gumantung kana tujuan-tujuan manusa dina ngajalankeun kahirupanana. Lamun
tujuana hirup di alam dunya pikeun ngumpulkaeun harta banda, pangkat,
kekauasaan, atanapi sakabeh kanikmatan dunya sanesna, tangtuna eta manusa
bakalan bagja lamun sakabeh tujuana eta ka cumponan.sareng. lamun manusa
hirup di alam dunya tujuan pikeun mageuhan kaimanan sareng katakwaan tantuna
oge bakal bakalan negajntenkeun modal pikeun menangkeun kana kabagjaan
terutamina kabagjaan di akherat.Allah ngadawuh dina al-Qur’an surat Ar-Ra’du ayat
26 anu buyina :

ْ ‫َوفَ ِر ُح ْوا ِبا َلح َيو ِة ال ّدنُ َيا َو َم‬


‫اال َح َياة ُ ال ُّد ْن َيا فِى َاَلخِ َر ِة ِإ ََّّل َمت َاع‬

Hartosna : “….maranehanana (kaum kafir) menangken kabungah dina kahirupan


dunya, padahal kahirupan di dunya lamun dibandingkeun jeung kahirupan di akherat
ngan saukur kasenangan anu sakedeung”.

Hadirin anu dipihormat

Di zaman kiwari loba jalma anu ngajadikan kanikmatan dunya salaku modal pikeun
menagkeun kana kabungah. Tapi dina kanyataanana eta jalma the moal tiasa
nyangharepan hirup kalayan tentram, adem ayeum. Naon sababna ?. sababna loba
jalma anu dibere kanikmatan sehat, rizki jeung sajabanan poho kana syukuran kana
nu mere eta kanimkmatan nyaeta Allah SWT. Terus deui lamun keur dicoba
kusababaraha rupaning musibah atanapi kasusah sok geuwat putus asa jeung
ingkar kana sagala kanikmatan anu geus ditarimana. Jalma samodel kitu tangtuna
oge moal hirup tenang jeung tentrem kalayan sok geuwat putus asa. Allah
ngadawuh dina surat Hud ayat 9-10 anu unggelna :

ُ‫سيِّئَا ت‬ َّ ‫َب ال‬ َ ‫ َو َلئ ِْن أ َ َذ ْقنَهُ نَ ْع َما َء بَ ْع َد‬.‫وس َكفُ ْو ٌر‬
َ ‫ض َّرا َء َم َّستْهُ لَيَقُ ْولُ َّن ذَه‬ ٌ ُ ‫سانَ مِ نَّا َرحْ َمةً ث ُ َّم نَزَ ْعنَ َها مِ ْنهُ إِنَّهُ لَ َيئ‬ ْ ِ ‫َولئ ِْن أ َ َذ ْقنَا‬
َ ‫اِلن‬
‫ع ّنِي ِإ َّنهُ َلف َِر ٌح َف ُخ ْو ٌر‬
َ .

Hartosna : “Lamun Kami timpaken kamaranehanana kabagjaan saparantos dongkap


kasangsaraan, maranehanana bakalan nyarios “tos leungit sakabeh bencana anu
nimpa kami” saestuna anjeuna kacida bungahna, kacuali jalma-jalma anu sabar
(ditimpa bencana) sareng ngalakonan amal sholeh, marenahanana bakalan dibere
ampunan jeung pahala anu gede”.

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh

Sabalikna, jalma-jalma anu anu gumantung kabagjaan jeung kabungahna kana ajen
takwa, amal sholeh jeung kaimanan kanu Maha Kawasa, tangtuna oge bakalan
menangkeun kabagjaan anu langgeng tur abadi. Allah ngadawuh dina Al-Qur’an
surat An-Nahl ayat 97 :

ُ
َ‫طيِّبَةً َولَنَ َج ْز َينَّ ُه ْم أَجْ َر ُه ْم بِ َما كَانُوا يَ ْع َملُ ْون‬ َ ْ‫صا ِل ًحا مِ ْن ذَك ٍَر أ َ ْو أنث‬
َ ً‫ى َوه َُو ُمؤمِ نٌ فَلَنَجْ يِ َينَّهُ َحيَة‬ َ ‫ َم ْن‬.
َ ‫عمِ َل‬

Hartosna : “Sing saha jalma anu ngalakonan amal sholeh, boh eta lalaki atawa
awewe dina kaayaan iman, maka saestuna Kami bakal mere kahirupan anu bagja,
sareng saestuna Kami bakal mere balasan piken jalma-jalma ku pahala anu lewih
alus ti batan pagaweanana”.

Hadirin Kaum Muslimi Rohimakumulloh

Kukituna mangga urang papaes jeung caangan hirup jeung kahirupan ieu ku
kaimanan, katakwaan jeung amal sholeh. InsyaAllah kalayan ku kaimanan,
katakwaan sareung ama sholeh, urang bakalan dipaparin hirup jeung kahirupan anu
hasanah, bungah jeung bagja di dunya jeung di akherat.

‫اركَ هللا لي ولكم في القرأن الكريم ونفعني وإياكم بما فيه من اَليات والذكر الحكيم وتقبل من ومنكم تالوته إنه هو‬
َ َ‫ب‬
‫الغفور الرحيم‬.

Anda mungkin juga menyukai